The New Testament of our Lord and Saviour Jesus Christ

Mateus 1

1 Sarsilahna Isa Al Masih turunan Daud sareng Ibrahim teh kieu: 2 Ibrahim puputra Ishak; Ishak puputra Yakub; Yakub puputra Yuda jeung saderek-saderekna pameget; 3 Yuda puputra Pares jeung Sara, ti Tamar; Pares puputra Esrom; Esrom puputra Aram; 4 Aram puputra Abinadab; Abinadab puputra Nahason; Nahason puputra Salmon; 5 Salmon puputra Boas, ti Rahab; Boas puputra Obed, ti Rut; Obed puputra Isai; 6 Isai puputra raja Daud. Daud puputra Sulaeman, ti garwa Uria; 7 Sulaeman puputra Rehabeam; Rehabeam puputra Abia; Abia puputra Asa; 8 Asa puputra Yosapat; Yosapat puputra Yoram; Yoram puputra Usia; 9 Usia puputra Yoatam; Yoatam puputra Ahas; Ahas puputra Hiskia; 10 Hiskia puputra Manase; Manase puputra Amon; Amon puputra Yosia; 11 Yosia puputra Yehonia jeung saderek-saderekna pameget, keur jaman diboyong ka nagara Babul. 12 Di pangboyongan di nagara Babul, Yehonia puputra Salatiel; Salatiel puputra Serubabel; 13 Serubabel puputra Abiud; Abiud puputra Elyakin; Elyakin puputra Asor; 14 Asor puputra Sadok; Sadok puputra Ahim; Ahim puputra Eliud; 15 Eliud puputra Eleasar; Eleasar puputra Matan; Matan puputra Yakub; 16 Yakub puputra Yusup, caroge Siti Maryam; nya ti anjeunna medalna Isa, anu disebat Al Masih teh. 17 Jadi, ti Ibrahim nepi ka Daud teh, kabehna aya opat belas turunan; ti Daud tepi ka jaman pangbuangan ka nagara Babul, aya opat belas turunan; ti jaman pangbuangan ka nagara Babul, nepi ka Al Masih, aya opat belas turunan oge. 18 Riwayat dibabarkeunana Isa teh kieu: Ti waktu Siti Maryam jeung Yusup babakalan keneh; Maryam teh, ku kersana Ruh Allah bobot. 19 Ku sabab Yusup, picarogeeunana tea, jelema bener; nya anjeunna henteu kersaeun ngawiwirang Maryam teh. Jadi, anjeunna rek ngabatalkeun niatna pikeun mibojo Maryam teh bari ririkipan. 20 Sajeroning mikir, beh, aya malaikat ti Pangeran nembongan dina impian, lahirna, “He Yusup, turunan Daud, ulah hamham mibojo Maryam. Sabab anu keur dikandung teh, asalna ti Ruh Allah. 21 Nu bakal dibabarkeun teh, nya eta hiji Murangkalih pameget nu ku anjeun kudu dingaranan Isa. Sababna, nya Anjeunna pisan nu baris nyalametkeun umat-Na tina sagala dosa-dosana.” 22 Kajadian ieu teh, tandaning sakur nu geus didawuhkeun ku Pangeran ka nabi tea tinekanan; kieu dawuhana-Na: 23 “Tah lanjang teh bakal bobot, bakal ngababarkeun hiji anak lalaki, nu ku maranehna baris dingaranan Imanuel.” Imanuel teh hartina ‘Allah nyarengan ka urang’. 24 Sanggeus hudang, sakumaha piwarangan malaikat Pangeran, ku Yusup dilampahkeun: Maryam lajeng ditikah, 25 tapi anjeunna henteu sapatemon jeung bojona nepi ka dibabarkeunana putra pameget tea, nu dingaranan Isa.

Mateus 2

1 Isa teh, dibabarkeunana di Betlehem tanah Yudea, dina jamanna Raja Herodes. Teu lila ti harita, aya nu daratang ka Yerusalem, nya eta parabujangga ti tebeh Wetan. 2 Aranjeunna mariksa, “Di mana raja urang Yahudi anu anyar dibabarkeun teh? Kaula ti tatar Wetan parantos mendakan bentangna sarta pangna darongkap ka dieu seja mintonkeun persetya.” 3 Atuh Raja Herodes pohara ngagebegna, kitu deui sakur nu aya di Yerusalem. 4 Geuwat anjeunna nyaur Imam Agung jeung ahli-ahli Kitab bangsa Yahudi, lajeng mariksakeun, “Al Masih teh di mana bakal dibabarkeunana?” 5 Wangsulanana, “Di Betlehem daerah Yudea, margi parantos tinulis kieu ku paranabi: 6 ‘Maneh, Betlehem, di tanah Yudea, di antara rengrengan anu marentah nagara teh, lain nu pangleutikna. Sabab ti maneh pisan jaga baris rawuh hiji pamingpin, anu bakal ngaraksa umat Kami Israil.’ ” 7 Bujangga tea ku Herodes disaur, ririkipan dipariksa kalayan talete: Eta bentang teh, iraha mimiti katembongna. 8 Tuluy dijurung laku ka Betlehem bari diomat-omatan kieu, “Ayeuna mah, saksrak bae eta Murangkalih teh sing kapanggih; lamun enggeus, kudu ka dieu pupulih sabab kami oge seja ngabakti ka Anjeunna.” 9 Bral, bujangga-bujangga teh, mariang. — Ujug-ujug, bentang nu tembong ti tatar Wetan tea bijil deui, tembong maju miheulaan aranjeunna; ahirna, kandeg di lebah Murangkalih tea — 10 Atuh barang bentang tea, breh katembong, aranjeunna teh pohara baringahna! 11 Geus kitu, sup bae lalebet, kapendak Murangkalih teh katut Maryam, ibu-Na. Brek sarujud ngabakti, tuluy muka pepeten, ngabaktikeun emas, dupa, jeung emur (sabangsa menyan). 12 Aranjeunna karenging pituduh ti Gusti Allah dina impenan: Ulah ka Herodes deui jeung mulihna teh kudu nyandak jalan sejen. 13 Sanggeus bujangga teh marulih, malaikat Pangeran nembongan ka Yusup dina impenan sarta ngadawuh, “Geura hudang, Budak jeung indung-Na bawa ka Mesir; cicing heula di ditu, tepi ka aya beja deui ti Kami; sabab eta Budak teh, keur disaksrak ku Herodes rek ditelasan.” 14 Korejat Yusup tanghi. Tuluy eta Murangkalih jeung ibu-Na teh, peuting eta keneh, ku anjeunna dicandak ngalolos ka Mesir. 15 — Maratuhna di Mesir teh, nepi ka pupusna Raja Herodes — Ieu kajadian teh bukti laksanana Pangandika Pangeran ka nabi-Na tea: ‘Kami geus nyaur Putra Kami ti Mesir.’ 16 Ari Herodes barang ngaraos yen bujangga-bujangga teh jalir, pohara benduna. Lajeng Herodes marentahkeun numpes kabeh barudak lalaki di Betlehem jeung sabudeureunana anu umurna dua taun ka handap; eta teh ancer-ancer anu dicandak ku Herodes, — ngitung ti wates tembongna bentang — sakumaha katerangan ti bujangga tea. 17 Nya harita tinekananana pilahir Nabi Yermia anu kieu tea: 18 ‘Di desa Rama kadenge tingkaroceak, midangdam aluk-alukan. Rahel nyeungceurikan anak-anakna, henteu beunang dibangbalerkeun. Da puguh, anakna kabeh geus teu aya di kieuna.’ 19 Sapupusna Herodes, malaikat Pangeran teh nembongan ka Yusup di Mesir, dina impenan, dawuhana-Na: 20 “Hudang, eta Budak jeung indung-Na bawa mulang ka tanah Israil. Anu ngarah pati eta Budak teh, ayeuna mah, geus teu araya di kieuna.” 21 Yusup hudang, tuluy eta Murangkalih jeung ibu-Na dibawa mulang ka tanah Israil. 22 Tapi ku lantaran anjeunna mendak beja, yen raja Yudea gegentos Herodes teh Arkaleus, putrana; atuh Yusup ngaraos risi matuh di dinya mah. 23 Sanggeusna kenging deui pituduh dina impenan, lajeng anjeunna ngajugjug ka Galilea sarta bumen-bumen di hiji kota nu ngaranna Nasaret. Ku kituna, pilahir paranabi teh kajadian; nya anu kieu ungelna, ‘Mantenna bakal katelah urang Nasaret.’

Mateus 3

1 Hiji mangsa Yahya Juru Baptis gumelar sarta ngawitan ngayakeun hutbah-hutbah di tegal kikisik di Yudea. 2 Hutbahna teh kieu: “Geura tarobat sabab Karajaan Sawarga teh geus tereh ngadeg!” 3 Nya anjeunna nu dimaksud ku Nabi Yesaya teh, anu kieu tea: ‘Aya nu cumeluk di tegal kikisik: Sadiakeun jalan Pangeran, lelempeng pijalaneun Mantenna.’ 4 Yahya teh, panganggona tina bulu onta; angkengna nganggo beulitan kulit; ari tuangna, simeut jeung madu leuweung. 5 Urang Yerusalem jeung ti sakuliah propinsi Yudea, kitu deui ti tempat-tempat sabudeureun Ciyordan, ngabrul daratang ka anjeunna. 6 Tuluy ku Yahya dibaptis di walungan Ciyordan, sanggeus maranehna ngawakcakeun dosa-dosana. 7 Barang kauninga yen loba urang Parisi jeung Saduki nu harayangeun dibaptis, ku anjeunna diseukseukan, “He maraneh, anu lir turunan oray welang! Saha anu geus meringetkeun ka maraneh, supaya maraneh ngaloloskeun diri tina eta bebendon Gusti Allah nu baris datang? 8 Sabab eta, tembongkeun laku lampah anu saluyu jeung pertobatan maraneh. 9 Jeung deui ulah arumangkeuh dina hate maraneh, ‘Karuhun urang mah Ibrahim.’ Kami netelakeun, yen Gusti Allah mah iasa bae midamel turunan Ibrahim tina batu-batu anu aya di dieu. 10 Kampak teh geus sumanding dina akar tangkal; satiap tangkal nu bubuahna goreng, pasti dituar pikeun dijadikeun parab seuneu. 11 Kami ngabaptis maraneh teh ku cai, nandakeun yen maraneh tarobat; tapi nu bade rawuh sapandeurieun kami mah, langkung kawasa batan kami: Ngudaran tali tarumpahna oge, kami mah henteu werat. Mantenna mah, bakal ngabaptis maraneh teh ku Ruh Allah jeung seuneu. 12 Panangana-Na nyepeng nyiru paranti napikeun, tempat pangirikan geus diberesihan, bangsalna geus diangkutan ka lumbung; ari kekebul jaramina mah, bakal diduruk ku seuneu nu henteu pareum-pareum.” 13 Lajeng Isa sumping ti Galilea ka walungan Ciyordan nepangan Yahya, nyuhunkeun dibaptis. 14 Ku Yahya diwagel, saurna, “Abdi nu peryogi dibaptis ku Jungjunan mah, sanes Jungjunan anu mundut ka abdi.” 15 Diwaler ku Isa, dawuhana-Na, “Keun bae; sabab geus kitu kuduna, supaya sapangersa Allah tinekanan.” Geus kitu mah, Yahya teh ngiringan ka sapamundut Isa. 16 Sabadana dibaptis, Isa hanjat ti cai. Sapada harita keneh langit nyingray. Katingali ku Anjeunna, Ruh Allah anu mangrupi manuk japati teh, eunteup kana salira-Na. 17 Sarta kakuping aya sora ti sawarga, dawuhana-Na, “Nya ieu Putra Kami nu kaasih, nu ku Kami dipikamanah.”

Mateus 4

1 Isa, sanggeus dibaptis, ku Ruh Allah dipingpin ka tegal kikisik sina digoda ku Iblis. 2 Sanggeus saum meunang opat puluh poe opat puluh peuting, Anjeunna ngaraos lapar. 3 Torojol Iblis datang ngagoda, pokna, “Lamun nyata Anjeun Putra Allah, tah batu-batu parentah sina robah jaradi roti.” 4 Isa ngawaler, “Ceuk Kitab: Manusa teh, hirupna, lain ku roti wungkul, tapi ku sabdaning Allah.” 5 Ti dinya, Isa ku Iblis diajak ka Kota Suci, ka puncak Bait Allah nu pangluhurna. 6 Si Iblis ngagoda deui, “Lamun nyata Anjeun Putra Allah, coba tuturubun ngaragragkeun maneh; sabab ceuk Kitab: Allah baris nimbalan paramalaikat sina nyanggap Salira, supados ulah kantos tigasruk kana batu.” 7 Isa ngawaler, “Aya deui ceuk Kitab, kieu: Maneh ulah ngadoja ka Pangeran, Allah nu disembah ku maneh.” 8 Ti dinya, Isa diajak ka puncak hiji gunung anu kacida luhurna. Breh tembong karajaan alam dunya katut sagala kaagrenganana. 9 Pok, Iblis ngadoja, “Mangga eta candak sadayana, nyanggakeun, asal kersa nyembah sareng bakti ka kaula.” 10 Tapi ku Isa diwaler, “Nyingkah maneh, Iblis! Sabab kieu ceuk Kitab: Kudu nyembah teh ka Pangeran, Allah nu disembah ku maneh, ngan Mantenna nu wajib dibakti.” 11 Ti dinya si Iblis undur. Tuluy burudul paramalaikat sumping seja ngalalayanan ka Isa. 12 Aya beja, yen Yahya dilebetkeun ka panjara. Sanggeus mendak beja kitu, Isa angkat seja nyilib ka Galilea. 13 Saterusna, linggihna teh lain di Nasaret, tapi di Kapernaum, nya eta hiji kota deukeut basisir Galilea di daerah tanah Sebulun jeung Naptali; 14 hal ieu teh, supaya kalaksanakeun dawuhan anu dilisankeun ku Nabi Yesaya anu kieu ungelna: 15 “Tanah Sebulun, tanah Naptali, liliwatan anu ka laut; tempat anu ayana di peuntaseun walungan Ciyordan, Galilea; wilayahna jelema-jelema anu can kenal ka Allah! 16 Bangsa-bangsa, anu hirupna di alam poek geus narenjo Cahya gumebyar! Nu caricing di tempat poek anu kahieuman ku maot teh baris kasorot ku eta Cahya!” 17 Isa terus ngawitan nyebarkeun wawarana-Na, “Geura areling, tobat tina dosa! Karajaan Sawarga teh geus meh ngadeg!” 18 Waktu Isa keur angkat mapay talaga Galilea, ningali tukang ngala lauk duaan, adi lanceuk; maranehna teh, keur ngaheurap di sisi basisir talaga. Nu saurang ngaranna Simon (anu katelah Petrus), saurang deui Andreas. 19 Ku Isa digentraan, “Geura ngiring ka Kami! Engke, maraneh ku Kami rek diajar ngala jelema!” 20 Eta nu disaur teh teu talangke, tuluy bae marilu: Heurapna mah cul ditinggalkeun. 21 Sanggeus ngantunkeun eta tempat, Isa ningali deui dua jelema; eta nu duaan teh adi lanceuk keneh, — anak bapa Sebedeus — ngaranna Yakobus jeung Yahya; maranehna keur dangdan heurap jeung bapana, dina parahu; lajeng ku Isa disaur: 22 Ieu oge teu talangke, tuluy marilu cul bae bapana mah ditinggalkeun dina parahu. 23 Saterusna, Isa ngider ka sakuliah tanah Galilea, nyumpingan tempat-tempat pangibadahan, hutbah, ngawulangkeun Injil Karajaan Allah, nyageur-nyageurkeun anu garering jeung rupa-rupa kasakit. 24 Beja ngeunaan hal Anjeunna teh, sumebar ka sakuliah nagara Siria. Murubul bae anu dararatang ka Anjeunna, marawa anu garering, nu nandangan rupa-rupa kasakit, nu nandangan musibat, nu kasurupan, nu sakalor, jeung nu lumpuh. Kabeh dicageur-cageurkeun ku Anjeunna. 25 Antukna, Anjeunna jadi diiring-iring ku balarea. Aya nu ti Galilea, ti Dekapolis, ti Yerusalem, ti Yudea, malah aya nu ti daerah-daerah peuntaseun walungan Ciyordan.

Mateus 5

1 Ningali anu ngariring sakitu reana, Isa nanjak ka pasir, gek linggih, diriung ku murid-murid. 2 Lajeng Isa ngawulang, saur-Na: 3 “Bagja jelema-jelema anu salawasna ngaharep kana pitulung sarta pituduh Allah; sabab Karajaan Sawarga bagianana. 4 Bagja jelema-jelema anu ngarasa sedih prihatin; sabab maranehna, ku Allah tangtu dililipur. 5 Bagja jelema-jelema nu lemah lembut; karana maranehna, di bumi tangtu nampa naon nu geus dijangjikeun ku Allah. 6 Bagja jelema-jelema nu nyoso kana hal bebeneran, karana maranehna, tangtu ginanjar ka sugemaan ti Pangeran. 7 Bagja jelema-jelema anu boga watek karunyaan, karana maranehna, tangtu ginanjar rahmat Pangeran. 8 Bagja jelema-jelema anu beresih hatena, karana maranehna, bakal wawuh ka Pangeran. 9 Bagja jelema-jelema nu daek nyapih ngarapihkeun batur, sabab maranehna, ku Allah tangtu diangken putra. 10 Bagja jelema-jelema anu ditindes lantaran ngabela kaadilan, sabab Karajaan sawarga bagianana. 11 Bagja sakur nu dicela, dikaniaya, dipitenah, disebut jelema jahat lantaran anut ka Kami. 12 Mun maraneh pareng dikitu-kitu, sing bungah sarta sing ngarasa gumbira; sabab gede ganjaranana di sawarga. Nabi-nabi oge, anu gumelarna samemeh maraneh, sarua dikaniaya.” 13 “Maraneh teh lir uyahna dunya: Lamun uyah ilang rasa asinna, taya pisan bahan nu bisa mulangkeun deui rasana; tungtungna, teu aya deui gunana iwal ti dipiceun jeung tincakaneun jelema. 14 Maraneh teh lir caangna dunya: Kota nu aya di luhur gunung moal bisa disumputkeun; 15 malah mah, moal aya anu nyeungeut lampu terus dituruban ku gantang; tangtu diteundeun dina parantina, supaya nyaangan nu di arimah. 16 Nya kitu lakuning hirup maraneh oge, sing matak nyaangan batur jeung jadi conto anu hade, supaya batur oge ngagungkeun ka Rama maraneh di sawarga.” 17 “Ulah boga panyangka Kami rek ngarobah atawa miceun Toret Musa jeung pangajaran nabi-nabi. Lain, lain rek kitu, sabalikna, ku Kami rek dilaksanakeun. 18 Sing inget: Sapanjang aya keneh langit jeung bumi, moal aya babagian-babagian Toret anu leungit sanajan sacecek, samemeh sagala tujuanana kabeh kalaksanakeun. 19 Jadi, sing saha bae anu nyoret sabagian tina Toret, najan ngan saeutik pisan bari ngajarkeun majar teh memang geus kitu ti dituna; engke, di Karajaan Sawargana, bakal kaasup anu pangrendahna. Sabalikna, sing saha anu tigin kana eusina Hukum Toret, — bari nerangkeun ka nu sejen yen kitu kuduna — di Karajaan Sawargana bakal mulya. 20 Kitu nu matak Kami ngabejaan: Mun harayang asup ka Karajaan Sawarga, kudu boga patokan hirup anu leuwih punjul batan patokan hirupna ahli-ahli Kitab jeung urang Parisi. 21 Karuhun urang geus dibere timbalan, sakumaha anu geus kadarenge ku maraneh, ‘Maneh ulah maehan. Anu maehan kudu dihukum.’ 22 Ku Kami dieceskeun: Ulah nepi ka dekna maehan; ukur ambek ka batur ge, geus pantes meunang hukuman. Nu nyebut si kapir ka batur, kudu dihadepkeun ka Pangadilan Agama. Nu nyebut si gejul ka batur, geus pantes keur hakaneun seuneu naraka. 23 Ku sabab eta, di mana rek ngahaturkeun pangbakti ka Pangeran, heug inget yen eukeur satruan jeung batur maneh; 24 tunda heula pangbakti teh deukeut mezbah, geuwat menta hampura heula, kakara meunang neruskeun niat. 25 Lamun aya anu merkarakeun ka maneh, satungtung aya keneh kasempetan mah, — samemeh dibawa ka pangadilan — ulah weleh ajakan rapih. Ulah nepi maneh diserenkeun ka hakim, pikeun dipasrahkeun ka nu wajib supaya maneh dibui. 26 Lamun geus nepi ka kitu mah, taya jalan pikeun bebas satungtung hutang maneh acan lunas mah. 27 Maraneh geus ngadarenge timbalan, ‘Ulah jinah.’ 28 Ayeuna, ku Kami rek dieceskeun: Sing saha anu nelek-nelek awewe bari aya sir napsu birahi, geus kaasup jinah dina hatena. 29 Ku sabab eta, mun panon katuhu ngajak teu bageur, cokel bae, piceun! Leuwih hade cacad; ti batan awak mulus, tapi tigebrus ka naraka mah. 30 Lamun leungeun katuhu ngajak sasar, teukteuk bae, balangkeun! Leuwih hade cacad; ti batan awak mulus, tapi asup ka naraka. 31 Oge aya timbalan, ‘Anu nyerahkeun pamajikan, kudu mere surat talak.’ 32 Ayeuna, ku Kami dieceskeun: Anu nyerahkeun pamajikan, kajaba tina sabab ngabogaan watek nyelewer; peta kitu teh, sasat ngajurung jinah ka pamajikan. Upama popotonganana kawin deui, lalaki anu ngawinna oge, kaasup jinah keneh bae. 33 Aya deui timbalan-timbalan ka karuhun maraneh, eusina, ‘Ulah ingkar tina sumpah. Sing satia nyekel sumpah di payuneun Pangeran.’ 34 Ayeuna, ku Kami rek dieceskeun: Peupeujeuh, ulah sok sumpah. Ulah sumpah demi sawarga; sabab sawarga teh singgasana Allah. 35 Ulah sumpah demi bumi; sabab bumi teh dadampar singgasana-Na. Ulah sumpah demi Yerusalem; sabab Yerusalem teh panggeugeuhan Raja Agung. 36 Jeung ulah sumpah nandonkeun sirah; sabab maraneh hamo bisa ngabodaskeun atawa ngahideungkeun buuk salambar-lambar acan. 37 Kuduna teh: lamun enya sebut enya, lamun henteu sebut henteu. Leuwih ti kitu mah, eta teh, karepna si Jahat. 38 Oge aya timbalan, ‘Mata bayar mata, huntu taur huntu.’ 39 Ayeuna, ku Kami rek dieceskeun: Ulah sok males kanyeri. Lamun pipi beulah kenca ditampiling, asongkeun deui nu beulah katuhu. 40 Mun aya nu merkarakeun, ku hayang-hayangna ngarebut baju maneh, bikeun bae sakalian jeung rangkepanana. 41 Lamun aya nu maksa menta dianteur jauhna sakilometer, anteurkeun dua kilometer. 42 Mun pareng dipentaan, kudu daek mere. Kitu deui lamun pareng diinjeuman, poma ulah nolak. 43 Aya deui timbalan, ‘Kudu silih pikanyaah papada batur, musuh kudu dipisatru.’ 44 Ayeuna, ku Kami rek dieceskeun: Musuh ge wajib dikarunyaan. Anu dengki ka urang anggur doakeun sangkan salamet, 45 malar urang teh diangken putra ku Rama di sawarga. Sabab Mantenna mah ka nu goreng ka nu hade, ka nu bener ka nu teu bener, sami bae maparin hujan maparin panas. 46 Naha make ngarepkeun ganjaran Pangeran, ari ngan semet nyaah ka nu mikanyaah deui mah? Kitu peta mah bangsa tukang cuke oge barisaeun. 47 Semet daek someah darehdeh ka batur sorangan bae mah atuh naon hesena, naon leuwihna ti nu sejen? Nu nyarembah ka berhala oge, kitu-kitu bae mah, geus biasa. 48 Kudu leuwih ti kitu maraneh mah, kudu sampurna sabab Rama maraneh nu di sawarga oge sampurna.”

Mateus 6

1 “Poma, maraneh ulah ngalampahkeun amal ibadah teh ngan ngarah katangar ku batur bae. Sabab lamun kitu mah, maraneh moal meunang ganjaran ti Rama nu di sawarga. 2 Saupama maraneh rek mere sidekah, ulah sok make diuar-uar ngarah katangar, jiga jelema-jelema nu munapek tea; da maranehna sok karitu di tempat-tempat pangibadahan atawa di jalan-jalan teh: Ngarah kapuji ku batur. Ceuk Kami mah, nu kitu teh, geus narima ganjaranana. 3 Jadi, upama mere sidekah teh poma ulah aya anu nganyahoankeun, indung suku oge ulah dibejaan. 4 Sabisa-bisa sing rikip, ulah aya nu nganyahoankeun; karana Rama anu di Sawarga mah langkung uninga kana pagawean maraneh, sanajan ririkipan oge. Nu kitu, tangtu meunang ganjaran.” 5 “Jeung ari sembahyang teh, ulah sok jiga jelema munapek. Ari nu karitu mah, sembahyangna teh ngarah katangar, boh di tempat-tempat pangibadahan, boh dina pengkolan-pengkolan jalan gede. Tah nu karitu teh, geus pada narima ganjaranana. 6 Maraneh mah, ari sembahyang teh kudu di kamar: Pantona dipeundeutan sing rekep, tujukeun paneda ka Rama nu di Sawarga. Rama nu Maha uninga kana kalakuan maraneh anu rikip, pasti ngaganjarna. 7 Sembahyangna henteu kudu loba catur, kawas nu maruja ka brahala. Maranehna boga sangkaan yen sakur nu panjang doana bakal dikabul ku Pangeran. 8 Omat, maraneh mah ulah kitu; Allah, Rama urang mah, langkung uninga kana pangabutuh maraneh samemeh diunjukkeun oge. 9 Ku sabab eta, sembahyang teh kudu kieu: Nun Ama, nu linggih di sawarga; Jenengan Ama mugi disucikeun. 10 Karajaan Ama mugi rawuh, Pangersa Ama mugi laksana di dunya, sapertos di sawarga. 11 Mugi abdi dinten ieu dipasihan rejeki anu picekapeun. 12 Sareng mugi ngahapunten kalelepatan abdi, rehing abdi oge parantos ngahapunten ka nu gaduh kalelepatan ka abdi. 13 Mugi abdi ulah tinemu sareng cocobi, sawangsulna, mugi disalametkeun ti nu jahat. (Wirehing nya Ama anu kagungan Karajaan, sareng kakawasaan sarawuh Kamulyaan salalanggengna. Amin.) 14 Upama maraneh ngahampura kasalahan batur, Rama maraneh di Sawarga tangtu ngahapunten dosa-dosa maraneh. 15 Sabalikna, lamun maraneh henteu ngahampura kana kasalahan batur, maraneh oge moal dihampura ku Rama maraneh.” 16 “Maraneh ge, ari keur puasa, paroman teh ulah mesum kawas jelema nu munapek nu nembongkeun semu ngarah katangar yen keur puasa. Ceuk Kami, saenyana, nu puasa sarupa kitu mah mo aya ganjaranana. 17 Tapi maraneh mah, lamun puasa teh anggur sing laluis jeung kudu sibeungeut; 18 supaya ulah kaciri ku batur, yen maraneh keur puasa; tapi ngan ku Rama bae, kauningana teh. Rama maraneh, anu waspaos ka nu baruni, tinangtu baris ngaganjar.” 19 “Maraneh ulah numpuk-numpuk kakayaan dunyawiah sabab sok dihakan ngenget jeung ruksak ku taihiang atawa dibongkar, dipaling bangsat. 20 Kudu ngumpulkeun teh, kakayaan pibekeleun maraneh di sawarga; nu moal aya ngenget, moal taihiangan, jeung moal aya nu ngabongkar. 21 Sabab di mana ayana kakayaan maneh, nya di dinya nyantelna hate maneh. 22 Panon teh damarna diri. Lamun panon bengras, awak sakujur ge milu caang. 23 Tapi lamun panon maneh ruksak, sakujur awak oge kabawa poek. Jadi, lamun caang nu aya di jero diri maraneh leungit; nu geus poek teh, atuh beuki poek bae. 24 Moal aya nu bisa ngawula ka dua dunungan. Tangtuna oge nu hiji dipikageuleuh, nu hiji deui dipikadeudeuh atawa satia ka nu sahiji, tambelar ka nu sejenna. Maraneh moal bisa ngawula ka Pangeran ongkoh ka Mamon (kakayaan) ongkoh.” 25 “Kitu nu matak Kami ngingetan: Ulah rek salempang ku hirup, boh ku sandang, boh ku pangan. Kapan hirup teh leuwih utama batan dahareun sarta badan oge leuwih penting batan papakean. 26 Tengetkeun geura manuk di awang-awang: Tara teuing tebar, tara teuing dibuat, jeung tara teuing boga simpenan pare di leuit, geuning ku Rama di Sawarga teu weleh dicukupan. Atuh komo maraneh mah, anu leuwih ti batan manuk. 27 Cik, naha aya di antara maraneh nu bisa numbu umur, sanajan ngan sajeungkal ku lantaran ngarasa salempang? 28 Jeung naha make salempang ku pakeeun? Tengetan kembang bakung di tegalan: Tara teuing baranggawe, tara teuing narinun. 29 Terus terang bae, sanajan Raja Sulaeman anu kawentar kabeungharanana tea, ari kaendahan panganggona mah, moal ngabanding kana kaalusanana eta kembang. 30 Jukut anu poe ieu ngemploh, isukna dibabad, tuluy diduruk; geuning, ku Pangeran didangdanan sakitu alusna; komo maraneh, piraku teuing ku Mantenna henteu disandangan! Naha maraneh teh nepi ka kurang percaya? 31 Ku sabab eta, maraneh ulah salempang sarta humandeuar, ‘Ti mana meunang dahareun, ti mana meunang inumeun, kumaha make?’ 32 Anu karitu mah, lumrahna teh, disiar ku nu henteu palercaya ka Allah. Maraneh mah ulah sabab Rama nu di Sawarga langkung tingali kana sagala pangabutuh maraneh. 33 Pentingkeun heula anu tumali jeung Karajaan Allah sarta kaadilanana nu sampurna; sabab sakabeh pangabutuh maraneh, ku Mantenna pasti dicukupan. 34 Ku sabab eta, henteu kudu salempang ku poe isuk: Poe isuk mah ngabogaan pangabutuhna sorangan! Kasusah sapopoe oge geus cukup!”

Mateus 7

1 “Ulah sok ngahukuman batur, supaya maraneh ge henteu dihukuman. 2 Sabab panghukuman maraneh teh bakal malik ka diri maraneh sorangan, sakumaha anu geus dipake ngahukuman ku maraneh tea. Naon nu ku maraneh dipake ngukur ka diri batur bakal digunakeun deui ka diri maraneh. 3 Naha maraneh nelek-nelek tatal dina panon batur maneh, ari balok dina panon sorangan henteu karasa? 4 Naha pantes maraneh ngomong ka batur maraneh, ‘Cing eta tatal dina panon teh urang laan;’ padahal, dina panon sorangan aya balokan. 5 Eh jelema anu munapek, piceun heula balok tina panon sorangan, supaya teges nya nenjo kana tatal nu rek dilaan tina panon batur tea. 6 Barang nu suci sarta munel ulah dibikeun ka anjing; jeung deui, ka bagong teh, ulah dialungan mutiara. Bisi barangna diluluh, tuluy satona malik ngareweg ka maraneh.” 7 “Heug penta, tangtu dibere; heug nyiar, tangtu manggih; heug ketrok, tangtu panto dibuka. 8 Sabab sing saha anu menta baris dibere; anu nyiar baris manggih; anu keketrok baris dipangmukakeun panto. 9 Saha pijalmaeunana lamun anak menta dahar, wet dibere batu? 10 Atawa mun anakna menta lauk, piraku dibere oray? 11 Jadi, lamun maraneh anu sakitu jahatna oge bisa nganyahokeun naon nu pantes dibikeun tur baris mangpa'at keur nu jadi anak; komo deui, Rama nu di Sawarga mah: Nya langkung-langkung bakalna maparin teh, asal nyuhunkeun bae ka Mantenna.” 12 “Ku sabab eta, upama ngaharep malar batur nedunan kahayang maraneh, maraneh oge kudu daek nedunan kahayang batur; ceuk Toret jeung piwulang nabi-nabi oge kitu. 13 Heug arasup teh ka lawang nu leutik; sabab loba jelema nu geus marilih asup ka lawang anu rubak tur jalanna gede, eta mah brasna kana picilakaeun. 14 Sabab sanajan leutik lawangna sarta heurin jalanna, tapi ahirna matak bagja jamuga; ngan nya kitu, nu milih jalan ieu mah ngan saeutik.” 15 “Sing iatna ka nabi-nabi palsu, anu dina sare'atna nyemu-nyemu domba, padahal badis ajag nu rek nekuk. 16 Bisa kaboker soteh tina buah-buah pagaweanana. Moal bisa ngala buah anggur tina tangkal cucuk, atawa buah kondang tina tangkal wareng. 17 Mun tangkalna hade, buahna oge hade, tangkal goreng buahna oge moal baleg. 18 Tangkal nu hade buahna moal goreng, atuh tangkal nu goreng buahna hamo alus. 19 Satiap tangkal anu henteu bener bubuahna, tangtu dituar keur parab seuneu. 20 Jadi, nyirikeun nabi-nabi palsu teh, nya tina buah-buah laku lampahna. 21 Lain nu nyebut ka Kami: ‘Jungjunan, Jungjunan!’ Nu bisa asup ka sawarga teh, tapi nu ngalampahkeun pangersa Ama nu di sawarga. 22 Engke, dina poe panungtungan, bakal loba pisan anu unjukan kieu ka Kami, ‘Jungjunan, Jungjunan! Kapan abdi teh parantos ngawuruk kalayan asmaning Jungjunan, parantos nundung roh-roh setan kalayan asmaning Jungjunan, oge ngayakeun rupi-rupi mujijat kalayan nyambat asmaning Jungjunan!’ 23 Tapi terus terang bae ku Kami rek diwalon kieu, ‘Kami sama sakali henteu wawuh ka maneh; los nyingkir, heh durjana!’ ” 24 “Ayeuna, saha nu ngaregepkeun omongan Kami bieu tur jeung ngamalkeunana, ku Kami diupamakeun hiji jalma nu bijaksana, anu nyieun imah dina cadas. 25 Ana breg katinggang hujan, kateumbrag banjir, jeung diamuk angin puyuh, imahna teh tetep tagen sabab ngalemahna dina cadas. 26 Ari anu ngadengekeun omongan Kami bari henteu jeung ngalampahkeunana mah, ibarat jelema nu bodo katotoloyoh, anu ngadegkeun imahna dina keusik. 27 Ana katarajang hujan, kacaahan, katebak angin gede, imahna teh pasti runtuh, ruksak paburantak.” 28 Saparantos Isa liren cacariosna, jalma-jalma anu sakitu ngagimbungna teh mani harookeun ku piwulang-Na. 29 Sabab Isa ngawulangna disarengan ku kakawasaan, beda ti ahli-ahli Kitab nu biasa ngawuruk maranehna.

Mateus 8

1 Salungsur-Na ti gunung, loba pisan jelema anu ngiring ka Isa. 2 Jol aya jelema anu boga kasakit lepra nyampeurkeun, brek sujud, nyembah di payuneuna-Na, terus mihatur, “Nun Jungjunan, manawi Jungjunan luntur galih, tinangtos Jungjunan tiasa nyageurkeun simabdi.” 3 Isa lajeng nyodorkeun panangan. Nu gering teh dicabak sarta ngadawuh, “Hade, sing cageur maneh!” Dadak sakala, eta kasakit leprana teh leungit tanpa lebih. 4 Lajeng Isa ngadawuh ka manehna, “Omat, ulah bebeja ka saha-saha. Ayeuna, buru-buru bae ngadeuheus ka imam. Tembongkeun awak maneh sarta kudu nyanggakeun kurban sakumaha dawuhan Musa pikeun jadi bukti ka maranehna.” 5 Sasumpingna Isa ka kota Kapernaum, Anjeunna dipapag ku hiji perwira anu nyuhunkeun tulung ka Anjeunna; 6 pokna, “Nun Juragan, abdi teh gaduh gandek, keur ngalempreh bae di rorompok, gaduh kasawat lumpuh. Teu tiasa walakaya sareng kalintang sangsarana.” 7 Dawuh Isa, “Hade, urang cageurkeun, engke Kami ka ditu.” 8 Tapi perwira teh ngawalon, “Juragan, henteu layak rorompok abdi ka linggihan ku Juragan mah. Dawuhkeun bae, sakecap oge cekap, tangtos gandek abdi teh cageur deui. 9 Jalaran abdi oge aya di bawah parentah, nanging gaduh oge bawahan perjurit. Upami abdi marentah indit ka perjurit, tangtos manehna indit; ka nu saurang diparentah datang, tangtos datang; atanapi ka gandek nitah digawe, tangtos dilampahkeun.” 10 Ngadangu walonanana kitu, Isa ngaraos heran, tuluy ngadawuh ka anu ngariring, “Iman anu sakitu pengkuhna, ceuk Kami mah, moal manggih di bangsa Israil oge. 11 Ceuk Kami, ka aranjeun: Loba nu bakal daratang ti wetan jeung ti kulon milu ngariung balakecrakan jeung Ibrahim, Isak, jeung Yakub di Karajaan Sawarga; 12 tapi eta anak-anak Karajaan teh, baris dijongklok- jongklokkeun ka tempat anu pangpoek-poekna, sina bati sasambat jeung katalangsara.” 13 Geus kitu, Isa ngadawuh ka perwira tea, “Geura mulang, anu diharep ku anjeun kalawan yakin teh sing tinekanan.” Harita keneh pisan bujangna nu gering teh cageur. 14 Sasumpingna ka imah Petrus, katingali ibu mertua Petrus keur ngalempreh bae sabab keur muriang tea. 15 Ku Anjeunna dicepeng leungeunna. Harita keneh leungit panyakitna, terus hudang sarta ngalalayanan ka Isa. 16 Magribna, loba pisan jelema-jelema anu karaksuk ku setan dideuheuskeun ka Isa. Ngan ku sakecap setan-setanna ku Isa diusir; anu garering oge kitu keneh, dicageurkeun ku sakecap bae. 17 Ku sabab eta, dawuhan anu ditepikeun ku Nabi Yesaya teh tinekanan; eta dawuhan anu kieu ungelna, ‘Nya Anjeunna nu baris nalangan dina sagala kahengkeran urang sarta nanggel kasakit urang.’ 18 Waktu ku Isa katingali, yen jelema anu ngariring Anjeunna sakitu lobana, Anjeunna mundut dipeuntaskeun. 19 Geus kitu, datang saurang ahli Toret mihatur kieu, “Guru, ka mana bae Anjeun angkat, simkuring sumeja ngiring.” 20 Dawuh Isa ka manehna, “Rubah baroga guha, manuk baroga sayang, tapi Putra Manusa mah, teu boga tempat pikeun ngagolerkeun sirah-sirah acan.” 21 Pok salah saurang murid-Na unjukan, “Jungjunan, abdi permios wangsul heula bade nguburkeun pun bapa.” 22 Tapi ku Isa diwaler, “Tuturkeun bae Kami, keun bae nu paraeh mah sina nguburkeun nu paraeh.” 23 Ti dinya Isa nitihan parahu disarengan ku murid-murid. 24 Dumadakan, eta talaga teh ditarajang angin ribut. Parahu dibuntang-banting ku ombak, tapi Isa raos-raos bae kulem. 25 Tuluy ku murid-murid digugahkeun; maranehna tingjarerit, “Jungjunan, tulung! Tiwas urang!” 26 Saur Anjeunna, “Eh nu kurang percaya, naha make sarieun?” Lajeng Isa ngadeg, angin jeung talaga diseuseul; rep, talaga teh, ayem deui. 27 Murid-murid harookeun, pokna, “Saenyana ieu Guru urang teh saha? Nepi ka angin jeung talaga oge dicangking ku kakawasaana-Na!” 28 Barang parahu nepi ka peuntas, ka daerah urang Gadara, Isa dipapag ku dua jelema anu karaksuk setan anu jolna ti astana. Ieu dua jelema teh garalak pisan, nepi ka teu aya nu wani liwat ka dinya. 29 Maranehna tingcorowok, pokna, “Naon patalina Anjeun jeung simkuring teh, he Putra Allah? Naha ka dieu teh Anjeun rek nyiksa ka kuring samemeh cunduk kana waktuna?” 30 Teu jauh ti dinya, aya babi kacida lobana keur nareangan hakaneun. 31 Setan-setan nu nyurup ka eta dua jelema tea menta kieu ka Anjeunna, “Ari Anjeun rek ngusir kuring mah, atuh idinan kuring rek nyurup ka itu babi-babi.” 32 Timbalan Isa ka maranehna, “Heug!” Tuluy setan-setan teh kalaluar ti eta dua jelema, seug nyurup ka babi-babi. Geus kitu, babi-babi teh kalabur, tuluy tinggarebrus ka talaga; kabeh paeh tilelep. 33 Ari nu ngajaragana biur kabur ka kota. Datang-datang terus nyaritakeun papanggihanana; kitu oge hal kaayaan jelema nu diraksuk setan tea. 34 Nu ti kota teh, atuh budal ngadatangan Isa; sanggeus amprok, maranehna ngadesek ka Isa, supaya ngantunkeun daerah maranehna.

Mateus 9

1 Ti dinya, Isa nitihan parahu lajeng meuntas. Anjeunna dugi ka kota asal-Na. 2 Geus kitu, aya nu lumpuh dibawa ka Anjeunna, ngagoler bae dina bale-balena. Sanggeus ku Isa kauninga iman kapercayaan maranehna, Anjeunna ngadawuh ka nu lumpuh tea, “Sing percaya, anaking. Dosa hidep geus dihampura.” 3 Aya sababaraha urang ahli Toret nu ngaromong dina hatena, “Eta teh mapadani ka Pangeran!” 4 Tapi palikiranana ku Isa kaaos. Anjeunna ngadawuh, “Naha pikiran aranjeun jarahat kitu? 5 Cik, babari mana, nyebut ‘Dosa maneh geus dihampura’ atawa marentahkeun ‘Geura nangtung seug leumpang!’ 6 Tapi supaya kauninga ku aranjeun, yen Putra Manusa teh di ieu dunya kawasa ngahampura dosa.” Lajeng ka nu lumpuh tea, Isa ngadawuh, “Pek nangtung, panggul bale-balena, jig geura balik!” 7 Korejat, nu lumpuh teh, hudang, terus balik. 8 Jelema-jelema nu harita nyaraksian, galimir hatena, tapi tuluy maruji sukur sarta ngamulyakeun Jenengan Allah nu kersa masihan kawasa anu sakitu ahengna ka manusa. 9 Ti dinya, Isa angkat deui. Anjeunna ningali aya jelema, Mateus ngaranna, keur diuk di kantor cuke; ku Anjeunna digentraan, “Hiap ka dieu, tuturkeun Kami!” Jung Mateus nangtung, tuluy ngiring ka Anjeunna. 10 Satuluyna, waktu Isa nuju tuang di imah Mateus, loba tukang cuke daratang bareng jeung jelema-jelema doraka sejenna. Terus marilu dahar ngariung jeung Isa samurid-murid. 11 Katenjoeun ku urang Parisi, terus maranehna ngaromong kieu ka murid-murid Isa, “Naha guru maraneh daek bae tuang jeung tukang-tukang cuke sarta jeung jelema-jelema daroraka?” 12 Barang kadangu ku Isa, Anjeunna ngadawuh, “Anu butuh ku doktor teh lain nu sehat, tapi jelema nu garering. 13 Ku margi eta, mangga ulik pihartieunana ieu dawuhan anu kieu ungelna, ‘Anu diperedih ku Kami, nya eta welas asih, lain kurban; sabab Kami datang teh lain rek neangan jelema-jelema nu ibadah, tapi anu daroraka.’ ” 14 Sanggeus kitu, murid-murid Yahya ngadeuheus ka Isa piunjukna, “Abdi-abdi sareng urang Parisi paruasa, naon margina murid-murid Anjeun mah tara?” 15 Diwaler ku Isa, “Ari sobat-sobat ki panganten naha bisa ngarasa prihatin sapanjang ki panganten bareng keneh jeung maranehna? Tapi bakal datang waktuna, ki panganten teh dicokot ti maranehna. Tah, dina waktu eta, maranehna bakal paruasana teh. 16 Jeung deui, moal aya nu nambal baju butut ku lawon weuteuh; sabab ana murengked matak soeh kana bajuna; malah mah, eta soehna teh, matak ngagedean. 17 Kitu keneh jeung cianggur nu anyar keneh, moal disimpen dina kantong kulit nu geus heubeul; sabab kulitna pasti bedah: Cianggurna mancawura mubah teu kaarah, kitu keneh wadahna. Pikeun anggur anyar mah, wadahna oge kudu anyar: Kakara bisa awet duanana, boh eusina, boh wadahna.” 18 Waktu Isa cacarios keneh, aya hiji kapala tempat pangibadahan urang Yahudi (Synagoge) ngadeuheus ka Anjeunna; tuluy nyembah di payuneuna-Na. Pok unjukan, “Pun anak nu awewe nembe pisan maot. Mugi kersa sumping. Mugi kersa numpangkeun panangan ka manehna, tangtos pun anak teh hirup deui.” 19 Isa ngadeg, tuluy angkat, diiring ku murid-murid-Na bareng jeung eta jelema. 20 Sajeroning kitu, aya hiji awewe, geus dua welas taun katerap kasakit ngagetih. Manehna seselendep ka pungkureun Isa sarta nyabak tungtung jubah Anjeunna. 21 Sabab cek pikirna, “Ku nyabak tungtung jubah-Na oge, pasti aing teh cageur.” 22 Tapi Isa ningali ka pengker bari ngadawuh, “Ulah pegat harepan anaking. Hidep geus disalametkeun ku kayakinan hidep.” Ti semet harita kasehatanana pulih deui. 23 Sasumpingna Isa ka imah kapala tempat pangibadahan tea, katingal tukang nariup suling jeung jelema-jelema di dinya keur tagiwur. 24 Anjeunna ngadawuh, “Cing, kalaluar heula, budak teh lain maot, keur sare!” Sakur nu aya di dinya nyaleungseurikeun. 25 Sanggeus jelema-jelema kalaluar kabeh, Anjeunna teras lebet. Tuluy eta leungeun budak teh dicepeng; sanggeus kitu, kulisik, eta budak teh cengkat. 26 Kajadian eta gancang pisan sumebarna ka sakuliah daerah. 27 Waktu neraskeun angkat-Na ti dinya, aya nu lolong duaan naluturkeun bari sasambat, pokna, “Mugi aya sih piwelas ka simabdi, nun Putra Daud!” 28 Sanggeus Isa lebet ka hiji imah, eta nu lalolong teh ngadareuheusan. Ku Anjeunna didawuhan, “Naha maraneh teh percaya yen Kami bisa?” Wangsulanana, “Sumuhun percanten!” 29 Ti dinya, nu lolong teh, panonna ku Anjeunna dicabak, dawuhana-Na, “Heug, kayakinan iman maraneh sing diijabah.” 30 Dadak sakala, duanana bareunta deui. Terus ku Isa diomat-omatan kieu, “Kade ulah aya anu nyahoeun saurang oge!” 31 Tapi maranehna, anggur ngider ka sakuliah daerah eta, ngamashurkeun Anjeunna. 32 Sanggeus anu lalolong tea arindit; jol, ka Isa, nu mawa jelema pireu nu karanjingan setan. 33 Sanggeus setanna ditundung, nu pireu teh bisa ngomong. Jelema-jelema anu nyaraksian kacida hareraneunana, aromongna, “Nu ajaib kieu mah, di Israil, acan manggih.” 34 Tapi ceuk urang Parisi mah, kieu, “Manehna bisa ngusir setan teh, bane bae make kakawasaan gegedug setan!” 35 Isa damel-Na ngider nyumpingan kota jeung desa-desa bari ngawulang di tempat-tempat pangibadahan jeung ngawawarkeun Injil Karajaan Sawarga; lian ti eta, Anjeunna oge nyageurkeun rupa-rupa panyakit jeung kasakit-kasakit sejenna. 36 Manah-Na, kalintang mikadeudeuhna ningali jelema-jelema anu sakitu lobana; bangun anu lalungse tur kalantar, jeg domba tanpa pangangon. 37 Lajeng ngadawuh ka murid-murid, “Pibuateunana mah lega, ari nu mibuatanana ngan saeutik. 38 Ku sabab eta, kudu nyuhunkeun ka nu Kagunganana, supaya Anjeunna ngintun pagawe-pagawe pikeun dibuat.”

Mateus 10

1 Murid nu dua welas teh disaur ku Isa, tuluy dipaparin pangawasa pikeun nundung roh-roh jahat, nyageurkeun panyakit-panyakit, jeung rupa-rupa kalemahan badan. 2 Ieu ngaran-ngaranna rasul-rasul anu dua welas teh: Nu mimiti Simon, anu sok katelah Petrus tea, jeung dulurna Andreas; tuluy Yakobus bin Sebedeus jeung Yahya dulurna; 3 tuluy Pilipus jeung Bartolomeus; Tomas jeung Mateus, petugas pajeg tea; Yakobus bin Alpius jeung Tadeus; 4 Simon urang Selot jeung Yudas Iskariot; Yudas teh anu hianat ka Isa tea. 5 Rasul nu dua welas teh ku Isa diutus sarta didawuhan kieu, “Poma, maraneh ulah nepi ka mengpar kana jalan bangsa deungeun atawa asup ka kota urang Samaria; 6 tapi nu kudu dijugjug teh, nya eta domba-domba Israil nu geus kabur ninggalkeun umat-Na. 7 Geura arindit, tuluy embarkeun yen Karajaan Sawarga teh geus tereh ngadeg; 8 hirupkeun deui nu paraeh; cageurkeun nu lepra; tundung roh-roh setan. Ieu hal, katampana ku maraneh teh, henteu kudu mayar; ku sabab eta, mikeunna oge ulah menta dibayar. 9 Poma, ulah mawa barang emas-emasan, perak, atawa tambaga dina beubeur maraneh; 10 ulah mawa bekel keur di perjalanan, entong mawa baju dua rangkep, tarumpah, atawa iteuk; sabab ari anu barang gawe mah, sakuduna narima buruhan. 11 Lamun maraneh asup ka hiji kota atawa ka hiji desa, teangan saha di dinya anu pantes; di dinya maneh kudu nganjrek teh, tepi ka waktuna maneh kudu indit deui ti dinya. 12 Lamun maraneh rek asup ka imahna, kudu uluksalam heula ka nu boga imah. 13 Lamun manehna suka narima ka maneh, salam maneh teh ditarima; lamun henteu sukaeun, tangtu uluksalam maneh balik deui ka maraneh. 14 Lamun aya anu teu sukaeun kaanjangan sarta embungeun ngadengekeun kana omongan maneh, maneh kudu indit ti eta imah atawa ti eta kota; tuluy gibrigkeun kekebul taneuhna tina suku. 15 Ceuk Kami: Nasibna kota Sadumu jeung Gomora bakal leuwih hade, ti batan nasib eta kota: Jaga dina poean Pangadilan. 16 Masing inget, maraneh diutus ku Kami teh, henteu beda ti domba anu digiring ka tengah-tengah ajag. Ku sabab eta, maraneh kudu pinter kawas oray, lantip kawas japati. 17 Tapi maraneh kudu tetep waspada, ka sing saha oge. Sabab ti antara maranehna teh, bakal aya nu baroga maksud nyerenkeun maraneh ka Majelis Agama sarta maraneh bakal dihukum rangket di tempat-tempat pangibadahanana. 18 Maraneh bakal dihadepkeun ka parapembesar jeung raja-raja tina lantaran Kami. Hal ieu teh, pikeun jadi saksi ka maranehna jeung ka sakur anu teu wawuh ka Allah. 19 Upama maraneh nepi ka diserenkeun; poma, ulah salempang kumaha atawa naon nya piomongeun; sabab dina waktu eta pisan, maraneh bakal dipaparin pituduh naon anu kudu diucapkeun. 20 Sabab anu nyarita teh lain maraneh, tapi Ruh Allah Rama anu ngadawuh di jero diri maraneh. 21 Dulur jeung dulur bakal silih dakwa, supaya nu hiji dipaehan; kitu keneh bapa ka anak. Barudak bakal ngalawan ka nu jadi kolot, malah nepi ka wani maehan. 22 Maraneh bakal dipikageuleuh ku sarerea tina lantaran ngaran Kami; tapi sing saha anu satia nepi ka panungtungan mah, bakal salamet. 23 Upama maraneh dikaniaya di hiji kota, kudu nyingkir ka tempat sejen. Sabab Kami ngabejaan ka maraneh, yen samemeh kota di Israil kaider kabeh, Putra Manusa bakal rawuh manten. 24 Ari murid moal ngungkulan guruna; kitu deui bujang, moal ngungkulan dununganana. 25 Geus untung, lamun si murid bisa kaaku disajajarkeun jeung guruna atawa bujang disajajarkeun jeung dununganana. Lamun nu boga imah geus disebut Beelsebul, mo aya hesena nyebut Beelsebul ka saeusi imahna. 26 Ku sabab eta, maranehna mah ulah dipikasieun. Euweuh perkara anu gelap anu moal teu kaboker atawa perkara nu buni anu moal teu kapanggih. 27 Naon nu ku Kami dicaritakeun ka maraneh di nu poek, ku maraneh kudu dicaritakeun deui di nu caang; sakur nu diharewoskeun kana ceuli, ku maraneh kudu diuar-uarkeun ti luhur suhunan. 28 Ulah sieun ka nu rek ngabinasa ka awak maneh, tapi teu bisaeun ngabinasa kana nyawa maneh; kudu sarieun teh, ku anu bisa ngabinasa badan jeung nyawa maraneh di naraka. 29 Ari manuk piit, dijualna teh, lain dua saduit? Sanajan kitu, moal aya anu ragrag kana taneuh ari henteu dikersakeun ku Rama maraneh mah. 30 Malah buuk dina sirah maraneh oge geus kaitung jumblahna. 31 Ku sabab eta, ulah hariwang, maraneh teh leuwih punjul ti batan manuk piit. 32 Jeung deui, sing saha anu ngaku ka Kami di hareupeun umum, tangtu diaku deui ku Kami di payuneun Ama Kami nu linggih di Sawarga. 33 Sabalikna, sing saha nu ngangles ka Kami di hareupeun umum, tangtu diangles deui ku Kami di payuneun Ama nu linggih di Sawarga. 34 Ulah boga sangkaan yen Kami bakal ngadatangkeun karapihan ka ieu dunya. Saenyana mah, Kami datang teh lain mawa karapihan, tapi mawa pedang. 35 Kami datang rek nimbulkeun pasalia antara anak lalaki jeung bapa, anak awewe jeung indung, antara minantu awewe jeung mitoha awewe, 36 sarta batur-batur saimahna bakal jadi satru. 37 Sing saha anu leuwih nyaah ka indung bapa, ti batan ka Kami, henteu pantes jadi murid Kami; saha nu leuwih nyaah ka anakna, — boh awewe, boh lalaki — ti batan ka Kami, nu kitu henteu pantes keur Kami. 38 Jeung deui, saha-saha nu teu daek manggul salibna sarta nuturkeun ka Kami, nu kitu ge teu pantes keur Kami. 39 Saha-saha anu ngabelaan nyawana, bakal kaleungitan nyawana; saha-saha nu kaleungitan nyawana tina lantaran Kami, nyawana bakal salamet. 40 Sing saha nu daek ngaku ka maraneh, eta teh sarua jeung ngaku ka Kami. Saha-saha nu daek ngaku ka Kami, eta teh geus daek ngaku ka Nu geus ngutus ka Kami. 41 Saha-saha anu daek ngaku ka nabi sakumaha pantesna, manehna bakal narima ganjaran anu geus ngabaku keur nabi; jeung deui, saha-saha anu daek narima jelema bener sakumaha mistina, bakal diganjar ku ganjaran anu geus baku keur jelema bener. 42 Sing saha anu nyuguhan nginum, — sanajan ngan ukur cai herang sacangkir — ka nu panglaip-laipna ti antara murid-murid Kami, ceuk Kami ka maraneh: Anu kitu oge moal kaliwat, tangtu baris narima ganjaran.”

Mateus 11

1 Tamat ngawurukan murid-murid nu dua welas, tuluy ti dinya, Anjeunna angkat ngabujeng ka kota-kota sejenna seja ngawulang jeung nguarkeun Injil. 2 Mangsa Yahya keur dipanjara, sakur padamelan Al Masih teh kawartoskeun ka anjeunna. 3 Ti dinya, anjeunna ngajurungan sababaraha urang muridna ngadeuheus ka Isa; maksudna, rek naros kieu, “Naha leres Anjeun nu bade rawuh teh, atanapi kedah ngantos-ngantos anu sanes?” 4 Ku Isa diwaler, “Geura bejakeun bae ku maraneh, caritakeun ka anjeunna sakur nu geus kadenge jeung kasaksian ku maraneh! 5 Nu lolong jadi beunta; nu lumpuh bisa leumpang; nu lepra jadi setra; nu torek bisa ngadenge; nu paeh dihirupan deui; jaba ti eta, anu malarat diwawaran Injil. 6 Bagja sakur nu teu nganggap tatajongan ka Kami.” 7 Sanggeus murid-murid Yahya tea arindit deui, Isa ngawitan nerangkeun ka jelema anu karumpul di dinya tina hal Yahya, saur-Na, “Ari maraneh arindit ka tegalan keusik teh rek narenjo naon? Naha rek narenjo luak-leokna tangkal kaso katebak angin? 8 Naon sababna, maraneh ngajugjug ka eta tempat? Naha rek ngadon ngalalajoanan nu keur mararidang? Atuh anu gararinding, nu papakeanana sarwa aralus mah, ayana teh di karaton raja-raja! 9 Jadi, rek naon atuh maraneh teh? Hayang nyaraho kana rupana nabi? Tah, lamun eta maksud maraneh teh, memang bener kudu ka dinya. Malah ceuk Kami, Yahya teh leuwih luhur harkatna ti batan nabi. 10 Sabab tina hal diri anjeunna, geus kaserat kieu: Mangka waspada, Kami geus ngutus utusan Kami saheulaeun Anjeun, anu baris nyadiakeun pijalaneun Anjeun. 11 Ceuk Kami ka maraneh: Di antara jelema nu dijurukeun ku awewe mah, acan manggih anu leuwih mulya harkatna ti Yahya Juru Baptis; tapi di Karajaan Allah mah, nu panglaip-laipna oge, leuwih mulya ti batan anjeunna. 12 Ti semet sumpingna Yahya Juru Baptis, — nepi ka kiwari — Karajaan Sawarga teh pada nyerbu sarta anu nyerbuna tea alihtiar supaya bisa kumawasa di dunya. 13 Sabab hal eta teh, geus diwawarkeun ku sakabeh nabi jeung ku Kitab Toret nepi ka waktuna Yahya sumping; 14 jeung deui — upama ku maraneh katarima — anjeunna teh nya Elias tea anu geus dijangjikeun. 15 Lamun rumasa baroga ceuli, kudu diraregepkeun! 16 Ari jelema-jelema jaman kiwari, naha kudu diupamakeun kana naon? Maranehna teh ibarat barudak nu keur dariuk arulin di pasar bari tinggorowok ka papada baturna, pokna: 17 ‘Ku urang dipangnyulingkeun, sarilaing mah henteu daraek ngigel; ari urang careurik, midangdam, sarilaing mah bangun nu teu riuk-riuk milu sedih!’ 18 Ayeuna, sumping Yahya anu teu tuang teu leueut, majar teh anjeunna kasurupan setan. 19 Geus kitu, Putra Manusa ku anjeun rawuh, tuang leueut sakumaha biasa; aromongna: Tuh tenjo jelema rakus, pamabokan tukang nginum, komplotan tukang-tukang cuke jeung bangsa jelema daroraka! Tapi mungguhing hikmat Allah mah, kaestuanana teh, nyata tina padamelana-Na.” 20 Sanggeus kitu, Isa nyeukseukan pangeusi kota anu henteu daraek tobat, padahal Anjeunna midamel mujijat teh panglobana di dinya. 21 “Cilaka maneh, Korasim! Cilaka maneh, Betsaida! Sabab upama di kota Tirus jeung di Sidon aya nu nyieun mujijat saperti nu geus kasaksian ku maraneh di dieu, tangtu maranehna geus lila tarobat sarta ngarasa prihatin. Za. 9:2-4* 22 Tapi Kami rek ngabejaan ka maraneh: Engke, dina poean Pangadilan, hukuman anu baris ditibankeun ka Tirus jeung ka Sidon teh, tangtu leuwih enteng ti batan hukuman maraneh. 23 Jeung ari maneh, Kapernaum, naha maneh teh marukankeun bakal dijungjung diugung-ugung tepi ka langit? Moal, sabalikna, maneh bakal dirorod dibalangkeun ka jero Karajaan Maot! Sabab upama kabeh mujijat anu geus kasaraksian ku maraneh kajadianana di Sadumu, tangtu eta kota teh masih keneh ngadeg nepi ka kiwari. 24 Tapi Kami rek ngabejaan ka maraneh: Dina poean Pangadilan, hukuman pikeun kota Sadumu, bakal leuwih enteng ti batan hukuman ka maraneh.” 25 Harita Isa mihatur kieu, “Simabdi muji sukur ka Payuneun Ama, nun Allah nu kagungan langit sareng bumi; wireh eta perkawis teh ku Ama dibunikeun ka sakur nu laluhung sareng palinter, nanging Ama parantos kersa ngebrehkeun eta sadayana ka jalmi-jalmi laip. 26 Sayaktosna pisan, nun Ama, eta sadayana parantos sapuk sareng pangersa Ama. 27 Sagemblengna ku Rama geus dipasrahkeun ka Kami sarta moal aya anu bisa wawuh ka Putra iwal ti nu jadi Rama jeung deui moal aya anu bisa wawuh ka Rama lian ti nu jadi Putra-Na jeung sakur jelema anu geus dikersakeun diebrehan ku Putra. 28 Hiap ka dieu ka Kami, sakur nu mopo sarta kalempohan jeung nu loba kabeubeurat, ku Kami maraneh rek sina reureuh. 29 Geura pake, — ku maraneh — ieu pasangan Kami; jaba ti eta, seug, guguru oge ka Kami, — sabab Kami mah lemah lembut tur rendah hate — supaya batin maraneh manggih katengtreman. 30 Sabab pasangan ti Kami mah, genah jeung momotanana ge hampang.”

Mateus 12

1 Hiji mangsa, dina poe Sabat, Isa ngalangkung pahumaan gandum. Tina sabab lapar, murid-murid Anjeunna mipit sababaraha ranggeuy tuluy didalahar. 2 Hal eta katingal ku sababaraha urang Parisi, pok arunjukan ka Anjeunna, “Geura tingal itu murid-murid Anjeun, keur baranggawe. Eta teh kapan henteu kawidian dina poe Sabat mah!” 3 Tapi dawuhan Isa, “Naha aranjeun acan maraca carios lalampahan Daud katut pangiringna, keur mangsa palayeun tuang tea? 4 Kapan ahirna, anjeunna lebet ka Bait Allah, tuluy nuang roti haturkeuneun ka Allah; padahal eta roti teh henteu meunang pisan didahar, boh ku anjeunna, boh ku pangiringna, kajaba ku paraimam. 5 Naha henteu kaaos ku aranjeun dina Kitab Toret, yen dina poean Sabat, paraimam ngalanggar hukum Sabat di jero Bait Allah? Tapi sanajan kitu, euweuh anu ngalepatkeun! 6 Ceuk Kami ka aranjeun: Palebah dieu mah aya anu ngungkulan Bait Allah. 7 Upami aranjeun leres-leres ngarti kana eusina dawuhan nu ungelna kieu, ‘Nu ku Kami diperedih teh, nya eta welas asih lain kurban.’ Upama aranjeun ngarti kana eusina, tangtu moal rek ngahukuman ka jelema anu teu boga salah. 8 Sabab Putra Manusa teh, Jungjunanning Sabat.” 9 Ti dinya, Isa ngantunkeun tempat eta, lajeng lebet ka tempat pangibadahan. 10 Di dinya, kasampak aya jelema nu paeh sabeulah leungeunna. Maranehna nararos ka Anjeunna, “Naha kawidian nyageurkeun nu gering dina poe Sabat?” Naranya kitu teh, maksudna mah rek neangan kasalahan Isa. 11 Tapi Isa ngadawuh, “Lamun salah saurang ti aranjeun boga hiji domba, tigebrus kana sumur dina poe Sabat; naha manehna moal turun pikeun ngangkat eta domba, supaya bisa katulungan? 12 Naha jelema teh lain leuwih punjul martabatna batan domba? Kitu nu matak ngalampahkeun kahadean mah, henteu dilarang dina poe Sabat oge.” 13 Lajeng Isa ngadawuh ka nu gering, “Cing sodorkeun leungeun maneh.” Nu gering nyodorkeun leungeunna. Dumadakan leungeunna cageur, pulih deui, sehat saperti leungeunna nu sabeulah deui. 14 Sanggeus kitu, urang-urang Parisi teh barudal ka laluar sarta maranehna sakait pikeun maehan Isa. 15 Jelema anu ngariring ka Isa teh loba pisan. Kabeh ku Anjeunna dicageur-cageurkeun. 16 Tapi ku Isa, maranehna diomat-omatan, nya eta ulah aya anu dibejaan saurang oge saha Anjeunna teh; 17 supaya laksana Dawuhan Allah nu geus dilahirkeun ku Nabi Yesaya, nya eta: 18 ‘Geura tarenjo, ieu Nu ngabdi ka Kami teh, pilihan Kami, nu Kaasih, tur kamanah ku Kami; Ruh Kami baris ngauban ka Anjeunna, sarta hukum baris diwawarkeun ka sagala bangsa. 19 Anjeunna moal kersa papaduan jeung moal huak-haok, jeung sora-Na moal kadenge ti jalan. 20 Tangkal kaso nu pites, hamo disapatkeun ku Anjeunna; seuneu dina sumbu lampu anu meh pareum, ku Anjeunna moal dipareuman; nepi ka datang mangsana ku lantaran kakawasaana-Na, hukum teh unggul. 21 Sarta nya Anjeunna nu bakal jadi pangarep-ngarep sagala bangsa.’ 22 Ti dinya, aya nu karanjingan setan nu dideuheuskeun ka Isa. Jelemana lolong sarta pireu, tuluy ku Isa dicageurkeun; bisa ngomong sarta bisa nenjo. 23 Jalma rea hareraneun pisan, aromongna, “Anjeunna teh boa-boa Putra Daud tea!” 24 Eta teh kadenge ku urang-urang Parisi, tuluy maranehna nyebutkeun kieu, “Anjeunna bisa ngusir setan teh, bane bae ngagunakeun kakawasaan Beelsebul, gegedugna setan tea!” Tapi Isa uningaeun kana pipikiran maranehna, tuluy ngadawuh, “Karajaan anu henteu bersatu tangtu ambruk. 25 Nya kitu keneh nagara atawa rumah tangga anu baruntak, teu sauyunan, moal bisa lila ngadegna. 26 Nya kitu oge, lamun Iblis merangan Iblis deui, tangtu lumpuh kakawasaanana tina sabab silih perangan tea; naha kumaha karajaanana rek bisa ngadeg terus? 27 Jadi, lamun Kami ngusir setan ku kakawasaan Beelsebul, murid-murid aranjeun rek ku kakawasaan saha ngusir setan teh? Ku sabab eta, nya maranehna anu baris jadi hakim aranjeun teh! 28 Tapi lantaran Kami ngusir setan teh ku kawasana Ruh Allah, ceuk Kami ka maraneh: Eta nandakeun yen Karajaan Allah teh geus tepi ka aranjeun. 29 Rek kumaha bangsat bisa ngagadabah imah jelema gagah, niat ngaringkid harta bandana; iwal ti ku nalikung heula jelema gagah tea? Sanggeus dibarogod nu boga imahna, kakara imahna bisa dirampog. 30 Saha nu henteu biluk ka Kami, eta teh tangtu ngalawan ka Kami; jeung deui, saha-saha anu henteu milu ngumpulkeun sarta ngahijikeun, eta teh geus tangtu ngabaruntakeun. 31 Ku sabab eta, ceuk Kami ka maraneh: Sagala dosa jeung ucap-ucapan manusa nu sarugal bakal dihampura, tapi anu ngahinakeun Ruh Allah mah, hamo meunang panghampura. 32 Upama aya jelema anu ngalawan ka Putra Manusa, nu kitu bisa dihampura; tapi lamun manehna ngalawan ka Ruh Allah, dosa manehna moal bisa dihampura: Boh ayeuna, keurna di dunya; boh engke, di alam aherat. 33 Upama nyebutkeun yen tangkal ‘anu’ teh mulus, tangtu tina sabab buahna oge mulus. Sabalikna, lamun nyebutkeun yen tangkal ‘anu’ teh goreng, tangtu tina sabab goreng buahna. Sabab kanyahoan hade gorengna teh, tina buahna. 34 He, maraneh turunan oray welang! Kumaha maraneh rek bisa ngabijilkeun ucap-ucapan anu harade, ari maraneh sorangan jahat? Sabab nu diucapkeun ku sungut teh, asalna ti jero hate. 35 Jelema bener, ngabijilkeun hal-hal anu bener tina sanubari nu bener. Sabalikna, jelema jahat, ngutahkeun kajahatanana tina sanubarina nu jahat. 36 Tapi ceuk Kami ka maraneh, sakecap saucap maraneh anu mubadir baris aya balitunganana dina poean Pangadilan. 37 Sabab maraneh, disebutna bener teh, ditilik tina ucapan maraneh; nya kitu keneh, tina sabab ucap-ucapan maraneh oge, maraneh bisa dihukum.” 38 Dina hiji waktu, sababaraha urang ahli Toret jeung urang Parisi ngadeuheusan ka Isa, piunjukna, “Guru, mugi kersa mintonkeun hiji tanda ka simkuring, hoyong ningal.” 39 Tapi waler Isa, “Jelema-jelema alam kiwari anu jarahat sarta teu beunang dipercaya meredih tanda mujijat! Moal dibarere, kajaba tanda mujijat Nabi Yunus tea. 40 Nabi Yunus, cicingna, di jero beuteung lauk teh tilu poe tilu peuting lilana. Nya kitu oge Putra Manusa, bakal aya di jero kandungan bumi teh, salila tilu poe tilu peuting. 41 Engke, dina poean Pangadilan, urang Niniwe bakal milu ngagugat ka ieu jelema-jelema alam kiwari. Maranehna bakal milu ngahukuman. Sabab urang Niniwe teh tarobatna ku piwulang Yunus; sedeng anu keur adu hareupan di dieu teh, leuwih mulya ti Yunus. 42 Engke, dina poean Pangadilan, Ratu ti tatar kidul bakal dihudangkeun deui babarengan jeung jelema-jelema alam kiwari. Anjeunna tangtu baris milu ngahukuman. Sabab angkatna ratu ti tungtung bumi teh kersana ngupingkeun dawuhan Sulaeman anu kawentar kabinangkitanana; padahal, anu jonghok di dieu, saenya-enyana ngungkulan Sulaeman.” 43 “Upama aya roh jahat nyingkah ti hiji jelema; eta teh tuluy marakayangan neangan tempat-tempat anu simpe geusan enggon cicingna, tapi henteu manggih. 44 Omongna, ‘Aing rek balik deui bae ka tempat cicing urut tadi.’ Ti dinya, manehna balik deui ka tempat asalna. Kasampak tempat teh kosong, rapih, jeung beresih. 45 Ti dinya, manehna indit deui neang baturna tujuhan. Nu tujuh teh leuwih jahat ti batan manehna. Sanggeus kitu, eta roh-roh jahat, kabeh arasup ka eta tempat; tuluy maratuh di dinya. Ahirna, kaayaan jelema anu geus kasebut tadi teh, leuwih parna ti batan tadina. Tah eta pisan nu bakal kaalaman ku jelema-jelema nu jarahat jaman kiwari teh.” 46 Mangsa Isa keur cacarios keneh jeung jelema rea, ibu-Na jeung wargi-wargi-Na ngaradeg bae di luar. Maranehna seja mendakan ka Anjeunna. 47 Aya nu unjukan ka Anjeunna, “Mugi tingali, tuang ibu sareng saderek-saderek nuju di laluar bade nepangan.” 48 Ka nu mawa beja Isa ngadawuh, “Saha indung Kami teh? Jeung saha dulur-dulur Kami teh?” 49 Isa nunjuk ka murid-murid Anjeunna, tuluy ngadawuh, “Tah ieu indung jeung dulur-dulur Kami teh. 50 Sabab sing saha bae anu ngalampahkeun pangersa Ama Kami anu linggih di Sawarga, nya eta nu jadi dulur Kami lalaki, dulur Kami awewe, jeung nu jadi indung Kami!”

Mateus 13

1 Poe harita, Isa angkat ti bumi lajeng calik di basisir. 2 Rob jelema-jelema daratang ngarubung ka Anjeunna. Anjeunna kapaksa nitih kana parahu; ari jelema-jelema mah, tetep di basisir. 3 Sanggeus kitu, Anjeunna ngawulang ngangge siloka ka maranehna dawuh-Na, “Aya hiji patani, indit rek tebar. 4 Mangsa binih ditebarkeun, aya nu ragrag ka sisi jalan; tuluy beak dipacokkan ku manuk. 5 Aya deui, sawarehna, anu ragrag kana tanah cadas. Binih teh jadi, tapi henteu lila; sabab taneuh dina cadas teh, ipis pisan. 6 Barang mimiti kapanasan jadi alum, tuluy garing sabab ngakarna teu bisa jero. 7 Sabagianana deui ragrag kana rungkun cucuk. Tangkal cucuk ngagedean. Binih anu kakara jadi teh kasedekkeun, kadeseh nepi ka paehna. 8 Aya oge, anu ragragna teh, kana tanah subur nepi ka bubuah. Aya nu buahna nepi ka saratus tikeleun, aya anu genep puluh tikeleun, aya oge anu tilu puluh tikeleun, lobana. 9 Sing saha nu rumasa boga ceuli kudu ngaregepkeun.” 10 Teu lila, jol murid-murid daratang; pok unjukan, “Naon margina Anjeun ngawulang ku siloka ka jalmi-jalmi anu karempel di dieu?” 11 Dawuhan Isa, “Maraneh mah geus narima sih kurnia, supaya bisa ngalarti kana rasiah Karajaan Sawarga; tapi ari nu sejen mah, henteu nararima. 12 Sabab anu dibere teh, nya eta sakur nu geus baroga, nepi ka maranehna medah-meduh bakat ku loba. Sabalikna, anu teu boga mah, — malah anu aya di maranehna teh sanajan teu pira oge — bakal dicokot. 13 Tah eta sababna, Kami ngawuruk ka maranehna teh ku siloka; lantaran sanajan maranehna nyaksian, tetep henteu awas; sanajan kadengeeun ku ceulina, tetep teu ngadenge jeung teu ngarti. 14 Jadi, pangwawaran Yesaya teh keuna ka maranehna, nya eta: ‘Ku maraneh bakal kadenge deui, kadenge deui, ngan teu terus jeung dihartikeunana. Bakal katenjo deui, katenjo deui, ngan weleh teu dipaduli. 15 Sabab eta bangsa, hatena geus teu mental, pangdengena geus mintul, matana geus dipeureum-peureumkeun; malar matana tong kungsi nenjo, ceulina ulah kungsi ngareungeu, sieuneun matak kaharti ku hatena, sieuneun tarobat sarta ku Kami disina waraluya.’ 16 Tapi untung maraneh mah sabab mata bisa awas sarta ceuli bisa ngadenge keneh. 17 Sabab rek diterangkeun ku Kami ka maraneh: Loba pisan nabi-nabi jeung jelema-jelema nu kacida harayangeun nyahona ka nu geus kasaksian ku maraneh, tapi henteu kungsi bisa. Loba nu harayangeun ngadenge ka nu geus kadarenge ku maraneh, tapi henteu kungsi bisa. 18 Ku sabab eta, ayeuna, dengekeun katerangan siloka nu tebar bieu teh, tuluy lenyepan. 19 Satiap nu ngadenge dawuhan anu nerangkeun Karajaan Sawarga, tapi teu bisa ngahartikeunana; nu karitu teh bakal didatangan si jahat. Binih anu geus dipelak dina hatena tea, dirampas; eta hartina binih anu ragrag kana sisi jalan teh. 20 Binih anu ragrag kana tanah cadas tea, ngagambarkeun jelema anu ngadenge sarta sukaeun narima kana eta dawuhan. Tapi nya kitu, henteu ngakar dina hatena teh. Jadi, umurna henteu bisa lila. 21 Lamun nyorang siksaan jeung panganiaya tina sabab dawuhan tea, terus bae manehna teh murtad. 22 Binih anu ragrag kana rungkun cucuk tea, ngagambarkeun jelema nu geus ngadenge dawuhan, tapi tina sabab rupa-rupa kahariwang dina hirupna; jeung deui, ku lantaran kabongroy ku kabeungharan, eta dawuhan teh kadeseh, teu bisa walakaya. 23 Anu ditebar dina taneuh anu subur, ngagambarkeun jelema anu geus ngadenge dawuhan tea, bari jeung bisa ngahartikeunana. Ku sabab eta, binih dawuhan teh nepi ka bubuah. Buahna aya nu saratus tikeleun, aya nu genep puluh tikel sarta aya oge anu tilu puluh tikel lobana.” 24 Lajeng Isa masihan deui piwulang ku siloka nu sejen, dawuhana-Na, “Ari Karajaan Sawarga teh saupama hiji jelema anu nebarkeun binih anu hade dina tanah garapanana. 25 Tapi dina wanci sare, musuhna datang; tuluy ngawurkeun binih eurih di humana. Geus kitu mah, tuluy arindit. 26 Gandum teh jadi sarta mimiti ranggeuyan. Tapi eurihna oge, milu jaradi deuih. 27 Bujang-bujangna daratang ngabejaan dununganana pokna: ‘Juragan, anu dipelak di huma teh binih anu sae sanes? Naha atuh bet seueur eurihna huma teh?’ 28 Jawab dununganana: ‘Tangtu kalakuan musuh urang eta teh.’ Pok deui bujangna arunjukan, ‘Naha kenging dirambet ayeuna ku abdi?’ 29 Tapi ku dununganana, dijawab kieu: ‘Ulah; sabab bisi gandumna milu kacabut, lamun dirambet ayeuna mah. 30 Keun bae sina bareng-bareng jaradi, nepi ka waktuna dipibuatan. Engke, nu darerep ku kami rek dititah supaya eurihna dicabutan tiheula, sina dikumpulkeun keur durukeun; geus kitu, kakara gandumna dipibuatan, terus sina dikumpulkeun jeung diarakutan ka lumbung kami.’ ” 31 Isa masihan deui siloka anu sejen ka maranehna, dawuh-Na, “Ari kaayaan Karajaan Sawarga teh, ibarat binih tangkal sasawi; sanggeus diala, tuluy disebarkeun di pahumaan. 32 Sanajan siki sasawi leuwih leutik batan sisikian sejen; tapi ari geus jadi mah, kaayaanana, leuwih gede batan palawija sejenna. Malah mangrupa tangkal, nepi ka dahanna bisa dipake nyarayang manuk.” 33 Lajeng Anjeunna masihan deui siloka anu sejen. Dawuh-Na, “Kaayaan Karajaan Sawarga teh, bisa oge diupamakeun ragi nu ku kaum ibu sok dipake nyieun adonan. Lamun dicampurkeun jeung tilu taker tipung, tuluy diadonan nepi ka dalit, tangtu si adonan teh walatra ngabeukahan.” 34 Piwulang Isa teh kabeh oge ku siloka bae. Piwulang-Na ka maranehna tara teu make siloka. 35 Ku kituna dawuhan anu geus dilahirkeun ku nabi teh ngabukti: ‘Baham Kami bakal muka pikeun nepikeun siloka, bakal nyaritakeun kaayaan nu ti sajlegna bumi tepi ka ayeuna masih keneh buni.’ 36 Ti dinya, Isa angkat deui ngantunkeun jelema-jelema di dinya, lajeng mulih. Murid-murid-Na ngadareuheusan, piunjukna, “Mugi kersa nerangkeun eusina siloka eurih sareng gandum tea ka abdi-abdi.” 37 Isa ngadawuh kieu, “Jelema anu nyebarkeun binih anu hade teh, nya eta Putra Manusa. 38 Ari minangka taneuhna teh, nya eta dunya. Nu disebut binih nu hade teh, nya eta paraahli waris Karajaan; ari nu diupamakeun eurih, nya eta jelema-jelema murid si jahat. 39 Anu disebut musuh teh, nya eta Iblis. Usum panen ngagambarkeun ahir jaman; ari nu darerepna, nya eta paramalaikat. 40 Saperti geus ka caritakeun tadi, yen eurih teh dikumpulkeun, tuluy diduruk. 41 Kitu oge, engke, Putra Manusa teh baris nimbalan paramalaikat. Naon bae nu matak nyasabkeun jeung saha bae anu ngalampahkeun kajahatan di jero Karajaana-Na bakal disingkirkeun. 42 Nu karitu teh, kabeh ge, baris dibalangkeun kana durukan; nya di dinya bakal kadenge reang nu careurik sarta tingkarerotna huntu. 43 Dina waktu eta, sakur nu balener bakal moncorong cahayaan, — jeg panonpoe — di jero Karajaan nu jadi Rama. Sing saha nu rumasa boga ceuli, kudu ngaregepkeun.” 44 “Ari Karajaan Sawarga teh, diupamakeun harta anu kakubur di tegal; tuluy eta harta teh kapanggih ku jelema, tapi ku manehna dikubur deui. Bawaning ku atoh-atohna, leos bae balik. Sapangabogana kabeh dijual keur meuli eta tegalan tea. 45 Kaayaan Karajaan Sawarga teh, bisa oge diupamakeun hiji sudagar anu keur nyiar mutiara anu pangalus-alusna. 46 Sanggeusna manggih, tuluy bae eta sudagar teh balik heula pikeun ngajual harta bandana; nya keur ngaduitan mutiara tea.” 47 “Nya kitu oge, yen kaayaan Karajaan Sawarga teh, bisa diupamakeun jaring nu dipasang di laut. Sagala rupa lauk arasup ka dinya. 48 Sanggeus pinuh, jaring teh dipulut, di ka daratkeun. Pek palika kabeh dariuk, prak lauk teh dipilih. Lauk nu ngeunah diwadahan, ari bangsa lauk nu teu didahar mah dipiceun. 49 Tah, kaayaan dina ahir jaman oge nya kitu pisan. Paramalaikat baris sumping, maksudna rek misahkeun jelema jahat ti nu bener. 50 Nu jarahat mah digebruskeun kana durukan seuneu. Di dinya, engke, baris kadenge sora anu careurik sarta tingkarerotna huntu. 51 Bisa kaharti, eta kabeh, ku maraneh?” Walon murid-murid-Na, “Kahartos pisan.” 52 Lajeng Isa ngadawuh deui, “Ku sabab eta, satiap ahli Toret nu geus narima kana pangajaran tina hal Karajaan Sawarga teh, ibarat nu boga imah nu ngabudalkeun sakabeh barangna nu aya di jero imahna: Boh nu heubeul, boh nu anyar.” 53 Rengse ngawulangna Isa angkat ti dinya, 54 ngabujeng ka tempat asal-Na. Di dinya, Anjeunna ngawulang ka jelema-jelema di tempat aribadahna. Maranehna ngarasa heran, aromongna, “Ti mana Manehna boga hikmat jeung kawasa nepi ka bisa nyieun mujijat sakitu lobana. 55 Lain eta teh anak tukang kayu tea? Maryam lain, indung-Na teh? Dulur Yakobus, Yusup, Simon jeung Yudas? 56 Dulur-dulur-Na, nu awewe oge, reureujeungan jeung urang di dieu lain? Naha ti mana atuh meunang kakawasaan jeung hikmat anu sakitu gedena?” 57 Geus kitu mah, maranehna teh ngarasa cangcaya; Isa teh, tuluyna mah, ditarolak ku maranehna. Ti dinya, Anjeunna ngadawuh ka maranehna, “Nu jadi nabi sok pada ngahormat di tempat mana bae oge, kajaba di kampung jeung di imahna sorangan.” 58 Lantaran urang dinya, henteu percaya ka Anjeunna; di dinya, henteu loba mujijat nu dipidamel ku Isa.

Mateus 14

1 Dina waktu eta, Herodes, — raja di eta wilayah — ngadangu oge hal ihwal Isa. 2 Tuluy sasauran ka pagawena, “Moal salah, eta teh Yahya nu geus paeh tea, hirup deui. Ku sabab eta, manehna ngabogaan kakawasaan dina diri-Na.” 3 Memang, Yahya teh ku anjeunna dipiwarang ditangkep, dirante, tuluy dijebloskeun ka panjara; patali jeung Herodias, istri Pilipus, saderekna tea. 4 Ku Yahya, Raja Herodes kantos ditegor, saurna, “Migarwa Herodias teh henteu halal numutkeun hukum.” 5 Nu matak timbul niatna hoyong maehan Yahya, tapi ngaraos rempan ku jalma rea nu nganggap nabi ka Yahya. 6 Dina waktu pesta ulang taun anjeunna, putri Herodias majeng ka payun, ngibing, anu nyukakeun sang Raja katut paratatamu. 7 Tina ku bingah-bingahna, anjeunna nepi ka sumpah yen naon bae anu dipundut ku nyi putri moal aya anu dipungpang. 8 Sanggeus diasut-asut ku nu jadi ibuna, nyi putri sasauran, “Abdi nyuhunkeun sirah Yahya Juru Baptis dina ieu baki.” 9 Sang Raja ngarenjag, tapi tina sabab geus sumpah tur kasaksian ku paratatamu, tuluy anjeunna marentahkeun supaya sapamundut nyi putri teh dilaksanakeun. 10 Mastaka Yahya ditugel di jero panjara. 11 Sanggeus dikabakikeun, dihaturkeun ka nyi putri; tuluy ku nyi putri disanggakeun ka ibuna. 12 Ti dinya, layon Yahya dicandak ku murid-muridna, terus dimakamkeun. 13 Sanggeus Isa ngadangu wartos, yen Yahya parantos pupus, Anjeunna angkat seja nyepi di tempat anu simpe. Angkat-Na kana parahu. Tapi maksad Isa kitu teh, kanyahoan ku jelema rea. Tuluy maranehna teh ngariring, marake jalan darat ti kotana masing-masing. 14 Eta sababna, barang Isa unggah ka darat, katingalieun ku Anjeunna jelema-jelema geus kumpul, anu kacida lobana; hal eta teh matak ngahelas kana manah-Na. Saterusna mah, nu garering teh ku Anjeunna dicageur-cageurkeun. 15 Wanci sareupna, murid-murid-Na ngadareuheus ka Anjeunna; pihaturna, “Di dieu teh tiiseun pisan sareng parantos sareupna. Saena mah, ieu jalmi-jalmi teh sina marios bae, sina meser tedaeun di desa.” 16 Tapi dawuh Isa, “Henteu perlu maranehna indit ti dieu, ku maraneh bae saruguhan!” 17 Jawab murid-murid, “Roti mung aya lima siki sareng laukna dua siki.” 18 Saur Isa, “Sok bae bawa ka dieu ka Kami.” 19 Jelema-jelema teh ku Anjeunna dipiwarang dariuk dina jukut. Sanggeus Anjeunna nyandak roti anu lima siki jeung laukna dua siki tea, Anjeunna tanggah sarta ngucapkeun berkah. Roti teras disemplekan, dipaparinkeun ka murid-murid supaya dibagikeun. Tuluy ku murid-murid dibagikeun ka sakabeh nu aya di dinya. 20 Kabeh dalahar nepi sareubeuheun. Tuluy kaleuwihanana dikumpulkeun, aya dua belas bakul muncung. 21 Anu dalahar, harita teh, lalakina wungkul kira-kira lima rebu urang, acan kaitung awewe jeung barudak. 22 Geus kitu, murid-murid ku Isa dipiwarang meuntas ti heula; ari jelema nu loba mah, ku Anjeunna dijurung marulang. 23 Sanggeus jelema-jelema baralik, tuluy Anjeunna unggah ka pasir bade ngado'a. Harita teh geus peuting. Anjeunna nyalira bae di dinyana teh. 24 Murid-murid dina parahu geus sababaraha mil jauhna ti darat; parahuna kaumbang-ambing ombak sabab angin kacida gedena. 25 Kira-kira pukul tilu, Isa ngabujeng ka murid-Na; angkat-Na tapak kancang dina beungeut cai. 26 Barang kabireungeuh ku murid-murid, maranehna ngarenjag, tuluy tinggorowok, “Jurig, jurig!” Maranehna tingkaroceak teh kasingsieunan tea. 27 Tapi Isa enggal ngadawuh, “Sing teger! Ieu teh Kami, entong sieun-sieun!” 28 Ti dinya Petrus ngagero pokna, “Jungjunan, upami leres Jungjunan, mugi abdi kawidian nyaketan leumpang dina beungeut cai.” 29 Waler Isa, “Heug, ka dieu sampeurkeun Kami!” Petrus turun tina parahu; tuluy leumpang dina beungeut cai, nyampeurkeun ka Isa. 30 Tapi sanggeus karasaeun tarikna angin, mimiti manehna ngarasa gimir, tuluy rek tilelep. Manehna gogorowokan, “Jungjunan, tulungan abdi!” 31 Enggal ku Jungjunan disodoran panangan; Petrus dicepeng dawuhana-Na, “Euh, maneh mah kurang percaya, naha make hamham?” 32 Ti dinya, arunggah kana parahu, jep angin teh repeh. 33 Anu araya dina parahu nyarembah ka Anjeunna, piunjukna, “Jungjunan teh leres Putra Allah.” 34 Sanggeus nepi ka peuntas ditu, maranehna balabuh di tanah Genesaret. 35 Jelema-jelema di tempat eta tengeteun ka Isa, tuluy bae uar-uar ka sakuliah daerah eta. Geus kitu mah, sakur nu garering dideuheuskeun ka Anjeunna. 36 Maranehna marenta diwidian nyabak kana tungtung jubah Anjeunna. Sakur anu nyabak, terus bae calageur.

Mateus 15

1 Geus kitu, urang Parisi jeung ahli Kitab ti Yerusalem daratang ka Isa, naranya kieu: 2 “Ku naon murid-murid Anjeun ngalanggar adat karuhun urang, dalaharna henteu saribanyo heula?” 3 Ku Isa diwaler, “Ku naon aranjeun oge, pedah tuhu ka adat karuhun jadi ngalanggar parentah Allah? 4 Dawuhan Allah: Maneh kudu hormat ka indung bapa. Jeung: Saha-saha anu nyumpahan bapana atawa indungna, kudu dipaehan. 5 Tapi cek maraneh mah: Saha-saha anu pupulih kieu ka bapana atawa ka indungna ‘Banda nu aya di kuring teh, nu tadina mah rek dipake ngarawatan bapa atawa ema, tapi ayeuna mah geus dihaturkeun ka Allah,’ 6 cek maraneh mah: Jelema anu karitu mah geus teu wajib deui bakti ka bapa atawa indung. Kalakuan aranjeun kitu teh ngalindih dawuhan Allah, ngagungkeun adat karuhun. 7 Eh, jelema-jelema munapek, piwejang Nabi Yesaya hal aranjeun teh cocog jeung buktina, unina: 8 ‘Ieu umat, biwirna ngagungkeun Kami, hatena mungkir ti Kami. 9 Ibadahna ka Kami ge, cumah; sabab nu diajarkeun teh ngan ukur aturan parentah manusa.’ ” 10 Geus kitu, jalma rea ku Isa disina kumpul, tuluy Anjeunna ngalahir: 11 “Regepkeun jeung lenyepan: Anu matak jadi najis teh lain anu asup ka jero sungut, tapi anu kaluar tina sungut; nu kitu, nu najis teh.” 12 Murid-murid mihatur, “Jungjunan, uninga eta kasauran anu bieu teh kangge urang Parisi mah, lir batu tatajongan?” 13 Waler Isa, “Satiap pepelakan anu lain beunang melak Ama Kami anu aya di Sawarga, bakal dirabut jeung akar-akarna. 14 Keun bae maranehna antep. Maranehna teh, jelema-jelema lolong nungtun anu lolong deui. Nu lolong nungtun nu lolong mah, tangtu duanana bakal tigebrus ka jero lombang.” 15 Petrus mihatur, “Terangkeun eta siloka teh ka abdi-abdi.” 16 Waler Isa, “Kutan maraneh ge teu ngarti? 17 Na teu nyaho, yen sakur anu asup ka jero sungut teh, asup ka jero beuteung, tuluy dipiceun ka jamban? 18 Tapi anu kedal tina sungut mah, asalna ti jero hate, eta nu matak najis teh. 19 Sabab nya tina hate asalna pikiran-pikiran jahat teh, maehan, jinah, pacabulan, maling, sumpah palsu jeung ngahina. 20 Eta anu karitu, nu nganajiskeun jelema teh. Ari dahar henteu sibanyo heula mah, teu matak jadi najis.” 21 Geus kitu, ti dinya, Isa angkat ka daerah Tirus jeung Sidon. 22 Jol aya awewe urang Kanaan nu aya di eta daerah, ngagero, “Nun Jungjunan, Putra Daud, abdi neda piwelas! Pun anak awewe diraksuk setan, kalintang matak hawatosna.” 23 Tapi ku Isa henteu diwaler. Murid-murid-Na mihatur, “Sina nyingkah! Mung nutur-nutur bae ka urang bari gera-gero.” 24 Waler Isa, “Kami diutus ngan ka domba-domba anu leungit, nya ka sakur umat Israil anu leungit.” 25 Eta awewe beuki ngadeukeutan, tuluy nyembah bari mihatur, “Jungjunan, nyuhunkeun tulung!” 26 Isa ngadawuh, “Teu hade roti pikeun barudak dialungkeun ka anjing.” 27 Cek eta awewe, “Leres, Jungjunan. Nanging anjing oge sok ngaletakan remeh anu ragrag tina meja dununganana.” 28 Saur Isa ka manehna, “Ibu, iman ibu pengkuh. Heug, pamenta ibu sing tinekanan.” Sapada harita keneh anakna cageur. 29 Sanggeus ngantunkeun eta daerah, Isa angkat-Na mapay sisi talaga Galilea, tuluy unggah ka gunung, calik di dinya. 30 Burubul jelema-jelema ka Anjeunna, marawa nu lumpuh, nu pincang, nu lolong, nu pireu, jeung rupa-rupa deui, sina dariuk deukeut sampeana-Na; ku Anjeunna terus dicalageurkeun. 31 Jelema-jelema ukur barengong nenjo nu pireu bisa ngomong, nu pincang cageur, nu lumpuh bisa leumpang, nu lolong bisa nenjo. Tungtungna, maranehna ngamulyakeun ka Allah nu disembah ku urang Israil. 32 Geus kitu, Isa ngahiapkeun murid-murid, seug ngalahir, “Karunya ieu jelema-jelema teh. Geus tilu poe mimiluna ka Kami, geus teu barogaeun keur dahar. Kami teu tega nitah maranehna balik lapar, tangtu kalempohan di jalan.” 33 Pihatur murid-murid, “Di tempat tiiseun kieu ti mana aya roti kangge jalmi anu sakieu seueurna?” 34 Saur Isa, “Roti maraneh aya sakumaha?” “Mung aya tujuh,” jawabna “sareng lauk aralit, saeutik.” 35 Jalma-jalma teh, ku Isa dipiwarang dariuk dina taneuh. 36 Tuluy Anjeunna nyandak roti anu tujuh siki jeung lauk tea, sarta muji sukur: Rotina disemplekan, tuluy disodorkeun ka murid-murid, ku murid-murid dibagikeun ka sarerea. 37 Tuluy bae dalalahar nepi ka sareubeuheun kabeh. Sanggeusna, kaleuwihanana, — beunang nyemplekan tea — dikumpulkeun; meunang tujuh tolombong pinuh. 38 Nu disuguh teh, lalakina wungkul aya opat rebu urang, can kaitung awewe jeung barudak. 39 Geus kitu, ku Isa dijurung marulang, ari Anjeunna mah unggah kana parahu, tuluy angkat ka daerah Magadan.

Mateus 16

1 Geus kitu, daratang urang Parisi jeung Saduki arek ngadoja ka Isa. Maranehna menta tanda ti sawarga ka Anjeunna. 2 Tapi Isa ngawaler, “Lamun pasosore di langit aya layung, cek aranjeun hade poena; 3 lamun isuk-isuk langit mendung, cek aranjeun goreng poena. Kana rupa langit, aranjeun bisa ngabedakeun; ari kana tanda-tanda jaman, teu nyaho. 4 Ieu jalma-jalma kiwari anu jahat marenta tanda. Taya tanda nu pantes dibikeun, iwal ti tanda Nabi Yunus.” Geus kitu mah, maranehna, ku Anjeunna dikantun. 5 Waktu keur meuntas talaga, murid-murid poho teu mekel roti. 6 Ari Isa sasauran kieu ka maranehna, “Sing ati-ati, kudu waspada kana ragi urang Parisi.” (Ragi di dieu hartina kamunapekan). 7 Eta kasaurana-Na ku murid-murid dipalikiran, tuluy ngomong pada batur, “Meureun sasauran kitu teh lantaran urang teu mekel roti.” 8 Isa uninga ka nu keur diaromongkeun ku maranehna, Anjeunna ngalahir, “Naha wet nyebut pedah teu mekel roti; eh, maraneh nu kurang iman? 9 Na can ngaharti keneh bae? Na geus teu inget kana roti lima siki mahi dipake nyuguh lima rebu jelema? Sabaraha tolombong deui leuwihna? 10 Nya kitu deui roti anu tujuh siki mahi keur opat rebu jelema, jeung sabaraha tolombong leuwihna? 11 Na kumaha make teu ngarti yen anu dimaksud ku Kami teh lain roti! Cek Kami: Sing waspada kana ragi urang Parisi jeung Saduki.” 12 Geus kitu, kakara maranehna ngalarti, yen anu dimaksad ku Anjeunna teh lain ragi pikeun roti; tapi ajaran urang Parisi jeung Saduki tea. 13 Sanggeus Isa sumping ka daerah Kesarea Pilipi, Anjeunna mariksa ka murid-murid, “Ari cek nu rea, saha Putra Manusa teh?” 14 Wangsulna, “Aya nu nyebatkeun Yahya Juru Baptis; aya nu nyebatkeun Nabi Elias; aya oge nu nyebatkeun Nabi Yermia atanapi salah sawios nabi.” 15 Saur Isa, “Ari cek maraneh, Kami saha?” 16 Petrus ngawangsul, “Anjeun teh Al Masih, Putra Allah nu jumeneng!” 17 Saur Isa ka manehna, “Bagja maneh, Simon bin Yonas. Sabab hal eta dinyatakeunana ka maneh lain ku manusa, tapi ku Rama Kami nu di sawarga. 18 Ayeuna Kami ngabejaan: Maneh teh, nya eta Petrus, sarta nya dina batu karang ieu Kami baris ngadegkeun jamaah Kami, anu moal keuna ku genggeman maot. 19 Maneh ku Kami arek dipasrahan konci Karajaan Sawarga. Anu ku maneh dibeungkeut di ieu dunya, bakal dibeungkeut di Karajaan Sawarga. Anu ku maneh diudar di ieu dunya, di Karajaan Sawarga oge bakal diudar.” 20 Saterusna, murid-murid, ku Isa dilarang teu meunang nyarita ka sasaha yen Anjeunna teh Al Masih. 21 Ti waktu eta, Isa wawartos ka murid-murid yen Anjeunna kedah ka Yerusalem sarta baris nyorang kasangsaraan ti pihak kokolot, ti imam-imam kapala, jeung ti ahli-ahli Kitab; terusna bakal dipaehan sarta baris hirup deui dina poe katilu. 22 Anjeunna ku Petrus dibantun ka beh sisi, pok manehna mihatur, “Jungjunan, paliyas dugi ka kitu! Mugi-mugi hal eta ditebihkeun ku Allah. Jungjunan ulah dugi ka nyorang nu kitu.” 23 Isa malik, sasauran ka Petrus, “Nyingkah, Iblis! Maneh teh geus jadi batu tatajongan keur Kami; sabab eta anu kapikir ku maneh teh lain mamanahan Allah, tapi pipikiran manusa.” 24 Geus kitu, Anjeunna ngalahir ka murid-murid, “Sing saha nu seja ngiring ka Kami, kudu nyangkal diri, manggul salibna, jeung anut ka Kami. 25 Sabab saha-saha nu rek nyalametkeun nyawana, bakal kaleungitan nyawa; sabalikna, anu kaleungitan nyawa demi Kami, bakal meunang nyawa. 26 Naon mangpa'atna meunangkeun sakuliah dunya, tapi kaleungitan nyawana? Na naon barangna nu bisa dipake ngaganti nyawana? 27 Putra Manusa teh bakal datang make kamulyaan Rama-Na diiring ku malaikat-malaikat-Na; mangsa harita, Anjeunna baris ngayakeun wawales ka unggal jelema, nurutkeun kumaha kalakuanana. 28 Cek Kami, ka maraneh: Saenyana, di antara anu ayeuna aya di dieu, aya nu moal waka ajal samemeh narenjo Putra Manusa datang ngajadi Raja di Karajaana-Na.”

Mateus 17

1 Heuleut genep poe, Petrus, Yakobus, jeung Yahya ku Isa dicandak ka hiji gunung anu luhur. Di dinyana ngan aranjeunna bae. 2 Geus kitu, ku nu tiluan katenjo, Isa salin rupi. Raray-Na moncorong lir panonpoe, panganggo-Na hurung gumebyar. 3 Katingal oge aya Nabi Musa jeung Nabi Elias, keur cacarios jeung Anjeunna. 4 Petrus mihatur, “Jungjunan, estu, bagja abdi-abdi aya di dieu teh. Jungjunan, saena mah, urang ngadamel saung tilu di dieu: Kangge Jungjunan, kangge Nabi Musa, sareng kangge Nabi Elias.” 5 Sabot manehna ngomong keneh, ngadak-ngadak aya mega anu ngagebyar turun mayungan ka Aranjeunna. Tina mega teh aya sora, “Ieu teh Putra Kaasih Kami, anu kamanah ku Kami. Masing anut ka Anjeunna.” 12:18, Mrk. 1:11, Luk. 3:22* 6 Awahing ku sieun kana eta sora, murid-murid teh nyaluksruk kana taneuh. 7 Ku Isa disampeurkeun terus diusap. “Cengkat” dawuhana-Na, “tong sarieun!” 8 Barang maranehna cengkat geus teu aya sasaha, kantun Isa bae. 9 Waktu marudun ti gunung Isa mesen, “Kade, tetenjoan anu tadi ulah diucah-aceh, nepi ka Kami hudang deui ti nu maraot.” 10 Pihatur nu tiluan, “Upami kitu, naon margina ahli-ahli Kitab nyebatkeun yen Nabi Elias kedah sumping ti payun?” 11 Waler-Na, “Nabi Elias memang baris sumping, pikeun ngomean sakur nu perlu. 12 Ku Kami dibejakeun: Nabi Elias teh geus sumping, tapi teu aya nu wawuheun. Sikep jalma-jalma ka anjeunna sakarep-karep pisan. Putra Manusa oge bakal disangsara ku maranehna.” 13 Ti dinya murid-murid teh ngarti, yen anu dimaksad ku Anjeunna teh Nabi Yahya. 14 Sanggeus Isa jeung nu tiluan kumpul deui jeung nu rea, datang hiji jelema, tuluy nyembah; 15 pok manehna mihatur, “Jungjunan, mugi hawatos ka pun anak, margi sok sakalor. Sering pisan tikusruk kana seuneu atanapi ka cai. 16 Parantos dibantun ka murid-murid Jungjunan, nanging teu tariasaeun naon-naon.” 17 Saur Isa, “Eh, umat nu teu boga iman tur sasar! Sabaraha lilana deui Kami kudu babarengan teh? Kudu nepi ka mana Kami sabar teh? Bawa budakna ka dieu!” 18 Terus setanna ku Isa ditimbalan kalawan bengis pisan, sina ingkah ti eta budak. Harita keneh oge, eta budak teh, cageur. 19 Sanggeus teu aya sasaha, murid-murid mihatur ka Isa, “Naon margina ku abdi-abdi mah teu beunang diusir eta setan teh?” 20 Saur Isa, “Lantaran maraneh henteu cengeng percayana. Sabab saenyana, mun maraneh boga iman, — najan ngan sagede siki sasawi — mun ieu gunung ku maraneh sina pindah tempat, tangtu ieu gunung pindah; tur moal aya perkara nu pamohalan keur maraneh. 21 Tapi bangsa nu tadi mah, moal bisa diusir lamun henteu bari nyambat ka Pangeran jeung puasa.” 22 Sanggeus Isa jeung murid-murid aya di Galilea, Anjeunna nyarios kieu, “Putra Manusa teh bakal diserenkeun kana genggeman manusa, tuluy ku maranehna dipaehan. Tapi dina poe katilu, baris digugahkeun, nya dihirupkeun deui.” 23 Hal ieu kacida matak ngaherukna ka murid-murid. 24 Sasumping-Na, Isa samurid-murid, ka Kapernaum, Petrus disampeurkeun ku tukang narik pajeg Bait Allah, ditanya, “Ari Guru anjeun sok mayar pajeg Bait Allah?” Jawab Petrus, “Osok!” 25 Petrus terus asup ka imah, ku Isa dipiheulaan dipariksa, “Simon, kumaha ari cek maneh, saha biasana anu wajib mayar pajeg atawa upeti ka prabu? Warga nagara atawa bangsa asing?” 26 Walon Petrus, “Bangsa Asing.” Saur Isa ka manehna, “Jadi, warga nagara mah teu kudu mayar. Tapi keun bae, urang teu meunang ngalawan. 27 Jung, ayeuna, maneh nguseup ka talaga. Engke, lauk anu nyanggut ti heula angkat; tuluy eta lauk teh calangapkeun, dina sungutna aya duitan; eta duit teh cukup keur mayar pajeg Bait Allah: Pikeun Kami jeung maneh.”

Mateus 18

1 Waktu eta, murid-murid mihatur deui, “Dupi anu punjul di Karajaan Sawarga, saha?” 2 Ti dinya, Isa nyandak hiji budak leutik sina nangtung di tengah. 3 Saur-Na, “Ingetkeun ieu: Lamun maraneh henteu robah kalakuan jeung teu jadi cara barudak leutik, pimoaleun bisa asup ka Karajaan Sawarga. 4 Anu punjul di Karajaan Sawarga teh, nya eta anu handap asor jeung nu jadi saperti barudak leutik. 5 Jeung saha-saha nu nyaah ka barudak leutik demi ngaran Kami, eta teh nyaah ka Kami.” 6 “Saha-saha anu ngalantarankeun ingkarna salah sahiji ti barudak leutik anu anut ka Kami, leuwih hade dibangbaluhan beuheungna ku batu panggilingan, tuluy balangkeun ka laut. 7 Cilaka dunya teh, loba gogoda dodoja. Tapi leuwih cilaka deui jelema anu nyieun gogoda. 8 Upama leungeun atawa suku maraneh matak sasar, teukteuk: Piceun! Sabab mending boga leungeun hiji atawa suku hiji, tapi matak salamet di aherat; tinimbang lengkep anggahota, tapi tigebrus ka seuneu naraka. 9 Upama panon maraneh nu sabeulah matak sasar, cokel: Piceun! Mending pecak, tapi salamet di aheratna; tinimbang panon dua, tapi tigebrus kana seuneu naraka.” 10 “Ati-ati, maraneh ulah nepi nyapelekeun salah sahiji barudak leutik ieu. Sabab cek Kami: Malaikat-malaikatna teh salawasna aya di payuneun Rama Kami di Sawarga. 11 Sabab Putra Manusa sumping teh, nya seja nulungan anu sasab. 12 Cik, upama aya nu boga saratus domba, leungit hiji; cek maraneh, eta jelema baris kumaha? Tangtu manehna indit neangan, ari anu salapan puluh salapan mah ditinggalkeun heula nyaratuan di lamping pasir. 13 Ana nu leungit kapanggih; cek Kami mah, nu bogana, atoheunana teh leuwih ti batan ku anu salapan puluh salapan nu teu kungsi leungit. 14 Pangersa Rama Kami di Sawarga oge nya kitu: Ulah aya saurang-urang acan, ti barudak leutik ieu, anu leungit.” 15 “Lamun aya dulur boga salah, teang, elingan. Lamun meunang dielingan, dulur urang teh beunang deui. 16 Lamun pepeling maneh teu didenge, sakali deui elingan dibantu ku saurang atawa duaan, nepi ka dadaran sualna kasaksi ku duaan atawa tiluan, luyu jeung pangajaran Kitab Suci. 17 Lamun nu sejen oge henteu didenge, unjukkeun ka jamaah. Lamun ku jamaah oge teu beunang dipepelingan, hade dianggap deungeun-deungeun atawa Tukang Cuke. 18 Jeung Kami ngabejaan ka maraneh sakabeh, yen sagala rupa anu ku maraneh dilarang di ieu dunya, di Sawarga oge baris dilarang; naon-naon anu ku maraneh diidinan di ieu dunya, di Sawarga oge baris diidinan. 19 Oge Kami ngabejaan, yen iraha bae maraneh ngunjukkeun panuhun kalawan mupakat duaan, ku Rama di Sawarga tangtu dikabul. 20 Sabab mun aya dua atawa tilu jalma kumpul mawa ngaran Kami, Kami tangtu aya ngareujeungan.” 21 Ti dinya Petrus mihatur ka Isa, “Jungjunan, upami pun dulur gaduh dosa ka abdi, sabaraha kali abdi wajib ngahampura? Tujuh kali?” 22 Waler Isa, “Lain ngan tujuh kali, tapi tujuh puluh kali tujuh kali. 23 Sabab Karajaan Sawarga teh, ibarat hiji raja anu mariksa hutang gandek-gandekna. 24 Barang prak mariksa, aya saurang anu dideuheuskeun, hutangna jutaan rupia. 25 Jelemana teu bisa mayar. Ku eta raja, gandek teh sina dijual jadi budak beulian; nya kitu deui anak pamajikanana katut sagala pangabogana, pikeun ngalunasan hutangna tea. 26 Gandek teh ngarumpuyuk, ngomong melas-melis ka dununganana, ‘Nyuhunkeun sarantos bae, tangtos tiasa lunas sadayana.’ 27 Dununganana karunyaeun, tuluy hutangna dibebaskeun. 28 Gandek nu geus dibebaskeun tina hutangna tea, balik; di jalan amprok jeung batur papada gandek, anu boga hutang ka manehna ukur rerebuan bae. Ku manehna dicerek, terus ditagih jeung dicarekan, pokna, ‘Hayoh, bayar hutang teh!’ 29 Nu ditagih mani nyembah, walonna, ‘Tempoan heula atuh, sugan kabayar.’ 30 Tapi teu didenge, malah terus dijebloskeun ka jero panjara geusan ngalunasan hutangna. 31 Barang gandek-gandek sejenna nyarahoeun, pohara ngareneseunana, tuluy arunjukan ka dununganana. 32 Eta gandek bengis teh, disaur deui. Cek dununganana, ‘Maneh gandek nu teu boga rasa rumasa. Hutang maneh geuning ku kami dibebaskeun lantaran ngadenge maneh ngalengis. 33 Atuh maneh oge wajib ngaraskeun ka batur, kawas kami ngaraskeun ka maneh!’ 34 Ku bawaning dununganana jengkel, gandek teh dijebloskeun ka panjara pikeun ngalunasan hutangna.” 35 Jungjunan nutup carios-Na, “Rama Kami di Sawarga oge, moal aya hampura-Na ka maraneh; lamun maraneh, masing-masing, taya hampura ka sasama.”

Mateus 19

1 Sanggeus cacarios kitu, Isa jengkar ti Galilea, angkat ka daerah Yudea di peuntaseun walungan Ciyordan. 2 Loba pisan anu ngariring sarta anu gareringna ku Anjeunna dicalageurkeun di dinya. 3 Aya sawatara urang Parisi daratang rek ngadoja ka Anjeunna, naranya kieu, “Kumaha ari Toret urang ngidinan atawa henteu, lantaran naon bae, salaki nyerahkeun bojona?” 4 Ku Isa diwaler, “Na aranjeun acan ngaji ayat anu nerangkeun, yen ti barang Allah ngadamel manusa, ngadamelna teh lalaki jeung awewe? 5 Sarta timbalana-Na, ‘Ku sabab eta lalaki teh bakal incah ti indung bapana, tuluy ngaraketan bojona sarta duanana bakal jadi sadaging.’ 6 Ku sabab eta, maranehna geus lain dua deui, tapi hiji. Kitu nu matak, mana-mana anu dirangkepkeun ku Allah, henteu meunang dipisahkeun ku jelema.” 7 Urang Parisi nempas, “Ku naon atuh Nabi Musa marentahkeun, yen lamun salaki nyerahkeun pamajikan kudu mere surat talak?” 8 Waler Isa, “Nabi Musa ngidinan nyerahkeun soteh lantaran aranjeun baredegong. Katangtuan nu mimiti mah, lain kitu. 9 Tapi cek Kaula ka aranjeun, ‘Sing saha anu nyerahkeun pamajikan, — kajaba ku lantaran pamajikanana ngabogaan watek nyelewer — tuluy manehna kawin ka awewe sejen, eta teh jinah.’ ” 10 Murid-murid mihatur, “Upami laki rabi kitu sualna mah, atuh langkung sae henteu kawin.” 11 Isa ngawaler, “Henteu kabeh bisa ngaharti kana ieu sual, ngan anu diparengkeun ku Pangeran bae. 12 Aya nu teu bisa kawin lantaran geus kitu ti keur dikandungna keneh; aya nu ku lantaran dijieun ku jelema; aya oge anu memang ngahaja, ngarah husu kana urusan kasawargaan. Tapi sing saha anu bisa ngaharti, sing daek ngaharti.” 13 Ti dinya, aya nu ngadareuheuskeun barudak leutik ka Isa, sina ditumpangan panangan jeung didungakeun. Tapi ku murid-murid dicarekan. 14 Saur Isa ka murid-murid, “Ingkeun eta barudak teh sina ka Kami, ulah dihalang-halang. Nya jelema-jelema anu saperti maranehna, anu bakal ngamilik Karajaan Sawarga teh.” 15 Tuluy eta barudak teh, ku Anjeunna ditumpangan panangan jeung didungakeun. Geus kitu, Anjeunna angkat deui ti dinya. 16 Aya saurang jajaka datang ka Isa, mihatur kieu, “Guru, naon anu sae, anu kedah dilakonan, supados abdi tinemu sareng hirup anu langgeng?” 17 Waler Isa, “Naha nanyakeun nu hade ka Kami? Nu Hade mah ngan hiji. Tapi ari hayang hirup langgeng mah, lakonan parentah Allah.” 18 “Anu mana?” carek eta jelema. Saur Isa, “Maneh ulah maehan, ulah ngaranyed, ulah maling, ulah jadi saksi palsu, 19 kudu hormat ka indung bapa, jeung kudu nyaah ka pada batur kawas nyaah ka diri.” 20 Walonna, “Eta, sadayana, parantos dilakonan. Naon kirangna?” 21 Saur Isa, “Ari hayang sampurna mah, jual kabeh babandaan; tuluy duitna dermakeun ka pakir miskin, supaya beunghar di sawarga. Geus kitu, maneh ka dieu deui pikeun ngiring ka Kami.” 22 Ditimbalan kitu teh, eta jajaka, balikna mani nguyung lantaran loba pisan bandana teh. 23 Saur Isa ka murid-murid, “Memang hese jelema beunghar asup ka Karajaan Sawarga teh. 24 Sakali deui, cek Kami, ‘Babari keneh onta moncor kana liang jarum, ti batan nu beunghar asup ka Karajaan Sawarga.’ ” 25 Dicariosan kitu, murid-murid jadi recok, pokna, “Saha nu tiasa salamet atuh, upami kitu mah?” 26 Maranehna ku Isa diteuteup, pok Anjeunna sasauran, “Di jelema mah, memang mustahil eta teh. Tapi di Allah mah, teu aya barang mustahil.” 27 Petrus mihatur, “Abdi-abdi parantos cul sagala rupi, teras ngiring ka Jungjunan. Hoyong terang baris kenging naon?” 28 Waler Isa, “Cek Kami, saenyana, dina jaman sarwa anyar engke, di mana Putra Manusa linggih dina tahta kamulyaana-Na; maraneh, anu geus ngingiring ka Kami, oge bakal nempatan dua welas tahta katut hak ngahukum ka dua belas kaom Israil. 29 Oge sing saha anu ku lantaran anut ka Kami iklas ninggalkeun rumah tangga, dulur awewe, lalaki, indung, bapa, atawa anak, atawa raja kaya, bakal meunang saratus kalieun ti ayeuna, tur meunang hirup anu langgeng. 30 Tapi anu ayeuna geus ti hareula, loba nu bakal jadi pandeuri; ari nu ayeuna pandeuri, loba nu bakal jadi ti heula.”

Mateus 20

1 “Karajaan Sawarga teh, ibarat hiji jelema anu rebun-rebun geus indit neangan kuli, nya sina digawe di kebon anggurna. 2 Sanggeus putus yen piburuheunana sadinar sapoe, terus kuli-kuli digarawe. 3 Kira-kira pukul salapan, manehna indit deui, ka pasar; di dinya manehna manggih nu keur ngaligeuh, terus ditawaran gawe, 4 pokna: ‘Hayu gawe di kebon anggur kula, buruhna pantes.’ Tuluy maranehna arindit digawe. 5 Kira-kira pukul dua belas jeung pukul tilu, nu boga kebon teh indit deui, cara tadi. 6 Kira-kira pukul lima, geus burit, indit deui bae neangan jelema. Geus manggih diajak ngomong: ‘Ku naon tingjaranteng bae ti isuk?’ 7 Walonna: ‘Teu aya anu ngulikeun.’ ‘Hayu atuh milu, digawe di kebon kula.’ 8 Sanggeus poe reupreupan, nu ngulikeun teh nitah ka mandor: ‘Sina kumpul nu digarawe teh, buruhanana bayar. Heulakeun bayar anu daratang pangburitna.’ 9 Tuluy nu daratang pukul lima sore dibayar ti heula sadinar sewang. 10 Anu daratang pangisukna, maranehna nyangka rek dibayar leuwih gede. Tapi wet, sarua sadinar keneh. 11 Bari nampanan buruhan maranehna gegelendeng: 12 ‘Nu daratang pangburitna digawe na ukur sajam, ari bayaranana wet disaruakeun jeung anu ngadedeluk ti isuk keneh bari moe maneh.’ 13 Cek anu ngagawekeun: ‘Dulur-dulur, kula henteu pilih kasih. Lain geus akur urang teh, buruhna sadinar sapoe? 14 Geus, geura tarima ku maraneh, jung geura balik. Hanas anu daratangna pangburitna dibayar sarua jeung aranjeun, atuh eta mah geus niat kula kitu. 15 Na teu meunang kula make duit sorangan sakahayang? Atawa maraneh sirik pedah kula bageur?’ 16 Tah kitu, anu pangpandeurina jadi ti hareula, anu pangheulana jadi pandeuri.” 17 Waktu Isa rek angkat ka Yerusalem, murid-murid anu dua belas sina dareukeut ka Anjeunna. Di tengah jalan, Anjeunna nyarios ka maranehna bae, saur-Na, 18 “Ayeuna, urang rek ka Yerusalem; di ditu, Putra Manusa teh bakal diserenkeun ka imam-imam kapala jeung ahli-ahli Kitab, sarta ku aranjeunna bakal diragragan hukum pati. 19 Jaba ti eta, Anjeunna ge bakal dipasrahkeun ka bangsa anu teu wawuh ka Allah sina dihinakeun, dikaniaya, ahirna disalib. Tapi sanggeus meunang tilu poe, Anjeunna baris dihirupkeun deui.” 20 Sabot kitu, jol bojo Sebedeus (indungna Yakobus jeung Yahya) bareng jeung dua anakna nemonan Isa; Tiluanana ngaharempoy ka payuneuna-Na, rek aya nu dipenta. 21 Saur Isa, “Rek menta naon?” Wangsulna, “Dawuhkeun, yen ieu pun anak duanana widi kenging tempat di kiwaeun sareng di tengeneun Salira di Karajaan Jungjunan.” 22 Tapi waler Isa, “Ibu teu terang ka nu dipenta. Na saranggup nginum tina lumur Kami?” Wangsulna, “Sanggem.” 23 Saur Isa, “Lumur Kami memang bakal diinum ku maraneh. Tapi perkara tempat kenca katuhueun Kami, Kami teu kawasa ngidinan. Eta mah pikeun jelema-jelema anu geus ditangtukeun ku Rama Kami bae.” 24 Barang murid-murid nu sapuluh urang deui ngadenge pamenta kitu, jadi arambekkeun pisan ka anu duaan teh. 25 Tapi ku Isa diwawadian, saur-Na, “Maraneh nyaho, pamarentah bangsa-bangsa marentah rahayatna teh ku kakerasan, nya kitu deui pembesar-pembesarna, keras deui bae. 26 Tapi di antara maraneh mah, teu meunang kitu. Mun salah saurang aya nu hayang punjul ti nu lianna, manehna kudu daek ngabdi ka sarerea. 27 Jeung saha-saha nu hayang jadi jelema penting, kudu jadi badega sarerea. 28 Putra Manusa oge sumping ka dunya teh lain malar dikawulaan, tapi arek ngawulaan jeung seja narohkeun pati geusan nebus jalma rea.” 29 Sanggeus Isa samurid-murid nepi ka luareun kota Yeriko, anu ngiring beuki ngalobaan. 30 Di dinya, aya nu lolong duaan keur andiprek di sisi jalan; ngadenge yen Isa ngalangkung, maranehna teh tinggarero, pokna, “Jungjunan, Putra Daud! Sing hawatos ka abdi!” 31 Ku nu rea, eta nu lolong teh dicarek sina repeh; tapi tinggarerona beuki tarik bae, “Jungjunan, Putra Daud! Sing hawatos ka abdi!” 32 Isa liren heula, nu lolong teh disaur; tuluy ku Anjeunna dipariksa, “Hayang dikumahakeun ku Kami teh?” 33 Wangsulna, “Jungjunan, abdi teh hoyong tiasa ningal.” 34 Isa ngahelas manah-Na, tuluy panon maranehna diusap: Bray bae, eta nu lolong teh bareunta, nya bisa nenjo. Geus kitu mah, maranehna teh ngiring ka Anjeunna.

Mateus 21

1 Sanggeus Isa jeung murid-murid sumping ka Betpage, — di Gunung Jetun, geus deukeut ka Yerusalem — Anjeunna miwarangan dua murid, 2 saur-Na, “Teruskeun ka ditu, ka kampung beh hareup. Engke, maraneh bakal manggih kalde bikang keur dicangcang, teu jauh ti anakna. Udaran talina, terus bawa ka Kami. 3 Mun aya nu ngageureuh-geureuh, bejakeun: Rek dianggo ku Jungjunan, engke dipulangkeun deui.” 4 Ku hal eta, nubuwatan nabi-nabi baris bukti, kieu: 5 ‘Tuduhkeun ka putri Sion: Itu Raja maneh sumping. Lemes budi-Na, sumping-Na nitih kalde, kalde umbal ngora keneh!’ 6 Eta dua murid teh, tuluy indit ngalakonan piwarangan. 7 Kaldena dibawa jeung anakna, beunang nyelaan ku jubah masing-masing. Clak, ku Isa, ditunggangan. 8 Anu ngiring, anu sakitu lobana, bur-bar ngalamparkeun jubah masing-masing di tengah jalan; ari nu sawarehna deui, ngalamparkeun dangdaunan beunang mites-miteskeun tina tangkalna. 9 Leugeudeut ngaleut di payuneun jeung pungkureuna-Na, bari tinggarero: “Hosana ka Putra Daud! Mugia Anjeunna dirahmat, anu rawuh kalayan Asma Pangeran. Hosana di tempat nu mahaagung!” 10 Barang sup, — Anjeunna lebet — ka jero kota, urang kota gehger, “Saha Eta? Saha Eta?” 11 Dijawab ku nu ngariring, “Nabi Isa, asal ti Nasaret, daerah Galilea!” 12 Ti dinya, Isa lebet ka Bait Allah. Anu keur jarual meuli di dinya diusir. Meja-meja tukang nalukeuran duit, — kitu deui — bangku-bangku tukang dagang japati dibalik-balikkeun sarta kieu dawuhana-Na: 13 “Geus aya tulisanana kieu: Gedong Kami baris kasebut tempat babakti. Ari ku maraneh dijieun guha begal.” 14 Geus kitu, aya anu lalolong jeung galempor nyalampeurkeun Anjeunna ka jero Bait Allah; ku Anjeunna, maranehna dicalageurkeun. 15 Barang imam-imam kapala jeung ahli-ahli Kitab nyarahoeun kitu, — turug-turug pusing ku barudak anu ear di Bait Allah tinggarero, “Hosana ka Putra Daud!” — pohara arambekna; 16 tuluy maranehna negor ka Anjeunna, “Kareungeu ku Anjeun, eta barudak nyebut naon?” Waler Isa, “Kareungeu. Naha ku aranjeun can kabaca anu kieu, ‘Biwir orok sareng barudak anu nyarusu keneh ku Anjeun disina ngedalkeun pupujian?’ ” 17 Ti dinya, aranjeunna ku Isa dikantun; Anjeunna terus ka luar kota, ka Betania; terus Anjeunna ngawengi di dinya. 18 Poe isukna, keur ka kotakeun deui, di tengah jalan Isa ngaraos lapar. 19 Ningali aya tangkal kondang sisi jalan; tuluy ku Anjeunna dicaketan, tapi teu mendak nanaon iwal ti daunna. Geus kitu, Anjeunna ngalahir ka eta tangkal, saur-Na, “Maneh moal bubuah deui salalawasna!” Dadak sakala eta tangkal teh garing. 20 Murid-murid-Na arolohok bae anu aya, tuluy mihatur, “Naha bet dugi ka ngadadak garing kitu?” 21 Isa ngawaler, “Cek Kami, ka maraneh: Saenyana, lamun maraneh percaya tur henteu hamham, maraneh oge lain bae bakal mampuh nyieun kitu kawas Kami ka eta tangkal, tapi oge mun cek maneh ka ieu gunung: Pindah ka ditu, ka laut! Pasti ngajadi. 22 Jeung naon bae sakur anu dipenta disambat dina paneda kalawan percaya sagemblengna, tangtu baris dikabul.” 23 Geus kitu, Isa lebet ka Bait Allah, terus ngawulang. Sabot kitu, imam-imam kapala jeung kokolot bangsa Yahudi naranya kieu ka Anjeunna, “Make hak naon Anjeun milampah kitu teh? Saha anu ngawasakeunana?” 24 Waler Isa, “Kaula ge seja nanya saperkara. Lamun eta dijawab, Kaula tangtu ngajawab pertanyaan aranjeun, make hak naon Kaula milampah kitu. 25 Ari Yahya kagungan hak ngabaptis ti saha? Ti sawarga atawa ti manusa?” Aranjeunna badami heula, salaurna, “Disebutkeun ti sawarga, tangtu disabab: Ku naon teu dipercaya? 26 Disebutkeun ti manusa, urang teh sieun ku rahayat; da anggapan maranehna mah, Yahya teh nabi.” 27 Tuluy aranjeunna ngawalon kieu, “Walahu'alam, teu terang!” Saur Isa ka aranjeunna, “Lamun kitu mah, Kaula ge moal nerangkeun, ti mana Kaula meunang hak ngalampahkeun kitu.” 28 “Kumaha pamendak aranjeun tina ieu carita? Aya Jelema nu boga dua anak lalaki. Nitah ka anakna nu cikal: ‘Ujang, geura ka kebon digawe.’ 29 Jawabna: ‘Mangga,’ tapi teu prak. 30 Nitah deui ka anakna nu kadua cara tadi. Jawabna: ‘Alim,’ tapi lila-lila kaduhungeun, tuluy digawe. 31 Antara eta dua anak, nu mana anu ngalakonan pamenta bapana?” Walonna, “Nu pandeuri.” Saur Isa ka aranjeunna, “Cek Kaula, ka aranjeun: Saenyana, aranjeun bakal kapiheulaan asup ka Karajaan Sawarga ku tukang-tukang cuke jeung awewe palacuran. 32 Sabab Nabi Yahya teh sumpingna seja nuduhkeun jalan nu bener ka aranjeun, tapi ku aranjeun teu dipercaya. Tukang-tukang cuke jeung awewe palacuran mah, percayaeun. Ari aranjeun sakitu sidik nya ningal, angger teu aya rasa kaduhung, tetep teu percaya ka anjeunna.” 33 “Aya deui misil sejen, kieu: Aya tuan tanah muka kebon anggur anu sakurilingna dipager; jaba ti eta, manehna oge nyieunkeun bak pikeun pameresanana jeung nyieun ranggon paranti jaga. Geus kitu, kebonna disewakeun, sina digararap ku nu sejen; ari manehna mah, kencling nyaba ka nagri sejen. 34 Barang geus meh usumna mupu, manehna ngajurungan bujang-bujangna ka nu nyarewa baris narik bagianana. 35 Bujang-bujangna teh, ku nu nyarewa kebon anggur tea, dipahala: Aya nu diteunggeulan, nu dipaehan, nu dibaledogan ku batu. 36 Tuluy eta tuan tanah teh, nitahan deui bujang-bujang sejen leuwih loba. Tapi ieu oge, nasibna, sarua kawas nu ti heula. 37 Panungtunganana, nu dititah teh anakna; pamikirna, ka anakna mah meureun daraek ngahargaan. 38 Tapi kakara ge beh ka manehna, nu nyarewa teh geuwat sakait pada batur, pokna: Ieu mah, ahli warisna. Hayu urang paehan; engke, warisanana keur urang. 39 Tuluy eta anak tuan tanah teh, ku maranehna dicerek, ditotogkeun ka luareun kebon anggur pikeun dipaehan. 40 Cik, di mana eta tuan tanah datang arek kumaha ka eta anu nyarewa kebonna?” 41 Walonna, “Jelema jarahat kitu mah, tangtu dibasmi; ari kebon anggurna disewakeun deui ka nu sejen, anu pibenereun mere hasil kebonna dina waktuna.” 42 Saur Isa, “Kumaha aranjeun geus ngaos tina Kitab Suci? Kieu ungelna: ‘Batu nu dipiceun ku tukang tembok, geus dijieun batu juru: Kitu kersaning Pangeran mah, anu cek urang mah, eta teh aneh.’ 43 Ku sabab eta, Kaula ngabejaan ka aranjeun: Karajaan Allah teh bakal dirampas ti aranjeun, dipasrahkeun ka bangsa sejen anu tangtu baris ngahasilkeunana. 44 Jeung saha-saha anu tibeubeut kana eta batu, pinasti ajur; sarta saha-saha nu ditinggang ku eta batu, pinasti remuk.” 45 Ku imam-imam kapala jeung ahli-ahli Kitab karasaeun pisan, yen anu dimaksad ku Anjeunna teh nya aranjeunna. 46 Kahoyongna mah, Isa ditangkep harita keneh; tapi nya kitu, teu wani prak lantaran sieuneun ku rayat; da rayat mah, ka Anjeunna, nganggapna teh nabi.

Mateus 22

1 Isa nyarios deui ka maranehna ku misil, saur-Na, 2 “Karajaan Sawarga teh saupama hiji raja anu hajat ngarendengankeun putrana. 3 Raja nimbalan ponggawa-ponggawa nyusulan paraondangan, tapi ondangan taya nu datang. 4 Tuluy raja miwarangan deui ponggawa-ponggawa sejenna, dawuhanana: Bejakeun ka nu geus diarondang, hajat kami geus tarapti; sapi-sapi jalu, — nya kitu deui pipiaraan sejenna — geus dipareuncit, malah mah geus diolahkeun. Geura sarumping kitu. 5 Tapi anu diarondang teh, teu aya nu ambil pusing: Aya nu leos ka kebon jeung aya nu jongjon-jongjon bae di toko. 6 Aya oge, — anu sawarehna deui — nu pada nyerek paraponggawa, nya pikeun disiksa atawa dipaehan tea. 7 Raja jadi wera, tuluy ngiangkeun wadya bala, jelema-jelema nu maehan teh dibasmi, padumukanana dihuru. 8 Geus kitu, eta raja, nimbalan ka abdi-abdina: Hajat kawin geus tarapti; ari nu geus diarondang, ayeuna geus teu pantes ka dieu. 9 Ku sabab eta, datangan jalan-jalan cagak, sakur anu liwat ondang ku maraneh ka dieu. 10 Abdi-abdi arindit, tuluy sakur anu kapanggih di jalan-jalan, nu jahat, nu bageur dikerid, nepi ka balandongan teh pinuh ku semah. 11 Waktu raja lebet nemonan semah, katingali nu saurang dangdananana lain paranti ka nu hajat. 12 Tuluy raja ngadawuh: Ki Sanak, naha eta dangdanan teh lain pakean paranti ka anu hajat? Nu dipariksa ngabetem bae. 13 Raja nimbalan ka abdi-abdina: Borogod ieu jelema teh sukuna jeung leungeunna, terus balangkeun ka tempat anu pangpoekna, keun sina gegerungan bari kumerot huntu. 14 Sabab najan loba nu disaur, anu kapilih mah ngan saeutik.” 15 Geus kitu, urang Parisi tinglaleos; tuluy maranehna baradami pipetaeun naheunan Isa ku hiji sual. 16 Maranehna nitahan murid-muridna bareng jeung anggota-anggota parteyna raja Herodes nyual ka Isa, pokna, “Guru, parantos teu aya nu bireuk deui ka Anjeun, yen Anjeun teh jujur tur satarabasna ngawurukeun jalan Allah; nya Anjeun teh teuneung ludeung mayunan sing saha bae, wireh sanes pangalapan. 17 Cobi saurkeun, kumaha panggalih Anjeun: Naha wenang atanapi henteu mayar pajeg ka prabu?” 18 Isa, anu uninga kana maksud maranehna anu julig ngawaler, “Na make ngadoja ka Kami, eh jelema-jelema anu munapek? 19 Ka dieukeun duit keur mayar pajeg teh, cik Kami ngilikan.” Tuluy maranehna nyodorkeun duit dinaran. 20 Saur Isa, “Cik, ieu gambar saha jeung tulisan saha?” 21 Jawabna, “Gambar sareng tulisan prabu.” Saur Isa, “Anu wajib disanggakeun ka prabu, sanggakeun ku maraneh ka prabu jeung anu wajib disanggakeun ka Allah, sanggakeun ku maraneh ka Allah.” 22 Diwaler kitu teh maranehna bati tingpolongo, terus ngelemet undur. 23 Poe eta keneh, jol deui ka Isa sababaraha urang Saduki, nya eta kaom anu teu percaya kana ayana poe kiamat. 24 Maranehna naranya kieu, “Saur Nabi Musa, upami hiji lalaki maot teu ninggalan anak; tilas bojona kedah terus dikawin ku dulurna nu hilang, supados nurunkeun turunan keur dulurna nu geus teu aya tea. 25 Ayeuna, aya lalaki tujuh padudulur. Nu kahiji kawin, geletuk maot. Ku margi teu ninggalan anak, randana dikawin ku dulurna. 26 Kitu bae saterasna: Nu kadua, nu katilu dongkap ka nu katujuh, mararaot. 27 Ahirna, awewena oge maot. 28 Dina poe kiamat, ti antara eta anu tujuh teh, nu mana salakina eta awewe; margi tujuhanana kantos ngawin manehna.” 29 Ku Isa diwaler kieu, “Aranjeun teh sasar; da aranjeun mah teu ngaharti kana Kitab Suci jeung teu ngarti kana kakawasaan Allah! 30 Dina poe kiamat mah, jelema teh henteu kawin, henteu dikawinkeun. Sabab hirupna teh, cara malaikat di Sawarga. 31 Hal perkara hudangna anu maraot, naha aranjeun acan maca anu didawuhkeun ku Allah? Timbalanana: 32 Ieu Kami Allah nu disembah ku Ibrahim, Allah nu disembah ku Isak, jeung Allah nu disembah ku Yakub. Anjeunna, lain Allah nu disembah ku jelema-jelema nu maraot, tapi Allah nu disembah ku jelema-jelema anu harirup.” 33 Balarea ngadarenge kitu teh kacida heranna, mikahelok piwulang-Na. 34 Barang urang Parisi meunang beja yen urang Saduki beunang kabungkem ku Isa, tuluy karumpul. 35 Geus kitu, nu saurang, nya eta ahli Kitab nanya kieu, — maksudna ngadoja ka Anjeunna — 36 “Guru, timbalan nu mana anu pangutamana dina Toret?” 37 Waler Isa, “Kudu nyaah ka Pangeran, — Allah nu disembah ku maneh — kalawan sabuleudna hate, sabuleudna jiwa, sarta saakal budi. 38 Eta timbalan nu pangutamana. 39 Timbalan anu kadua, anu sarua pentingna jeung eta: Kudu nyaah ka pada manusa lir ka awak sorangan. 40 Nya ka ieu dua timbalan gumantungna saeusining Toret jeung kitab nabi-nabi.” 41 Waktu urang Parisi keur kumpul, ku Isa ditaros kieu: 42 “Kumaha pamanggih aranjeun ngeunaan Al Masih, ari Anjeunna putra saha?” Walonna, “Putra Daud.” 43 Saur Isa, “Lamun bener kitu, na kumaha Daud ku pituduh Ruh bisa nyebat ‘Jungjunan’ ka Anjeunna? Nya eta waktu anjeunna nyebatkeun kieu: 44 ‘Pangeran ngadawuh ka Jungjunan kaula: Calik-calik di katuhueun Kami, nepi ka sakabeh musuh Hidep ku Kami dijieun titincakan Hidep.’ 45 Ari Daud nyebat ‘Jungjunan’ mah ka Anjeunna, na kumaha bisa jadi putrana?” 46 Taya saurang-urang acan anu bisa ngajawab ka Anjeunna. Jeung ti semet poe eta, saurang ge, teu aya nu wani nyual-nyual deui ka Anjeunna.

Mateus 23

1 Isa terus sasauran ka jalma rea, kitu deui ka murid-murid-Na. 2 “Ahli-ahli Kitab jeung urang Parisi kawaris kalungguhan korsi Musa. 3 Ku sabab eta, sakur piwurukna kudu digugu dilakonan, tapi ulah nurutan kalakuanana. Sabab ngawurukna mah geus ahli, ari ngalampahkeun tara. 4 Ka batur ngabegbregan taktakna ku nu bareurat, ari dirina mah noel ge teu daek. 5 Sagala damelna hayang katangar. Pita do'ana parubak-rubak, rumbe-rumbena papanjang-panjang. 6 Di nu hajat-hajat, ana calik milih tempat nu terhormat; kitu deui di tempat-tempat ibadah, maranehna sok nyongcolang calik di jajaran panghareupna. 7 Maranehna mah, di pasar-pasar ge sok malar panghormat jeung palay disebut Rabi (Ama Guru). 8 Ari maraneh mah, ulah harayang disebut Rabi; da ngan hiji Rabi teh, Rabi maraneh, tur maraneh mah tunggal sadulur. 9 Jeung maraneh teh, ulah nyebut Rama ka papada jalma mah; da ngan hiji Rama mah, Rama maraneh nu di sawarga. 10 Maraneh oge ulah nepi ka disebut pamingpin; sabab ngan aya hiji pamingpin maraneh mah, nya eta Al Masih. 11 Anu pangpunjulna di antara maraneh, kudu purun jadi palayan batur sorangan. 12 Saha-saha anu nganggap diri punjul ti batur bakal direndahkeun; tapi anu handap asor mah, baris dijungjung. 13 Cilaka aranjeun, he ahli-ahli Kitab jeung urang Parisi, he jelema-jelema munapek! Aranjeun meundeut-meundeutkeun lawang-lawang Karajaan Sawarga: Sorangan teu daek asup; ka batur ngahalang-halang. 14 Cilaka aranjeun, he ahli-ahli Kitab jeung urang Parisi, jelema-jelema munapek! Aranjeun neureuyan kahirupan randa-randa dibarung macikeuh batur ku do'a nu pararanjang. Ku sabab kitu, kacida beuratna engke hukuman aranjeun. 15 Cilaka aranjeun, he ahli-ahli Kitab jeung urang Parisi, he jelema-jelema munapek! Aranjeun meuntas lautan ngambah daratan, rek ngicuk jalma saurang sina asup agama aranjeun. Ari geus beunang, manehna, ku aranjeun dijieun ahli naraka. Nya anu jahatna teh, leuwih ti batan aranjeun. 16 Cilaka aranjeun, he pamingpin-pamingpin lolong! Cek aranjeun: Sumpah demi Bait Suci mah, henteu sah; tapi mun sumpahna demi emas Bait Suci mah, ngabeungkeut. 17 He aranjeun, jelema-jelema anu kabalinger jeung lolong. Na penting mana, emasna atawa Bait Sucina anu ngalantarankeun emasna tea jadi suci? 18 Cek aranjeun: Sumpah nyebut demi mezbah mah, henteu sah; kajaba mun nyebut demi sasajen nu dina mezbah; kakara, eta sumpahna teh, ngabeungkeut. 19 Eh, nu lalolong! Na penting mana, sasajenna atawa mezbahna anu ngalantarankeun sasajen tea jadi suci? 20 Jadi, sing saha anu sumpah bari jeung nyebut demi mezbah; eta sumpahna teh, nya demi mezbah nya demi sasajenna. 21 Jaba ti eta, sing saha anu sumpah bari jeung nyebut demi Bait Suci; eta sumpahna teh, nya demi Bait Suci, nya demi Allah anu linggih di Bait Suci. 22 Kitu oge anu sumpah bari jeung nyebut demi langit; manehna teh, geus sumpah demi singgasana Allah jeung demi Allah anu linggih dina eta singgasana. 23 Cilaka aranjeun, he ahli-ahli Kitab jeung urang Parisi, he jelema-jelema munapek! Jakat perpuluh tina solasih, hades manis, jeung jinten ku aranjeun dicumponan; tapi ari pepentingna pangajaran Toret, nya eta kaadilan, welas asih, jeung kasatiaan dilalaworakeun. Anu sarupa memang wajib dicumponan, tapi anu sarupa deui ge teu meunang dilalaworakeun. 24 Eh, aranjeun pamingpin-pamingpin lolong, ari reungit tina inumeun dipiceun, ari onta diteureuy buleud! 25 Cilaka aranjeun, he ahli-ahli Kitab jeung urang Parisi, he jelema-jelema munapek! Cangkir jeung mangkok luarna diberesihan, ari di jerona pinuh ku beunang rarampas jeung sipat sarakah. 26 Eh, urang Parisi anu lalolong! Beresihan heula beulah jerona cangkir teh, beulah luarna mah moal teu milu beresih! 27 Cilaka aranjeun, he ahli-ahli Kitab jeung urang Parisi, he jelema-jelema munapek! Aranjeun teh, lir makam nu dikapur; ti luar tembong bodas beresih, ari di jerona pinuh ku tulang-taleng jeung rupa-rupa rereged. 28 Aranjeun teh ari ulat pinandita; ari jejeroanana, nya munapek, nya durjana!” 29 “Cilaka aranjeun, he ahli-ahli Kitab jeung urang Parisi, he jelema-jelema munapek! Aranjeun ngalus-ngalus makam nabi-nabi jeung ngahias tugu jalma-jalma soleh, 30 bari umangkeuh: Mun urang sajaman tea mah jeung karuhun, pamohalan milu maehan ka nabi-nabi teh. 31 Padahal, eta ucap kalakuan kitu teh sasat ngaku sorangan, yen aranjeun memang turunan jelema-jelema anu maraehan nabi-nabi tea. 32 Pek geura cucudkeun takeran karuhun aranjeun teh! 33 Eh aranjeun, jelema-jelema anu lir oray! He turunan jelema-jelema anu lir oray! Rek luput kumaha aranjeun tina siksa naraka? 34 Ku sabab eta, kanyahokeun: Kami rek ngadatangkeun nabi-nabi, paraalim, jeung guru-guru agama ka maraneh; tapi nu sawarehna, ku maraneh teh bakal dipaehan jeung disalibkeun; nu sawarehna deui, ku maraneh bakal disiksa di tempat-tempat sembahyang; ari sesana, ku maraneh bakal dikaniaya, boh di nagri itu, boh di nagri ieu; 35 supaya maraneh nanggung wawales ngucurkeun getih jelema-jelema nu taya salahna: Mimiti ti Habil nu ibadah tea, nepi ka Jakaria anak Berehya, anu ku maraneh dipaehan antara tempat suci jeung mezbah. 36 Cek Kaula, ka aranjeun, kabeh-kabeh wawalesna keunana ka manusa-manusa jaman kiwari.” 37 “Weu Yerusalem, Yerusalem, nu geus maehan nabi-nabi jeung maehan jelema-jelema utusan ku batu! Sering Kami teh micangcam hayang ngarangkul anak-anak maneh, kawas hayam nyirekeman anak-anakna ku jangjangna; tapi maranehna, narolak. 38 Eta padumukan maneh engke mah suwung. 39 Jeung Kami ngabejaan, ti semet kiwari maneh moal nenjo-nenjo deui Kami nepi ka maneh ngucap: ‘Mugia wilujeng Anu sumping kalayan jenengan Pangeran!’ ”

Mateus 24

1 Isa kaluar ti Bait Allah, terus angkat. Geus kitu, murid-murid-Na tingtarunjuk kana wawangunan Bait Allah. 2 Isa ngalahir ka maranehna, “Kutan eta anu katenjo? Kami ngabejaan: Engke mah, di dinya teh, moal aya batu anu diantep patumpang kitu sabab bakal aya anu ngaruntuh-runtuhkeun.” 3 Isa cunduk ka luhur Gunung Jetun, terus calik. Sanggeus Anjeunna rineh nyalira, pok murid-murid-Na mihatur, “Dupi anu tadi disaurkeun teh, iraha piwaktoseunana? Oge hal Jungjunan bade rawuh, kitu deui ahir jaman, naon totondenna?” 4 Waler-Na, “Peupeujeuh sing ati-ati, ulah nepi ka kabobodo! 5 Sabab loba anu bakal ngaku-ngaku ngaran Kami, ngakukeun: Kami Al Masih! Loba anu bakal kasasabkeun. 6 Turug-turug harengheng ku peperangan jeung beja-beja hal perang. Tapi maraneh mah, teu kudu geumpeur. Sabab eta kabeh geus pasti, tapi eta mah, lain panganggeusanana. 7 Bangsa-bangsa silih lawan, nagara-nagara silih perangan, sarta di mana mendi aya kalaparan jeung lini. 8 Najan kitu, eta mah kakara awalna tina kasangsaraan, memeh datang jaman anyar. 9 Engke, maraneh bakal ditangkep, dikaniaya, dipaehan, jeung dimusuhan ku sarerea ku sabab Kami. 10 Loba anu bakal murtad, silih selehkeun, jeung silih pikangewa. 11 Nabi-nabi palsu maruncul sarta loba anu kasasabkeun. 12 Kadorakaan oge beuki nambahan; ku sabab eta, loba anu bakal leungit kanyaahna. 13 Tapi sing saha nu bisa tetep satia nepi ka jucungna, tangtu pinanggih karahayuan. 14 Ari Injil, — pernyataan Karajaan tea — bakal sumebar ka sakuliah dunya, ngajadi saksi ka sakabeh bangsa; geus kitu, kakara ahir jaman teh datang.” 15 “Di mana Musibat-hebat geus ngajega di tempat suci sakumaha cek ungel dawuhan anu ditepikeun ku Nabi Daniel tea, — paramaos, perhatoskeun — 16 nu marangkuk di Yudea kudu mubus ka pagunungan. 17 Nu keur aya di hateup panganginan ulah turun pikeun barang cokot heula ka jero imah. 18 Nu keur aya di huma ulah balik heula nyokot papakean. 19 Tapi bo, anu harita keur kakandungan atawa nyarusuan mah, estu matak watir anu aya. 20 Kudu ngadu'a ka Pangeran mudah-mudahan poean kabur teh, ulah eukeur usum tiris atawa ninggang di poe Sabat. 21 Sabab siksaan tina eta musibat teh, kacida matak ketirna; taya babandinganana, ti barang dunya gumelar nepi ka jaman kiwari sarta ka hareupna moal aya-aya deui. 22 Cacakan lamun waktuna henteu disingget, kabeh anu kumelip moal aya nu salamet. Tapi ku sabab ngemutkeun jalma-jalma anu meunang milih, waktuna teh disingget. 23 Harita, mun aya nu uar-uar: ‘Ieu Al Masih di dieu!’ Atawa ‘Itu Al Masih di ditu!’ Ulah didenge. 24 Sabab bakal muncul al masih-al masih palsu jeung nabi-nabi palsu, ngayakeun tanda-tanda anu hebat jeung sakur nu matak helok; nepi ka mun bisa mah jelema-jelema beunang milih tea ge, rek disasabkeun. 25 Tah, eta ku Kami geus diterangkeun ti ayeuna ka maraneh. 26 Jadi, mun aya nu uar-uar: ‘Tuh, Al Masih aya di alas kikisik!’ Atawa ‘Eta, Anjeunna aya di kamar!’ Ulah diandel! 27 Sabab pisumpingeunana Putra Manusa teh, lir kilat anu ngerelep di wetan sarta cahayana ngaburinyay nepi ka tungtung kulon. 28 Di mana ayana bangke, nya di dinya karumpulna manuk gagak.” 29 “Sanggeus jaman siksaan tea, beak; reup panonpoe surem; bulan ilang cahayana; bentang-bentang maruragan; kakuatan alam kabeh genjlong. 6:12-13* 30 Breh di langit aya ciciren, cicirenna Putra Manusa. Bangsa-bangsa di sakuliah bumi tingdarengek nenjo Putra Manusa sumping luhureun mega di langit, nganggo sagala kakawasaan jeung kamulyaana-Na. 31 Anjeunna bakal ngutus malaikat-malaikat-Na bari nariup sangkakala anu sorana hebat kabina-bina; eta malaikat-malaikat teh bakal ngumpulkeun umat Anjeunna nu geus beunang milih, ti tungtung langit ieu nepi ka tungtung langit itu.” 32 “Lenyepan harti silokana tangkal kondang: Lamun dahanna geus mimiti ngandung cai jeung daunna geus mimiti renung, urang nyaho yen geus tereh usum panas. 33 Kitu oge: Di mana perkara-perkara nu bieu dicaritakeun geus kasorang, sing inget yen waktuna tereh cunduk, geus nampeu di lawang panto. 34 Cek Kami, ka maraneh: Ieu bangsa nu kiwari, moal waka euweuh memeh perkara-perkara nu bieu bukti. 35 Langit jeung bumi bakal euweuh, ari ucapan Kami mah moal keuna ku euweuh. 36 Tapi ari poena jeung waktuna mah, saurang ge taya nu nyaho, — malaikat ge taya nu nyaho, kitu deui Sang Putra — anging Rama nu uninga. 37 Sabab pirawuheuna-Na, Putra Manusa, bakal cara keur jaman Nabi Enoh. 38 Samemeh ger caah, jelema-jelema jaman harita gawena ngan dahar nginum, nikah jeung ditikahkeun, nepi ka poena Nabi Enoh unggah kana kapal. 39 Memeh caah datang mah, taya anu engeuh naon-naon; nya nepi ka ahirna kabeh kabasmi ku cai tea. Dina waktuna Putra Manusa rawuh ge, kaayaanana, nya kawas kitu. 40 Harita, ti dua jelema nu keur digawe di huma nu saurang bakal dicandak, nu saurang ditinggalkeun. 41 Ti dua awewe anu keur nutu, nu saurang bakal dicandak, nu saurang ditinggalkeun. 42 Kitu, nu matak sing caringcing ati-ati; sabab maraneh teh, teu nyaho iraha pisumpingeunana nu jadi Jungjunan. 43 Upama pribumi nyahoeun pukul sabaraha bangsat rek datang, tangtu taki-taki, moal diantep imahna dibobol batur. 44 Ku sabab eta, sing caringcing taki-taki; sabab pirawuheunana Putra Manusa teh, sama sakali teu kasangka ti anggalna. 45 Gandek nu mana anu geten sarta titen, anu ku dununganana bisa diangkat sina ngabawah batur-baturna mere dahareunana dina waktuna? 46 Di mana dununganana datang, bagja jamuga gandek anu kasampak nohonan kawajiban. 47 Cek Kami, ka maraneh: Ku dununganana, tangtu bakal diangkat jadi pangawas sakabeh harta milikna. 48 Sabalikna, lamun si gandek teh jahat jeung pamikirna: 49 ‘Dunungan teh teu datang-datang;’ tuluy lain ngan nyiksa ka papada gandek sejenna wungkul, tapi manehna oge ngadon dahar nginum jeung tukang-tukang mabok. 50 Waktu dununganana datang, dina poe anu teu disangka-sangka, kalakuanana jadi katohyan. 51 Eta gandek, ku dununganana, tangtu bakal dipaehan. Manehna bakal ditempatkeun di tempatna jelema-jelema munapek. Di eta tempat teh, jelema-jelema bakal gegerungan bari sasambat jeung kumerot huntu.”

Mateus 25

1 “Harita, Karajaan Sawarga teh, ibarat sapuluh mojang anu arindit mapag panganten. Arinditna marawa lampu. 2 Mojang nu lima barodo, nu lima deui binangkit. 3 Mojang-mojang nu barodo mawa lampu, tapi teu mekel minyak. 4 Ari mojang-mojang nu binangkit mah, lampu mawa, minyakna mekel dina botol. 5 Ku sabab panganten teu datang bae, mojang-mojang teh kaheesan. 6 Ari geus tengah peuting, kadenge aya nu celak-celuk, ‘Panganten datang, papag!’ 7 Mojang-mojang hararudang, pahibut ngurus lampu. 8 Cek nu barodo ka nu binangkit, ‘Menta minyakna saeutik, tingali lampu kuring rek pareum.’ 9 Diwalon, ‘Ulah, bisi kuring teu mahi anjeun teu mahi. Mending anjeun meuli ka warung.’ 10 Sabot nu barodo arindit meuli minyak, pangantenna datang manten, tuluy diiring ku mojang-mojang nu geus tarapti. Geus nepi ka tempat pesta, tuluy pantona ditulakan. 11 Mojang-mojang nu limaan deui daratang, pok pupuntenan, ‘Agan, punten!’ 12 Ditembal ku ki Panganten, ‘Maap, teu wawuh!’ 13 Kitu, nu matak kudu tetep tarapti sapapanjangna. Sabab maraneh, teu nyaho kana poe jeung waktuna.” 14 “Karajaan Sawarga ge, ibarat hiji jelema anu arek nyaba ka luar nagri. Eta jelema nyalukan tilu bujangna arek dipihapean duit. 15 Dititipanana teh, — kumaha kasanggupan bujang-bujangna — aya nu lima talenta, nu dua talenta, jeung anu satalenta. Geus kitu, eta jelema teh indit nyaba. 16 Anu dipihapean lima talenta, duitna digolangkeun, meunang untung lima talenta. 17 Nu dipihapean dua talenta oge meunang untung dua talenta. 18 Ari nu dipihapean satalenta, anggur nyieun lombang, duitna diruang. 19 Lawas ti lawas dununganana datang, tuluy balitungan. 20 Datang nu nyekel lima talenta, — bari mawa untungna lima talenta — terus nyarita, ‘Artos anu lima talenta teh aya hibar kenging untung lima talenta.’ 21 Cek dununganana, ‘Sukur, alus. Maneh jelema bener jeung satia, tigin kana tanggung jawab leuleutikan. Engke maneh bakal dibere tanggung jawab anu leuwih ti kitu. Ayeuna mah urang bareng sabagja jeung kami.’ 22 Datang deui nu nyekel dua talenta, terus nyarita, ‘Artos anu dua talenta teh, aya hibar kenging untung dua talenta.’ 23 Cek dununganana, ‘Sukur, alus. Maneh jelema bener jeung satia, tigin kana tanggung jawab leuleutikan. Engke maneh bakal dibere tanggung jawab anu leuwih ti kitu. Ayeuna mah urang bareng sabagja jeung kami.’ 24 Tuluy datang anu nyekel satalenta tea, terus nyarita, ‘Abdi terang, yen juragan teh jalmi lalim, sok mibuatan tanduran batur sareng metik hasil pelak batur. 25 Ku margi eta, artos kagungan juragan teh ku abdi diruang dina taneuh. Mangga ieu kasanggakeun deui.’ 26 Jawab dununganana, ‘Eh, bujang jahat goreng pucus pangedulan! Kutan nyaho yen kami sok mibuatan tanduran batur jeung metik hasil pelak batur? 27 Ari nyaho kitu mah, atuh duit kami teh, dititipkeun ka tukang ngagolangkeun duit, supaya ari kami balik bisa dipulangkeun jeung batina. 28 Ayeuna, cokot duit kami ti ieu jelema, urang pasrahkeun ka anu duitna geus jadi sapuluh talenta. 29 Sabab nu geus boga mah kabogana bakal tambah, nepi ka lubak-libuk. Ari nu teu boga mah, kabogana anu geus aya ge bakal dicokot kabeh. 30 Suntrungkeun ieu bujang tanpa guna teh ka tempat nu pangpoekna. Nya di dinya, enggonna midangdam jeung kumerot huntu.’ ” 31 “Di mana Putra Manusa sumping kalawan agung-Na diiring ku sakabeh malaikat, bakal linggih dina tahta kamulyaana-Na. 32 Sakabeh bangsa bakal dikumpulkeun payuneuna-Na; tuluy dibagi dua, cara ki pangangon misahkeun domba jeung embe. 33 Domba aya di tengeneuna-Na, embe di kiwaeuna-Na. 34 Sang Raja lajeng ngandika ka nu aya di tengeneuna-Na, ‘Salam ka aranjeun, anu ginuluran rahmat ti Kangjeng Rama! Tarima ganjaranana, karajaan keur aranjeun anu disadiakeunana ti barang dunya gumelar. 35 Sabab waktu Kami lapar, ku aranjeun dibere dahar; keur Kami halabhab, ku aranjeun dibere nginum; keur Kami jadi semah, ku aranjeun dianjrekkeun; 36 keur Kami sataranjang, ku aranjeun dibere pakean; keur Kami gering, ku aranjeun dilayad; keur Kami dipanjara, ku aranjeun dilongokan.’ 37 Umat nu balener ngawangsul, ‘Nun Jungjunan, iraha Jungjunan lapar, ku abdi-abdi dihaturanan tuang; nalika Jungjunan hanaang, ku abdi-abdi dihaturanan ngaleueut? 38 Nalika Jungjunan jadi semah, iraha ku abdi-abdi dihaturanan pangkuleman atanapi Jungjunan nuju sataranjang ku abdi-abdi dihaturanan anggoan? 39 Nalika Jungjunan teu damang, iraha ku abdi-abdi dilayad atanapi nalika Jungjunan dipanjara ku abdi-abdi dilongokan?’ 40 Sang Raja ngawaler, ‘Cek Kami, kieu saenyana: Sagala pitulung aranjeun anu dibikeun ka ieu dulur Kami anu panghinana, eta teh nulungna ka Kami pisan.’ 41 Ari ka nu di kiwaeuna-Na, kieu pangandika-Na, ‘Nyingkah maraneh, he umat jahat; tuh ka ditu, ka jero seuneu anu langgeng, seuneu pikeun Iblis jeung malaikat-malaikatna. 42 Sabab waktu Kami lapar, maraneh teu mere dahar; waktu Kami halabhab, maraneh teu mere cai; 43 waktu Kami jadi semah, maraneh henteu nganjrekkeun; waktu Kami sataranjang, maraneh teu mere pakean; waktu Kami gering atawa waktu Kami dipanjara, ku maraneh teu dilayad!’ 44 Umat nu daroraka ngajawab, ‘Iraha abdi-abdi ningal Jungjunan palay, atanapi halabhab, atanapi nuju jadi semah, atanapi nuju sataranjang, atanapi nuju dipanjara ku abdi-abdi teu dipirosea?’ 45 Sang Raja ngawaler, ‘Cek Kami, ka maraneh: Ku sabab maraneh tara nulung ka ieu dulur Kami nu panghinana, eta saenyana, ka Kami pisan teu nulung teh.’ ” 46 “Jelema-jelema anu karitu” dawuhan Isa, “bakal dijongklokkeun ka tempat siksaan anu langgeng. Ari anu balener baris ginanjar hirup nu langgeng.”

Mateus 26

1 Tas sasauran kitu, Isa ngadawuh ka murid-murid, 2 “Dua poe deui aya perayaan Paska. Tah waktu eta, Putra Manusa bakal diselehkeun teh, terus disalibkeun.” 3 Harita, imam-imam kapala jeung kokolot bangsa Yahudi mah keur karumpul di istana Imam Agung anu jenengan Kayapas; 4 nya keur ngatur rencana rek nangkep ka Anjeunna baris terus ditelasan. 5 Tapi salaurna, “Ulah keur perayaan, bisi matak jadi huru-hara ka rayat.” 6 Waktu Isa linggih di imah ki Simon lepra, di Betania; 7 aya hiji wanita anu ngadeuheusan ka Anjeunna bari mawa sabotol minyak seungit anu mahal. Sabot Isa keur tuang, eta minyak dikucurkeun kana rambut-Na. 8 Murid-murid arambek dina hatena, pokna, “Wet dihahambur kitu! 9 Mun jual, payu mahal; tuluy duitna sidekahkeun ka nu mariskin.” 10 Isa uninga kana pikiran maranehna, tuluy ngalahir, “Keun bae, maraneh teu kudu openan. Ieu wanita keur nembongkeun katresnaanana ka Kami. 11 Nu mariskin mah, sapapanjangna aya di maraneh. Ari Kami mah, babarengan teh moal lila. 12 Ayeuna Kami ku ieu wanita diminyakan. Lampahna kieu teh, minangka sasadiaan keur mapag poean Kami dimakamkeun. 13 Cek Kami ka maraneh: Di mana bae Injil diwawarkeun, di sakuliah dunya, anu ayeuna dilampahkeun ku ieu wanita baris disesebut, nya pikeun dipikaeling tea.” 14 Geus kitu, salah saurang murid ti nu dua belas, — anu ngaran Yudas Iskariot — indit ka imam-imam kapala, mihatur kieu: 15 “Abdi sanggup nyerenkeun eta Jelema. Naon engke buruhna?” Ku imam-imam kapala dibere duit, uang perakan tilu puluh. 16 Ti dinya, manehna terus ngintip-ngintip waktu nu mustari, rek ngahianat ka Guruna. 17 Dina poe kahiji tina Hari raya Roti Tanpa Ragi, murid-murid unjukan ka Isa, “Di mana bade nyayagikeun kangge riungan tuang Paska teh?” 18 Ku Isa dibere hiji alamat di kota. Saur-Na deui, “Bejakeun kieu: Kami teh geus tereh cunduk kana dawuh. Kami hayang ngarayakeun pesta Paska heula di imah anjeun jeung murid-murid.” 19 Sakumaha pamundut-Na ku murid-murid dilampahkeun, kaperluan tuang Paska disadiakeun. 20 Sanggeus magrib Isa tuang ngariung jeung murid-murid. 21 Sabot tuang, Anjeunna nyarios, “Di dieu aya anu rek ngahianat ka Kami, saurang.” 22 Murid-murid tinghareluk, tuluy piligenti unjukan ka Anjeunna, “Abdi atanapi sanes?” 23 Isa ngawaler, “Jelemana, nya eta anu engke bareng jeung Kami nganclomkeun roti kana ieu pinggan. 24 Putra Manusa memang kudu tiwas, sakumaha cek Kitab Suci. Tapi cilaka kabina-bina, jelema anu ngalantarankeunana. Eta jelema, leuwih untung lamun teu kungsi dijurukeun.” 25 Yudas, anu rek ngahianat mihatur, “Rabi, abdi atanapi sanes?” Waler Isa, “Sakumaha cek maneh.” 26 Sabot tuang, Isa nyandak roti sarta ngucapkeun berkah. Terus rotina disemplekan, tuluy disodorkeun ka murid-murid bari saur-Na, “Tampanan, dahar. Ieu teh daging Kami.” 27 Geus kitu, nyandak lumur sarta muji sukur; tuluy eta lumur disodorkeun ka murid-murid bari saur-Na, 28 “Heg inum ku sarerea. Ieu teh getih Kami; getih perjangjian anu dikucurkeun guna mangpa'at jalma rea pikeun panghampura dosa. 29 Tapi ti semet ieu Kami moal nginum-nginum deui anggur anu kieu, nepi ka waktuna nginum anggur anu anyar di Karajaan Ama Kami, babarengan jeung maraneh.” 30 Sanggeus pupujian, Isa angkat ngajugjug ka Gunung Jetun diiring ku murid-murid. 31 Di tengah jalan Anjeunna sasauran, “Peuting ieu iman maraneh bakal goncang lantaran Kami. Sabab cek Kitab Suci: Pangangonna ku Kami rek digebug, domba-domba-Na sina paburencay. 32 Tapi di mana Kami hirup deui, Kami rek iang ti heula ka Galilea.” 33 Petrus nempas, “Sanaos nu sanes-sanes goncang imanna, abdi mah moal!” 34 Saur Isa, “Petrus, peuting ieu memeh hayam kongkorongok, maneh geus tilu kali ngangles Kami.” 35 Walon Petrus, “Moal, Jungjunan! Sanaos dugi ka pati maot bareng sareng Jungjunan, abdi mah moal dugi ka ngangles!” Murid-murid sejenna oge, kitu ngaromongna teh. 36 Isa jeung murid-murid sumping ka hiji taman anu ngaranna Taman Getsemane. Anjeunna sasauran ka murid-murid, “Daragoan di dieu, sabot Kami sembahyang di ditu.” 37 Aya anu dicandak tiluan, nya eta Petrus jeung anak Sebedeus, duanana. Manah-Na mimiti ngangres jeung palaur. 38 Kedal saur ka nu tiluan, “Kami teh ku nalangsa, asa rek paeh bae. Daragoan di dieu, Kami baturan nyaring.” 39 Anjeunna majeng deui saeutik, terus nyuuh ngadu'a, “Nun Ama, manawi kenging mah, ieu lumur kasangsaraan teh candak ti Abdi. Nanging ulah numutkeun kahayang Abdi, kedah numutkeun pangersa Ama.” 40 Geus kitu, Anjeunna ningali heula murid-murid, ana kasampak geus sarare. Anjeunna ngagentraan ka Petrus, “Na teu sanggup maneh nyaring maturan Kami sajam bae? 41 Maraneh kudu tetep nyaring tur kudu dibarung sembahyang, supaya henteu keuna ku dodoja. Karep mah kuat, tapi badan hengker.” 42 Tuluy angkat deui, mindo ngadu'a, “Ama! Manawi parantos teu kenging sumingkir mah tina ieu lumur kasangsaraan, Abdi estu suka lilah ngiringan kana pangersa.” 43 Waktu murid-murid ditingali deui, kasampak sarare keneh, awahing ku tarunduheun. 44 Terus ku Anjeunna, eta nu tiluan teh, dikantun deui bae; geus kitu, Anjeunna ngadu'a deui pikeun katilu kalina; sasambat-Na, saperti nu tadi keneh bae. 45 Geus kitu, nyampeur deui murid-murid bari ngagentraan, saur-Na, “Pek sing jarongjon reureuh sarare. Tuh, waktuna geus cunduk, Putra Manusa diselehkeun kana genggeman nu daroraka. 46 Harudang, urang arindit. Tuh, anu ngahianat ka Kami teh geus deukeut!” 47 Sabot sasauran keneh, ki Yudas, — salah saurang murid ti anu dua belas tea — geus jebul; manehna mawa balad loba pisan; eta jelema-jelema teh, titahan imam-imam kapala jeung parakokolot tea, pada marawa pedang jeung pepentung. 48 Yudas enggeus mere sandi kieu, “Mana-mana anu ku kula dirangkul, terus tangkep bae.” 49 Manehna nyampeurkeun ka Isa bari ngomong tarik, “Haturan, Rabi?” Pokna bari ngarangkul. 50 Saur Isa ka manehna, “Kisanak, ka dieu teh rek naon tea?” 51 Ti nu ngiring ka Anjeunna, nu saurang mesat pedang, tuluy diheumbatkeun; eta heumbatan pedang teh, keuna kana ceuli bujangna Imam Agung, nepi ka rampung. 52 Tapi Isa ngalahir, “Asupkeun eta pedang teh kana sarangkana. Sabab anu maen pedang, paehna, tangtu ku pedang deui. 53 Dikira Kami teu bisa nyambat ka Ama, menta malaikat dua belas legiun ngabantu Kami? 54 Kitu carana mah atuh ayat Kitab anu unina, ‘Ieu kudu kajadian’ teh moal tinekanan.” 55 Geus kitu, Isa ngalahir ka nu loba, saur-Na, “Naha Kami teh rampog, nepi ka marawa pedang jeung pepentung? Kapan unggal poe Kami sok aya di Bait Allah ngawuruk, naha ku maraneh diantep? 56 Tapi memang kudu kieu, cocog jeung Kitab Suci.” Ti dinya mah, murid-murid teh kalalabur, naringgalkeun Anjeunna. 57 Sanggeus ditangkep, Isa dihadepkeun ka Kayapas, Imam Agung. Di dinya, geus kumpul ahli-ahli Kitab jeung parakokolot. 58 Ari Petrus nuturkeun ti kajauhan, nepi ka buruan Imam Agung; tuluy milu diuk jeung pangawal, hayangeun nyaho kumaha tungtungna. 59 Imam-imam kapala, kitu deui anggota-anggota Mahkamah, satekah polah neangan bukti palsu, supaya Isa bisa dihukum paeh. 60 Tapi teu hasil, sanajan saksi palsu teh loba. Ahirna, aya duaan nu ka hareup, 61 ngong ngomong, “Ieu Jelema kungsi sosoak kieu: ‘Ieu Bait Allah ku Kami rek diruag, terus diadegkeun deui di jero tilu poe!’ ” 62 Neut Imam Agung ngadeg, mariksa ka Isa, “Kumaha, moal dibantah eta dakwaan teh?” 63 Isa mindel teu ngawaler. Imam Agung ngalahir deui, “Demi Allah nu jumeneng, aku sing bener: ‘Enya Maneh teh Al Masih, Putra Allah?’ ” 64 Waler Isa, “Leres sakumaha pamariksa. Sareng Kaula seja nganyatakeun ka ieu rengrengan: ‘Ti semet ieu, ku aranjeun baris katingali Putra Manusa linggih di tengeneun Nu maha Kawasa, sumping dina mega di langit.’ ” 65 Berewek Imam Agung nyoehkeun anggoanana, tuluy ngalahir, “Ieu Jelema ngahujat Allah. Pikeun naon urang ngayakeun deui saksi-saksi? Ku urang geus kareungeu kumaha ngahujat-Na. 66 Kumaha putusan aranjeun?” Jawabna, “Kudu dihukum pati!” 67 Ti dinya, jelema-jelema teh nyariduhan kana pameunteu-Na bari naronjok; nu sawareh deui ngagebug ka Anjeunna bari ngomong, 68 “Sebutkeun ka kami, eh Al Masih, saha ieu anu neunggeul ka Maneh?” 69 Ari Petrus diuk di buruan. Tuluy disampeurkeun ku hiji badega awewe. Eta badega awewe ngomong ka manehna, “Maneh sok babarengan jeung Isa urang Galilea!” 70 Tapi Petrus mungkir, “Kumaha ngomong teh teu kaharti!” 71 Waktu manehna ngaleos ka lawang kori, katenjoeun ku badega awewe sejenna, pok dibejakeun ka anu araya di dinya, “Eta jalma sok babarengan jeung Isa urang Nasaret tea.” 72 Petrus mungkir bari susumpahan, “Teu wawuh kuring mah ka Eta teh!” 73 Geus kitu, sakur nu araya di dinya nyalampeurkeun ka Petrus, ngaromong kieu, “Moal salah deui maneh teh batur-Na, kaciri tina lentong maneh.” 74 Petrus ngutruk bari susumpahan, “Teu wawuh, teu wawuh ka eta Jelema teh!” Harita keneh, kadenge hayam kongkorongok. 75 Ras, Petrus ingeteun kana dawuhan Isa anu kieu tea, “Memeh hayam kongkorongok, maneh geus tilu kali ngangles ka Kami.” Leos bae, manehna indit ka luar bari ceurik, nalangsa kabina-bina.

Mateus 27

1 Sanggeus bray beurang, imam-imam kapala jeung kokolot-kokolot bangsa Yahudi karumpul; sejana, nya mutuskeun pikeun nelasan Isa tea. 2 Isa dibarogod, tuluy dibawa ka gupernur Pilatus. 3 Barang Yudas nyahoeun yen Isa diragragan hukum pati, pohara kaduhungeunana. Duit perak anu tilu puluh tea teh, dipulangkeun deui ka imam-imam kapala jeung parakokolot. 4 Terus wakca, “Abdi rumasa doraka, ngahianat getih Jelema nu tanpa dosa.” Ku aranjeunna diwalon, “Mangsa bodo, kami teu nyaho-nyaho. Eta mah urusan maneh!” 5 Tuluy eta duit teh, ku Yudas diawurkeun ka jero Bait Suci; geus kitu, manehna, ngagantung maneh. 6 Duit dirawatan ku imam-imam kapala, saurna, “Ieu duit teu meunang dicampurkeun kana peti persembahan sabab ladang getih.” 7 Sanggeus barempug, duit teh dibeulikeun kana tanah nu disebut ‘Lahan Panjunan,’ pikeun tanah pamakaman urang asing. 8 Nepi ka kiwari, eta tanah jadi nelah ‘Lahan Getih.’ 9 Ku kituna, ngabukti eta nubuwatan Nabi Yermia anu kieu: ‘Duit perakan tilu puluh, — nya eta pihargaeunana hiji jelema nurutkeun taksiran urang Israil — ditarima, 10 tuluy dipasrahkeun pikeun meuli tanah Lahan Panjunan. Kitu pangandika Pangeran ka kaula.’ 11 Isa geus dijagragkeun payuneun gupernur. Gupernur mariksa ka Anjeunna, “Anjeun teh raja urang Yahudi?” Waler Isa, “Leres sakumaha pilahir.” 12 Dakwaan imam-imam kapala jeung kokolot-kokolot mah, ku Anjeunna teu diwaler pisan. 13 Saur Pilatus ka Anjeunna, “Teu kareungeu eta dakwaan-dakwaan sakitu lobana?” 14 Isa tetep teu kersa ngawaler, nepi ka matak heran ka gupernur. 15 Saban-saban hari raya Paska, gupernur teh geus baku sok ngaleupaskeun saurang sakitan, nu mana bae sakahayang rayat. 16 Harita, di jero panjara, aya sakitan anu kawentar jahatna; eta jelema teh, ngaranna Barabas. 17 Sakalian rayat harita kumpul, Pilatus sasauran, “Mana anu dipikahayang, anu ku kami kudu dibebaskeun: Barabas atawa Isa, anu disebut Al Masih?” 18 Anjeunna uninga, pangna maranehna nyerenkeun Isa teh bawaning ku dengki-dengkina. 19 Sabot Pilatus calik dina korsi pangadilan, nampi amanat ti geureuhana: “Ulah ngiring campur kana perkawisna eta Jalmi bener; margi lantaran Manehna, abdi kalintang kasiksana ku impian tadi wengi.” 20 Tapi rayat teh, geus kaangsonan ku imam-imam kapala jeung ku kokolot-kokolotna. Maranehna menta, supaya Barabas bebas, ari Isa kudu dihukum paeh. 21 Gupernur ngawaler, “Saha? Saha ti antara anu dua nu ku kami kudu dibebaskeun?” Jawabna, “Barabas!” 22 Saur Pilatus, “Ari Isa anu disebut Al Masih kumaha?” Urang Yahudi nyorowok, “Gantung!” 23 Saur Pilatus deui, “Naha naon dosana?” Urang Yahudi tinggorowok beuki bedas, “Gantung, gantung!” 24 Sanggeus ngaraos yen daya upayana teu mental, Pilatus wawasuh panangan hareupeun sarerea; ti dinya, anjeunna ngalahir, “Kami henteu tanggung jawab kana getih ieu Jelema, pek tanggung ku maraneh sorangan!” 25 Urang Yahudi bareng ngajawab, “Keun getih-Na sina malindes ka kuring saanak incu!” 26 Tuluy Pilatus ngaleupaskeun Barabas, ari Isa dirangket heula; saterusna, Anjeunna teh diserenkeun ka maranehna sina digantung. 27 Geus kitu, Isa dibawa ku serdadu-serdadu gupernur ka gedong pangadilan. Serdadu-serdadu sejenna ge disina kumpul ka dinya. 28 Tuluy anggoan Isa dicuculan, diganti ku jubah warna wungu. 29 Maranehna nyieun mamakutaan anu dianyam tina cucuk; tuluy diterapkeun kana mastaka-Na, ari panangana-Na sina nyepeng awi sateukteuk. Geus kitu, serdadu-serdadu teh sujud payuneuna-Na bari moyok kieu, “Wilujeng, raja urang Yahudi!” 30 Geus kitu, maranehna nyariduhan ka Anjeunna. Jaba ti eta, awina direbut tina panangana-Na, terus diteunggeulkeun kana mastaka-Na. 31 Sanggeus dikaniaya jubah-Na dicuculan, dianggoan ku anggoana-Na deui, terus dibawa ka tempat panggantungan. 32 Di tengah jalan, anu jolna ka luar kota, aleutanana amprok jeung hiji jelema urang Kirena nu ngaranna Simon; tuluy Ki Simon teh, ku paraserdadu tea, dipaksa sina manggul salib Isa. 33 Sanggeus nepi ka tempat anu disebut Gulguta (hartina: Tempat Tangkorek), 34 Isa dileueutan anggur anu dicampuran hamperu. Tapi sanggeus ngicip-ngicip, Anjeunna teu kersaeun ngaleueut. 35 Sanggeus digantung, anggoana-Na dilotrekeun, 36 maranehna terus dariuk ngajaga. 37 Luhureun mastaka-Na aya merek anu netelakeun sababna nu matak Anjeunna dihukum, unina, “IEU RAJA URANG YAHUDI.” 38 Aya deui anu digantung harita, rampog duaan, digantungna di kenca jeung katuhueuna-Na. 39 Sakur nu laliwat ka dinya pada gigideug bari maroyok. 40 Pokna, “Hey, Anu rek ngaruag Bait Suci jeung anu sanggup ngadegkeunana deui di jero tilu poe! Lamun enya maneh Putra Allah, salametkeun diri teh, nya turun ti dinya!” 41 Imam-imam kapala, ahli-ahli Kitab jeung kokolot-kokolot oge maroyokan, pokna: 42 “Ka batur bisa nyalametkeun, ari ka diri-Na sorangan teu bisa nanaon. Eta, Raja Israil teh? Cik turun tina panggantungan, meureun urang percaya. 43 Carekna, Manehna teh nyalindung ka Allah. Keun sina ditulungan ku Allah, ari enya mah kameumeut Allah! Da ngaku-Na mah Putra Allah.” 44 Malah rampog anu papada digantung tea, oge pipilueun moyok. 45 Barang geus pukul dua belas, tengah poe; reup bae, di dinya, jadi poek sakurilingna nepi ka pukul tilu. 46 Kira-kira dina pukul tilu, Isa ngagero, “Eli, Eli, Lama Sabahtani?” (Ya Allah Pangeran Abdi, ku naon margina Abdi dikantun?) 47 Terus aya nu ngaromong kieu, “Manehna keur sasambat ka Elias!” 48 Aya anu geuwat nganclomkeun sepon kana anggur haseum, ditiirkeun kana gantar; maksudna, Isa sina ngaleueut. 49 Tapi aya nu nyarek, “Engke heula! Urang nenjo heula Nabi Elias nulungan Manehna!” 50 Isa ngagero deui tarik pisan, tuluy Anjeunna masrahkeun nyawa-Na. 51 Harita, bareng jeung pupus-Na, reregan Bait Suci bedah dua, parat ti luhur ka handap sarta bumi ngariyeg ku lini; gunung-gunung cadas bareulah, 52 makam-makam mararuka sarta jasad-jasad jelema saruci anu keur sumare di dinya, harudang deui. 53 Waktu Isa gugah tina pupus-Na, ieu jasad-jasad kalaluar ti makamna; tuluy arasup ka kota suci, narembongan ka jalma rea. 54 Barang riyeg aya lini jeung kajadian-kajadian sejenna, komandan jeung perjurit-perjuritna, kacida sarieuneunana. Tuluy ngucapkeun kieu, “Bener ieu Jelema teh Putra Allah!” 55 Di dinya oge, aya wanita-wanita, — teu wudu rea — anu ngarawaskeun ti kajauhan bae; wanita-wanita eta teh, nya anu milu kana rombongan Isa keur ti Galilea keneh. 56 Di antarana aya Maryam Magdalena, Maryam indung Yakobus jeung Yusup, sarta indungna anak-anak Sebedeus. 57 Memeh reup peuting, aya hiji jelema jegud urang Arimatea, nya eta Yusup. Manehna oge geus jadi murid Isa, 58 ngadeuheus ka Pilatus pikeun nyuhunkeun layon Isa. Pilatus nimbalan, supaya eta layon Isa teh dipasihkeun. 59 Tuluy eta Layon Isa teh, ku Yusup dipulasara: Nya dibungkus ku lawon bodas beresih; 60 terus dimakamkeun dina makam anu anyar keneh, anu dibobok dina gunung cadas. Sanggeus lawangna ditutup ku batu gede, tuluy dikantunkeun. 61 Tapi Maryam Magdalena jeung Maryam nu saurang deui mah, caricing keneh di dinya bari melong ka eta makam. 62 Isukna, sabada ‘poe panyadiaan’, imam-imam kapala jeung urang Parisi bareng daratang ka Pilatus. 63 Salaurna ka Pilatus, “Juragan, eta tukang nyasabkeun teh waktos hirup keneh uar-uar kieu: Sanggeus tilu poe, Kami bakal hudang deui. Luk. 9:22, 18:31-33* 64 Ku margi kitu, mugi diparentahkeun supados makam-Na dijaga dugi ka dinten anu katilu. Margi tiasa jadi, engke, dipaling ku murid-murid-Na bari diuar-uar yen parantos hudang deui ti nu maraot. Pangwadulan anu ieu mah, balukarna tangtos langkung awon ti nu ti heula.” 65 Saur Pilatus, “Mangga pasihan bae kawal, jaga sakumaha mistina.” 66 Geus kitu, pajaratan Isa, ku aranjeunna sina dijaga sarta disegel.

Mateus 28

1 Sanggeus liwat poe Sabat, dina poe Mingguna, rebun-rebun keneh Maryam Magdalena jeung Maryam geus arindit ngalongok pajaratan. 2 Dumadakan aya lini gede sabab aya malaikat Pangeran lungsur ti langit ka lebah pajaratan; tuluy batu tutup pajaratan teh digulingkeun, terus gek dicalikan ku eta malaikat. 3 Eta malaikat, rarayna, lir cahaya kilat; anggoanana putih beresih kabina-bina. 4 Anu keur ngajaraga pajaratan pohara kasingsieuneunana nepi tingrumpuyuk kawas nu paraeh. 5 Malaikat teh ngalahir ka wanita-wanita tea, saurna, “Ulah sieun. Kami nyaho, maraneh rek ngalongok Isa anu disalibkeun tea. 6 Anjeunna teu aya di dieu; sabab Anjeunna teh geus gugah, sakumaha dawuhana-Na. Pek ilikan, tah urut-Na ebog. 7 Ayeuna buru-buru ka ditu, bejakeun ka murid-murid-Na, yen Anjeunna geus gugah ti anu geus maraot. Anjeunna geus angkat ti heula ka Galilea, tangtu Anjeunna kapanggih ku maraneh di ditu. Kami ngomong anu saenyana.” 8 Terus eta wanita-wanita teh arindit ninggalkeun pajaratan, sieun pacampur jeung bungah nu taya hinggana; aranjeunna teh lalumpatan pikeun ngabejaan murid-murid Isa. 9 Dumadakan Isa amprok jeung maranehna, saur-Na, “Assalamualaikum.” Terus bae maranehna teh ngagabrug kana sampeana-Na, tuluy marunjungan. 10 Saur Isa, “Ulah sieun. Bejakeun ka ditu, ka dulur-dulur Kami, yen maranehna kudu arindit ka Galilea. Engke, di ditu, maraneh tangtu papanggih jeung Kami.” 11 Sabot maranehna di tengah jalan keneh, sawatara urang anu ngajaraga pajaratan arindit ka kota, ngalaporkeun kajadian tadi ka imam-imam kapala. 12 Aranjeunna badami jeung parakokolot, terus mutuskeun mere panyocok ku duit sacukupna ka serdadu-serdadu jaga tea, 13 bari salaurna, “Uar-uar ku maraneh, yen Manehna dipaling ku murid-murid-Na ti peuting waktu maraneh harees. 14 Lamun hal ieu kadangueun ku gupernur, keun kami anu ngomongna, supaya maraneh teu manggih kasusahan naon-naon.” 15 Duit ditarima ku serdadu-serdadu sarta maranehna terus uar-uar sakumaha papatah tadi. Eta carita terus nerekab ka sabangsa Yahudi, manjang nepi ka kiwari. 16 Geus kitu, murid-murid anu sabelas arindit ka Galilea, ka hiji gunung anu geus dituduhkeun ku Isa. 17 Sanggeus tepung jeung Anjeunna, terus maranehna munjungan. Tapi nu sawarehna mah, hamham keneh. 18 Isa terus nyaketan ka maranehna bari ngalahir, “Sakabeh kawasa di sawarga jeung di bumi geus dipasrahkeun ka Kami. 19 Ku sabab eta, maraneh kudu iang, kabeh bangsa kudu dijadikeun murid Kami sarta kudu dibaptis kalawan jenengan Rama, Putra, jeung Ruh Allah. 20 Jaba ti eta, maranehna teh kudu diwurukan sina ngalampahkeun sagala rupa hal anu ku Kami geus diparentahkeun ka maraneh. Maraneh sing yakin, yen Kami teh terus ngareujeungan ka maraneh sapapanjangna, tepi ka ahir jaman.”

Markus 1

1 Ieu uaran Injil, nya eta bewara hal Isa Al Masih, Putra Allah. 2 Uaranana geus ti jaman Nabi Yesaya keneh, diserat dina kitabna, kieu: “Dawuhan Pangeran: Ieu utusan Kami. Ku Kami diutus ti heula, pikeun nyadiakeun jalan keur Hidep. 3 Aya nu cumeluk di tegal kikisik: ‘Sadiakeun jalan kanggo Pangeran; nya jalan anu lempeng!’ ” 4 Jol Nabi Yahya ka tegal kikisik, ngumumkeun baptisan sarta biantara, “Geura tarobat tina dosa, tuluy dibaptis, malar dihampura nya dosa ku Pangeran!” 5 Merul anu dararatang ngupingkeun biantarana; sanggeusna, disusul ku ngawakcakeun dosa. Eta jelema-jelema teh, asal ti sabudeureun Yudea jeung sakur nu di Yerusalem. Tuluy ku nabi dibaptis, di walungan Ciyordan. 6 Nabi Yahya teh anggoanana tina bulu onta; disabuk ku sabuk kulit. 7 Ari tuangna simeut jeung madu leuweung. Anjeunna ngumumkeun bewara kieu, “Sanggeus kami, engke, aya deui nu bakal sumping; Anjeunna mah leuwih agung tur kawasa. Ngudar tali tarumpah-Na ge, kami teu wani. 8 Kami ngabaptis maraneh teh, ku cai; ari Anjeunna mah, ku Ruh Allah.” 9 Heuleut teu lila, Isa oge, — ti Nasaret wewengkon Galilea — sumping ka Yahya. Terus ku nabi dibaptis di walungan Ciyordan. 10 Sanggeus hanjat ti cai, ngadak-ngadak brah bae langit beulah; terus aya nu turun siga japati, nya eta Ruh Allah; tuluy eta anu siga japati teh, eunteup ka Anjeunna. 11 Ngeng, ti awang-awang, aya sora kieu, “Hidep teh, Putra Kami, anu dipikanyaah sarta anu kamanah ku Kami!” 12 Geus kitu, Anjeunna digerakkeun ku Ruh Allah kedah angkat ka tegal kikisik: 13 Di tegal kikisik, — kenging opat puluh poe bari nadah gogoda Iblis — di antara sato galak tea, Anjeunna dilayanan ku malaikat-malaikat. 14 Sanggeusna Nabi Yahya ditangkep, Isa mulih deui ka Galilea sarta ngawitan ngayakeun hutbah-hutbah ngeunaan Injil ti Allah Nu Mahaagung. 15 Kieu hutbah-Na, “Kiwari teh, geus tepi ka wancina; ayeuna, geus meh datang mangsana Karajaan Allah baris ngadeg. Geura tarobat jeung kudu percaya ka Ieu Injil!” 16 Hiji mangsa, Anjeunna angkat mapay talaga Galilea. Anjeunna ningali palika, duaan, keur lintar; nu saurang ngaranna Simon, nu saurang deui dulurna, ngaranna Andreas. 17 Ku Anjeunna digentraan, “Hiap milu ka Kami; engke, maraneh, ku Kami diajar ngala jelema!” 18 Nu disaur teu talangke; cul heurapna ditinggalkeun, terus ngiring ka Anjeunna. 19 Anjeunna jengkar deui. Teu lila, beh deui palika, duaan; duanana anak Sebedeus, nu saurang ngaranna Yakobus, nu saurang deui Yahya, keur ngabenahan heurap dina parahu arek lintar. 20 Tuluy ku Isa, duanana, disaur diajak ngiring. Ieu oge, terus nurut; cul, bapana jeung kuli-kuli, ditinggalkeun ngiring ka Anjeunna. 21 Isa sarta murid-murid-Na, tepi ka hiji kota anu ngaran Kapernaum. 22 Dina poe Sabat, Anjeunna ngawulang di tempat ibadah. — Anu ngabarandungan piwulang-Na, kabeh mikahelok lantaran karasa bedana ti ahli-ahli Kitab, turug-turug karasa aya wibawa-Na — 23 Harita, di dinya, aya jelema anu kasurupan roh jahat ngagorowok, 24 “Rek naon Isa urang Nasaret datang ka urang? Arek ngabinasa? Urang nyaho, Anjeun teh Jelema suci, utusan Allah!” 25 Timbalan Isa ka eta roh jahat, “Repeh maneh, hayoh nyingkah ti eta jelema!” 26 Tuluy nu kasurupan teh ngagibrig, ari roh jahatna ngagero bari terus ingkah. 27 Saayana jelema di tempat ibadah bati arolohok, tuluy tingkucuwes, “Aneh, aneh! Geus puguh hutbah-Na barang anyar. Omongana-Na ge, gede pangaruhna; bisa dipake marentah ka roh-roh jahat, nepi ka narurut kitu.” 28 Eta kajadian teh, bejana, gancang pisan sumebar ka sakuliah wewengkon Galilea. 29 Tas ti tempat ibadah, Isa ngabujeng ka imah Simon jeung Andreas, katut Yakobus jeung Yahya. 30 Barang sumping, terus Anjeunna diwartosan, yen mitoha awewe ki Simon keur gering, muriang panas. 31 Ku Anjeunna ditingali, terus leungeunna dicepeng disina cengkat. Rep bae muriangna rerep, cageur ngadak-ngadak; malah mah, anjeunna teh bisa ngalalayanan ka tamuna. 32 Wanci sareupna, hul-hol urang dinya marawa nu garering jeung anu kasarurupan roh jahat. 33 Saayana urang dinya tumplek ka eta imah. 34 Ku Anjeunna nu garering teh dicageur-cageurkeun; ari nu kasarurupan, roh-roh jahatna diusir. Eta roh-roh jahat, kabeh ge, wawuheun ka Anjeunna; tapi eta roh-roh jahat, ku Anjeunna sama sakali teu dibere kasempetan ngomomg naon-naon. 35 Isukna, poek-poek keneh, Jungjunan geus angkat; angkatna teh, — nyalira bae — ka luareun kota, nya eta ka hiji tempat anu sepi. 36 Anjeunna, ku ki Simon sabatur-batur, ditareangan. 37 Sanggeus kapendak maranehna unjukan, “Jungjunan dipilarian ku sadaya.” 38 Ari waler-Na, “Mending urang terus ka kampung-kampung sakuriling ieu. Eta oge perlu didatangan. Maranehna oge perlu diwawaran Injil ku Kami. Sabab eta pisan perluna Kami datang ka alam dunya teh!” 39 Sanggeus ngalahir kitu, terus Anjeunna jengkar pikeun ngideran sakuliah tanah Galilea, hutbah di tempat-tempat ibadah, sarta ngusir setan-setan anu nyarurup ka manusa. 40 Kocap, aya nu katerap kasakit lepra datang ka Isa ngadeuheus. Brek sideku bari unjukan yen manehna hayang cageur. Piunjukna, “Saupami Jungjunan kersa, mung Jungjunan anu iasa nyageurkeun kasakit abdi.” 41 Jungjunan ngahelas manahna, tuluy nu lepra teh dicabak. “Heug, cageur!” timbalana-Na. 42 Les bae, kasakit leprana, leungit tanpa lebih; awakna jadi pulih beresih. 43 Ku Isa ditimbalan balik buru-buru bari dipesen, “Kade, ulah cacarita ka sasaha. 44 Tapi maneh, kudu nembongkeun eta awak maneh ka imam. Jaba ti eta, maneh ge kudu nyanggakeun kurban panarima, nurutkeun tetekon ti Nabi Musa, tandaning awak geus pulih beresih.” 45 Tapi sakitu diomat-omatanana ge, teu weleh cacarita ka ditu ka dieu nepi ka nyebar bejana ka mana-mana. Ku sabab eta, Isa teu iasa terang-terangan ka jero kota; atuh kapaksa Anjeunna teh di luar kota bae, di nu sepi-sepi. Tapi teu kalis ku kitu, nu daratang mah, angger bae merul ti mana-mana.

Markus 2

1 Isa mulih deui ka Kapernaum. Tuluy bejana sumebar, yen Anjeunna parantos aya di salah sahiji imah. 2 Jelema-jelema terus tamplok ka eta imah, pajejel ka luar-luar taya tempat anu kosong. 3 Sabot Anjeunna ngawulang, aya nu lumpuh digotong dina tandu ku opatan rek dibawa ka Anjeunna. 4 Tapi ku sabab sakitu padedetna, pakarepanana teu hasil. Tuluy maranehna make jalan ti luhur, nya eta ku jalan ngorowek hateup palebah Jungjunan calik. Geus kitu, si lumpuh teh diulur jeung tanduna. 5 Ku Jungjunan kauninga pisan, kumaha mantepna kayakinan maranehna ka Anjeunna. Lajeng ngalahir ka si lumpuh, saur-Na, “Anaking, dosa maneh dihampura.” 6 Di dinya oge, aya ahli-ahli Kitab; maranehna teh tinggerentes dina hatena, 7 “Naha ieu Jelema teh asa mapadani teuing ka Allah, wani-wani ngomong kitu? Manusa mah teu boga hak ngahampura dosa, euweuh nu bisa, ngan Allah anu wenang!” 8 Pipikiran maranehna, ku Jungjunan kauninga. Anjeunna sasauran, “Naha aranjeun kitu mamanahan? 9 Pikeun ieu anu lumpuh: Naha leuwih babari narima ucap nu nyebutkeun dosana dihampura, atawa leuwih babari dititah nangtung sina terus leumpang, tanduna sina dibawa? 10 Tapi ayeuna rek ditembongkeun, yen Putra Manusa teh di dunya memang boga hak ngahampura dosa.” 11 Geus kitu, nu lumpuh teh ditimbalan, “Parentah Kami: Nangtung maneh, eta tandu bawa balik!” 12 Nu lumpuh teh, — cengkat bari dipencrong ku sarerea — terus nangtung, tanduna diangkat, tuluy balik gagancangan. Anu nyaraksian bati bengong, tuluy maruji ka Pangeran. “Saumur-umur, kakara ayeuna, manggih kajadian anu sakieu ajaibna mah!” Kitu ngaromongna teh. 13 Ti dinya, Isa angkat deui ka sisi Talaga. Jelema-jelema tumplek deui, tuluy ku Anjeunna diwuruk. 14 Sarengsena, Anjeunna angkat deui mapay-mapay sisi Talaga. Beh, Anjeunna, ningali tukang Cuke; ngaranna Lewi bin Alpius, keur diuk di panyukean. Ku Anjeunna disaur, timbalana-Na, “Hayu milu!” Terus Lewi milu. 15 Waktu Isa tuang di manehna, loba tukang-tukang cuke; nya kitu deui jelema-jelema nu daroraka, marilu dahar, bareng jeung Anjeunna jeung murid-murid sabab nu ngariring teh loba. 16 Nenjo Isa tuang jeung nu karitu, ahli-ahli Kitab jeung urang Parisi ngaromong ka murid-murid, “Naha Anjeunna wet daek tuang bareng, nya jeung tukang-tukang cuke, nya jeung jelema-jelema nu daroraka?” 17 Ngaromongna ku Isa ge kadangu. Anjeunna ngalahir, “Nu cageur mah, teu butuheun ku doktor; nu butuheun doktor mah, nu garering. Kami datang teh lain rek nyaur anu balener, tapi rek nyaur anu doraka.” 18 Hiji mangsa, waktu murid-murid Nabi Yahya, nya kitu deui urang Parisi keur paruasa. Aya nu naranya ka Isa, “Murid-murid Yahya jeung urang Parisi paruasa. Ku naon murid-murid Anjeun mah tara paruasa?” 19 Ku Isa diwaler kieu, “Ari babaturan ki Panganten naha kudu puasa najan ki Panganten masih maturan keneh? Sapanjang ki Panganten maturan keneh mah, batur-baturna, teu kudu puasa. 20 Tapi ki Panganten teh bakal dibawa, nya harita maranehna bakal paruasa. 21 Moal aya, anu nambal baju heubeul ku lamak anyar. Sabab lamak nu anyar teh, matak leuwih soeh ka nu heubeul. Malah mah, soehna teh, jadi leuwih gede. 22 Oge moal aya anu nyimpen anggur anyar kana kantong kulit nu geus heubeul. Sabab kantong nu geus heubeul teh, tangtu bedah. Tungtungna mah, nya anggurna, nya wadahna kapiceun duanana. Anggur anyar, wadahna ge kudu nu anyar.” 23 Hiji mangsa, dina poe Sabat, Isa angkat. Angkatna ngalangkung pahumaan. Sabot laleumpang, murid-murid tingrarawel kana gandum, maretik sababaraha ranggeuy. 24 Ari cek urang Parisi teh, “Tingali eta tuang murid petak-petik! Kapan cek Toret ge, henteu kenging barang gawe dina poe Sabat!” 25 Isa ngawaler, “Na teu acan ngaos carios waktu raja Daud ngaraos butuh ku tutuangeun; nya waktos anjeunna sareng anak buahna lapar tea. 26 Ahirna, anjeunna lebet ka Bait Allah, nyandak roti haturkeuneun ka Allah. Harita, anu jadi Imam Agungna teh, Abyatar. Cek Toret: Anu meunang ngadahar haturkeuneun ka Allah teh, ngan ukur para imam; ari harita, wet dituang ku raja Daud jeung ku anak buahna.” 27 Saur Isa deui, “Sabat diayakeun teh gunana pikeun mangpa'at umat manusa. Jadi, lain manusa diayakeun pikeun Sabat. 28 Ku lantaran kitu, Putra Manusa teh jadi Jungjunanning Sabat oge.”

Markus 3

1 Isa angkat ka tempat ibadah deui. Harita, di dinya teh aya nu kempreng. 2 Nu araya di dinya, aya nu hayang bisa nyalahkeun ka Isa. Kitu, nu matak sagala gerak-gerik Anjeunna, kacida diawaskeunana; sugan-sugan, Anjeunna, kagungan niat nyageurkeun dina poe Sabat. 3 Isa nimbalan ka eta nu kempreng teh, saur-Na, “Coba ka dieu ka hareup!” 4 Ti dinya, Anjeunna mariksa ka nu kumpul, “Naon anu ku Toret diidinan dipigawe dina poe Sabat? Kudu nulung atawa kudu nyilakakeun? Kudu numbu umur atawa megatkeun nyawa batur?” Nu kumpulan ngabaretem. 5 Mayunan anu baredegong kitu, manah-Na ngerik. Anu kumpul dipapay diteuteup bari bendu. Tuluy ngalahir ka nu kempreng tea, “Cik, jungjungkeun eta leungeun!” Barang dijungjungkeun, wet terus cageur. 6 Urang Parisi tinglaleos, medal sila, ti eta tempat ibadah. Langsung bae maranehna ngayakeun babadamian jeung parteyna Raja Herodes, neangan jalan pikeun nelasan Jungjunan. 7 Isa katut murid-murid jengkar ka Talaga Galilea, diiring balarea. 8 Aya nu ti Galilea, ti Yudea, ti Yerusalem, ti wewengkon Idumea, ti wewengkon peuntaseun Ciyordan, ti wewengkon nagri Tirus, jeung ti Sidon. Eta jelema rea naluturkeun teh lantaran maranehna panasan ku beja. 9 Sanggeus eta jelema-jelema ngumpul; jadi pohara lobana. Isa mundut ka murid-murid, supaya disayagikeun parahu, malar henteu kasedekkeun. 10 Pasedek-sedek teh lantaran Anjeunna sok nyageur-nyageurkeun tea. Atuh nu garering teh parebut paheula-heula nyabak Anjeunna. 11 Ari anu kasurupan roh jahat mah, barang ret ka Anjeunna teh tingrumpuyuk bari ngagero, “Anjeun teh Putra Allah!” 12 Tapi Isa ngalarang pisan, ka eta roh-roh jahat, nyaritakeun saha Anjeunna teh. 13 Geus kitu, Isa unggah ka pasir. Anjeunna nyauran sawatara urang anu cop kana manah-Na. 14 Sanggeusna kumpul, ku Anjeunna dipilih dua welas urang. Eta nu kapilih teh, disebatna Rasul. “Maraneh ku Kami dipilih, supaya marengan Kami salilana,” dawuhana-Na. 15 “Engke, maraneh, ku Kami diutus nepikeun Injil jeung dibere kakawasaan pikeun ngusir setan-setan.” 16 Ngaran-ngaran nu kapilih, nya eta: Simon anu katelah Petrus; Yakobus bin Sebedeus jeung Yahya, dulurna. 17 Ieu nu duaan ku Anjeunna disebatna “Boanerges,” hartina “Anakna guludug.” 18 Tuluyna: Andreas, Pilipus, Bartolomeus, Mateus, Tomas, Yakobus bin Alpius, Tadeus, Simon Selotes, 19 jeung Yudas Iskariot anu engkena ngahianat ka Jungjunanna. 20 Ti dinya, Isa lebet ka hiji imah. Breg deui jelema-jelema, nepi ka Anjeunna katut murid-murid teu kabujeng tuang-tuang acan. 21 Barang wargi-wargi-Na meunang beja, buru-buru nyarusulan rek dicandak mulih. Lantaran aya beja, cenah, Anjeunna teh geus kirang emutan. 22 Ari cek ahli-ahli Kitab mah, anu daratang ti Yerusalem, majar teh, “Kaasupan Beelsebul!” Jeung, “Bisaeun ngusir setan-setan teh lantaran ku kapala setan.” 23 Maranehna, ku Anjeunna sina kumpul; lajeng Anjeunna nyarios ku ibarat-ibarat, saur-Na, “Naha bisana Iblis ngusir Iblis? 24 Nagara anu pecah-belah tangtu moal tahan: 25 Rumah tangga anu pecah-belah tangtu baruntak. 26 Kitu keneh, lamun iblis pada iblis bentrok sarta pecah, karajaanana baris tamat. 27 Sabalikna, ka jelema gagah mah, saurang ge moal aya nu bisa asup ka imahna pikeun ngaringkid barang-barangna; lamun jelemana henteu dibarogod heula. 28 Tengetkeun ieu ucap Kami: Dosa per dosa manusa, katut omongan-omongan kotorna anu doraka, aya hampuraeunana. 29 Tapi jelema anu nganistakeun Ruh Allah mah, geus teu bisa dihampura sama sakali. Sabab dosana teh, geus jadi dosa anu langgeng.” 30 Jungjunan ngadawuh kitu teh, ka jelema-jelema anu nyebutkeun yen Anjeunna kaasupan roh jahat. 31 Ibu jeung saderek Isa, anu nyarusulan tea, geus tararepi. Tapi di laluar bae, teu bisa asup; jadi, ngan talatah supaya Anjeunna kaluar. 32 Ku nu dareukeut diukna ka Isa diunjukkeun, “Tuang ibu sumping sareng saderek-saderek, saurna hoyong nepangan.” 33 Isa ngawaler, “Saha kitu nu jadi indung jeung dulur-dulur Kami teh?” 34 Sasaurana-Na bari mencrong ka nu ngariung. Saur-Na deui, “Ieu indung jeung dulur-dulur Kami mah! 35 Nya eta, sing saha bae anu ta'at kana timbalan Allah. Tah, nu kitu indung Kami mah; nu kitu dulur-dulur Kami mah, boh awewe, boh lalaki.”

Markus 4

1 Hiji mangsa, Isa ngawulang deui di sisi Talaga Galilea. Nu kumpul kacida lobana, nepi ka Anjeunna kapaksa ngawulang-Na ngalih kana parahu, rada nengah. 2 Pangajarana-Na rupa-rupa, nganggo ibarat. Kieu dawuhana-Na, “Raregepkeun! 3 Aya hiji jelema indit tebar. 4 Waktu tebar, binihna, aya nu katebarkeun ka jalan; eta binih teh, beak ku manuk. 5 Aya oge binih anu katebarkeun kana tanah cadas, taneuhna keri. Ku sabab taneuhna ipis, binih teh tereh jadi. 6 Tapi barang kapanasan, binih nu kakara jadi teh alum, malah terus garing, da ngakarna henteu jero. 7 Sawarehna deui, aya nu katebarkeun kana rungkun cucuk. Cucukna ngagedean, binih tea mah boro-boro buahan, malah paeh kaelehkeun ku cucuk. 8 Ari binih anu meneran kana tanah nu hade mah, jadina teh alus naker, nepi ka baruahanana; hasilna, aya nu tilu puluh lipet, nu genep puluh lipet, jeung saratus lipet.” 9 “Ayeuna,” dawuhan Isa, “lamun enya baroga ceuli, pek geura raregepkeun.” 10 Sanggeus Isa nyalira, para pangiring jeung murid-murid nu dua welas ngadareuheusan. Maranehna menta diterangkeun maksudna eta carita. 11 Dawuhan Anjeunna, “Ka maraneh mah, rasiah Karajaan Allah teh diguar, dibuka. 12 Ka nu di luareun maraneh mah, dicaritakeunana teh ngan ku silokana bae, nepi ka maranehna mah: nenjo mah nenjo, tapi tetep teu awas; ngadenge mah ngadenge, tapi tetep teu ngarti, supaya teu babalik pikir sarta dihampura.” 13 Anjeunna mariksakeun, “Maraneh ge teu ngarti deuih? Ana kitu kumaha rek ngartina kana misil-misil sejenna? 14 Binih nu ditebarkeun teh, nya eta Sabda Allah. 15 Binih anu katebarkeun ka jalan, nya eta Sabda teh ditarimana ngan saliwat; harita kadenge, harita keneh dipupus ku Iblis; teu kungsi ngendek dina hatena. 16 Binih anu katebarkeun kana tanah cadas, nya eta Sabda teh gancang pisan ditarimana bari jeung gumbirana. 17 Tapi teu nepi ka ngakar kana hate, jadi bisa teu tahan. Ana datang dodoja atawa disusahkeun pedah daek nyekel Sabda tea, imanna luntur, kapercayaanana lebur. 18 Binih anu katebarkeun kana ruyuk cucuk, nya eta Sabda teh ditarima. 19 Tapi sajeroning kitu, jelemana, teu weleh dikukuntit ku karisi; tur kagoda ku haliah dunya jeung rupa-rupa kahayang napsu, nepi ka Sabda tea mah kagencet, teu nepi ka bisa ngabukti. 20 Panganggeusanana binih anu meneran kana taneuh anu lendo, nya eta Sabda teh didenge, ditarima, jeung diimankeun; hasilna kapetik buahna kaala, aya nu tilu puluh lipet, nu genep puluh lipet, jeung saratus lipet.” 21 Isa ngalahir deui, “Urang nyeungeut lampu teh, kapan lain rek dituruban ku baskom atawa diteundeun di kolong, tapi nya keur diteundeun di tempat parantina. 22 Naon bae anu disumput-sumput, awal ahir mah kanyahoan. Naon bae anu dirasiahkeun, awal ahir pasti kabuka. 23 Pake ceuli teh, pake ngadenge!” 24 Dawuhana-Na deui, “Ayeuna ieu perhatikeun: Ukuran anu ku maneh dipake ngukur batur, ku Pangeran baris dianggo ngukur deui ka maneh kalawan leuwih ti kitu. 25 Sabab sing saha anu geus boga, bakal ditambah. Sabalikna, nu teu boga naon-naon mah, milikna nu pang teu pirana ge, bakal dieuweuhkeun pisan.” 26 Dawuhana-Na deui, “Karajaan Allah teh lir binih nu ditebarkeun ku hiji jelema. 27 Geus kitu, peutingna mondok, beurangna hudang; binih jadi ku maneh. Eta jelema mah, teu nyahoeun kumaha petana binihna jadi. 28 Da anu ngalantarankeun jadina nepi ka buahan mah taneuh. Mimitina sirungan mentik, tuluy morontod ngagedean, bijil ranggeuyanana, beuki beuneur-beuki beuneur, nepi ka asak. 29 Eta anu melak teh sasadiaan, mun geus meujeuhna metik panen.” 30 Dawuhan Isa, “Ayeuna, Karajaan Allah teh urang upamakeun naon deui? Kumaha ngupamakeunana, supaya bisa diterangkeun? 31 Urang upamakeun bae siki sasawi, nya eta siki anu pangleutikna di antara sisikian. 32 Tapi lamun eta siki dipelakkeun, — ari geus jadi — di antara palawija mah, tangkalna teh panggedena; dahanna ge, nepi ka sok dipake tempat nyayang manuk.” Kitu cariosana-Na. 33 Geus baku ana nyarioskeun hal Karajaan Allah ka umum mah, Anjeunna nyarioskeunana teh sok nganggo upama bae; kawas bieu, diloyogkeun kana tahap pangarti maranehna. 34 Anjeunna mah, tara teu nganggo upama atawa ibarat-ibarat nyarioskeunana teh. Tapi di mana geus leupas ti balarea, ka murid-murid mah, eta ibarat-ibarat teh eces diterangkeun pihartieunana. 35 Poe eta keneh, sanggeus burit, Isa ngajak meuntas ka murid-murid, saur-Na, “Urang meuntas ka beulah ditu.” 36 Balarea dikantun, Anjeunna miheulaan kana parahu dituturkeun ku murid-murid; tuluy mareuntas bari dibaturan ku sababaraha parahu sejenna deui. 37 Gelebug aya angin ribut, talaga jadi motah, parahu meh-meh kalebuh kaasupan cai. 38 Harita, Isa nuju kulem di pungkur nganggo tilam. Geuwat digugahkeun. “Pa Guru!” Cek murid-murid. “Bade cicing bae urang bade cilaka teh?” 39 Isa enggal gugah, terus marentah ka angin, “Jep!” Marentah deui ka ombak, “Leler!” Jep bae angin sirep, kaayaan malik ayem kabina-bina. 40 Anjeunna ngadawuh ka murid-murid, “Naha wet geumpeuran teuing? Dikamanakeun eta iman teh?” 41 Ayeuna mah, murid-murid teh, sieunna jadi sieun ka Anjeunna. “Saha atuh nu saenyana ieu Guru urang teh? Bet digugu parentah-Na ku angin jeung ku ombak!” Pokna, ka pada batur.

Markus 5

1 Meuntasna geus nepi ka wewengkon tanah Gadara, peuntaseun Talaga Galilea. 2 Barang jut, Isa, tina parahu; prok, Anjeunna, amprok jeung hiji jelema anu datangna ti hiji pamakaman. 3 Eta teh jelema edan anu kasurupan roh jahat; cicingna ge di pamakaman bae. Eta jelema teh, geus teu bisa diurus, teu aya nu tahan, jeung taya tali atawa rante nu kuat dipake nyangcang manehna. 4 Sababaraha kali ditalikung make rante, tapi rantena pegat-pegat bae, malah beusi bangkol sukuna oge bisa dipingges-pinggeskeun. Bedasna luar biasa, taya nu sanggup ngahalang-halang deui! 5 Beurang peuting gawena ngaprak di pamakaman atawa di gunung-gunung, bari ceuceuleuweungan jeung nurihan maneh ku batu seukeut. 6 Harita, ti kajauhan keneh geus awaseun ka Isa; deregdeg manehna muru, brek sideku ka Anjeunna bari nyembah. 7 Tuluy ngagorowok, “Aduh Isa, Putra Allah Mahaagung! Bade dikumahakeun abdi teh? Demi Allah, ulah nyiksa!” 8 Sabab tadi Isa geus nimbalan kieu, “He roh jahat, ingkah maneh ti eta jelema!” 9 Isa terus mariksa, “Maneh saha ngaran?” Jawabna, “Legiun!” Sabab nu nyurupna teh, lobaan! 10 Tuluy anu nyebut ngaran Legiun teh, sasambat, menta supaya anu nyurupna, anu lobaan tea, ulah diusir ti daerah eta. 11 Teu jauh ti dinya, aya babi sabubuhan keur nyaratuan di lamping pasir. 12 Tuluy roh-roh jahat teh menta, “Ka itu bae atuh, widian nyurup ka babi-babi.” 13 Ku Anjeunna dirujukkan. Eta roh-roh jahat aringkah ti eta jelema, tuluy nyarurup ka babi-babi. Gerebeg babi nu sakitu lobana teh, kurang leuwih dua rebu, tingdurugdug lalumpatan ka gawir; terus eta babi-babi teh, bras-brus kana talaga, kabeh paraeh. 14 Jelema-jelema anu ngangon eta babi-babi tingbalecir, aya nu lumpat ka kota, aya nu ka kampung-kampung pikeun nyebarkeun beja. Anu dibarejaan riab harayang nyaho. 15 Ari gok jeung Isa, nyampak nu edan teh keur anteng diuk, geus barang pake, jeung ingetanana geus sehat. Tapi maranehna mah, sarieuneun keneh. 16 Sanggeus nyaraho buktina, tuluy hariweusweus ka nu sejen, nyaritakeun nu edan jeung babi-babi nu jaradi edan tea. 17 Ahirna, kabeh urang dinya rempug, maksa ka Isa supaya buru-buru ngantunkeun eta tempat. 18 Sanggeus Isa kana parahu, urut nu edan teh hayangeun milu. “Abdi ngiring,” pokna. 19 Tapi ku Isa diwagel, saur-Na, “Mending balik ka lembur. Pek, di ditu, caritakeun pitulung Pangeran anu sakitu anehna ka maneh, caritakeun kumaha rahman-rahim-Na ka maneh!” 20 Manehna nurut, tuluy indit ngider satanah Dekapolis (= Sapuluh Kota), nyaritakeun pitulung Isa. Anu ngadenge caritana, teu aya nu henteu ngarasa helok. 21 Isa meuntas deui ka peuntaseun eta talaga. Sasumpingna, jelema-jelema tumplek deui ka Anjeunna di sisi talaga. 22 Jol, saurang pangurus tempat ibadah; jenenganana Yairus. Sumping-sumping terus sujud ka Isa; 23 bari ngalengis mundut tulung, “Mugi sumping ka rorompok. Pun anak, awewe, udur repot. Hoyong dipangningalikeun sareng dipangnumpangankeun ku panangan Anjeun; nya supados katulungan sareng tiasa sehat deui!” 24 Isa rujuk, tuluy jengkar bareng bari diiring ku balarea anu pasesedek hayang deukeut ka Anjeunna. 25 Aya hiji awewe, geus dua welas taun katerap kasakit ngagetih. 26 Ka tabib geus sering, duit ge geus beak dipake tatamba. Tapi kasakitna teh, teu cageur-cageur; malah mah, tambah parna bae. 27 Barang ngadenge beja hal Isa, tuluy milu seselendep ka pungkureuna-Na. 28 “Rek nyabak tungtung jubah-Na bae aing mah, moal teu cageur!” Carekna ngomong sorangan. 29 Gap nyabak kana tungtung jubah. Set, ngagetihna, ngadadak eureun. Karasa jadi garenah, panyakit anu nyusahkeun teh geus cageur. 30 Bareng jeung eta, karaos ku Isa asa aya tanaga anu mencar tina salira-Na. Anjeunna luak-lieuk, lajeng mariksa, “Saha anu nyabak jubah Kami?” 31 Diwangsul ku murid-murid, “Naha nganggo mariksakeun anu nyabak? Tangtos da sakitu pasedek-sedekna.” 32 Tapi Isa tetep luak-lieuk, milarian jelemana. 33 Nu nyabak-Na ngarasa asa boga dosa; atuh pohara sieuneunana, bruk bae nyuuh kana sampeana-Na, tuluy ngaku sabenerna bari ngadegdeg. 34 Tapi Isa ngalahir, “Geus nyai! Sukur geus cageur mah. Eta teh ku sabab nyai boga iman. Heug, saterusna, sing cageur ti kajuwet teh.” 35 Sabot Anjeunna sasauran, jol aya jurungan ti bumi Pa Yairus, mawa beja, “Putra teh parantos pupus. Teu kedah ngarerepot deui ka Pa Guru.” 36 Tapi beja teh ku Isa henteu didangu. Anjeunna ngadawuh ka Pa Yairus, “Teu kedah rejag, sing yakin.” 37 Geus kitu, balarea ku Anjeunna diwagel teu meunang terus milu, iwal ti Petrus, Yakobus, jeung Yahya, dulurna tea. 38 Sasumpingna ka bumi Pa Yairus, nyampak nu keur careurik, tingrambisak, tingsalegruk, aya oge nu nepi ka aluk-alukan. 39 Tuluy Anjeunna lebet, nu keur careurik ditimbalan, “Ulah dipake nalangsa, parantos ulah narangis. Murangkalih teh lain maot, tapi keur sare!” 40 Tapi nya kitu, Anjeunna anggur disaleungseurikeun. Tuluy eta jelema-jelema teh, ku Anjeunna dipiwarang kalaluar; Anjeunna terus lebet ka kamar layon bareng jeung ibu ramana murangkalih jeung tilu murid-Na tea. 41 Ceg, leungeun layon teh, dicepeng; lajeng Anjeunna ngadawuh, “Talita Kumi,” hartina, “Gugah, nyai!” 42 Murangkalih terus ngulisik, cengkat, tuluy leuleumpangan. (Ari yuswana geus dua welas taun). — Atuh puguh bae matak kaget, matak bengong nu narenjo, hese dipercayana. 43 Tapi kabeh ge, ku Isa pohara diomat-omatanana, teu meunang ucah-aceh ka sasaha deui — Geus kitu, saur Isa, “Bere dahar, eta budak teh!”

Markus 6

1 Ti dinya Isa jengkar, mulih ka tempat asal-Na, diiring ku murid-murid. 2 Dina poe Sabat, Anjeunna ngawulang di tempat ibadah. Jamaah anu ngabarandungan Anjeunna pada ngarasa heran. Tuluy silih tanya, “Na boga pamanggih ti mana? Jeung pangabisa naon eta teh, wet bisaeun nyieun mujijat sagala? 3 Lain tukang kayu tea eta teh, anak Siti Maryam lanceuk ki Yakobus, Yoses, Yudas, jeung Simon? Adi-adina anu awewe oge lain di urang matuhna teh?” Tuluy maranehna jadi ngarasa teu resep sarta ahirna, Isa, ku maranehna ditampik. 4 Isa ngadawuh, “Nabi mah, di mana-mana diharagaan; ngan di lembur sorangan, di lingkungan kulawargana, atawa di tengah dulur-dulurna anu henteu teh.” 5 Di dinya mah, Anjeunna henteu kantos ngayakeun mujijat naon-naon; salian ti nyageurkeun sawatara urang anu garering ku jalan numpangkeun panangana-Na. 6 Isa jengkar deui, lebet kampung kaluar kampung bari ngawulang. 7 Geus kitu, Anjeunna ngempelkeun murid-murid-Na. Tuluy eta murid-murid teh, duaan-duaan, diutus bari dipaparin kawasa pikeun nundung roh-roh jahat. 8 Timbalana-Na, “Teu meunang mawa naon-naon, iwal ti iteuk: Teu meunang mawa roti atawa bekel, beubeur ulah dieusi ku duit, 9 meunang make tarumpah, tapi ulah mawa pisalin.” 10 Saur-Na deui, “Mun geus ditarima di hiji tempat, nganjrekna ge kudu di dinya bae, tepi ka waktuna kudu indit deui. 11 Upama hiji tempat embungeun narima, embungeun ngadenge ka maraneh; tinggalkeun bae, bari kejekkeun kekebul tina suku, pikeun bukti ka urang dinya.” 12 Bral murid-murid arindit, ngayakeun uar pangajak yen jelema-jelema kudu tarobat. 13 Lian ti eta, murid-murid teh oge ngusir roh-roh jahat jeung nyageurkeun anu garering ku jalan diolesan minyak. 14 Raja Herodes oge ngadangu hal ihwal Isa, kawantu jenengan Isa geus kamashur. Cek jalma rea mah, Anjeunna teh, Nabi Yahya nu hudang deui ti anu geus maraot; mana jadi sakitu kawasana. 15 Cek nu sawarehna deui mah, Anjeunna teh, Nabi Elias. Aya oge anu nyangka yen Anjeunna teh, nabi; nya kawas nabi-nabi nu baheula tea. 16 Ari saur raja Herodes mah, “Moal salah, eta teh, Yahya anu ku aing diteukteuk beuheungna tea; ayeuna, manehna hirup deui!” 17 Memang, Herodes anu miwarang nagkep Nabi Yahya teh; salian diborgol, anjeunna ge dijebloskeun ka panjara. Asalna mah, sang Raja teh nyandak Herodias, — geureuha Pilipus, saderekna — didamel prameswari; 18 ari ku Nabi Yahya, sang raja teh ditegor, saurna, “Nyandak geureuha saderek teh, haram hukumna.” 19 Herodias jadi neuteuli ka Nabi Yahya. Anjeunna teh, hoyong nelasan Nabi Yahya, tapi teu iasa. 20 Sabab raja Herodes, rada serab ku anjeunna; da Herodes mah uninga yen Yahya teh, jalmi bener tur suci; jadi, anjeunna ditangtayungan. Ana anjeunna ngadangukeun Yahya, manahna sok mandeg mayong, tapi resep ngabandungan kasauranana. 21 Tapi ahirna mah, Herodias teh mendak kasempetan oge. Eta kasempetan teh, nya eta waktu sang raja mestakeun ulang taunna sarta ngondangan para pembesar, perwira-perwira, jeung pepentol-pepentol tanah Yudea. 22 Harita, putrina Herodias majeng nyirimpi, nyukakeun sang raja jeung tamu-tamu. Sang raja ngalahir ka eta putri, saurna, “Pek, nyuhunkeun naon bae ka ama; engke, ku ama dipasihan.” 23 Malah sang raja sumpah, “Naon sakapalay nyai, najan sabeulah karajaan pisan, ku ama ditedunan.” 24 Murangkalih lebet heula, unjukan ka ibuna, “Naon anu kedah disuhunkeun?” Walon Herodias, “Nyuhunkeun sirah Yahya bae!” 25 Murangkalih kaluar deui, unjukan, “Nyuhunkeun sirah Yahya dina baki, nyuhunkeun ayeuna!” 26 Sang raja ngajenghok. Tapi ku sabab geus sumpah tea, tur payuneun tamu-tamuna, anjeunna teu iasa nolak. 27 Lajeng anjeunna marentah gulang-gulang sina nugel mastaka Yahya. Gulang-gulang terus indit, mastaka Yahya ditugel. 28 Mastakana dibakian, dipasrahkeun ka nyi putri; terus ku nyi putri dihaturkeun ka ibuna. 29 Sanggeus murid-murid Yahya tarerangeun, layonna dicandak, terus dikurebkeun. 30 Rasul-rasul utusan tea, geus baralik; tuluy maranehna ngadareuheus ka Isa, ngadadarkeun hasil pagawean jeung pangajaranana. 31 “Hayu sarerea urang neangan nu sepi, supaya bisa jongjon ngareureuh heula,” saur Isa ka maranehna. Sabab harita teh, keur loba pisan jelema balawiri, nepi ka teu kabujeng tuang-tuang acan. 32 Terus sarerea kana parahu, meuntas ka tempat anu mencil. 33 Tapi sabot kana parahu, katarenjoeun ku jelema-jelema jeung tujuanana teh geus kataksir. Tuluy anu ti kota-kota buru-buru nyarusul ka ditu, ku jalan darat; eta nu nyarusul teh, tepina ti heula. 34 Barang Isa lungsur ka darat, maranehna geus kumpul. Kacida lobana teh, matak ngahelas kana manah-Na; nya asa ningali domba anu euweuh pangangonna. Tuluy bae ku Anjeunna diwuruk rupa-rupa hal. 10:2, Mat. 9:36* 35 Sanggeus rada burit, murid-murid mihatur, “Jungjunan, parantos burit sareng di dieu teh tempat mencil. 36 Jalmi-jalmi teh sina mios bae, sina maleser tedaeun masing-masing di desa atanapi kampung anu caket-caket.” 37 Tapi saur Isa, “Ku maraneh bae suguhan.” Wangsul murid-murid, “Jadi, abdi-abdi kedah mios meser roti keur jalmi sakitu seueurna, ari artos mung aya dua ratus dinar?” 38 Saur Isa, “Aya sabaraha roti di maraneh? Cik, ilikan.” Sanggeus diilikan, “Roti kantun lima; lauk dua siki.” 39 Jalma-jalma teh ku Anjeunna dipiwarang dariuk, gugundukan dina jukut anu keur meujeuhna hejo. 40 Gek, maranehna darariuk gugundukan, aya nu saratus aya nu lima-lima puluh urang. 41 Sanggeus Anjeunna nyandak roti anu lima jeung laukna dua siki tea, Anjeunna tanggah ngucapkeun berkah. Terus rotina disemplekkan, tuluy dipaparinkeun ka murid-murid sina dibagikeun. Laukna oge dibagikeun ka kabehan. 42 Terus kabeh dalalahar nepi ka sareubeuhna. 43 Kaleuwihanana, beunang nyemplekkan tea, dikumpulkeun; meunang dua belas bakul pinuh, jaba kaleuwihan laukna. 44 Anu disuguh dahar, harita, aya lima rebu urang. 45 Geus kitu, murid-murid, ku Isa dipiwarang meuntas ti heula ka tanah Betsaida. Jelema-jelema ge dipiwarang baralik. 46 Sanggeus kabeh arindit, Anjeunna unggah ka luhur pasir bade ngadu'a. 47 Tengah peuting, murid-murid, geus aya di satengahing talaga; ari Anjeunna mah, di darat keneh, nyalira. 48 Anjeunna uninga yen murid-murid keur tihothat ngadayung lantaran angin ngadat; ku sabab eta, kira-kira dina pukul tilu janari, Anjeunna geus aya tapak kancang deukeut parahu murid-murid, semu rek ngalangkung. 49 Barang katenjo ku murid-murid, maranehna mani tingsareblak; cop bae ka jurig, tuluy tingkoceak, 50 da kabehanana narenjoeun, pohara sarieuneunana. Tapi ku Anjeunna digentraan, “Teger! Kami ieu teh, ulah sieun!” 51 Tuluy Anjeunna unggah kana parahu; jep bae, angin teh leler. Ari murid-murid ngan bengong jeung bingung bae anu aya. 52 Sakitu geus nenjo mujijat tina hal roti tea oge, weleh ku maranehna henteu diuji ku ati, bangun anu sabodo bae. 53 Ti dinya, kebat meuntasna; jol ka tanah Genesaret, tuluy balabuh. 54 Barang lungsur tina parahu, urang dinya jol-jol tenget bae ka Anjeunna. 55 Atuh tuluy bae, eta urang dinya teh lalumpatan ka jero kampung; ari balikna deui bari ngagotongan anu garering. Kitu bae, di mana-mana oge, lamun aya beja ngeunaan Anjeunna teh. 56 Angkat ka mana bae, ka desa-desa, ka kota-kota, atawa kampung-kampung, nu garering teh diteundeun di pasar-pasar, marenta diwidian nyabak kana tungtung jubah-Na wungkul. Sakur anu nyabak, terus bae calalageur.

Markus 7

1 Hiji mangsa aya rombongan urang Parisi jeung ahli-ahli Kitab ti Yerusalem nepungan Isa. 2 Kataringalieun ku aranjeunna yen murid-murid Anjeunna, anu sawarehna, dalaharna teh make leungeun najis, nya eta henteu sibanyo heula. 3 Urang Parisi mah, sakumaha lumrahna urang Yahudi; ari henteu ngumbah heula leungeun mah, aranjeunna teh tara waka dahar sabab gugon kana adat karuhun. 4 Tas ti pasar oge, aranjeunna mah tara waka dahar lamun acan ngumbah heula awak. Loba-loba deui adat titinggal karuhunna, kacida digumatikeunana; upamana bae, hal ngumbah cacangkir, kendi, jeung pakakas tina tambaga. 5 Kitu nu matak, harita, aranjeunna nyarios ka Isa, “Ari murid-murid Anjeun, hirupna teh, naha henteu nyekel ka adat tali paranti karuhun urang? Sabab dalaharna teh, make leungeun anu najis.” 6 Ari waler-Na, “Cocog sakumaha piwejang Nabi Yesaya, aranjeun teh, he jelema-jelema anu munapek! Kieu saurna: Ieu umat, biwirna ngagungkeun Kami; tapi batinna mah, mungkir ti Kami. 7 Ibadahna ka Kami teh cumah bae; sabab anu diajarkeunana teh, nya eta parentah manusa. 8 Aranjeun mopohokeun parentah Allah lantaran gugon ka adat istiadat manusa.” 9 Saur-Na deui ka aranjeunna, “Bisa pisan aranjeun mah ngalindih parentah Allah, malar bisa miara adat tali paranti karuhun sorangan. 10 Sabab saur Nabi Musa: Kudu hormat ka indung bapa! jeung: Sing saha anu ngagorengkeun bapa atawa indung, kudu paeh. 11 Ari cek aranjeun, mun jalma ka bapana atawa ka indungna ngomong: Naon-naon nu aya di kuring, nya eta anu tadina keur kaperluan bapa jeung ema; ayeuna, ku kuring parantos digunakeun pikeun kurban; — sembahkeuneun ka Pangeran — 12 nu kitu teh, ku aranjeun mah teu dijurung deui nedunan kawajibanana ka indung bapana. 13 Ku kituna, parentah Allah teh ku aranjeun henteu dianggap; da kukuh kana adat tali paranti karuhun bae. Loba-loba deui kalakuan aranjeun anu kawas kitu teh.” 14 Isa lajeng ngahiapkeun jalma rea sina kumpul, pok nyarios, “Ieu barandungan jeung lenyepan: 15 Sakur-sakur nu asal ti luar asup ka urang, teu aya nu matak najis. Tapi sakur-sakur anu kaluar ti urang, tah eta anu najis teh.” ( 16 Mun enya ceuli teh paranti ngadenge, masing enya-enya nya ngadenge!) 17 Sanggeus Anjeunna lebet ka hiji imah ngantunkeun jalma rea, murid-murid-Na mihatur hayang terang harti misil anu tadi. 18 Waler-Na, “Kutan maraneh oge henteu ngarti? Na enya maraneh teu nyaho, yen nu asal ti luar asupna ka urang teu matak najis? 19 Apan asupna teh, lain ka jero hate; tapi kana beuteung, anu tuluyna dipiceun ka jamban.” Ku hal ieu, ku Anjeunna dinyatakeun, yen kabeh kadaharan teu aya nu henteu halal. 20 Saur-Na deui, “Naon bae nu kaluar ti jelema, eta najis. 21 Sabab anu bijilna ti jero, nya eta ti jero hate, nimbulkeun rupa-rupa pikiran goreng, pacabulan, pamalingan, rajapati, 22 pajinahan, kahawekan, kajahatan, pacurangan, hawa napsu, pasirikan, parahulan, kasombongan, jeung kagejulan. 23 Ieu sipat-sipat kajahatan kabeh timbul ti jero jeung matak najis.” 24 Sanggeus sasauran, Isa angkat ti dinya, ka daerah Tirus. Anjeunna lebet ka hiji imah; ari kahoyong-Na mah ulah aya nu nganyahoankeun, tapi buktina teu bisa disumput-sumput. 25 Sabab teu lila, aya hiji ibu, anu anakna nu awewe diraksuk ku roh jahat meunang beja; tuluy manehna buru-buru datang, nyuuh kana sampeana-Na. 26 Eta ibu teh urang Yunani, bangsa Siropuniki; manehna aya panunuhun ka Isa, nya eta supaya roh jahat anu ngaganggu anakna diusir. 27 Tapi saur Isa ka manehna, “Keun, barudak heula sina sareubeuheun; sabab teu hade ngarebut roti anu pikeun barudak, terus dialungkeun ka anjing.” 28 Si ibu ngawangsul, “Leres kituna mah, Jungjunan. Nanging anjing oge, anu nagog di kolong meja, sok ngiring ngaletak remeh anu nyarikclikan ti leungeun barudak.” 29 Saur Isa ka eta ibu, “Ku sabab cek ibu, kitu; ayeuna mah, ibu geura mulang sabab setan teh geus ingkah ti anak.” 30 Eta ibu terus balik, kasampak anakna keur ngedeng di enggon, jeung setanna geus ingkah. 31 Isa jengkar ti daerah Tirus, ngalangkungan tanah Sidon, ngabujeng ka Talaga Galilea di tengah-tengah daerah Dekapolis. 32 Di dinya, aya jelema anu, nya torek, nya pireu dideuheuskeun ka Anjeunna menta ditumpangan panangan. 33 Eta jelema, ku Isa, dipisahkeun ti nu rea. Sanggeus paduduaan, ceuli nu torek teh dicolok ku remana; terus Anjeunna ngaludah bari tuluy nyabak kana letahna. 34 Bari tanggah, ningali ka langit, Anjeunna narik napas, tuluy nyaur, “Efata!” hartina “Udar!” 35 Plong bae, ceuli nu torek teh, ngemplong dibarung ku letahna udar tina tatali, nepi ka bisa ngomong bentes pisan. 36 Anu araya di dinya, ku Anjeunna, dipesen ulah rea omong. Tapi beuki dilarang, maranehna, beuki resep bae nyaritakeunana nepi ka nyebar ka mana-mana. 37 Maranehna bati bengong mikahelok bari ngaromong kieu, “Sagala damel-Na pitulung wungkul, nu torek disina bisa ngadenge, nu pireu disina bisa ngomong.”

Markus 8

1 Harita, di dinya oge, loba deui bae jelema. Tapi maranehna, geus teu baroga dahareun. Lajeng Isa nyaur murid-murid, saur-Na, 2 “Kami karunya ka ieu jelema-jelema anu sakitu lobana. Geus tilu poe, maranehna mimilu ka Kami; ayeuna, maranehna geus teu barogaeun dahareun. 3 Kami teu tega nitah balik lapar. Tangtu engke pada kalempohan sabab loba anu jarauh lemburna.” 4 Wangsul murid-murid, “Kumaha bade nyuguhanana, margi ieu tempat teh mencil pisan.” 5 Isa mariksa, “Ari di maraneh aya sabaraha roti?” Wangsulna, “Tujuh siki.” 6 Ku Anjeunna, jelema-jelema teh, dipiwarang dariuk dina taneuh. Roti anu tujuh ku Anjeunna dicandak, terus muji sukur; geus kitu, eta roti ku Anjeunna disemplekkan, terus dipaparinkeun ka murid-murid sina dibagikeun. 7 Jaba ti eta, aya oge lauk sababaraha siki; sanggeus Anjeunna muji sukur deui, laukna dibagikeun. 8 Tuluy jelema-jelema teh dalalahar saseubeuhna. Potongan-potongan roti, leuwihna, dikumpulkeun: Meunang tujuh bakul. 9 Anu dalahar teh, kira-kira aya opat rebu urang. Geus kitu, ku Isa dijurung marulang. 10 Ari Anjeunna, unggah kana parahu jeung murid-murid, ngabujeng ka daerah Dalmanuta. 11 Jol urang Parisi, tuluy soal jawab jeung Isa. Aranjeunna menta ka Isa supaya ngabijilkeun hiji tanda ti sawarga; maksudna, seja ngadoja ka Anjeunna. 12 Anjeunna rumahuh jeroning manah, tuluy saur-Na, “Ieu jelema-jelema jaman kiwari marenta tanda? Cek Kami, maraneh, umat kiwari ku Kami moal dibere tanda!” 13 Anjeunna terus angkat ti dinya, unggah deui kana parahu terus meuntas. 14 Waktu unggah kana parahu, murid-murid poho mawa roti, ngan mawa hiji. 15 Ari Isa lajeng nyaur, mepelingan, saur-Na, “Masing awas, ati-ati, kana ragi urang Parisi jeung ragi Herodes.” (Ragi di dieu hartina: kamunapekan). 16 Murid-murid malalikir terus ngomong pada batur, “Kitu nyariosna teh lantaran urang teu boga roti.” 17 Kadangu ku Isa, pok sasauran, “Naha ngaromongkeun teu boga roti? Kutan can paham, can ngarti keneh? Geus paeheun pikir? 18 Boga panon lain dipake nenjo, boga ceuli lain dipake ngadenge. Na geus paroho 19 waktu Kami nyemplekkan roti, anu lima siki tea, didahar ku lima rebu urang, sabaraha bakul leuwihna beunang maraneh ngumpulkeun?” Wangsulna, “Dua belas bakul.” 20 “Jeung anu tujuh siki, disuguhkeun ka opat rebu urang, sabaraha bakul sesana?” Wangsulna, “Tujuh bakul.” 21 Saur-Na deui, “Can ngarti keneh bae?” 22 Satuluyna, Isa sumping ka kampung Betsaida jeung murid-murid. Di dinya, aya nu lolong, tuluy dideuheuskeun ka Anjeunna, nyuhunkeun supaya dipangrampakeun. 23 Ku Anjeunna dicepeng leungeunna, ditungtun dicandak ka luareun kampung. Terus panonna ku Anjeunna diludahan bari dirampa, pok dipariksa, “Geus aya nu katenjo?” 24 Nu lolong nyeueung ka hareup, tuluy ngawangsul, “Ningal jalmi, rupina keur leuleumpangan, mung katingalna sapertos tatangkalan.” 25 Panonna ku Isa dirampa deui; bray bae, ayeuna mah beunta enyaan, tetenjoanana awas jeung cekas. 26 Ku Anjeunna dipiwarang balik, ngan saur-Na, “Ulah ka kampung itu deui!” 27 Isa samurid-murid angkat ka kampung-kampung saputereun tanah Kesarea Pilipi. Di tengah jalan mariksa ka murid-murid, saur-Na, “Ari cek jalma rea, ieu Kami saha?” 28 Wangsulna, “Aya nu nyebatkeun Nabi Yahya, aya nu nyebatkeun Nabi Elias, aya oge anu nyebatkeun salah sawios nabi.” 29 Anjeunna mariksa deui, “Ari cek maraneh, Kami saha?” Petrus ngawangsul, “Cek abdi mah, Al Masih!” 30 Murid-murid, ku Anjeunna, diomat-omatan teu meunang rea carita saha Anjeunna. 31 Geus kitu, Isa wawangsit ka maranehna; saur-Na Putra Manusa teh misti nandang sangsara anu pohara; tur Anjeunna teh baris ditampik ku parakokolot, ku imam-imam kapala, jeung ku ahli-ahli Kitab; terus Anjeunna teh bakal ditelasan, tapi bakal gugah deui sanggeus tilu poe. 32 Sasaurana-Na teh, terang-terangan pisan. Ku Petrus dikenyang ka sisi, manehna mihatur maksudna ngemutan. 33 Tapi Anjeunna malik, ningali ka murid-murid sejen, terus nyeuseul ka Petrus, saur-Na, “Nyingkah, Iblis! Maneh mikir teh lain kana pangersaning Allah, tapi kana kahayang jelema!” 34 Ti dinya, jalma rea ku Anjeunna dihiapkeun, kitu deui murid-murid, sina kumpul, lajeng sasauran, “Saha-saha anu arek ngiring Kami, kudu nyegah kahayang napsuna, kudu manggul salibna, sarta anut ka Kami. 35 Sabab saha-saha anu rek nyalametkeun nyawana, bakal kaleungitan nyawa; sabalikna, anu kaleungitan nyawa demi Kami jeung demi Injil, pinasti bakal salamet. 36 Naon gunana meunangkeun saalam dunya, tapi nyawana leungit? 37 Naon anu bisa dipake gaganti nyawana? 38 Sabab sing saha anu era ngaku Kami sarta era kana pangajaran Kami di kalangan umat kiwari anu teu satia tur doraka; Putra Manusa oge kitu, — di mana geus datang kalawan kamulyaan Rama-Na bari diiring ku para malaikat suci — bakal era ngaku ka jelema anu kitu.”

Markus 9

1 Saur-Na deui, “Kalawan saenyana, cek Kami ka maraneh: Di antara anu ayeuna araya di dieu, aya anu moal waka paeh samemeh nyaraksian datangna Karajaan Allah anu dibarengan ku kakawasaan.” 2 Heuleut genep poe, ti harita, Isa unggah ka hiji gunung anu luhur. Anjeunna nyandak Petrus, Yakobus jeung Yahya. Di gunungna, ngan aranjeunna bae. Dak dumadak, ku maranehna katenjo Isa salin rupi; 3 panganggo-Na bodas gumebyar, di dunya moal aya anu bisa nyieun bodas kawas kitu. 4 Breh deui katembong aya Nabi Elias jeung Nabi Musa, cacarios jeung Isa. 5 Pok, Petrus mihatur, “Rabi, kalintang asa bagjana abdi-abdi di dieu teh. Abdi bade mangdamelkeun saung, hiji kangge Jungjunan, hiji kangge Nabi Musa, hiji deui kangge Nabi Elias.” 6 Ngomongna asal ngomong bae, pangpangna pikeun ngabangbalerkeun kasieun. 7 Sabot kitu, aya mega anu ngiuhan ka Aranjeunna. Tina eta mega aya sora, “Nya ieu Putra Kami anu dipikanyaah. Masing anut ka Anjeunna.” 8 Sabot maranehna tingtareuteup keneh, teu kanyahoan deui yen geus teu aya sasaha, iwal ti Isa nyalira. 9 Sabot marudun ti gunung, maranehna ku Isa diwawantian sina ulah rea carita tina hal papanggihanana tadi, samemeh Putra Manusa gugah deui ti anu geus maraot. 10 Pamundut Isa ku maranehna disanggupan, bari terus nyoalkeun kecap “gugah deui ti anu geus maraot” pada batur. 11 Pok malihatur kieu, “Naon margina ahli-ahli Kitab nyaurkeun yen Nabi Elias kedah sumping ti heula?” 12 Waler Isa, “Enya, Nabi Elias baris sumping ti heula, pikeun ngomean sakur nu perlu. Tapi anu tumali jeung Putra Manusa kumaha? Apan hal eta oge geus aya tulisanana, yen Anjeunna bakal nandang sangsara anu pohara sarta dihinakeun. 13 Tapi, cek Kami ka maraneh: Saenyana Nabi Elias teh geus sumping, tapi jelema-jelema nyieun sakarep-karep bae ka anjeunna teh; eta teh, cocog, sakumaha anu geus dituliskeun ngeunaan hal anjeunna.” 14 Sanggeus Isa sumping jeung muridna anu tiluan tea, kasampak eta murid-murid anu lianna keur digembrong ku jalma rea; tur aya sababaraha urang ahli Kitab anu keur nyual ka maranehna. 15 Jalma rea nenjo Anjeunna sumping teh bangun bengong, terus buru-buru marapagkeun. 16 Ku Anjeunna dipariksa, “Aya perkara naon jeung itu?” 17 Pok nu saurang mihatur, “Guru, abdi teh ngabantun pun anak ka dieu. Pun anak teh diganggu ku roh jahat dugi ka jadi pireu. 18 Unggal diganggu, pun anak teh dugi ka tibabaranting, sungutna ngabudah, huntuna tikekereket, sareng eta awakna jeger. Parantos nyuhunkeun ka Tuang murid, supados roh jahatna diusir, nanging henteu tariasaeun.” 19 Saur Isa ka maranehna, “Beu, maraneh teh umat anu teu boga iman! Kudu sabaraha lilana Kami aya di maraneh teh? Nepi ka mana Kami kudu sabar ka maraneh? Bawa budakna ka dieu!” 20 Tuluy eta budak teh, dibawa ka Anjeunna. Barang roh jahatna nenjo ka Isa, budak teh digubag-gabig terus tibeubeut kana taneuh, ngagorentel, jeung sungutna teh ngabudah. 21 Isa mariksa ka bapana, “Geus lila kituna?” Wangsulna, “Ti aalit. 22 Sering pisan, pun anak teh, disered kana seuneu atanapi ka cai bade dibinasa. Kitu nu mawi, manawi Anjeun iasa; abdi teh neda dipihawatos, tulungan.” 23 Waler Isa, “Cek maneh mun Kami bisa? Euweuh barang mustahil pikeun anu percaya mah!” 24 Bapa budak gancang ngalengis, “Kantenan, abdi percanten. Bilih bae abdi teu percanten, nyuhunkeun piwelas-Na bae!” 25 Barang ku Anjeunna katingali jelema-jelema beuki loba anu ngangseg ngadareukeutan; Anjeunna nimbalan ka roh jahat tea, bengis pisan, saur-Na, “Eh, roh jahat anu nyababkeun ieu budak pireu jeung torek, ingkah maneh ti eta budak; ulah ganggu-ganggu deui!” 26 Gancang eta roh jahat teh kaluar bari ngoceak jeung ngagubag-gabig eta budak nemen pisan. Katembongna, eta budak teh, lir paeh bae; nepi ka cek jelema-jelema teh, geus paeh. 27 Tuluy eta budak teh, ku Isa dicepeng leungeunna, dihudangkeun; terus bae manehna hudang sorangan. 28 Sanggeus Anjeunna ngan kari jeung murid-murid bae di imah, murid-murid haturan, “Naon margina abdi-abdi teu tiasa ngusir eta roh?” 29 Waler Isa, “Bangsa kitu mah bisana diusir ngan ku paneda.” 30 Isa katut murid-murid jengkar ti dinya, ngalangkungan Galilea: Nya da Anjeunna hoyong ulah kanyahoan ku saha bae. 31 Sabab Anjeunna bade wawangsit ka murid-murid. Kieu saur-Na, “Putra Manusa teh, bakal diselehkeun kana genggeman manusa; terus ku maranehna Anjeunna bakal dipaehan; tapi sanggeus tilu poe ti wates dipaehan, Anjeunna baris hudang deui.” 32 Teu kaharti ku murid-murid mah kasaurana-Na teh, tapi teu wani naranyakeun. 33 Isa jeung murid-murid sumping ka kota Kapernaum. Sanggeus araya di bumi, Anjeunna mariksa ka murid-murid, “Ngaromongkeun naon tadi di jalan?” 34 Murid-murid ngabaretem sabab tadi teh, maranehna, cekcok marebutkeun saha nu unggul di antara maranehna. 35 Gek, Anjeunna linggih, murid-murid sina kumpul; terus Anjeunna sasauran, “Anu hayang ti heula, kudu daek jadi pangpandeurina jeung jadi pelayan batur-batur.” 36 Tuluy Anjeunna nyandak hiji budak leutik, ditangtungkeun di tengah; terus eta budak, ku Anjeunna dirangkul. Saurna ka murid-murid, 37 “Saha-saha bae anu nampa budak, pantar ieu, demi Kami; eta teh nampa Kami. Saha-saha nu nampa Kami, lain nampa Kami; tapi nampi Anjeunna, nya eta anu ngutus Kami tea.” 38 Pok, Yahya mihatur, “Pa Guru, abdi-abdi kantos ningal aya jalmi anu sanes ti barisan urang, nanging ngusir setan kalayan nyebat Tuang jenengan. Ku abdi-abdi, manehna, dicarek; da sanes ti barisan urang tea.” 39 Saur Isa, “Ulah dicarek! Sabab moal aya jelemana, anu tas nyieun mujijat demi ngaran Kami terus ngagogoreng Kami. 40 Anu ka urang henteu ngalawan mah, tandaning aya di barisan urang. 41 Kami ngabejaan: Saenyana sing saha anu mere nginum ka maneh, najan ngan sacangkir, ku sabab nyahoeun yen maneh panganut Al Masih; tinangtu manehna meunang ganjaran.” 42 “Saha-saha anu ngalantarankeun pecatna iman salah sahiji ti barudak leutik anu percayana ka Kami kawas ieu; leuwih hade, mun eta jelema dibangbaluhan beuheungna ku batu panggilingan, terus dibalangkeun ka laut. 43 Jeung bisi bae, salah sahiji ti leungeun nu maraneh tea ngalantarankeun pecatna iman; teukteuk bae! Sabab leuwih hade buntung, tapi maraneh asup ka alam hirup; tinimbang leungeun walagri, tapi maraneh dibalangkeun ka naraka, kana seuneu nu teu pareum-pareum tea ( 44 di dinya mah, bilatungna teh, teu paeh-paeh jeung seuneuna ge, teu pareum-pareum.) 45 Bisi bae, salah sahiji ti suku nu maraneh tea ngalantarankeun pecatna iman; teukteuk bae! Sabab leuwih hade pincang, tapi maraneh asup ka alam hirup; ti batan suku walagri, tapi maraneh dibalangkeun ka naraka ( 46 di dinya mah, bilatungna teh, henteu paeh-paeh jeung seuneuna ge, teu pareum-pareum.) 47 Bisi bae, salah sahiji ti panon nu maraneh ngalantarankeun pecatna iman; cokel bae! Sabab leuwih hade panon kences, tapi maraneh asup ka Karajaan Allah; tinimbang ngabogaan panon dua, tapi maraneh dibalangkeun ka naraka, 48 anu bilatung bangkena teu paeh-paeh jeung seuneuna ge teu pareum-pareum. 49 Sabab unggal-unggal jalma, bakal diuyahan ku seuneu. 50 Uyah teh alus; tapi upama eta uyah geus jadi tiis tawar, naon deui anu bisa mulihkeun rasa asinna? Jadi, dina diri maraneh teh kudu aya uyahna; jaba ti eta, jeung pada batur, hirup teh, kudu akur.”

Markus 10

1 Ti dinya, Isa jengkar deui ka daerah Yudea jeung daerah peuntaseun walungan Ciyordan. Di dinya oge, loba pisan jelema nu daratang ka Anjeunna sarta saperti biasana, Anjeunna maparin piwuruk. 2 Urang-urang Parisi oge daratang; maksudna, rek ngadoja ka Anjeunna, nanya kieu, “Ari salaki meunang nyerahkeun bojona?” 3 Tapi ku Anjeunna diwaler kieu, “Parentah Nabi Musa ka aranjeun, kumaha?” 4 Walonna, “Nabi Musa ngidinan nyerahkeun, tapi kudu make surat talak.” 5 Saur Isa, “Nabi Musa netepkeun eta parentah ka aranjeun teh, lantaran aranjeun baredegong. 6 Sabab barang mimiti alam dunya, Allah ngadamel jelema lalaki jeung awewe. 7 Ku sabab kitu, lalaki teh, kudu incah ti indung bapa terus ngahiji jeung pamajikanana; 8 nepi ka duanana ngajadi sadaging. 9 Kitu, nu matak naon-naon anu geus dihijikeun ku Allah, ulah dipisahkeun ku manusa.” 10 Sanggeus araya di bumi, murid-murid mihatur ka Anjeunna, nanyakeun hal ngeunaan lalaki jeung awewe tea. 11 Ari saur-Na, “Saha-saha anu nyerahkeun pamajikanana, tuluy kawin ka awewe sejen; imah-imah jeung pamajikan anu ieu teh, lampah jinah. 12 Kitu deui, lamun awewe ninggalkeun salakina, terus kawin ka lalaki sejen; imah-imah jeung salakina nu ieu teh, lampah jinah.” 13 Ti dinya, jul-jol anu ngadareuheuskeun barudak leutik ka Anjeunna, menta dipangrampakeun; tapi ku murid-murid mah, maranehna teh dicarekan. 14 Sanggeus kauninga ku Isa, eta murid-murid-Na teh, diseuseul Anjeunna, saur-Na, “Ingkeun, eta barudak teh sina ka Kami ulah dihalang-halang. Sabab jelema anu saperti eta barudak, nu boga Karajaan Allah teh. 15 Cek Kami, ka maraneh: Saenyana pisan, saha-saha anu henteu mapagkeun Karajaan Allah lir budak leutik, pamohalan asup ka dinya.” 16 Tuluy barudak teh, ku Anjeunna dirangkul bari ditumpangan panangan sarta diberkahan. 17 Waktu Isa nembe jengkar neraskeun perjalanan, aya anu lumpat mendakan Anjeunna; terus eta jelema deku payuneuna-Na, pok mihatur, “Pa Guru anu berbudi, abdi teh hoyong tinemu sareng hirup anu langgeng, kedah kumaha?” 18 Waler Isa, “Naha wet nyebut berbudi ka Kami? Saurang ge teu aya anu berbudi, anging Allah bae. 19 Anjeun oge tangtu nyaho parentah-parentah Allah: Ulah maehan, ulah jinah, ulah maling, ulah mere panaksen palsu, ulah macikeuh hak batur, jeung kudu hormat ka bapa ka indung!” 20 Eta jelema ngawangsul, pokna, “Pak Guru, eta sadayana parantos dilakonan ti ngongora.” 21 Tapi ku Isa diteuteup, semu nu welas; pok, Anjeunna ngalahir, “Ngan sarupa kurangna teh: Bral balik heula, jual kabeh kakayaan, duitna dermakeun ka nu mariskin, ambeh anjeun meunangkeun banda sawarga; terus anjeun balik deui ka dieu, ngiring Kami.” 22 Meunang waleran kitu, eta jelema mani melenguk; terus anjeunna mulang bari jeung semu ngungun; da kacida lobana, bandana teh. 23 Isa neuteup ka murid-murid-Na, nu aya di sakuriling-Na; lajeng Anjeunna ngalahir, “Hese pisan jelema jegud asup ka Karajaan Allah teh.” 24 Murid-murid-Na, arolohok ngadenge pilahir-Na teh. Tapi Anjeunna ngalahir deui, “Barudak, kacida banggana nya asup ka Karajaan Allah teh. 25 Babari keneh onta nyeplos kana liang jarum, ti batan jelema jegud asup ka Karajaan Allah.” 26 Murid-murid jadi gehger, ngaromong pada baturna, “Lamun kitu, saha nu baris salamet atuh?” 27 Sanggeus neuteup, Isa ngalahir ka maranehna, “Cek manusa mah, eta teh mustahil; tapi henteu, pikeun Allah mah. Sagala rupa oge, pikeun Allah mah, euweuh anu mustahil.” 28 Pok, Petrus mihatur, “Abdi-abdi parantos cul naon-naon, teras ngiring ka Jungjunan!” 29 Waler Isa, “Nah, cek Kami: Unggal-unggal jelema anu cul imah-tangga, cul dulur lalaki dulur awewe, cul indung cul bapa, cul anak cul pakaya, demi Kami jeung demi Injil, 30 ti ayeuna keneh, eta jelema bakal nampa saratus tikel: Imah, dulur awewe dulur lalaki, indung, anak, pakaya, sanajan kituna teh bari teu luput nandangan rupa-rupa panganiayaan; kitu deui, dina jaman ka hareupna, tinangtu bakal ginanjar hirup nu langgeng. 31 Tapi anu geus ti hareula loba nu bakal datang pangpandeurina; kitu deui anu pangpandeurina, bakal jadi pangheulana.” 32 Isa jeung murid-murid geus di tengah jalan ka Yerusalem; ari Isa, angkatna, di beulah hareup. Murid-murid ngarasa honcewang, kitu deui nu sejen-sejenna anu ngiring ka Anjeunna; maranehna ge, pada ngarasa salempang. Isa nyaur deui murid-murid, nyaurkeun nu bakal tumiba kana salira-Na. 33 Saur-Na, “Ayeuna urang teh arek ka Yerusalem. Di dinya, Putra Manusa bakal diselehkeun ka imam-imam kapala jeung ahli-ahli Kitab. Terus ku maranehna, Anjeunna teh bakal diragragan hukum paeh. Jaba ti eta, maranehna ge bakal nyelehkeun Anjeunna ka bangsa anu teu wawuh ka Allah. 34 Anjeunna oge bakal dipoyok, dihina, dicariduhan, jeung dirangketan; geus kitu, kakara Anjeunna teh dipaehan; saterusna, sanggeus tilu poe ti harita, Anjeunna bakal hudang deui.” 35 Ti dinya, Yakobus jeung Yahya, anak Sebedeus tea, ngadeukeutan ka Anjeunna terus mihatur, “Pa Guru, abdi gaduh panuhun, mugi didangu.” 36 Waler-Na, “Aya kahayang naon?” 37 Pihaturna, “Widian, engke, abdi-abdi dina kamulyaan Pa Guru sina diuk di kiwaeun sareng di tengeneun.” 38 Tapi saur Isa, “Maraneh teu nyaho ka nu dipenta. Sanggup maraneh nginum lumur nu ku Kami kudu diinum? Sanggup dibaptis ku baptisan anu diwajibkeun ka Kami?” (“Nginum lumur” maksudna: nandangan sangsara). 39 Maranehna ngajawab, “Sanggem.” Saur Isa, “Puguh kitu tea mah, maraneh memang bakal nginum lumur nu ku Kami kudu diinum jeung dibaptis ku baptisan anu diwajibkeun ka Kami. 40 Tapi hal tempat di kenca jeung katuhueun Kami, Kami teu boga hak ngidinan. Eta mah, rek dibikeunna ngan ka jelema-jelema anu geus ditangtukeun bae.” 41 Murid-murid, nu sapuluh urang deui, jadi arambekkeun ka Yakobus jeung Yahya. 42 Tapi ku Isa disauran, “Maraneh nyaho, yen anu disarebut pamarentah bangsa teh, marentah ka rayatna keras pisan; kitu deui pembesar-pembesarna, ka rayat teh kacida kerasna. 43 Maraneh jeung maraneh mah ulah kitu. Sing saha nu hayang punjul kudu laladen ka babaturan. 44 Sing saha nu hayang jadi pepentol, kudu jadi gandek sarerea. 45 Sabab Putra Manusa oge, datang teh, lain hayang dilalayanan; tapi seja ngalalayanan jeung seja ngorbankeun pati, pikeun nebus jalma rea.” 46 Isa jeung murid-murid-Na cunduk ka kota Yeriko. Sanggeus kaluar ti Yeriko, bari diiring ku murid-murid jeung jalma rea sejenna, mendak jelema lolong anu sok jajaluk; ngaranna Bartimeus, anak Timeus; manehna teh keur andiprek sisi jalan. 47 Sanggeus manehna nyahoeun yen Isa, urang Nasaret tea, ngalangkung; tuluy bae gera-gero, “Nun Isa, Putra Daud, sing hawatos ka abdi!” 48 Dicarek oge ku nu rea anggur beuki tarik gera-gerona, “Nun Putra Daud, sing hawatos ka abdi!” 49 Anjeunna reg liren, saur-Na, “Sina ka dieu!” Tuluy eta nu lolong teh disina datang. Cek nu neangna, “Sing mantep hate teh, hiap, itu Anjeunna nyaur.” 50 Sot jubahna, tuluy manehna buru-buru nyampeurkeun ka Isa. 51 Ku Anjeunna dipariksa, “Hayang dikumahakeun ku Kami teh?” Wangsulna, “Rabuni (hartina: Guru), abdi teh hoyong tiasa ningal!” 52 Saur Isa, “Heug, iman kapercayaan maneh geus nulung!” Dadak sakala, harita keneh, manehna bisa nenjo; tuluy manehna milu ngiring Anjeunna.

Markus 11

1 Isa katut murid-murid-Na geus cunduk ka hiji tempat deukeut Betania jeung Betpage di suku Gunung Jetun, teu jauh deui ti Yerusalem. Anjeunna miwarang dua murid, 2 saur-Na, “Teruskeun ka kampung itu. Sa-supna ka dinya, engke, maraneh bakal manggih kalde keur dicangcang. Eta kalde teh ngora keneh jeung can aya anu numpakan. 3 Leupaskeun cangcangna, tuluy bawa ka dieu. Lamun aya anu negor, bejakeun: Diperlukeun ku Jungjunan, engke ge, dipulangkeun deui.” 4 Dua murid arindit. Sa-supna ka dinya, maranehna manggihan eta kalde keur dicangcang di buruan hiji imah di sisi jalan. Tuluy cangcangna diudaran ku maranehna. 5 Jelema-jelema anu keur narangtung di dinya, negor, “Rek dibawa ka mana?” Ku nu duaan tea, dijawab sakumaha papatah Isa. 6 Anu negor henteu ngoretkeun. 7 Terus eta kalde ditungtun, dibawa ka Isa; — eta tonggong kalde teh geus meunang nilaman ku baju masing-masing — tuluy ku Anjeunna ditunggangan. 8 Jelema-jelema, loba anu ngalamparkeun papakeanana di jalan; ari anu sawarehna deui, ngalamparkeun dangdaunan anu saleger beunang ngala ti tegalan. 9 Anu ngiring, beulah hareup jeung beulah tukang ger cumeluk, “Hosana! (hartina kira-kira: Dirgahayu). Wilujeng Anu sumping ngemban jenengan Pangeran! 10 Wilujeng karajaan karuhun urang, karajaan Daud. Hosana di manggung!” 11 Isa lebet ka jero kota Yerusalem. Terus Anjeunna lebet ka jero Bait Suci bari rarat-reret mariksa kaayaanana. Tapi ku sabab harita teh, geus burit; ti dinya, Anjeunna kaluar deui, mulih-Na ka Betania, diiring ku murid dua belas. 12 Poe isukna, sanggeusna Isa samurid-murid-Na jengkar ti Betania, Anjeunna teh lapar. 13 Ti kajauhan, Anjeunna ningali aya tangkal kondang keur meujeuhna gomplok daun. Lajeng dicaketan, panggalihna, sugan ayaan. Tapi Anjeunna teu mendak naon-naon, salian ti daun wungkul. Sabab can usumna buahan. 14 Pok, Anjeunna ngalahir ka eta tangkal kondang, “Moal aya deui jelema anu baris ngadahar buah maneh sapapanjangna.” Ku murid-murid oge sidik kadarenge. 15 Sasumpingna Isa jeung murid-murid ka Yerusalem, langsung lebet ka Bait Allah. Jelema-jelema anu keur jualmeuli di emperna ku Anjeunna diusir. 16 Meja-meja tukang nalukeurkeun duit jeung bangku-bangku tukang japati, dibalik-balikkeun; anu sejenna ge dilarang, nya eta teu meunang balawiri bari ngakutan dagangan di emper Bait Allah. 17 Terus Anjeunna ngawurukan, saur-Na, “Lain nyaraho, yen kauni dina Kitab Suci: Bait Kami bakal kaceluk tempat sembahyang sagala bangsa? Naha ku maraneh dijieun guha begal?” 18 Barang eta kajadian kauninga ku imam-imam kapala jeung ahli-ahli Kitab, aranjeunna badami hayang ngabinasa ka Isa; bawaning ku risi sabab aranjeunna ningali rayat, kabeh, katarik ku pangajaran Anjeunna. 19 Barang geus meh peuting, Anjeunna jeung murid-murid kaluar ti jero kota. 20 Isukna, isuk-isuk keneh, waktu Isa jeung murid-murid ngalangkung ka urut kamari, kasampak tangkal kondang teh geus garing ka akar-akarna. 21 Pok, Petrus unjukan, — pedah ingeteun keneh kana halna kamari — “Rabi, tingali, tangkal kondang anu kamari disapa teh dugi ka garing kitu.” 22 Anjeunna ngawaler, “Nu matak ge sing percaya ka Allah. 23 Kami mere nyaho: Saenyana, saha bae anu dina hatena boga kayakinan, — henteu hamham, yen saucapna pasti ngajadi — mun manehna nitah ka ieu gunung sina ngeser terus ngagejebur ka laut, pinasti tinekanan. 24 Ku sabab eta, Kami ngabejaan deui: Naon bae anu ku maraneh dipenta disambat ka Pangeran, asal percaya yen saenyana mah ku maneh geus katarima, tinangtu dipaparinkeun. 25 Jeung lamun arek sembahyang, bisi boga kateungeunah ka batur, maraneh kudu ngahampura heula manehna, supaya kasalahan maraneh dihampura ku Rama nu di sawarga. 26 Sabab mun maraneh taya hampura, Rama maraneh nu di sawarga oge moal kersaeun ngahampura dosa maraneh.” 27 Isa katut murid-murid-Na sumping ka Yerusalem deui. Waktu Anjeunna keur ngalangkung di palataran Bait Allah, disalampeurkeun ku imam-imam kapala, ahli-ahli Kitab jeung parakokolot. 28 Aranjeunna mariksa kieu, “Boga hak naon Anjeun nyieun sarupa kitu? Dikawasakeun ku saha Anjeun kikituan teh?” 29 Ku Isa diwaler, “Kaula rek nanya heula. Lamun kajawab, ku Kaula tangtu disebut hak naon anu dipake ku Kaula: 30 Ari baptisan Nabi Yahya ti sawarga atawa ti manusa?” 31 Aranjeunna tinggerendeng heula, salaurna, “Disebutkeun asal ti sawarga, tangtu ditanya ku naon teu dipercaya. 32 Tapi piraku kudu disebutkeun asal ti manusa mah!” Teu warantuneun nyebutkeun kitu mah, sieuneun ku rayat. Sabab rayat mah, kabeh ge, nganggap Yahya teh nabi. 33 Tungtungna, ngawalonna teh, “Duka teuing!” Waler Isa, “Kaula ge moal nerangkeun, make hak naon Kaula nyieun hal-hal anu sarupa kitu.”

Markus 12

1 Lajeng Isa ngadawuh nganggo misil, kieu, “Aya hiji jelema muka kebon anggur, kebonna dipager sakurilingna. Terus manehna nyieun bak pameresanana jeung saung ranggon pikeun tempat jaga. Sanggeus beres, kebon teh, ku manehna disewakeun ka sababaraha urang sina digarap; ari manehna mah, bral bae nyaba ka nagara sejen. 2 Barang geus meujeuhna panen, manehna nitahan salah saurang bujangna sina nagih sewaan bagi hasil ka nu ngagararap kebonna tea. 3 Tapi si bujang teh bet dicarerek jeung ditareunggeulan, tuluy diusir disina balik lengoh. 4 Nu boga kebon nitahan saurang bujang sejenna. Titahan nu ieu mah, malah ditareunggeulan sirahna mani balancunur, jaba disurakan diera-era, jeung dinyenyeri. 5 Nu boga kebon nitahan saurang deui; nu ieu ge, nya kitu; malah mah, nepi ka dipaehanana pisan. Loba deui nu dititahan teh, tapi kabeh oge ngan ngadon diteunggeulan atawa dipaehan pisan. 6 Ayeuna anu bisa dititah nagih teh kari saurang, nya eta anak kameumeutna. Nya ahirna mah, anakna ge kapaksa dititah nagihan ka nu nyarewa kebon tea; cek pikirna: Ku anak aing mah, meureun sarieuneun. 7 Tapi nu nyarewa teh, anggur sakait rek maraehan; pokna teh, ‘Kabeneran ieu mah ahli warisna pisan; urang paehan bae sakalian, warisanana keur urang.’ 8 Tuluy anak nu boga kebon teh, ditewak terus dipaehan; mayitna dibalangkeun ka luareun kebon anggur.” 9 “Tah ayeuna,” dawuhan Jungjunan, “kira-kirana nu boga kebon teh rek kumaha? Tangtu datang mawa balad, nu nyarewa kebon teh tangtu ditumpes. Ari kebonna dipasrahkeun ka panggarap nu sejen. 10 Naha maraneh acan maca nu kieu unina: Batu nu geus dipiceun ku tukang tembok teh, geus dijieun batu juru. 11 Kitu mungguhing Pangeran mah, sedeng cek urang mah eta teh aneh.” 12 Sanggeus kitu, maranehna nareangan akal, supaya Jungjunan bisa ditangkep; lantaran karasaeun, yen eta misil teh nyindiran aranjeunna. Tapi ku lantaran risi ku jelema rea, tuluy bae tinglaleos, ngantunkeun Jungjunan. 13 Aya deui urang Parisi jeung anggota parteyna Raja Herodes anu diutus ka Isa, sina mere sual pikeun nyiar-nyiar kasalahan Jungjunan. 14 Sadatangna, pok naranya kieu, “Guru, simkuring terang, Anjeun teh jujur sareng henteu aya nu dipikasieun; sabab Anjeun mah sanes pangarahan, estu seja ngawulang perkara jalan-jalanna hirup anu dipikarido ku Pangeran. Hoyong terang: Ari urang kedah mayar pajeg ka Prabu atanapi henteu? Naha eta teh wajib atanapi henteu?” 15 Tapi Isa uningaeun kana niat palsuna, lajeng Anjeunna ngawaler, “Naha aranjeun teh bet ngadoja ka Kami? Cik mana duitna, Kami ngilikan.” 16 Song duitna teh, ku maranehna, disanggakeun. Lajeng Isa mariksakeun, “Gambar saha jeung ngaran saha anu aya dina duit ieu teh?” “Gambar sareng jenengan Prabu tea,” walonanana. 17 Dawuhan Isa, “Tah geuning! Ari kagungan Prabu mah, atuh kudu disanggakeun deui ka Prabu; kagungan Allah kitu deuih, kudu ka Gusti Allah disanggakeunana teh!” Meunang waleran kitu teh, maranehna bati bengong nu aya. 18 Geus kitu, jol deuih urang Saduki, nya eta golongan anu teu percaya kana poe kiamat, tuluy naros, 19 “Guru, parantos aya katangtosan ti Nabi Musa kieu: Upama aya hiji jelema nu boga dulur lalaki, heug manehna maot ninggalkeun pamajikan bari teu gaduh anak; si pamajikanana teh, kedah dikawin ku nu jadi adina, supaya lanceukna aya turunanana. 20 Cariosna, aya tujuh lalaki padudulur; anu cikalna teh gaduh bojo; geletuk teh, manehna maot bari teu gaduh anak. 21 Bojona ditikah ku adina. Nanging adina oge maot deuih kalawan teu boga anak. Teras ditikah ku nu katilu. 22 Nu katilu oge sami, kitu keneh. Kitu sareng kitu bae saterasna teh, dugi ka nu katujuh sadayana teu garaduh turunan. Panungtunganana, awewena oge maot deuih. 23 Dupi dina poe kiamat saparantos maranehna harirup deui, jadi pamajikan saha eta awewe teh? Margi parantos kapibojo ku tujuhanana.” 24 Lajeng Isa ngawaler, “Sasab eta pikiran aranjeun teh; ku lantaran aranjeun can ngarti kana eusining Kitab Suci jeung kana kakawasaan Gusti Allah. 25 Di alam kiamat mah, sanggeus nu maraot harirup deui, jelema teh geus moal nikah jeung moal ditikahkeun; lantaran kaayaan hirupna, geus sarua jeung kaayaan malaikat di sawarga. 26 Naha acan tarerang kitu, yen nu maraot teh baris harirup deui? Kapan aya dina kitab Nabi Musa basa anjeunna ningali rungkun cucuk nu ngagedur hurung. Harita Pangeran ngadawuh ka anjeunna, ‘Kami teh Allah nu disembah ku Ibrahim, Allah nu disembah ku Ishak, jeung Allah nu disembah ku Yakub.’ 27 Tetela atuh, yen Gusti Allah teh, Allah nu disembah ku sakur jelema nu hirup, lain Allah nu disembah ku jelema-jelema nu geus paraeh. Naha pikiran aranjeun teh nepi ka sasab kitu!” 28 Aya hiji ahli Toret anu milu ngadengekeun sual jawab Isa jeung urang Saduki. Ku manehna karasaeun, yen waleran Isa teh keuna pisan. Tuluy manehna tumaros kieu, “Dupi Hukum Toret anu mana anu pangpentingna?” 29 Dawuhan Isa, “Hukum Toret anu pangpentingna teh, nya eta: Regepkeun he urang Israil. Allah nu disembah ku urang teh, nya eta Nu Mahatunggal tea. 30 Maraneh teh kudu nyaah ka Pangeran, — Allah nu disembah ku maneh — masing tepi kana ati, parat kana jiwa, sabudi akal, sarta satekah polah. 31 Hukum anu kadua nya eta: Kudu nyaah ka sasama saperti ka diri. Euweuh deui hukum Toret anu leuwih penting batan eta dua anu kasebut bieu.” 32 Ahli Toret unjukan deui, “Sae pisan, leres pisan! Leres eta nu didawuhkeun teh. Leres, Mantenna teh Nu Mahatunggal tea; henteu aya deui nu sanesna, iwal ti Mantenna. 33 Saleresna, nyaah ka Pangeran teh kedah tepi kana ati, parat kana jiwa, sabudi akal, satekah polah bari dibarengan ku nyaah ka sasama saperti ka diri; da nu kitu teh langkung utami tibatan sagala rupi kurban, boh nu mangrupi kurban nu diduruk boh kurban nu dipeuncit.” 34 Isa tingali yen walonan eta ahli Kitab teh pohara iklasna, lajeng ngadawuh, “Anjeun teh teu jauh deui ti Karajaan Allah!” Ti semet harita mah, henteu aya saurang-urang acan anu wanieun deui nyual ka Jungjunan. 35 Waktu keur ngawulang di Bait Allah, Isa ngadawuh, “Naha kumaha ahli Toret teh nepi ka nganggap yen Al Masih teh Putra Daud. 36 Daud ku anjeun ku pituduh Ruh Allah geus ngalahir kieu: Pangeran parantos ngadawuh ka Jungjunan kaula kieu: ‘Geura calik katuhueun Kami, nepi ka musuh-musuh teh ku Kami dijieun titincakan Anjeun.’ 37 Ku sabab Daud ku anjeun nyebutna teh Jungjunan, atuh mustahil anu disebut Jungjunan teh putrana.” Balarea anu ngadarengekeun piwulang-Na harita ngarasa kacida katarikna ku piwulang Anjeunna. 38 Salajengna Jungjunan maparin nasehat, “Kade, sing ati-ati, di mana maraneh nyanghareupan ahli-ahli Toret anu gawena resep jalang-jeleng di pasar marake jubah panjang ngarah dihalormat; 39 jeung ari di tempat-tempat pangibadahan, diukna teh di nu panghareupna; di nu hajat-hajat ge nya kitu, milihna teh tempat anu terhormat bae. 40 Padahal maranehna teh, saenyana mah, tukang ngarayah harta banda randa-randa sarta kalakuanana teh dipindingan ku do'a anu pararanjang. Hukuman keur maranehna, pasti bakal leuwih beurat.” 41 Hiji mangsa, Isa linggih mayunan peti duit derma. Ti dinya, Anjeunna ningalikeun pepetaan jelema-jelema anu ngarasupan peti derma tea. Loba nu galede ngasupanana teh, nya eta anu baleunghar tea. 42 Teu lila, jol hiji randa miskin ngasupkeun recehan tambaga dua. 43 Isa nyaur ka murid-murid-Na, lajeng ngadawuh, “Cek Kami mah: Duit anu diasupkeun ku randa nu bieu teh, leuwih berharga batan ti nu sejen. 44 Sababna, nu lian-lianna mah, marerena teh lantaran duitna geus leuwih ti cukup. Ari nyi randa miskin tea mah, memang ngan boga sakitu-kituna; jadi, nu didermakeun teh, saayana tina napakahna.”

Markus 13

1 Waktu Isa kaluar ti Bait Allah, aya murid nu unjukan, “Guru cobi itu tingali, adegan-adegan teh mani sakitu agrengna, batu-batuna sakitu tohagana.” 2 Isa ngawaler, “Kutan teh maneh ngawas-ngawas ka adegan-adegan eta? Kami rek ngabejaan ka maneh: Engke mah, moal aya hiji batu anu bakal tetep dina tempatna; kabeh oge bakal diruntuhkeun.” 3 Waktu Isa nuju nyalira linggih di luhur Gunung Jetun mayun ka Bait Allah, Petrus, Yakobus, Yahya, jeung Andreas nararos ka Anjeunna, 4 “Hoyong diwartosan, dupi anu tadi disaurkeun teh, iraha bakal kajadianana sareng naon cicirenna?” 5 Lajeng Isa ngadawuh kieu, “Maraneh sing ati-ati, ulah nepi ka beunang katipu. 6 Rea nu bakal datang ngaku-ngaku ngaran Kami, akon-akon: ‘Kami teh Al Masih;’ sarta loba pisan anu bakal katipu ku maranehanana. 7 Jeung deui, lamun maraneh ngadenge geunjleungna peperangan atawa ngadenge beja hal peperangan, teu kudu reuwas-reuwas. Eta mah, kabeh oge, memang geus kuduna kitu; tapi sanajan kitu kaayaanana ge, acan nepi kana ahir jaman mah. 8 Sabab bangsa-bangsa bakal silih perangan, nya kitu keneh nagara jeung nagara silih tarajang; jeung deui, di sababaraha tempat bakal aya lini jeung bahaya kalaparan. Eta kabeh, ngan ukur kakara mimiti kasangsaraan, ngadago jaman anyar. 9 Sing caringcing! Maraneh tangtu bakal diserenkeun ka Majelis Agama sarta bakal disiksa di jero tempat-tempat pangibadahan. Jeung deui, maraneh ge bakal diserenkeun ka para pangagung jeung ka raja-raja ku lantaran Kami, nya pikeun jadi saksi ka maranehna. 10 Sabab Injil teh, kudu ditepikeun ka sakabeh bangsa-bangsa. 11 Jeung deui, lamun maraneh digiring dijagragkeun ka pangadilan, teu kudu bingung ku picaritaeun. Pokkeun bae sakumaha kereteg hate dina waktu harita. Sabab anu bakal cacarita teh lain maraneh, tapi Ruh Allah. 12 Dulur jeung dulur bakal silih dakwakeun, supaya dipaehan; nya kitu oge, bapa ka anak. Nu jaradi anak bakal ngabarontak ka nu jadi kolotna, malah nepi ka wani maehan pisan. 13 Maraneh bakal dipikageuleuh ku sarerea tina lantaran Kami. Tapi ari anu tarahan uji nepi ka panungtungan mah, bakal salamet.” 14 “Samangsa maraneh nyaraksian kana kajadian Musibat nu matak ngerik tea tur kajadianana teh lain di nu samistina (ieu mugi diperhatoskeun ku para maos), nu keur araya di tanah Yudea kudu nyaringkah ngungsi ka pagunungan. 15 Sing saha nu harita aya di loteng imahna, poma ulah asup heula ka imah nyokot bawaeun; 16 anu keur aya di huma, ulah make balik heula pikeun nyokot papakean. 17 Tada teuing bae sangsarana sakur anu keur kakandungan atawa anu keur orokan. 18 Kudu neneda ka Allah, supaya kajadianana teh ulah dina usum tiris. 19 Sabab nya harita, datangna katunggaraan nu panghebat-hebatna teh. Sabab ti barang langit jeung bumi diciptakeun ku Gusti Allah, musibat kawas kitu mah, kakara harita ayana teh; ka hareupna ge moal aya deui. 20 Lamun heug ku Gusti Allah waktuna teu dikurangan, pasti moal aya anu bisa lolos. Tapi demi jelema-jelema nu geus kapilih ku Mantenna, musibat teh waktuna bakal disingget. 21 Lamun dina waktu harita, aya nu ngomong ka maraneh, ‘Tah ieu Al Masih teh,’ atawa ‘Tuh itu Al Masih teh,’ poma ulah dipercaya! 22 Sababna, dina waktu eta teh bakal maruncul boh al masih-al masih palsu, boh nabi-nabi palsu; maranehna ge bakal ngayakeun tanda-tanda aheng. Maksudna mah, teu aya lian, iwal ti mun bisa mah rek nyasabkeun jalma-jalma anu geus kapilih ku Gusti Allah tea. 23 Jadi, maraneh kudu awas jeung waspada! Maraneh geus dipepelingan ku Kami ti samemehna keneh.” 24 “Sanggeus katunggaraan tea liwat, panonpoe moal cahayaan jeung bulan oge moal caang; 25 bentang-bentang bakal ragragan ti langit; kakuatan-kakuatan nu ngatur sagala nu aya di langit bakal genjlong. 26 Nya harita pisan, jelema-jelema bakal nyaksian rawuh-Na Putra Manusa dina mega pinuh ku kakawasaan jeung kamulyaan. 27 Lajeng Putra Manusa teh baris nimbalan para malaikat, supaya ngumpulkeun sakur anu geus kapilih tea, — nu ti kaler, ti kidul, ti wetan, jeung ti kulon — ti tungtung bumi nepi ka tungtung deui. 28 Geura ngareunteung kana kaayaan tangkal kondang. Lamun dahanna geus mimiti ngandung cai jeung geus mimiti sirungan; eta geus teu bireuk deui, tandaning geus deukeut kana halodo. 29 Tah, nya kitu keneh, lamun engke maraneh nyaksian kajadian-kajadian anu ka sebut tadi tea. Eta teh, nyirikeun yen waktuna enggeus deukeut, geus nampeu pisan! 30 Kami ngabejaan ka maraneh: Jelema-jelema nu hirup kiwari moal waka tumpur samemeh naon nu kasebut bieu kajadian. 31 Langit jeung bumi bakal euweuh, tapi ucap-ucapan Kami mah moal. 32 Tapi ari iraha-irahana mah, boh poena, boh waktuna moal aya anu nyaho; dalah para malaikat anu di sawarga henteu tarerangeun; kitu keneh Putra Manusa; anging Allah, Rama, anu uninga.” 33 “Masing nyaring jeung caringcing! Sabab maraneh, moal nyaho iraha waktuna. 34 Hal eta sarua bae jeung anu rek nyaba jauh. Kapan samemeh ninggalkeun imah teh, tangtu manehna metakeun heula bujang-bujangna pikeun tugasna masing-masing. Purah jaga panto ge kitu, diparentahkeun supaya enya-enya ngajagana teh. 35 Ku sabab eta, maraneh oge kudu enya-enya caringcing teh; sabab maraneh teh moal nyaho kana pibalikeunana nu boga imah, naha sore, naha tengah peuting, janari, atawa subuh. 36 Supaya dina waktu nu boga imah datang, maraneh ulah nepi ka kasampak keur sarare. 37 Ieu anu ku Kami dibejakeun ka maraneh teh, keur ka sarerea oge. Kabeh kudu nyaring jeung caringcing!”

Markus 14

1 Pidua poeeun deui kana Hari Raya Paska jeung Pesta Roti teu diragian, imam-imam kapala jeung ahli-ahli Toret nyiar akal, sangkan bisa newak jeung nelasan Isa ku tipu daya. 2 Cek maranehna, “Alusna mah, dilampahkeunana teh ulah dina waktu perayaan, bisi rayat jadi heboh.” 3 Hiji mangsa, Isa aya di wewengkon Betani, di imahna ki Simon Kusta. Waktu Anjeunna nuju tuang, jol aya awewe ngadeuheusan; eta awewe teh mawa minyak seungit, sapeles, nu kacida mahalna. Sanggeus cocokna dibuka, tuluy dikocrot-kocrot ka Isa, kana rambut-Na. 4 Ti antara nu araya di dinya, aya sababaraha urang nu ngarasa keuheul; maranehna tinggerendeng pada batur, pokna, “Nanaonan minyak seungit samahal-mahal bet dihambur-hambur kitu; 5 mun dijual mah, bisa payu kana leuwih ti tilu ratus dinar; duitna, meureun bisa dipake nulung pakir miskin.” Si awewe teh pada ngagalendengan. 6 Tapi Isa ngalahir kieu, “Ari maraneh bet aropenan teuing. Keun bae, da eta teh keur nembongkeun kahadean ka Kami. 7 Ari pakir miskin mah, salawasna ge, aya bae dina hirup kumbuh teh. Ari enya-enya maraneh niat mere mah, iraha-iraha ge bisa. Sedengkeun Kami mah, moal salawasna babarengan jeung maraneh teh. 8 Manehna nepi ka bisa migawe kieu teh, estuning geus sabisa-bisa. Awak Kami ku manehna diseungitan, ieu teh mere tanda yen Kami moal lila deui oge dimakamkeun. 9 Rek dijelaskeun bae ku Kami: Engke, di mana bae Injil diwawarkeun, lampahna ieu awewe teh tangtu milu kasebut-sebut; manehna baris tetep kapieling.” 10 Ti dinya, Yudas Iskariot, salah saurang murid nu dua belas tea, ngaleos; manehna indit teh, pikeun nepungan para imam-imam kapala tea, nya eta rek nyelehkeun Isa. 11 Ngadenge Yudas nyanggupan kitu, imam-imam kapala teh pohara aratoheunana, nepi ka jarangji rek mere duit. Ti harita, Yudas teh henteu weleh neangan kasempetan rek nyelehkeun Isa tea. 12 Dina poe Hari Raya Roti teu diragian anu kahiji, nya eta waktuna meuncit domba Paska, murid-murid arunjukan, “Dupi kangge Jamuan Paska teh palay di mana disayagikeunana?” 13 Lajeng Isa ngutus murid, duaan. Dawuhana-Na, “Maraneh kudu ka kota. Engke, di ditu, tangtu tepung jeung hiji lalaki nu mawa kendi cai. Ku maraneh tuturkeun, nepi ka asup ka imahna. 14 Bejakeun kieu ka nu boga imah, ‘Kawiatan saur ku Ama Guru, saur-Na: Kamar mana pikeun Kami ngariung Jamuan Paska jeung murid-murid teh?’ 15 Engke, ku manehna dituduhan hiji kamar gede di loteng. Parabot pikeun kaperluan Jamuan Paska ge, geus lengkep sadia. Pek sayagikeun di dinya sagala kaperluan keur urang teh.” 16 Bral, murid nu duaan teh, arindit. Barang nepi ka kota, sakur nu tadi didawuhkeun ku Isa teh cocog jeung buktina. Atuh tuluy bae maranehanana nyayagikeun pikeun tuang kangge Hari Raya Paska tea. 17 Peutingna, Isa katut dua belas murid-murid sumping. 18 Waktu ngariung dalahar, Isa ngadawuh kieu, “Ku Kami teh aya nu rek diwakcakeun ka maraneh: Salah saurang ti antara maraneh teh, aya nu boga niat nyelehkeun Kami; jelemana ge, ayeuna aya di dieu, milu ngariung.” 19 Atuh murid-murid teh kacida naralangsana. Pok arunjukan ka Jungjunanna, “Naha abdi kitu?” 20 Isa ngawaler, “Salah saurang ti maraneh anu dua belas tea, nya eta anu engke bareng jeung Kami nyocolkeun roti kana pinggan. 21 Memang bener, da geus kuduna, Putra Manusa teh nyorang jalan sakumaha nu geus dituliskeun dina Kitab Suci; tapi kacida cilakana eta nu hianatna teh. Pikeun manehna mah, saenyana, mending oge teu kungsi gelar ka dunya.” 22 Sabot dalahar, Isa nyandak roti. Saparantos muji sukur, eta roti ku Anjeunna disemplekan, dibagikeun ka murid-murid-Na bari ngadawuh kieu, “Tampanan, ieu teh daging Kami.” 23 Geus kitu, Anjeunna nyandak lumur anggur. Saparantos ngucap sukur, eta lumur ku Anjeunna diasongkeun ka murid-murid-Na; rot, sarerea gentenan ngarinum. 24 Anjeunna ngadawuh deui, “Ieu teh getih Kami anu geus dipastikeun kudu ngucur keur mangpa'at jalma rea sarta keur tanda bukti ngukuhkeun jangji Pangeran. 25 Jeung Kami ngabejaan, yen ti semet ieu, Kami teh moal rek nginum-nginum deui ci anggur anu kieu mah. Nu ku Kami rek diinum engke mah di Karajaan Allah nya eta anggur anyar, lamun geus cunduk waktuna.” 26 Sanggeusna ngalagukeun hiji pupujian, Isa jeung murid-murid budalan, tuluy ngajugjug ka hiji gunung nu katelah Gunung Jetun. 27 Lajeng Isa ngadawuh ka murid-murid, “Engke, iman kapercayaan maraneh ka Kami, tangtu kaganggu; sabab dina Kitab aya dawuhan Allah anu kieu, ‘Sang Pangangon teh bakal ditelasan ku Pangeran, ari domba-dombana bakal pabalencar.’ 28 Tapi engke, sanggeus Kami dihirupkeun deui ku Pangeran, Kami bakal indit ka tanah Galilea miheulaan maraneh.” 29 Pok, Petrus unjukan, “Sanaos anu sanes-sanes goncang imanna, abdi mah moal dugi ka kitu.” 30 Diwaler ku Isa, “Terus terang bae Kami mah: Peuting ieu keneh pisan, memeh hayam kongkorongok dua kali, maneh teh tilu kali ngangles ngaku teu wawuh ka Kami.” 31 Tapi Petrus keukeuh ngabantah, walonna, “Najan dongkap ka kedah paeh bareng sareng Anjeun oge, moal; abdi mah, moal dugi ka ngangles ka Anjeun teh.” Murid-murid nu lianna oge, kitu deuih ngaromongna teh. 32 Ti dinya, Isa samurid-murid sumping ka hiji tempat nu ngaranna Getsemane. Anjeunna ngadawuh ka murid-murid, “Sabot Kami neneda, maraneh tunggu di dieu.” 33 Tapi Petrus, Yakobus, jeung Yahya mah dicandak sina nyarengan. Harita, Anjeunna teh ngaraos pohara sieunna sareng keueungna. 34 Lajeng ngadawuh, “Kami teh asa ku nalangsa-nalangsa teuing, mani asa geus deukeut ka ajal rarasaan teh. Tungguan ku maraneh di dieu bari karemit.” 35 Isa majeng saeutik deui, lajeng bluk bae nyuuh kana taneuh sasambat ka Pangeran, mundut supados ulah dugi ka kedah nyorang waktu sangsara anu sakitu hebatna. 36 Kieu panyambat-Na: “Nun Allah, Rama; upami tiasa mah, — da dipayuneun Ama teu aya barang anu mustahil — mugi Ama kersa nyandak ieu lumur kasangsaraan, sing tebih ti abdi. Nanging teu pisan-pisan bade ngalalangkungan, mung pangersa Ama anu kedah laksana!” 37 Ti dinya, Anjeunna neang murid anu tiluan. Kasampak tiluanana keur sarare. Anjeunna ngadawuh ka Petrus, “Simon! Sare maneh teh? Mani henteu sanggup nyaring sajam-jam acan? 38 Nyararing atuh bari neneda, supaya ulah keuna ku cocoba; ari kahayang mah gede maneh teh, ngan badan nu kawalahan.” 39 Ti dinya, Anjeunna angkat deui ka tempat neneda nu tadi. Paneda-Na sami cara tadi keneh. 40 Ana ku Anjeunna diteang deui teh, kasampak geus tinglalenggut bae, awahing teu kuat nahan pitunduheun. Atuh dipariksa teh teu ngajawab naon-naon. 41 Katilu kalina Anjeunna neang, lajeng ngalahir, “Rek jarongjon sarare bae maraneh teh? Meujeuhna atuh ayeuna mah harudang. Waktuna geus cunduk. Saksian ku maraneh, Putra Manusa teh bakal diselehkeun kana genggeman jelema-jelema jahat. 42 Geura harudang, urang ingkah ti dieu. Tuh, nu hianat ka Kami geus datang.” 43 Nembe oge tutup Jungjunan nyariosna; torojol bae, Yudas, salah saurang murid Isa anu dua welas tea, datang. Manehna mawa sarombongan jelema, — titahan imam-imam kapala, ahli-ahli Kitab, jeung Sesepuh-sesepuh tea — anu marawa pedang jeung pepentung. 44 Si penghianat teh, ka gorombolanana, geus mere isarat kieu, “Anu kudu ditangkep jeung diboyong ku urang teh, nya eta Jelema nu ku kuring dirangkul.” 45 Barang nepi ka dinya, manehna nyirilik nyampeurkeun Anjeunna. “Mama Guru!” Pokna teh, bari seug Isa dirangkul. 46 Kerewek Jungjunan ditangkep pada nyerek. 47 Salah saurang murid Jungjunan anu aya di dinya, mesat pedang; tuluy keplas, pedangna nigas ceuli gandekna Imam Agung nepi ka rampung. 48 Isa ngadawuh ka nu rek narangkep, “Na Kami teh rampog kitu, nepi ka dibawakeun pedang jeung pepentung? 49 Padahal, unggal poe oge, Kami teh aya bae di maraneh. Kapan sok kutbah di Bait Allah! Geuning Kami tara digaranggu ku maraneh. Heug bae; sabab ungelna Kitab Suci mah kudu bukti.” 50 Ari murid-murid-Na mah pada kalabur, naringgalkeun Anjeunna. 51 Harita teh, aya budak ngora anu nuturkeun ka Anjeunna, ngan ukur make kaen lenden salapis anu diharudumkeun. 52 Barang rek ditangkep, porosot, harudumna diporosotkeun; ari manehna nerejel, tuluy kabur bari sataranjang. 53 Ti dinya, Isa digiring ka Imam Agung. Imam-imam kapala, Sesepuh-sesepuh, jeung ahli Kitab kabeh geus karumpul di dinya. 54 Ari Petrus nuturkeuna-Na ti kajauhan bae, nepi ka pakarangan Imam Agung. Gek, manehna milu diuk, ngariung jeung pangawal-pangawal milu siduru. 55 Imam-imam kapala, malah Mahkamah Agama pisan, pada neangan akal pikeun ngabuktikeun kalepatan Isa, supaya Anjeunna bisa ditibanan hukuman pati; tapi weleh henteu manggih. 56 Ari saksi-saksi palsu mah, loba; maranehna teh, nyoba-nyoba ngadakwa Anjeunna; tapi dakwaanana, hiji oge, euweuh anu cocog. 57 Srog, aya nu maju sababaraha saksi palsu. Dakwaanana kieu, 58 “Abdi-abdi kantos nguping, yen ieu jelema teh kungsi susumbar kieu: Ieu Bait Suci nu beunang nyieun jelema tea, ku Kami teh rek diruntuhkeun sarta di jero tilu poe, Kami rek ngadegkeun Bait Suci anyar anu lain bubuatan manusa.” 59 Tapi dakwaan maranehna oge, kawas ti heula-heula bae, nya eta euweuh kasaluyuanana. 60 Neut Imam Agung ngadeg, lajeng mariksa ka Jungjunan, “Kumaha, eta dakwaan-dakwaan teh rek dijawab atawa moal?” 61 Tapi Isa mindel, teu kersa ngawaler. Pok, eta Imam Agung mariksa deui, “Ari Maneh teh enya Al Masih, Putra Nu Agung?” 62 Waler Isa, “Leres. Engke tangtu kasaksian ku anjeun, Putra Manusa teh calik di tengeneun nu Maha Kawasa sarta baris sumping deui medal tina mega di langit.” 63 Wek bae, Imam Agung teh, nyoehkeun anggoanana; lajeng ngalahir, “Keur naon make saksi sagala ayeuna mah? 64 Tah bieu kadarangu, ieu jelema teh sakitu ngahinana ka Gusti Allah! Kumaha timbangan para saderek sadaya?” Dewan Pangadilan sapamendak: “Isa kudu di hukum mati.” 65 Geus kitu mah, Anjeunna teh pada nyariduhan. Aya oge anu nungkup kana socana bari nonjok, tuluy nanya, “Lamun enya nabi, teguh, saha yeuh anu neunggeul?” Ka pangawal-pangawal ge pipilueun, nareunggeulan ka Anjeunna teh. 66 Harita, Petrus ge aya di dinya, di pakarangan ruang sidang. Teu lila, aya awewe kaluar, pagawena Imam Agung tea. 67 Katenjoeun ku manehna, Petrus keur siduru. Bari neges-neges beungeut Petrus, pok ngomong, “Anjeun oge sok mimilu bae ka Isa urang Nasaret tea.” 68 Tapi Petrus mungkir, pokna, “Kumaha? Asa teu kaharti ngomong teh!” Ngajawabna teh bari ngaleos ka emper. 69 Di dieu ge, katenjoeun deui bae ku awewe nu bieu teh. Tuluy eta awewe teh, ngomong ka nu araya di dinya, “Tah, jelema eta teh murid Isa!” 70 Petrus mungkir deui bae. Teu lila, nu lian-lianna oge ngomong ka Petrus, pokna, “Moal salah anjeun oge batur-Na, da sidik urang Galilea!” 71 Ayeuna mah, Petrus teh nepi ka susumpahan mungkirna teh, pokna, “Demi Allah. Teu wawuh, ceuk kuring ge, teu wawuh ka eta Jelema teh!” 72 Tutup Petrus ngomongna, kadenge hayam kongkorongok deui, kadua kalina. Ras bae, Petrus inget kana dawuhan Isa, “Samemeh hayam kongkorongok dua kali, maneh geus tilu kali mungkir, ngaku teu wawuh ka Kami.” Ti dinya mah, segruk bae, Petrus ceurik ngagukguk bawaning ku nalangsa.

Markus 15

1 Isuk-isuk keneh pisan, imam-imam kapala, Sesepuh-sesepuh, ahli-ahli Kitab, jeung sakumna anggota Mahkamah Agama geus buleud mupakatna. Tuluy Isa dirante, dibawa pikeun dipasrahkeun ka Gupernur Pilatus. 2 Pilatus mariksa ka Jungjunan, “Anjeun teh raja urang Yahudi?” Waler Jungjunan, “Sakumaha kasauran anjeun.” 3 Eta imam-imam kapala ge, ngadakwakeun Anjeunna; panudingna teh mani rupa-rupa pisan. 4 Pilatus mariksa deui ka Isa, “Kumaha, bade ngabantah? Rea pisan tudinganana ka Anjeun!” 5 Isa tetep mindel, — teu kersa ngawaler deui — nepi ka Gupernur ngaraos heran. 6 Jaman eta geus biasa, unggal-unggal Hari Raya Paska sok aya sakitan anu dibebaskeun, nu mana bae nurutkeun usulan rayat. 7 Harita, di jero panjara aya sakitan pemberontak, ngaranna Barabas; dibuina bareng jeung pemberontak-pemberontak sejenna anu milu barontak sarta geus maehan jelema. 8 Harita, rayat geus mimiti meredih, supaya eta kabiasaan teh dijalankeun. 9 Waler Pilatus, “Maraneh teh rek menta ieu, Raja urang Yahudi, supaya bebas?” 10 Ku anjeunna ge geus kauninga, naon sababna pangna imam-imam kapala nepi ka nyerenkeun Isa ka anjeunna teh. Lantaranana mah, taya lian, nya eta sirik jeung dengki. 11 Tapi rayat geus diojok-ojok ku maranehna teh, nya eta sina milih Barabas tea. 12 Sakali deui Pilatus mariksa ka rayat, “Ari ieu, anu ku maraneh disebut Raja urang Yahudi, kumaha?” 13 Rayat tingcorowok, “Hukum! Gantung!” 14 Pilatus mariksa deui, “Tapi naon kajahatana-Na?” Rayat beuki tarik tingcorowokna, “Gantung, hukum gantung!” 15 Pilatus nedunan pamenta rayat, supaya rayat sugema. Geus kitu, Barabas dibebaskeun; ari Isa, sanggeus ku anjeunna dihukum rangket, tuluy diserenkeun sina disalib. 16 Geus kitu Isa digiring ku serdadu-serdadu ka istana Gupernuran, tempat pangadilan. Anggota pasukan sina kumpul kabeh ka dinya. 17 Isa ku serdadu-serdadu dianggoan jubah wungu, terus diterapan mamakutaan tina cucuk. 18 Ti dinya serdadu-serdadu teh pura-pura ngahormat, “Salam ka Raja urang Yahudi!” 19 Geus kitu buk-bek nareunggeulan ku panggebug kana mastaka-Na, bari jeung nyariduhan. Tuluy pura-pura darareku, nyarembah. 20 Ti dinya, Isa dibawa ka luar rek disalibkeun. 21 Sabot kitu, lar aya jelema ngaliwat anu kakara datang ti luar kota; eta jelema teh ngaranna Simon, urang Kirena, bapana Alexander jeung Rupus. Tuluy manehna dipaksa sina mangmanggulkeun tihang salib Isa. 22 Geus kitu, kebat, Anjeunna dibawa ka hiji tempat anu ngaran Golgota (hartina: Tempat Tangkorek). 23 Sanggeus nepi, Jungjunan diasongan anggur nu dicampuran ku emur sina dileueut, tapi ku Isa ditolak. 24 Tuluy Anjeunna teh dipaku kana tihang salib. Anggoana-Na dilotrekeun dibagi-bagi. 25 Isa disalib teh, pukul salapan. 26 Pangdakwa anu netelakeun kalepatana-Na, — pangna nepi ka disalib — dijieun merek dipasang dina salib-Na, unina: “Raja urang Yahudi.” 27 Aya duaan deui nu digantung bareng jeung Anjeunna teh; duanana rampog, saurang tengeneun, saurang kiwaeuna-Na. 28 Nya harita ngabuktina ayat Kitab Suci anu unina kieu: “Anjeunna disaruakeun jeung panjahat.” 29 Jelema-jelema anu lalar liwat, tingtaruding bari gogodeg, “Geuning Maneh teh, anu majar rek ngaruag Bait Suci tea bari sasanggupanan rek ngadegkeunana deui di jero tilu poe! 30 Turun atuh tina panggantungan, bebaskeun diri teh!” 31 Imam-imam kapala jeung ahli-ahli Kitab oge ngararejek deuih jeung pada saihwanna, “Ari ka batur bisa tutulung; ari ka diri-Na sorangan mah, teu bisa nanaon. 32 Keun, eta Al Masih, raja urang Yahudi teh sina turun tina panggantungan, supaya katenjo ku urang, meureun urang teh percaya.” Malah panjahat nu bareng digantung tea ge, make pipilueun deuih, ngajejeleh ka Anjeunna teh. 33 Barang geus tengah poe, sakuliah wewengkon eta reup bae jadi poek ngadak-ngadak; lilana ti pukul dua belas nepi ka pukul tilu. 34 Dina pukul tilu, Isa ngajerit, sasambat, “Eloi, Eloi, lama sabakhtani?” Hartina: “Ya Allah, Jungjunan Simabdi, ku naon Abdi teh dikantun kieu?” 35 Sababaraha jelema anu keur narangtung di dinya, anu ngadenge sasambat-Na, ngaromong kieu, “Tah dengekeun, keur nyambat Nabi Elias!” 36 Aya nu gura-giru nyokot sepon dianclomkeun kana anggur beunang ngahaseuman, sanggeus ditiir ku tuturus, tuluy disodorkeun kana lambey Jungjunan sina diseuseup, bari ngomong, “Keun, hayang nyaho enya henteuna Nabi Elias sumping nurunkeun Manehna tina panggantungana-Na!” 37 Isa ngajerit sakali deui, lajeng masrahkeun nyawa-Na. 38 Sawaktu jeung eta, berewek, reregan Bait Suci soeh dadak sakala, bedah ti luhur ka handap. 39 Komandan pasukan pangawal, anu nangtungna hareupeun tihang salib, pok bae ngucap, “Tetela, ieu Jelema teh, Putra Allah!” 40 Rada anggang ti dinya, aya sababaraha wanita. Eta para wanita teh, di antarana, Maryam Magdalena, Siti Maryam — ibu rai-rai Isa nu ngaran Yakobus jeung Yoses — sarta Salome. 41 Eta wanita-wanita, kabeh ge, jelema-jelema anu sok mimilu jeung ngabantu ka Isa, keur Anjeunna aya di Galilea. Rea deui wanita-wanita sejenna ti Yerusalem, anu daratangna ka dinya, sawaktu reujeung Isa. 42 Wanci geus sareupna, aya nu sumping, jenenganana Yusup urang Arimatea. Anjeunna teh, anggota terhormat ti Mahkamah Agama, anu sami nganti-nganti ngadegna Karajaan Allah. Poe eta teh, poe Panyadiaan; hartina, sapoe memeh poe Sabat. 43 Ku sabab eta, kalayan teuneung ludeung anjeunna ngadeuheus ka Gupernur Pilatus pikeun mundut layon Isa. 44 Diwartosan Isa parantos pupus teh, Gupernur dugi ka ngarenjag heran; lajeng anjeunna manggil Kapala Pasukan, mariksakeun enya henteuna Isa geus pupus. 45 Sanggeus kenging katerangan ti Kapala Pasukan, Yusup ku anjeun diwidian nyandak layon. 46 Yusup teh, geus ngagaleuh boeh. Sanggeus diturunkeun tina tihang salib, layon teh terus bae dibungkus ku boeh; tuluy eta layon dikurebkeun di hiji makam, anu dijieunna dibobok dina gunung batu; geus kitu, lawang guha pajaratana-Na, ditutup ku batu gede. 47 Waktu ngurebkeunana, Maryam Magdalena jeung Maryam, — ibuna Yoses — milu nyaraksian.

Markus 16

1 Sabada poe Sabat, Maryam Magdalena, Maryam, — ibu Yakobus — jeung Salome mareuli minyak seungit; nya pikeun bawaeun ka makam Isa tea; maksudna mah, rek nyeungitan layon-Na. 2 Arinditna ka makam teh poe Minggu, isuk-isuk keneh, barang meletek panonpoe. 3 Sajeroning laleumpang silih tanya, “Saha engke anu manggulingkeun batu tutup makam?” 4 Tapi batu tutup makam teh, anu sakitu gedena, kasampak geus aya anu ngagulingkeun. 5 Barang asup, katingal aya hiji jelema ngora; eta jelema anu dijubah bodas teh, keur calik di beulah katuhu. Atuh kacida rareuwaseunana. 6 Tapi nu keur calik teh ngalahir, kieu saurna, “Ulah rareuwas. Ibu-ibu teh rek ngalayad Isa, urang Nasaret, anu disalib tea? Geus teu aya di dieu, geus gugah deui. Tah geuning kari urutna. 7 Ayeuna mah, anggur buru-buru bejakeun ka murid-murid Anjeunna, oge ka Petrus. Bejakeun, Anjeunna teh geus ti payun angkat ka Galilea. Engke oge, ku aranjeun kasampak di ditu, sakumaha dawuhana-Na tea.” 8 Nu tiluan gagancangan kalaluar ti jero pajaratan, tuluy lalumpatan bawaning ku sieun jeung baluas. Ku sieun-sieunna, nepi ka teu bisa nyarita naon-naon ka sasaha ge. Amanat malaikat tea ditepikeun ka Petrus sabatur-batur, ringkes bae. Ti harita mah, eta amanat Suci tur abadi teh, nya eta tina hal kasalametan anu salanggengna; diembarkeunana ku Isa ku Anjeun nu dikawasakeun ka murid-murid-Na, ti masrik tepi ka magrib. 9 Sanggeus Jungjunan tanghi, hirup deui; poe Mingguna, isuk-isuk, nu ku Anjeunna mimiti ditembongan teh, nya eta Maryam Magdalena. Jungjunan kantos ngusir tujuh setan ti manehna. 10 Tuluy Maryam Magdalena bebeja ka sakur nu sok ngingiring ka Jungjunan, anu keur pada sedih prihatin. 11 Tapi beja yen Isa parantos tanghi, — hirup deui — jeung nembongan ka Maryam Magdalena teh, ku maranehna sama sakali teu diandel. 12 Terus Isa nembongan deui ka dua murid nu keur aya di satengahing jalan ka luar kota, nembonganana teh geus salin rupa. 13 Murid-murid nu duaan teh baralik deui sarta terus bebeja ka nu sejen. Tapi ieu oge, henteu dipalercaya ku batur-baturna teh. 14 Panungtunganana, Jungjunan nembongan teh ka murid-murid sabelasanana waktu maranehna keur dalahar. Ku Jungjunan diweweleh ku sabab teu baroga iman; turug-turug, keukeuh embung ngandel ka batur anu geus nyaksian sorangan, yen enya Jungjunan teh hirup deui. 15 Saterusna, Anjeunna ngadawuh, “Maraneh ku Kami rek diutus. Jugjug sakuliah dunya, embarkeun Injil ka umat sakumna. 16 Bagja salamet sing saha nu percaya kana eta uaran sarta dibaptis; sabalikna, cilaka anu embung percaya sabab baris dihukum. 17 Golongan nu percaya bakal kaancikan ku kakawasaan gaib: Bisa ngusir setan-setan ku nyambat jenengan Kami, bisa ngomong basa-basa ajaib nu araneh. 18 Maranehna bakal wani newak oray matih, moal nepi ka binasa sanajan nginum racun keras; ana leungeunna dipake nyabak nu gering, nu gering teh terus cageur.” 19 Tamat ngadawuh ka murid-murid, Isa, Gusti Jungjunan urang, lajeng dicandak mi'rad ka sawarga, linggih di tengeneun Gusti Allah. 20 Murid-murid bral arindit, seja nguarkeun Injil ka suklakna ka siklukna. Sajeroning ngajalankeun tugasna, maranehna dituyun ku Pangeran nu maparin pangdeudeul ku rupi-rupi tanda ajaib; eta teh pikeun bukti, yen nu diuarkeun ku murid-murid teh perkara anu sajatina.

Lukas 1

1 Teopilus anu mulya! Hal-hal anu kapungkur kajadian di urang teh, parantos seueur anu nyeratkeun; 2 anu sumberna asal ti jalmi-jalmi anu kantos nyaraksian sorangan ti ngawitanana sareng ti guru-guru Injil. 3 Kitu nu mawi, saparantos ku simkuring taliti ditalungtik ti awit-awitna, ayeuna sumeja dibukukeun kalayan teratur, aoseun anjeun, 4 supados kauninga yen ajaran anu katampi ku anjeun teh memang leres. 5 Waktu tanah Yudea dirajaan ku Raja Herodes, aya hiji imam ti kaum Abia, jenenganana Jakaria. Istrina, jenenganana Elisabet; saruana, turunan Harun. 6 Eta Istri pameget teh, ahli ibadah anu taya kuciwana sarta ta'at kana dawuhan jeung pangersa Allah. 7 Aranjeunna teh, teu kagungan putra sabab Elisabet gabug; turug-turug duanana geus sarepuh pisan. 8 Hiji mangsa, waktu kaumna meunang giliran, Jakaria kedah ngimaman di payuneun Pangeran. 9 Sabab waktu dilotre pikeun nangtukeun saha-sahana anu kedah ngukus di Bait Suci saperti biasa, lotrena, keuna ka anjeunna. 10 Sabot anjeunna di lebet, jamaah kumpul di tepas bari ngadaru'a. 11 Sabot kitu, aya malaikat nembongan ka Jakaria, ngadeg deukeut pangukusan. 12 Jakaria ngarenjag, kaget jeung sieun. 13 Malaikat teh ngalahir, “Ulah sieun, Jakaria. Doa panyambat maneh geus dikabul. Bojo maneh, Elisabet, bakal ngalahirkeun anak lalaki. Pingaraneunana Yahya. 14 Maneh tangtu baris bagja di mana eta geus lahir. Malah loba anu milu atoh. 15 Sabab eta budak bakal jadi abdi Allah anu kamashur. Moal nginum anggur atawa inuman-inuman keras, malah ti keur dikandungna keneh oge geus dilinggihan ku Ruh Allah. 16 Ku lantaran manehna, urang Israil bakal loba anu eling deui ka Pangeran, Allah nu disembah ku urang Israil. 17 Ku Allah diutus ti heula sarta dipaparinan roh jeung kakawasaan Nabi Elias, pikeun ngageuing supaya bapa areling ka nu jadi anak sarta nu wangkelang sina nyaho kana bebeneran. Ku jalan kitu, manehna teh nyadiakeun keur Pangeran hiji umat anu tarapti ngabdi ka anu jadi Jungjunanna.” 18 Jakaria mihatur, “Ieu perkawis kumaha nya bade ngabukti! Abdi parantos kolot, pun bojo pon kitu keneh.” 19 Waler malaikat, “Kami teh Jibril, anu salawasna aya di payuneun Allah. Ayeuna diutus ka maneh, mangnepikeun hal anu sakitu matak bungahna. 20 Ku sabab maneh henteu percaya, maneh bakal bisu, sama sakali moal bisa ngomong nepi ka ieu perkara ngabukti.” 21 Sajeroning kitu, anu ngarantosan anjeunna kacida hareraneunana lantaran sakitu lilana di lebet. 22 Sanggeus anjeunna ka luar bari teu iasa sasauran, kajudi yen di lebet aya titingalianana. Ku sabab jadi bisu, anjeunna ngan iasa pepeta. 23 Sanggeus rengse tugasna, anjeunna mulih deui. 24 Teu lila ti harita, Elisabet, istrina bobot, nepi ka lima bulan ngerem maneh di bumi. 25 Saurna, “Ieu pangersa Pangeran, geus ngaleungitkeun wiwirang simkuring di masarakat.” 26 Dina bulan nu kagenep, Allah ngutus deui Jibril ka hiji kota di Galilea anu ngaran Nasaret; 27 nepangan Siti Maryam, parawan anu keur papacangan jeung Yusup, turunan Daud. 28 Sanggeus lebet, malaikat teh uluksalam ka Maryam, saurna, “Assalamualaikum, eh anjeun anu dirahmat. Pangeran nyarengan ka anjeun.” 29 Nguping anu uluksalam, Maryam ngagebeg bari ngamanahan pimaksudeunana. 30 Malaikat sasauran deui, “Ulah sieun, Maryam! Anjeun teh meunang sapa'atna Gusti Allah. 31 Anjeun bakal ngandung, terus ngalahirkeun anak lalaki. Ku anjeun kudu dingaranan Isa. 32 Eta budak bakal agung sarta bakal disarebut Putra Allah Anu Maha Agung. Ku Gusti Allah bakal dileler singgasana Daud, karuhun-Na, 33 sarta sapapanjangna bakal ngarajaan, kaom turunan Yakub, ari Karajaana-Na moal aya piahireunana.” 34 Maryam mihatur, “Nanging kumaha pibuktoseunana, da abdi teh acan gaduh salaki?” 35 Waler malaikat, “Anjeun bakal disumpingan ku Ruh Allah jeung ku kakawasaan Allah Nu Maha Agung. Kitu nu matak, anu rek dilahirkeun ku anjeun teh bakal disarebut suci, Putra Allah. 36 Jeung deui, Elisabet baraya anjeun, anu disarebut gabug tur geus sakitu kolotna, ayeuna teh keur ngandung budak lalaki, geus kagenep bulan ayeuna. 37 Ari kanggo Allah mah, henteu aya anu mustahil.” 38 Pihatur Maryam, “Simabdi, abdi Pangeran sumeja ngiringan, satimbalan mugi tinekanan.” Geus kitu malaikat teh mulih. 39 Heuleut sawatara waktu ti harita, Siti Maryam angkat ka hiji kota pagunungan di tanah Yuda, 40 ka bumina Jakaria, tuluy uluksalam ka Elisabet. 41 Barang Elisabet ngadangu sora Maryam, jabang bayi dina kandunganana usik-usikan sarta anjeunna kalinggihan Ruh Allah; 42 tuluy anjeunna ngawaler, “Mugia anjeun mendak berkah di kalangan sadaya wanita, nya kitu deui Anu ku anjeun keur dibobotkeun. 43 Naon atuh diri ibu teh, nepi ka disumpingan ku anu jadi ibu-Na nu dipigusti? 44 Sayaktosna, waktu sora anjeun tepi kana ceuli ibu, ieu anak ibu di jero kandungan anjrug-anjrugan bawaning ku suka. 45 Estu bagja jalmi anu percaya kana dawuhan Pangeran ka dirina, sabab sagala dawuhana-Na pasti tinekanan.” 46 Pok Maryam sasauran, “Batin abdi ngagungkeun Pangeran. 47 Ati sanubari estu bingah karana Allah, Juru Salamet abdi. 48 Reh Anjeunna kersa merhatoskeun abdi-Na nu laip. Saleresna, ti semet ieu, turun-tumurun abdi teh bakal disarebut bagja; 49 wireh ku Nu Maha Kawasa, diganjar ku dadamelana-Na anu aragung sarta jenengan Anjeunna teh suci. 50 Rahmat Anjeunna aya di jalmi anu ajrih ka salira-Na, turun-tumurun. 51 Anjeunna mintonkeun kakawasaana-Na, ku dadamelan panangana-Na sareng ku ngubrak-ngabrik jelema nu aradigung. 52 Anu karawasa ku Anjeunna dirorod tina tahtana, kaom laip dijungjung luhur. 53 Kaom lapar sina sugih ku sugri anu mangpa'at, nu baleunghar sina indit ngaligincing. 54 Bangsa Israil, umat-Na, ditulung; reh Anjeunna tigin ka jangji-Na, 55 anu didawuhkeun ka karuhun urang, ka Ibrahim katut saturunanana, keur salalamina.” 56 Maryam, nganjrekna di Elisabet kurang leuwih tilu bulan lilana, kakara mulih. 57 Sanggeus bobotna Elisabet jejeg bulanna, tuluy babar, putrana pameget. 58 Tatangga-tatanggana, kitu deui wargi-wargi anu nyarahoeun yen anjeunna kenging ganjaran Pangeran anu taya papadana, kabeh marilu bungah. 59 Dina poe nu kadalapan, maranehna dararatang, ngaralayad pikeun nyalametan murangkalih, disepitan bari sakalian dingaranan ngalap ka ramana: Jakaria. 60 Tapi saur Elisabet, “Ulah eta. Ngaranna kudu Yahya.” 61 Ari cek maranehna, “Jenengan kitu mah, teu aya di wargi-wargi ibu.” 62 Geus kitu, maranehna mihatur ka ramana murangkalih ku peta, maksudna nanyakeun, putrana teh rek dijenenganan saha. 63 Anjeunna pepeta mundut sabak, tret nyerat, “Ngaran Yahya.” Sarerea bati heran. 64 Tapi dadak sakala anjeunna iasa nyarios deui, lajeng sasauran ngamulyakeun ka Gusti Allah. 65 Anu marangkuk di daerah eta, sakurilingna, jadi gehger. Saterusna, eta kajadian teh, jadi sabiwir hiji di sakuliah pagunungan Yudea; 66 jeung jadi bahan pikiraneun. Cek maranehna, “Rek jadi naon atuh engke eta murangkalih teh?” Kawantu anjeunna teh diaping ku panangan Pangeran. 67 Ari Jakaria, ramana, kalebetan Ruh Allah lajeng wawangsit, saurna: 68 “Sadaya puji kanggo Pangeran, Allah nu disembah ku Israil. Reh Anjeunna kersa ngalayad sarta ngabebaskeun umat-Na. 69 Nya Pangeran nu jadi lantaran bijilna tanduk kasalametan pikeun urang di kalangan turunan Daud, abdi-Na tea; 70 — Cocog jeung timbalana-Na, anu dikedalkeun ku parantaraan lalambe nabi-nabi-Na anu suci, baheula — 71 yen urang baris disalametkeun: Ti leungeun musuh jeung tina genggeman jalma-jalma anu mikaijid urang. 72 Eta teh, tawis pikeun mintonkeun rahmat ka nini aki urang, oge pikeun ngalaksanakeun jangji-Na anu suci, 73 — anu didawuhkeun ka Ibrahim, bapa karuhun urang — sarta pikeun maparin kabebasan: 74 Malar urang ucul ti leungeun musuh; taya nu dipikasieun, enggoning nedunan ibadah ka Anjeunna 75 dina suasana anu suci tur bener di payuneuna-Na, saumur-umur. 76 Ari hidep, eh anaking, bakal disarebut nabi Allah, Allah Anu Maha Agung. Sabab hidep bakal lumaku heulaeun Jungjunan, naratas jalan pikeun Anjeunna; 77 jeung pikeun mukakeun pangarti umat-Na kana hal hakekat kasalametan, anu make dadasar pangampura dosa; 78 sabab rahmat jeung welas asihna Allah, Pangeran urang; anu sumping ngalayad urang, nya eta Anjeunna, Sang Srangenge nu meletek ti manggung, 79 pikeun nyaangan sugri anu kumelip di alam poek anu dikungkung ku almaot sarta memener lengkah urang sina nyorang jalan anu aman tur santosa.” 80 Ari murangkalih tea, beuki ageung sarta beuki kuat bae jiwana. Ari matuhna, di leuweung kikisik; nepi ka datang waktuna, nya eta pikeun nganyatakeun anjeun ka urang Israil tea.

Lukas 2

1 Dina jaman eta, aya parentah ti Prabu Agustus, yen sakabeh jelema di sakuliah dunya kudu didaptarkeun. 2 Ieu teh cacah jiwa anu mimiti pisan, waktu tanah Siria digupernuran ku Kirinus. 3 Sakabeh jelema kudu didaptar di lembur asalna masing-masing. 4 Kitu deui Yusup, anjeunna oge iang ti Nasaret di Galilea, ka Yudea, ka kota Daud anu ngaranna Betlehem — sabab anjeunna bibit-buit ti dinya, ti kulawargi jeung turunan Daud — 5 pikeun didaptar bareng jeung Maryam, papacanganana, anu eukeur kakandungan. 6 Sanggeus narepi ka Betlehem, karaos ku Maryam yen arek babar. 7 Tuluy bae babar nyikalan, putrana pameget; terus dibedongan ku lalamakan, diebogkeunana dina kombongan sabab di panginepan mah geus teu aya pisan tempat. 8 Harita, di hiji tegalan di luar kota, aya nu keur ngajaraga ingon-ingon ti peuting. 9 Jleg bae, aya hiji malaikat Pangeran deukeut maranehna, murub mubyar ku kamulyaan Pangeran, nyaangan ka tukang-tukang ngangon anu kacida ngarasa sieunna. 10 Eta malaikat ngalahir, “Ulah sieun. Kami mawa beja anu kacida baris nyukakeunana ka maraneh; nya kitu deui, ka sakumna bangsa. 11 Sabab poe ieu, Juru Salamet maraneh, — Jungjunan urang, Isa Al Masih — geus dibabarkeun di kota Daud. 12 Cirina pikeun maraneh kieu: Maraneh bakal tepung jeung hiji Bayi anu dibedong ku lalamakan sarta ebog dina kombongan.” 13 Harita keneh, ujug-ujug, breh wadya bala sawarga anu kacida lobana, — maturan malaikat anu tadi — kabeh maruji ngagungkeun ka Allah, kieu: 14 “Nya mulya kanggo Gusti Allah anu di manggung, mugia di bumi aya katengtreman di antara umat manusa anu kamanah ku Anjeunna.” 15 Sanggeus malaikat-malaikat marulang deui ka sawarga, tukang-tukang ngangon teh ngaromong jeung pada batur, “Hayu atuh urang ka Betlehem, urang buktikeun kasauran malaikat Pangeran teh.” 16 Bring, kabeh, arindit gagancangan. Tuluy maranehna tepung jeung Siti Maryam, Yusup, sarta eta Bayi anu keur ebog dina kombongan tea. 17 Sanggeus narenjo Bayi, maranehna nyaritakeun hal anu tadi anu tumali jeung eta Bayi. 18 Anu ngabandungan caritana kacida ngarasa helokna. 19 Tapi eta caritaan teh, ku Maryam dikemu dina manah bae bari dilenyepan. 20 Pangangon-pangangon tuluy arindit deui bari muji sukur ngagungkeun Allah. Maranehna ngarasa bagja ku lantaran sagala nu geus kadenge jeung nu geus katenjo teh, cocog jeung anu disaurkeun ku malaikat tea. 21 Sanggeus jejeg dalapan poe, Murangkalih teh disepitan sarta dipaparin jenengan Isa, numutkeun amanat ti malaikat samemeh dikandung. 22 Sanggeus jejeg poe pantrang nurutkeun hukum Toret, Anjeunna dicandak ka kota Yerusalem, bade disanggakeun ka Allah. 23 Hal ieu teh, pikeun nedunan timbalan Pangeran dina Toret, yen “Kabeh anak cikal nu lalaki kudu disanggakeun ka Pangeran.” 24 Nyanggakeunana oge kudu make kurban, sakumaha timbalan Pangeran dina Kitab Suci, nya eta tikukur sajodo atawa anak japati dua. 25 Harita, di Yerusalem aya hiji sepuh, jenenganana Simeon. Anjeunna, ahli ibadah anu ngajeng-ngajeng kana datangna panglipur pikeun bangsa Israil. Anjeunna ditangtayungan ku Ruh Allah 26 sarta kenging pituduh ti Ruh Allah, yen moal waka pupus samemeh ningali Al Masih, Jungjunan urang tea. 27 Kalayan pingpinan Ruh Allah anjeunna angkat ka Bait Allah. Waktu Isa, Murangkalih tea, dicandak lebet ka Bait Allah ku ibu rama-Na, — bade nedunan hukum Toret tea — 28 ku Simeon dipapag. Tuluy eta Murangkalih teh, ku anjeunna dipangkon. Lajeng Simeon muji sukur ka Allah, saurna: 29 “Ayeuna mah nun Pangeran, abdi teh widian wangsul kalayan senang nya hate, sakumaha timbalan tea; 30 wireh abdi parantos ningal sorangan kasalametan paparin Gusti, 31 anu parantos gumelar dinyatakeun ka kalangan sagala bangsa, 32 nya eta terang caang anu nyata kangge bangsa-bangsa sanes, sareng kangge kamulyaan umat Gusti, Israil.” 33 Kasauran anjeunna teh matak hemeng ka ibu ramana Murangkalih. 34 Geus kitu, Simeon ngaberkahan ka aranjeunna sarta kieu saurna ka Siti Maryam, “Ieu Murangkalih geus ditakdirkeun pikeun jadi lantaran labuhna jeung cengkatna jalma rea di Israil sarta jadi hiji tanda anu nimbulkeun pacengkadan, 35 — jiwa anjeun ge bakal parat ku pedang — sangkan ku hal eta, eusi pikiran jalma rea bakal kabuka.” 36 Di dinya oge, aya hiji nabi istri anu jenenganana Hana binti Penuel, ti kaom Aser. — Anjeunna teh geus sepuh pisan; kantos nikah, tapi ngan ukur tujuh taun bumen-bumen jeung carogena teh; 37 ayeuna parantos rarandaan sarta yuswana geus dalapan puluh opat taun; tara pisan incah ti Bait Allah; beurang peuting, damelna ibadah ku puasa jeung ngadu'a. — 38 Harita ge, anjeunna keur aya di dinya, lajeng bae muji sukur ka Gusti Allah sarta nyarios-nyarioskeun eta Murangkalih ka nu sejen-sejenna, anu sarua keur ngarep-ngarep bebasna Yerusalem. 39 Sanggeus sagala hukum Pangeran beres ditedunan, Yusup jeung Maryam, — katut eta Murangkalih — marulang deui ka lembur, nya eta ka kota Nasaret di Galilea. 40 Eta Murangkalih teh, mingkin lila, mingkin ageung jeung tambah kuat jiwa ragana, pinter, sarta kenging rahmat sapa'at Pangeran. 41 Unggal-unggal taun, dina hari raya Paska, sepuh Isa angkat ka Yerusalem. 42 Sanggeus yuswana Isa dua belas taun, Anjeunna ngiring sepuh-Na ka Yerusalem, sakumaha biasa ari hari raya. 43 Barang hari-hari raya geus lekasan, sepuh-Na marulih; ari Isa teu katiten kakantun di Yerusalem. 44 Panyana sepuh-Na mah, Anjeunna teh, aya bae campur jeung rencang-rencang sapanyabaan; kitu, nu matak jongjon bae arangkat. Sanggeus angkatna meunang sapoe, kakara aranjeunna milarian; sugan Anjeunna bareng jeung wargi-wargi atawa kenalan-kenalanana. 45 Ku sabab teu kapendak, aranjeunna marulih deui ka Yerusalem bari nalengteng. 46 Sanggeus tilu poe, beh bae kapendak di Bait Allah, keur calik diriung ku alim-ulama, ngadangukeun kasauran aranjeunna, sakapeung bari turas-taros. 47 Anu ngabarandungan Anjeunna ngaraos helok ku kapinterana-Na, oge helok ana Anjeunna ngawaler patarosan. 48 Barang sepuh-Na naringali, olohok bae anu aya. Tuluy ibu-Na nyauran, “Enung, naha bet ngadamel pikamelangeun kolot? Ama jeung ibu mah neteangan mani hariwang.” 49 Anjeunna ngawaler, “Naha nganggo dipilarian? Na teu kagalih yen Abdi tangtos aya di gedong Jeng Rama?” 50 Kasaurana-Na, ku aranjeunna teu kahartos. 51 Ti dinya mah Isa mulih jeung sepuh-Na ka Nasaret, saterusna tetep-tumetep sareng ibu rama-Na. Ku ibu-Na, sagala rupa hal teh, dikemu bae sajeroning manah. 52 Isa beuki ageung, beuki pinter, beuki diasih ku Allah, sarta dipikaresep ku sasama jalma.

Lukas 3

1 Dina taun kalima belas, jaman pamarentahan Prabu Tiberius, — waktu Pontius Pilatus jeneng gupernur di nagri Yudea; Herodes jadi raja wilayah Galilea; Pilipus, saderekna jadi raja wilayah nagri Iturea jeung Trakonitis; Lisanias jadi raja wilayah Abilene, sarta waktu Anas jeung Kayapas nyekel kalungguhan Imam Agung — 2 harita, Gusti Allah nimbalan ka Nabi Yahya, putra Jakaria, anu matuh di leuweung kikisik. 3 Geus kitu, Nabi Yahya nyumpingan sakuliah daerah walungan Ciyordan sarta cumeluk, “Geura tarobat sarta kudu dibaptis, tinangtu dosa aranjeun dihampura ku Allah! 4 Hal ieu geus kaserat dina kitab-kitab nubuwatan Nabi Yesaya: ‘Aya sora cumeluk di alas kikisik: Siapkeun jalan kangge Pangeran, lelempeng pijalaneun Anjeunna. 5 Lebak-lebak bakal diurugan, gunung-gunung sarta pasir-pasir bakal diratakeun; anu pungkal-pengkol bakal dilempengkeun, anu legak-legok bakal dirarata. 6 Sing sakur anu kumelip bakal nenjo kasalametan paparin Pangeran.’ ” 7 Kieu deui saurna ka jalma rea anu dararatang ka anjeunna seja dibaptis, “Eh maraneh, anu lir turunan oray welang! Saha anu geus meringetkeun maraneh, supaya maraneh kabur nyingkiran bebendu nu baris datang? 8 Ku sabab eta, buah-buahna kalakuan maraneh masing luyu jeung pertobat jeung ulah umangkeuh dina hate: Nabi Ibrahim teh karuhun urang! Sabab cek kami, ka maraneh: Allah teh kawasa nyiptakeun turunan Ibrahim tina ieu batu-batu! 9 Kampak geus sumanding dina akar, unggal tangkal anu buahna goreng pinasti dituar sarta dialungkeun kana seuneu.” 10 Tembal jalma rea ka anjeunna, “Saupami kitu, abdi-abdi teh kedah kumaha?” 11 Walerna, “Anu boga baju dua siki, bikeun hiji ka anu teu boga; anu boga kadaharan, nya kitu keneh kudu daek mere.” 12 Aya oge tukang-tukang cuke anu seja dibaptis, nanyakeun, “Guru, abdi-abdi kedah kumaha?” 13 Walerna, “Ulah nagih leuwih ti batan anu geus diwajibkeun.” 14 Oge serdadu-serdadu naranyakeun ka anjeunna, “Ari abdi-abdi kedah kumaha?” Waler Yahya, “Ulah ngarampas jeung ulah meres, sing puas ku gajih sorangan.” 15 Tapi ku lantaran jalma-jalma teh tumanya dina hate sarta ngadago, ngaharep sugan-sugan anjeunna teh Al Masih tea, 16 Yahya ngawalerna diteruskeun kieu, “Kami mah ngabaptis maraneh teh ku cai. Tapi Anjeunna, anu leuwih kawasa ti batan kami, engke tangtu sumping. Ngudar tali tarumpah-Na ge kami moal wani. Anjeunna mah ngabaptis maraneh teh ku Ruh Allah jeung seuneu. 17 Panangana-Na nyepeng nyiru, keur ngaberesihkeun kenging-Na ngirik jeung ngumpulkeun gandumna ka leuit kagungana-Na; ari huut jeung jaramina baris diduruk ku seuneu anu henteu pareum-pareum.” 18 Loba-loba deui piwuruk anjeunna anu nganyatakeun Injil ka jalma rea teh. 19 Ngan barang anjeunna ngaweweleh raja Herodes, tina hal perkawisna jeung Herodias geureuha saderekna, jeung tina kajahatan-kajahatan sejenna, 20 eta raja nyucudkeun kajahatanana ka Yahya, Yahya ku anjeunna dijebloskeun ka panjara. 21 Sanggeus jalma rea dibaptis, Isa oge dibaptis. Waktu Anjeunna keur ngadu'a, bray bae langit muka. 22 Geus kitu, lungsur Ruh Allah ka Anjeunna mangrupa japati. Tuluy kadenge aya sora ti langit, kieu, “Hidep teh Putra Kami anu dipikaasih. Hidep matak sugema kana manah Kami.” 23 Waktu Isa ngawitan barang damel, yuswa-Na, kira-kira tilu puluh taun. Sacara lahir mah, Anjeunna teh putra Yusup, putra Eli, 24 putra Matat, putra Lewi, putra Malki, putra Yanai, putra Yusup, 25 putra Matica, putra Amos, putra Nahum, putra Hesli, putra Nagai, 26 putra Maat, putra Matica, putra Simei, putra Yoseh, putra Yoda, 27 putra Yohanan, putra Resa, putra Serubabel, putra Sealtiel, putra Neri, 28 putra Malki, putra Adi, putra Kosam, putra Elmadam, putra Er, 29 putra Yesua, putra Elieser, putra Yorim, putra Matat, putra Lewi, 30 putra Simeon, putra Yuda, putra Yusup, putra Yonam, putra Elyakim, 31 putra Melea, putra Mina, putra Matata, putra Natan, putra Daud, 32 putra Isai, putra Obed, putra Boas, putra Salmon, putra Nahason, 33 putra Aminadab, putra Admin, putra Arni, putra Herson, putra Peres, putra Yuda, 34 putra Yakub, putra Isak, putra Ibrahim, putra Terah, putra Nahor, 35 putra Serug, putra Rehu, putra Peleg, putra Eber, putra Salmon, 36 putra Kenan, putra Arpahsad, putra Sem, putra Enoh, putra Lamek, 37 putra Metusalah, putra Hanok, putra Yared, putra Mahalalel, putra Kenan, 38 putra Enos, putra Set, putra Adam, putra Allah.

Lukas 4

1 Sanggeus hanjat ti Ciyordan, Isa pinuh ku Ruh Allah. Ku Ruh Allah terus dicandak ka gurun keusik. 2 Di dinya, anjeunna kenging opat puluh poe; lian digoda ku Iblis, Anjeunna oge teu tuang teu leueut. Sanggeusna, Anjeunna ngaraos lapar. 3 Ku Iblis digoda, “Lamun Anjeun Putra Allah, cik eta batu jadikeun roti.” 4 Ku Isa diwaler, “Cek Kitab: ‘Hirup manusa teu cukup ku roti wungkul.’ ” 5 Ti dinya Isa dibawa ka tempat anu luhur sarta dina sakedet netra ku Iblis ditembongan sakabeh karajaan-karajaan alam dunya. 6 Cek Iblis, “Eta kakawasaan jeung kaagungan-kaagungan, kabeh, kaula nu boga. Kaula bisa mikeun eta sakabeh ka saha bae sakahayang kaula. 7 Kop keur Anjeun kabeh, asal nyembah heula ka kaula.” 8 Waler Isa, “Cek Kitab: ‘Maneh kudu nyembah ka Allah, Pangeran maneh sarta ngan ka Anjeunna bae maneh kudu ngabakti.’ ” 9 Ti dinya, Isa dibawa ka Yerusalem, ka puncak Bait Allah bagian pangluhurna. Cek Iblis, “Lamun enya mah Putra Allah, coba ngaragragkeun maneh ti dieu. 10 Sabab cek Kitab: Anjeunna bakal nimbalan malaikat-malaikat-Na sina nangtayungan Anjeun. 11 Jeung Anjeun ku malaikat-malaikat bakal dipayang, supaya ulah kungsi tigasruk kana batu.” 12 Waler Isa, “Aya timbalan anu kieu: ‘Maneh ulah ngadoja ka Allah, Pangeran maneh.’ ” 13 Sanggeus ngadojana teu mental, Iblis undur ti Isa bari ngadago kasempetan deui. 14 Ku panuyun Ruh Allah, Isa mulih ka Galilea. Beja ngeunaan hal Anjeunna, sumebar ka sakuliahna. 15 Anjeunna ngawitan ngawulang di tempat-tempat ibadah, matak resep urang dinya. 16 Ti dinya sumping ka Nasaret, tempat Anjeunna keur murangkalih keneh. Dina poe Sabat angkat ka tempat ibadah, saperti biasana, ngadeg di payun rek ngaos Kitab. 17 Anjeunna diasongan kitab Nabi Yesaya. Kitab dibuka, ayatna kieu ungelna: 18 “Ruh Pangeran nangtayungan Kami. Kami ku Anjeunna dijenengkeun, pikeun ngumumkeun yen: Kaom sangsara bakal barungah. 19 Kami diutus pikeun ngumumkeun yen: Tawanan-tawanan bakal merdika, nu lalolong bakal awas, anu dikaniaya bakal dibebaskeun. Jeung ngumumkeun, yen ayeuna teh jaman anu kamanah ku Pangeran.” 20 Kitab ditutupkeun, dipasihkeun ka pejabat; Anjeunna gek linggih, dipalencrong ku sajamaah. 21 Galindeng ngawulang, saur-Na, “Ayat nu bieu kakuping, poe ieu geus bukti.” 22 Pilahir Anjeunna dihaminan ku jamaah, anu katarik ku kecap-kecap sakitu alusna. Jamaah ting kecewis, “Lain anak Yusup tea eta teh?” 23 Isa sasauran deui, “Kawasna aranjeun rek ngucapkeun ka Kaula paribasa anu kieu: Ki Tabib, ubaran awak sorangan! Cik kajadian di Kapernaum teh, anu aya bejana ka dieu; ayeuna, buktikeun di dieu, di lembur sorangan!” 24 Saur-Na deui, “Tetela, di lemburna mah, nabi-nabi teh teu aya nu dihargaan. 25 Kaula rek ngasongkeun buktina: Jaman Nabi Elias, waktu langit nutup tilu taun satengah sarta paceklik di sakuliahna; harita, di Israil teh loba pisan randa. 26 Tapi Nabi Elias henteu ditimbalan ka maranehna, anggur dipiwarang ka hiji randa urang Sarpat bawahan Sidon. 27 Kitu oge jaman Nabi Elisa, waktu di Israil loba nu katerap ku lepra, teu aya saurang-urang acan anu dicageurkeun, iwal ti Naaman urang nagara Siria.” 28 Diesek-esekkeun kitu, jamaah teh kacida arambekeunana, tuluy carengkat. 29 Isa dijongklokkeun ka luar, tuluy dibawa ka pasir anu nampeu, rek diragragkeun tina gawir. 30 Tapi Anjeunna, iasa lolos di tengah jalan. 31 Ti dinya, Isa angkat ka Kapernaum, hiji kota di Galilea. Dina poe Sabat, Anjeunna ngawulang di tempat ibadah. 32 Piwulang-Na narik perhatian, pinuh ku pangaruh. 33 Di antara kaom dangu, aya nu karanjingan roh jahat; manehna ngomong tarik: 34 “Isa, urang Nasaret! Rek naon ka urang? Rek ngabinasa? Urang nyaho, Anjeun teh Utusan suci ti Allah!” 35 Harita keneh Isa nyeuseul, “Repeh! Ingkah maneh ti eta jelema!” Tuluy eta jelema teh ku setanna dibeubeutkeun, hadena teu kua-kieu. Setanna terus ingkah. 36 Anu nyaraksian kabeh barengong, tuluy tingkecewis, “Ajaib kasaurana-Na! Parentah-Na teurak, kawasaan. Ruh jahat diparentahkeun ingkah, ingkah!” 37 Tuluy bejana, sumebar ka sakuliah daerah. 38 Sanggeus ngawulang, Isa angkat ka imah Simon. Harita, ibu mertua Simon teh keur gering, muriang; tuluy diunjukkeun ka Isa. 39 Isa ngadeg di sisi nu gering, panyakit teh ditimbalan ingkah. Harita keneh, muriangna cageur; tuluy bae anjeunna teh ngalalayanan tamu-tamu. 40 Sanggeus surup panonpoe, jul-jol anu marawa nu garering ku rupa-rupa kasakit. Masing-masing ku Anjeunna ditumpangan panangan, tuluy calageur. 41 Anu kasurupan roh jahat ge loba; roh-roh jahatna tuluy aringkah bari tinggarero, “Anjeun, Putra Allah!” Ku Isa diseuseulan, jeung teu meunang ngaromong deui. Sabab maranehna mah wawuheun, yen Anjeunna teh Al Masih. 42 Isukna Anjeunna angkat ngelemet ka nu simpe; atuh jalma rea teh pada milarian. Sanggeus kapendak, ku maranehna dikeukeuhan supaya ulah ngantunkeun. 43 Tapi saur-Na, “Kota lianna, ku Kami kudu diteang sarta kudu diwawaran Injil Karajaan Allah oge. Sabab Kami, diutus teh pikeun ngalampahkeun tugas eta.” 44 Lajeng Anjeunna nyumpingan tempat-tempat ibadah di Yudea, nya pikeun ngawulang tea.

Lukas 5

1 Hiji mangsa, Isa aya di sisi Talaga Genesaret, dirubung ku jelema, — loba pisan — anu harayang ngupingkeun dawuhan Allah. 2 Anjeunna ningali dua parahu kosong di sisi, ari nu bogana keur meresihan heurap. 3 Cat, Anjeunna unggah kana parahu; gek linggih, tuluy ngawulang. 4 Beres ngawulang, sasauran ka Simon, “Welah parahuna ka nu jero, rungkupkeun heurap teh.” 5 Simon ngawalon, “Rabi (= Guru), parantos sawengi jeput, abdi lintar sabatur-batur, henteu kekengingan pisan. Ayeuna dipiwarang bade tumut bae.” 6 Pruk ngarungkup. Lauk nu karungkup kacida lobana, nepi ka heurapna rada bedah. 7 Tuluy Petrus sabatur-batur, ngisarahan ka nu araya di parahu sejen, menta supaya dibantuan. Prak, maranehna teh dibarantuan ngalaan lauk di kana parahukeun; eta parahu pinuh ku lauk, nepi ka meh kalem. 8 Ngalaman nu kawas kitu, brek bae, Simon sideku payuneun Isa sarta unjukan, “Jungjunan, enggal abdi kantunkeun. Abdi mah jalmi doraka!” 9 Unjukan kitu teh bawaning ku ngarasa helok nenjo lauk beubeunanganana sakitu lobana. Nu lian-lian oge kitu keneh bae. 10 Nya kitu deui Yakobus jeung Yahya, anak-anak Sebedeus, batur anu saparahu. Tapi saur Isa, “Ulah sieun. Ti semet ayeuna, nu bakal diala ku maraneh teh nya jelema, lain lauk.” 11 Sanggeus parahu di kadaratkeun, cul ditaringgalkeun katut saeusina, maranehna terus ngiring ka Isa. 12 Hiji mangsa, Isa aya di hiji kota. Aya hiji jelema lepra. Barang breh, nenjo Isa; manehna teh, brek sideku terus unjukan, “Manawi luntur galih, Juragan nu iasa nyageurkeun kasakit abdi teh.” 13 Ku Anjeunna nu lepra teh dicabak sarta saur-Na, “Heug, geura cageur.” 14 Sapada harita, leprana teh, les leungit beresih. Ku Anjeunna ditimbalan ulah cacarita ka sasaha. Saur-Na deui, “Geura tembongkeun awak maneh ka imam, — bari mawa kurban ku lantaran panyakit maneh cageur — nurutkeun parentah Nabi Musa, pikeun tanda bukti.” 15 Sanajan kitu, teu weleh kabejakeun bae nepi ka jauhna, nepi ka jelema-jelema teh rabul ka Anjeunna, seja ngupingkeun jeung harayang dicageurkeun kasakit-kasakitna. 16 Tapi Anjeunna mah, geus nyingkir ka tempat-tempat anu sepi sarta ngadu'a. 17 Dina hiji poe, waktu Isa ngawulang, aya sawatara urang Parisi jeung ahli Kitab milu nungkulan, daratang ti desa-desa bawahan Galilea jeung Yudea, oge ti kota Yerusalem. Isa, anu kasartaan kawasa Allah, iasa nyageurkeun anu garering. 18 Harita, aya nu mawa jelema lumpuh, digotong, niatna rek dideuheuskeun ka Anjeunna. 19 Tapi weleh teu bisa asup, heurin usik. Tungtungna mah, make jalan tina hateup (hateupna papak jeung make tangga umpak). Hateupna dikakat, tuluy nu lumpuh teh diulur jeung gotonganana ka payuneun Isa. 20 Ningali kayakinan iman anu sakitu mantepna, nu lumpuh teh ku Anjeunna disambut, saur-Na, “Bagea dulur! Dosa sampean geus dihampura.” 21 Ahli-ahli Kitab jeung urang-urang Parisi tinggerentes, “Naha Jelema teh bet mapadani ka Allah? Na saha anu iasa ngahampura dosa lian ti Allah mah!” 22 Gerentes hate aranjeunna ku Isa kauninga, tuluy disauran kieu, “Naha aranjeun kitu mamanahan? Cek Kaula ka ieu nu lumpuh: dosa maneh geus dihampura. 23 Hesean mana jeung upama ku Kaula dititah: geura hudang terus leumpang? 24 Tapi supaya aranjeun uninga yen Anak Manusa teh kawasa ngahampura dosa, urang buktikeun.” Tuluy Anjeunna nimbalan ka nu lumpuh, “Kami marentah: Geura hudang, terus balik, gotonganana bawa!” 25 Harita keneh, nu lumpuh teh hudang; ceg kana gotongan terus balik bari muji sukur ka Allah. 26 Nu nyaraksian kabeh ngarasa helok bari sari-sari sieun, tuluy ngaromong, “Poe ieu, urang geus nenjo perkara anu ajaib.” 27 Geus kitu, Isa kaluar. Beh ningali Lewi tukang cuke, keur diuk di kantor cuke. Ku Anjeunna ditimbalan, “Milu ka Kami!” 28 Lewi cengkat; cul, nu aya di dinya, ditinggalkeun; tuluy ngiring ka Anjeunna. 29 Sanggeus kitu, Lewi, di imahna ngayakeun jamuan rongkah kangge Anjeunna. Lajeng Anjeunna tuang, bareng jeung tukang-tukang cuke lianna jeung nu sejen-sejenna deui. 30 Urang-urang Parisi jeung ahli-ahli Kitab gegelendeng ka murid-murid Anjeunna, “Naha maraneh wet dahar nginum bareng jeung tukang-tukang cuke jeung bangsa daroraka?” 31 Nanging Isa anu ngawalerna, “Nu sarehat mah, teu perlu tabib. Nu perlu tabib mah, anu garering. 32 Kami ka dunya teh lain rek nyaur nu balener, tapi rek nyaur nu daroraka, sina tobat tina dosana.” 33 Tuluy cek urang-urang Parisi teh, “Murid-murid Nabi Yahya jeung murid-murid urang Parisi rajin puasa sarta rajin ngadu'a. Ari murid-murid Sampean mah, ahlina kana dahar jeung nginum.” 34 Waler Isa, “Na ari tamu-tamu Ki panganten kudu puasa sapanjang Ki panganten aya keneh babarengan? 35 Sabab aya waktuna, Ki panganten bakal ditarik ti tamu-tamu-Na teh, nya harita waktuna maranehna kudu puasa teh.” 36 Geus kitu, Anjeunna masihan siloka kieu, “Moal aya nu nyoehkeun baju anyar, sosoehanana dipake nambal baju anu geus heubeul. Sabab akibatna, hanas nu anyar disoehkeun, ari heug sosoehanana dipake nambal nu heubeul wet henteu saimbang. 37 Oge moal aya anu ngeusikeun cianggur anyar kana kantong kulit nu geus heubeul. Sabab akibatna, anggur anyar teh matak bedah wadah, anggurna teu kapuluk, kantong wadahna ruksak. 38 Anggur anyar mah, wadahna ge kudu anyar. 39 Turug-turug, anu geus biasa nginum anggur nu kawak mah, moal hayang nginum nu anyar keneh. Sabab karasaeun, yen anggur nu geus kawak teh alus sarta ngeunah rasana.”

Lukas 6

1 Dina hiji poe Sabat, Isa angkat ngalangkungan huma gandum. Murid-murid-Na maripit gandum, digelang terus didalahar. 2 Ku sababaraha urang Parisi dipaido, pokna, “Ieu teh poe Sabat, ku naon make digarawe?” 3 Diwaler ku Isa, “Na aranjeun tacan maca lalampahan raja Daud, waktu anjeunna sarencang-rencang ngaraos lapar? 4 Anjeunna lebet ka jero Bait Allah nyandak roti sasajen terus dituang; rencang-rencangna oge dibagianan. Padahal roti sasajen mah teu meunang didahar ku nu lian, iwal ti ku imam.” 5 Saur-Na deui, “Saenyana Putra Manusa teh Jungjunanning Sabat.” 6 Dina poe Sabat sejenna deui, Isa ngawulang di hiji tempat ibadah. Di dinya, aya nu koper leungeunna, nya eta nu katuhu. 7 Isa diarintip ku kaom Parisi. Maranehna ngaharep supaya Anjeunna nyageurkeun eta jelema dina poe Sabat, ngarah maranehna bisa nyalahkeun. 8 Pikiran maranehna ku Isa oge kajudi. Anjeunna ngalahir ka nu koper tea, saur-Na, “Cik anjeun ka beh tengah, nangtung.” Jung, manehna, nangtung di beh tengah. 9 Saur Isa ka kaom Parisi, “Simkuring seja nanya ka aranjeun. Mana anu halal dina poe Sabat: nyieun kahadean atawa kajahatan? Ngabelaan nyawa sasamaning hirup atawa ngabinasa?” 10 Maranehna ku Anjeunna diteuteup saurang-saurang, geus kitu Anjeunna ngalahir ka nu koper, “Cik leungeun nu koper teh jungjungkeun.” Ku nu koper diturut; harita keneh, koperna teh cageur. 11 Kaom Parisi kacida arambekeunana. Tuluy baradami, Isa teh kudu dikumahakeun. 12 Ti dinya, Isa nanjak ka gunung bade mujasmedi. Sapeupeuting Anjeunna neneda ka Allah. 13 Sanggeus beurang Anjeunna ngempelkeun murid-murid. Sanggeusna kumpul, tuluy dipilih dua welas urang sarta ku Anjeunna disebat rasul. 14 Ngaran-ngaran nu kapilih teh, nya eta: Simon, katelah oge Petrus; Andreas, dulur Simon; Yakobus jeung Yahya, Pilipus jeung Bartolomeus. 15 Mateus jeung Tomas, Yakobus anak Alpius, Simon anu nelah Selotes, jeung Yudas Iskariot, anu engkena bakal ngahianat. 16 Geus kitu, Isa jeung nu ngariring, turun ti gunung; Anjeunna liren heula di hiji tempat anu datar. Di dinya, geus karumpul murid-murid Anjeunna, loba pisan. 17 Nu lian-lianna oge loba, dararatang ti sakuliah tanah Yudea, ti Yerusalem, jeung ti daerah basisir bawahan Tirus jeung Sidon. 18 Pangna daratang ka dinya, jaba ti anu seja ngarupingkeun cariosan Anjeunna, oge anu harayang dicageurkeun, boh tina kasakit, boh tina kasarurupan roh jahat. 19 Maranehna pabisa-bisa harayang nyabak ka Isa. Sabab aya kakawasaan anu mencar ti salira-Na, nepi ka maranehna kabeh calalageur. 20 Ti dinya, Isa neuteup ka murid-murid, tuluy nyarios kieu, “Bagja maraneh teh, sanajan maraneh taya kaboga; sabab Karajaan Allah teh, boga maraneh. 21 Bagja maraneh teh, sanajan ayeuna maraneh kalaparan; sabab maraneh bakal diseubeuhkeun. Bagja maraneh teh, sanajan ayeuna maraneh ceurik; sabab maraneh bakal seuri. 22 Bagja maraneh sanajan dipikacua, dipencilkeun, dicela, jeung disebut jalma doraka pedah anut ka Putra Manusa. 23 Lamun geus nepi ka dikitu-kitu teh, kudu atoh sabab gede ganjaranana di sawarga. Nabi-nabi oge dikitu-kitu ku karuhun maranehna. 24 Sabalikna, cilaka nu ayeuna beunghar mah. Sabab senang soteh ayeuna, rasa maneh beunghar. 25 Cilaka anu ayeuna geus seubeuh mah; sabab maranehna bakal kalaparan. Cilaka anu ayeuna sareuri mah; sabab maranehna teh bakal ngaheruk jeung careurik. 26 Sing ati-ati, lamun jelema-jelema pada muji ka maraneh. Sabab eta nu maruji teh teu beda ti karuhunna, anu resep muji ka nabi-nabi palsu.” 27 Saur Isa deui, “Ka sakur anu seja anut ka Kami, Kami papatah: Kudu nyaah ka musuh, kudu nyieun kahadean ka nu mikangewa. 28 Kudu ngadu'akeun salamet ka nu nyumpahan, kudu mangnedakeun ka nu nyarekan. 29 Upama maneh ditampiling pipi kenca, asongkeun deui anu katuhu! Atawa lamun baju maneh direbut batur, keun bae sina direbut jeung rangkepanana. 30 Anu barang penta, saha bae ge, bere. Barang maneh anu geus ku batur ulah dipenta deui. 31 Lamun hayang dihadean, kudu hade ka batur. 32 Sabab ari saukur nyaah ka nu nyaah bae mah, lebah mana leuwihna? Nu daroraka oge, ari ka nu mikanyaah mah, nyaaheun. 33 Jadi, lamun maraneh ngan saukur hade ka nu ngahadean bae mah, naon anehna! Di jalma-jalma doraka oge, kitu-kitu bae mah geus lumrah. 34 Jeung upama nulung kabutuh batur pedah aya pamrih, lebah mana leuwihna maraneh ti anu sejen? Anu daroraka oge ana nginjeumkeun teh bari ngarep-ngarep pulang jinis. 35 Ulah kitu maraneh mah. Ka musuh kudu nyaah sarta kudu ngalampahkeun kahadean. Ari nulung ulah hayang dipulang tarima, supaya gede ganjaranana jeung supaya jadi putra-putra Allah nu Maha Agung. Sabab Anjeunna mah, ka nu teu boga rasa rumasa jeung ka nu jahat ge tetep mikaasih. 36 Maraneh kudu jembar ku kanyaah, jembar ku kaasih, nya cara Rama maraneh tea.” 37 “Ulah neumbleuhkeun kasalahan ka batur, supaya urang ge teu disalahkeun. Ulah resep tudang-tuding, supaya euweuh nu nuding. 38 Kudu daek barang bere, supaya aya nu mere; upama kitu nu baris katarima teh tangtu kalawan leuwihna, cara dibahekeun tina takeran anu digedog nepi ka padet. Batur ngabalesna ka urang teh make ukuran urang, anu ku urang dikeunakeun ka batur, dina sagala hal.” 39 Saterusna, Isa sasaurana-Na ku siloka. Saur-Na, “Cik, bisaeun anu lolong nungtun anu lolong? Moal; sabab lamun aya solokan, tangtu tikusruk duanana. 40 Murid moal leuwih ti guru. Tapi di mana diajarna geus tamat, bakal sarua jeung guruna. 41 Naha ari kana tatal dina panon dulur awas, ari balok dina panon sorangan teu karasa? 42 Pamohalan maneh ngomong kieu ka dulur: Maap, eta tatal dina panon maneh urang cabut; padahal dina panon sorangan aya balok. Aranjeun anu munapek, dudut heula balok dina panon sorangan, kakara bisa awas pikeun mangnyabutkeun tatal tina panon batur.” 43 “Tangkal nu hade, mustahil buahna teu hade. Nya kitu deui tangkal nu goreng, mustahil buahna hade. 44 Urang wawuh kana hiji-hijina tangkal teh, tina buahna. Sabab pasti, tangkal cucuk moal buahan jeruk, harendong moal buahan kadongdong. 45 Jelema oge, lamun eusi hatena hade, kaluarna oge anu hade. Lamun eusi hatena jahat, kaluarna oge bangsa nu jahat-jahat. Sabab anu mudal tina biwir, eta teh lantaran hate geus leber.” 46 “Rek naon nyambat ka Kami: Jungjunan, Jungjunan, padahal omongan Kami teu didenge? 47 Anu datang ka Kami bari daek ngadenge jeung nekanan omongan Kami, ku Kami diibaratkeun kieu: 48 Nya eta ibarat nu nyieun imah, anu galianana jero jeung dasarna tina batu. Najan katarajang banjir, eta imah moal inggeung-inggeung acan sabab kuat pademenna. 49 Sabalikna, anu ngan saukur ngadenge kana omongan Kami, tapi teu jeung prakna dilampahkeun; nu kitu mah, kawas nu nyieun imah dina keusik bae, bari jeung teu make pademen. Dina kateumbrag caah, pasti eta imah rugrug jeung ruksak burakrakan.”

Lukas 7

1 Tamat sasauran ka jalma rea, Isa angkat sarta sumping ka kota Kapernaum. 2 Di dinya aya hiji perwira bangsa Rum, boga badega kacida kapakena. Badegana teh gering sahoseun. 3 Eta perwira ngadenge perkara hal Isa. Tuluy menta tulung ka kokolot-kokolot urang Yahudi ngangkir Isa supaya badegana tea katulungan. 4 Sanggeus daratang ka Isa, kokolot teh kacida ngaharepna supaya Anjeunna kersa nulungan. Pihaturna, “Eta jalmi teh pantes ditulungan. 5 Margi jalmina nyaaheun ka bangsa urang. Malah kantos ngongkosan ngadamel tempat ibadah.” 6 Isa rujuk, tuluy angkat sareng. Barang geus meh tepi ka nu dijugjug, amprok jeung sobat-sobat perwira tea anu mapag Anjeunna, talatahna, “Juragan teu kedah sumping ku anjeun. Abdi isin kasumpingan Anjeun teh; abdi isin nepanganana. 7 Cekap ku ngadawuh ti dieu, ku sakecap oge tangtos badega teh katulungan. 8 Abdi teh jalmi bawahan, gaduh cangkingan perjurit. Upami sanggem abdi ka perjurit: Indit, tangtos indit. Upami sanggem abdi: Ka dieu, tangtos nyampeurkeun. Atanapi marentah ka badega: Ieu gawekeun, tangtos dilampahkeun.” 9 Ngadangu anu sarupa kitu, Isa jadi katarik. Anjeunna nyoreang ka nu ngiring bari saur-Na, “Kami kakara manggih kayakinan anu kandel kieu. Di urang Israil ge can aya.” 10 Jurungan-jurungan dipiwarang mulang. Ari daratang, kasampak si badega teh geus cageur. 11 Ti dinya, Isa angkat ka Kota Nain jeung murid-murid; kitu deui anu lian-lianna. 12 Memeh asup ka kota, aya aleutan anu ngagotong mayit; mayit budak lalaki anak tunggal hiji randa, diiring ku urang dinya. 13 Barang Isa ningali eta randa, manah-Na ngahelas. “Ulah ceurik,” saur-Na bari nyaketan kana pasaran. 14 Pasaran teh dicepeng, nu ngagotongna eureun. Anjeunna ngalahir, “Agus, geura hudang!” 15 Mayit ngulisik, diuk, tuluy ngomong. Geus kitu, ku Isa dipasrahkeun ka indungna. 16 Nu nyaraksian jadi ngarasa sieun, terus maruji ka Allah. Aromongna deui, “Nabi Agung aya ka urang. Allah ngalayad umat-Na.” 17 Tuluy sumebar beja ngeunaan Anjeunna ka sakuliah tanah Yudea jeung tempat-tempat sakurilingna. 18 Ieu kajadian diunjukkeun ka Yahya ku murid-muridna. 19 Tuluy Yahya ngajurung muridna duaan ka Isa, sina unjukan kieu, “Leres Anjeun teh anu bakal sumping tea, atanapi eta mah antosaneun keneh?” 20 Sanggeus daratang, pok unjukan ka Isa, “Dipiwarang tumaros ku Yahya Juru Baptis, saurna leres kitu Anjeun teh nu baris sumping tea, atanapi Anjeunna mah antosaneun keneh?” 21 Harita, Isa keur nyageur-nyageurkeun nu garering, nu kasarurupan roh jahat, jeung nu lalolong. 22 Anjeunna ngawaler kieu, “Bejakeun ka Yahya sakur anu ku maneh katenjo, kadenge: Nu lalolong cageur, arawas deui. Nu lalumpuh cageur, barisa leumpang. Nu lepra cageur, jadi setra. Nu geus maraot dihirupkeun deui jeung ka nu mariskin diwawarkeun beja nu matak bungah. 23 Nya bagja pisan sing saha anu henteu hamham sarta nolak ka Kami.” 24 Sanggeus jurungan Yahya marulang, Isa nyarioskeun Nabi Yahya ka jalma rea, saur-Na, “Bareto, rek naraon aranjeun ka tanah kikisik teh? Rek nongton eurih anu ting arulang ku angin? 25 Rek naraon ka daritu teh? Rek nongton anu ginding? Anu garinding jeung mararewah mah ayana di karaton. 26 Rek naraon atuh? Rek manggihan nabi? Bener! Malah cek Kami mah leuwih ti nabi. 27 Sabab nya anjeunna, anu kieu dituliskeunana dina Kitab Suci teh: ‘Kanyahokeun, Kami ngajurung utusan heulaeun Maneh, geusan naratas jalan sorangeun Maneh.’ 28 Sing percaya ka Kami: Di antara manusa mah, euweuh deui anu punjulna kawas Yahya. — Tapi di Karajaan Allah mah, anu pangrendahna ge leuwih luhur ti anjeunna — 29 Kabeh jalma malah tukang-tukang cuke oge, — ngadarenge kana piwuruk Nabi Yahya teh — geus narurut kana pamundut Allah anu adil ku jalan dibaptis ku pangbaptis anjeunna. 30 Tapi ku kaom Parisi jeung ahli-ahli Toret mah, maksad Allah ka maranehna teh teu ditarimakeun, nya ku arembungna tea dibaptis ku Nabi Yahya. 31 Kudu kumaha disebutna ari nu karitu? Sarua jeung naon maranehna teh? 32 Sarua jeung barudak di pasar, nu arulin silih geroan: Ku urang dipangnabeuhkeun, maraneh teu ngigel-ngigel! Ditembangan pinalangsaeun, euweuh semu-semu nalangsa! 33 Nabi Yahya tara dahar tara nginum anggur, cek aranjeun jelema siwah. 34 Putra Manusa dahar nginum biasa, cek aranjeun ahli nginum, ahli dahar, nyobat ka tukang-tukang cuke jeung runtah masarakat. 35 Tetela, ieu hikmat teh beunangna mah ku nu barodo keneh.” 36 Aya urang Parisi, ngangkir Isa ka imahna ngahaturanan tuang. Isa sumping, terus tuang. 37 Di eta tempat aya hiji awewe, kasohor awewe doraka. Barang meunang beja yen Isa aya di eta urang Parisi, manehna datang mawa minyak seungit sabotol. 38 Sanggeus datang, heug cicing dipungkureun Isa; segruk bae ceurik, cipanonna maseuhan sampean Isa. Geus kitu, sampean Isa ku manehna disekaan ku buukna. Sanggeus tuus, eta sampean teh diciuman, terus diminyakan minyak seungit. 39 Urang Parisi teh dina hatena ngomongkeun Isa, “Lamun enya Manehna nabi, moal-moal teu nyahoeun saha, jelema naon eta awewe teh. Moal teu nyahoeun yen eta teh awewe doraka.” 40 Isa nyarios ka manehna, saur-Na, “Simon, Kami boga picaritaeun.” Walonna, “Mangga saurkeun bae, Guru.” 41 Saur Isa, “Aya dua jelema boga hutang ka tukang nginjeumkeun. Nu saurang hutangna lima ratus dinar, nu saurang deui lima puluh dinar. 42 Ku sabab teu saranggupeun mayar; tungtungna, hutangna dibebaskeun bae. Cik, anu mana kira-kirana anu pangtumarimana?” 43 Walon Simon, “Tangtos anu hutangna langkung ageung.” Saur Isa, “Bener jawaban teh.” 44 Saur-Na deui ka Simon, bari nyoreang ka awewe tea, “Anjeun geus sidik ka ieu awewe. Kami teh tamu anjeun. Anjeun teu nyadiaan cai keur ngumbah suku; ari ku ieu awewe, suku Kami dikumbah ku cipanon jeung disekaan ku buukna. 45 Anjeun ka Kami teu sasalaman-sasalaman acan; tapi ieu awewe mah, ti barang Kami sup ka dieu, teu eureun-eureun nyiuman kana suku. 46 Sirah Kami ku anjeun teu diminyakan; tapi ku ieu mah, malah suku Kami nu diminyakan ku minyak seungit. 47 Ku sabab eta, Kami rek nerangkeun yen: ieu awewe loba dosana, tapi geus dihampura sarta geus nembongkeun rasa tumarimana ka Kami sakitu nemenna. Lamun dosana teu pira mah, ana dihampura ge, rasa tumarimana moal sabaraha.” 48 Geus kitu, Anjeunna ngalahir ka eta awewe, saur-Na, “Dosa maneh geus dihampura.” 49 Anu keur dalahar bareng jeung Anjeunna ngaromong dina hatena, “Na Saha ieu teh? Saha jelemana nu wenang ngahampura dosa?” 50 Saur Isa deui ka eta awewe, “Ku sabab maneh boga iman, maneh salamet. Sing jongjon nya hate.”

Lukas 8

1 Teu lila ti harita, Isa angkat deui; Anjeunna ngider ti kota ka kota, ti desa ka desa nguarkeun Injil Karajaan Allah, diiring ku dua belas murid. 2 Aya oge wanita-wanita anu ngariring, wanita-wanita anu tadina diganggu ku roh-roh jahat atawa panyakit sejenna, nya eta: Maryam Magdalena, — anu ku Anjeunna dicageurkeun tina gangguan tujuh roh jahat — 3 Yohana, — bojo Kusa, bendahara Raja Herodes — Susana, jeung rea-rea deui anu milu ngabantu ku harta banda ka rombongan Isa. 4 Sanggeus jelema-jelema anu ti kota-kota kumpul, Isa nyarios. Nyarios-Na nganggo misil, saur-Na, 5 “Aya jelema indit tebar. Waktu tebar, binihna aya anu ragragan ka sisi jalan; tuluy eta binih teh aya anu kaidek ku nu laliwat atawa beak ku manuk. 6 Aya anu ragragan kana taneuh cadas; ana jadi, terus perang ku sabab teu manggih cai. 7 Sabagian deui ragragan kana rungkun cucuk; cucukna bareng jadi, binih teh kalindih nepi ka paeh. 8 Anu sabagian deui ragrag di taneuh anu hade; jadina alus pisan, hasilna saratus lipet.” Tamat misil, Isa sasauran kieu, “Anu rumasa boga ceuli pikeun ngadenge, geura ngadenge!” 9 Murid-murid mihatur, naroskeun maksudna eta misil. 10 Saur Isa, “Maraneh mah geus meunang kurnia pikeun bisa ngahartikeun rasiah Karajaan Allah. Ari ka nu sejen mah, dicaritakeun teh misilna bae; supaya najan panon molotot, pikeun maranehna mah moal nenjo; jaba ti eta, najan ceuli molongo, pikeun maranehna mah moal bisa ngarti. 11 Eta misil hartina kieu: Binih, nya eta Sabda Allah. 12 Binih nu ragragna di sisi jalan; hartina, Sabda teh aya nu ngadarengekeun. Tapi ku Iblis, geuwat dipupus tina hatena supaya jelemana ulah percaya, ulah salamet. 13 Anu ragragna kana tanah cadas; hartina, binih teh ku nu ngadenge ditarima kalawan gumbira. Tapi henteu terus nyerep kana hatena, jelemana percayana ngan sakeudeung, ana nandangan dodoja mah terus murtad. 14 Anu ragragna kana rungkun cucuk; eta Sabda teh didenge, tapi saterusna jelemana dirobeda ku rasa salempang, kabengbat ku kabeungharan, jeung kagoda ku kasenangan; Sabda teh terus kalindih, berkahna henteu kaala. 15 Anu keunana kana taneuh anu hade; hartina, sabda teh didenge, ditarimana, diimankeun kalawan tigin, ngahasilkeun buah kalakuan anu hade.” 16 “Urang nyeungeut lampu teh lain keur turubaneun ku gentong atawa teundeuneun di kolong dipan, tapi keur teundeuneun dina tempatna, malar caang ka saeusi imah. 17 Sabab nu ayeuna buni, moal aya nu teu bakal nembrak; moal aya rasiah anu henteu kabuka. 18 Ku sabab eta, perhatikeun kumaha cara-carana ngadenge. Sabab saha-saha nu geus boga, kabogana bakal ditambahan. Ari nu tacan boga mah, nu geus aya ge bakal beak.” 19 Ibu Isa, kitu deui saderek-saderek-Na, sarumping pikeun nepangan Anjeunna; tapi teu bisa jonghok, kahalangan ku jalma nu sakitu lobana. 20 Tuluy ka Isa aya nu ngunjukkeun, pokna, “Tuang ibu sareng saderek-saderek sarumping bade nepangan, itu di luar.” 21 Tapi Anjeunna ngawaler kieu, “Indung atawa dulur-dulur Kami mah, nya eta sing sakur anu ngadenge kana Sabda Allah katut jeung ngamalkeunana.” 22 Dina hiji poe, Isa unggah kana parahu bari saur-Na ka murid-murid, “Urang ka peuntas ditu.” Tuluy mareuntas. 23 Sabot meuntas, Isa kulem. Dak-dumadak angin topan ngamuk, parahu kalembak cai, kacida bahayana. 24 Isa ku murid-murid digugahkeun, “Pa Guru, urang tiwas!” Isa gugah, angin jeung ombak ku Anjeunna diseuseul. Jep bae angin jeung ombak teh leler, talaga tenang deui. 25 Anjeunna ngadawuh ka murid-murid, “Di ka manakeun iman teh?” Maranehna ngan sieun jeung bengong bae anu aya; tuluy tingkucuwes sabatur-batur, “Saha atuh saenyana ieu Guru urang teh, bet kawasa, marentah ka angin jeung ombak nepi ka tunduk kitu?” 26 Isa jeung murid-murid geus balabuh di tanah urang Gadara. 27 Sanggeus Anjeunna hanjat ka darat, aya hiji lalaki nu nyampeurkeun ka Anjeunna. Eta jelema teh diraksuk ku setan-setan, geus tara make pakean, tara balik-balik sarta matuhna di pamakaman. 28 Barang prok, manehna nyuuh payuneun Anjeunna bari ngagero, “Aya urusan naon ka kuring, he Isa Putra Allah Nu Maha Agung? Pamenta kuring, Anjeun muga ulah nyiksa.” 29 Kituna teh lantaran tadi ku Isa ditimbalan supaya roh jahatna nyingkah ti manehna. Sering pisan eta roh jahat teh ngaganggu ka manehna. Pikeun ngajaga, eta jelema teh dirante jeung dibarogod. Tapi barogodna pegat-pegat bae, tuluy ku setanna dibawa ngaprak ka tempat nu sararuni. 30 Eta jelema ku Isa dipariksa, “Ngaran maneh saha?” Ari jawabna, “Legiun,” sabab setan anu nyurupna teh loba. 31 Eta setan-setan pada nunuhun ka Isa, supaya ulah diparentah ngagubrus-gubruskeun maneh kana jero jungkrang panahanan. 32 Beh di lamping pasir, aya bagong sabubuhan, loba pisan. Eta bagong-bagong teh, keur nareangan hakaneun. Setan-setan teh menta diidinan nyarurup ka sato-sato eta; ku Isa, eta setan-setan teh diwidian. 33 Tuluy setan-setan teh nyaringkah ti eta jelema nyarurup ka bagong-bagong tea. Geus kitu, bagong-bagong teh tinggejebur tina sisi jungkrang ka talaga, kabeh paraeh tilelep. 34 Anu ngajaraga eta bagong lalumpatan, nyebarkeun beja ka kota jeung kampung-kampung sakurilingna. 35 Urang dinya terus budal harayang nyaho. Barang daratang ka tempat Isa, kasampak nu karanjingan setan teh keur diuk deukeut sampeana-Na; tur enggeus make papakean, geus waras. Tapi jelema-jelema teh, anggur sarieuneun. 36 Anu nyaraksian sorangan eta kajadian, natalepakeun beja ka anu sejen-sejenna jalan-jalanna eta anu karanjingan teh bisa waras deui. 37 Tuluy sakabeh urang Gadara nunuhun ka Isa, supaya Anjeunna enggal angkat ti maranehna ku bawaning sarieuneun. Anjeunna unggah deui kana parahu. 38 Jelema anu kakara waras teh nyarita ka Anjeunna, yen manehna hayang milu. Tapi saur-Na, 39 “Maneh leuwih hade balik, pek di imah caritakeun lalakon maneh ditulung ku Gusti Allah.” Manehna nurut, tuluy indit, ngider sakuliah kota, nyaritakeun lalakonna ditulung ku Isa. 40 Sasumpingna Isa ka peuntas dieu deui, Anjeunna dipapag ku jalma rea anu eukeur nunggu-nunggu. 41 Geus kitu, jol Yairus anu jadi kapala tempat ibadah di dinya, nepangan; anjeunna nyuuh payuneuna-Na, ngajak sindang ka bumina. 42 Sabab anakna anu awewe, nu ngan hiji-hijina umur dua belas taun, udur parna; samar kana menyat deui. Isa angkat ka ditu, ari anu ngariring mani pagelek-gelek. 43 Aya hiji wanita anu boga kasakit ngagetih geus dua belas taun, taya nu bisa ngubaran. 44 Manehna milu pasesedek, ngadeukeutan Anjeunna ti pungkureuna-Na, terus nyabak kana jubah-Na. Dadak sakala ngagetihna eureun. 45 Isa mariksakeun, saur-Na, “Saha anu nyabak ka Kami?” Ku sabab teu aya anu ngaku, pok bae Petrus mihatur, “Pa Guru, seueur anu nyedekkeun ka Salira teh, dugi ka pagugulung.” 46 Tapi saur-Na, “Aya saurang, anu nyabak ka Kami sabab karasa aya tanaga anu mencar ti awak Kami.” 47 Ngarasa kalakuanana katohyan, wanita nu tadi teh, bruk bae nyuuh ka payuneuna-Na bari ngadegdeg; manehna ngawakcakeun sabab-sababna nu matak nyabak ka Anjeunna, terus wawartos yen panyakitna jadi cageur. 48 “Anaking,” saur Isa ka manehna, “iman maneh eta anu nyalametkeun teh, heug ka ditu sing salamet saterusna!” 49 Sabot Anjeunna sasauran, aya jurungan ti kulawargina kapala tempat ibadah tea, mopoyankeun kieu, “Tuang putra teh parantos pupus, teu kedah ngarerepot deui ka Pa Guru.” 50 Kadangueun ku Isa, Anjeunna nyarios ka Yairus, “Teu kedah rejag manah, sing yakin, putra teh katulungan.” 51 Sanggeus cunduk ka bumi Yairus; nu sejen teu aya nu meunang terus milu, iwal ti Petrus, Yahya, jeung Yakobus, jeung ibu rama murangkalih tea. 52 Anu araya di bumi reang nyeungceurikan murangkalih, tapi ku Isa disauran kieu, “Ulah careurik. Budak teh lain maot, keur sare.” 53 Tapi Anjeunna disaleungseurikeun, da sidik murangkalih teh geus maot. 54 Leungeun murangkalih teh ku Anjeunna dicandak, terus ngalahir, “Hudang anaking!” 55 Sup, nyawa murangkalih teh, asup deui; eta murangkalih cengkat, terus nangtung. Ku Isa, eta murangkalih, dipiwarang dipasihan neda. 56 Sepuhna mah ngan bengong bae anu aya, tapi ku Anjeunna dilarang teu kenging seueur carios ka sasaha oge.

Lukas 9

1 Isa nyaur murid anu dua belas, lajeng dipaparin kakuatan jeung kakawasaan pikeun ngelehkeun setan jeung nyageurkeun panyakit. 2 Terus diutus pikeun ngembarkeun Karajaan Allah jeung nyageurkeun anu garering. 3 Kieu amanat-Na, “Maraneh ulah mawa naon-naon, ulah mawa iteuk, ulah mawa bekel, boh roti, boh duit, atawa pisalin. 4 Lamun geus aya anu daekeun narima di imahna, nganjrek teh di dinya bae sarta inditna deui oge, ti dinya keneh. 5 Upama jelemana embungeun narima, tinggalkeun kotana, bari kebutkeun kekebul tina suku, minangka ngelingan ka urang dinya.” 6 Bral, murid-murid, arindit ngadatangan desa-desa; aranjeunna ngembarkeun Injil bari nyageur-nyageurkeun anu garering. 7 Sagala hal anu tumali jeung Isa tea, kadangu ku Herodes, raja wilayah Yudea. Anjeunna ngaraos bingbang jeung risi, sabab loba nu nyarita, yen Isa teh, Nabi Yahya anu hudang deui ti anu maraot. 8 Aya oge anu nyebutkeun, yen Nabi Elias muncul deui. Aya deui anu nyebutkeun, yen Anjeunna teh, salah sahiji nabi anu baheula hudang deui. 9 Saur Raja Herodes, “Yahya ku aing geus diteukteuk beuheungna. Na saha atuh sabenerna eta Jelema teh, wet bisa kitu?” Tuluy anjeunna ihtiar hoyong iasa jonghok jeung Isa. 10 Rasul-rasul nu diutus tea, geus baralik deui. Tuluy aranjeunna ngadareuheus ka Isa ngalaporkeun hasil gawena. Aranjeunna ku Isa dicandak nyingkir heula ka hiji tempat di kota Betsaida, maksad-Na supaya rineh. 11 Tapi kanyahoan ku jalma rea, terus ditaluturkeun. Ku Anjeunna ditampi bae terus diwuruk hal Karajaan Allah, ari nu perlu dicageurkeun, dicageurkeun. 12 Poe geus maju ka burit. Murid-murid arunjukan ka Anjeunna, “Jalmi-jalmi teh sina warangsul, sina nareangan dahareun sareng pamondokan di kampung-kampung anu caraket ka dieu; margi di dieu mah, tempatna sepi pisan.” 13 Tapi saur-Na, “Barere dahar heula ku maraneh!” Ari wangsulna, “Kedah meser heula rotina; jalmi sakitu seueurna, ari roti mung gaduh lima siki sareng lauk dua siki.” 14 Jelema-jelema teh, lobana, kira-kira lima rebu urang. Isa ngalahir deui, “Coba sina dariuk sagunduk-sagunduk kira-kira lima puluhan.” 15 Pek jelema-jelema teh ku murid-murid sina dariuk. 16 Roti anu lima siki jeung lauk anu dua siki tea, ku Isa dicandak; terus Anjeunna tanggah ngucapkeun berkah, rotina disemplekan terus disodorkeun ka murid-murid, supaya dibagikeun ka jalma rea. 17 Brak dalalahar nepi ka sareubeuheun. Sanggeus eta, sesemplekan roti teh dikumpulkeun, kaleuwihanana, aya dua belas bakul. 18 Hiji mangsa, Isa sembahyang nyalira. Sanggeus sembahyangna, murid-murid ngadareuheus. Ku Anjeunna dipariksa kieu, “Ari cek nu rea, Kami teh saha?” 19 Wangsulna, “Aya nu nyebatkeun Nabi Yahya, aya nu nyebatkeun Nabi Elias, aya oge anu nyebatkeun salah sawios nabi hudang deui.” 20 Isa mariksa deui, “Ari cek maraneh, Kami saha?” Pok, Petrus ngawangsul, “Jungjunan teh Al Masih, utusan Allah.” 21 Maranehna ku Anjeunna diomat-omatan pisan, yen hal eta ulah pisan dicaritakeun ka sasaha. 22 Saur Isa, “Putra Manusa teh kudu nandang sangsara anu pohara, ditoker ku para kokolot, ku imam-imam kapala jeung ku ahli-ahli Kitab, terus dipaehan sarta bakal dihudangkeun deui dina poe nu katilu.” 23 Geus kitu, ngalahirna ditujukeun ka kabehan, saur-Na, “Saha-saha anu niat ngiring Kami, kudu nyegah karep sorangan, kudu manggul salibna sapopoe, terus anut ka Kami. 24 Sabab sing saha anu rek ngabelaan nyawana, tangtu bakal kaleungitan nyawa. Sabalikna, anu nepi ka leungit nyawa ku lantaran Kami, tinangtu salamet. 25 Naon gunana meunangkeun saalam dunya, ari matak ngabinasa atawa ngarugikeun ka nyawa? 26 Sabab saha-saha anu era, ku hal Kami jeung ku pangajaran Kami; Putra Manusa oge, — di mana geus ngancik dina kamulyaana-Na jeung dina Kamulyaan Rama katut malaikat-malaikat suci — bakal era ku hal manehna. 27 Kami ngabejaan: Ti antara jelema-jelema anu ayeuna jonghok di dieu, aya anu moal waka paeh samemeh narenjo heula Karajaan Allah.” 28 Kira-kira dalapan poe ti harita, Isa unggah ka hiji gunung bari nyandak Petrus, Yahya, jeung Yakobus; kersa-Na bade neneda. 29 Tengah-tengah Anjeunna ngadu'a; dumadakan Anjeunna salin rupi, anggoana-Na hurung mancur. 30 Breh deui Nabi Musa jeung Nabi Elias keur cacarios jeung Anjeunna. 31 Aranjeunna oge tembongna teh mulya pisan, keur nyarioskeun tujuan perjalanan Anjeunna anu ku Anjeunna baris disorang nepi ka tutugna di Yerusalem. 32 Harita, Petrus jeung nu duaan deui tea mah, kasarean; ari hudang breh ka Isa anu ngagem kamulyaana-Na, disarengan ku nu duaan tea. 33 Barang anu duaan tea arek paturay jeung Anjeunna, pok Petrus unjukan, “Rabi, abdi-abdi ngaraos kalintang bagjana di dieu teh. Saena mah, urang ngadegkeun saung tilu, hiji kangge Jungjunan, hiji kangge Nabi Musa, hiji deui kangge Nabi Elias.” Ngomongna kitu teh, saenyana mah henteu sadar. 34 Sabot manehna ngomong, wet aya mega anu mayungan ka Aranjeunna, Aranjeunna kaliputan. Maranehna kacida ngarasa sieunna. 35 Tina mega teh aya sora, “Tah ieu Putra Kami anu pinilih. Kudu anut ka Anjeunna.” 36 Barang ngong sora, nu tembong teh ngan kantun Isa nyalira. Hal eta, ku maranehna tetep dirasiahkeun teu dibejakeun ka saha-saha. 37 Isukna, waktu aranjeunna geus mudun ti gunung, ditepungan ku jelema rea pisan. 38 Pok, nu saurang, nyarita ka Isa, “Guru, mugi pangningalikeun pun anak anu mung hiji-hijina. 39 Sok diganggu bae ku roh jahat, dugi ka ujug-ujug jejeritan sareng sungutna teh ngabudah, digubag-gabigkeun ku eta roh. Kitu sareng kitu bae, nyiksa teterasan teu ingkah-ingkah. 40 Parantos nyuhunkeun dipangnundungkeun ka murid-murid Anjeun, nanging henteu tariasaeun.” 41 Isa ngalahir, “Eh, maraneh anu teu baroga iman tur sasar, sakumaha lilana deui Kami kudu aya di maraneh bari jeung nyabaran teh? Bawa budakna ka dieu!” 42 Tuluy budakna dibawa ka Isa, tapi ku setanna terus dibeubeutkeun jeung digeugeuweung. Roh jahatna ku Isa diseuseul bengis pisan. Sanggeus budakna cageur lajeng diserenkeun ka bapana. 43 Sabot maranehna hareran keneh ku eta anu dipidamel-Na, Anjeunna nyarios ka murid-murid, saur-Na, 44 “Tengetkeun ieu omongan Kami jeung ingetkeun: Putra Manusa teh bakal diselehkeun kana genggeman manusa.” 45 Tapi eta carios-Na teh teu kahartieun ku murid-murid, maksad Anjeunna henteu kabuka, teu kahalartieun. Tapi teu waranieun nanyakeun. 46 Geus kitu murid-murid teh cekcok, saha cenah ti maranehna anu pangpunjulna. 47 Ku Isa kauninga, tuluy Anjeunna nyandak hiji budak leutik sina nangtung gedengeuna-Na, 48 lajeng nyarios, “Saha-saha anu ngarawatan ieu budak demi ngaran Kami, eta teh narima ka Kami. Saha-saha anu narima ka Kami, eta teh narima ka Allah nu ngutus Kami. Sabab anu pangrendahna ti antara maraneh, eta teh nya anu pangpunjulna tea.” 49 Pok Yahya mihatur, “Abdi-abdi kantos ningal aya anu ngusir setan bari nyambat jenengan Anjeun, teras dicarek, margi sanes ti golongan urang.” 50 Saur Isa, “Ulah dicarek. Sabab anu henteu ngalawan ka urang, eta teh aya di pihak urang.” 51 Sanggeus meh cunduk kana waktuna Isa bakal dicandak ka sawarga, Anjeunna nangtoskeun bade ka Yerusalem. 52 Lajeng ngintun utusan ti payun geusan sasadiaan. Bral utusan arindit terus asup ka hiji desa urang Samaria. 53 Tapi urang Samaria embungeun narima Isa, dumeh tujuanana ka Yerusalem. 54 Dua murid Anjeunna, nya eta Yakobus jeung Yahya, — barang nyarahoeun kitu — tuluy mihatur ka Anjeunna, “Jungjunan, kumaha upami eta jelema-jelema teh basmi bae ku seuneu ti langit? Kumaha upami kitu?” 55 Tapi maranehna ku Anjeunna diweweleh. 56 Geus kitu, aranjeunna arindit ka desa sejen. 57 Di satengahing jalan, aya jelema anu mihatur ka Isa, pokna, “Abdi teh sumeja ngiring, ka mana bae.” 58 Isa ngawaler, “Rubah baroga liang, manuk baroga sayang. Putra Manusa mah teu boga anggel-anggel acan keur ngagolerkeun sirah.” 59 Geus kitu, ngalahir ka nu saurang deui, “Tuturkeun Kami.” Tapi jelemana ngawangsul, “Permios heula bade ngurebkeun pun bapa.” 60 Saur Isa, “Keun bae anu paeh mah sina dimakamkeun ku nu paeh; maneh mah, bral geura indit ka mana ka mendi ngembarkeun Karajaan Allah.” 61 Pok deui saurang ngomong kieu, “Jungjunan, abdi oge sumeja ngiring, nanging permios bade pamitan heula ka wargi-wargi.” 62 Waler Isa, “Geus arek prak ngawuluku diselang luak-lieuk ka tukang mah, moal bisa kaaku di Karajaan Allah.”

Lukas 10

1 Geus kitu, Jungjunan urang nujul murid-murid sejen tujuh puluh urang, diutus duaan-duaan; nya sina ngadatangan kota-kota jeung tempat-tempat lianna anu bakal disumpingan ku Anjeunna. 2 Saur-Na, “Pibuateun teh lega, ari nu dibuat ngan saeutik. Perlu nyuhunkeun ka Anu kagunganana, supaya ngintun jelema-jelema keur ngagarapna. 3 Bral didoakeun; sabab maraneh diutus ka ditu teh, lir domba anu dikeprik ka tengah ajag. 4 Ulah mawa rajut duit atawa bekel, ulah mawa tarumpah, jeung sapanjang di jalan ulah uluksalam ka sasaha. 5 Memeh asup ka imah batur, uluksalam heula: Sing wilujeng nu kagungan bumi! 6 Upama uluksalam maraneh dijawab sapantesna, tandaning katarimaeun. Upama teu dipalire, teureuy deui bae eta uluksalam teh. 7 Upama ditarima, pek nganjrek di dinya, susuguhna tarima, boh dahareun atawa inumeun; — sabab baranggawe teh, wajib meunang upah — jeung ulah pundah-pindah. 8 Mun maraneh datang ka hiji kota sarta ditarima, susuguhna tarima. 9 Mun aya anu garering cageurkeun, jeung bejakeun yen Karajaan Allah bakal tereh ngadeg di dinya. 10 Tapi lamun eta kota embungeun nampa, papay jalan-jalan gedena bari cumeluk kieu: 11 ‘Sanajan lebuna pisan, kekebul ieu kota anu napel kana suku kuring, ayeuna dikebutkeun hareupeun panon aranjeun. Tapi ayeuna geura tengetkeun: Karajaan Allah tereh ngadeg!’ 12 Cek Kami: Di mana cunduk waktuna, anu bakal karandapan ku nagara Sadumu, bakal leuwih enteng ti batan eta kota.” 13 “Cilaka maneh tanah Korasin! Cilaka maneh tanah Betsaida! Sabab lamun heug mujijat-mujijat anu karandapan ku maraneh teh, karandapanana ku nagri Tirus jeung Sidon; ti bareto keneh oge, tangtu maranehna geus tarobat dibarung jeung prihatin. Za. 9:2-4* 14 Engke dina poean nibankeun kaadilan, anu bakal karandapan ku Tirus jeung Sidon bakal leuwih enteng ti batan anu bakal karandapan ku maraneh. 15 Oge maneh, tanah Kapernaum! Pangrasa teh bakal dijungjung tepi ka langit? Lain kitu: Maneh bakal tigeblus ka jero Karajaan almaot!” 16 Geus kitu, Anjeunna sasauran ka murid-murid-Na, kieu, “Sing saha anu daek ngadenge ka maraneh, eta teh daek ngadenge ka Kami. Sing saha anu nampik ka maraneh, eta teh nampik ka Kami. Sing saha anu nampik ka Kami, eta teh nampik ka Allah anu ngutus Kami.” 17 Murid-murid, anu tujuh puluh tea, geus baralik semu gumbira. “Jungjunan,” cek maranehna “setan-setan oge taluk ka abdi sadaya pedah nguping jenengan Jungjunan!” 18 Saur Isa, “Ku Kami katenjo si Iblis ragrag lir kilat ti langit. 19 Saenyana maraneh ku Kami geus dibekelan kawasa pikeun nincakan oray jeung kalajengking, nya kitu deui kakuatan pikeun ngalawan kakuatan musuh, nepi ka euweuh bahayana ka maraneh. 20 Tapi bungah teh, ulah pedah roh-roh tea taraluk ka maraneh; kudu bungah teh ku sabab ngaran maraneh geus aya dina daptar di sawarga.” 21 Saharita keneh, ku pangaruhna Ruh Allah, Isa ngaraos bingah sakalangkung; kedal lisan-Na kieu, “Hatur nuhun, nun Ama Jungjunanning bumi langit, wireh eta sadaya perkawis ku Ama dirasiahkeun ka nu palinter sareng terpelajar, nanging ku Ama dibukakeunana teh ka jalma-jalma leutik. Nuhun, nun Ama, wireh kagungan pangersa kitu. 22 Sagala rupi perkawis ku kersa Ama parantos dipasrahkeun ka Jisim Abdi sareng moal aya anu terang ka Putra lintang ti Kangjeng Rama; moal aya nu terang ka Kangjeng Rama, lintang ti Putra sareng jalmi-jalmi anu ku Putra bade dipasihan terang.” 23 Geus kitu, Anjeunna ngareret ka murid-murid, terus sasauran ka maranehna, saur-Na, “Kacida bagjana panon anu bisa nenjo anu katenjo ku maraneh teh. 24 Sabab saenyana, cek Kami: Loba nabi-nabi jeung raja-raja anu harayang nenjo ka eta anu katenjo ku maraneh teh, tapi teu aya nu pareng. Oge loba anu harayang ngadenge anu kadarenge ku maraneh teh, tapi taya nu diparengkeun.” 25 Hiji mangsa, aya hiji ahli Kitab arek ngadoja ka Isa, pokna, “Kudu kumaha ieu simkuring, supaya tinemu sareng hirup anu langgeng?” 26 Waler-Na, “Kumaha cek pangajaran Toret? Naon anu kabaca?” 27 Walonna, “Kudu wedi asih ka Pangeran Allah nu disembah ku maneh, ku hate, ku jiwa, ku akal budi, sakuat tanaga. Jeung: Kudu nyaah ka batur sing cara ka awak sorangan.” 28 Saur Isa, “Bener kitu. Pek lakonan, tangtu tinemu jeung hirup.” 29 Tapi eta ahli Kitab teh hayang bener sorangan, pok deui ngadoja, “Saha sasamaning hirup simkuring teh?” 30 Waler Isa, “Aya anu nyaba, mudun ti Yerusalem ka Yeriko. Manehna dipegat ku begal. Tuluy babawaanana dirampog jeung awakna dipahala; sanggeus kitu, lur bae manehna ditinggalkeun satengah paeh. 31 Kabeneran aya imam ngaliwat ka dinya, korban rampog katenjoeun, tapi manehna teh anggur nguriling jalanna. 32 Lar deui saurang, kaom Lewi; barang nenjoeun ka eta korban, oge nguriling kawas nu tadi. 33 Ti dinya, jol urang Samaria eukeur nyaba, ngaliwat ka dinya. Barang ret ka nu cilaka, hatena ngaleketey awahing ku karunyaeun. 34 Geuwat diboro, raheutna dibeberan, terus dikucuran ku minyak jeung ci anggur. Geus kitu, diunggahkeun kana kalde tungganganana, terus dibawa ka hiji panginepan sarta dirawatan. 35 Isukna, manehna mikeun duit ka nu boga panginepan, bari omongna, ‘Pangrawatankeun. Ieu keur ongkosna. Bisi kurang, engke bae digantian bari balik.’ 36 Cik, di antara eta nu tiluan, saha sasamaning manusa eta korban rampog teh?” 37 Jawabna, “Anu nembongkeun karunya ka manehna.” Saur Isa, “Bener, pek turutan!” 38 Di satengahing perjalanan, Isa samurid-murid anjog ka hiji desa, ditampi ku hiji wanita ngaran Marta. 39 Marta boga dulur hiji, ngaranna Maryam. Maryam gek diuk, emok deukeut kana sampean Jungjunan, ngabandungan cariosana-Na. 40 Ari Marta pakpikpek sasadiaan. Geus kitu, Marta unjukan ka Anjeunna, pokna, “Jungjunan, bade diantep bae eta pun dulur ngeunah-ngeunah, ari abdi repot sosoranganan ngalalayanan? Piwarang mantuan atuh!” 41 Tapi ku Jungjunan diwaler, “Marta, Marta! Teu kudu salempang bari ngarerepot maneh sagala rupa. 42 Ieu nu perlu teh, turutan: Maryam mah geus milih anu utama, tur moal ucul deui ti dirina.”

Lukas 11

1 Hiji mangsa Isa neneda di hiji tempat. Anggeus neneda-Na aya murid anu mihatur, “Jungjunan, ajar abdi-abdi neneda, sapertos Yahya ka murid-muridna.” 2 Saur Isa, “Ari maraneh neneda teh kudu kieu: Nun Ama, jenengan Ama mugi disucikeun. Karajaan Ama mugi dongkap. 3 Mugi abdi-abdi dipaparin tedaeun sadidintenna. 4 Sareng mugi dihapunten nya dosa, rehing abdi-abdi oge parantos ngahampura ka batur anu aya lepatna ka abdi-abdi; sareng mugi abdi-abdi ulah dicandak kana dodoja.” 5 Saur-Na deui, “Upama maraneh, datang ka imah sobat tengah peuting arek nginjeum roti tilu siki, 6 pedah kadatangan sobat anu kapeutingan sarta teu boga keur nyuguhan; 7 piraku ki sobat tega ngajawab embung diganggu da geus tutulak, geus harees wegah hudang wegah merean. 8 Cek Kami: Sakumaha wegaheunana hudang pikeun nedunan pamentana nu jadi sobat tea, tapi ku sabab nu mentana teh, keukeuh; tungtungna mah, tangtu hudang pikeun nedunan kaperluan sobatna. 9 Kitu nu matak cek Kami: Penta, tangtu dibikeun. Teangan, tangtu kapanggih. Keketrok, tangtu dibuka. 10 Sabab saha-saha anu menta, tangtu dibere; saha anu neangan, tangtu manggih; saha-saha anu ngetrok-ngetrok, tangtu dipangmukakeun panto. 11 Bapa mana, lamun anakna menta lauk, ana sok dibere oray! 12 Atawa mun menta endog, ana sok teh kalajengking! 13 Jadi, lamun maraneh anu doraka nyaho keneh mere anu matak mangpa'at ka anak, geus komo Rama maraneh nu di sawarga mah! Pek, ka Anjeunna suhunkeun Ruh Allah, tangtu dipaparinkeun.” 14 Hiji mangsa, Isa ngusir setan anu ngabisukeun hiji jelema. Sanggeus setan tea nyingkah, nu pireuna bisaeun deui ngomong, matak bengong jalma rea. 15 Tapi wet aya anu nyeletuk kieu, “Ngusirna setan teh make kawasa Beelsebul, gegedug setan.” 16 Aya oge anu ka Anjeunna menta tanda ti sawarga, maksudna ngadoja. 17 Tapi Isa tingalieun kana niatna, lajeng nyarios, “Karajaan mana oge ari baruntak mah tangtu ruksak, rumah tangga anu baruntak tangtu ambruk. 18 Iblis oge kitu, ari baruntak jeung merangan batur sorangan mah, karajaanana teh kumaha rek bisa tagen? Cek maraneh, Kami ngusir setan teh make kawasa Beelsebul. 19 Lamun Kami ngusir setan make kawasa Beelsebul, ari balad aranjeun ngusirna rek make kawasa naon? Tangtu maranehna bakal nyalahkeunana teh ka aranjeun. 20 Tapi ku sabab Kami ngusir setan ku kawasa-Na Gusti, eta saenyana, nandakeun yen Karajaan Allah teh geus aya di aranjeun. 21 Upama anu ngajaga imahna sorangan teh, jelemana, gagah tur pakarangna lengkep. Harta kakayaanana, tangtu aman. 22 Tapi lamun diserang tepi ka elehna ku anu leuwih gagah, pakarang andelanana tangtu dirangsadan, harta kakayaanana dirampas dipajorewatkeun. 23 Anu henteu saihwan jeung Kami, tandaning ngalawan. Anu henteu sabeungkeutan jeung Kami, tandaning ngabaruntakkeun.” 24 “Di mana roh jahat geus ingkah ti hiji jelema, sok ngulayab neangan panonoban nu suni. Ana teu manggih, pok ngomong sorangan, ‘Aing rek balik deui ka imah anu bareto.’ 25 Barang diteang deui, kasampak urut enggonna teh geus lalingih beresih jeung bareres. 26 Eta roh jahat teh, leos indit heula neangan batur. Sanggeus meunang tujuh roh sejen anu leuwih jahat, terus bareng nyurup. Tungtungna, — jelema anu diranjingan teh — kaayaanana, jadi leuwih sangsara ti bareto.” 27 Sabot Anjeunna sasauran keneh, ngong ti tengah jalma rea aya wanita ngomong kieu ka Anjeunna, “Bagja temen ibu anu kantos ngakandung Anjeun sareng pinareup anu kantos nginangan Anjeun.” 28 Tapi waler-Na, “Anu bagja tea mah, anu ngaregepkeun dawuhan-dawuhan Allah bari jeung ngalakonanana.” 29 Waktu Isa dirarubung deui ku jalma rea, Anjeunna nyarios, “Ieu umat jaman kiwari teh, umat anu doraka. Maranehna menta tanda, tapi taya tanda anu rek ditembongkeun iwal ti tanda Nabi Yunus. 30 Sabab sakumaha Nabi Yunus geus jadi tanda pikeun urang nagara Ninewe, nya kitu Putra Manusa oge bakal jadi tanda pikeun umat jaman kiwari. 31 Dina poean pangadilan, ratu anu ti Kidul tea, baris muncul bareng jeung ieu umat sarta baris ngahukum ka maranehna. Sabab ieu ratu teh, geus merlukeun sumping ti tungtung bumi ku hayang-hayangna nyaksikeun kapinteran Raja Sulaeman. Padahal anu ayeuna keur jonghok di dieu teh, leuwih ti batan Raja Sulaeman! 32 Oge urang nagara Ninewe, dina poe pangadilan tea bakal muncul bareng jeung ieu umat sarta baris ngahukum ka maranehna. Sabab urang nagara Ninewe mah, barang ngadarenge embaran ti Nabi Yunus teh, buru-buru tarobat. Saenyana, anu keur jonghok ayeuna di dieu teh leuwih ti batan Nabi Yunus!” 33 “Sing saha ge, moal aya anu nyeungeut lampu keur teundeuneun di kolong dipan atawa turubaneun ku gentong. Tangtuna, keur teundeuneun dina parantina, supaya nyaangan ka nu araya di imah. 34 Sakumaha panon minangka palita awak: Lamun panon walagri, sakujur awak caang; lamun panon ruksak, sakujur awak poek. 35 Nya kitu pisan kudu diperhatikeun, supaya terangna caang diri urang teh ulah nepi ka robah jadi poek. 36 Lamun sakujur diri urang caang, taya babagian anu kapoekan; sakujurna tangtu caang, sakumaha lampu anu cahayana nyaangan ka urang.” 37 Satamatna Isa ngawulang, Anjeunna diondang tuang ku hiji urang Parisi. Ku Anjeunna ditedunan, lajeng tuang. 38 Eta urang Parisi ngarasa heran, dumeh Anjeunna memeh tuang teh henteu wawasuh heula panangan. 39 Tapi Anjeunna ngalahir, “Aranjeun mah, urang Parisi! Ari barang sipat lahir kayaning cacangkir jeung pinggan dikumbah, ari batin pinuh ku napsu rarampas jeung kajahatan-kajahatan lianna. 40 Aranjeun teh kabalinger! Ari anu dijadikeun ku Allah teh naha lain sipat lahir ongkoh, sipat batin ongkoh? 41 Sidekahkeun eta nu sipat batin teh, supaya diri aranjeun sagemblengna ngajadi beresih. 42 Tapi cilaka aranjeun, urang Parisi! Sabab ari sereh, jinten jeung bangsa sayur-sayuran perpuluhanana ku aranjeun dibayar, ari murah asih jeung kaasihan Allah ditoker. Benerna mah, lakonan anu sarupa, anu sarupa deui oge ulah dipopohokeun. 43 Cilaka aranjeun, urang Parisi! Sabab aranjeun, ari di tempat ibadah resep diuk nyongcolang-nyengceling; kitu deuih di pasar-pasar, aranjeun teh resep kana narima panghormat teh. 44 Cilaka aranjeun teh! Sabab teu beda ti makam anu teu make tetengger, anu laliwat teu nyarahoeun yen nincak makam.” 45 Aya saurang ti antara ahli-ahli Kitab anu nempas kieu, “Guru, ana kitu Anjeun teh ngahina oge ka golongan kaula!” 46 Ku Anjeunna diwaler, “Aranjeun oge ahli-ahli Kitab, cilaka! Sabab aranjeun ngabugbrugkeun momotan leuwih ti ukuran ka batur. Ari aranjeun sorangan mah, noel ge henteu. 47 Cilaka aranjeun, sok nyieun makam nabi-nabi; padahal, eta nabi-nabi teh, beunang maehan karuhun aranjeun. 48 Pagawean aranjeun kitu teh nuduhkeun, yen aranjeun satuju kana kalakuan karuhun. Karuhun anu maehan nabi-nabi-Na, aranjeun anu nyieun makamna. 49 Pantes carek ujaring hikmat Allah: Kami baris ngutus ka maranehna nabi-nabi jeung rasul-rasul, nu sawareh ku maranehna bakal dibinasa; kitu deui nu sawarehna, ku maranehna teh bakal dikaniaya, 50 supaya ieu umat kiwari, nandangan wawales getih sakabeh nabi anu geus dikucurkeun ti barang dunya gumelar. 51 Mimiti ti getih Habil nepi ka getih Jakaria anu dipaehan antara mezbah jeung Bait Allah. Sakali deui, cek Kami: Eta kabeh baris dipenta ka ieu umat kiwari. 52 Cilaka aranjeun, he ahli-ahli Kitab! Sabab aranjeun nyumputkeun koncining pangaweruh kana Toret; aranjeun sorangan teu asup ka dinya, ari batur anu seja arasup dihalang-halang!” 53 Sanggeus Anjeunna angkat ti dinya, ahli-ahli Kitab jeung urang Parisi teh henteu weleh ngintip-ngintip picilakaeun Anjeunna bari hantem ngadoja ku rupa-rupa sual. 54 Estuning dipancing-pancing diarah lepat saur-Na, supaya bisa ditangkep.

Lukas 12

1 Sajeroning kitu, rebuan jelema karumpul deui nepi ka pacocok-cocok. Isa ngawulang deui ka murid-murid-Na heula, saur-Na, “Sing ati-ati, ulah nepi kapangaruhan ku ragi kamunapekan urang Parisi. 2 Saniskara anu disumput-sumput geus tangtu kabuka atawa anu ku maraneh diucapkeun rerencepan, tangtu bakal kadenge terang-terangan; 3 atawa anu diharewoskeun kana ceuli di jero kamar, tangtu bakal diuar-uarkeun tina loteng-loteng. 4 Dulur-dulur kami ngingetan: Ulah sieun ku anu ukur bisa ngabinasa kana awak, tapi geus kitu teu bisa nanaon deui. 5 Ku Kami rek diterangkeun, saha anu wajib dipikasieun: Anu wajib dipikasieun teh, nya eta Anjeunna anu iasa maehkeun tur kagungan kawasa ngajebloskeun maraneh ka naraka. Sakali deui: Masing sieun ku Anjeunna! 6 Piit lima siki, hargana teh lain ngan peperakan bae? Tapi sahiji ge, taya anu dilali-lali ku Allah. 7 Malah buuk anu dina sirah maraneh oge, kabeh geus dietang. Ku sabab eta ulah salempang, da pangaji maraneh teh leuwih ti batan piit saabrulan. 8 Ceuk Kami: Saha-saha anu ngaku ka Kami di kalangan manusa, Putra Manusa oge baris ngaku ka manehna di hareupeun malaikat-malaikat Allah. 9 Sabalikna, anu nampik ka Kami di kalangan manusa, oge bakal ditampik di hareupeun malaikat-malaikat Allah. 10 Tiap jelema anu omonganana ngalawan ka Putra Manusa, bisa keneh dihampura. Tapi anu ngagogoreng Ruh Allah mah, moal dihampura. 11 Lamun maraneh dijagragkeun ka majelis-majelis, ka pamarentah, atawa ka pembesar-pembesar, ulah bingung kumaha ngomongna enggoning ngabela diri. 12 Sabab waktu eta keneh oge, Ruh Allah tangtu mere piomongeun.” 13 Ngong ti jalma rea aya anu mihatur ka Isa, “Guru, pangwawadiankeun pun dulur, supados babagi warisan sareng abdi.” 14 Tapi ku Anjeunna diwaler kieu, “Kisanak, na saha anu ngajenengkeun Kami jadi hakim pikeun mutus urusan maneh?” 15 Saur-Na deui ka nu loba, “Kahade sing ati-ati, ulah hawek. Sabab jelema teh, najan sugih mukti beurat beunghar; umurna mah, henteu gumantung kana harta kakayaanana.” 16 Geus kitu, Anjeunna nyarioskeun hiji misil ka maranehna, saur-Na, “Aya jelema beunghar, hasil bumina mucekil. 17 Ngomong dina hatena: Kumaha nya peta, ieu hasil bumi teh di mana deui nyimpenna. 18 Wah kieu bae: Gudang-gudang nu geus aya dirombak, nyieun deui anu leuwih gede keur sisimpenan, boh gandum, boh barang-barang sejenna. 19 Terus aing rek ngogo maneh: Tah, banda enggeus loba, numpuk nyusun mahi keur mangtaun-taun; pek reureuh, dahar, nginum, senang-senang! 20 Tapi Allah ngadawuh ka manehna: Eh, nu gejul, peuting ieu keneh nyawa maneh baris dicabut ku Kami! Cik keur saha engke eta banda beunang kukumpul teh? 21 Tah kitu, balukarna jelema anu ngumpul-ngumpul bae kabeungharan keur sadirieunana bari jeung henteu beunghar di payuneun Allah teh.” 22 Isa ngalahir ka murid-murid-Na deui, “Ku sabab eta, Kami rek ngawawadian ka maraneh: Pikeun hirup ulah salempang ku pangan; pikeun awak ulah salempang ku sandang. 23 Sabab penting keneh hirupna, ti batan pangan; penting keneh awakna, ti batan sandang. 24 Pek titenan manuk gagak, tara teuing tandur, tara dibuat, teu boga gudang atawa leuit, tapi ku Allah teu burung diparaban. Komo deui maraneh, anu jauh tangeh pangajina ti batan gagak! 25 Naha ari ku salempang teh maraneh pibisaeun nyambung jalaning hirup barang saasta? 26 Ari rumasa teu sanggup nyieun barang anu paling teu pira, naon gunana salempang ku hal-hal sejen? 27 Perhatikeun kembang bakung, tara nganteh tara ninun, tapi cek Kami: Raja Sulaeman anu sakitu agungna, panganggona mah eleh alus ku kembang bakung. 28 Kitu oge jukut di tegalan, anu poe ieu aya keneh isukna geus diawurkeun kana seuneu, ku Allah teu burung diropea; atuh komo deui maraneh, eh anu karurang iman! 29 Kitu nu matak ulah sok ngarasula, sieun teu dahar, sieun teu make, barina jeung leutik hate. 30 Memang eta hal teh, ku jelema-jelema anu teu wawuh ka Allah mah, ditareang. Nanging Rama maraneh mah uninga, yen maraneh teh butuh ku sagala kaperluan eta. 31 Teangan heula Karajaan Anjeunna, da pangabutuh hirup mah tinangtu ku Anjeunna diwuwuhan. 32 Ulah honcewang, eh barisan leutik! Sabab ku kersaning nu jadi Rama, maraneh teh ginanjar eta Karajaan. 33 Jual kabeh harta milik, sidekahkeun! Kudu boga pepeten anu teu keuna ku ruksak, nya eta banda sawarga nu moal aya sudana, moal kagadabah ku bangsat, jeung moal diruksak ku geget. 34 Sabab di mana ayana harta banda maneh, di dinya hate maneh cumantelna.” 35 “Sing caringcing, sing saringset taki-taki, jeung ulah pareumeun damar. 36 Maraneh teh sing kawas nu keur ngadago-dago dunungan ti nu hajat ngawinkeun, supaya di mana dunungan datang keketrok, maraneh bisa gancang muka panto. 37 Untung bujang anu ku dununganana kasampak nyaring. Cek Kami: Dununganana tangtu singkil, nitah dalahar ka maranehna bari seug ngalaladenan. 38 Lamun datangna tengah peuting atawa janari, untung bujang-bujang anu kasampak nyaring ngadago. 39 Maraneh nyaho: Lamun nu boga imah nyaho iraha-irahana bangsat pidatangeunana, tangtu taki-taki, moal ngantep imahna dibongkar. 40 Maraneh oge, kudu waspada; sabab Putra Manusa teh, datang-Na teu kataksir ti anggalna.” 41 Petrus mihatur, “Jungjunan, eta misil teh nujul ka abdi-abdi bae atanapi ka sadayana?” 42 Saur-Na, “Cik, pangawas rumah tangga anu mana nu geten tulaten, anu ku dununganana bakal diangkat ngapalaan bujang-bujang sejen, baris mere dahar ka maranehna dina waktuna? 43 Untung eta bujang teh, lamun dununganana datang kasampak manehna keur ngalakonan papancen. 44 Cek Kami: Ku dununganana, manehna, bakal diangkat kana ngurus sakabeh harta bandana. 45 Sabalikna, lamun eta gandek nyangka dununganana moal tereh-tereh datang, bari tuluy nyiksa ka nu pada-pada bubujang jeung lalanjang; ari manehna ngadon dahar, nginum, jeung mabok. 46 Ana kurutak dunungan datang dina poe jeung waktu anu jauh tina sangkaanana, munasabah lamun ku dununganana nepi ka disiksa oge, sina sanasib jeung jelema-jelema anu barengkok sembah. 47 Gandek anu nyaho kana karep dunungan, tapi henteu parigel atawa henteu jeung prakna ngalakonan karep dunungan, tangtu dirangketan pupuasan. 48 Sabalikna, gandek anu teu nyaho kana karep dunungan, nepi ka nyieun kasalahan anu balukarna matak dirangket, dirangketna moal sabaraha. Anu loba narimana, loba deui dipentana; anu kacida dipercayana, leuwih gede deui tanggung jawabna.” 49 “Kami datang rek ngalungkeun seuneu ka ieu bumi, bari kacida ngarep-ngarepna, sing hurung eta seuneu teh! 50 Kami wajib meunangkeun baptisan; samemeh eta kasorang, Kami kacida susahna! 51 Naha panyangka teh Kami datang rek mawa karapihan ka ieu bumi? Lain, cek Kami: Lain mawa karapihan, tapi mawa picekcokkeun. 52 Sabab mimiti ti semet ieu, antara lima urang di sahiji imah bakal cekcok, tilu lawan dua, dua lawan tilu. 53 Maranehna bakal cekcok: Bapa jeung anak lalaki; anak lalaki jeung bapa; indung jeung anak awewe; anak awewe jeung indung; mitoha awewe jeung minantu awewe; minantu awewe jeung mitoha awewe.” 54 Saur-Na deui ka jalma rea, “Mun di langit beulah kulon aya mega, cek maraneh bakal hujan jeung enya hujan. 55 Mun angin niup ti kidul, cek maraneh bakal panas poe jeung enya panas poe. 56 Eh, jelema-jelema munapek, kana galagat bumi jeung langit maraneh tenget! 57 Jeung ku naon teu barisa nimbang-nimbang perkara nu pibenereun? 58 Benerna, lamun maraneh ku nu jadi lawan dibawa ka pangadilan, meungpeung di jalan keneh ulah weleh ihtiaran nepi ka lawan daekeun akur, supaya maneh teu tulus dikahakimkeun. Lamun henteu kitu, manehna tangtu bakal nyelehkeun maneh ka nu wajib, maneh dijebloskeun ka jero panjara. 59 Cek Kami: Maneh moal kaluar-luar ti dinya, samemeh hutang maneh lunas.”

Lukas 13

1 Harita, aya sababaraha jelema wawartos ka Isa ngeunaan sawatara urang Galilea, anu carekna mah getihna ku Pilatus dicampurkeun kana getih sato anu ku maranehna keur dikurbankeun. 2 Waler Isa, “Na dikira ku maraneh, eta urang-urang Galilea teh leuwih doraka ti batan urang Galilea umumna, pedah nasibna nepi ka kitu? 3 Cek Kami, henteu. Maraneh sorangan ge, ari henteu tarobat mah, tangtu cilaka kawas kitu. 4 Nya kitu deui jelema-jelema anu dalapan belas urang, anu katinggang munara deukeut kota Siloam tea; naha maranehna teh leuwih doraka, batan urang Yerusalem nu lianna? 5 Cek Kami, henteu. Maraneh sorangan oge, ari henteu tarobat mah, tangtu cilaka kawas kitu.” 6 Geus kitu, Anjeunna nyarioskeun hiji misil, saur-Na, “Aya jelema anu boga tangkal kondang di kebon anggurna; tuluy ditanggahan sugan buahan, tapi henteu. 7 Pok dibejakeun ka pangebonna, kieu, ‘Geus katilu usum ayeuna, ieu kondang teh unggal diilikan bet teu buahan-buahan. Tuar bae. Keur naon dipiara oge, ngaheurinan bae lahan!’ 8 Cek pangebonna, ‘Ingkeun heula juragan sataun deui mah, urang cobi diputer sareng urang gemuk; 9 manawi taun payun mah daekeun buahan. Upami teu buahan keneh bae, nembe tuar.’ ” 10 Hiji mangsa, poe Sabat, Isa ngawulang di hiji tempat babakti. 11 Di dinya aya hiji awewe anu diganggu roh jahat geus dalapan belas taun, nepi ka ngajadikeun panyakit bongkok; bengkung henteu bisa ajeg. 12 Ku Isa disaur, tuluy ngalahir, “Ibu, geura cageur!” 13 Anjeunna lajeng numpangkeun panangan ka manehna; anu terus cageur saharita keneh, tuluy muji sukur ka Pangeran. 14 Tapi kapala tempat babakti mah anggur ambek, dumeh Anjeunna nyageurkeun dina poe Sabat. Pok, manehna, ngomong ka jalma rea, “Aya genep poe, waktu pikeun barang gawe teh. Coba datang ka dieu teh dina antara waktu eta, ari rek menta dicageurkeun mah, ulah dina poe Sabat!” 15 Tapi ku Isa diwaler kieu, “Eh, jelema-jelema munapek! Aranjeun, najan keur poe Sabat, lain sok ngencarkeun sapi atawa kalde ti kandang, terus dibawa diinumkeun? 16 Ieu awewe teh geus dalapan belas taun dibarogodna ku Iblis, naha ulah dileupaskeun sina bebas; da manehna ge turunan Ibrahim keneh?” 17 Diwaler kitu, lawan-lawan Anjeunna jadi areraeun sorangan. Sabalikna, jalma rea mah, — nu nyaksian padamelan Anjeunna anu sakitu mulyana teh — semu saruka pisan. 18 Saur-Na deui, “Saibarat naon ari Karajaan Allah? Jeung naon anu bisa dipake ngibaratkeunana? 19 Saibarat siki sasawi nu diipuk dipelakkeun, ana geus jadi gede, dahan-dahanna nepi ka bisa dipake nyayang manuk. 20 Kana naon deui diupamakeunana Karajaan Allah teh? 21 Lir upama ragi, sasiki oge matak bisa ngahaseuman tipung tarigu tilu taker.” 22 Isa jengkar, angkat ti kota ka kota, ti desa ka desa bari ngawulang, ngajugjug Yerusalem. 23 Aya anu mihatur ka Anjeunna, “Jungjunan, leres kitu anu baris salamet teh mung saeutik?” 24 Saur Anjeunna ka maranehna, “Kudu maksakeun maneh asup tina lawang anu sempit. Sabab cek Kami: Loba anu harayangeun asup mah, tapi teu barisaeun. 25 Lamun nu boga imah geus tutulak, ari maraneh di luar nya bari keketrok, nya bari ngalengis: Juragan! Juragan! Menta dipangmukakeun panto tea; ku Anjeunna tangtu dijawab: Kami teu nyaho maraneh teh anu ti mana. 26 Walon maraneh: Abdi-abdi kantos neda sareng nginum di payuneun Juragan; Juragan ge sok ngawuruk di sisi-sisi jalan di lembur abdi-abdi. 27 Tapi saur Anjeunna: Kami teu nyaho maraneh teh anu ti mana. Nyingkah ka dituh, jelema-jelema jahat! 28 Tangtu maraneh tinggarerung jeung kekerot huntu! Sabab engke ku maraneh katenjo Ibrahim, Isak, Yakub, jeung kabeh nabi-nabi, geus araya di Karajaan Allah; sedeng maraneh mah, baris dijongklok-jongklokkeun ka luareunana. 29 Jeung engke oge katenjo jelema-jelema daratang ti Wetan, ti Kulon, ti Kaler, ti Kidul, ngarariung dalalahar di Karajaan Allah. 30 Memang kitu buktina: Aya nu majuna pangpandeurina, ari datangna pangheulana; aya nu majuna pangheulana, ari datangna pangpandeurina.” 31 Ti dinya, aya sawatara urang Parisi anu wawartos ka Isa, yen Raja Herodes geus siap arek nelasan ka Anjeunna. Jadi, Anjeunna kudu enggal-enggal angkat ti tempat eta. 32 Tapi waler Isa, “Bejakeun ka eta si rubah, kieu: Kami ngusir setan, nyageur-nyageurkeun nu gering, ayeuna jeung isukan; ari dina poe nu katilu, kawajiban Kami baris anggeus kabeh. 33 Tapi poe ieu, isukan, atawa pageto, ieu perjalanan ku Kami rek diteruskeun ka ditu. Sabab teu umum, pikeun nabi mah, lamun dipaehanana lain di Yerusalem teh. 34 Beu Yerusalem, Yerusalem, tukang maehan nabi-nabi, tukang maledogan utusan-utusan ku batu! Mindeng Kami teh nyileuk hayang ngumpulkeun anak-anak maneh, — lir hayam mepende anak-anakna handapeun jangjang — tapi weleh teu daraekeun. 35 Masing inget, saenyana, maneh teh bakal suwung pada naringgalkeun. Cek Kami: Maneh moal nenjo-nenjo Kami deui, nepi ka datang sa'atna maraneh ngucap: Mugi diberkahan Anjeunna, anu sumping ngemban jenengan Pangeran.”

Lukas 14

1 Dina hiji poe Sabat, Isa sindang tuang ka hiji pepentol urang Parisi. Tamu-tamu sejenna, kacida ngarawaskeunana ka Anjeunna. 2 Sabot kitu, jol aya jelema busung ngadon nangtung payuneuna-Na. 3 Anjeunna ngalahir ka ahli-ahli Kitab jeung urang Parisi, saur-Na, “Meunang Kaula nyageurkeun ayeuna dina poe Sabat?” 4 Maranehna teu ngajawab. Tuluy ku Anjeunna, — nu busung teh, dicepeng leungeunna — busungna dicageurkeun; geus kitu, dipiwarang indit. 5 Anjeunna sasauran deui, “Lamun kalde atawa sapi aranjeun tigebrus ka jero sumur dina poe Sabat, naha moal ditulungan?” 6 Euweuh anu sanggup ngajawab. 7 Ku Anjeunna katiten, yen tamu-tamu teh bangun parebut tempat terhormat. Pok, Anjeunna ngalahir, saur-Na, 8 “Lamun aranjeun pareng aya nu ngondang kana hajat kawinan, ulah diuk di tempat terhormat, bisi geus disadiakeun pikeun tamu anu leuwih luhur batan aranjeun. 9 Ulah nepi ka ditegor ku nu boga hajat: Ngalih, ieu mah kangge juragan anu. Meureun aranjeun kaisinan kudu pindah ka tempat nu pangtukangna. 10 Lamun datang ka nu hajat, diuk teh, mending di tempat nu pangbocetna bae. Teu mustahil nu boga hajatna muru ka anjeun bari ngahaturanan: Sae ngalih ka ditu, ka payun! Meureun aranjeun teh asa diajenan di hareupeun tamu-tamu sejenna. 11 Sabab saha-saha anu ngunculkeun maneh, bakal direndahkeun. Saha-saha anu ngarendahkeun maneh, bakal diunculkeun.” 12 Saurna deui, ka nu nuangkeun ka Anjeunna, “Bisi anjeun aya niat hajat, — beurang atawa peuting — nu diondang teh ulah ngan sobat-sobat, dulur-dulur, kulawarga, atawa tatangga-tatangga anu baleunghar bae anu kuateun males ngondang nepi ka anjeun meunang pamulangtarimana. 13 Rek ngondang mah ka nu miskin, ka nu cacad, ka nu lumpuh, ka nu lolong. 14 Tangtu bakal karasa kumaha bagjana rarasaan, najan maranehna mah moal kuat ngabales da taya kaboga. Babalesna mah pasti katarima ku anjeun dina poean hudangna jelema-jelema anu balener.” 15 Geus kitu, tamu nu saurang mihatur ka Isa, “Bagja temen jalmi anu bakal dijamu di Karajaan Allah.” 16 Tapi saur Isa ka manehna, “Aya anu nyieun hajat gede, ngondangan loba pisan. 17 Sanggeus hajatna arek der ngamimitian, manehna nitahan bujang-bujangna sina ngahaturanan ondangan-ondangan: Mangga geura sarumping, parantos sayagi. 18 Tapi nu diarondangna, kabeh marenta ditawakup. Cek saurang: Tawakup bae, kakara tas meuli kebon, hayang ngilikan heula. 19 Cek nu sejen-sejenna: Tawakup bae, kakara tas meuli sapi kabiri lima rakit, rek dicobaan. 20 Aya oge anu akon-akon anyar kawin jadi teu bisa datang. 21 Bujang-bujang teh, lalapor ka dununganana. Jawab dununganana bari ambek: Teang ka jalan-jalan cagak; anu miskin, anu cacad, anu lolong, jeung anu lumpuh, sina ka darieu. 22 Bujang-bujang teh lalapor deui: Pamundut parantos dilakonan, nanging tempat aya keneh anu kosong. 23 Cek dununganana: Teang deui ka jalan-jalan jeung sisimpangan-sisimpangan. Sakur nu kapanggih bawa ka dieu, paksa bae, supaya imah kami pinuh. 24 Cek Kaula ka andika: Ti nu geus diarondang mah saurang ge moal aya anu milu ngasaan kumaha ni'matna kadaharan Kami.” 25 Hiji mangsa, anu naluturkeun Isa teh kacida lobana. Anjeunna nyoreang tuluy sasauran ka maranehna, 26 “Anu rek milu ka Kami, tapi henteu iklas ninggalkeun bapa, indung, pamajikan, anak, dulur lalaki, dulur awewe, jeung ka diri sorangan, moal bisa jadi murid Kami. 27 Anu embung manggul salib, tapi hayang milu ka Kami, moal bisa jadi murid Kami. 28 Sabab upama bae maraneh rek nyieun munara, naha lain kudu ngitung-ngitung heula piongkoseunana: Cukup atawa moal nepi ka eta pagawean anggeus. 29 Engke, hanas rarancang geus nangtung, tapi anggeus henteu; kapan jadi piomongeun batur: 30 Humayua make hayang ngabangun, ari nganggeuskeun teu bisa. 31 Atawa raja mana anu arek mapag perang henteu ngitung-ngitung heula sanggup henteuna ku serdadu salaksa ngalawan musuh anu perjuritna dua laksa? 32 Mun teu sanggupeun, tangtu musuh anu jauh keneh teh dipapag ku utusanana anu kudu mawa badami ngajak dame. 33 Nya kitu deui maraneh, saha bae, ari teu iklas ninggalkeun sakabeh nu jadi milik mah, moal bisa jadi murid Kami. 34 Uyah teh gede gunana, tapi lamun jadi tiis taya rasana, rek bisa asin ku naon deui? 35 Keur lahan taya gunana, keur gemuk kitu keneh, iwal ti kudu dipiceun. Anu rumasa ceulina paranti ngadenge, pek pake ngadenge!”

Lukas 15

1 Tukang cuke, kitu deui jelema-jelema anu kasebutna doraka, daratang ka Isa seja ngadarengekeun kasaurana-Na. 2 Ari urang Parisi jeung ahli Kitab tinggelendeng, “Eta Anjeunna make daek nampa jalma-jalma doraka, dahar bareng sagala!” 3 Tapi Isa nyarios ka aranjeunna malapah gedang, saur-Na, 4 “Upama aranjeun boga saratus domba, leungit hiji; kumaha jeung anu salapan puluh salapan deui, na aranjeun teh moal ninggalkeun heula di tegalan pikeun neangan anu leungit tea? 5 Jaba ti eta, kumaha lamun geus kapanggih? Kapan eta domba teh mani dipunggu ku atoh-atohna. 6 Nepi ka imah, tuluy nepungan babaturan jeung tatangga bari nyarita: Kuring boga pakaulan sabab domba nu leungit teh geus kapanggih. 7 Cek Kaula ka aranjeun: Nya kitu oge di sawarga; lamun aya saurang jelema doraka tobat, atohna teh leuwih ti ku nu salapan puluh salapan anu geus balener jeung teu perlu ku pertobat.” 8 “Atawa, lamun aya awewe boga sapuluh dinar, leungit hiji; cik kumaha, diteang moal? Kapan nepi ka masang lampu sarta imahna disapuan, nepi ka dinarna kapanggih deui. 9 Ana geus kapanggih, terus nyalukan babaturan jeung tatangga bari nyarita: Kuring boga pakaulan sabab dinar kuring anu leungit kapanggih deui. 10 Cek Kaula ka aranjeun: Nya kitu pisan deuih, lamun aya saurang jelema doraka tobat, malaikat-malaikat ciptaan Allah teh pohara barungaheunana.” 11 Saur-Na deui, “Aya nu boga anak lalaki dua. 12 Anu bungsu ngomong ka bapana: ‘Bapa, harta banda urang teh anu keur bagian abdi mah disuhunkeun ayeuna bae.’ Bapana nurut, tuluy babagi. 13 Heuleut sawatara poe, si bungsu ngajualan warisan bagianana kabeh; geus kitu, manehna indit ngalalana ka nagara sejen anu jauh. Di dituna, manehna roroyalan. 14 Barang duitna beak, datang bae paceklik, si bungsu mimiti malarat. 15 Tuluy ngadon buburuh ka urang dinya. Ku dununganana dititah ngangon bagong. 16 Bakating ku lapar, manehna ku loloh bagong ge nepi ka kabita. Tapi watir, nu kitu oge euweuh nu mere. 17 Kakara manehna eling ka diri, tuluy humandeuar: ‘Di bapa mah kuli gereyek, dahareun ngaleuya; ari aing nepi ka kudu paeh kalaparan! 18 Mending balik, arek wakca ka bapa: Bapa, abdi rumaos doraka, ka sawarga sareng ka bapa; 19 entong diangken deui anak, rumaos teu pantes, damel kuli bapa bae abdi mah.’ 20 Sanggeus mikir kitu, bral bae indit, balik ka bapana. Jauh keneh ku bapana geus katenjoeun sarta pohara watireunana; tuluy diburu, barang prok amprok, gabrug bae si bungsu teh dirangkul ku bapana. 21 Pok, si bungsu nyarita: ‘Bapa, abdi rumaos doraka, ka sawarga sareng ka bapa; ayeuna mah, entong diangken deui anak, rumaos teu pantes.’ 22 Tapi bapana, anggur nitah ka bujangna: ‘Bawa ka dieu jubah anu pangalusna keur ieu anak kami; oge ali jeung tarumpah, keur ieu anak kami. 23 Peuncit deuih anak sapi anu panglintuhna, urang pakaulan. 24 Sabab ieu anak kami anu geus paeh, ayeuna hirup deui; anu geus leungit, datang deui.’ Geus kitu, si bungsu teh dipestakeun. 25 Ari lanceukna, harita eukeur di tegal. Barang balik geus deukeut ka imah, ngadenge aya sora suling jeung lagu tari-tarian. 26 Tuluy nyalukan bujang saurang, nanyakeun: ‘Aya naon eta di imah?’ 27 Jawab si bujang: ‘Tuang rai sumping, ku tuang rama dipangmeuncitkeun anak sapi anu lintuh tea, dumeh putrana sumping deui kalayan teu kirang sawios-wios.’ 28 Si cikal terus pundung, embungeun ka imah. Tuluy ku bapana di teang bari dicombo. 29 Tapi cek si cikal teh: ‘Abdi babantu di bapa teh, parantos mangtaun-taun sareng can kungsi ngalawan parentah; tapi ku bapa, teu dibere anak embe-embe acan pikeun abdi sukan-sukan jeung babaturan. 30 Ayeuna, eta tuang putra anu nembe sumping entas ngawur-ngawur harta banda bapa; anu entas senang-senang sareng palacur-palacur, ku bapa mani dipangmeuncitkeun anak sapi anu sakitu lintuhna.’ 31 Walon bapana: ‘Anaking, ujang mah kapan jeung bapa bae; jeung deui, banda bapa teh, nya banda ujang keneh. 32 Asa pantes, urang ayeuna sukan-sukan suka bungah sabab adi ujang anu sasatna geus paeh, ayeuna hirup deui; anu leungit, datang deui.’ ”

Lukas 16

1 Saur Isa ka murid-murid-Na, “Aya anu beunghar; manehna boga hiji pagawe nu jadi bendaharana. Aya anu ngabejaan yen kakayaanana geus dihambur-hambur ku eta bendahara. 2 Bendaharana dipanggil jeung ditanya: ‘Naha euy maneh teh bet kitu bejana? Kami menta pertanggungan jawab sabab maneh teu meunang terus jadi bendahara.’ 3 Cek eta bendahara dina hatena: ‘Kumaha akal? Ku dunungan dipecat tina bendahara. Pucal-pacul teu kauntup, menta-menta era. 4 Euh kieu, sangkan ari geus dipecat tina bendahara, aya anu daekeun nyanggap ka aing.’ 5 Ti dinya manehna manggilan anu baroga hutang ka dununganana, saurang-saurang. Nanya ka nu kahiji: ‘Sabaraha hutang ka juragan?’ 6 Dijawab: ‘Saratus tong minyak.’ Carekna: ‘Tah ieu surat hutangna, tah diuk, ganti ku nu anyar, jieun lima puluh tong.’ 7 Nanya ka nu kadua: ‘Sabaraha hutang teh?’ Dijawab: ‘Saratus pikul gandum.’ Carekna: ‘Ieu surat hutangna, ganti ku nu anyar, jieun dalapan puluh pikul.’ 8 Dununganana jadi muji oge ka eta bendahara anu teu jujur teh, muji ku pelitna. Memang nu pidunya mah, ngatur hartana teh, leuwih bisa ti batan nu ta'at ka Allah. 9 Ku sabab eta cek Kami: Pek, eta Mamon, — harta anu teu lana tea — ku maraneh pake pikeun nyieun pisobateun; supaya dina mangsa harta tea geus teu bisa nulung deui, maraneh bisa ditarima di tempat kalanggengan.” 10 “Anu satia nyekel urusan leutik, tangtu satia nyekel urusan gede. Anu geus teu bener nyekel urusan leutik, komo-komo nyekel urusan gede. 11 Jadi, lamun maraneh teu bener dina urusan Mamon anu teu lana, saha anu daek mercayakeun ka maraneh harta sajatining harta? 12 Jeung lamun maraneh teu jujur dina ngurus harta batur, saha anu baris mercayakeun ka maraneh harta anu jadi hak maraneh sorangan? 13 Ari gandek moal bisa ngaulaan dua dunungan. Sabab dina kituna, tangtu ngan bisa mikaresep ka saurang, tapi ka nu saurang deui mikangewa. Atawa ka nu saurang satia, ka nu saurang deui ngolembar. Maraneh moal bisa ngaula ka Allah bari mupunjung ka Mamon.” 14 Eta kasauran Anjeunna kadarengeeun ku urang Parisi, anu piduit tea, sarta ku aranjeunna diiyehkeun. 15 Tapi saur Isa, ka aranjeunna, “Aranjeun bisa bae ngakukeun diri bener ka papada jelema. Tapi Allah mah, uninga kana pangeusi hate aranjeun. Ongkoh anu dipikaresep ku jelema teh, ari ku Allah mah dipikacua. 16 Hukum Toret jeung kitab nabi-nabi teh, kakuatanana nepi ka semet jaman Yahya. Sanggeus eta, Karajaan Allah diwawarkeun, jelema-jelema parebut harayangeun asup. 17 Leuwih gampang musna langit jeung bumi, ti batan gagalna hiji cecek tina hukum Toret. 18 Unggal jelema anu nyerahkeun pamajikan, tuluy ngawin awewe sejen, eta jinah. Kitu deui lalaki, anu mana bae anu kawin ka eta awewe beunang nyerahkeun, eta jinah.” 19 “Aya jelema beunghar, papakeanana bangsa nu wungu-wungu bae, pakean jerona tina lawon bangsa lalemes. Unggal-unggal poe, gawena, sukan-sukan mewah pisan. 20 Aya deui saurang, nu ieu mah miskin, ngaranna Lasarus, awakna pinuh ku borok. Manehna sok ngadon ngalungsar deukeut lawang, tempat masamoan jelema beunghar tea; 21 manehna teh ngarep-ngarep bubuk roti, — anu murag tina meja makan sakadar keur ganjel beuteung — tapi malah anjing-anjing, nu daratang ngalaletakan borokna. 22 Geletuk, Ki Miskin teh maot; tuluy manehna, ku para malaikat teh dipayang ka pangkonan Ibrahim. 23 Geletuk deui, anu beunghar tea oge maot, terus dimakamkeun. Di alam maot, — satengahing ngarandapan siksaan — manehna tanggah; ti kajauhan teh, ku manehna katenjo Nabi Ibrahim keur mangkon Ki Lasarus. 24 Tuluy manehna gegeroan: ‘Ama Ibrahim, sing hawatos ka abdi. Lasarus piwarang ka dieu nganclomkeun tungtung curukna kana cai, tetelkeun kana letah abdi ngarah rada tiis, margi parantos teu kiat ku seuneu anu sakieu panasna.’ 25 Waler Ibrahim: ‘Anaking sing inget; maneh mah waktu keur hirup geus seubeuh, ari Lasarus ngan sangsara bae. 26 Jaba ti eta, antara kami jeung maneh teh aya jungkrang anu hamo bisa kasorang. Anu ti dieu, moal bisa ka dinya; anu ti dinya, moal bisa ka dieu.’ 27 Walonna: ‘Ama, upami kitu mah atuh piwarang bae anjeunna ka rorompok pun bapa; 28 da abdi teh gaduh dulur limaan, keun sina dipepelingan ku Lasarus, supados maranehna mah ulah kantos tigebrus ka ieu enggon siksaan.’ 29 Tapi saur Ibrahim: ‘Kapan barogaeun panyaksen Nabi Musa jeung nabi-nabi sejen. Turut bae eta.’ 30 Walonna: ‘Sanes kitu ama Ibrahim; manawi ari didongkapan ku anu hudang tina maot mah tiasa babalik pikir.’ 31 Waler Ibrahim: ‘Ari teu nurut kana panyaksian Nabi Musa jeung nabi-nabi mah, najan didatangan ku nu paeh hirup deui oge hamo datang ka tobat.’ ”

Lukas 17

1 Isa nyarios ka murid-murid, saur-Na, “Teu meunang henteu, tangtu bakal aya dodoja anu nyasarkeun. Tapi cilaka, pikeun jelema anu ngalantarankeun ayana eta dodoja. 2 Jelema anu kitu, mending dibangbaluhan beuheungna ku batu panggilingan, tuluy balangkeun ka laut, ti batan matak nyasabkeun salah saurang ti ieu kaom anu lemah. 3 Jaga diri maraneh! Upama aya dulur boga dosa ka maraneh, pepelingan; lamun manehna kaduhungeun, kudu dihampura. 4 Malah najan sapoe tujuh kali dosa, tapi lamun tujuh kali ngarasa kaduhung, ku maneh kudu dihampura.” 5 Rasul-rasul mihatur, “Jungjunan, pasihan abdi-abdi iman kapercayaan.” 6 Waler Jungjunan, “Upama maraneh boga kapercayaan najan ngan sagede siki sasawi, tangtu bisa marentah ka ieu tangkal kondang: Maneh sing karabut, tuluy melak maneh di laut, tangtu diturut.” 7 “Upamakeun salah saurang ti maraneh boga bujang. Eta bujang kakara datang tas ngawuluku atawa tas ngangon pipiaraan. Pamohalan ku dununganana dititah buru-buru dahar? 8 Malah cek dununganana teh tangtu: Geura sadiakeun heula dahareun keur kami, ganti pakean, laladenan kami nepi ka beres dahar nginum, kakara maneh dahar. Lain kitu? 9 Jeung piraku dununganana nyebut nuhun ka eta bujangna pedah pamentana diturut! 10 Maraneh oge, ari tas lakon gawe anu diwajibkeun teh kudu ngarumasakeun kieu: Urang mah ukur abdi-abdi nu taya pangaji, darma ngalakonan timbalan.” 11 Dina perjalanan ka Yerusalem, Isa angkatna mapay wawatesan tanah Samaria jeung Galilea. 12 Barang sumping ka hiji desa, Anjeunna ditepungan ku sapuluh jelema lepra. Maranehna narangtung bae di nu rada jauh. 13 Tuluy arunjukan rada tarik, “Nun Isa, Guru abdi, mugi aya sih piwelas ka abdi sadaya!” 14 Isa neuteup ka maranehna, lajeng nimbalan, “Bral, tembongkeun awak maraneh ka imam!” Sabot maranehna laleumpang, dadak sakala jadi calageur, leprana leungit tanpa lebih. 15 Anu saurang, barang yakin yen manehna geus cageur; geuwat manehna balik deui bari muji sukur ka Pangeran, sorana ditarikkeun; 16 datang-datang teh, brek bae, manehna nyuuh kana sampean Isa bari pohara nganuhunkeun ka Anjeunna. Eta jelema teh urang Samaria. 17 Anjeunna nimbalan, “Lain geus calageur kabeh eta nu sapuluh urang teh? Mana anu salapan urang deui? 18 Naha maranehna henteu ka darieu deui pikeun muji sukur ka Pangeran? Na ngan ieu urang asing wungkul atuh?” 19 Geus kitu, nimbalan ka eta jelema, “Nangtung, geura balik, maneh geus salamet ku lantaran iman kapercayaan maneh.” 20 Ngawaler pertanyaan urang Parisi ngeunaan iraha-irahana pidatangeunana Karajaan Allah; saur Isa kieu, “Karajaan Allah datangna tanpa tanda-tanda lahiriah. 21 Ku jalma-jalma moal bisa disebutkeun: Ieu di dieu! Atawa itu di ditu! Sabab saenyana mah, Karajaan Allah teh aya di kalangan aranjeun.” 22 Saur-Na deui, ka murid-murid-Na, “Engke aya waktuna maraneh hayang nyaksian salah sahiji poe datang-Na Putra Manusa, tapi moal kalakon. 23 Engke bakal aya nu ngomong ka maraneh: Tuh Anjeunna teh di ditu! Atawa: Ieu Anjeunna teh! Kade, ulah kabengbat, ulah kabawakeun. 24 Sabab sakumaha kilat ngerelep ti tungtung langit ka tungtungna deui, nya kitu keneh Putra Manusa oge datang-Na teh. 25 Tapi samemeh eta, Anjeunna teh kudu nandangan sangsara heula jeung ditampik ku jelema-jelema jaman kiwari. 26 Datangna Putra Manusa teh dina jaman anu teu beda ti jaman Nabi Enoh. 27 Jelema-jelema teh gawena ngan dahar, nginum, nikah, jeung ditikahkeun nepi ka poean Nabi Enoh unggah kana kapal; tuluy der bae caahna datang sarta ngabinasakeun sakabeh jelema. 28 Oge cara kajadian keur jaman Elut: Jelema-jelema gawena dahar, nginum, jarual meuli, pulak-pelak, jeung ngaradegkeun. 29 Sanggeus Elut kaluar ti nagara Sadumu, breg bae, turun hujan seuneu jeung walirang ti langit sarta ngabinasakuen sakabeh jelema nu aya di dinya. 30 Nya kitu halna, dina poean Putra Manusa nganyatakeun Anjeun oge. 31 Dina poean eta, lamun keur aya di loteng paniisan, ulah turun ka jero imah pikeun nyokot nanaon heula. Kitu deui, anu keur araya di tegalan, ulah ka imah heula. 32 Sing eling, kumaha nasibna pamajikan Elut! 33 Sing saha anu ngabelaan nyawa, bakal kaleungitan nyawa. Sing saha anu kaleungitan nyawa, eta nu mawa rahayu. 34 Cek Kami ka maraneh: Dina peuting eta, mun aya duaan sare saranjang, nu saurang bakal dicandak, nu saurang deui ditinggalkeun. 35 Dua awewe keur ngagiling, nu saurang bakal dicandak, saurang deui ditinggalkeun. 36 Dua jelema keur di taregal, nu saurang bakal dicandak, saurang deui ditinggalkeun.” 37 Cek maranehna ka Anjeunna, “Di mana Jungjunan teh?” Waler-Na, “Di mana aya bangke, di dinya ngagulungna manuk-manuk anu bareuki bangke.”

Lukas 18

1 Geus kitu, Isa nyarioskeun hiji misil pikeun nandeskeun yen maranehna ulah bosen kana sembahyang. 2 Saur-Na, “Di hiji nagara aya hiji hakim anu teu sieun ku Allah jeung tara pisan ngahargaan batur. 3 Di dinya keneh, aya hiji randa anu sering datang ka eta hakim menta dibela perkarana urusan jeung lawan. 4 Geus sakitu lilana, pamentana teh, ku eta hakim ditolak bae. Tapi lila-lila, eta hakim teh ngomong dina hatena: ‘Najan aing teh teu sieun ku Allah jeung sangeuk ngahargaan batur, 5 tapi si randa teh nyusahkeun pisan; keun ku aing rek dimeunangkeun, supaya ulah terus bae datang deui, datang deui, bisi malik nyalahkeun aing.’ ” 6 Saur Jungjunan, “Pek eta omongan hakim anu lalim teh lenyepan! 7 Na Allah teh teu kersa ngabela umat pilihana-Na anu beurang peuting sasambat ka Anjeunna? Jeung memeh ngabela teh naha Anjeunna sok ngulur-ngulur waktu heula? 8 Cek Kami: Anjeunna mah moal tempo deui, tangtu ngabela ka maranehna. Najan kitu, lamun engke Putra Manusa datang, kira-kirana bakal manggihan iman kapercayaan di ieu dunya?” 9 Isa nyaurkeun deui hiji misil, ditujukeun ka jelema-jelema anu umangkeuh ibadah bari nyapirakeun batur, saur-Na, 10 “Aya dua jelema arasup ka Bait Allah rek sembahyang. Nu saurang, urang Parisi, nu saurang deui tukang cuke. 11 Ari urang Parisi dina hatena kieu sembahyangna: ‘Ya Allah, simkuring muji sukur ka Anjeun; jalaran simkuring mah, henteu sami sareng anu sanes, sanes rampog, sanes jelema kejem, sanes tukang jinah, sareng oge henteu sami sareng eta si tukang cuke. 12 Simkuring mah dua minggu sakali sok puasa, kawajiban mayar perpuluhan tina panghasilan dicumponan.’ 13 Ari tukang cuke tea, nangtungna oge nyingkurkeun maneh, jeung teu wani dangah; malah bari jeung neunggeulan dada, — sembahyangna teh — pokna: ‘Duh Gusti Pangeran, jisim abdi rumaos dosa, taya sanes mung nyuhunkeun sih piwelas-Na.’ 14 Cek Kami: Ieu tukang cuke mulangna teh geus jadi jelema anu kaetang bener ku Allah; ari nu saurang deui mah, henteu. Sabab saha-saha anu umangkeuh jeung luhur hate, bakal direndahkeun; saha-saha anu ngarendahkeun maneh, baris dijungjung.” 15 Ti dinya, loba anu dararatang marawa anakna anu laleutik keneh ka Isa, rek marenta dipangusapkeun. Ari ku murid-murid dicarekan. 16 Tapi saur Isa, ka maranehna, “Ingkeun eta barudak teh sina ka Kami, ulah dihalang-halang, sabab nya jelema-jelema anu kawas eta anu ngamilik Karajaan Allah teh. 17 Cek Kami: Saenya-enyana, saha-saha anu henteu narima Karajaan Allah sakumaha budak leutik, manehna moal bisa asup ka dinya.” 18 Aya hiji pamingpin, nanyakeun kieu ka Isa, “Nun Guru anu saestu, simkuring teh kudu kumaha, supaya tinemu sareng hirup anu langgeng?” 19 Waler Isa, “Naha Kami disebut saestu? Saurang ge teu aya anu saestu, kajaba ti Allah nyalira. 20 Tangtu anjeun ge uninga kana timbalan-timbalan Allah anu kieu: ‘Ulah jinah, ulah maehan, ulah maling, ulah ngucapkeun panyaksen palsu, jeung kudu hormat ka indung bapa.’ ” 21 Walonna, “Eta parantos dilakonan, ti ngongora.” 22 Jawabanana, ku Isa diwaler deui, “Aya keneh sarupa deui anu kudu dijalankeun: Jualan kabeh pangaboga, bagi-bagikeun ka nu mariskin; engke, tangtu bakal meunang harta sawarga; geus kitu, ka dieu deui, tuturkeun Kami.” 23 Dititah kitu teh, eta jelema mani melenguk, inget kana kakayaanana. 24 Ku Isa dipeleng bae, geus kitu Anjeunna sasauran, “Bangga pisan pikeun jelema nu loba duit mah rek asup ka Karajaan Allah teh. 25 Babari keneh onta nyeplos kana liang jarum, ti batan jelema beunghar asup ka Karajaan Allah.” 26 Anu ngadarenge eta kasaurana-Na ngaromong kieu, “Kitu galagatna mah, atuh saha nu bisa disalametkeun?” 27 Saur Isa, “Anu mustahil cek manusa, pikeun Allah mah bisa.” 28 Petrus mihatur, “Ieu abdi-abdi teh parantos cul sagala rupi sarta ngiring ka Jungjunan.” 29 Saur Isa, “Kieu cek Kami, saenya-enyana, saha-saha anu ku lantaran milih Karajaan Allah cul imah, cul pamajikan, cul dulur, cul kolot, jeung cul anak, 30 dina waktu ieu keneh sakur anu ditinggalkeun teh baris kaganti manglipet-lipet; jeung engke, dina jaman nu bakal datang, bakal ginanjar hirup nu langgeng.” 31 Murid-murid anu dua belas ku Isa dipanggil, terus kieu saur-Na, “Ayeuna urang ka Yerusalem. Sagala rupa perkara anu geus diserat ku nabi-nabi, tina hal Putra Manusa, tinangtu bukti. 32 Sabab Anjeunna bakal diselehkeun ka bangsa anu teu wawuh ka Allah, dihina-hina, dipoyok, diciduhan, 33 dikaniaya, sarta terus dipaehan ku maranehna; tapi dina poe nu katilu, tangtu Anjeunna teh hirup deui.” 34 Tapi murid-murid teh, kabeh oge, euweuh anu ngarti. Kasaurana-Na teh, hartina henteu katepi, maksudna henteu kasusud. 35 Sanggeus Anjeunna meh sumping ka kota Yeriko, aya nu lolong keur andiprek musapir di sisi jalan. 36 Ngadenge loba jelema ngasrek, manehna nanyakeun, “Aya naon?” 37 Dijawab, “Isa, urang Nasaret, ngalangkung.” 38 Tuluy manehna ngagero, “Nun Isa, Putra Daud, mugi aya piwelas ka abdi!” 39 Ku nu laleumpang panghareupna dicarek sina repeh. Tapi gegeroanana beuki tarik, “Nun Putra Daud, mugi aya piwelas ka abdi!” 40 Reg, Isa liren, nu lolong dipiwarang dicandak ka Anjeunna. Sanggeus dideuheuskeun ku Anjeunna dipariksa, 41 “Hayang dikumahakeun ku Kami teh?” Jawabna, “Nun Jungjunan, abdi teh hayang tiasa ningal!” 42 Saur Isa, “Heug, geura bisa nenjo. Maneh geus salamet lantaran boga iman!” 43 Sapada harita keneh, bray bae, panonna awas; terus milu ngiring ka Anjeunna bari ngamulyakeun ka Allah. Bala rea anu nyaraksian oge ragem maruji ka Allah.

Lukas 19

1 Isa lebet ka jero kota Yeriko, neraskeun perjalanan ngalangkungan eta kota. 2 Di eta kota aya hiji jelema beunghar, kapala tukang cuke, ngaranna Sakeus. 3 Manehna pohara hayangna nyaho kumaha jelemana anu jenengan Isa teh, tapi teu bisa lantaran kahalangan ku jalma rea; ma'lum manehna teh pendek. 4 Kitu nu matak manehna lumpat miheulaan nu rea, terekel naek kana tangkal kondang megat Isa, anu memang baris ka dinya ngalangkungna. 5 Di lebah dinya, Isa tanggah bari ngalahir, “Sakeus, turun! Poe ieu Kami arek nganjang ka maneh.” 6 Sakeus tuturubun, Isa ku manehna dimanggakeun bari semu anu bungah. 7 Tapi jalma rea gegelendeng, pokna, “Kumaha Anjeunna teh, bet kersa calik ka jelema anu doraka kitu!” 8 Tapi Sakeus terus unjukan bangun tatag, “Jungjunan, kagaduh abdi satengahna sumeja dihajatkeun ka nu mariskin. Sareng bilih bae di antawisna aya kekengingan tina meres batur, bade dipulangkeun opat kalieun.” 9 Ku Isa diwaler, “Poe ieu, rumah tangga ieu jelema geus meunang nugraha, da ieu oge putu Ibrahim keneh. 10 Sabab Putra Manusa teh datangna rek neang jeung nyalametkeun anu poekeun jalan.” 11 Ka sakur anu harita ngabarandungan Anjeunna, nya eta anu nyangka yen Karajaan Allah tereh ngawujud pedah Anjeunna geus deukeut ka Yerusalem, Anjeunna nyarioskeun hiji misil. 12 Saur-Na, “Aya hiji ningrat indit ka nagara jauh. Di dituna anjeunna teh rek dijenengkeun raja sarta sarengsena rek balik deui. 13 Memeh bral, anjeunna manggil heula sapuluh pagawena; tuluy maranehna teh dititipan duit, gedena sapuluh mina; pesenna: ‘Golangkeun ku maraneh nepi ka kami datang ti ditu.’ 14 Tapi eta ningrat teh, teu dipisuka ku sakumna warga nagara. Maranehna ngajurungan utusan sina nyusul sarta bebeja kieu: ‘Urang mah embung dirajaan ku eta jelema.’ 15 Sanggeus eta ningrat anu geus jeneng raja balik, pagawe-pagawe anu dititipan duitna dipanggil, rek nanyakeun kauntungan masing-masing. 16 Cek nu saurang: ‘Juragan, artos anu sa-mina teh parantos jadi sapuluh mina.’ 17 Cek dununganana: ‘Sukur, tandaning maneh hade gawe, suhud dina nyekel urusan leuleutikan. Ku sabab eta, ku kami dibere kawasa nyekel sapuluh kota.’ 18 Jol anu kadua, omongna: ‘Juragan, artos anu sa-mina teh parantos jadi lima mina.’ 19 Cek dununganana: ‘Maneh ayeuna dikawasakeun nyekel lima kota.’ 20 Jol pagawe nu katilu, omongna: ‘Juragan, artos kagungan anu sa-mina teh ieu kasanggakeun, kenging mumungkus dina saputangan; 21 da sieun ku juragan, margi terang juragan teh bengis, sareng resep nyandak teundeun batur, resep mupu pelak batur.’ 22 Cek dununganana: ‘Maneh pagawe jahat, ku kami baris ditindak satimpal jeung omongan maneh bieu. Ongkoh nyaho kami bengis, resep nyokot teundeun batur, resep mupu pelak batur. 23 Komo nyaho, naha eta duit kami ku maneh henteu menta dipanggolangkeun ku tukangna, supaya ari kami balik ku kami katampa reujeung batina?’ 24 Ti dinya, manehna marentah ka pagawe-pagawe sejenna: ‘Cokot ti ieu jelema, eta duit anu sa-mina teh; bikeun ka nu duitna geus jadi sapuluh mina.’ 25 Cek maranehna: ‘Juragan, kapan eta mah parantos kenging sapuluh mina.’ 26 Tembal dununganana: ‘Cek kami, anu geus aya beubeunanganana bakal dibere deui, tapi anu henteu beubeunangan mah, anu geus aya di manehna oge baris dicokot. 27 Saterusna, kabeh musuh-musuh kami anu henteu suka kami jadi rajana, jagragkeun kabeh ka dieu terus paehan di dieu hareupeun kami.’ ” 28 Sanggeus sasauran kitu, Isa angkat ti payun neraskeun perjalanan ka Yerusalem. 29 Deukeut kota Betpage jeung Betania anu pernahna di hiji gunung ngaran Gunung Jetun, Anjeunna miwarangan dua murid, 30 saur-Na, “Teruskeun ka kampung beh hareup. Engke, barang sup ka dinya bakal nenjo kalde keur dicangcang, ngora keneh can aya nu numpakan. Laan cangcangna, terus bawa ka dieu. 31 Mun aya nu ngageureuh-geureuh ku naon dileupaskeun, bejakeun bae rek dianggo ku Jungjunan.” 32 Bral nu duaan arindit, kaldena kapanggih cocog jeung nu disaurkeun tadi. 33 Sabot ngudar cangcangna, nu bogana nanyakeun naha dileupaskeun? 34 Dijawab, “Rek dianggo ku Jungjunan.” 35 Kalde disanggakeun ka Isa sarta geus beunang nilaman ku pakean maranehna. Ku Isa dititihan dibantuan ku maranehna. 36 Sabot kitu, jelema-jelema teh bur-bar ngalamparkeun jubahna di jalan. 37 Sanggeus deukeut ka Yerusalem, — di pupudunan Gunung Jetun — murid-murid anu ngariring mimiti galumbira jeung maruji ka Allah; sorana tarik, galumbira lantaran kaparengkeun narenjo mujijat-mujijat. 38 Cek maranehna, “Wilujeng Anjeunna, anu sumping jumeneng Raja kalayan jenengan Pangeran. Kerta santosa di sawarga, agung luhur nu di manggung!” 39 Sawatara urang Parisi anu milu jeung aleutan jalma rea mihatur ka Isa, “Eh, Guru cobi eta murid-murid Anjeun carek!” 40 Waler-Na, “Cek Kaula, lamun maranehna repeh, tah batu nu bakal surak teh.” 41 Sanggeus deukeut ka Yerusalem sarta geus katingalieun; Anjeunna sasauran semu ngalimba ngeunaan nasib eta, 42 “Tada teuing hadena, upama heug maneh poe ieu ngarasa yen maneh teh pohara mikabutuhna kasajahtraan. Hanjakal maneh teh lir meungpeunan mata! 43 Sabab pidatangeun mangsa baris dirurug musuh, dikepung ti unggal juru ditingker rapet nepi ka mojok. 44 Maneh katut sakumna rayat baris tumpur jadi lebu, rata saampar lemah. Eta teh bongan maneh keneh, embung malire keur waktu pitulung ti Pangeran tumiba.” 45 Ti dinya Isa lebet ka Bait Allah. Anu keur jarual meuli di dinya ku Anjeunna diusiran; 46 sarta kieu pilahir-Na, “Cek Kitab, Gedong Kami teh gedong paranti sembahyang. Tapi ku maraneh dijieun guha begal.” 47 Saterusna, saban-saban poe Anjeunna ngawuruk di Bait Allah. Ku imam-imam kapala, ku ahli-ahli Kitab, jeung ku pepentol-pepentol bangsa Israil terus diarah-arah bae rek ditelasan. 48 Tapi maranehna henteu manggih pijalaneun sabab rayat kabeh katarik sarta narurut ka Anjeunna.

Lukas 20

1 Dina hiji poe, waktu Isa ngawuruk jeung nyarioskeun Injil ka jalma rea di Bait Allah, torojol imam-imam kapala, ahli-ahli Kitab, jeung para kokolot nyalampeurkeun. 2 Terus maranehna teh nanya kieu, “Cik sebutkeun ka kaula, make hak naon Anjeun nyieun hal sarupa kitu, saha anu ngawasakeuna-Na?” 3 Waler Isa, “Kaula oge arek nanya ka aranjeun. Cik sebutkeun: 4 Ari pangbaptis Yahya ti sawarga atawa ti jelema?” 5 Aranjeunna nimbang-nimbang, “Disebutkeun ti sawarga, meureun dijawab-Na ku naon atuh teu dipercaya? 6 Disebutkeun ti jelema, bisa-bisa urang dirempug ku rayat dibaledogan ku batu. Sabab cek maranehna mah, Yahya teh nabi.” 7 Tungtungna, aranjeunna ngawalon teu terang bae ti mana eta pangbaptis Yahya teh. 8 Saur Isa ka aranjeunna, “Atuh Kaula oge moal nerangkeun make hak naon Kaula nyieun hal sarupa kitu.” 9 Geus kitu, Anjeunna nyarioskeun ieu misil ka jalma rea, saur-Na, “Aya nu muka kebon anggur, tuluy disewakeun ka sababaraha urang; geus kitu, manehna nyaba ka nagri sejen rada lila. 10 Dina musim panen, manehna ngajurungan pagawena ka nu nyararambut tanahna, sina nyokot hasil bagianana. Tapi jurungan teh, ku eta anu nyarambut dipahala, terus disina balik nyamos. 11 Ngajurungan saurang deui; tapi anu ieu oge dipahala, diera-era ku maranehna, terus sina balik nyamos. 12 Ngajurungan deui katilu kalina; tapi nya kitu keneh ditareunggeulan, terus dijongklokkeun ka luareun kebon. 13 Cek nu boga tanah: ‘Kumaha akal? Keun ayeuna mah anak nu ngan hiji-hijina sina ka ditu. Sugan ku anak aing mah sarieuneun.’ 14 Tapi barang nyaho yen ayeuna mah anakna pisan anu datang, nu nyarambut tanah teh buru-buru sakait pada batur: ‘Ayeuna mah ahli warisna pisan, urang paehan sakalian, urang rebut warisanana.’ 15 Tuluy anak nu boga tanah teh digusur ka luareun kebon, bek dipaehan. Cik, rek kumaha kira-kirana nu boga kebon teh ka eta jelema-jelema anu ngagarap tanahna? 16 Tangtu datang ngabinasakeun maranehna, ari kebon anggurna dipercayakeun ka nu sejen.” Anu ngabarandungan eta misil nempas, “Palias dugi ka kitu!” 17 Tapi ku Isa diteuteup, terus ngalahir, “Lamun kitu, naon atuh maksud ayat ieu anu ungelna: ‘Batu anu geus dipiceun ku tukang tembok geus dijieun batu juru?’ 18 Anu tibeubeut kana eta batu, tangtu remuk; nu katinggang, tangtu bubuk.” 19 Tuluy ahli-ahli Toret jeung imam-imam kapala neangan jalan rek nangkep Anjeunna harita keneh. Sabab karasaeun pisan yen anu ditujul dina misil Anjeunna teh, aranjeunna pisan. Tapi maranehna teh, teu barisaeun nanaon lantaran sieuneun ku rayat. 20 Ti harita ahli-ahli Kitab jeung imam-imam kapala teh teu weleh ngintip-ngintip Isa. Tuluy maranehna, nitahan mata-mata sina api-api anu niat hade pikeun mancing kalepatana-Na dina ngawaler pertanyaan-pertanyaan maranehna; ku jalan eta, Anjeunna bisa diselehkeun ka nu nyepeng kawasa jeung wewenang, nya eta gupernur. 21 Kieu cek mata-mata teh, “Guru, simkuring sadaya terang, sugri anu disaurkeun sareng diwurukkeun ku Anjeun teh leres. Tebih tina pupujieun, Anjeun ngajarkeun jalan Allah kalayan sajujurna pisan. 22 Kumaha, simkuring sadaya kenging mayar pajeg ka Prabu atanapi teu kenging?” 23 Tapi niat maranehna anu licik teh, ku Isa oge kauninga. Ku Anjeunna diwaler kieu, 24 “Cik mana duit dinarna, ka dieukeun. Gambar jeung ngaran saha dina ieu duit teh?” Tembalna, “Gambar sareng ngaran Prabu.” 25 Saur Isa ka maranehna, “Anu wajib disanggakeun ka Prabu, sanggakeun ka Prabu; anu wajib disanggakeun ka Allah, sanggakeun ka Allah.” 26 Diwaler kitu di hareupeun jalma rea, maranehna bati ngabetem jeung heran ku walerana-Na lantaran teu bisa mancing kalepatan Anjeunna. 27 Datang deui sababaraha urang Saduki ka Isa. Ieu golongan jelema-jelema anu teu percaya yen nu paraeh baris dihudangkeun deui. Maranehna nanya kieu ka Anjeunna, 28 “Guru, Nabi Musa ngadamel parentah kieu ka urang: Upama hiji lalaki maot ninggalkeun bojo, tapi teu boga anak; dulur eta lalaki kudu nikahan urut bojona, supaya nu geus maot teh boga turunan. 29 Di urang aya tujuh lalaki padudulur. Nu kahiji kawin ka hiji awewe; geletuk, manehna maot bari teu gaduh anak. 30 Urut bojona ditikah ku nu kadua; 31 teras ku nu katilu; kitu sareng kitu bae patuturut, tujuhanana oge maot patuturut bari teu gaduh anak. 32 Tungtungna, awewena oge maot. 33 Kumaha engke dina poe kiamat, saha pisalakieunnana teh, margi parantos ditikahan ku tujuhanana?” 34 Waler Isa, “Urang dunya mah, nikah jeung ditikahkeun. 35 Sabalikna, maranehna anu dianggap layak meunang ganjaran sawarga, — ana geus dihudangkeun deui ti alam maot — moal narikah jeung moal ditarikahkeun. 36 Sabab geus kawas malaikat-malaikat, tur jaradi putra-putra Allah lantaran geus dihudangkeun deui tea. 37 Hal hudangna deui nu geus paraeh, Nabi Musa geus nerangkeun dina ayat anu ngeunaan rungkun cucuk tea; waktu Pangeran nyebatkeun Anjeun Allah nu disembah ku Ibrahim, Allah nu disembah ku Isak, jeung Allah nu disembah ku Yakub. 38 Anjeunna lain Allah nu disembah ku jelema-jelema nu paraeh, tapi Allah nu disembah ku jelema-jelema anu harirup; da kabeh jelema teh, hirupna pikeun Mantenna.” 39 Waleran Anjeunna kitu disambut ku sawatara ahli Kitab, pokna, “Guru, tepat eta waleran teh!” 40 Saterusna, aranjeunna teu waranieun deui nanya kitu-kieu ka Isa. 41 Tapi Isa nyarios kieu ka aranjeunna, “Ku naon jelema-jelema nyarebut yen Al Masih teh Putra Daud? 42 Kapan Daud ku anjeun dina kitab Zabur ngangkenna kieu: Pangeran geus nimbalan ka Jungjunan kaula: Geura calik katuhueun Kami, 43 nepi ka kabeh musuh-musuh Hidep, ku Kami dijadikeun jojodog suku Hidep. 44 Ka Anjeunna, Daud teh nyebatna Jungjunan; jadi, kumaha bisana jadi putra ongkoh?” 45 Waktu jalma rea ngabarandungan keneh kasaurana-Na, Anjeunna nyarios ka murid-murid-Na, saur-Na, 46 “Sing waspada ka ahli-ahli Kitab; maranehna osok jalan-jalan mamake jubah panjang, malar dihormat di pasar-pasar; di tempat ibadat diukna di tempat anu terhormat, nya kitu deui dina perjamuan-perjamuan. 47 Maranehna sok ngaleglegan kahirupan randa-randa jeung macikeuh ku doa-doa panjang. Maranehna pinasti dihukumna leuwih beurat.”

Lukas 21

1 Waktu Isa ningali anu keur ngarasupkeun duit kana kotak persembahan, loba anu baleunghar, marerena teh galede. 2 Katingali deui aya randa miskin, ngasupkeun rupiaan dua siki kana eta kotak. 3 Anjeunna ngalahir, “Cek Kami: Eta randa merena leuwih gede ti batan nu sejen. 4 Nu sejen mah, marerena teh, awahing ku kaleuwihan teuing duit; ari eta randa mah, mere sakitu teh, awahing ku teu boga; malah eta anu dibaktikeun teh duit balanjana anu ngan sakitu- kituna.” 5 Aya sababaraha jelema anu maruji kaalusan Bait Allah, helok ku wangunana anu dihias ku batu-batu anu arendah jeung rea-rea deui barang pangbakti. Isa ngalahir, saur-Na, 6 “Eta kabeh, anu katembong ayeuna, baris datang kana mangsana burak-barik diruntuhkeun, nepi ka moal aya batu hiji-hiji acan anu diantep nyusun patumpang.” 7 Murid-murid tumaros ka Anjeunna, pokna, “Iraha bakal kajadianana, Jungjunan? Sareng upami mangsana datang, kumaha galagatna?” 8 Waler-Na, “Maraneh sing caringcing, supaya teu kabawa ku sakaba-kaba. Sabab bakal loba jelema anu mamake ngaran Kami, ngaku-ngaku: Kami Al Masih teh. Atawa ngaromong: Geus tereh ninggang kana ugana! Peupeujeuh maraneh ulah kabengbat. 9 Jeung lamun ngadenge peperangan jeung huru-hara, maraneh teu kudu reuwas-reuwas. Eta kabeh pasti kajadian ti samemehna keneh, tapi eta teh lain hartina geus tereh ninggang kana waktu panungtungan.” 10 Saur-Na deui, “Pidatangeun jaman bangsa ngalawan bangsa, karajaan-karajaan ngalawan karajaan. 11 Jeung bakal aya lini anu hebat; kitu deui pagebug jeung paceklik di mana mendi; kitu deui kajadian-kajadian anu matak ketir jeung galagat-galagat di langit anu pohara pikasieuneunana. 12 Tapi memeh eta kabeh kajadian, maraneh mah geus ditangkep manten jeung dikaniaya, digusur ka tempat-tempat ibadah jeung ka panjara-panjara, diserenkeun ka raja-raja, jeung ka nu karawasa ku lantaran percaya ka Kami. 13 Maraneh teh kudu ngalakonan kitu, supaya bisa jaradi saksi Kami. 14 Ku sabab eta sing teger hate, ulah bingung-bingung mikiran kudu kumaha nya ngomong ngabela diri. 15 Sabab Kami pribadi nu baris mere piomongeun kalawan perceka, nepi ka lawan-lawan maraneh moal mampuh ngalawan atawa ngabantah. 16 Jaba ti kitu, maraneh ge bakal diserenkeun ku kolot sorangan, dulur sorangan, kaum kulawarga, jeung sobat-sobat. Malah mah, ti antara maraneh teh aya sababaraha urang anu bakal nepi ka dipaehan. 17 Jelema kabeh bakal mikaijid ka maraneh ku sabab percaya ka Kami. 18 Najan kitu, buuk maraneh salambar ge moal aya nu leungit tina sirah. 19 Asal maraneh kuat nandanganana, geus pasti hirup.” 20 “Baris datang mangsana, Yerusalem dikepung ku musuh. Dina geus kituna maraneh kudu nyaho, yen eta teh ciciren geus tereh kana rugrugna. 21 Dina waktu eta, jelema-jelema nu marangkuk di Yudea kudu kabur ka pasir-pasir, urang kotana kudu ngungsi, urang desana ulah ka kota. 22 Sabab nya harita pisan datangna wawales ka ieu kota, sagala nu kasebut dina kitab nya harita kabuktianana teh. 23 Tada teuing balangsakna ibu-ibu anu harita keur kakandungan atawa keur nyarusuan! Sabab sakuliah nagara, pinuh ku kasangsaraan anu pohara hebatna sarta hukuman geus tumiba ka ieu bangsa. 24 Maranehna baris tiwas dihakan pedang sarta jadi tawanan sagala bangsa. Kota Yerusalem bakal dilaleyek ku bangsa-bangsa anu teu wawuh ka Allah, lilana nepi ka datang dawuh-Na.” 25 “Jeung bakal aya galagat-galagat anu tembong dina panonpoe, dina bulan, dina bentang-bentang. Bangsa-bangsa di sakuliah tonggong bumi bakal ngarasa sieun bari samar polah ku kaayaan laut anu ngamuk tingjelegur. 26 Jelema-jelema lebur kabeh pangacianana, awahing ku sieun nyanghareupan kajadian-kajadian anu tumiba ka ieu bumi sabab kakuatan-kakuatan langit genjlong. 27 Nya harita, jelema-jelema teh bakal narenjo Putra Manusa sumping dina mega, kawasa tur mulya. 28 Dina geus kituna, maraneh sing gede hate, ulah ngaheruk sabab geus tereh salamet.” 29 Geus kitu, Anjeunna nyarios deui nganggo misil, saur-Na, “Pek, tengetkeun tangkal kondang atawa tangkal naon bae: 30 Lamun geus bijilan sirung, eta teh tandaning geus tereh usum halodo. 31 Kitu deui, upama maraneh narenjo eta kajadian-kajadian, kudu nyaho yen Karajaan Allah tereh ngawujud. 32 Cek Kami: Saenyana, ieu umat anu kiwari bakal ngalaman eta sakabeh kajadian. 33 Langit jeung bumi bakal euweuh, tapi ucap Kami mah moal datang ka euweuh.” 34 “Jaga diri sing ati-ati, hate ulah kabita ku senang-senang jeung mabok-mabok; ulah haben bae mikiran kapentingan lahir, supaya ulah kaberedeg jeung kajiret ku datangna poean Pangeran. 35 Sabab eta poe teh, narajang ka sapangeusi dunya. 36 Kudu sayaga sapapanjangna dibarung neneda, supaya maraneh boga kakuatan bisa luput tina eta kajadian-kajadian, malar bisa madep ka payuneun Putra Manusa.” 37 Beurangna, Isa ngawuruk di Bait Allah, peutingna ka luar kota, ngawengi di gunung anu ngaran Gunung Jetun. 38 Isukna, jelema-jelema dararatang deui ka Anjeunna seja ngadarengekeun piwuruk-Na di Bait Allah.

Lukas 22

1 Pesta anu disebutna “Pesta Paska” geus tereh datang. Jalma-jalma teh, dalaharna ngan ukur roti anu teu diragian. 2 Imam-imam kapala jeung ahli-ahli Kitab nareangan akal pikeun maehan Isa, tapi sarieuneun ku jalma rea. 3 Sup, Iblis nyurup ka hiji murid ti anu dua belas anu ngaran Yudas Iskariot. 4 Ki Yudas terus nepungan imam-imam kapala jeung kapala pangawal Bait Allah, mere akal petana nangkep Isa kalawan lantip nepi ka bisa diserenkeun ka aranjeunna. 5 Aranjeunna gumbira sarta geus mupakat yen ki Yudas rek dibere duit saanu. 6 Ki Yudas satuju sarta ti wates harita, manehna terus ngintip wanci nu mustari rek nyerenkeun Isa bari ulah kanyahoan ku jalma rea. 7 Hari raya Roti Tanpa Ragi tea geus mimiti, domba korban Paska kudu dipeuncit. 8 Petrus jeung Yahya ku Isa dipiwarang sasadiaan, saur-Na, “Geura indit nyadiakeun kaperluan urang ngarayakeun Paska.” 9 Maranehna mihatur, “Di mana bade ngersakeun teh?” 10 Waler-Na, “Di kota. Engke, barang sup ka kota, maraneh bakal panggih jeung lalaki anu mawa kendi dieusi cai. Tuturkeun ka imah nu mana asupna. 11 Ka nu boga imah bejakeun kieu: Guru simkuring mariksakeun, mana kamar keur Kami dahar Paska jeung murid-murid? 12 Maraneh tangtu dibawa ka hiji kamar di loteng, lega sarta cukup paparabotanana. Sadiakeun ku maraneh di dinya.” 13 Bral, Petrus jeung Yahya arindit sarta kapanggih anu disaurkeun ku Isa teh, tuluy bae nyayagikeun. 14 Sanggeus cunduk kana waktu, Isa calik, tuang jeung rasul-rasul-Na. 15 Saur-Na, “Geus meunang hayang pisan Kami ngarayakeun Paska bareng jeung maraneh teh, samemeh Kami sangsara. 16 Sabab sabalakana mah, Kami teh moal kungsi ngarayakeun deui nepi ka mangsana deui engke di Karajaan Allah.” 17 Anjeunna nyandak lumur, ngucap sukur, pok deui sasauran, “Heh ieu tampanan, bagikeun ka sarerea. 18 Sabab cek Kami, ti wates ieu Kami moal nginum-nginum deui cai buah anggur, nepi ka ngawujudna Karajaan Allah.” 19 Geus kitu, Anjeunna nyandak roti, muji sukur, disemplekan, sarta dipaparinkeun ka murid-murid, saur-Na, “Ieu teh awak Kami anu dibikeun ka maraneh. Pek, lalampahkeun pikeun tanda mieling ka Kami.” 20 Sanggeus tuang Anjeunna nyandak lumur, tuluy sasauran deui, “Ieu lumur eusina perjangjian anyar ku karana getih Kami anu dikucurkeun pikeun maraneh. 21 Tapi di dieu, anu bareng ngariung ieu meja jeung Kami, aya nu boga leungeun hasud anu niat nyerenkeun Kami. 22 Putra Manusa memang geus pasti kudu iang, tapi estu cilaka jelema anu ngalantarankeun Kami diselehkeun!” 23 Murid-murid recok silih tanya saha anu kitu teh. 24 Ahirna, maranehna jadi cekcok marebutkeun saha nu unggul. 25 Ku Isa diwawadian, saur-Na, “Ari di bangsa-bangsa, raja-raja teh marentah ka rayatna, anu nyarekel kawasa disebutna pelindung rayat. 26 Maraneh mah ulah kitu. Anu dipikolot di maraneh mah malah kudu daek jadi pangngorana, anu jadi pamingpin kudu daek jadi juru laden. 27 Cik antara nu dilaladenan dahar jeung anu ngalaladenanana luhur mana? Luhur anu dilaladenan. Tapi kapan Kami oge di maraneh teh pelayan. 28 Maraneh salawasna babarengan jeung Kami, sajeroning Kami nyorang sagala cocoba. 29 Sarta Kami geus nangtukeun hak-hak Karajaan pikeun maraneh, nya eta hak anu geus dipaparinkeun ka Kami ku Ama. 30 Jadi, maraneh boga hak dahar nginum sameja jeung Kami di jero eta Karajaan. Jaba ti eta, maraneh ge dibere kalungguhan pikeun nerapkeun hukum ka dua belas kaom Israil. 31 Simon, Simon! Tuh Iblis geus ngincer ka maneh, rek ditapikeun kawas ka gandum. 32 Tapi maneh ku Kami geus dipangnedakeun, supaya ulah nepi ka pecat iman. Di mana geus tobat, maneh wajib mere sumanget ka pada batur.” 33 Jawab Petrus, “Jungjunan, abdi rido dipanjara atanapi kedah paeh babarengan sareng Jungjunan!” 34 Tapi saur Isa, “Cek Kami: Petrus, peuting ieu memeh hayam kongkorongok, maneh geus tilu kali mungkir, nya eta nyebutkeun teu wawuh ka Kami.” 35 Saur-Na deui ka sarerea, “Waktu maraneh ku Kami diutus bari teu meunang mawa rajut duit, bekel, jeung tarumpah, kumaha ngarasa aya kakurang?” 36 Diwangsul, “Teu pisan-pisan.” Saur-Na deui, “Tapi ayeuna mah ari boga, bawa rajut duit teh, kitu deui bekel sejenna. Pedang oge, lamun euweuh, jual bae jubah beulikeun pedang. 37 Sabab masing nyaho, yen ayat Kitab Suci ngeunaan diri Kami tereh bukti, unina: Anjeunna geus disaruakeun jeung jelema doraka. Kabeh anu geus ditulis ngeunaan diri Kami, ayeuna geus ngamimitian.” 38 Maranehna ngawangsul, “Jungjunan, kaleresan ieu aya pedang dua.” Waler-Na, “Cukup.” 39 Geus kitu, Anjeunna angkat ka luar kota kawas sasari, nya eta ngajugjug Gunung Jetun sarta diiring ku murid-murid-Na. 40 Sasumpingna ka ditu Anjeunna sasauran, “Maraneh kudu sembahyang supaya ulah beunang ku dodoja.” 41 Geus sasauran kitu, Anjeunna mencilkeun anjeun jauhna kira-kira sapamaledog; tuluy bruk nyuuh bari sasambat, 42 “Duh Ama, manawi kenging mah, candak ieu lumur kasangsaraan teh ti abdi; Sanaos kitu, ulah numutkeun panuhun abdi, nanging pangersa Ama nu kedah laksana.” 43 Ti dinya, aya malaikat ti langit nembongan ka Anjeunna pikeun maparin sumanget. 44 Anjeunna teh keur katarajang kasieun anu pohara; sasambat-Na beuki husu. Cikaringet-Na lir tetesan-tetesan getih, nyakclakan kana taneuh. 45 Tamat ngadu'a, lajeng cengkat nyampeurkeun murid-murid. Maranehna teh kasampak keur sarare teu kawawa ku nalangsa. 46 Ku Anjeunna disauran, “Naha sarare? Harudang! Heg sarembahyang, supaya ulah beunang ku dodoja.” 47 Sabot sasauran keneh, breg bae daratang ka Anjeunna jelema loba pisan. Di antarana, aya Yudas Iskariot, — murid ti antara anu dua belas — anu leumpangna teh pangheulana. Manehna nyampeurkeun ka Isa arek ngarangkul. 48 Saur Isa ka manehna, “Yudas, maneh nyerenkeun Putra Manusa teh ku ngarangkul?” 49 Ari murid-murid aya kajadian kitu teh hohoak, pokna, “Jungjunan, kumaha urang sabetan bae ku pedang?” 50 Nu saurang mah geus keplas manten nyabet bujangna Imam Agung, keuna kana ceulina nepi ka rampung. 51 Tapi saur Isa, “Geus, cukup!” Daun ceuli nu rampung teh ku Anjeunna diterapkeun nepi ka jadi walagri deui. 52 Saur-Na ka imam-imam kapala, kapala pangawal jeung ka para kokolot, “Na Kami teh rampog nepi ka dibawakeun pedang jeung pepentung? 53 Ongkoh unggal poe Kami aya jeung maraneh di jero Bait Allah, naha henteu ditangkep di dinya bae? Heug, memang ieu teh kasempetan maraneh sarta hakna kawasa gelap tea.” 54 Isa geus ditangkep, dibawa ti dinya, digiring ka bumi Imam Agung. Petrus nuturkeun ti kajauhan. 55 Di tengah buruan bumi aya anu keur mirunan diparake siduru, Petrus milu siduru. 56 Katenjoeun ku hiji gandek awewe, sanggeus neges-neges pok manehna ngomong, “Tah ieu ge baturna itu.” 57 Ku Petrus dipungkir, “Lain, wawuh ge henteu ka dinya teh!” 58 Teu lila aya deui anu ngomong, pokna, “Maneh ge sarombongan jeung itu!” Petrus mungkir deui, “Lain, lain!” 59 Heuleut sajam, pok deui bae, aya nu ngomong, tandes pisan pokna, “Sidik ieu jelema teh baturna itu, urang Galilea keneh!” 60 Tapi cek Petrus, “Lain, kuring mah teu nyaho-nyaho!” Harita keneh kadenge hayam kongkorongok. 61 Isa ngareret ka Petrus. Ras Petrus inget kana kasauran Anjeunna: “Memeh hayam kongkorongok peuting ieu, maneh geus tilu kali mungkir, nyebut teu wawuh ka Kami.” 62 Leos bae, manehna indit bari ceurik, awahing ku nalangsa. 63 Ari Isa ku anu narahan teh diparoyok jeung disiksa. 64 Raray-Na dirungkupan tuluy ditanya, “Sebut, saha ieu anu neunggeul?” 65 Rea-rea deui omongan-omongan biadab anu ditujukeun ka Anjeunna. 66 Sanggeus bray beurang, para kokolot bangsa Yahudi, imam-imam kapala, jeung ahli-ahli Kitab ngayakeun rundingan. Geus kitu, Isa ku aranjeunna dijagragkeun ka Mahkamah Agama. 67 Cek aranjeunna, “Lamun enya maneh Al Masih, sebutkeun!” Waler Isa, “Disebutkeun oge aranjeun moal percaya. 68 Kitu deui, lamun Kaula aya pertanyaan ku aranjeun moal diwalon. 69 Mimiti ayeuna Putra Manusa teh geus jumeneng di tengeneun Allah Nu Mahakawasa.” 70 Cek aranjeunna, ragem, “Jadi, maneh teh Anak Allah?” Waler-Na, “Tah, cek aranjeun keneh Kaula teh Putra Allah.” 71 Cek aranjeunna, “Naon gunana deui saksi? Terang-terangan ku Manehna sorangan geus diaku.”

Lukas 23

1 Sidangna terus dibubarkeun, Isa dihadepkeun ka Pilatus. 2 Ku aranjeunna didakwakeun, “Ieu Jalmi parantos katalungtik nyasabkeun ka bangsa simkuring sareng ngalarang mayar pajeg ka Prabu; jabi ti eta, ngaku-ngaku Al Masih anu hartosna Raja.” 3 Anjeunna ku Pilatus dipariksa, “Jadi, Maneh teh Raja urang Yahudi?” Waler-Na, “Leres, sakumaha kasauran anjeun.” 4 Saur Pilatus ka imam-imam kapala jeung ka jalma rea, “Cek kami: Ieu Jelema henteu salah naon-naon.” 5 Tapi maranehna beuki heuras, “Eta Jelema ngasut rayat di sakuliah Yudea ku ajaran-ajarana-Na. Ngawitanana di Galilea, ayeuna nepi ka dieu.” 6 Pilatus mariksakeun na enya ieu Jelema urang Galilea? 7 Barang kauninga yen Isa penduduk wilayah cepengan Raja Herodes, tuluy dikintunkeun ka eta raja, anu kabeneran keur aya di Yerusalem. 8 Atuh kacida bingahna, waktu Raja Herodes ningali Isa teh. Sabab hoyongna tepang teh, geus lila; da geus sering ngadangu hal Anjeunna jeung hoyong ningali carana Isa ngadamel mujijat. 9 Loba pisan papariksana ka Isa teh, tapi hiji ge taya anu diwaler. 10 Sajeroning kitu, imam-imam kapala jeung ahli-ahli Kitab maju ngadakwa ka Anjeunna beurat pisan. 11 Geus kitu mah, Raja Herodes sabaladna mimiti nganistakeun ka Anjeunna ku rupa-rupa pamoyok. Anjeunna dianggoanan jubah kaagungan, terus dikintun deui ka Pilatus. 12 Ti semet poe eta, Raja Herodes jeung Pilatus jadi mimitran; ari tadina mah, aranjeunna teh, mumusuhan. 13 Imam-imam kapala, para pepentol, jeung rayatna ku Pilatus dipiwarang kumpul. 14 Kieu saurna, “Ieu Jelema ku maraneh dibawa ka kami, didakwa nyasabkeun rayat. Ku maraneh geus kasaksian yen ku kami geus dipariksa. Kasalahan-kasalahan anu ku maraneh ditudingkeun ka diri-Na teu kapanggih buktina. 15 Ku Raja Herodes oge henteu, kitu nu matak dipulangkeun deui ka kami. Sarupa ge euweuh kasalahana-Na anu manjing kana hukum pati. 16 Ku sabab eta, ku kami ngan arek dirangket wungkul, tuluy dibebaskeun.” 17 — Memang anjeunna kagungan wewenang ngabebaskeun salah sahiji sakitan dina unggal-unggal hari raya — 18 Tapi nu ngadarakwa, bareng tingsaroak, “Singkirkeun! Barabas leupaskeun!” 19 Barabas teh, dipanjarana, lantaran nyieun huru-hara jeung maehan. 20 Pilatus keukeuh, sasauranana heuras ku bawaning hoyong ngabebaskeun Isa. 21 Tapi ku maranehna dibales ku sosoak, “Gantung! Gantung eta Jelema teh!” 22 Pilatus ngalahir deui katilu kalina, “Sebutkeun naon kasalahana-Na! Ku kami teu kapanggih dosa-Na nu satimpal jeung hukuman pati. Eta sababna, pangna Manehna ku kami ngan rek dirangket wungkul sarta tuluy dibebaskeun.” 23 Tapi maranehna, sosoakna, beuki tarik; keukeuh maksa supaya Anjeunna dihukum salib sarta ahirna mah, hasil. 24 Pilatus ngadamel putusan ngabulkeun pamenta maranehna. 25 Sakitan anu geus nyieun huru-hara jeung maehan tea dibebaskeun sakumaha pamenta maranehna; ari Isa diserenkeun kumaha karep maranehna bae. 26 Waktu maranehna ngagiring Isa, aya hiji jelema urang Kirena anu kakara datang ti luar kota, ngaran Simon. Manehna teh dipaksa dititah manggul salib pungkureun Isa. 27 Loba pisan anu marilu nganteur, kaasup ibu-ibu anu sapapanjang jalan nyaleungceurikan Anjeunna. 28 Isa sasauran ka maranehna bari ngareret, “Ulah nyaleungceurikan Kami, ibu-ibu Yerusalem! Mending nyeungceurikan diri jeung anak sorangan. 29 Sabab pidatangeun mangsa jelema-jelema teh nganggap untung ka awewe gabug, anu teu kungsi kakandungan, teu kungsi nyusuan anak. 30 Harita jelema-jelema bakal sasambat: Duh gunung-gunung geura gugur, kami tindihan; duh pasir-pasir, kami urugan! 31 Sabab upama tangkal kai nu hirup nepi ka dituar ku maranehna, komo deui tangkal nu geus garing!” 32 Harita teh, aya duaan deui penjahat anu rek dihukum pati bareng jeung Isa. 33 Sanggeus narepi ka hiji tempat nu disebut Gulguta (hartina: Tempat Tangkorek), Isa terus disalib bareng jeung penjahat anu dua tea, nu digantungna teh di kenca jeung katuhueuna-Na. 34 Sabot disalib Isa sasambat, “Nun Ama, mugi dihapunten ieu jalmi-jalmi, margi kieuna teh lantaran maranehna teu terang.” Geus kitu, anggoan Anjeunna ku maranehna dilotre terus dibagikeun. 35 Jalma-jalma milu ngadareugdeug. Pamingpin-pamingpin maroyok ka Anjeunna, pokna, “Ieu Jelema purah nulung batur teh. Keun ayeuna sina nulungan diri-Na sorangan, mun enya mah manehna Al Masih anu kamanah ku Allah!” 36 Serdadu-serdadu oge milu maroyok bari ngasongkeun anggur haseum ka Anjeunna, 37 pokna, “Lamun enya Maneh raja urang Yahudi, cik tulungan diri sorangan!” 38 Ari di luhureun mastaka-Na aya tulisan, unina: “Ieu raja urang Yahudi.” 39 Penjahat anu saurang anu pada-pada digantung oge milu ngajejeleh ka Anjeunna, pokna, “Maneh teh lain Al Masih tea? Coba atuh tulungan diri sorangan jeung kami deuih!” 40 Tapi manehna diwawadian ku anu saurang deui, pokna, “Na ari maneh teu sieun ka Anjeunna, teu sieun ka Allah, padahal sarua papada keur dihukum? 41 Urang mah pantes dihukum oge, satimpal jeung kasalahan, ari Eta mah euweuh pisan dosa-Na!” 42 Pok unjukan ka Isa, “Nun Isa, sing emut ka abdi upami parantos jeneng Raja.” 43 Saur Isa, “Cek Kami, poe ieu keneh maneh bakal bareng jeung Kami di Pirdus.” 44 Poe eta keneh, kira-kira pukul dua belas, — di sakabeh tempat, ngadak-ngadak reup poek; malah mah, poekna teh, nepi ka pukul tilu — 45 panonpoe teh jiga nu ilang caangna; dibarung ku soehna reregan Bait Allah tea, nu bedah jadi dua. 46 Isa ngagero bedas, saur-Na, “Nun Ama, Simabdi masrahkeun nyawa ka panangan Ama.” Tuluy, sanggeusna sasauran kitu, Anjeunna masrahkeun nyawa-Na. 47 Komandan pasukan nu nyaksian eta kajadian, tuluy ngamulyakeun Allah, pokna, “Tetela, ieu Jelema teh, jelema bener!” 48 Jelema-jelema anu eukeur ngadareugdeug, — barang aya kajadian kitu — kabeh ngolesed, terus baralik bari narepakan dada. 49 Sakur anu enya-enya wawuh ka Isa, kitu deui para wanita anu marilu ka Anjeunna ti Galilea, narangtung keneh di dinya, ngawaskeun ti kajauhan. 50 Aya hiji jelema nu ngarana Yusup; anjeunna teh anggota Majelis Agung; jalmana, hade jeung bener. 51 Anjeunna mah, teu satuju kana putusan jeung tindakan Majelis Agung teh. Anjeunna teh bibit-buitna ti Arimatea, salah sahiji kota di tanah Yahudi. Anjeunna oge kaasup jalmi anu ngadago-dago ngadegna Karajaan Allah. 52 Anjeunna ngadeuheus ka Pilatus, nyuhunkeun layon Isa. 53 Geus kitu, layon-Na, ku anjeunna diturunkeun, dibungkus ku lawon bodas, terus dikurebkeun dina hiji guha anu anyar beunang ngabobok dina gunung cadas. 54 Poe eta teh poe panyadiaan, piisukaneun poe Sabat. 55 Para wanita, anu harita marilu ka Isa ti Galilea, oge marilu ka tempat-Na dikurebkeun, ngawaskeun carana Anjeunna dikurebkeun. 56 Sanggeus marulang, maranehna nyadiakeun rampe jeung minyak emur. Poe Sabatna, maranehna rareureuh heula, sakumaha nu geus diparentahkeun ku hukum Toret.

Lukas 24

1 Rebun-rebun keneh, dina poe kahiji tina minggu eta, para wanita geus arindit ka pajaratan bari marawa rampe jeung minyak seungit beunang nyadiakeun mangkukna tea. 2 Barang geus tepi, kasampak batu tutup guha pajaratan teh geus ngagoler. 3 Tuluy maranehna teh, sup ka jero, tapi layon Isa teu aya. 4 Sabot tingharuleng, ujug-ujug, breh bae aya anu narangtung duaan deukeut maranehna; papakeanana ngagebur cahayaan. 5 Maranehna mareungpeunan beungeut bawaning ku sieun, tapi anu duaan teh ngajak ngomong, “Anjeunna teh hirup, naha diteang ka enggon anu paraeh? 6 Teu aya di dieu Anjeunna mah, geus gugah. Sing inget ka dawuhana-Na keur basa di Galilea tea. 10:33-34, Luk. 9:22, 18:31-33* 7 Kapan saur-Na: Putra Manusa teh geus mistina diselehkeun ka jelema-jelema doraka terus disalib, tapi tangtu gugah deui dina poe katiluna.” 8 Ras bae, maranehna, inget deui kana dawuhan Anjeunna tea. 9 Samulangna ti pajaratan, hal eta, ku maranehna dicaritakeun ka murid-murid anu sabelas; kitu deui, ka duduluran-duduluran sejenna. 10 Eta wanita-wanita teh, — nya eta Maryam Magdalena, Yohana, Maryam ibu Yakobus, jeung anu sejen-sejenna anu ngabarengan — pada nyaritakeun hal eta ka rasul-rasul tea. 11 Tapi caritaanana dianggap omong kosong bae, teu dipercaya. 12 Ngan Petrus anu buru-buru lumpat muru ka pajaratan. Barang manehna ngalongok ka jero guha pajaratan, ngan nenjo boeh bae ngalumbuk. Manehna teh, leos indit deui bari tumanya di jero hatena, aya naon kira-kirana. 13 Poe eta keneh, aya dua murid Isa anu keur laleumpang ka hiji kampung ngaranna kampung Emaus. Jauhna ti Yerusalem kira-kira tujuh pal. 14 Bari leumpang nyaritakeun sagala anu anyar kajadian. 15 Sabot gunem catur tukeur pikiran, jol bae Isa nyaketan maranehna, terus angkat bareng jeung maranehna. 16 Tapi panon maranehna kawas anu kalampudan, nepi ka teu warawuh ka Anjeunna. 17 Saur Isa, “Keur gunem catur naon?” Maranehna ngarandeg semu nu heran. 18 Pok, nu ngaranna Kleopas, ngajawab, “Naha Anjeun teh jalmi ngumbara di Yerusalem, nepi ka teu terang kana kajadian anu sakitu haneutna keneh?” 19 Saur Isa, “Naon tea?” Jawabna, “Eta, perkara Isa, urang Nasaret tea, nu kagungan daya kakuatan dina kasauran jeung dina tindakan di payuneun Allah jeung di kalangan bangsa kuring. 20 Tapi ditangkep ku imam-imam kapala jeung ku pepentol-pepentol bangsa kuring, tuluy Anjeunna diserenkeun pikeun dihukum pati, nya eta disalib tea. 21 Tadina, pohara diharepna ku kuring sarerea, diharep bakal ngabebaskeun bangsa Israil. Kajadianana teh, tilu poe ka tukang. 22 Geus kitu, meunang deui beja anu pikareuwaseun pisan ti babaturan wanita, anu rebun-rebun keneh tas ngalongok pajaratan. 23 Cek maranehna: Layon Anjeunna teh teu aya. Maranehna nerangkeun nenjo malaikat-malaikat anu nyaurkeun, yen Anjeunna geus gugah hirup deui. 24 Terus disidikkeun ku babaturan ka pajaratan, enya Anjeunna geus teu aya.” 25 Saur Isa, “Bodo maraneh, pikiran maraneh teh kuled, nepi ka teu percaya kana sagala kasauran nabi-nabi! 26 Ari Al Masih teh naha lain geus mistina nandangan eta sakabeh, geusan jalan kana kamulyaana-Na?” 27 Ti dinya, ku Anjeunna diterangkeun ka maranehna naon-naon anu geus dituliskeun dina Kitab Suci, mimiti ti kitab-kitab Musa nepi ka kitab-kitab paranabi. 28 Sanggeus deukeut ka kampung anu dijugjug, Anjeunna kawas anu rek lajeng. 29 Tapi ku maranehna dikeukeuhan diajak sindang, pokna, “Ngarereb heula di kuring, geus burit, sakeudeung deui ge panonpoe surup.” Terus Anjeunna sindang ka maranehna. 30 Waktu tuang ngariung jeung maranehna, Anjeunna nyandak roti, muji sukur, nyemplekan roti, terus disodorkeun ka maranehna. 31 Geus kitu, kakara panon maranehna teges, wawuh deui ka Anjeunna, tapi Anjeunna terus ngaleungit ti dinya. 32 Cek maranehna, “Pantes waktu Anjeunna sasauran tadi di jalan bari nerangkeun Kitab Suci, hate urang kacida kumejotna.” 33 Ti dinya, kencling bae maranehna baralik deui ka Yerusalem pikeun nepungan murid-murid anu sabelas; ari kasampak teh, nya keur kumpul sabatur-batur. 34 Cek murid-murid nu di darinya, “Enya Jungjunan teh geus gugah, geus nembongan ka Simon.” 35 Ti dinya, murid-murid anu ti Emaus pupulih perkara papanggihanana tadi di jalan, jeung carana maranehna wawuh deui ka Anjeunna waktu Anjeunna nyemplekan roti. 36 Sabot keur gunem catur kitu, breh bae, Isa geus ngadeg di tengah-tengah maranehna; lajeng Anjeunna sasauran, “Bagea!” 37 Maranehna ngararenjag pacampur jeung sieun, panyangkana jurig. 38 Anjeunna sasauran deui, “Naha ngararenjag jeung hamham sagala? 39 Tenjo ieu leungeun jeung suku Kami, pek rampa sarta sidikkeun; da jurig mah, euweuh jirimna, henteu tulangan henteu dagingan, sakumaha Kami ayeuna.” 40 Bari sasauran kitu Anjeunna nembongkeun panangan jeung sampeana-Na. 41 Maranehna bati hemeng atoh pacampur jeung heran, tapi acan pati percaya keneh. Ku sabab eta, Anjeunna lajeng mariksakeun, “Aya kadaharan?” 42 Ku maranehna dihaturanan lauk sapotong, 43 terus ku Anjeunna dituang di dinya. 44 Anjeunna sasauran deui, “Bareto Kami geus ngomong waktu urang masih babarengan keneh, yen sagala rupa anu geus ditulis ngeunaan diri Kami dina kitab Toret Musa, kitab nabi-nabi jeung kitab Zabur pinasti kudu dilakonan. Eta omongan Kami, ayeuna kabuktian.” 45 Ti dinya, Anjeunna nyaangkeun pikiran maranehna, nepi ka maranehna bisa ngahartikeun Kitab Suci. 46 Saur-Na deui, “Geus dituliskeun kieu: Al Masih kudu nandangan eta kabeh, dina poe nu katilu gugah deui ti antara nu paraeh. 47 Jeung deui: Kalayan Asmana, hal pertobat jeung panghampura dosa teh kudu diwawarkeun ka sagala bangsa, mimiti ti Yerusalem. 48 Nya maraneh saksina tina ieu sakabeh perkara. 49 Kami ge tangtu ngutus anu geus dijangjikeun ku Ama Kami ka maraneh. Tapi maraneh kudu tetep heula di ieu kota, nepi ka mangsana maraneh meunang pangdeudeul kakawasaan ti manggung.” 50 Geus kitu, maranehna ku Isa dicandak ka luar kota, nepi ka deukeut kampung Betania. 51 Sabot Anjeunna keur ngaberkahan ka maranehna, tuluy paturay, diangkat ka sawarga. 52 Brek, maranehna, sarujud nyembah ka Anjeunna; terus maranehna teh marulang deui ka Yerusalem kalawan suka bungah. 53 Maranehna, sapopoena, araya bae di Bait Suci bari ngamulyakeun ka Allah.

Yahya 1

1 Ti awal kadim keneh, Pangandika teh geus jumeneng. Eta Pangandika manunggal jeung Allah tur Pangandika teh nya Allah tea. 2 Manunggalna jeung Allah teh, ti awitna keneh. 3 Sakur jajadian alam, nya Anjeunna anu ngajadikeunana. Mun lain ku Anjeunna mah, sakur nu geus gumelar teh pamohalan aya. 4 Eta Pangandika teh, sumbering hirup; ari hirup tea jadi caang atawa papadangna umat manusa. 5 Caang teh, gumebyar di alam poek tur ku poek henteu kaungkulan pangawasana. 6 Jol bae, sumping hiji utusan Allah, Yahya jenenganana. 7 Sumpingna, pikeun jadi saksi nu baris nerangkeun saha eta Papadang teh, supaya ku lantaran anjeunna, eta Papadang teh dipercaya ku umat manusa. 8 Ari anjeunna mah, lain Caang tea; da anjeunna mah, sakadar utusan anu kudu nerangkeun saha eta Caang teh. 9 Tapi Caang anu sajatina mah, — nu nyaangan unggal jelema — nuju sumping ka alam dunya. 10 Anjeunna teh parantos aya di alam dunya, — kenging-Na ngajadikeun tea — tapi pangeusi dunya teh teu wawuheun. 11 Sumping-Na teh, nya ka nu jadi milik-Na ku anjeun, tapi ku umat-Na henteu ditarima. 12 Tapi sing saha anu daek narima sarta percaya ka Anjeunna, ku Allah dipaparinan hak jadi putra-Na. 13 Kituna teh, lain ku sabab turunan; lain oge ku jalan anu ilahar anu lumrah di manusa, tapi estu ku kakawasaan Allah bae. 14 Eta Pangandika teh geus mijalma, aya dina hirup kumbuh urang sarta ku urang kasaksian kamulyaana-Na, nya eta kamulyaan anu dinugrahakeun ku Ingkang Rama ka Putra Tunggal, nu sajati tur leber ku sih kurnia. 15 Ngeunaan Anjeunna, Yahya nerangkeun, “Tah ieu Anjeunna teh; anu cek kami: Engke, pandeurieun kami rek sumping Anjeunna anu aya-Na heulaeun kami; sabab jumenengna teh, samemeh kami gumelar. 16 Ku kajembaran manah-Na, urang sarerea geus kaseundeuhan sih kurnia anu taya wates wangenna. 17 Nabi Musa ka urang geus mere hukum Toret, ari Isa Al Masih mah, ngadatangkeun sih kurnia jeung kasayaktian. 18 Saurang ge, can aya anu geus nenjo Allah. Tapi ku Anjeunna, — anu jadi Putra Tunggal Allah, anu hirup-Na dina pangkonan Rama — Allah teh bakal dinyatakeun ka urang.” 19 Waktu Nabi Yahya ditaros ku utusan urang Yahudi di Yerusalem, nya eta panghulu-panghulu agung sarta urang Lewi, “Saha tea anjeunna teh?” 20 Ku Nabi Yahya diwaler sajujurna bae, saurna, “Kaula lain Al Masih!” 21 Pok deui nu naros teh, “Upami kitu, saha atuh? Naha Nabi Elias?” Walerna deui, “Lain.” 22 Pok deui nararos, “Saha tea atuh? Simkuring kudu mawa jawaban ka nu ngutus. Cobi, saha salira teh?” 23 Walerna, “Kami teh, nya eta soara anu cumeluk di alas kikisik kieu: ‘Geura lelempeng pijalaneun Pangeran,’ sakumaha pilahir Nabi Yesaya.” 24 Di antara eta utusan-utusan teh, aya sababaraha urang Parisi. 25 Aranjeunna mariksa kieu, “Naon margina atuh anjeun ngabaptis, padahal Al Masih, lain; Nabi Elias, lain; nabi anu keur didago-dago oge, lain!” 26 Ku Yahya diwaler, “Kaula mah ngabaptis oge ku cai; tapi di antara aranjeun teh, saenyana, geus aya Anu ku aranjeun teu kawawuhan; 27 nya nu sumping-Na teh, pandeurieun kaula tea. Muka tali tarumpahna oge, kaula mah henteu wani.” 28 Eta kajadian teh di daerah Betania, peuntaseun walungan Ciyordan, anu ku Nabi Yahya dianggo tempat ngabaptis tea. 29 Poe isukna, Nabi Yahya ningali Isa bade mendakan anjeunna; tuluy dituduhkeun, saurna, “Tarenjo tuh, Anak Domba Allah, anu kawasa mupus dosa alam dunya. 30 Nya Anjeunna nu dimaksud ku kami teh, anu cek kami, ‘Pandeurieun kami, tangtu sumping Anjeunna anu aya-Na heulaeun kami; sabab jumeneng-Na oge, samemeh kami gumelar.’ 31 Mimitina mah, kami oge henteu wawuh ka Anjeunna teh. Sanajan kitu, nu matak kami diutus jeung ngabaptis ku cai teh, supaya ngawawuhkeun Anjeunna ka bangsa Israil.” 32 Nabi Yahya masihan deui panaksen, saurna, “Kami geus nyaksian Ruh lungsur ti langit mangrupa manuk japati, eunteup kana salira-Na. 33 Tadina mah, kami can wawuh ka Anjeunna. Tapi Allah, anu nimbalan ka kami kudu ngabaptis ku cai, samemehna geus netelakeun ciciren-Na ka kami, timbalana-Na: ‘Samangsa- mangsa maneh nenjo aya Ruh lungsur terus eunteup ka hiji jelema, eta teh Anjeunna anu bakal ngabaptis ku Ruh Allah.’ 34 Geus katenjo eta teh ku kami. Ku sabab eta, ayeuna kami mere panaksen: Anjeunna teh Putra Allah.” 35 Isukna, Nabi Yahya ngadeg deui di tempat eta keneh bareng jeung dua muridna. 36 Waktu anjeunna ningali Isa ngalangkung, ngalahir, “Tuh, tenjo Anjeunna, nu diibaratkeun Anak Domba Allah tea!” 37 Kadengeeun ku muridna anu duaan, tuluy bae duanana nuturkeun Isa. 38 Isa nyoreang ka pungkur, anu naluturkeun teh dipariksa, “Nareangan naon?” Piunjukna, “Rabi (hartina Guru), dupi linggih di mana?” 39 Saur Isa ka maranehna, “Tuturkeun bae Kami, engke ge nyaho.” Maranehna tuluy naluturkeun; jadi bae nyarahoeun panglinggihana-Na sarta poe eta mah, maranehna ngendek heula di Anjeunna. Harita teh kira-kira pukul opat. 40 Salah saurang anu ngadenge pilahir Yahya anu terus nuturkeun Isa, nya eta Andreas, dulurna Simon Petrus. 41 Tuluy manehna nepungan heula Simon dulurna, pok cacarita, “Kuring mah geus papanggih jeung Al Masih.” 42 Tuluy Petrus dibawa ngadeuheus ka Isa. Manehna ku Isa diteuteup, tuluy saur-Na, “Ieu teh Simon, anak Yonas. Anjeun bakal dilandih Kepas (Kepas teh, nya Petrus tea nu hartina: Batu karang).” 43 Poe isukna, Isa mutuskeun angkat ka Galilea. Di dinya pendak jeung Pilipus, saur-Na, “Tuturkeun Kami!” 44 Pilipus teh asalna urang Betsaida, lemburna Andreas jeung Petrus. 45 Pilipus tepung jeung Natanael, pok nyarita, “Kuring mah geus papanggih jeung anu disebut-sebut ku Nabi Musa jeung nabi-nabi sejen dina Kitab Toret tea, jenenganana Isa, Putra Yusup ti Nasaret.” 46 Cek Natanael, “Wah, na aya kitu kira-kirana barang hade asal ti Nasaret?” 47 Jawab Pilipus, “Ayeuna mah hayu urang saksikeun bae!” Kakara oge Natanael datang, Isa geus ngalahir manten, saur-Na, “Tah ieu urang Israil tulen anu euweuh kuciwana teh.” 48 Pihatur Natanael, “Naha geuning uninga ka abdi?” Waler Isa, “Memeh maneh dicalukan ku Pilipus, ku Kami geus katenjo aya di handapeun tangkal kondang.” 49 Cek Natanael, “Rabi, Jungjunan teh Putra Allah, Raja urang Yahudi!” 50 Saur Isa, “Naha eta kayakinan anjeun teh lantaran cek Kami bieu maneh geus katenjo ku Kami handapeun tangkal kondang? Loba keneh anu leuwih aheng batan eta, geura engke oge kasaksian.” 51 Saur-Na deui, “Cek Kami, saenyana, maneh bakal nenjo langit muka jeung malaikat-malaikat turun unggah ka Kersa Putra Manusa.”

Yahya 2

1 Tilu poe ti harita, di lembur Kana, Galilea, aya nu hajat nikahkeun. Ibu Isa angkat ka dinya; 2 Isa oge jeung murid-murid-Na diondang. 3 Barang nu hajat beakeun anggur, ibu-Na wawartos ka Isa, “Nu hajat teh seepeun anggur!” 4 Waler Isa, “Kedah dikumahakeun kitu ku Abdi, ibu? Teu acan waktosna ayeuna mah.” 5 Tapi ibu-Na marentah ka anu laladen, “Turutkeun engke saparentah-Na!” 6 Di dinya, aya genep buyung, biasana paranti wawasuh sakumaha tali paranti urang Yahudi, masing-masing bisa muat ti salapan nepi ka dua welas liter. 7 Tuluy Isa ngadawuh ka nu laladen, “Pinuhan buyung teh ku cai.” Tuluy buyung-buyungna, diareusian sapinuhna. 8 Isa ngadawuh deui, “Pek siukan, bawa ka ditu, ka nu mangku hajat.” Tuluy ku maranehna dianteurkeun. 9 Sanggeus ku nu mangku hajat diasaan, cai teh geus jadi anggur, teu nyahoeun asal-asalna mah. Tapi anu laladen, nya eta anu nyiukan tea mah nyarahoeun. Manehna tuluy manggil ki panganten, 10 pok nyarita, “Biasana nu disuguhkeun ti heula teh anggur nu raos nepi ka warareg, nembe anu kirang raos. Dupi ieu tibalik, nu raosna kaluar nembe ayeuna.” 11 Eta mujijat di lembur Kana, Galilea, mujijat Isa anu munggaran pisan, dianggo mintonkeun kamulyaana-Na. Ku hal eta, murid-murid-Na jadi mantep hatena percaya ka Anjeunna. 12 Ti dinya, Isa angkat ka kota Kapernaum disarengan ku ibu-Na, saderek-saderek-Na, jeung ku murid-murid-Na. Di Kapernaumna teu lami, ngan popoean bae. 13 Sanggeus deukeut kana hari raya Yahudi nu disebut “Paska,” Isa angkat ka Yerusalem. 14 Di emper Bait Suci ku Anjeunna ka sampak loba tukang dagang, nu dagang sapi, nu dagang domba, tukang japati, jeung tukang nukeur-nukeurkeun duit. 15 Anjeunna ngarara tali, ngadamel pecut. Tuluy anu daragang teh, kabeh, diusir sadagang-daganganana: Embe, domba, jeung sapi. Tukang nalukeur-nukeurkeun duit, duitna dibahe-bahekeun, mejana dijungkir-jungkirkeun. 16 Ka nu dagang japati, Isa sasauran, “Bawaan kabeh ka ditu, Panglinggihan Ama Kami, ulah dijarieun pasar.” 17 Murid-murid-Na, ras bae, inget kana ungelna Kitab Suci anu kieu, “Lantaran banget deudeuhna ka padaleman Anjeun, hate asa kaleleban.” 18 Urang Yahudi nangtang ngaralawan ka Isa, pokna, “Mana buktina hak Anjeuna nyieun tindakan kieu teh?” 19 Waler Isa, “Ruag ieu Bait Allah, di jero tilu poe ku Kami rek ditangtungkeun deui.” 20 Dijawab ku maranehna, “Opat puluh taun ngadegkeun ieu Bait Allah teh! Ari Anjeun sanggup ku tilu poe?” 21 Padahal, nu ku Isa disebut Bait Allah teh, maksudna mah salira-Na ku Anjeun. 22 Ngeunaan hal ieu, murid-murid-Na teh kakara aringeteun deui yen Isa geus pernah ngadawuh kitu, nya eta sanggeus Anjeunna hirup deui tina pupus-Na. Ku sabab eta, kakara maranehna percaya kana eusi Kitab Suci jeung ka eta dawuhan Isa tea. 23 Sabot Anjeunna di Yerusalem, — sapanjang hari raya Paska tea — loba nu jaradi percaya ka Jenengana-Na lantaran narenjo mujijat-mujijat damelana-Na. 24 Najan kitu maranehna ku Isa henteu didamel andelan; da kabeh ge, ku Anjeunna mah geus kauninga tabeatna teh. 25 Lian ti eta, Anjeunna ge teu butuh ku katerangan saha bae, tina hal kaayaan manusa mah. Sabab Anjeunna mah, geus uninga kana keretegna hate masing-masing.

Yahya 3

1 Aya hiji urang Parisi, pamingpin Agama Yahudi, ngarana Nikodemus. 2 Dina hiji peuting, anjeunna nepangan Isa, saurna, “Rabi (Guru) simkuring terang, yen Anjeun teh guru utusan Allah; margi anu sanes mah, moal aya nu tiasa nyieun mujijat-mujijat kitu, kajaba upami disarengan ku Allah.” 3 Waler Isa, “Kieu cek Kaula, upama urang henteu dijurukeun deui, pamohalan bisa ningal Karajaan nu diparentah ku Allah.” 4 Walon Nikodemus, “Kumaha abdi nu parantos sakieu kolotna tiasa dijurukeun deui? Naha tiasa lebet deui ka jero beuteung indung, teras dijurukeun deui?” 5 Waler Isa, “Masing percaya: Upama jelema henteu dijurukeun tina cai jeung Ruh, hamo teuing bisa asup ka Karajaan Allah. 6 Anu dijurukeunana ku manusa, sipat-sipatna, tangtu kumaha ilaharna manusa. Ari anu medalna tina Ruh, tangtu rohani sipatna. 7 Anjeun teu kudu heran, mun cek Kaula tadi kudu dijurukeun deui. 8 Ari Ruh teh, lir angin nu ngahiuk sakarepna. Ku anjeun kakuping sorana, tapi anjeun henteu terang ti mana asalna jeung ka mana losna. Anu dijurukeun tina Ruh oge, kaayaanana teh kawas kitu.” 9 Walon Nikodemus, “Teu kahartos eta tiasa kitu?” 10 Waler Isa, “Anjeun teh guruna bangsa Israil? Piraku henteu ngarti? 11 Nu diterangkeun ka anjeun teh, nya eta ngeunaan hal anu geus katingal ku Kami sorangan sarta nu geus kasaksian ku sorangan; tapi ku aranjeun mah, henteu katarima eta katerangan teh. 12 Lamun katerangan Kaula, tina hal dunya, ku anjeun geus teu dipercaya; geus komo lamun nyaritakeun perkara sawarga, tangtu kana moal percayana teh! 13 Ari jelema mah, acan aya anu geus indit sarta nyaho sawarga, iwal ti Putra Manusa anu terah asal ti dinya. 14 Jeung sakumaha oorayan tambaga tea, nu ku Musa geus ditanjeurkeun di sagara kikisik; kitu oge, Putra Manusa kudu dijungjung dikaluhurkeun, 15 supaya unggal jelema anu percaya ka Anjeunna ginanjar hirup abadi. 16 Sabab dunya teh, pohara nya diasihna ku Allah; nepi ka Putra Tunggal-Na oge dipasrahkeun, supaya sing saha anu percaya ka Anjeunna ulah nepi ka binasa; tapi sabalikna, bisa tinemu jeung hirup abadi. 17 Pangna Allah ngutus Putra-Na ka alam dunya teh, lain rek ngahukum, enyana mah rek nyalametkeun alam dunya ku parantaraan Putra-Na. 18 Saha bae anu percaya ka Anjeunna, moal dihukum; anu baris dihukum teh, anu embung percaya sabab henteu ngandel ka nu ngaran Putra Tunggal Allah tea. 19 Ari duduk hukumna kieu: Caang tea geus datang ka dunya, tapi manusa leuwih resep kana poek tibatan kana caang. Sabab kalakuanana nu jahat. 20 Munasabah, da tukang ngalampahkeun kajahatan mah, ijid kana caang teh sarta moal daek nyampeurkeun, supaya kajahatanana teu kaboker. 21 Sabalikna, anu kalakuanana bener mah, kana caang teh nyampeurkeun; ngarah jelas, yen kalakuanana teh sapuk jeung Pangersa Allah.” 22 Sanggeus kitu, Isa katut murid-murid angkat ka tanah Yudea sarta terus ngarereb di dinya bari ngabaptis. 23 Yahya oge ngabaptis, tempatna di Ainon deukeut lembur Salim. Sabab di dinya, loba cai tur loba jelema anu ka darinya harayangeun dibaptis; 24 da harita mah, Yahya teh acan dipanjara. 25 Pareng timbul pasalingsingan paham antara murid-murid Yahya jeung salah sahiji urang Yahudi, nya eta tina hal susuci. 26 Tuluy maranehna nepungan Nabi Yahya pokna, “Rabi, jalmi anu kapungkur sumping ka anjeun, nu kantos dicarioskeun tea, Anjeunna oge geuning ngabaptis di walungan Ciyordan palih peuntas; jalmi-jalmi ngabrul bae ka dinya sadayana.” 27 Waler Yahya, “Saha oge moal aya anu bisa narima naon-naon, lamun teu dipaparinan ti sawarga mah. 28 Maraneh pribadi bisa mere katerangan sabage saksi, yen kami geus ngomong kieu: Kami teh lain Al Masih, tapi anu diutus samemeh Anjeunna. 29 Panganten awewe teh hakna panganten lalaki; tapi sabage sobat ki panganten anu ngarendeng jeung ngabandungan di dinya, milu mikayungyun ku sora ki panganten. Eta teh, pikeun kami mah, geus mangrupa kabagjaan tur nepi ka jucungna pisan ayeuna mah. 30 Anjeunna mah geus kuduna beuki unggul, kami anu kudu beuki asor. 31 Anu asal ti sawarga, tangtu ngungkulan ka kabeh; anu asal ti dunya, tangtu kaasup warga ieu dunya sarta cacaritana tangtu ku basa duniawi. Anu asal ti sawarga, tangtu bae pangunggulna. 32 Anjeunna maparin katerangan tina sagala rupa anu geus kabandungan jeung kadangu ku anjeun, tapi panyaksi-Na euweuh nu daek narima. 33 Saha-saha nu daek narima kana panyaksi-Na, tangtu ngarasa yen Allah teh saestu. 34 Pangna Anjeunna diutus ku Allah teh, geus tangtu pikeun nepikeun dawuhana-Na. Sabab Anjeunna, ku Allah geus dianugrahan Ruh Mantenna tanpa wangenan. 35 Rama nu mikaasih ka Putra geus masrahkeun sakabeh perkara ka Anjeunna. 36 Anu percaya ka eta Putra, tangtu tinemu jeung hirup langgeng. Tapi anu henteu anut ka Putra mah, moal papanggih jeung hirup; sabalikna, pinasti nandangan hukuman Allah.”

Yahya 4

1 Barang Jungjunan urang uninga, yen urang-urang Parisi nyarahoeun Anjeunna geus ngabaptis leuwih loba sarta kenging murid leuwih loba batan Yahya, 2 — padahal anu ngabaptisna mah murid-murid-Na, lain Isa ku anjeun —, 3 Anjeunna tuluy angkat deui bae ka Galilea, ngantunkeun Yudea. 4 Ari jalanna kudu nyorang daerah Samaria. 5 Angkat-Na geus nepi ka kota Sikar di daerah Samaria, teu jauh ti tanah milik Yakub anu diwariskeun ka Yusup, putrana. 6 Di dinya, aya hiji sumur anu katelah sumur Yakub. Ku bawaning ngaraos cape urut angkat sakitu tebihna; gek, Isa calik sisi eta sumur. Harita teh kira-kira pukul dua welas beurang. 7 Jol wae, aya awewe urang Samaria rek ngala cai. Ku Isa dipundutan, saur-Na, “Cik menta cai, hayang nginum!” 8 Ari murid-murid mah teu araya, da keur ka kota meuli dahareun. 9 Eta wanita ngawangsul, “Naha mundut ngaleueut ka abdi urang Samaria? Kapan Anjeun teh urang Yahudi!” (Urang Yahudi mah cadu cacampuran jeung urang Samaria). 10 Waler Isa, “Lamun Nyai terang mah kana nugraha ti Allah, jeung wawuh ka nu menta nginum, tangtu Nyai anu menta nginum teh ka Kami, tur tangtu dibere cai cikahuripan.” 11 Jawab eta awewe, “Timana Anjeun iasa masihan cai cikahuripan? Teu nyandak timba-timba acan, mangkaning jero pisan ieu sumur teh. 12 Naha Anjeun teh langkung punjul ti Yakub karuhun abdi, nu ngawakapkeun ieu sumur ka urang dieu? Yakub ku anjeun sapala putra ngaleueutna teh di dieu, kitu deui ingon-ingonna.” 13 Waler Isa, “Nginum tina sumur ieu mah bakal halabhab deui; 14 tapi cai nu rek dibikeun ku Kami mah, moal matak halabhab-halabhab deui sapapanjangna oge. Sabab cai pamere Kami mah, bakal ngajadi cinyusu di jero diri nu nginumna; anu moal saat-saat nepi ka hirup di kalanggengan oge.” 15 Cek eta awewe, “Mangga atuh pasihkeun ayeuna, supados abdi ulah halabhab-halabhab deui sareng teu kedah nimba-nimba deui ti dieu.” 16 Saur Isa, “Teang heula salaki, sina ka dieu.” 17 Tembalna, “Teu gaduh salaki abdi mah.” Saur Isa deui, “Bener, Nyai memang teu boga salaki. 18 Tapi Nyai geus lima kali boga salaki. Nu ayeuna mah lain salaki. Pangakuan Nyai bener.” 19 Tembalna, “Jungjunan, moal lepat, yakin yen Jungjunan teh nabi! 20 Karuhun abdi ngalakonan ibadahna di dieu, di gunung; nanging sanggem urang Yahudi mah, kedah di Yerusalem.” 21 Saur Isa, “Sing percaya ka Kami, engke mah ngabakti ka Allah teh di gunung ieu lain, di Yerusalem lain. 22 Urang dieu mah, nyarembahna teh kana sesembahan anu asing, ari Kami mah wawuh saha Anu disembah teh. Sabab kasalametan mah, jalanna ti bangsa Yahudi. 23 Tapi tangtu cunduk waktu datang mangsa, — malah ayeuna ge geus mimiti —, umat anu tulen ibadah teh, nya eta anu nyembah ka Rama kalawan roh jeung kayaktian. Kudu kitu, ngabakti nurutkeun pangersa Allah mah. 24 Ari Allah teh sipat Ruh, jadi babakti ka Anjeunna ge ngalampahkeunana kudu kalawan roh jeung kayaktian.” 25 Diwalon ku eta awewe, “Abdi ge terang, yen engke rek aya nu sumping, nya eta Al Masih tea. Upami Anjeunna parantos sumping, sagala rupi perkawis tangtos ku Anjeunna diterangkeun.” 26 Saur Isa, “Kapan ieu Al Masih teh, nya anu ayeuna keur cacarita.” 27 Sabot kitu murid-murid daratang; kacida hareraneunana nenjo Guruna keur sasauran jeung awewe teh; tapi saurang oge, teu aya nu wani naros: Nuju mundut naon? atawa: Nuju nyarioskeun naon? 28 Ari awewe tea, cul buyung terus indit ka kota, hariweusweus ka batur-baturna; 29 “Leuh, aya jelema wet nyahoeun kana sagala lampah kuring! Boa-boa Al Masih tea! Hayu urang ka ditu!” 30 Bral bae arindit manggihan Anjeunna. 31 Sajeroning kitu, murid-murid ngahaturkeun tuangeun, pokna, “Rabi mangga geura tuang.” 32 Tapi waler-Na, “Geus boga dahareun mah. Tapi maraneh mah, acan nyaho kana rupana.” 33 Murid-murid silih tanya pada batur, “Aya nu ngintunan kitu?” 34 Saur Isa, “Kadaharan Kami mah, nya eta: Ngalampahkeun pangersa Anjeunna, Anu ngutus ka Kami jeung nganggeuskeun padamelana-Na. 35 Opat bulan deui ge dibuat, lain kitu cek maraneh? Geura tuh, pasawahan sakitu legana! Parena geus karoneng, meujeuhna dipibuatan. 36 Malah nu kudu dibuatna ge geus narima buruhanana, tinggal ngumpulkeun beubeunanganana, pibekeleun hirup di kalanggengan, supaya boh nu melak boh nu dibuat sarua suka bungahna. 37 Sabab bener cek kacapangan: ‘Aya nu kudu melak, aya nu kudu ngala.’ 38 Nya maraneh ku Kami dititah ngalana, da melakna mah geus nitah nu sejen; maraneh nu wajib metik hasilna.” 39 Ku caritaan awewe nu tadi tea, anu nyebutkeun, “Anjeunna uningaeun kana kabeh lampah kuring;” ahirna, loba urang Samaria anu percaya ka Isa. 40 Sanggeus pada terang, ku maranehna Anjeunna diandeg; sarta Anjeunna ngarereb heula dua poe di maranehna. 41 Sanggeus ngadarenge kasaurana-Na, beuki loba bae urang Samaria anu percaya ka Anjeunna. 42 Ceuk maranehna ka awewe tea, “Urang oge percaya ayeuna mah, tapi lain ku carita maneh bae; sabab ayeuna mah, geus ngadenge sorangan. Yakin urang oge, Anjeunna teh tetela Juru Salametna alam dunya.” 43 Sanggeus dua poe tea, Isa angkat deui ti dinya ngabujeng ka Galilea, 44 sabab Isa ku anjeun kungsi nyaurkeun, yen di lemburna sorangan mah nabi teh tara dihargaan. 45 Sasumping-Na di Galilea, Anjeunna pada ngabageakeun. Sabab urang dinya, geus kungsi nyaraksian sakur anu ku Anjeunna dipidamel di Yerusalem, waktu maranehna keur milu kana pesta di dinya. 46 Ti dinya Isa mulih deui ka lembur Kana (Galilea), tempat Anjeunna ngadamel cai jadi anggur tea. Di dinya, aya hiji pagawe karaton; anakna teh keur gering di Kapernaum. 47 Barang ngadenge beja yen Isa geus mulih ti Yudea ka Galilea, teras bae nepungan, menta tulung supaya Anjeunna kersa sumping nyageurkeun anakna nu geus samar kana menyat deui. 48 Saur Isa ka manehna, “Maraneh moal percaya, lamun henteu nenjo tanda-tanda jeung mujijat-mujijat mah!” 49 Wangsul pagawe karaton, “Jungjunan, mugi sumping, meungpeung pun anak teu acan maot!” 50 Saur Isa, “Geura mulang, anak anjeun hirup!” Eta jelema percaya pisan kana dawuhana-Na, tuluy balik. 51 Di jalan keneh manehna papapag jeung bujang-bujangna, anu ngabejaan yen anakna geus cageur. 52 Ka bujangna ditanyakeun pukul sabaraha mimiti cageurna. Dijawab, “Kamari, tabuh satu siang panasna rerep.” 53 Bapa budak teh ingeteun yen wanci eta pisan Isa ngadawuh-Na, “Anak anjeun hirup.” Geus kitu mah, manehna — kitu deui kulawargana — jadi percaya ka Isa. 54 Eta kajadian teh, tanda mujijat kadua — di Kana — anu dipidamel ku Isa, samulih-Na ti Yudea ka Galilea tea.

Yahya 5

1 Teu lila ti harita, dina poean hari raya urang Yahudi, Isa angkat ka Yerusalem. 2 Deukeut panto gapura, nu katelah “Panto Gapura Domba,” aya kulah pamandian. Eta kulah, — anu tepasna aya lima tea — ngaran dina basa Ibranina “Betesda.” 3 Kabehanana, dipinuhan ku nu garering: nu lolong, nu deog, jeung nu lumpuh. Kabeh keur ngadago-dago oyag na cai kulah tea. 4 Sabab sawaktu-waktu, ka dinya, sok lungsur malaikat Pangeran pikeun ngoyagkeun cai kulah. Anu pangheulana ancrub, — sanggeus caina dioyagkeun ku malaikat — boga panyakit kumaha oge sok terus cageur. 5 Harita, aya saurang anu geringna geus tilu puluh dalapan taun. 6 Ku Isa katingali keur ngagoler. Ku sabab geus uninga yen kaayaan kituna teh geus lila, tuluy mariksa, saur-Na ka manehna, “Maneh hayang cageur?” 7 Jawabna, “Jungjunan, abdi teh teu aya nu ngancrubkeun waktos cai kulah oyag. Nembe oge kumarayap, geus kapiheulaan ku nu sanes.” 8 Ti dinya, Isa ngadawuh, “Geura hudang, panggul enggon ngedengna, tuluy leumpang!” 9 Dadak sakala manehna cageur; heug enggon ngedengna dipanggul, tuluy leumpang. Harita teh poe Sabat. 10 Puguh bae nu kakara cageur teh ku urang Yahudi digeunggeureuhkeun, “Hey, ieu teh poe Sabat, teu meunang punggal-panggul!” 11 Ari jawabna, “Da dipiwarang ku Itu, anu nyageurkeun panyakit abdi, saur-Na: Panggul enggon ngedeng maneh, terus indit!” 12 Cek nu naranya, “Saha jelemana nu nitah maneh manggul eta enggon ngedeng jeung nitah indit teh?” 13 Tapi manehna, teu nyahoeun saha-sahana mah; sabab Isa, terus nyulumun ka tengah jalma rea nu ngagimbung di dinya. 14 Teu kungsi lila, Anjeunna papendak jeung manehna di jero Bait Allah; lajeng Anjeunna ngadawuh, “Ayeuna maneh geus cageur; ulah nyieun dosa deui, supaya ulah pinanggih jeung anu leuwih mahala.” 15 Sanggeus balik, manehna bebeja ka urang Yahudi yen nu geus nyageurkeunana teh, nya eta Isa. 16 Ku sabab eta, urang-urang Yahudi nareangan jalan rek nganiaya ka Anjeunna, pedah geus ngalampahkeun pagawean dina poe Sabat. 17 Tapi saur Isa ka manehna, “Ama Kami barang damelna teh teu aya kendatna; tug, nepi ka ayeuna. Jadi, Kami oge kitu, dina barang gawe teh.” 18 Ku sabab eta, urang-urang Yahudi teh tambah nyongkab, satekah polah hayang maehan ka Anjeunna. Lantaran cek maranehna teh, jaba Isa teu tolih kana poe Sabat, oge geus nerangkeun yen Allah teh Rama-Na, mapadani ka Allah. 19 Ku Isa diwaler kieu, “Cek Kami ka maraneh: Putra moal bisa migawe naon-naon ku pokalna sorangan, upama henteu nenjo heula padamelan Rama. Anu dipigawe ku Putra, kabeh oge, sakur anu dipidamel ku Rama. 20 Sabab Rama teh asih ka Putra, jeung mintonkeun ka Anjeunna sakur anu geus dipidamel. Malah ka Putra teh, Rama bakal mintonkeun padamelan-padamelan anu leuwih agung batan nu enggeus-enggeus nepi ka maraneh bakal ngarasa helok. 21 Sabab sakumaha Rama iasa ngahudangkeun jeung ngahirupkeun anu geus maraot, Putra oge bisa ngahirupkeun nurutkeun pangersa-Na. 22 Rama ku anjeun, moal ngahukum saha-saha. Sabab kalungguhan Hakim geus dikawasakeun ka Putra, 23 supaya jelema-jelema kabeh ajrih ka Putra, cara ajrih ka Rama. Sing saha anu henteu hormat ka Putra, saenyana mah henteu hormat ka Rama anu ngutus. 24 Cek Kaula ka aranjeun: Saha-saha anu nurut kana omongan Kami jeung percaya ka Anu ngutus ka Kami, bakal tinemu jeung hirup anu langgeng tur moal milu kahukum sabab geus pindah ti alam maot ka alam hirup. 25 Cek Kaula ka aranjeun: Engke aya mangsana, malah mimiti ti ayeuna, nu geus paraeh teh bakal ngadarenge gentra Putra Allah. Sing saha anu nurut, tinangtu hirup. 26 Sabab sakumaha Rama anu nyepeng hirup, Putra oge dikawasakeun nyekel hirup. 27 Lian ti eta, Rama ge geus masrahkeun kakawasaan pikeun jadi hakim ka Putra; sabab Anjeunna, Putra Manusa teh. 28 Hal eta, ku aranjeun henteu kudu dipikaheran. Sabab pidatangeun mangsa, anu keur sumare di alam kubur, kabeh bakal ngadarenge kana gentra-Na. 29 Sakur nu keur hirupna bener, harudangna ti alam kubur teh bakal terus kana hirup nu langgeng. Anu tadina hirupna jahat mah, dina mangsa harudang ti alam kubur teh, geus disampakkeun hukuman. 30 Kami sorangan henteu kawasa nangtukeun naon-naon. Hukuman anu ditibankeun ku Kami teh, saluyu jeung sakumaha timbalana-Na. Timbangan Kami bakal adil, lain ngarah puas sorangan, tapi numutkeun pamundut Nu ngutus ka Kami. 31 Lamun hal ihwal Kami, diterangkeunana ku Kami sorangan, can puguh anu sabenerna. 32 Anu nerangkeun hal ihwal Kami teh, anu sejen sarta Kami nyaho yen katerangana-Na ngeunaan Kami teh saestu. 33 Aranjeun geus ngajurungan utusan ka Yahya sarta anjeunna geus mere katerangan ngeunaan hal anu sayaktina; 34 saenyana, Kaula mah henteu butuh ku panyaksen ti jelema; Kaula nerangkeun soteh supaya aranjeun tinemu jeung kasalametan. 35 Anjeunna ibarat lampu anu hurung caang. Tapi eta lampu teh, ku aranjeun mah, ngan dipake keur sajongjongan wungkul. 36 Tapi Kaula boga katerangan anu leuwih penting batan panyaksen Yahya, nya eta anu mangrupa papancen anu ku Rama dipasrahkeun supaya ku Kaula dilampahkeun ayeuna. Eta wujudna nu jadi saksi Kaula teh, nu nerangkeun yen Kaula teh bener diutus ku Rama. 37 Rama anu ngutus ka Kaula tea, Saksi Kaula teh. Aranjeun acan ngadarenge Gentra-Na, acan nyaraho kana jirim-Na, 38 jeung dawuhana-Na henteu ngancik di jero hate. Sabab aranjeun, henteu percaya ka Nu geus diutus ku Mantenna. 39 Kitab-kitab Suci ku aranjeun diarulik, bari umangkeuh yen ku jalan kitu teh bakal bisa tinemu jeung hirup nu langgeng. Tapi sanajan eta Kitab-kitab Suci geus muat katerangan-katerangan tina hal ihwal Kaula, 40 aranjeun tetep embung datang ka Kaula malar bisa tinemu jeung hirup tea. 41 Kaula henteu hayang dihormat ku manusa. 42 Tapi kaula, wawuh pisan ka aranjeun; hate aranjeun teh teu boga kanyaah ka Allah. 43 Kaula datang ngagem jenengan Ama Kaula, tapi ku aranjeun henteu ditarima; ari nu sejen, — anu datangna mawa ngaran sorangan — ku aranjeun malah ditarima. 44 Kumaha aranjeun bisa percaya sabab anu dipamrih teh panghormat ti papada manusa, lain panghargaan anu asal ti Allah nu Tunggal. 45 Ulah disangka Kaula nu rek ngadakwa aranjeun, engke, di payuneun Rama. Nu baris ngadakwa aranjeun mah Nabi Musa, nya eta Nabi nu jadi gunung pananggeuhan aranjeun. 46 Padahal, lamun aranjeun percaya ka Musa, ka Kaula oge tangtu percaya. Sabab anjeunna, geus nyeratkeun hal ihwal Kaula. 47 Tapi lamun aranjeun henteu percaya kana hal anu geus diseratkeun ku Musa, kumaha rek bisa percaya kana katerangan Kaula?”

Yahya 6

1 Ti dinya Isa angkat meuntas talaga Galilea, nu disebut oge talaga Tiberias. 2 Loba pisan jelema anu naluturkeun Anjeunna. Sabab maranehna, geus nenjo kana mujijat-mujijat-Na, nya eta waktu Anjeunna nyageurkeun nu garering. 3 Di peuntas, Anjeunna unggah ka gunung kersa ngareureuh jeung murid-murid. 4 Harita teh, geus meh Paska, nya eta hari rayana urang Yahudi tea. 5 Ningali anu naluturkeun sakitu ngabrulna, Anjeunna sasauran ka Pilipus, “Di mana urang bisa meuli roti keur nyuguhan maranehna?” 6 Sasauran kitu soteh rek ngadoja wungkul, da geus uninga kudu kumaha-kumahana mah. 7 Walon Pilipus, “Roti dua ratus dinareun oge moal cekap kangge jalmi sakieu seueurna mah, sanaos saeutik sewang.” 8 Pok, murid sejenna anu ngaran Andreas, — dulurna Simon Petrus — mihatur: 9 “Aya budak ngabantun roti lima siki sareng lauk dua siki; nanging bade cekap ti mana, jalmi sakieu seueurna?” 10 Saur Isa, “Eta jelema-jelema teh, sina dariuk heula bae.” Di dinya teh, tempatna genah, loba jukutna. Eta jelema-jelema teh, gek bae, dariuk; lobana, kira-kira lima rebu urang. 11 Tuluy roti nu bieu teh, ku Isa dicandak. Sanggeus muji sukur, rotina dibagikeun ka nu dariuk. Kitu oge laukna, dibagi-bagikeun sacukupna. 12 Sanggeus sareubeuheun, Isa ngadawuh ka murid-murid, “Kumpulkeun kaleuwihanana, ulah aya nu kapiceun!” 13 Tuluy kaleuwihanana teh dikumpulkeun, meunang dua welas bakul. 14 Nenjo mujijat nu sakitu ahengna, jalma-jalma ngaromong, “Tetela, Anjeunna teh Nabi nu keur diarep-arep tea, lumungsur-Na, di alam dunya!” 15 Ku sabab Isa uninga, yen maranehna teh, tangtu bakal maraksa supaya kersa jadi raja; Anjeunna angkat, nyingsalkeun anjeun, nyalira bae ka tempat beh tonggohna deui. 16 Wanci sareupna, murid-murid Isa ka talaga deui, tuluy meuntas ngagunakeun parahu, 17 pikeun ngajugjug kota Kapernaum. Barang geus reupreupan poek, Isa acan bae sumping. 18 Dumadakan laut jadi motah lantaran gede angin. 19 Sanggeus balayarna kira-kira tilu mil, beh bae katingal ku murid-murid-Na, Isa angkat tapak kancang dina cai nyaketan parahu. Maranehna teh, kacida sarieuneunana. 20 Tapi Anjeunna ngadawuh ka maranehna, “Ieu teh Kami, ulah sarieun.” 21 Kakara oge Anjeunna rek diunggahkeun ku murid-murid kana parahu; parahu teh geus nepi manten ka nu dijugjug. 22 Poe isukna, jelema-jelema ngagimbung keneh di peuntas ditu. Sabab ti kamarina keneh, ku maranehna geus katangen yen parahu nu balabuh di dinya ngan hiji. Lian ti eta, maranehna ge nyarahoeun, yen waktu murid-murid arindit teh henteu di barengan ku Isa. 23 Sabot kitu, jul-jol parahu ti Tiberias ka dinya, teu jauh ti tempat maranehna disuguhan roti beunang ngaberkahan Jungjunan tea. 24 Sanggeus tetela yen Isa, kitu deui murid-murid-Na teu aya di dinya; cat, sarerea teh, kana parahu ngajugjug Kapernaum rek nareangan Isa. 25 Isa kapendak ku maranehna di peuntaseun talaga. Pok arunjukan, “Rabi, iraha sumping ka dieu?” 26 Saur Isa, “Kami nyaho, maraneh nareangan Kami teh lain pedah ngarasa katarik ku tanda-tanda mujijat ti Kami; tapi saenya-enyana mah, tina lantaran beuteung maraneh geus seubeuh ku roti tea. 27 Pek digarawe, tapi ulah ngan ukur malar dahareun nu gampang buruk wungkul; nu kudu disiar teh, kadaharan anu bisa awet; nu bisa dibawa ka hirup di kalanggengan, nya eta anu baris dibikeun ka maraneh ku Putra Manusa. Sabab Putra Manusa teh, geus dikawasakeun ku Allah, Rama, kalawan sah.” 28 Pihatur maranehna, “Naon anu kedah dilakonan, anu sapagodos sareng Pangersa Allah?” 29 Saur Isa, “Nu wajib dilakonan teh, nya eta: maraneh kudu percaya ka Anu geus diutus ku Allah.” 30 Cek maranehna, “Naon tawisna ti Anjeun ka abdi sadaya, supados percaya ka Anjeun? Saleresna naon padamelan Anjeun teh? 31 Waktos karuhun abdi nyorang tegal kikisik, kadaharanana teh roti ‘manna.’ Dina Kitab Suci oge ditulis: Maranehna dibere dahar roti ti sawarga.” 32 Saur Isa deui, “Cek Kami, anu mere roti ti sawarga ka maraneh teh lain Musa, tapi anu saenya-enyana mah Ama Kami. 33 Roti paparin Allah teh, nya eta roti nu ti sawarga tea, anu mere hirup-hurip ka alam dunya.” 34 Wangsulanana, “Jungjunan, mugi sing saterasna eta roti teh dipaparinkeun ka abdi-abdi.” 35 Saur Isa, “Kapan Kami nu jadi roti sumberna hirup teh. Sing saha anu datang ka Kami, moal nyorang lapar-lapar deui; kitu deui anu percaya ka Kami, moal halabhab-halabhab deui. 36 Tapi ku Kami geus diterangkeun, yen sanajan geus papanggih jeung Kami, maraneh tetep henteu percaya. 37 Sakabeh nu dipaparinkeun ku Rama ka Kami, tangtu katarima ku Kami sarta sing saha anu datang ka Kami, ku Kami moal ditampik. 38 Kami datang ti sawarga teh lain rek ngayunkeun karep sorangan, tapi rek ngalampahkeun Pangersa Ama anu ngutus Kami. 39 Pangersa-Na Nu ngutus teh, nya eta supaya sakur nu geus dipaparinkeun ka Kami ulah aya nu leungit; sabalikna, malar engke, — dina ahir jaman — ku Kami baris diharudangkeun deui. 40 Jadi, pangersa Ama Kami teh, nya eta supaya unggal-unggal jelema anu geus wawuh jeung Putra tur percaya ka Anjeunna, tinemu jeung hirup anu langgeng; lian ti eta, ku Kami maranehna baris dihirupkeun deui dina ahir jaman.” 41 Urang Yahudi, tuluy kukulutus ngaromongkeun Anjeunna; — pedah Isa nyaurkeun kieu, “Kami teh, roti nu diturunkeun ti sawarga” — 42 Aromongna, “Eta teh lain Isa tea, anak Yusup? Urang nyaho indung bapa-Na. Kari-kari wani umaku turun ti sawarga?” 43 Maranehna ku Isa di waler, “Ulah ngaromel. 44 Moal aya anu bisa datang ka Kami lamun henteu dikersakeun ku Ama anu ngutus Kami. Anu datang ka Kami, tangtu ku Kami baris dihudangkeun dina ahir jaman. 45 Aya ayatna dina Kitab nabi-nabi, kieu: Maranehna kabeh bakal diwuruk ku Allah. Unggal-unggal jelema anu geus ngadenge tur nurut kana piwuruk Rama tangtu datang ka Kami. 46 Tapi lain hartina aya jelema nu geus nenjo Rama. Nu geus nenjo Rama mah, ngan Anjeunna bae anu asalna ti Allah. 47 Cek Kami: Sing saha anu enya-enya percayana, bakal ginanjar hirup nu langgeng. 48 Kami teh nu jadi roti sumbering hirup. 49 Karuhun aranjeun, waktu keur di tegal keusik, geus ngadalahar manna. Maranehna geus teu araya di kieuna. 50 Sakur anu ngadahar ieu roti, anu turun ti sawarga, moal keuna ku paeh. 51 Nya Kami nu jadi roti sumberna hirup teh, nu turun ti sawarga. Sakur anu ngadaharna, bakal hirup salalawasna sarta eta roti teh, — nya daging Kami — nu rek dibikeun pikeun ngahirupan alam dunya.” 52 Urang-urang Yahudi parea-rea omong jeung pada baturna, pokna, “Kumaha petana, manehna bisa mere dagingna supaya didahar ku urang!” 53 Dawuhan Isa, “Cek Kami, lamun aranjeun henteu ngadahar daging Putra Manusa sarta henteu nginum getih-Na, diri aranjeun moal kaancikan ku hirup. 54 Sing saha nu ngadahar daging Kami jeung nginum getih Kami, bakal ngamilik hirup nu langgeng sarta dina ahir jaman ku Kami bakal dihudangkeun. 55 Sabab daging Kami teh sajatining kadaharan, getih Kami sajatining inuman. 56 Anu ngadahar daging Kami jeung nginum getih Kami bakal manunggal jeung Kami. Kami ge kitu, nya bakal manunggal jeung manehna teh. 57 Kami diutus ku Rama Anu jumeneng sarta Kami oge hirup ku kersa Rama. Nya kitu keneh anu ngadahar Kami, manehna bakal hirup ku karana Kami. 58 Nya Kami roti nu diturunkeun ti sawarga teh, lain roti kawas anu didalahar ku karuhun maraneh anu geus maraot tea. Anu ngadahar roti ieu, bakal hirup salalanggengna.” 59 Kitu dawuhan Isa teh, waktu Anjeunna ngawuruk di tempat pangibadahan di Kapernaum. 60 Ngadenge piwuruk kitu, murid-murid-Na loba nu ngaromong kieu, “Eta piwulang-Na karasana peureus pisan, saha nu kuat ngadenge?” 61 Ku Anjeunna oge, geus kauninga dina manah-Na yen murid-murid ngaromongkeun piwulang-Na tea. Anjeunna lajeng ngadawuh, “Naha ieu piwuruk Kami teh jadi panghalang kana iman maraneh? 62 Jeung rek kumaha lamun aranjeun narenjo Putra Manusa mi'rad ka tempat asal-Na? 63 Anu mere hirup teh Ruh, sipating daging mah sama sakali euweuh gunana. Anu bieu ku Kami disebut-sebut teh, nya eta Ruh jeung Hirup tea. 64 Tapi di antara maneh, aya anu embung percaya.” Isa memang geus uninga, ti memehna, saha anu henteu percaya jeung saha anu bakal hianat ka Anjeunna. 65 Tuluy ngadawuh, “Ku sabab eta, cek Kami tadi: moal aya anu bisa tinemu jeung Kami lamun henteu dikersakeun ku Rama.” 66 Ti semet harita, loba murid Anjeunna anu murtad sarta arembungeun deui ngiring ka Anjeunna. 67 Geus kitu, Isa ngadawuh ka murid-Na anu dua welas, “Naha maraneh oge rek arindit?” 68 Jawab Simon Petrus, “Abdi teh indit bade nuturkeun saha? Dawuhan-dawuhan Jungjunan teh, estu dawuhan anu hirup tur langgeng; 69 sarta abdi-abdi percanten sareng ngaku, Jungjunan teh asal ti Allah Nu Maha Suci.” 70 Saur Isa, “Maraneh, dua welasanana teh, naha lain Kami sorangan anu milih? Najan kitu, nu saurang mah geuning Iblis.” 71 Anu dimaksud ku Anjeunna, nya eta Yudas, anak Simon Iskariot; sabab nya manehna, anu boga niat hianat ka Anjeunna teh.

Yahya 7

1 Ti dinya, Isa angkat ngider ka sakuliah tanah Galilea. Anjeunna henteu kersaeun matuh di Yudea lantaran diarah-arah ku urang-urang Yahudi rek ditelasan. 2 Harita teh, geus deukeut kana hari raya urang Yahudi, anu disebut Hari Raya Saung Dangdaunan. 3 Cek saderek-saderek-Na, “Mending ge angkat ka ditu ka Yudea, supaya murid-murid nu di daritu oge bisa nyaraksian kana sakur pagawean Anjeun. 4 Baranggawe teh ulah ririkipan bae, ari hayang meunang pangakuan ti masarakat mah. Tembongkeun eta pagawean Anjeun teh ka masarakat.” 5 Saderek-saderek-Na mah, teu daek percaya ka Anjeunna. 6 Isa ngawaler, “Waktu Kami tacan cunduk, ari aranjeun mah salawasna aya waktu. 7 Da jalma rea, ka aranjeun mah moal mikangewa; ari ka Kami mah, ngarewaeun lantaran Kami nyebut jahat kana kalakuanana. 8 Jung bae, aranjeun ka ditu muru pesta. Kami mah moal waka, sabab acan waktuna,” 9 kitu saur-Na ka maranehna. Isa mah angger bae linggih-linggih di Galilea. 10 Tapi sabada saderek-saderek-Na arindit kana eta pesta, Isa oge angkat ka ditu, ngan henteu terang-terangan. 11 Di tengah-tengah pesta, Anjeunna ditareangan ku urang Yahudi, bari aromongna, “Di mana atuh eta Jelema teh?” 12 Jelema-jelema loba anu tingkarecewis ngaromongkeun Anjeunna. Aya nu nyebut kieu, “Anjeunna mah jelema bener.” Aya deui nu nempas, “Wah, puguh tukang mawa murtad ka rayat.” 13 Tapi ari ngomongkeun terang-terangan mah teu waranieun, sarieuneun ku urang Yahudi nu sejenna. 14 Tengah-tengah pesta, Isa lebet ka Bait Allah lajeng ngawulang. 15 Urang Yahudi kabeh hareraneun aromongna, “Naha ku luhur teuing pangartina, padahal henteu sakola!” 16 Dawuhan Isa ka maranehna, “Anu diwurukkeun ku Kami teh, lain tina pangarti Kami sorangan, tapi asal ti Anu ngutus ka Kami. 17 Sakur anu daek ngalampahkeun Pangersa-Na mah, tangtu bakal nyaho; naha ieu piwuruk Kami teh, ti Allah atawa tina pangarti sorangan. 18 Sing saha anu nyaritakeun dirina sorangan, eta teh hayang kapuji. Tapi lamun nyaritana teh pikeun kamulyaan Anu ngutus-Na, anu dicaritakeunana teh tangtu bener, moal aya teu benerna. 19 Aranjeun lain geus dibere Toret ku Musa? Tapi teu saurang-urang acan nu ngalakonan parentahna. Naon alesanana maraneh hayang maehan ka Kami?” 20 Jawab jalma rea, “Sugan Anjeun karanjingan setan. Na saha nu rek maehan Anjeun?” 21 Saur Isa, “Ku hiji pagawean nu ku Kami dilampahkeun, maraneh kabeh heran. 22 Musa geus netepkeun hal sunat, — saenyana sunat teh ti karuhun urang, lain ti Musa — maraneh sok nyunatan dina poe Sabat. 23 Lamun meunang nyunatan dina poe Sabat pikeun nyumponan kana hukum Musa tea, naha maraneh ararambek pedah Kami geus nyageurkeun hiji jelema sakujur awakna dina poe Sabat? 24 Ulah sok gampang-gampang ngahukuman ku nenjo sare'atna wungkul; kudu timbang-timbang heula sing asak supaya adil.” 25 Cek sawatara urang Yerusalem, “Eta Jelema teh lain anu keur diarah rek dipaehan tea? 26 Geuning, bisa nyarita laluasa kitu tur euweuh anu bisa kua-kieu ka Manehna. Kawasna, pamingpin-pamingpin urang teh, saenyana mah nyahoeun yen eta Jelema teh Al Masih. 27 Tapi kapan urang oge nyaho kana asal-usul-Na teh. Cacakan mun enya Al Masih, saha nu rek nyaho kana asal-usul-Na?” 28 Dina piwulang-Na di Bait Allah, Isa ngadawuh, “Memang maraneh wawuh ka Kami sarta nyaho kana asal-usul Kami. Kami mah diutus ku Rama nu Langkung Estu, anu maraneh teu wawuh. 29 Kami mah wawuh sabab asal ti Mantenna sarta diutus ku Mantenna.” 30 Tuluy maranehna nareangan akal pikeun nangkep Anjeunna, tapi saurang oge euweuh anu wani prak sabab acan cunduk kana waktu-Na. 31 Tapi loba oge jelema, anu percaya ka Anjeunna, ngaromong kieu, “Lamun Al Masih tea datang, naha bakal midamel mujijat leuwih hebat ti batan nu dijieun ku ieu jelema?” 32 Kadenge ku urang Parisi ge, tingharewosna jelema-jelema anu nyaritakeun hal Anjeunna teh. Ku sabab eta, imam-imam kapala jeung urang Parisi marentahkeun ka pangawal-pangawal Bait Allah kudu nangkep Anjeunna. 33 Isa ngadawuh, “Moal bisa lila-lila deui, Kami aya di maraneh teh, sabab kudu buru-buru mulang ka Anu ngutus Kami. 34 Maraneh bakal nareangan Kami, tapi moal kapanggih sabab maraneh moal bisa nepi ka tempat Kami.” 35 Cek urang Yahudi pada batur, “Na rek ka mana cenah nepi ka moal bisa papanggih deui jeung urang? Naha kitu rek ka sebrang ka tanah Yunani, nyampeurkeun nu ngalumbara di ditu? Rek ngajar ka urang Yunani kitu? 36 Carek-Na tadi: Maraneh bakal nareangan, tapi moal kapanggih. Jeung cenah: Maraneh moal bisa nepi ka tempat Kami. Naon eta teh maksudna?” 37 Dina poe panutupan hari raya, keur raramena pesta, Isa ngadeg tuluy ngadawuh, “Saha-saha anu halabhab, hiap ka Kami, nginum! 38 Saha-saha anu percaya ka Kami, sakumaha cek Kitab Suci: Dina hatena bakal aya cinyusu anu hirup.” 39 Anu dimaksud ku Anjeunna teh, nya eta Ruh anu bakal ditarima ku anu percaya ka Anjeunna. Harita mah, Ruh teh acan lungsur sabab Isa acan dimulyakeun. 40 Ti anu ngabarandungan piwulang-Na, aya sawatara urang anu ngaromong kieu, “Enya, ieu mah Nabi (anu didago-dago).” 41 Aya deui nu nyebutkeun, “Ieu mah Al Masih.” Tapi aya nu ngabantah, “Lain! Piraku Al Masih datangna ti Galilea. 42 Cek Kitab Suci oge: Al Masih teh rundayan Daud, kalahiran kota Betlehem, tempat Daud baheula matuh.” 43 Timbul bae paham anu pabentar ngeunaan Anjeunna. 44 Aya sababaraha urang anu niat nangkep Anjeunna, tapi euweuh anu wani terus jeung prakna. 45 Pangawal-pangawal tea, ngadareuheus ka imam-imam kapala jeung ka urang-urang Parisi. Tuluy saur aranjeunna, “Mana Jelemana, ku naon teu dibawa?” 46 Jawab pangawal-pangawal, “Jalmi biasa mah, moal tiasa cacarios sapertos Anjeunna!” 47 Cek urang Parisi, “Kutan maraneh oge milu kabaud ka ditu? 48 Naha aya pepentol atawa salah saurang urang Parisi anu kabengbat ku eta Jelema? 49 Tapi eta jelema-jelema anu teu nyaraho kana Toret! Katulah tah jelema-jelema anu karitu teh!” 50 Pok, Nikodemus — salah saurang Parisi anu kungsi gunem catur jeung Isa — tumaros, saurna, 51 “Naha ari Toret urang ngahalalkeun ngahukum jelema memeh perkarana dipariksa, memeh puguh salah benerna?” 52 Tuluy ceuk aranjeunna teh, “Naha anjeun oge urang Galilea kitu? Talungtik deui Kitab Suci masing telik, tangtu engke kauninga, yen ti Galilea mah henteu aya saurang oge anu jadi nabi.” 53 Sanggeus kitu, maranehna baralik ka imahna sewang-sewang.

Yahya 8

1 Ari Isa mah, angkat ka Gunung Jetun. 2 Isukna, isuk-isuk pisan, Isa geus aya deui di Bait Allah. Sanggeus jelema-jelema daratang; gek, Isa calik terus ngawulang. 3 Sabot keur ngawulang, jol ahli-ahli Kitab jeung urang-urang Parisi; maranehna teh, nungtun hiji awewe anu kapergok keur jinah. 4 Eta awewe teh disina nangtung di tengah-tengah pasamoan; tuluy maranehna nuduhkeun ka Isa, salaurna, “Rabi, ieu awewe teh jinah, kapergok pisan. 5 Hukuman ka awewe anu kitu mah, saur Musa dina Kitab Toret teh, nya eta kudu dibaledogan ku batu nepi ka paeh. Kumaha ayeuna pamendak Anjeun?” 6 Nyararu'al kitu soteh, saenyana mah ngadoja pikeun mancing kalepatana-Na. Tapi Isa anggur dongko, bari curat-coret dina taneuh. 7 Tapi nu ngadaroja teh, maksa marenta dijawab. Neut, Isa cengkat ngadeg bari nyarios ka maranehna, “Ari araya onaman ti aranjeun anu teu boga dosa, pek bae geura ngamimitian maledog ka ieu awewe!” 8 Geus nyarios kitu, Anjeunna dongko deui neraskeun curat-coretna, — kawas saacanna — dina taneuh tea. 9 Dijawab kitu, nu ngadaroja teh tingkolesed saurang-saurang, nu pangkolotna tiheula, nepi ngan ukur kari Anjeunna jeung awewe tea. 10 Tuluy Isa cengkat; pok Anjeunna ngadawuh, “Ka marana nu ngadarakwa nyai teh? Euweuh saurang-urang acan anu wani ngahukum?” 11 Wangsulna, “Sumuhun teu aya, nun Jungjunan.” Saur Isa, “Kami oge moal. Jung geura mulang! Tapi ti semet ayeuna, omat, ulah deui-deui ngalampahkeun dosa.” 12 Geus kitu Isa neruskeun ngawulangna, saur-Na, “Kami teh nu jadi caangna dunya. Anu anut ka Kami moal tinemu jeung poek, malah tangtu hirup di alam caang.” 13 Ditempas ku urang Parisi, “Anjeun mere katerangan tina hal diri Anjeun sorangan. Bohong, eta katerangan teh!” 14 Waler Isa, “Najan jadi saksi pikeun diri sorangan oge, tapi katerangan Kami teh sah. Sabab Kami mah, terang pisan, ti mana nya asal jeung ka mana nya kudu mulang. Aranjeun mah teu terang Kami, asal ti mana atawa kudu ka mana bakal mulang teh. 15 Aranjeun mah, ngahakiman teh, nurutkeun patokan manusa. Ari Kami mah, ka saha bae oge, moal rek ngahakiman. 16 Tapi lamun Kami ngahakiman, hukuman Kami teh tangtu adil. Sabab Kami henteu sorangan, tapi disarengan ku Anu ngutus ka Kami. 17 Dina Kitab Toret aranjeun, aya bagian anu netelakeun yen katerangan ti dua saksi teh sah. 18 Memang, Kami teh geus jadi saksi pikeun diri Kami sorangan; tapi aya deui saksi sejenna, nya eta Rama anu ngutus ka Kami tea.” 19 Cek urang Parisi, “Mana atuh buktina, anu cek Anjeun Rama teh?” Waler-Na, “Tetela, yen aranjeun teh henteu wawuh ka Anjeunna. Atuh, ka Kami oge moal wawuh! Padahal, mun aranjeun wawuh ka Kami, ka Rama oge moal tepi ka teu wawuh.” 20 Kitu waleran Isa dina keur ngawulang deukeut peti derma di jero Bait Allah. Tapi henteu aya, saurang oge, anu wani nangkep ka Anjeunna, ku sabab tacan waktuna tea. 21 Isa nyarios deui ka aranjeunna, “Kami teh kudu mulang, sarta tangtu ku aranjeun bakal ditareangan. Tapi aranjeun mah, moal bisa daratang ka tempat anu dijugjug ku Kami teh. Sabab aranjeun mah, bakal maraot ku lantaran dosa aranjeun sorangan.” 22 Urang Yahudi tinggerendeng, “Sugan rek maehan maneh, da cek Manehna bieu pamohalan urang bisa daratang ka tempat anu rek dijugjug-Na.” 23 Isa nyarios deui, “Aranjeun teh ti ieu dunya, Kami mah lain. Aranjeun warga ieu dunya, Kami mah lain. 24 Ku sabab eta, tadi ku Kami geus disebutkeun yen aranjeun bakal maraot ku dosa aranjeun. Hartina, upama aranjeun henteu percaya yen enya ieu teh Kami, aranjeun tangtu bakal maraot ku lantaran dosa aranjeun sorangan.” 25 Cek urang Yahudi, “Na saha kitu Anjeun teh?” Waler Isa, “Ana kitu mah, atuh naon gunana Kami cacarita ka aranjeun teh? 26 Kalakuan aranjeun teh loba pisan salahna anu manjing kana hukuman. Sabalikna, Mantenna, — anu ngutus Kami tea mah — sipat saestu. Ari anu dicaturkeun ku Kami, eta teh asal ti Mantenna.” 27 Tapi ku aranjeunna henteu kahalartieun yen Anjeunna teh keur nerangkeun hal Allah, Rama. 28 Ku sabab eta, Isa nyambung deui, “Di mana Putra Manusa geus dipentang di tempat nu luhur, nya kakara aranjeun terang yen Kami teh utusana-Na; nya kakara tembong benerna, yen saucap-ucap Kami teh ngan numutkeun piwuruk nu jadi Rama bae, lain ucapan sorangan. 29 Ku kituna, Kami teh salawasna oge tara nyorangan; tapi salawasna, Kami disarengan ku Anu ngutus tea lantaran salalawasna, Kami teh migawe anu sapuk jeung pangersa-Na.” 30 Kasaurana-Na anu kitu teh, ngalantarankeun loba anu percaya ka Anjeunna. 31 Geus kitu, Anjeunna nyarios ka urang Yahudi anu geus palercaya tea, saur-Na, “Upama aranjeun tetep nyekel kana hal anu dicaturkeun ku Kami, aranjeun teh enya-enya jadi murid-murid Kami; 32 lian ti eta, aranjeun ge baris terang kana kayaktian, anu baris ngamerdikakeun aranjeun.” 33 Jawab maranehna, “Kaula teh, sarerea oge, turunan Ibrahim. Saumur-umur tacan kungsi ngawula ka saha bae oge. Naha wet disebutkeun baris dimerdikakeun?” 34 Waler Isa, “Sing percaya, yen saha-saha anu migawe dosa, eta teh ngawula kana dosa. 35 Ari nu jadi kawula tea, kapan moal tetep bisa jadi anggota pangeusi imah, teu cara anu jadi anak. 36 Jadi, upama aranjeun geus dimerdikakeun ku Sang Putra tea, kakara aranjeun teh enya merdika.” 37 “Kami oge nyaho, yen aranjeun teh turunan Ibrahim, tapi keukeuh boga niat hayang maehan ka Kami pedah ijid kana pangajaran Kami. 38 Anu diterangkeun ku Kami teh, nya eta anu ku Kami katenjo di Ama; sakumaha aranjeun bae, kapan aranjeun ge migawe papatah anu jadi bapa.” 39 Cek maranehna, “Bapa kaula teh Ibrahim!” Waler Isa, “Lamun enya aranjeun anak-anak Ibrahim, atuh geus sawajibna nulad kana tapak lacakna. 40 Tapi buktina, anggur niat maehan ka Kami; pedah Kami nyaritakeun kasayaktian anu geus kareungeu ti kersa Allah. Padahal Ibrahim mah henteu kitu. 41 Jadi anu dilalampahkeun ku aranjeun teh tetela pagawean bapa aranjeun sorangan.” Tembal maranehna, “Kaula mah, lain anak anu teu puguh bapa sabab Allah nu jadi Rama kaula teh!” 42 Saur Isa, “Upama enya Rama aranjeun teh Allah, meureun nyaraah ka Kami; da Kami teh medal ti Anjeunna, lain datang niat sorangan, tapi ngemban piutus-Na. 43 Naon sababna atuh aranjeun make teu ngahalarti kana omongan Kami? Sabab aranjeun arembung ngadenge kana piwuruk Kami. 44 Iblis, bapa aranjeun mah! Anu dipigawe ku aranjeun oge estu kahayang eta bapa aranjeun tea. Tibaheulana oge memang Iblis teh tukang maehan, cadu kana bener, da musuh ka nu bener teh. Jeung memang perbawa watekna, tukang bohong, guru wadul, sarta rajana tukang merdaya. 45 Ari Kami, anu nyaritakeun kasayaktian ku aranjeun henteu dipalercaya! 46 Cik saha ti aranjeun anu bisa ngabuktikeun yen Kami kungsi nyieun dosa? Sakur nu diomongkeun ku Kami teh, kabeh, anu sayaktina; naon sababna ku aranjeun henteu dipercaya? 47 Anu medalna ti Allah mah, tangtu nurut kana sagala timbalana-Na. Ku sabab nyata aranjeun teu nurut, atuh tetela aranjeun teh lain medal ti Allah.” 48 Cek urang Yahudi teh, “Atuh bener ari kitu mah, Anjeun teh jelema nu teu waras pipikiran, urang Samaria tea!” 49 Waler-Na, “Kami lain jelema teu waras! Kami teh hormat ka nu jadi Rama, tapi ku maraneh dihina-hina. 50 Tapi lain kahormatan keur diri sorangan, nu ku Kami diteangan teh; da eta mah geus aya nu mangusahakeun, nya eta Anu baris jadi Hakim nu sajati. 51 Sing percaya kana omongan Kami, yen sing saha anu percaya ka Kami salilana oge moal keuna ku pati.” 52 Tarembalna, “Bener, tetela Anjeun teh henteu waras pipikiran. Geus bukti kapan, Ibrahim pupus, nabi-nabi geus teu araya di kieuna; ari cek Anjeun, saha-saha anu percaya kana omongan Anjeun moal keuna ku pati! 53 Naha Anjeun teh leuwih punjul ti batan suwargina Ibrahim, karuhun kaula? Anjeunna geus pupus, kitu deui nabi-nabi! Na saha kitu Anjeun teh?” 54 Saur Isa, “Lamun Kami ngagungkeun diri, kaagungan Kami teh euweuh hartina. Tapi kaagungan Kami teh, ti Rama asalna, nya Allah anu disembah ku aranjeun tea; 55 padahal aranjeun teh, henteu warawuh ka Mantenna. Kami mah wawuh. Upama cek Kami: Kami teu wawuh ka Mantenna, Kami teh tukang bohong kawas aranjeun. Tapi Kami wawuh ka Mantenna sarta Kami nurut kana dawuhana-Na. 56 Ibrahim nu jadi karuhun aranjeun, suka bungah lantaran baris ningal poean Kami datang ka dunya. Eta teh ayeuna geus kasaksian ku anjeunna kalawan suka bungah.” 57 Tarembal urang-urang Yahudi, “Umur Anjeun teh can aya lima puluh taun, tapi geus nyaho ka Ibrahim?” 58 Waler Isa, “Samemeh Ibrahim gumelar Kami mah geus aya.” 59 Geus kitu, maranehna nareangan batu boga niat rek maledogan ka Isa; tapi Anjeunna enggal nyilib sarta ngantunkeun Bait Allah.

Yahya 9

1 Dina hiji waktu, basa Isa keur angkat, tepang jeung hiji jelema anu lolong bawa ngajadi. 2 Murid-murid-Na mihatur, “Rabi, saha nu gaduh dosana teh, nu mawi eta jalmi jadi lolong ti barang burusut? Manehna sorangan atanapi kolotna?” 3 Waler Isa, “Lain manehna jeung lain kolotna oge. Eta mah pikeun nganyatakeun kakawasaan Allah ka dirina. 4 Meungpeung beurang keneh, urang wajib nedunan pangersa Nu ngutus Kami; sabab mun geus peuting mah, moal aya nu bisa baranggawe. 5 Satungtung di dunya, Kami nu nyaangan dunya teh.” 6 Sanggeus nyarios kitu, Anjeunna ngaludah kana taneuh; tuluy eta taneuh teh, diguley-guley jadi leutak; geus kitu, ku Anjeunna dipopokeun kana panon nu lolong tea, 7 bari saur-Na, “Jung sibeungeut ka kulah Siloam.” Kecap Siloam teh pihartieunana ‘Nu diutus.’ Nu lolong teh indit ka kulah Siloam nurutkeun parentah. Sanggeus sibeungeut, tuluy manehna datang deui jeung eta panonna teh geus bisa pake nenjo. 8 Tatangga-tatanggana, kitu deui anu tuman narenjo manehna barang maen, silih tanya, “Eta teh lain anu sok musapir tea?” 9 Ceuk anu ditanya, “Enya geuning!” Tapi cek sabagian deui, “Lain, meureun pedah sarimbag bae eta mah.” Tapi nu boga awakna ngaku sorangan pokna, “Enya, kuring!” 10 Tuluy pada naranya, “Geuning eta geus henteu lolong, kumaha cageurna?” 11 Ditembal, “Dipopokan leutak ku nu jenenganana Isa, terus dititah sibeungeut ka Kulah Siloam. Kuring nurut, nya kajadian: Ari sibeungeut ari bray panon teh bisa nenjo.” 12 Pok deui nu naranya, “Ayeuna Anjeunna di mana?” Walonna, “Duka atuh!” 13 Geus kitu, anu tadina lolong teh dibarawa ka urang Parisi. 14 Waktu Isa ngaguley-guley taneuh pikeun nyageurkeun manehna teh, kajadianana, dina poe Sabat. 15 Ku urang Parisi, manehna dititah nyaritakeun deui kumaha lantaranana pangna jadi bisa nenjo. Ari jawabna, “Ku Anjeunna panon abdi dipopokan leutak; ku abdi teras dikumbah, bray bae ningal, mung sakitu.” 16 “Mustahil, eta Jelema teh, utusan Allah; sabab henteu ngendahkeun poe Sabat,” cek urang Parisi. Tapi dibantah ku nu sejen, “Mun enya Manehna jalma doraka, na kira-kirana bisaeun nyieun mujijat anu aheng kitu?” Maranehna jadi pasalingsingan paham. 17 Pok deui naranya ka jelemana, “Cek maneh, saha eta Jelema teh? Pedah bae, maneh geus bisa beunta ku eta jelema!” Jawabna, “Moal lepat, Anjeunna teh nabi.” 18 Ari urang Yahudi mah, teu percaya yen eta jelema teh, asalna lolong; nepi ka nyalukan indung bapana, 19 tuluy ditanya, “Bener ieu anak maraneh, nu lolong ti barang burusut tea? Naon sababna nepi ka bisa nenjo kitu?” 20 Jawab indung bapana, “Leres, ieu teh pun anak, anu ti barang gubrag parantos lolong. 21 Nanging naon lantaranana nu mawi ayeuna tiasa ningal, atanapi saha anu nyageurkeunana, eta mah duka teh teuing teu terang-terang. Sae dipariksakeun ka jinisna bae, da parantos baleg, tangtos tiasa ngajawab sorangan.” 22 Ngajawab kitu soteh, bakating ku sieun; lantaran geus nyarahoeun, yen eta urang Yahudi teh geus mupakat, nya eta mun aya anu wani nyebutkeun cageurna eta jelema teh ku Al Masih, baris dikaluarkeun ti pakumpulan kaagamaan. 23 Eta sababna, ngajawabna teh cukup ku, “Sae dipariksakeun bae ka jinisna, da parantos baleg.” 24 Tuluy jelemana dicalukan deui, seug diomongan, “Ku lantaran aya kajadian kitu ka maneh, maneh wajib ngagungkeun teh ka Allah; da Jalma itu mah, Jalma doraka.” 25 Tembalna, “Doraka henteuna mah, abdi teu terang; terang soteh, tadina abdi lolong ayeuna tiasa ningal.” 26 Cek urang Yahudi, “Dikumahakeun bae maneh teh? Kumaha petana nyageurkeuna-Na?” 27 Dijawab, “Ongkoh tadi parantos disanggemkeun, na teu kadarangu kitu, nganggo marundut disanggemkeun deui? Bade jaradi murid-murid-Na kitu?” 28 Ngadarenge jawab kitu teh, urang Yahudi jadi nyareuneu, ngomongna sugal, “Puguh maneh murid-Na mah! Urang mah murid Musa. 29 Ka Musa mah Allah teh geus puguh ngandika, urang ge nyaho eta mah. Tapi ka eta Jelema mah, nyaho teuing; nepi ka ayeuna oge euweuh nu nyaho ti mana asal-usul-Na.” 30 Manehna nembal deui, “Asa kalintang anehna dugi ka teu acan aruninga kana asal-usul Anjeunna, sakitu parantos kauninga iasa nyageurkeun anu lolong. 31 Padahal unggal jalmi oge ngarti, yen jalma doraka mah, piraku ku Allah dugi ka dijungjung kitu. Tiap-tiap anu dijungjung ku Allah, tandaning jalma hormat ka Allah sareng ngalakonan timbalana-Na. 32 Ti sajlegna dunya oge, can kakuping aya nu tiasa nyageurkeun nu lolong bawa ngajadi. 33 Jadi, cek abdi mah, upami yaktos Anjeunna sanes asal ti Allah, pamohalan iasa midamel kieu.” 34 “Dasar maneh mah geus kasiku ku dosa ti kodratna, ayeuna rek mapatahan ka urang?” Cek maranehna bari nyuntrungkeun, ngusir nitah nyingkah. 35 Kajadian eta teh kauninga ku Isa. Dina parengna patepang deui, ku Anjeunna diajak sasauran, “Ari maneh percaya ka Putra Manusa?” 36 Tembalna, “Saha tea Anjeunna teh? Cobi atuh wartoskeun, supados abdi ulah rumegag nya percanten.” 37 Saur Isa, “Ongkoh geus papanggih, malah ayeuna oge keur cacarita jeung maneh!” 38 Brek bae, manehna sembah sujud tuluy mihatur, “Aduh Jungjunan, kantenan abdi teh percanten!” 39 Saur Isa deui, “Kami datang ka dunya teh, supaya aya kaadilan: Anu lolong dibeuntakeun, ari anu barareunta, jeg nu lalolong.” 40 Eta kasaurana-Na teh, kadarengeeun ku sawatara urang Parisi anu keur araya di dinya. Maranehna narempas ka Isa, “Maksud Anjeun teh, kaula oge dianggap lolong kitu?” 41 Waler Isa, “Upama aranjeun enya lolong, teu bisa nenjo, tangtu aranjeun henteu salah. Tapi lantaran aranjeun tetep umangkeuh bisa nenjo, — padahal puguh-puguh teu awas — dosa teh, tetep aya di aranjeun.”

Yahya 10

1 “Kieu geura,” saur Isa, “Anu asup ka pakarangan kandang domba, — lain tina lawang anu baku — tapi naek kana kuta; moal salah, tangtu bangsat arek maling. 2 Da ari ki pangangon mah, asupna teh biasa ti lawang, 3 beunang muka anu jaga. Jeung dombana ge, arapaleun kana sorana, nya kitu oge manehna: Apal ka ngaran-ngaran dombana, disebutan hiji-hiji anu arek dikencarkeun teh. 4 Kitu deui, upama geus di laluar, ana manehna leumpang ti hareup tangtuna dombana naluturkeun lantaran geus warawuheun tea. 5 Tapi ka anu anyar pinanggih mah, tangtu domba-domba teh moal naluturkeun; malah sabalikna, kalabur ngajarauhan sabab teu arapaleun kana sorana.” 6 Kitu, saur Isa mere siloka ka maranehna; ngan nya kitu, maranehna teh henteu ngalartieun, naon maksudna Anjeunna mere siloka kitu. 7 Isa nyarios deui, “Supaya tetela, urang terangkeun: Anu diupamakeun lawang teh nya eta Kami. 8 Anu miheulaan Kami ka dinya, kabeh oge bangsat atawa rampog, ku domba-domba ge moal diturut. 9 Nya Kami lawang teh. Sing saha anu asupna ti dinya, tangtu jamuga, bisa lar sup sarta bakal pinanggih jeung tegal jukut. 10 Bangsat mah, datang teh ngan arek maling, maehan, jeung ngabinasa; ari Kami mah, kalawan maksud supaya umat tinemu jeung hirup-hurip sarta kaseundeuhan ku berkah. 11 Kami teh satia, lir pangangon anu bumela. Pangangon anu bumela, tangtu wani toh pati ngaraksa ingon-ingonna; 12 moal kawas anu ngan ukur buburuh ngangon: pedah domba teh lain bogana, ana aya kerud mah ngabecir, angonan diantep sina dirareweg sina paburisat. 13 Munasabah kabur oge, ma'lum nu buburuh tea, moal enya aya kanyaahna. 14 Eta pangangon anu bumela teh, nya Kami buktina: Kami wawuh ka nu diangon, nu diangon ge warawuheun ka Kami teh; 15 — Nya cara Ama wawuh ka Kami, Kami ge wawuh ka Anjeunna — lian ti eta, Kami ge masrahkeun nyawa Kami ka domba-domba Kami. 16 Aya keneh domba Kami anu lianna, anu henteu sakandang; ku Kami arek dibawa ka dieu — tur tangtu bakal narurutna — nya sina sakandang sarta sapangangon tea. 17 Ama nyaaheun ka Kami lantaran Kami iklas nandonkeun nyawa, kalawan yakin baris kapimilik deui. 18 Saenyana mah, moal aya nu bisa ngarebut nyawa Kami; da kari kumaha Kami sorangan. Sabab Kami, boga kawasa pikeun mikeun sarta kawasa nyokotna deui. Tapi Kami iklas sabab eta teh papancen ti Ama Kami.” 19 Eta kasaurana-Na teh ngalantarankeun urang Yahudi pabentar paham. Ceuk sabagian gede; 20 “Puguh Jelema kasurupan setan, Jelema miring kitu, naha wet dibarandungan keneh bae?” 21 Ditempas ku nu lianna, “Piraku anu karasuk ku setan kitu omongana-Na! Jeung deui, naha bisaeun setan nyageurkeun anu lolong?” 22 Teu lila ti harita, — dina usum tiris — di Yerusalem aya pesta pikeun mestakeun poe pangeling-eling diistrenanana Bait Allah. 23 Lar, Isa ngalangkung di salah sahiji rohangan Bait Allah nu disebut tepas Sulaeman. 24 Gancang ku urang Yahudi dilingkung jeung ditanya kieu, “Arek terus keneh bae Anjeun teh ngaririsi pihak kaula? Balaka bae, ari enya mah, Anjeun teh Al Masih!” 25 Waler Isa, “Ongkoh Kaula geus terus terang, aranjeun bae anu arembung percaya. Padahal, pagawean Kaula anu di pigawena kalawan asmana Kangjeng Rama teh, geus cukup dipake saksi kana benerna omongan Kaula. 26 Hanas aranjeun henteu palercaya, pantes da lain domba Kaula. 27 Domba Kaula mah, wawuh kana sora Kaula; Kaula nya kitu keneh, wawuh ka darinya nepi ka maranehna araranut ka Kaula sarta ku Kaula baris diganjar ku hirup anu langgeng. 28 Sapapanjangna moal keuna ku binasa jeung moal bisa karampas ti leungeun Kaula. 29 Kangjeng Rama, anu masrahkeun maranehna ka Kaula, punjulna teu aya anu mapakan. Nu geus aya dina genggeman panangana-Na, mustahil bisa karebut ku batur. 30 Ari Kaula jeung Rama teh, estu satunggal.” 31 Eta urang Yahudi teh, geus pek deui bae nareangan batu rek ngabaledogan ka Isa. 32 Tapi Anjeunna nyarios deui, “Sering pisan Kaula teh ngabuktikeun pitulung-pitulung ti kersaning Ama Kaula, nembongkeun kahadean. Eta kitu, sababna nu matak Kaula rek dibaledogan teh?” 33 Jawab maranehna, “Arek maledogan soteh lain dumeh kitu, tapi dumeh Maneh ngahina ka Allah, nyaruakeun Maneh jeung Allah; padahal, Maneh teh jelema ilahar bae.” 34 Waler Isa, “Lain hal eta teh aya kateranganana dina Kitab Toret aranjeun? Ungelna: Cek Kami aranjeun teh utusan-utusan Allah. 35 Sing aringet, Kitab Suci mah moal ngabobodo! Ceuk Kitab, Allah nyebatkeun yen aranjeunna teh utusan anu ngemban timbalana-Na. 36 Masih keneh bae eta Jelema anu ku Rama geus disucikeun sarta ku Anjeunna diutus ka dunya teh, ku aranjeun didakwa ngahina ka Allah? 37 Upama Kaula henteu migawe padamelan-padamelan anu jadi Rama, pantes najan aranjeun henteu palercaya oge ka Kaula. 38 Sabalikna, upama Kaula ngalampahkeun eta papancen ti Kangjeng Rama, sanajan ka Kaula pribadi aranjeun arembung percaya, atuh percaya-percaya kana hal-hal anu ku Kaula dipigawe tea, supaya aranjeun bisa tarerang jeung ngalarti yen Rama nyarengan ka Kami sarta Kami sasarengan jeung Rama.” 39 Eta urang-urang Yahudi teh geus rek kerewek deui bae, nya hayang nangkep Anjeunna tea. Tapi Anjeunna lolos, henteu kungsi kacerek ku maranehna. 40 Ti dinya, Isa angkat ka peuntaseun walungan Ciyordan, ngabujeng tempat anu pangmimitina dipake ku Yahya tea pikeun ngabaptis; terus nganjrek heula di dinya. 41 Urang dinya, loba pisan anu dararatang ka Anjeunna bari ngaromong pada batur, “Sanajan Yahya teu kungsi nembongkeun hal-hal anu aheng, tapi kasauranana ngeunaan ieu jelema tea mah kabeh oge bener.” 42 Ku lantaran eta, di dinya teh jadi loba anu percaya ka Isa.

Yahya 11

1 Di Betania aya nu gering payah ngaranna Lasarus, dulurna Maryam jeung Marta. 2 Maryam teh, nya eta anu bareto ngaminyakan Isa ku minyak seungit jeung nyusutan sampeana-Na ku buukna tea. 3 Maryam jeung Marta ngirim kabar ka Isa kieu, “Jungjunan, pun dulur anu ku Jungjunan dipikanyaah ayeuna nuju udur.” 4 Saur Isa, sanggeus kenging wartos, “Panyakitna moal nepi ka matak ajal, malah bakal jadi lantaran tembongna kakawasaan Allah sarta dimulyakeunana Putra Allah.” 5 Anjeunna memang nyaah pisan ka Marta, Maryam, jeung Lasarus teh. 6 Tapi diwartosan Lasarus gering teh, Anjeunna mah calik-calik bae di dinya. 7 Heuleut dua poe ti harita, Anjeunna nyarios ka murid-murid, saur-Na, “Ayeuna urang ka Yudea deui.” 8 Cek murid-murid, “Rabi (Guru), teu acan lami Rabi teh bade dibaledogan ku urang Yahudi di ditu, dupi ayeuna bade ka ditu deui!” 9 Waler Isa, “Sapoe teh, lain aya dua welas jam? Lamun indit beurang-beurang piraku suku titajong, kapan ti beurang mah caang. 10 Titatarajong soteh, lamun leumpang peuting sabab teu tembong tincakeun.” 11 Saur-Na, “Lasarus, dulur urang teh keur sare, ayeuna urang teang, ku Kami rek dihudangkeun.” 12 Cek murid-murid, “Parantos tiasa mondok mah atuh majeng kana sae, Jungjunan!” 13 Maksud Isa mah, “keur sare” teh geus maot; ari ku murid-murid dihartikeunana sare biasa bae. 14 Ku Isa diterangkeun sageblasna, saur-Na, “Geus maot Lasarus teh. 15 Maotna keur Kami euweuh di ditu. Tapi pikeun maraneh aya alusna, baris mawa maraneh kana percaya. Ayeuna mah, hayu urang ka ditu!” 16 Cek Tomas — anu katelah Didimus — ka batur-baturna, “Hayu urang arindit, urang ngadon paeh babarengan jeung Anjeunna.” 17 Opat poe sanggesna Lasarus dimakamkeun, jol, Isa sumping. 18 Betania teh deukeut ka Yerusalem, ngan kurang leuwih dua pal jauhna. 19 Loba urang Yahudi anu ngaralayad nembongkeun katresnan ka Marta jeung Maryam anu keur kapapatenan. 20 Barang ngadenge beja yen Isa sumping, Marta ka luar mapagkeun, ari Maryam mah cicing bae di imah. 21 “Jungjunan,” cek Marta sanggeus amprok, “upami Jungjunan aya mah harita, pun dulur teh moal dugi ka maot; 22 sanaos kitu, ayeuna oge abdi yakin yen mundut naon bae oge Jungjunan mah ku Allah tangtos dikabul.” 23 Waler Isa, “Dulur nyai teh tangtu hirup deui.” 24 Cek Marta, “Leres, bakal hirup deui, engke dina poe kiamat.” 25 Waler Isa, “Kapan Kami nu jadi sumbering hirup sarta anu baris ngahudangkeun jelema-jelema dina poe kiamat teh. Anu percaya ka Kami bakal tetep hirup, sanajan geus paeh oge. 26 Sing saha anu keurna hirup percaya ka Kami, salalawasna oge moal keuna ku paeh. Percaya atawa henteu?” 27 Tembal Marta, “Jungjunan, abdi percanten. Jungjunan teh Al Masih, Putra Allah, anu parantos lumungsur ka dunya.” 28 Ti dinya Marta balik deui ka imah terus ngaharewos ka Maryam, “Guru urang ngantos di jalan, mariksakeun maneh.” 29 Maryam cengkat, terus ka luar rek mapagkeun Isa, 30 anu keur di jalan keneh di palebah urut amprokna tadi jeung Marta. 31 Ku nu ngaralayad ditaluturkeun, samarukna Maryam rek ka makam ngadon ceurik. 32 Maryam ngarangkul kana sampean Isa bari unjukan, “Duh Jungjunan, upami Jungjunan aya mah, harita, pun dulur teh tangtos moal dugi ka maot.” 33 Ningali Maryam ceurik, kitu deui ningali anu ngaralayad, Isa jadi nalangsa, tuluy mariksa bari dumareuda, saur-Na, 34 “Di mana makamna?” Dijarawab, “Di ditu, mangga tingalian.” 35 Isa nangis kagagas. 36 Cek urang Yahudi anu ngaralayad, “Tetela nyaaheunana ka nu geus ninggalkeun teh.” 37 Aya oge anu ngaromong kieu, “Na teu bisaeun kitu nyegah almarhum maot; da bisaeun ari ngabeuntakeun anu lolong mah?” 38 Ngadangu nu ngaromong kitu, Isa tambah nalangsa, terus muru ka makam. Makamna teh mangrupa guha, lawangna ditutup ku batu gede. 39 “Singkirkeun batuna!” Saur-Na. “Jungjunan,” cek Marta, “parantos bau, margi parantos opat dinten.” 40 Saur Isa, “Cek Kami oge, lamun nyai percaya tangtu bakal nenjo kakawasaan Pangeran!” 41 Sanggeus batuna disingkirkeun, Isa tanggah terus sasauran, “Nun Ama, pinten-pinten nuhunna wireh Ama kersa ngadangu kana panuhun. 42 Abdi terang, panuhun Abdi salamina ku Ama di makbul. Dikedalkeun soteh, supados ieu jalmi-jalmi palercaya yen Abdi teh utusan Ama.” 43 Geus kitu Anjeunna nyoara tarik pisan, “Lasarus, geura bijil!” 44 Kurunyung nu maot teh ka luar, suku jeung leungeunna dibeungkeut keneh ku boeh, beungeutna katutupan kapas. Saur Isa, “Buka boehna, supaya laluasa!” 45 Ti antara urang Yahudi anu daratang ka Maryam, sanggeus narenjo eta mujijat loba anu tuluy percaya ka Isa. 46 Tapi eta padamelan Anjeunna teh, aya anu ngalaporkeun ka urang Parisi. 47 Geus kitu, imam-imam kapala jeung urang Parisi ngumpulkeun anggota-anggota Mahkamah Agama. Aromongna, “Kumaha sikep urang ka eta Jelema! Geus loba nyieunna mujijat. 48 Upama terus diantep, rayat kabeh tangtu palercaya ka Manehna. Ahirna, ieu tanah Suci direbut ku urang Rum sarta bangsa urang teh tangtu tamat riwayatna.” 49 Pok, Kayapas, — Panghulu Agung dina taun eta — sasauran, “Aranjeun tangtu acan tarerang 50 sarta acan sadar yen pikeun aranjeun leuwih hade jelema ieu anu hiji paeh gaganti bangsa ti batan bangsa urang tumpur pisan.” 51 Ieu ucapanana, saenyana, lain buah pikiranana ku anjeun. Tapi anjeunna anu jeneng Panghulu Agung taun eta, ucapanna nya geus ngajadi hiji nubuwatan pikeun ngagambarkeun yen Isa kudu dipaehan gaganti bangsa; 52 malah lain guna eta bangsa wungkul, tapi oge baris ngumpulkeun sarta ngahijikeun deui sakumna putra-putra Allah anu geus pabalencar. 53 Ti semet poe eta aranjeunna samupakat baris maehan Isa. 54 Ku sabab eta, Isa tara nembongan deui di hareupeun umum bangsa Yahudi. Anjeunna angkat ti dinya ka Epraim, hiji kota anu pernahna deukeut sagara kikisik sarta teras nganjrek heula di dinya sareng murid-murid-Na. 55 Harita teh, geus tereh ka hari raya Paska; jelema-jelema loba anu dararatang ka Yerusalem, rek beberesih diri samemeh Paska. 56 Di jero Bait Allah, maranehna nareangan Isa bari silih tanya, “Kumaha kira-kirana Manehna bakal datang kana pesta?” 57 Sajeroning kitu imam-imam kapala jeung urang Parisi geus ngaluarkeun parentah, sing saha anu nyaho Isa aya di mana kudu buru-buru lapor, supaya Anjeunna buru-buru ditangkep.

Yahya 12

1 Pigenep poeeun deui kana pesta Paska, Isa angkat deui ka Betania, urut Anjeunna ngahirupkeun deui Lasarus tea. 2 Di dinya Anjeunna aya anu ngondang tuang. Tuangna bareng jeung Lasarus, dilaladenan ku Marta. 3 Ari Maryam ngaluarkeun minyak seungit satengah kati anu tulen tur mahal hargana, tuluy dibalurkeun kana sampean Isa. Saenggeusna, disusutan ku buukna. Seungitna nyambuang saimah-imah. 4 Pok, Yudas Iskariot, murid anu boga niat ngahianat ka Isa ngomong, 5 “Minyak anu kitu mah payu kana tilu ratus dinar, mun heug dijual, ladangna bisa disidekahkeun ka pakir miskin.” 6 Ngomong kitu soteh, lain ku tina karunyaeun ka nu mariskin; ngan nya kitu, manehna teh tukang malingan duit sumbangan anu disimpenna dipercayakeun ka manehna. 7 Saur Isa, “Ulah diopenan, keun bae sakarepna. Eta teh aya patalina jeung poean Kami dimakamkeun. 8 Anu mariskin mah, salawasna oge aya di maraneh; ari Kami mah, moal salilana babarengan teh.” 9 Urang Yahudi loba anu nyarahoeun, yen Isa aya di dinya; tuluy maranehna dararatang ka dinya. Sajaba ti seja maranggihan Anjeunna, maranehna teh, harayangeun nenjo Lasarus ongkoh anu geus dihirupkeun deui tea. 10 Akibatna, Lasarus oge diarah ku imam-imam kapala rek dipaehan, 11 ku sabab geus jadi lantaran loba urang Yahudi anu narukangan ninggalkeun aranjeunna, malik jadi palercaya ka Isa. 12 Poe isukna, barang anu keur pararesta nyarahoeun yen Isa geus di jalan rek sumping ka Yerusalem, 13 maranehna seug ngaralaan palapah korma; terus budal marapagkeun bari salusurakan, pokna, “Hosana! Wilujeng Raja Israil, anu sumping kalayan asma Pangeran!” 14 Isa nunggang kalde ngora keneh, panggih di perjalanan; ku kituna tinekanan ungel kitab anu kieu: 15 “Ulah sieun Putri Sion! Tuh raja maneh sumping, nitihan anak kalde!” 16 Tadina mah, ieu ayat ku murid-murid teu kahalartieun. Ayeuna, sanggeus Isa dipapag sarta dihormat-hormat ku jalma rea, kakara kahalartieun yen eta ayat teh ngeunaan Anjeunna. 17 Hal Anjeunna nyaur Lasarus nepi ka hirup deui kaluar tina makamna, geus kauar-aer diutarakeun ku jalma-jalma anu nyaraksian kajadianana. 18 Pangna jalma rea mapagkeun Anjeunna teh, nya lantaran ngadarenge eta mujijat tea. 19 Harita, urang Parisi mah anggur tinggelendeng pada batur, pokna, “Kitu puguh oge! Paniatan urang teu laju-laju. Tuh geuning, mani sadunya marilu biluk kabeh ka Manehna!” 20 Dina pesta Paska teh, aya sawatara urang Yunani anu milu ngalakonan ibadah. 21 Maranehna nyampeurkeun ka Pilipus, urang Betsaida, di Galilea. “Juragan,” pokna ka Pilipus, “abdi-abdi teh hoyong tepang sareng Isa.” 22 Pilipus bebeja heula ka Andreas; geus kitu, duanana mihatur ka Isa. 23 Isa nyarios, saur-Na, “Ayeuna, Putra Manusa teh geus waktuna dimulyakeun. 24 Rek diterangkeun ku Kami, yen upama binih henteu mebes kana taneuh jeung henteu nyorang paeh heula; lamun sasiki teh, tetep bae sasiki. Tapi lamun eta binih, nyorang paeh heula mah; tangtu bakal loba buahna. 25 Anu lebar kana nyawana, bakal kaleungitan nyawa. Anu dina hirupna iklas kana nyawana, eta teh geus mulasara nyawa guna ngahontal hirup langgeng. 26 Anu seja ngabdi ka Kami, kudu nuturkeun Kami; di mana Kami aya, manehna oge kudu aya di dinya. Anu ngabdi ka Kami baris diajenan ku Rama. 27 Mangsa anu matak lewang kana jiwa Kami, ayeuna geus datang. Na kumaha Kami nya pipetaeun? Naha kudu unjukan: Nun Ama, mugi abdi diluputkeun, nyorang mangsa ieu! Paralun teuing menta kitu! Sabab ieu mangsa teh, wajib ku Kami disorang tur eta pisan anu jadi tujuan Kami. 28 Nun, Ama, mugi jenengan Ama dimulyakeun.” Sapada harita keneh, aya soara ti langit, kieu, “Enggeus ku Kami dimulyakeun jeung baris dimulyakeun deui!” 29 Eta soara kadarengeeun oge ku jalma rea teh. Ari cek maranehna mah, nu aya didinya, eta teh sora guludug. Cek nu sawarehna deui, “Malaikat sasauran ka Anjeunna!” 30 Saur Isa, “Eta soara lain nyarita ka Kami, tapi ka aranjeun. 31 Ayeuna mangsana ngamimitian nerapkeun hukuman ka ieu dunya sarta anu ngageugeuhna baris dipeclengkeun. 32 Ari Kami, di mana geus diangkat ti bumi, baris narik sakabeh manusa sina daratang ka Kami.” 33 Ucapana-Na kitu teh pikeun ngagambarkeun petana maot nu ku Anjeunna bakal kasorang. 34 Jalma rea malihatur, “Numutkeun anu kakuping tina Toret, Al Masih teh baris jumeneng salalanggengna. Tapi naha saur Anjeun Putra Manusa teh baris ‘diangkat’? Saha anu disebat Putra Manusa teh?” 35 Waler Isa, “Anu jadi Caang teh, ayana di maraneh ngan kari sakeudeung deui. Geura lalumaku, meungpeung caang keneh bisi kaburu poek. Geus poek mah, lumaku teh tangtu utag-atog teu nyaho di jalan. 36 Sing percaya ka Anu jadi Caang, meungpeung caangna aya di maraneh, supaya maraneh jaradi umatna Caang.” Sanggeus nyarios kitu, Isa terus nyingkir ti dinya. 37 Sakitu reana Isa nembongkeun mujijat, tapi urang Yahudi weleh teu daraek percaya ka Anjeunna. 38 Cocog pisan jeung kasauran Nabi Yesaya, baheula, kieu: “Nun Pangeran, saha anu daek percaya kana uaran abdi? Sareng ka saha kawasa panangan Jungjunan teh barisna ngabukti?” 39 Pantes atuh, teu daraek percaya oge, sabab saur Nabi Yesaya keneh: 40 “Ku Anjeunna panon maranehna disina lolong, sina baredegong nareuaskeun hate, datang ka teu arawas sanajan beunta, hatena henteu daraek narima, seug tarobat, malar bisa diwaluyakeun ku Kami.” 41 Kitu saur Nabi Yesaya, anu geus ningal kamulyaan Al Masih, nepi ka bisa nyarioskeun hal Anjeunna. 42 Tapi papadaning kitu, loba ti golongan para pamingpin anu percaya ka Anjeunna; ngan nya kitu, teu waranieun bruk-brak sabab sarieuneun ditoker ku urang Parisi. 43 Maranehna leuwih kataji ku panghormat ti pada jalma ti batan ku pangajen ti Allah. 44 Ti dinya Isa nyarios, saur-Na, “Anu percaya ka Kami teh, dina hakekatna mah lain percaya ka Kami, tapi ka Anu ngutus Kami. 45 Anu awas nenjo ka Kami, tangtu awas nenjo ka Anu ngutus Kami. 46 Kami — Anu jadi Caang — turun ka dunya teh, supaya anu percaya ka Kami ulah hirup di alam poek. 47 Sing saha anu ngadenge omongan Kami, tapi henteu jeung ngalampahkeunana, ku Kami moal rek dihukum. Sabab pangna Kami datang teh, lain seja ngahukum. Tapi sabalikna, rek nyalametkeun pangeusi dunya. 48 Ari anu nolak ka Kami jeung embung ngadenge kana omongan Kami, geus aya anu baris ngahukumna. Nya ucap-ucapan Kami anu baris ngahukumna, engke, dina poe kiamat. 49 Sabab omongan anu dikedalkeun ku Kami teh, lain ucapan Kami sorangan, tapi pangandika Rama anu ngutus Kami. Nya Anjeunna, anu nimbalan naon anu kudu diucapkeun ku Kami sarta naon anu kudu ditepikeun. 50 Tur Kami nyaho, yen wujudna Pangandika Anjeunna teh, nya eta hirup langgeng. Omongan anu kedal ti Kami ge, kabeh teh, diucapkeunana nurutkeun sakumaha timbalan Rama.”

Yahya 13

1 Samemeh poe Paska dimimitian, Isa geus ngaraos yen Anjeunna tereh ngantunkeun alam dunya mulang ka kersa Rama-Na. Manah-Na ngait ka murid-murid-Na anu salawasna dipikaasih nepi ka tutug tugas-Na. 2 Kacatur, dina waktu dahar peuting, Iblis sumanding ka Yudas Iskariot bin Simon, mere pokal pikeun ngahianat ka Isa. 3 Isa ngaraos geus kapasrahan sagala rupana ti Ramana sarta uninga Anjeunna asal ti Allah sarta kudu mulang deui ka Allah. 4 Tuluy Anjeunna ngadeg sarta muka jubah-Na; top, kana kaen panyeka; rap, dibeulitkeun kana angkeng-Na; 5 cur, nyicikeun cai kana baskom; terus Anjeunna ngumbahan suku murid-murid-Na sakalian diseka dituuskeun ku kaen panyeka tea. 6 Barang nepi ka giliran Petrus, manehna mihatur, “Jungjunan teh bade ngumbah suku abdi?” 7 Isa ngawaler, “Moal kaharti ayeuna mah ku maneh naon sababna Kami migawe kieu, tapi engke ge kaharti.” 8 Petrus nempas, “Ulah Jungjunan, paralun teuing Jungjunan dugi ka kedah ngumbah suku abdi!” Waler Isa, “Teu dikumbah ku Kami mah, maneh teh moal meunang naon-naon ti Kami.” 9 Tembal Petrus, “Upami kitu, ulah mung suku wungkul, neda sakalian bae sareng leungeun katut sirah deuih.” 10 Waler Isa, “Nu geus mandi mah, teu kudu beberesih deui iwal ti ngumbah suku, tangtu beresih sakujur awak. Maraneh memang geus bararesih, hanjakal henteu kabeh.” 11 Pangna Anjeunna nyaurkeun henteu kabeh bararesih teh lantaran geus uninga saha anu boga niat ngahianat. 12 Anggeus ngumbahan suku, Anjeunna dijubah deui terus calik dina urut-Na tadi; pok, sasauran ka sarerea, “Kahalarti maksud pagawean Kami bieu? 13 Maraneh ka Kami nyarebut Guru jeung Jungjunan. Merenah pisan nyarebut kitu teh. Enya, Kami teh Guru maraneh jeung Jungjunan maraneh. 14 Kami, Guru jeung Jungjunan maraneh, geus ngumbahan suku maraneh. Ku kituna, maraneh oge wajib silih kumbah suku pada batur. 15 Bieu Kami teh nyontoan, supaya maraneh oge daraek ngalampahkeun kitu, sakumaha conto ti Kami. 16 Sing kaharti, harkat badega moal ngaleuwihan dunungan, harkat utusan moal ngaleuwihan anu ngutusna. 17 Upama geus ngalalarti, pinasti maraneh tinemu jeung bagja lantaran milampah kitu.” 18 “Ieu omongan Kami teh, henteu ditujukeun ka kabehan. Kami nyaho, saha jelema-jelemana anu beunang Kami milih. Ngan bae ungel Kitab teh kudu tinekanan, nya eta: ‘Jalma anu ngilu ngadahar roti Kami, geus noker ka Kami.’ 19 Memeh eta kajadian, ku Kami dibejakeun ti ayeuna, supaya ana geus kajadian maraneh percaya yen anu ditoker teh Kami. 20 Cek Kami ka maraneh: Sing saha anu ngaku ka utusan Kami, hakekatna mah ngaku ka Kami. Sing saha anu ngaku ka Kami, hakekatna mah ngaku ka Anu ngutus ka Kami.” 21 Sanggeus nyarios kitu, Anjeunna katarajang nalangsa kabina-bina; tuluy pok, Anjeunna nyarios, “Kami rek terus terang bae, yen ti antara maraneh aya saurang anu boga niat nyilakakeun ka Kami.” 22 Murid-murid silih pelong bari silih taksir saha jelemana. 23 Aya hiji murid, nu diukna mani meh padempet jeung Isa, ma'lum diasih pisan. 24 Eta murid, ku Simon Petrus diisarahan sina nanyakeun ka Anjeunna, “Tanyakeun saha kituh jelemana!” 25 Pok, eta murid, mihatur ka Isa bari ngalendean, “Saha tea jalmina teh, Jungjunan?” 26 Waler-Na, “Nu ku Kami diasongan roti beunang nyocolkeun kana pinggan; tah eta, jelemana teh.” — bari top kana roti, tuluy dicocolkeun kana pinggan — Ari song teh, diasongkeunana, ka Yudas bin Simon Iskariot. 27 Ku Yudas ditampanan, harita keneh manehna kasandingan Iblis. Ku Isa terus dijurung ku saur, “Heug geura pigawe niat maneh teh!” 28 Anu keur dalahar, saurang ge, taya nu ngarti pangna Isa nyarios kitu ka ki Yudas. 29 Ngan ku sabab ki Yudas teh tukang nyimpen duit, aya anu nyangka, yen manehna dititah barang beuli keur kaperluan pesta atawa dititah mere sidekah ka anu miskin. 30 Ari ki Yudas, sanggeus nampanan roti, terus ngajengkat; gejlig, manehna indit teu nolih geus peuting. 31 Sanggeus Yudas indit, Isa nyarios, “Ayeuna Anak Manusa teh geus waktuna dimulyakeun, mancurkeun kamulyaan Allah. 32 Upama Allah geus dimulyakeun ku parantaraan Anak Manusa, Anak Manusa oge, tanwande dimulyakeun ku Allah tur moal diengkekeun deui. 33 Anaking, moal lila-lila deui Kami bisa reureujeungan kieu teh; engke, maraneh, tangtu bakal nareangan Kami, tapi sakumaha anu ku Kami geus diomongkeun ka urang Yahudi: Ka tempat anu ku Kami dijugjug, pamohalan maraneh bisa datang. Ka maraneh oge kitu Kami ngomong teh. 34 Ayeuna, Kami rek mere patokan anyar: Kudu silih pikanyaah pada batur. Sing sakumaha Kami mikanyaah ka maraneh, maraneh oge kudu silih pikanyaah pada batur. 35 Sabab ku jalan silih pikanyaah teh, tanwande tembong ka nu sejen, yen maraneh murid Kami.” 36 Simon Petrus mihatur, “Dupi Jungjunan bade ka mana?” Waler-Na, “Ka hiji tempat, anu ku maneh moal bisa katuturkeun. Sanajan kitu, ari engkena mah, maneh bisa nuturkeun Kami.” 37 Tembal Petrus, “Naon margina abdi moal tiasa nuturkeun Jungjunan ti ayeuna keneh? Abdi sumeja iklas toh pati demi salira Jungjunan!” 38 “Jadi, maneh teh rek bela pati ka Kami?” Waler Isa. “Ieu dengekeun omongan Kami: Memeh aya hayam kongkorongok subuh, maneh geus tilu kali mungkiran, ngangles ka Kami.”

Yahya 14

1 “Maraneh teu kudu rentag hate. Sing tigin iman ka Allah sarta sing percaya ka Kami. 2 Di panglinggihan Ama Kami loba tempat. Mun euweuh ge, maraneh ku Kami tangtu dibejaan. Kami dek iang teh pikeun nyadiakeun tempat keur maraneh. 3 Lamun pitempateun maraneh di ditu geus sadia, Kami tangtu datang deui pikeun mapagkeun maraneh; maraneh rek dibawa ka tempat Kami, supaya di mana Kami aya, maraneh oge aya di dinya. 4 Maraneh tangtu nyaraho tempatna, nyaraho jalanna.” 5 Tomas nempas, “Tempatna teu acan terang, bade terang jalanna kumaha?” 6 Waler Isa, “Kapan Kami anu jadi jalanna, nu jadi kayaktian, jeung sumbering hirup teh. Ku sabab eta, lamun henteu make jalan Kami, pamohalan aya anu bisa datang ka Rama. 7 Upama maneh enya-enya nyaah ka Kami, ka Rama oge tangtu wawuh. Malah ayeuna ge, maraneh teh geus wawuh tur geus pajonghok jeung Anjeunna.” 8 Pihatur Pilipus, “Jungjunan, sing katingal bae Rama teh, supados abdi henteu panasaran.” 9 Ku Isa diwaler, “Pilipus! Geus sakitu lilana Kami sagulung-sagalang jeung maneh, piraku maneh can tenget keneh bae? Anu geus nyaho ka Kami, hakekatna mah nyaho ka Rama. Ari maneh keukeuh menta supaya Rama katingal. 10 Na teu percaya, yen Kami teh manunggal jeung Rama; kitu deui Rama, Mantenna oge manunggal jeung Kami teh. Ucapan-ucapan Kami lain omongan Kami pribadi, tapi dawuhan Rama nu manunggal di Kami. 11 Cek Kami bieu: Kami manunggal jeung Rama; kitu deui Rama, Mantenna oge manunggal jeung Kami teh. Maneh percaya atawa henteu? Upama henteu ge, sakurang-kurangna mah, sing percaya kana pagawean Kami. 12 Sabab anu percaya ka Kami mah, tangtu bakal ngalakonan pagawean Kami, malah leuwih ti kitu ka hareup mah; sabab Kami mah, rek mulang ka nu jadi Rama. 13 Ku sabab eta, mun maraneh aya panuhun ka Rama kalawan nyambat ngaran Kami, tangtu dikabul, supaya nu jadi Putra teh nyieun kamulyaan anu jadi Rama. 14 Menta naon bae maraneh ka Kami, lamun nyebut ngaran Kami, tangtu ditedunan.” 15 “Lamun enya maraneh nyaah ka Kami, tangtu narurut kana parentah Kami. 16 Kami rek menta ka Ama, supaya maraneh dibere pikeun pigantieun Kami, hiji Pangaping anu baris ngalilipur sarta ngaping maraneh sapapanjangna. 17 Eta Pangaping teh, nya eta Ruh Kayaktian, anu ku dunya umumna mah moal diaku lantaran teu warawuheun jeung teu nyarahoeun. Maraneh mah tangtu warawuh, tangtu diaping ku Anjeunna anu baris ngancik sajeroning hate. 18 Jadi, maraneh teh ku Kami moal diantep nunggelis, nyorangan: Kami tangtu datang deui. 19 Sakeudeung deui oge, ku nu sejen-sejen mah, Kami teh moal ka tembong-tembong deui. Tapi ari ku maraneh mah, tetep katembong. Sabab Kami teh, saenya-enyana, hirup; kitu deui maraneh, tangtu harirup oge. 20 Geus dina waktuna mah, ku maraneh bakal karasa, yen Kami manunggal jeung Rama, maraneh manunggal jeung Kami, sarta Kami ge manunggal jeung maraneh teh. 21 Anu tigin sarta nurut kana pepeling-pepeling Kami, tandaning nyaah ka Kami. Tiap jalma anu nyaah ka Kami, baris diasih ku Rama jeung ku Kami, supaya sina enya-enya wawuheunana ka Kami teh.” 22 Yudas (lain Yudas Iskariot) unjukan, “Jungjunan, naon margina ngenalkeun salira teh mung ka abdi-abdi bae, henteu ka masarakat umumna?” 23 Waler Isa, “Upama aya anu nyaah ka Kami, nurut kana pangajaran-pangajaran Kami, tangtu diasih ku Rama. Mun aya anu kitu, tangtu diteangna sarta Rama jeung Kami bakal ngancik dina hatena. 24 Anu henteu nyaah ka Kami mah, tangtu moal nurut kana pangajaran Kami. Ieu teh lain cek Kami sorangan, tapi dawuhan Rama, anu ngutus Kami tea. 25 Tah ku Kami geus dibejakeun, meungpeung Kami aya di maraneh keneh. 26 Engke, anu geus diomongkeun ku Kami teh baris diwurukkeun, ditetelakeun ka maraneh ku Anjeunna, nu baris ngaping maraneh tea, nya eta Ruh Allah, anu baris diutus ku Rama kalawan pamenta Kami. 27 Maraneh ku Kami baris ditinggalan kakertaan: kakertaan Kami pribadi, anu sipatna beda tina kakertaan jieunan dunya. Jadi, maraneh henteu kudu rentag hate, henteu kudu kaleleban. 28 Cek Kami ge tadi: Kami rek mulang, tapi tangtu balik deui ka maraneh. Lamun enya nyaraah ka Kami, anggur kudu barungah Kami mulang ka Rama teh; sabab Rama mah, langkung agung batan Kami. 29 Memeh kajadian ku Kami dibejakeun tiheula, supaya dina kajadianana iman kapercayaan maraneh ka Kami ulah robah. 30 Teu bisa lila-lila, Kami cacarita ka maraneh teh; sabab roh anu ngageugeuh ieu dunya, geus tatandang. Saenyana, manehna mah, moal bisaeun nanaon ka Kami teh. 31 Najan kitu, Kami kudu ngestokeun pangersa Rama pikeun bukti ka dunya, yen Kami nyaah ka Anjeunna. Hayu, ayeuna mah urang arindit ti dieu.”

Yahya 15

1 “Kami teh tangkal anggur anu saestuna, ari Ama Kami teh anu miarana. 2 Upama aya dahanna anu teu daek buahan, ku Anjeunna ditilas, anu buahan diurus sarta diberesihan, supaya buahna leubeut. 3 Maraneh geus dibararesihan ku pangandika-Na anu diwurukkeun ku Kami. 4 Sing tetep manunggal jeung Kami tangtu Kami tetep manunggal jeung maraneh. Sabab sakumaha dahan, mustahil buahan, lamun henteu ngahiji keneh jeung tangkalna. Maraneh oge moal beubeunangan naon-naon, lamun henteu manunggal jeung Kami. 5 Kami teh tangkal anggurna; ari maraneh, dahan-dahanna. Anu baris aya beubeunanganana teh, nya eta anu hirupna manunggal jeung Kami sarta Kami ge, manunggal jeung manehna teh. 6 Hirup pisah ti Kami lir dahan geus beunang nilas, baris garing jadi suluh keur durukeun. 7 Mun maraneh tetep rarumaket ka Kami sarta arariman kana piwuruk Kami; maraneh meunang barang penta naon bae, tanwande ditedunan. 8 Tah ku lantaran hal eta, Ama Kami dimulyakeun teh; nya supaya maraneh teh, anu lir dahan-dahanna tea, jaba ti leubeut ku buah; maraneh ge, bakal jadi murid-murid Kami.” 9 “Kami teh nyaah ka maraneh, cara Ama nyaah ka Kami. Muga hirup maraneh sing tetep ngaub dina kanyaah Kami. 10 Mun hayang dipikanyaah, sing nurut kana parentah, cara Kami diasih ku Ama lantaran ngestokeun kana timbalana-Na. 11 Disebutkeun soteh, supaya maraneh milu ngarasakeun kabagjaan Kami, malar kabagjaan maraneh cacap sampurna. 12 Parentahna mah, nya eta: Sing silih pikanyaah; cara Kami mikanyaah maraneh! 13 Euweuh kanyaah anu ngungkulan kanyaahna jalma anu iklas ngetohkeun pati sajeroning ngabela anu jadi sobat. 14 Maraneh teh sobat Kami, asal iklas ngalakonan parentah-parentah Kami. 15 Ku Kami, maraneh moal dianggap badega; da badega mah, moal nyahoeun kana pikarepeun dunungan. Tandana dijieun sobat teh, kapan maraneh ku Kami geus dibarere nyaho sakur anu ku Ama didawuhkeun ka Kami. 16 Lain maraneh anu milih Kami, tapi Kami anu geus milih maraneh. Lian ti eta, maraneh oge, — sakumaha dahan-dahan tea — ku Kami teh geus ditangtukeun kudu bral arindit, ngagelarkeun buah-buah sarta hasilna teh sing datang ka awet langgeng; supaya sagala panuhun maraneh ka Anjeunna, kalawan mawa ngaran Kami, bisa dikabul. 17 Tah kitu pameredih Kami: Sing silih pikanyaah!” 18 “Upama maraneh dipikangewa ku dunya, sing inget: Kami mah geus dipikageuleuh ti heula. 19 Mun maraneh ti kalangan dunya keneh mah, tangtu bae ku maranehna diaraku, dipiheman. Tapi ku lantaran maraneh mah ku Kami geus dipilih, dicokot ti dinya, munasabah dipikageuleuh oge. 20 Sing inget kana omongan Kami anu kieu: Harkat badega, moal ngaleuwihan harkat dunungan. Upama Kami ku maranehna dikaniaya, maraneh oge tangtu dikaniaya. Upama omongan Kami ku maranehna didarenge, omongan maraneh oge tangtu didarenge. 21 Tapi ku lantaran maraneh teh murid Kami, geus tangtu kana dikaniayana teh, ku eta anu teu warawuheun ka Anu ngutus Kami. 22 Lamun tea mah maranehna ku Kami teu didatangan, teu diwurukan, tangtu moal matak dosa ka maranehna. Tapi ari geus kitu mah buktina, kadorakaanana hamo bisa diangles ku maranehna. 23 Jalma anu mikangewa ka Kami, eta teh mikangewa ka Rama. 24 Lamun seug Kami acan kungsi nembongkeun hal-hal anu hamo bisa dipigawe ku anu lian-lianna, tangtu moal matak jadi dosa ka dirina. Tapi da geus kitu kajadianana, narenjo pagawean-pagawean Kami teh maranehna anggur ijid, boh ka Kami, boh ka Ama Kami. 25 Dasar kudu tinekanan ungel timbalan anu aya dina Kitab Toretna, yen: ‘Tanpa sabab, maranehna geus mikageuleuh ka Kami.’ 26 Tapi engke oge datang Pangaping, Ruh Kayaktian tea, anu mencar ti Ama Kami jeung anu baris diutus ku Kami ka maraneh. Anjeunna anu bakal netelakeun saha saenya-enyana Kami teh. 27 Tapi maraneh oge kudu marere panyaksen, netelakeun nu eces saha saenyana Kami teh. Sabab maraneh, geus hirup babarengan jeung Kami ti awal mulana keneh.”

Yahya 16

1 “Eta kabeh, ku Kami dicaritakeun ka maraneh; supaya engkena, maraneh ulah harandeueul ku lantaran Kami, seug bae noker ka Kami. 2 Maraneh bakal dikucilkeun ti masarakat, malah bakal aya mangsa: Sing saha anu ngala pati maraneh, cek pangrasana mah ngabdi ka Allah. 3 Kituna teh bawaning ku balilu, teu wawuh ka Kami. 4 Maraneh dibarejaan soteh, supaya dina kasorangna maraneh aringet, yen hal eta teh ku Kami geus diomongkeun ka maraneh tiheula. Henteu dibejakeun ti bareto soteh, pedah Kami aya keneh babarengan. 5 Ayeuna Kami geus tereh mulang ka Anu ngutus; ari maraneh bet euweuh anu panasaran nanyakeun Kami teh rek ka mana. 6 Ku kituna mah, kaharti. Sabab maraneh ngarasa kaletir, ku hal anu bieu ku Kami disebutkeun tea. 7 Tapi masing percaya, Kami iang teh hade temahna ka maraneh. Sabab lamun Kami henteu iang, nu baris ngaping teh moal sumping. Sabalikna, mun Kami iang, nya Kami nu baris ngutus Anjeunna ka maraneh. 8 Di mana Anjeunna geus sumping, baris nginsafkeun umat dunya kana dosa-dosana, kana kayaktian, jeung kana kaadilan. 9 Sual dosa-dosana, nya eta: Maranehna teu palercaya ka Kami, 10 sual kanyataan anu sabener-benerna, nya eta: Bener, yen Kami mulang teh ka Rama sarta moal tembong deui ka maraneh. 11 Sual kaadilan, nya eta: roh anu ngageugeuh, ngawasaan ieu dunya teh geus meunang hukuman. 12 Loba keneh, anu perlu dicaritakeun ka maraneh teh. Ngan nya kitu, ayeuna mah maraneh moal kuat nyanggana. 13 Engke bae, ari Ruh Kayaktian tea sumping, tangtu maraneh ku Anjeunna ditungtun kana hal-hal anu saestuna. Sabab Anjeunna, moal sasaur-saurna; anu bakal disaurkeunana teh, kabeh oge, sakur anu geus kadangueun ku Anjeunna sarta ka maraneh baris nuduhkeun hal-hal anu bakal kajadian. 14 Anjeunna baris ngamulyakeun ka Kami, ku jalan nerangkeun ka maraneh sakur nu ku Anjeunna geus katarima ti Kami. 15 Sakur anu jadi kagungan Rama, jadi milik Kami ongkoh. Eta sababna, cek Kami bieu: Anjeunna bakal nerangkeun sakur nu ku Anjeunna geus katarima ti Kami. 16 Geus tereh kana waktuna, maraneh moal papanggih deui jeung Kami; tapi moal lila deui oge, tangtu patepung deui.” 17 Murid-murid tingkucuwes pada batur, “Naha kitu nyarios-Na? Ongkoh saur-Na geus tereh waktuna maraneh moal panggih deui jeung Kami, ongkoh moal lila deui oge baris patepung deui. Jeung saur-Na deuih: Kami rek mulang ka Ama. 18 Naon maksudna ‘geus tereh’ teh? Asa teu ngalalarti!” 19 Ku Isa kasurti, yen maranehna harayangeun naranyakeun naon pihartieunana. Ku sabab eta, Anjeunna nyarios kieu, “Cek Kami, geus tereh waktuna maraneh moal papanggih deui jeung Kami, tapi moal lila deui oge tangtu patepung deui. Eta anu jadi pasualan pikeun maraneh teh, lain? 20 Hartina anu saenyana teh kieu: Maraneh teh bakal pinuh ku kapaur jeung dipuhit ku prihatin; sabalikna, dunya umumna mah suka gumbira. Moal henteu, maraneh teh bakal nandangan sungkawa anu pohara. Tapi eta kasungkawaan teh, pasti robah ngajadi kabagjaan. 21 Awewe ari keur ngajuru, estu pinuh ku rasa kanyeri; tapi ari orokna geus brol mah, lat poho kana kanyerina; kasilih ku bungah jeung bagja, ku medalna jabang bayi ka alam dunya. 22 Kitu oge maraneh. Ayeuna loba kasusah, engke mah hate maraneh teh bungangang; suka bungah lantaran papanggih deui jeung Kami. 23 Dina mangsa eta mah, maraneh geus moal aya tanyakeuneun deui ka Kami. Sing percaya: Naon bae panuhun maraneh ka Ama, anu disuhunkeun kalawan mawa ngaran Kami, tangtu dikabul. 24 Nepi ka ayeuna maraneh acan neneda kalawan mawa ngaran Kami. Pek ayeuna mah neneda teh mawa ngaran Kami, pasti ditedunan malar meunang kabungahan anu taya papadana. 25 Nu enggeus-enggeus, Kami ngomong ka maraneh teh sok make jalan siloka bae. Engke mah, kaayaan Rama teh rek ditetelakeun saterang-terangna, moal ku jalan siloka deui. 26 Ka hareup mah, maraneh neneda teh, tangtu kalawan nyambat ngaran Kami. Jadi, Kami teu perlu jangji baris mangnyuhunkeun ka Ama pikeun maraneh. 27 Sabab Ama ku anjeun, nu mikanyaah ka maraneh teh. Eta teh, ku lantaran maraneh geus nyaraah sarta palercaya ka Kami, yen Kami asal ti Allah. 28 Bener pisan Kami teh asal ti Rama, datang ka dunya. Ayeuna Kami rek ninggalkeun dunya, mulang deui ka Ama.” 29 Pihatur murid-murid, “Ayeuna mah, cariosan Jungjunan teh terang; tetela, teu nganggo jalan siloka. 30 Leres, ayeuna mah, abdi-abdi terang yen Jungjunan teh sarwa uninga, abdi-abdi parantos teu gaduh kapanasaran deui. Percanten ayeuna mah, yen Jungjunan teh asal ti Allah.” 31 Waler Isa, “Percaya maraneh ayeuna mah? 32 Saksian: Bakal datang mangsana, malah geus der ti ayeuna keneh; maraneh bakal dipaburencaykeun, marulang ka tempat masing-masing, ari Kami ditinggalkeun sorangan bae. Tapi Kami, moal nyorangan sabab aya Ama anu nyarengan. 33 Eta kabeh ku Kami dibejakeun, supaya hate maraneh jongjon enggoning anut ka Kami. Di dunya, maraneh dikaniaya teh, tapi kuatkeun hate maraneh sabab dunya teh, geus ditundukkeun ku Kami.”

Yahya 17

1 Sanggeus sasauran kitu, Isa tanggah bari ngucap kieu, “Nun Ama, ayeuna parantos dongkap kana waktosna Putra Ama dijungjung deui kana kamulyaan, supados matak mulya ka Ama. 2 Sakumaha Ama anu parantos maparin kawasa ka ieu Putra, nya eta kawasa ka sakumna manusa pikeun masihan hirup langgeng; nya ka sakur anu ku Ama parantos diserenkeun ka Putra. 3 Eta hirup langgeng teh nya eta: Kenal ka Ama, sajatining Allah Nu Tunggal sareng ka Utusan Ama: Isa Al Masih. 4 Abdi parantos ngagungkeun Ama di dunya, ku ngalampahkeun sugri papancen numutkeun sapangersa dugi ka tutugna. 5 Kitu nu mawi, nun Ama, eta kamulyaan pasihan ti Ama nu aya di pangkonan Ama, anu dipaparinkeun ka Putra ti samemeh aya dunya, mugi katampi deui ku Putra. 6 Kaayaan Ama ku abdi parantos diwawuhkeun ka jalmi-jalmi di dunya anu ku Ama diserenkeun ka abdi. Maranehna teh kagungan Ama; anu ku Ama diserenkeun ka Abdi, ayeuna parantos sami-sami ngestokeun kana timbalan Ama. 7 Maranehna oge parantos tarerangeun, yen sagala rupi anu ku Abdi katampi ti Ama teh saleresna Ama anu maparinna. 8 Maranehna tarerangeun teh, jalaran sagala timbalan Ama ku Abdi parantos didugikeun, ditarampi sareng diarestokeun. Maranehna oge tarerangeun, leres-leres, yen Abdi teh asal ti Ama sareng palercayaeun yen Abdi utusan Ama. 9 Paneda panyambat Abdi teh sanes kanggo ieu dunya, nanging kanggo maranehna, nya eta jalmi-jalmi anu ku Ama dipasrahkeun ka Abdi tea. 10 Maranehna teh kagungan Ama, margi sakur kagaduh Abdi tunggal kagungan Ama keneh, kagungan Ama tunggal kagaduh Abdi. Dupi Abdi parantos jadi eusi hate maranehna. 11 Abdi di dunya mung kantun sakedap deui, moal lami deui oge tangtos wangsul ka pangkonan Ama, dupi maranehna mah tetep-tetep bae di dunya. Nun Ama, Anu Mahasuci, mugi maranehna, anu ku Ama parantos diserenkeun ka Abdi teh ku jenengan Ama diraksa, sadayana sina dalit ngahiji sapertos Urang. 12 Sapanjang direujeungan ku Abdi maranehna teh tetep dicangking dina jenengan Ama anu dipercayakeun ka Abdi, dijagi dijaring teu aya anu keuna binasa, kajabi saurang anu jadi bibit werejit akar mamala; da eta mah, supados bukti ungeling Kitab Suci. 13 Dumeuheus ka Ama, ngunjukkeun ieu panuhun teh, meungpeung Abdi di dunya keneh; supados kasukaan anu karaos ku Abdi, karaos oge ku maranehanana kalayan sagemblengna. 14 Maranehna, ku Abdi parantos diwaris pangandika Ama; nya parantos teu kalebet deui bibit buit dunya, sami sareng Simabdi. Kitu nu mawi ku dunya oge parantos dipikaceuceub. 15 Dipangnyambatkeun soteh, sanes supados dicandak ti dunya; nanging supados diraksa ti si durjana; 16 margi maranehna teh parantos henteu sabibit deui sareng dunya, sakumaha Abdi. 17 Ku karana kayaktian, mugi maranehna dijadikeun milik Ama. Dupi kayaktian teh nya Pangandika Ama. 18 Sakumaha Abdi, ku Ama parantos diutus ka dunya; maranehna oge, ku Abdi diutus ka dinya. 19 Abdi parantos ngorbankeun hirup pribadi keur maranehna, supados maranehna jadi milik Ama ku karana kayaktian. 20 Sajabi ti maranehna, Abdi oge mangnedakeun jalmi-jalmi anu palercaya ka Abdi lantaran uar pangajak maranehna; 21 supados sadayana jadi sahiji. Sakumaha Ama manunggal di diri Abdi sareng Abdi manunggal di salira Ama, mugi-mugi maranehna oge manunggal di Urang, supados dunya percaya yen nya Ama anu ngutus Abdi teh. 22 Maranehna ku Abdi parantos diganjar ku kamulyaan pamasihan Ama ka Abdi tea, sina dalit ngahiji sapertos Urang oge dalit ngahiji: 23 Abdi manunggal jeung maranehna, Ama manunggal sareng Abdi, dugi ka kum sadayana anu percaya aya dina sampurnaning katunggalan, supados ku dunya katembong, yen Ama ngutus Abdi ka dunya teh kajurung ku welas asih ka maranehna, sapertos Ama miasih ka Abdi. 24 Nun Ama, sugri anu ku Ama parantos diserenkeun ka Abdi teh panuhun mah sing diparengkeun tiasa riung mungpulung sareng Abdi di tempat Abdi ngancik; sina eta jalmi-jalmi teh tarerangeun kana kamulyaan Abdi, nu dipasihkeunana ka Abdi ti samemeh dunya gumelar, bawaning Ama asih ka Abdi. 25 Nun Ama nu Mahaadil, sanaos dunya teu wawuh ka Ama, nanging ku margi Abdi mah wawuh, jalmi-jalmi teh ahirna tarerangeun yen anu ngutus ka Abdi teh nya Ama. 26 Salira Ama ku Abdi diwawuhkeun ka maranehna, sarta baris teras dimashurkeun, supados kaasih Ama ka Abdi minuhan ati sanubari maranehna; kitu deui Abdi, ngancik dina jiwa maranehna oge.”

Yahya 18

1 Tamat sasaurana-Na, Isa jeung murid-murid-Na arangkat ngajugjug ka hiji tempat di peuntaseun lebak Cikidron, terus arasup ka hiji taman. 2 Yudas Iskariot, anu rek ngahianat tea, oge nyahoeun tempatna; sabab manehna ge, ku Isa teh sering dibawa ka dinya jeung murid-murid sejenna. 3 Atuh teu kungsi lila, manehna ge nyusul — geus meunang idin ti imam-imam kapala jeung urang-urang Parisi — mawa pasukan serdadu jeung pangawal-pangawal Bait Allah, saged sapakarangna bari marawa lantera jeung obor. 4 Isa anu ti anggalna keneh geus uninga kana bahaya anu ngancam salira-Na, terus maju nembongkeun anjeun bari mariksa, “Nareangan saha aranjeun teh?” 5 Dijarawab, “Isa urang Nasaret!” Saur Isa, “Ongkoh ieu Kami!” Ari ki Yudas anu hianat, harita aya di dinya bareng jeung nu sejen. 6 Barang saur Isa “Ongkoh ieu Kami,” reok kabeh alundur nepi ka ti jararengkang. 7 Isa mariksa deui, “Nareangan saha?” Dijarawab cara tadi, “Isa, urang Nasaret!” 8 Waler Isa, “Ongkoh cek Kami oge, ieu Kami teh. Upama enya Kami anu ditareangan teh, sok atuh geura tangkep, tapi anu sejenna ulah diganggu.” 9 (Ieu teh pikeun ngabuktikeun kasaurana-Na anu kieu tea, “Maranehna, anu ku Ama parantos diserenkeun ka Abdi, saurang oge moal diantep sina cilaka.”) 10 Ari Simon Petrus anu nyoren gobang, serepet nyabut gobangna, keplas dikadekkeun ka bujangna Imam Agung, anu ngaranna Malkus: Keuna kana ceulina nepi ka rampung. 11 Tapi saur Isa ka Petrus, “Asupkeun deui pedang maneh teh kana sarangkana! Sabab geus jadi kawajiban Kami nguyup eusi lumur anu disodorkeun ku Ama Kami teh, lain?” 12 Kerewek, Isa ditangkep ku serdadu-serdadu kalawan dipingpin ku komandanna jeung kokolot-kokolot bangsa Yahudi; Anjeunna ditangkep sarta dibarogod panangana-Na. 13 Mimitina, Isa dibarawa ka Anas, mertuana Kayapas, anu taun harita jeneng Imam Agung. 14 Kungsi Kayapas teh mere timbangan kieu, “Mending paeh jalma hiji keur kapentingan jalma rea.” 15 Waktu Isa dibawa, Simon Petrus nuturkeun, duaan jeung murid saurang deui. Ari eta baturna, anu saurang deui tea, wawuheun ka Imam Agung. Jadi waktu Isa dibawa asup ka gedong Imam teh, manehna mah terus bae milu asup; 16 ari Petrus mah, ninggalkeun maneh di luar. Teu lila, murid anu asup tadi teh, kaluar deui; tuluy cacarita jeung hiji awewe purah ngajaga panto. Geus kitu, Petrus, ku manehna dibawa asup. 17 Tapi ku awewe nu ngajaga panto tea, Petrus ditanya, “Ari maneh teh lain murid Isa keneh?” Jawab Petrus, “Lain!” 18 Harita, hawa kacida tirisna, pangawal-pangawal jeung bujang-bujang marirun seuneu, tuluy saliduru; Petrus oge milu siduru. 19 Isa dipariksa ku Imam Agung tina perkara murid-murid-Na jeung perkara pangajarana-Na. 20 Ku Isa diwaler, “Simkuring unggal nyarita di hareupeun jalma rea teh salamina oge satarabasna, boh di tempat-tempat ibadah, boh di Bait Allah tempat kumpulan urang Yahudi, tara dipandang-dipinding. 21 Naha nganggo mariksakeun deui? Ari palay uninga mah, sae pariksakeun bae ka sugri anu kungsi ngabarandungan caritaan Simkuring, tangtos tarerangeun.” 22 Tutas sasauran kitu, jebot, Anjeunna dicabok ku pangawal anu ngajaga pangdeukeutna ka Anjeunna. Cek eta pangawal, “Ka Imam Agung maneh wani ngajawab sarupa kitu!” 23 Saur Isa, “Naon salahna ucapan Kami, coba sebutkeun! Sabalikna, upama ucapan Kami bener, naon perluna maneh nyabok?” 24 Geus kitu, Anjeunna ku Anas dikirim ka Kayapas Imam Agung; ari panangana-Na tetep dibarogod. 25 Ari Simon Petrus keur siduru keneh. Ku nu saliduru ditanya, “Ari maneh teh lain murid-Na?” 26 Petrus mungkir, pokna, “Lain!” Pok, deui hiji bujang Imam Agung, — barayana ki Malkus anu dikadek ceulina tea — ngomong, “Lain maneh teh anu ku kuring katembong bareng jeung Isa di taman tea?” 27 Sakali deui, Petrus ngangles. Harita keneh, kadenge sora hayam kongkorongok. 28 Barang bray, beurang; Isa dibawa ka gedong Pangadilan Pilatus, tapi anu marawa-Na, arembungeun asup. Sabab sarieuneun kanajisan, bisi batal sarta henteu bisa milu kana riungan ‘dahar Paska.’ 29 Ku sabab eta, Pilatus ka luar nepungan maranehna. Tuluy anjeunna mariksa, “Naon perkarana ieu Jelema teh?” 30 Jawab maranehna, “Upami sanes Jalma jahat, piraku dibantun ka dieu!” 31 Saur Pilatus, “Hukum bae ku sorangan, sakumaha hadena cek Toret maraneh.” Tembal urang Yahudi, “Bangsa simkuring teu wenang ngahukum pati.” 32 Lebah dieu baris bukti pilahir Isa basa Anjeunna ngagambarkeun cara-caraning pipupuseuna-Na. 33 Pilatus lebet deui ka rohangan pangadilan; Isa disaur, tuluy dipariksa, “Maneh teh raja urang Yahudi?” 34 Waler Isa, “Mariksakeun kitu teh, naha kajurung ku gerentesing manah ku anjeun atanapi ku margi mendak wartos ti anu sanes?” 35 Waler Pilatus, “Na kami teh bangsa Yahudi kitu? Maneh diserenkeun ka kami teh, ku bangsa Maneh sorangan jeung ku imam-imam kapalana. Nyieun dosa naon Maneh teh?” 36 “Karajaan Simkuring sanes di dunya ayana. Upama karajaan Simkuring di dunya mah, balad Simkuring tangtu bebela, supaya Simkuring ulah nepi ka beunang ku urang Yahudi. Sanes, karajaan Simkuring sanes di dunya ieu.” 37 Saur Pilatus, “Jadi, bener Anjeun teh raja?” Waler Isa, “Tah geuning disebat. Memang Simkuring Raja. Simkuring dijurukeun, lahir ka alam dunya, seja ngabuktikeun naon kayaktian teh. Jalmi-jalmi anu sayaktina mah, tangtu apal kana sora Simkuring.” Saur Pilatus, “Naon ari kayaktian teh?” 38 Sanggeus sasauran, Pilatus ka luar deui mendakan urang Yahudi, tuluy nyarios, “Eta sakitan teh euweuh dosa-Na. 39 Ayeuna kieu: Ngingetkeun yen dina unggal-unggal hari raya Paska maraneh geus biasa menta supaya kami ngabebaskeun salah saurang hukuman, kumaha upama eta Jelema dibebaskeun ayeuna?” 40 Urang Yahudi raong tingcorowok, “Ulah! Barabas bae leupaskeun!” Ari Barabas teh jelema jahat.

Yahya 19

1 Pilatus marentahkeun supaya Isa dirangket. 2 Ari serdadu-serdadu, nyieun makuta tina cucuk; seug dianggokeun kana mastaka-Na bari diharuduman ku jubah ungu. 3 Geus kitu, serdadu-serdadu teh pura-pura ngahormat ka Anjeunna. “Wilujeng, Raja urang Yahudi!” Pokna, bari nyararabokan. 4 Pilatus ka luar deui, sasauran ka urang Yahudi, “Tarenjo, jelema-Na ku kami dibawa ka luar deui, supaya maraneh nyaho yen ku kami teu kapanggih dosa-Na.” 5 Bari Isa dijonghokkeun, — beunang ngamakutaan ku cucuk jeung diharuduman ku jubah ungu — pok anjeunna ngalahir deui, “Pek, tarenjo ieu jelema.” 6 Ger bae, imam-imam kapala jeung wakil-wakil resmi bangsa Yahudi sejenna raong, pokna, “Gantung, gantung dina kayu salib!” Saur Pilatus, “Jung barawa, gantung ku maraneh bae; sabab ku kami mah, teu kapanggih dosa-Na.” 7 Urang Yahudi ngajarawab, “Cek hukum bangsa simkuring mah, eta Jelema teh, kudu dipaehan. Sabab manehna, ngaku-ngaku Putra Allah!” 8 Ningali maranehna kitu, Pilatus beuki seber bae, 9 tuluy lebet deui ka rohangan pangadilan, mariksa deui ka Isa, saur-na, “Ari Maneh ti mana nya asal?” Tapi ku Isa henteu diwaler. 10 Saur Pilatus, “Maneh teh embung ngajawab? Na teu nyaho yen kami kawasa ngabebaskeun atawa ngahukum gantung ka Maneh?” 11 Waler Isa, “Anjeun henteu kagungan kawasa naon-naon ka Simkuring, kajabi upami aya idin ti Nu linggih di sawarga. Kitu nu mawi jalmi-jalmi anu nyerenkeun Simkuring ka dieu, dosana leuwih gede ti batan dosa anjeun.” 12 Pilatus saiasa-iasana milari tarekah, supaya Isa bisa bebas. Tapi urang Yahudi tingcorowok deui, “Upama eta Jelema dibebaskeun, tetela anjeun teh ngalawan ka Sang Prabu. Margi saha-saha anu ngajenengkeun maneh jadi raja, eta teh geus ngalawan ka Prabu.” 13 Sanggeus dijawab kitu, Pilatus marentahkeun supaya Isa dibijilkeun; ari anjeunna mah linggih dina bagian rohangan pangadilan anu disebut Litostrotos, basa Ibranina: Gabata, hartina panggung batu. 14 Harita teh poe sasadiaan Paska, kira-kira pukul dua welas beurang. Pilatus ngalahir, “Tah ieu, Raja maraneh teh!” 15 Urang Yahudi tinggorowok deui, “Singkirkeun, singkirkeun!” Saur Pilatus, “Jadi, ieu Raja maraneh teh ku kami kudu digantung?” Imam-imam kapala ngajarawab, “Simkuring teu gaduh deui raja, iwal ti Prabu!” 16 Tungtungna, Pilatus nyerah; Isa diserenkeun ka maranehna sina digantung. Geus kitu, tuluy Isa dibawa ku maranehna. 17 Isa digiring ka hiji tempat anu dina basa Ibrani disebut Gulguta, — hartina: tempat tangkorek — bari di sina manggul kayu salib-Na ku anjeun. 18 Nya di dinya, Anjeunna digantung teh, bareng jeung dua penjahat nu digantung di kencaeun jeung katuhueun-Na; ari Isa di tengah. 19 Dina pucuk salib, Pilatus nulis kieu: Isa Urang Nasaret Raja Urang Yahudi. 20 Kabaca ku pirang-pirang urang Yahudi, kawantu tempat eta teh deukeut ka kota; ditulisna, dina basa Ibrani, Laten, jeung Yunani. 21 Imam-imam kapala urang Yahudi arunjukan ka Pilatus, pokna, “Kalimahna saena mah ulah Isa Urang Nasaret Raja Urang Yahudi, nanging: Kami Raja Urang Yahudi.” 22 Waler Pilatus, “Naon nu geus ditulis ku kami, eta tetep moal dirobah.” 23 Sanggeus digantung ku serdadu-serdadu, anggoana-Na ku maranehna dibagi jadi opat bagian, masing-masing meunang sabagian. Barang jubah-Na rek dibagi, horeng ngan mangrupa lawon sagebar nu teu dikaput. 24 Cek serdadu-serdadu, “Ulah dipotongan, urang lotrekeun bae ku saha engke beunangna.” Lebah dieu bukti pisan unina Kitab Suci anu kieu: Papakean Kami dibagikeun, jubah Kami dilotrekeun. Nya kitu pisan anu dijalankeun ku serdadu-serdadu, harita teh. 25 Deukeut salib-Na aya ibu-Na jeung saderek ibu-Na, nya eta Maryam, bojona Kleopas, jeung Maryam Magdalena. 26 Barang Anjeunna ningali, yen ibu-Na jeung murid nu dipikaasih-Na aya di dinya; Isa sasauran ka ibu-Na, saur-Na, “Ibu, eta teh tuang putra!” 27 Ari ka eta murid saur-Na teh, “Eta teh indung hidep!” Ti harita ibu-Na ku eta murid dibawa ka imahna, diaku sarta dirawatan. 28 Sanggeus kitu, Isa ngaraos yen kiwari sagala rupana geus beres. Anjeunna nyoara deui (luyu jeung anu kaungel dina Kitab Suci) saur-Na, “Kami halabhab!” 29 Di dinya, memang geus disadiakeun anggur nu rasana haseum, sawadah. Tuluy aya anu niirkeun sepon kana gantar dianclomkeun ka dinya, seug diantelkeun kana lambey-Na. 30 Sanggeus ngaraosan, Anjeunna nyoara deui, saur-Na, “Geus cacap!” Geus kitu, mastaka-Na ngulahek lantaran Anjeunna geus masrahkeun nyawa-Na. 31 Ku lantaran poe eta malem Paska, hukuman-hukuman teh teu meunang diingkeun dina kayu salib nepi ka poe Sabat, isukna. Komo Sabat anu harita mah, Sabat istimewa. Urang Yahudi marenta idin ka Pilatus, nya eta pikeun mingges-minggeskeun suku anu keur digarantung tea, supaya mayit-mayitna bisa gancang diturunkeun. 32 Prak bae, hukuman-hukuman teh, ku serdadu-serdadu dipingges-pinggeskeun sukuna. Mimiti anu saurang terus anu saurang deui. 33 Barang giliran Isa, eta serdadu-serdadu teu tulus minggeskeun sampeana-Na lantaran geus tetela pupus. 34 Tapi aya salah saurang serdadu, anu bres bae numbak kana angkeng-Na. Cur, harita keneh, bijilan getih jeung cai. 35 Eta kajadian teh geus ka tenjoeun ku hiji jelema. Naon nu geus kasaksian ku eta jelema teh, beunang dipercaya. Manehna yakin, yen naon anu geus kasaksian ku manehna teh enya-enya kajadian. Ku sabab eta, urang oge bisa percaya kana kateranganana. 36 Kaayaan Anjeunna anu kitu teh, cocog pisan jeung anu geus kaungel dina Kitab Suci, kieu: “Tulang Anjeunna, sahiji oge, moal aya anu dipotongkeun.” 37 Aya deui, ayat Kitab Suci anu ungelna, “Maranehna bakal neuteup ka salira-Na, anu ku maranehna ditumbak tea.” 38 Geus kitu, Yusup, urang Arimatea (salah saurang murid Isa kalawan susulumputan lantaran sieun ku urang Yahudi), ngadeuheus ka Pilatus; anjeunna menta idin pikeun nurunkeun layon Isa. Sanggeus kawidian, layon-Na teh diturunkeun. 39 Nikodemus oge, — anu bareto kungsi ngadeuheus ka Isa peuting-peuting tea — milu bari mawa minyak emur anu dicampur jeung minyak candana kira-kira lima puluh kilo lobana. 40 Layon-Na diturunkeun ku duaan, tuluy dibungkus ku boeh jeung dibauran rarampean sakumaha adat kabiasaan urang Yahudi ari ngamakamkeun mayit. 41 Di dinya, deukeut tempat Isa disalib, aya hiji taman; di dinya teh aya hiji guha, — pikeun ngamakamkeun mayit — anu can kungsi dipake. 42 Ku sabab harita teh pikeun urang Yahudi mah poe panyadiaan Paska tea, layon Isa teh di lebetkeun ka dinya bae.

Yahya 20

1 Dina poe anu kahiji, — minggu eta — rebun-rebun keneh, Maryam Magdalena geus indit ka pajaratan. Sadatangna, kasampak, batu tutup pajaratan teh geus aya anu mindahkeun. 2 Manehna balik deui, lumpat, manggihan Simon Petrus jeung murid nu dipikaasih ku Isa tea; terus hariweusweus bebeja, pokna, “Jungjunan teh aya nu maling, ti makam, duka dibawa ka mana!” 3 Simon Petrus lumpat gagancangan muru ka pajaratan, 4 duaan jeung anu saurang deui tea. Manehna mah, lumpatna leuwih tarik batan Petrus. Datangna ka makam oge, pangheulana. 5 Sadatangna, terus nempo ka jero, tapi ngan tembong boeh bae ngalumbruk dina taneuh. Manehna teu terus asup. 6 Ari Simon Petrus mah, datang-datang teh, terus bae asup beh kana boeh; 7 ari lawon bungkus mastaka-Na kapanggih aya di tempat anu rada anggang ti dinya, geus beunang nilepan. 8 Sup, murid anu saurang deui oge, nuturkeun asup. Sanggeus sidik kana kaayaan di dinya, kakara manehna percaya kana maksud Kitab Suci anu nyebutkeun: Anjeunna tangtu gugah deui tina pupusna. Tadina mah, eusi Kitab Suci teh weleh ku maranehna teu kahalartieun. 10 Geus kitu duanana marulang deui ka imahna. 11 Ari Maryam Magdalena mah, ngajentul keneh bae deukeut pajaratan; tuluy anjeunna tumpa-tempo ka jero, bari ceurik. 12 Ana breh teh aya malaikat duaan, panganggona sarwa bodas, keur caralik dina urut layon Isa: Nu saurang palebah mastaka; ari anu saurang deui, beh tunjangeun. 13 Malaikat teh mariksa, “Ibu, ku naon nangis?” Jawab Maryam, “Jungjunan abdi aya nu maling, duka dibantun ka mana!” 14 Geus kitu, manehna malik ngalieuk ka luar; breh bae, nenjo Isa keur ngadeg, tapi manehna teu nyangka yen eta teh Isa. 15 Ku Isa dipariksa, “Ku naon ceurik? Aya anu diteangan?” Samaruk Maryam, eta teh tukang kebon di dinya; pok, manehna ngajawab, “Bapa, manawi bapa anu nyandakna, wartoskeun dicandak ka mana? Ku abdi bade dibantun deui.” 16 Saur Isa, “Maryam!” Maryam ngaranjug, terus ngucap ku basa Ibrani, pokna, “Rabuni!”, hartina: Guru. 17 Saur Isa deui, “Kade, ulah waka nyabak ka Kami sabab Kami acan ngadeuheus ka Rama. Ayeuna mah, tepungan bae dulur-dulur Kami, bejakeun yen Kami ayeuna rek mulang ka Rama anu jadi Rama maraneh oge: Allah nu disembah ku Kami jeung Allah nu disembah ku maraneh.” 18 Maryam Magdalena terus nepungan murid-murid. “Kuring mah geus tepung deui jeung Jungjunan!” Pokna, bari nyaritakeun deui kasauran-kasauran Anjeunna dina waktu tepung tea. 19 Poe eta keneh, wanci magribna, murid-murid Isa karumpul di hiji imah; pantona ditulakan lantaran sarieuneun ku urang Yahudi. 20 Sabot kitu, breh bae, Isa geus ngadeg di tengah-tengah maranehna. Anjeunna uluksalam: “Assalamualaikum!” Sanggeus ngucapkeun salam, Anjeunna nembongkeun panangana-Na, tuluy angkeng-Na oge. Murid-murid pohara barungaheunana barisa tepung deui jeung Jungjunanna teh. 21 Isa nyarios deui, “Mugia maraneh salamet! Sakumaha Rama geus ngutus ka Kami; Kami oge, ayeuna, rek ngutus maraneh.” 22 Geus kitu, murid-murid teh ku Anjeunna ditiup sarta tuluy nyarios, “Geura tarampa ieu Ruh Allah. 23 Sing saha anu dosana ku maraneh dihampura, geus tangtu bakal dihampura; tapi sabalikna, upama ceuk maraneh eta jelema teh dosa, tangtu tetep dosana teh.” 24 Ari Tomas, — salah saurang murid ti nu dua belas, anu katelah Didimus — waktu Isa sumping teh, manehna mah teu milu kumpul di dinya. 25 Barang dibejaan ku babaturanana “Urang mah geus patepung deui jeung Jungjunan.” Manehna ngajawab, “Mun can sidik, nenjo sorangan, panangana-Na anu bolong tapak paku jeung acan nyolokkeun curuk kana angkeng-Na, kuring mah moal rek ngandel.” 26 Heuleut dalapan poe ti harita, murid-murid teh karumpul deui di imah anu geus kacaritakeun tea; Tomas oge, harita mah, aya. Panto kabeh ditarulakan, tapi ari breh teh Isa geus aya di tengah-tengah maranehna bari uluksalam: “Assalamualaikum!” 27 Tuluy sasauran ka Tomas, “Ilikan yeuh leungeun Kami. Colokkeun curuk maneh. Rampa ku leungeun maneh ieu palebah cangkeng Kami. Maneh sing percaya, ulah terus cangcaya.” 28 Cek Tomas, “Duh Gusti Jungjunan simabdi sarta Allah panutan simabdi!” 29 Waler Isa, “Ayeuna maneh percaya lantaran geus pajonghok jeung Kami. Bagja, sakur anu percaya ka Kami, sanajan teu pajonghok.” 30 Loba keneh tanda-tanda anu dipintonkeun ku Isa sarta nu kasaksian ku murid-murid-Na, tapi henteu dimuat dina ieu Kitab. 31 Sanajan kitu, sagala rupa anu geus dimuat di dieu, kabeh geus dicatet, supaya aranjeun palercaya yen Isa teh Al Masih, Putra Allah. Upama aranjeun percaya ka Anjeunna, tinangtu hirup aranjeun teh aya dina nugrahing jenengana-Na.

Yahya 21

1 Sakali deui, Isa nembongan ka murid-murid-Na di basisir Tiberias. Kieu kajadianana teh: 2 Harita, di eta basisir teh aya Simon, Tomas anu katelah Didimus, Natanael urang Kana Galilea, anak-anak Sebedeus jeung dua urang murid sejenna. 3 Cek Simon Petrus, “Urang mah rek ngala lauk.” Ditempas ku batur-baturna, “Urang oge arek, hayu urang bareng!” Clak, sarerea, unggah kana parahu. Balangsiarna sapeuting jeput, tapi luput teu beubeunangan pisan. 4 Ari geus bray, beurang; Isa ngadeg di basisir, tapi maranehna paranglingeun; samarukna, lain Anjeunna. 5 Anjeunna ngagentraan, “Barudak, geus beubeunangan?” Dijarawab, “Nu mawi, teu acan!” 6 Anjeunna ngagentra deui, “Coba rungkupkeun heurapna ka katuhueun parahu, tangtu aya nu beunang.” Pruk, heurap dirungkupkeun; barang dipulut meh-meh teu kabawa, ku loba-lobana lauk nu beunang. 7 Murid anu dipikaasih ku Isa tea, ngomong ka Petrus, “Euleuh, geuning Jungjunan eta teh!” Dibejaan yen eta teh Jungjunan; rap bae, Petrus dibaju lantaran keur bubulucunan tea; geus kitu, manehna teh, brus ka cai, tuluy ngojay. 8 Nu sejenna naluturkeun dina parahu, — anu ngan kari kira-kira kurang ti saratus meter deui ti darat — bari ngagusur heurap anu pinuh ku lauk. 9 Di darat, kasampak aya pirunan ruhay keur dipake manggang lauk jeung roti. 10 Saur Isa, “Cik lauk beunang bieu teh ka dieukeun sababaraha siki mah.” 11 Heurapna terus dipulut ku Petrus, laukna diitung, aya saratus lima puluh tilu siki. Beubeunangan sakitu lobana teh, heurapna henteu nepi ka bedah. 12 Saur Isa, “Hayu urang sasarap.” Murid-murid henteu aya anu wani nyasaha ka Anjeunna, sugan nanya, “Saha tea Anjeun teh?” Ongkoh geus nyarahoeun yen Anjeunna teh Isa. 13 Isa ngarongkong nyandak roti jeung panggang lauk, tuluy disodorkeun ka murid-murid. 14 Harita teh, anu katilu kalina, Anjeunna nembongan ka murid-murid-Na sanggeus gugah tina pupus-Na. 15 Rengse salasarapan, Isa mariksa ka Simon Petrus, “Simon bin Yonas, bener maneh nyaah ka Kami leuwih ti nu sejen?” Jawab Petrus, “Sumuhun Jungjunan, Jungjunan nu langkung uninga yen abdi nyaah ka Salira?” 16 Saur Isa, “Panguruskeun anak-anak domba Kami.” Geus kitu, kadua kalina mariksa ka Petrus, “Simon bin Yonas, bener maneh nyaah ka Kami?” “Sumuhun Jungjunan,” jawab Petrus, “Jungjunan nu langkung uninga yen abdi nyaah ka Jungjunan.” Saur Isa, “Panguruskeun domba-domba Kami.” 17 Katilu kalina Isa mariksa deui, “Simon bin Yonas, bener maneh nyaah ka Kami?” Dipariksa nyaah henteuna nepi ka tilu kali kitu teh, Simon jadi pohara nalangsana sarta pok, ngajawab deui, “Duh Jungjunan, anu uninga kana sagala perkawis, Jungjunan anu langkung uninga kumaha kanyaah abdi ka Jungjunan.” Saur Isa, “Panguruskeun kabeh domba-domba Kami. 18 Cek Kami ayeuna, kieu: Maneh keur ngora mah bisa indit-inditan ka mana bae, dangdan ku sorangan. Geus kakolotnakeun mah dangdan oge ku batur, leungeun digusur ku nu sejen. Indit teu bisa sakahayang, kari kumaha cek nu mawa.” 19 Kasauran Anjeunna kitu teh, ngagambarkeun baris kumaha Petrus nekanan ajalna enggoning babakti ngamulyakeun ka Gusti Allah. Sanggeus sasauran kitu, Simon ku Anjeunna dipiwarang ngiring, saur-Na, “Hayu, tuturkeun Kami!” 20 Barang Petrus ngalieuk ka tukang, katenjo yen dituturkeun ku murid nu dipikaasih ku Isa, nya eta murid anu dina peutingan riungan tuang, diukna ngalendean ka Isa sarta naroskeun ka Anjeunna saha-sahana nu niat hianat ka Anjeunna. 21 Ku Petrus ditaroskeun ka Isa, “Jungjunan, dupi murid anu itu kumaha engkena?” 22 Waler Isa, “Upama manehna ku Kami diparengkeun hirup keneh nepi ka Kami datang, eta lain urusan maneh. Maneh mah tuturkeun bae Kami.” 23 Geus kitu, di kalangan panganut-panganut Isa, jadi rame yen eta murid anu saurang moal maot-maot. Padahal, Isa mah henteu nyaurkeun yen manehna moal maot. Nyaurkeun soteh, “Upama manehna ku Kami diparengkeun hirup keneh nepi ka mangsana Kami datang, eta lain urusan maneh.” 24 Nya murid eta pisan anu geus mere panyaksen sarta geus nyatetkeun sakur anu geus kajadian. Urang oge yakin, yen panyaksenna teh beunang dipercaya. 25 Loba keneh perkara-perkara sejenna anu dipidamel ku Isa teh. Upama sakabeh kajadian dicatet kalawan taliti sarta dibukukeun, kawasna mah dunya teh moal pimahieun keur nyimpenna.

Carios Padamelan 1

1 Saderek Teopilus. Dina buku nu kahiji, simkuring parantos ngadadarkeun padamelan sareng pangajaran-pangajaran Isa, ti kawitna dongkap ka dintenna mi'rad-Na. 2 Samemeh mi'rad, ku kawasana Ruh Allah, Anjeunna maparin parentah-parentah ka rasul-rasul anu geus dipilih ku Anjeunna. 3 Satutasna tina sangsara tea, Isa teh kantos ku rupi-rupi jalan ngayakinkeun ka murid-murid-Na yen Anjeunna leres-leres hirup. Dina salebet opat puluh dinten, Anjeunna sababaraha kali nembongan ka murid-murid-Na bari nyarioskeun hal Karajaan anu diparentah ku Allah. 4 Dina hiji dinten, waktos tuang ngariung, Anjeunna amanat supaya rasul-rasul ulah waka incah ti Yerusalem; kedah tetep-tetep heula di dinya, ngantos-ngantos jangji Rama. Saur-Na, “Sakumaha anu geus dicaritakeun tea ku Kami. 5 Ari Yahya ngabaptis teh ku cai, tapi maraneh mah sakeudeung deui oge bakal dibaptis ku Ruh Allah.” 6 Pok nu karumpul teh tumaros ka Anjeunna, “Gusti Jungjunan simabdi, manawi ayeuna Anjeun bade ngadegkeun deui karajaan Israil teh?” 7 Waler-Na, “Mangsa jeung waktuna mah geus ditetepkeun pangersa Rama ku anjeun, maraneh teu kudu nyaho. 8 Ngan di mana Ruh Allah tea geus lungsur nyarengan, maraneh bakal meunang kawasa sarta jaradi saksi-saksi Kami di Yerusalem, di sakuliah Yudea, jeung Samaria, tug nepi ka tungtung bumi.” 9 Sanggeus sasauran kitu, seug Anjeunna diangkat ka sawarga, kasaksian ku murid-murid-Na; geus kitu, reup bae, mega mindingan salira-Na. 10 Sabot keur nareuteup langit ngawaskeun Anjeunna mi'rad. Ujug-ujug, jleg, aya anu nangtung duaan — anggoanna barodas — deukeut murid-murid. 11 Aranjeunna, sasauran kieu, “He, urang Galilea! Ku naon nareuteup bae ka langit? Isa, anu bieu dicandak ka sawarga ninggalkeun maraneh teh, bakal sumping deui kucara kawas kitu keneh, nya eta saperti mi'rad-Na.” 12 Rasul-rasul marulang deui ka kota Yerusalem ti Gunung Jetun, anu jauhna ti Yerusalem ngan saperjalanan poe Sabat. (Kira-kira salapan ratus meter). 13 Aranjeunna teh, nya eta Petrus jeung Yahya, Yakobus jeung Andreas, Pilipus jeung Tomas, Bartolomeus jeung Mateus, Yakobus bin Alpius, Simon Selotes, sarta Yudas bin Yakobus. Di kotana, maratuh di hiji imah tumpangan, nya eta nyicingan kamar anu aya di loteng. 14 Aranjeunna hirup samiuk sauyunan tur getol neneda babarengan. Lian ti aranjenna, aya oge sababaraha urang wanita katut Maryam ibu-Na Isa; kitu deui, saderek-saderek Isa. 15 Dina hiji poe, waktu keur kumpul cara sasari; di dinya, aya kira-kira saratus dua puluh urang. Petrus ngadeg lajeng sasauran kieu, 16 “Dulur-dulur, ayat Kitab Suci kudu laksana sakumaha dawuhan Ruh Allah anu kedalna tina lambey Daud ngeunaan Yudas Iskariot, anu ngaluluguan nangkep Isa tea. 17 Tadina, manehna batur urang, sarua boga tugas ngaladenan kawas urang. 18 Ki Yudas ge geus meuli lahan saluwuk ku duit ladang hianat; tapi ahirna, manehna ragrag nangkuban sarta beuteungna gudawang peujitna amburadul. 19 Urang Yerusalem ge, kabeh, nyarahoeun; matakna, eta lahan dingaranan ku basa maranehna “Akel-dama,” hartina: Lahan-getih. 20 Hal eta geus aya dina kitab Zabur, ungelna: Pakuwonna sing narikolot, masing suwung ku nu matuh. Jeung: Jabatanana sing kacokot ku nu sejen. 21 Ku sabab eta, urang butuh saurang deui, keur gagantina. Ieu jelema teh kudu salah saurang ti anu sok milu babarengan salila Isa, Gusti Jungjunan urang, aya di urang keneh, nya eta 22 ti ngawitan Anjeunna dibaptis ku Yahya nepi ka paturay-Na jeung urang, dicandak ka sawarga; supaya cara urang oge, manehna baris jadi saksi tina hal gugah-Na.” 23 Tuluy ku sakur nu aya didinya diusulkeun dua jalma. Nu saurang Yusup alias Barsabas, anu katelah oge Yustus. Saurang deui Matias. 24 Duanana diunjukkeun dina paneda, kieu, “Nun Gusti, anu langkung waspaos kana ati sanubari abdi sadaya! Mugi maparin pituduh, anu mana ti antawis ieu pun dulur, duaan, anu kamanah, 25 anu kedah nyangking tugas ngaladenan, nya eta jabatan rasul gegentos Yudas Iskariot anu parantos tigubrag ka tempat anu satimpal.” 26 Sanggeus diunjukkeun, tuluy dua jalma bieu dilotre. Undianana teh, keuna ka Matias; terus bae anjeunna teh diangkat jadi rasul, pikeun nambahan anu sabelas urang tea.

Carios Padamelan 2

1 Dina poe Pentakosta, sakabeh jelema-jelema anu geus percaya, karumpul di hiji tempat. 2 Dumadakan aya sora ti langit, ngaguruh lir angin barat; sorana minuhan sakuliah imah anu keur dicaralikan tea. 3 Breh bae, katembong ku aranjeunna, aya anu pating suliwer mangrupa letah-letah anu harurung lir seuneu; tuluy eta letah-letah anu harurung lir seuneu teh areunteup ka aranjeunna. 4 Eta teh cirining yen aranjeunna geus kalinggihan Ruh Allah; tuluy bae, aranjeunna teh salasauran dina rupa-rupa basa numutkeun gerak ti Ruh Allah tea. 5 Harita, di Yerusalem loba urang Yahudi anu saraleh; marenehna teh, daratang ti sakuliah dunya. 6 Waktu aya sora ngaguruh kitu teh, maranehna tuluy ngagarimbung; barang ngadarenge rasul-rasul sasauran dina basa maranehna, masing-masing, pohara hareraneunana. 7 Cek maranehna bari rungah-ringeuh, “Lain urang Galilea tea maranehna teh? 8 Na geuning kadengena teh cacarita ku rupa-rupa basa, nurutkeun basa urang masing-masing? 9 Nu karumpul di dieu teh, kapan aya anu ti Partia, ti Media, ti Elam, ti Mesopotami, ti Yudea, ti Kapadokia, ti Pontus, ti Asia, 10 ti Prigia, ti Pampilia, ti Mesir, ti wilayah-wilayah Libia nu dareukeut ka Kirena, jeung aya oge anu ti nagri Rum. 11 — boh urang Yahudi, boh anu ngaragem agama Yahudi — kitu deui, urang Kreta jeung urang Arab pada ngadenge maranehna cacarita dina basana masing-masing, nyaritakeun padamelan-padamelan Allah anu araheng.” 12 Maranehna tingpelengek semu bingung, silih tanya pada batur, 13 “Alamat naon ieu teh?” Tapi cek nu sawareh deui mah, bari semu moyok, “Kabeh ge jelema mabok eta teh, loba teuing nginum anggur!” 14 Neut Petrus ngadeg, dibarengan ku sabelas rasul sejenna, pok nyarios tarik, “Dulur-dulur, urang Yahudi jeung sakur anu maratuh di Yerusalem! Muga barandungan, simkuring rek nyarita. 15 Sangkaan aranjeun yen simkuring sarerea mabok teh, teu bener. Ayeuna teh kakara pukul salapan. 16 Ieu kajadian saenyana geus didawuhkeun ku Allah, ku perantaraan Nabi Yo"el, anu kieu tea: 17 Kieu dawuhan Allah: Engke dina jaman ahir, Kami rek ngucurkeun Ruh Kami ka sakabeh manusa; anak maraneh, boh lalaki, boh awewe, bakal barisa narubuwat, barudak ngorana mareunang ilapat, nu karolotna baris mareunang tetenjoan dina impian-impian. 18 Jeung dina jaman ahir tea, Kami arek ngucurkeun Ruh Kami ka abdi-abdi Kami boh anu lalaki, boh anu awewe; maranehna bakal narubuwat. 19 Sarta di luhur, di langit, Kami rek ngayakeun mujijat-mujijat, ari di handap, di bumi, rek ngayakeun tanda-tanda: getih, seuneu, jeung haseup meledug. 20 Panonpoe bakal robah, ngajadi poek ngajumbleng, bulan ngajadi getih, samemeh datang mangsa rawuhna Gusti Jungjunan urang dina poe anu agung tur mulya. 21 Sing saha anu nyambat ka pajenengan Gusti, tangtu baris disalametkeun. 22 Eh, urang Israil, barandungan ieu omongan simkuring! Anu dimaksud ku simkuring, nya eta Isa ti Nasaret tea. Anjeunna geus ditangtukeun ku Allah tur geus dibuktikeun ka aranjeun ku rupa-rupa pangawasa jeung mujijat. Kitu deui, ku tanda-tanda dadamelan Allah anu dilaksanakeun ku perantaraan Anjeunna, sakumaha anu geus kasaksian ku sarerea. 23 Anjeunna, ku Allah diselehkeun, cocog jeung maksad katut rarancang-Na; Anjeunna digantung dina salib sarta ditelasan ku aranjeun, ku jalan nginjeum leungeun ka jelema-jelema anu daroraka. 24 Tapi ku Allah, Anjeunna geus digugahkeun deui, leupas tina siksaan maot. Sabab mustahil, Anjeunna bisa kagenggem ku kawasa almaot. 25 Tur hal ieu teh sapagodos jeung anu geus disaurkeun ku Daud kieu: Simabdi sapapaosna madep ka Pangeran, Anjeunna ngadeg di katuhueun abdi; abdi moal unggut kalinduan. 26 Kitu nu mawi hate abdi pinuh ku kabingahan, jiwa abdi surak gerah; raga pasrah sumerah, ayem tengtrem dina pangharepan ku ayana jangji-jangji Allah; 27 wireh nyawa ku Gusti moal diserenkeun ka alam maot, Gusti moal ngantep abdi-Na nu satia ruksak binasa. 28 Gusti ka abdi nuduhkeun jalan kana hirup, di payuneun pangersa, abdi tangtos ngaraos bagja. 29 Dulur-dulur! Simkuring seja satarabasna bae, nyaritakeun hal Daud karuhun bangsa urang ka aranjeun. Anjeunna parantos pupus sarta dikurebkeun; makamna ge, aya keneh nepi ka ayeuna. 30 Tapi anjeunna teh nabi, uninga yen Allah geus jangji kalawan sumpah, baris ngajenengkeun dina tahtana saurang ti antara seuweuna ku anjeun. 31 Ku kituna, anjeunna teh geus uninga ti anggalna. Jadi, anjeunna iasa nyaurkeun hal pigugaheunana Al Masih; sakumaha kasauranana anu nyebatkeun, yen Anjeunna moal dikantunkeun aya di alam maot sarta salira-Na moal keuna ku ruksak. 32 Nya Isa anu eta, anu geus digugahkeun deui ku Allah teh sarta simkuring sarerea saksina. 33 Sanggeus Anjeunna dijungjung ku panangan tengen Allah sarta nampi Ruh Allah anu geus dijangjikeun tea; kiwari, eta Ruh teh, ku Anjeunna dikucurkeun; sakumaha anu ayeuna kataringal jeung kakaruping ku aranjeun. 34 Daud teh henteu munggah ka sawarga, malah Daud ku anjeun sasauran kieu: Pangeran ngadawuh ka Gusti Jungjunan kaula: 35 Geura calik di katuhueun Kami, nepi ka musuh-musuh Hidep ku Kami dijieun jojodog titincakan Hidep. 36 Ku sabab eta, sakumna bangsa Israil kudu terang kalawan pasti, yen Isa anu ku aranjeun geus dihukum gantung teh ku Allah geus dijenengkeun Gusti Jungjunan jeung Al Masih.” 37 Barang ngadarenge hal eta, jelema-jelema teh mani tinghareruk ngarasa kagagas. Tuluy maranehna naranyakeun ka Petrus jeung ka rasul-rasul sejenna, “Kedah kumaha atuh simkuring teh, dulur-dulur?” 38 Diwaler ku Petrus, “Kudu tarobat jeung kudu daraek dibaptis kalawan pajenengan Isa Al Masih, supaya dosa aranjeun dihampura; mun geus kitu, tangtu aranjeun bakal narima Ruh Allah. 39 Da eta anu dijangjikeun teh, nya pikeun aranjeun saanak incu, oge pikeun anu araya di tempat-tempat nu jarauh, sarta pikeun sakur nu bakal disaur ku Gusti Jungjunan urang.” 40 Rea-rea deui kasauran Petrus enggoning nganyatakeun kasaksianana sarta maparin pepeling. Kieu saurna, “Aranjeun kudu pasrah supaya bisa luput ti ieu bangsa alam kiwari anu teu jalujur.” 41 Sakur anu daek narima kana kasauran Petrus, kabeh sumerah marenta dibaptis. Poe eta, bilangan jalma nu ariman tambah kira-kira tilu rebu urang. 42 Kabeh saregep kana pangajaran rasul-rasul tur sabeungkeutan: Salawasna babarengan milu kana riungan tuang roti jeung kumpulan doa. 43 Maranehna timbul rasa kagimirna narenjo rasul-rasul sering ngayakeun rupa-rupa mujijat jeung tanda-tanda anu ajaib. 44 Kaom percaya teh, estu rempug jukung sarta sabanda saboga. 45 Unggal poe tara towong, aya bae anu jujualan, beubeunanganana dibagi keur sarerea, sakumaha bae perluna masing-masing. 46 Ti poe ka poe deui, maranehna mani rajin karumpul di Bait Allah kalawan saniat sapikir. Jaba ti kitu, sok bagilir ngayakeun riungan tuang roti di imah masing-masing, didalahar bareng dibarung ku gumbira tur iklas. 47 Maranehna maruji sukur ka Allah sarta masarakat umum oge jadi katarik. Unggal-unggal poe, jumlahna ku Gusti ditambah ku jalan lobana anu disalametkeun.

Carios Padamelan 3

1 Dina hiji poe, geus meh waktuna sembahyang — kira-kira pukul tilu sore — Petrus jeung Yahya arangkat ka Bait Allah. 2 Di dinya, aya hiji lalaki anu lumpuh ti barang burusut, nepi ka kudu digogotong bae. Baku, saban poena, sok dipernahkeun deukeut panto gapura Bait Allah anu ngaranna Gapura Endah, sina menta sidekah ka anu rek arasup ka Bait Allah. 3 Petrus jeung Yahya oge, basa rek lalebet ka Bait Allah, ku manehna dipentaan sidekahna. 4 Ku aranjeunna, manehna diteuteup; geus kitu, Petrus sasauran, “Coba neuteup ka kula duaan.” 5 Nu lumpuh teh tuluy neuteup, hatena mah ngarep-ngarep sidekah. 6 Tapi saur Petrus, “Emas perak kula teu boga. Tapi kaboga kula ayeuna arek dibikeun. Demi pajenengan Isa Al Masih urang Nasaret, pek leumpang!” 7 Tuluy Leungeun jelema eta, ku anjeunna dicekel pikeun mantuan nangtungkeun. Harita keneh, suku jeung keuneungna jadi kuat. 8 Korejat bae hudang, — semu luncat — tuluy manehna leuleumpangan bulak-balik; seug manehna teh nuturkeun aranjeunna ka jero Bait Allah, semu ajret-ajretan, bari muji ka Allah. 9 Ku sarerea oge katingal manehna leuleumpangan jeung muji ka Allah teh. 10 Sanggeus nyarahoeun yen manehna teh anu sok musapir di Gapura Endah tea, kacida pada mikahelokna, heran ku kajadian nu kaalaman ku eta jelema. 11 Ku lantaran eta jelema teh, ngikintil bae ka Petrus jeung Yahya. Tungtungna mah, anu pada mikaheran teh, rob bae ngarubung ka aranjeunna di hiji tepas anu disebut Tepas Sulaeman. 12 Ningali kitu pok Petrus nyarios, saurna, “Dulur-dulur, urang Israil! Naha kudu heran ku ieu kajadian? Ku naon malalencrong ka kaula? Sangkana ieu jelema teh cageur lantaran pangawasa atawa ku ka ibadahan kaula sorangan? 13 Allah nu disembah ku Ibrahim, Isak, jeung Yakub, — Allah nu disembah ku karuhun urang — geus maparin kamulyaan ka Abdi-Na, nya eta ka Isa anu ku aranjeun geus diselehkeun sarta ditarampik di payuneun Pilatus; sanajan cek timbangan Pilatus mah, Anjeunna pantes dibebaskeun. 14 Anjeunna, Anu Adil tur Suci, ku aranjeun ditampik, ari anu ngundeur nyawa batur kalah ka dihadiahan kabebasan ti Pilatus. 19:12-15* 15 Anjeunna nu jadi Pamingpin kana hirup teh, ku aranjeun geus ditelasan. Tapi ku Allah, Anjeunna geus digugahkeun deui ti enggon anu maraot, nya kaula sarerea saksina. 16 Ku sabab manehna percaya ka pajenengan Isa, — ieu jelema anu ku aranjeun dipikawawuh sarta katarenjo sapopoena — ku eta Jenengan geus dibere tanaga kakuatan. Nya ku lantaran manehna percaya bisana cageur teh, kasaksian ku aranjeun. 17 Dulur-dulur, kaula terang pangna aranjeun kitu pepetaan teh, bakating ku balilu; saruana jeung pamingpin aranjeun. 18 Tapi nya ku jalan kitu, Allah teh ngabuktikeun dawuhana-Na anu didawuhkeun ka nabi-nabi-Na baheula, yen Al Masih utusana-Na teh wajib nandangan sangsara. 19 Ayeuna, nu penting mah aranjeun teh geura areling sarta tarobat, malar lubar tina dosa, 20 supaya dilongsongkeun nya hate ku Allah. Supaya Anjeunna ngutus Isa, anu ti awalna keneh oge memang geus dipastikeun pikeun ngajadi Al Masih aranjeun. 21 Ari Al Masih teh, kudu mulih heula ka sawarga nepi ka sagala perkara dianyarkeun deui; sakumaha anu geus didawuhkeun ku Allah, ti baheula, ku perantaraan nabi-nabi-Na anu saruci. 22 Geuning saur Musa oge kieu: Maraneh ku Gusti Allah bakal dibere hiji nabi saperti kami, anu asal ti maraneh keneh. Sagala kasauranana anu ditujukeun ka maraneh teh, kudu digugu. 23 Ari anu teu ngagugu tanwande dibasmi ti hirup kumbuh bangsa urang. 24 Nabi-nabi, mimiti ti Nabi Samuel nepi ka nabi-nabi sabada anjeunna, kabeh kungsi ngucapkeun wangsit ngeunaan jaman kiwari. 25 Nya ka aranjeun buktina eta wangsit teh; aranjeun anu ngabogaan hak meunangkeun jangji subaya anu ku Allah didawuhkeun ka karuhun urang, nalika Anjeunna ngadawuh kieu ka Ibrahim: Ku jalan turunan maneh, sakabeh bangsa di sakuliah bumi bakal ginuluran berkah. 26 Nya pikeun kasalametan aranjeun, utamana mah, Allah ngagugahkeun sarta ngutus Abdi-Na ka aranjeun teh; supaya Anjeunna iasa mingpin ka aranjeun masing-masing, malar bisa tarobat tina sagala kalakuan anu jahat.”

Carios Padamelan 4

1 Sabot Petrus jeung Yahya sasauran, ngadak-ngadak diberedeg ku panghulu-panghulu dibarengan ku kapala pangawal Bait Allah jeung urang Saduki, 2 anu pohara arambekeunana ka aranjeunna, pedah aranjeunna ngajar kitu ka jalma rea jeung netelakeun yen Isa kawasa gugah ti nu paraeh. 3 Kerewek aranjeuna ditangkep, ditahan nepi ka poe isukna sabab harita geus peuting. 4 Tapi anu ngabarandungan kasauran aranjeunna teh loba nu terus percaya, nepi ka jumblahna jadi lima rebu urang; eta teh ngan ukur lalakina wungkul. 5 Poe isukna, pamingpin-pamingpin urang Yahudi, parakokolot, jeung ahli-ahli Kitab ngayakeun sidang, 6 diluuhan ku Panghulu Agung Anas jeung Kayapas, Yahya jeung Aleksander katut lian-lianna anu kaasup turunan Panghulu Agung. 7 Petrus jeung Yahya dijagragkeun, tuluy dipariksa, “Meunang kawasa ti mana atawa make ngaran saha maraneh nyieun peta kitu?” 8 Waler Petrus anu geus kaancikan ku Ruh Allah, “Parapamingpin bangsa sareng parasesepuh sadaya! 9 Saupami simkuring dipariksa teh lantaran nulungan nu gering sareng kedah nerangkeun kenging kawasa ti mana nyageurkeun ieu jalmi: 10 Mugi kauninga ku sadaya, kitu deui ku sakumna umat Israil, yen tindakan simkuring teh taya sanes estu demi pajenengan Isa Al Masih urang Nasaret, anu ku aranjeun parantos digantung tea; tapi ku Allah Anjeunna parantos digugahkeun deui ti alam nu paraeh. Nya ku karana Isa pisan cageurna ieu jalmi anu nuju dipayunan teh. 11 Mugi kauninga, Isa teh: batu anu parantos dipiceun ku tukang ngawangun imah. Aranjeun nu jaradi tukangna teh. Tapi eta batu teh parantos dijieun batu lulugu. 12 Jalmi teh, saha bae ge, teu aya anu ngagaduhan kasalametan, iwal ti Anjeunna. Margi di sakolong langit teu aya deui jenengan anu dipaparinkeun ka manusa iwal ti eta-etana sarta ngan ku lantaran Jenengan eta, urang sadaya pitiasaeun salamet teh.” 13 Wawanen Petrus jeung Yahya anu sakitu gedena — tur kanyahoan aranjeunna teh lain jalma terpelajar — estu matak heran anu keur sidang. Kabeh ge nyarahoeun yen aranjeunna teh panganut Isa. 14 Tapi ku sabab aya bukti, jelemana anu dicageurkeun jonghok di dinya gigireun rasul-rasul, sidang teu bisa ngabantah. 15 Rasul-rasul dikaluarkeun heula ti tempat sidang; sidangna terus badami, 16 “Kudu dikumahakeun eta dua jelema teh? Mujijatna sakitu terangna ka urang Yerusalem; ku urang teu bisa dipungkir. 17 Tapi supaya hal eta ulah nepi ka tambah nyaliara, leuwih hade urang ancam bae, nya eta teu meunang nyarita-nyarita deui mamawa eta ngaran.” 18 Geus kitu Petrus jeung Yahya dijagragkeun deui ka sidang, tuluy aranjeunna dilarang cacarita atawa ngajar mamawa deui jenengan Isa. 19 Tapi Petrus jeung Yahya ngawaler, “Aranjeun kantun nimbang-nimbang, mana anu sapagodos sareng pangersa Allah: Kedah tunduk ka manusa, atanapi kedah ta'at ka Allah? 20 Dupi simkuring mah, pamohalan dongkap ka henteu nyanggemkeun sugri anu kantos katingal sareng kakuping.” 21 Sidang ngancamna beuki keras, tapi kapaksa aranjeunna dileupaskeun. Sabab sidang henteu manggih jalan pikeun ngahukum, turug-turug sieun ku balarea anu geus ragem maruji ka Allah. 22 Lantaran jalma rea teh, narenjo pisan jelema anu gering sapanjang umurna, nya eta salila opat puluh taun leuwih, bisa cageur ku jalan anu sakitu ahengna. 23 Sanggeus leupas, Petrus jeung Yahya nepangan rerencanganana. Pamariksaan imam-imam kapala jeung kokolot-kokolot teh, ku aranjeunna dicarioskeun deui. 24 Geus kitu, rerencanganana ragem sasambat ka Allah, kieu, “Nun Pangeran anu ngadamel langit, bumi, laut, katut saeusina. 25 Ku jalan Ruh Allah anu diilhamkeun ka Daud abdi Gusti tea, karuhun abdi sadaya, Gusti parantos nimbalan kieu: Ku naon bangsa-bangsa pada amarah; suku-suku bangsa ngareka perkara anu mubadir? 26 Raja-raja alam dunya tatan-tatan, rek ngalawan ka Pangeran jeung ka Al Masih-Na. 27 Saleresna pisan, di ieu kota, raja Herodes, Pontius Pilatus, bangsa-bangsa anu teu palercaya, sareng kaom-kaom bangsa Israil, parantos kumpul sakait ngalawan Isa, — Abdi Gusti anu suci, kenging Gusti ngalisahan — 18:28-29* 28 kanggo ngalakonan papasten anu ku Gusti dipastikeun ti awalna kalayan kawasa sareng pangersa Gusti. 29 Nun Pangeran, mugi tingali, maranehna ayeuna ngancam ka abdi sadaya. Kitu nu mawi, mugi abdi-abdi dikersakeun teuneung ludeung ngadongkapkeun pangandika Gusti tea. 30 Mugi Gusti kersa nyodorkeun panangan, maparin kacageuran ka anu aludur sareng ngadamel tanda-tanda ajaib sarawuh mujijat-mujijat demi pajenengan Isa, Abdi Gusti anu suci.” 31 Sabot-sabot rasul-rasul neneda kitu, tempat aranjeunna kumpul teh ngariyeg inggeung sarta aranjeunna kalinggihan ku Ruh Allah. Nepi ka ludeung ngembarkeun pangandika Allah. 32 Pakumpulan jelema-jelema anu geus ariman teh estu salulut, saniat sapikir, sarta teu aya pisan anu ngaku-ngaku yen bandana teh muklis milikna pribadi, estu sabanda saboga. 33 Ari rasul-rasul pohara soson-sosonna netelakeun hal gugahna Isa, Gusti Jungjunan urang, sarta hirup dina kaayaan ginuluran kurnia tanpa tanding. 34 Tara aya anu kakurangan sabab sing saha bae anu boga tanah atawa imah sok tuluy dijual. Beubeunanganana dibawa, 35 disanggakeun ka rasul-rasul terus dibagikeun ka unggal jalma, luyu jeung kaperluan masing-masing. 36 Nya kitu deui Yusup, anu ku rasul-rasul dilandi Barnabas, — anu hartina ‘anak panglipur’ — kaasup kaom Lewi asal ti Kiprus. 37 Manehna oge ngajual lahan milikna, duitna dibawa disanggakeun ka rasul-rasul.

Carios Padamelan 5

1 Aya hiji jelema ngaran Ananias jeung bojona Sapirah, ngajual tanahna saluwuk. 2 Tapi duit beubeunanganana, henteu disanggakeun kabeh ka rasul-rasul. Aya anu disalingkuhkeun, sailon jeung bojona. 3 Tapi Petrus uninga, saurna, “Ku naon maneh, Ananias, kapangaruhan Iblis nepi ka wani ngabohong ka Ruh Allah, nya eta nyalingkuhkeun sabagian duit ladang tanah maneh? 4 Upama tanah eta henteu dijual, naha lain tetep boga maneh? Kitu keneh upama dijual, duitna teh naha lain hak maneh keneh? Maneh ngabohong teh lain ka jelema, tapi ka Allah!” 5 Barang dilahiran kitu, bluk bae Ananias tibeubeut, paragat nyawana. Anu nyarahoeun urusanana pohara ngararenjagna. 6 Mayit Ananias diurus ku barudak ngora, diboehan tuluy digotong ka luar baris dimakamkeun. 7 Heuleut kira-kira tilu jam, jol deui bojona. Manehna teu nyahoeun naon anu geus tumiba ka salakina. 8 Dipariksa ku Petrus, saurna, “Bejakeun nu saenyana, bener tanah teh sakitu dijualna?” Jawabna, “Sumuhun sakitu.” 9 Saur Petrus, “Ku naon ieu salaki pamajikan sailon ngadoja ka Ruh Pangeran? Tuh tenjo ka lawang, jalma-jalma anu cikeneh tas ngamakamkeun salaki maneh, baris ngagotong maneh oge!” 10 Bluk awewe teh tibeubeut deukeut sampean Petrus, paeh sapada harita. Ku barudak ngora tea, eta awewe kasampak geus jadi mayit; tuluy bae eta mayit teh digotong ka luar, dimakamkan pagigir-gigir jeung salakina. 11 Sakumna jamaah, sanggeus nyarahoeun kana urusanana, pohara galeumpeurna. 12 Rasul-rasul teh sering pisan ngayakeun tanda-tanda ajaib jeung mujijat-mujijat. Jamaahna kalawan sauyunan sering kumpul di Tepas Sulaeman. 13 Masarakat luareunana teu aya anu wani turut campur, tapi kacida ngajenanana. 14 Bilangan anu aranut ka Gusti Jungjunan urang, terus bae nambahan saban poena, boh awewe, boh lalaki. 15 Jelema-jelema anu garering diangkutan kaluar ka jalan gede, dibawa jeung bale-balena atawa jeung samakna. Maksudna di mana Petrus ngalangkung, tangtu saurang bae mah aya anu kakalangkangan ku anjeunna. 16 Jelema-jelema ti kota-kota sakurilingeun Yerusalem oge, merul marawa anu garering atawa anu jiwana diganggu ku roh jahat: Kabeh calageur deui. 17 Kajadian-kajadian eta teh, tungtungna mah nimbulkeun dengki ti pihak Panghulu Agung katut panganut-panganutna, nya eta ti madhab Saduki. Tah ti dinya, mimitina aranjeunna ngaganggu teh. 18 Rasul-rasul ditangkep, dijebloskeun ka panjara kota. 19 Tapi peutingna, panto panjara teh dibuka ku malaikat Pangeran sarta dituyun ka luar. 20 Saur malaikat, “Bral geura arindit ka Bait Allah, embarkeun pangandika hal hirup anyar teh ka umum.” 21 Tumut kana amanat, wanci rek bray beurang, aranjeunna geus lalebet deui ka Bait Allah terus ngawulang. Sajeroning kitu, Panghulu Agung mundut ka Dewan Sanhedrin, nya eta Mahkamah Agama jeung Rengrengan Sesepuh, supaya ngayakeun sidang sarta miwarang ngala rasul-rasul ka panjara. 22 Barang anu dipiwarang daratang ka panjara, rasul-rasul teh geus teu araya di dinya. Tuluy maranehna baralik deui pikeun ngalapor, pokna, 23 “Panjara kasampak ngonci keneh, kawal-kawal tetep ngajagi satempatna-satempatna, nanging barang dibuka parantos kosong.” 24 Nampa laporan kitu, kapala kawal Bait Allah jeung imam-imam kapala bati tingpelengek teu ngarti bari mikir: Na rasul-rasul teh baris kumaha. 25 Sabot kitu, jol anu unjukan, “Geuning jalmi-jalmi anu ku bapa-bapa dipanjara teh araya di Bait Allah, nuju ngawulang ka umum!” 26 Kapala kawal sabaladna ngagidig ka Bait Allah, tuluy rasul-rasul teh digiringkeun deui. Tapi henteu bari papaksa, da maranehna teh sieuneun bisi dibaledogan ku balarea. 27 Sanggeus jagrag di Mahkamah Agama, rasul-rasul dipariksa ku Panghulu Agung, saurna, 28 “Maraneh geus diwanti-wanti pisan, nya eta teu meunang ngajar ku cara nyebut-nyebut eta Ngaran; tapi maraneh anggur ngaliar-liarkeun eta pangajaran, nepi ka pinuh sa-Yerusalem jeung rek neumbleuhkeun pangwales pati eta Jalma ka kami sakabeh!” 29 Saur Petrus sarencang-rencang, “Abdi sadaya ngaraos, langkung wajib ta'at ka Allah batan ka jelema. 30 Isa anu ku bapa-bapa dihukum gantung sareng ditelasan, ku Allah nu disembah ku karuhun urang parantos digugahkeun. 31 Anjeunna ku Allah parantos dijungjung ku panangan tengen-Na, dijenengkeun Pamingpin sareng ngajadi Juru Salamet, baris mingpin bangsa Israil kana pertobat supados kenging pangampura dosa. 32 Abdi sadaya anu jaradi saksina; kitu deui, Ruh Allah anu parantos dikurniakeun Allah ka sadaya jalmi anu anut ka Anjeunna.” 33 Meunang waleran kitu teh, aranjeunna kacida geregeteunana; niatna mah hayang maehan. 34 Di Majelis Agama aya hiji urang Parisi, ahli Kitab anu kacida dihormat-hormatna ku sakumna rayat. Neut anjeunna ngadeg, mundut ka sidang supaya rasul-rasul dikaluarkeun sakeudeung. 35 Geus kitu, anjeunna nyarios ka sidang, saurna, “Saderek-saderek urang Israil, sing atos-atos mutuskeun perkarana eta jalmi-jalmi, manahan heula sing lantip. 36 Emut, kapungkur aya si Teodas anu ngakukeun jalma luar biasa, — anu gaduh panganut kinten-kinten opat ratus urang — nanging ahirna dipaehan, panganut-panganutna ge bubar dugi ka musna. 37 Saparantos eta, nalika aya cacah jiwa tea, jol deui si Yudas urang Galilea anu ngered jelema rea pisan dibawa ngabarontak. Ieu oge ahirna tiwas sareng panganut-panganutna bencar bubar. 38 Nilik ka dinyana simkuring sumeja ngahaturkeun wawadi, keun bae eta jalmi-jalmi teh ulah dikitu-kieu. Upami pakarepan atanapi pagawean maranehna teh, timbul tina karepna sorangan, tangtos moal teu gagal. 39 Sawangsulna, upami leres kalayan kersaning Allah, atuh mustahil ku urang tiasa dibasmi; malah palangsiang matak malindes ka urang sabab urang sorangan anu ngalawan ka Allah.” Nasehatna katarima. 40 Tuluy rasul-rasul teh disaur deui; sanggeus dihukum rangket, aranjeunna dibebaskeun bari dilarang teu kawidian ngajar mamawa jenengan Isa. 41 Rasul-rasul arangkat ngantunkeun Mahkamah Agama dibarung ku kagumbiraan, dumeh ngaraos layak nyorang sangsara sarupa kitu lantaran ngagem jenengan Isa. 42 Aranjeunna, saban poe, teu eureun-eureun ngawuruk, boh di Bait Allah, boh ka somah-somah bari ngawawarkeun Injil hal Isa Al Masih.

Carios Padamelan 6

1 Hiji mangsa, sanggeus murid-murid beuki loba, urang Yahudi anu sapopoena ngaromong dina basa Yunani kukulutus. Lantaran ngarasa randa-randana disapirakeun dina urusan ngabayuanana, beda ti randa-randa urang Yahudi asli. 2 Ku dua belas rasul, murid-murid teh dipiwarang kumpul. Tuluy ku rasul-rasul dicariosan, “Pangandika Allah teu meunang kateler-teler ku nguruskeun bae sual-sual sejen. 3 Matak eta, dulur-dulur, coba milih batur tujuhan anu kasebut hade kalakuan jeung budina. Jelema-jelema bieu, engke urang angkat keur urusan eta; 4 supaya bapa sapara kanca bisa jongjon dina urusan sembahyang jeung Pangandika Allah.” 5 Ieu usul kacida pada ngarempuganana; tuluy jamaah teh milih: Stepanus, jelema anu ibadah pisan tur kaancikan Ruh Allah, Pilipus, Prokorus, Nikanor, Timon, Parmenas, jeung Nikolaus urang Antioki anu nyekel agama Yahudi. 6 Sanggeus anu tujuhan eta dideuheuskeun, ku rasul-rasul dipangnedakeun jeung ditumpangan panangan. 7 Pangandika Allah beuki sumebar, bilangan murid beuki loba, malah loba panghulu anu tumut kana kapercayaan jamaah. 8 Kocap, Stepanus — anu ginuluran kurnia jeung kawasa — bisa ngayakeun tanda-tanda ajaib jeung mujijat-mujijat hareupeun umum. 9 Geus kitu, ka anjeunna aya anu ngajak padu. Jelema-jelema anu ngajak padu teh, nya eta ti jamaah Yahudi anu disebut kaum Libertini, — anggota-anggotana teh, sawatara asal ti jamaah urang Kirena, sawatarana deui ti Aleksandria — urang Yahudi ti Kilikia, jeung ti Asia. 10 Tapi maranehna teu kuat ngalawan kapercekaan Stepanus, teu sanggup nandingan Ruh Allah anu ngatur kasauranana. 11 Seug bae maranehna ngarorojok batur, pokna, “Eta jelema teh ucap-ucapanana ngahina ka Nabi Musa jeung ka Allah!” 12 Pangaruhna teurak ka jalma rea, ka rengrengan sesepuh, jeung ka ahli-ahli Kitab; terus bae maranehna teh nangkep Stepanus sarta ngagiringna ka Mahkamah Agama. 13 Maranehna ngayakeun saksi-saksi palsu sina ngucapkeun pitenah: “Ieu jalmi teu eureun-eureun ngaluarkeun omongan anu nganistakeun tempat suci sareng hukum Toret. 14 Kakuping pisan ku simkuring sabatur-batur, anjeunna nyebat-nyebat yen Isa, urang Nasaret tea, baris ngaruag tempat suci sareng ngarobah adat tali paranti bangsa urang titilar Musa.” 15 Rengrengan marerong ka Stepanus, tapi pasemonna katembong cahayaan lir raray malaikat bae.

Carios Padamelan 7

1 Panghulu Agung mariksa, “Enya kitu, eta dakwaan teh?” 2 Stepanus ngawalon, “Saderek-saderek sareng bapa-bapa sadaya, darangukeun. Allah, anu Maha Mulya, ngebrehkeun salira ka Ibrahim, rama karuhun urang, di Mesopotami; samemeh anjeunna ngalih ka tanah Haran. 3 Kieu timbalana-Na: “Geura incah ti lemah cai lembur kiwari, tinggalkeun babarayaan. Teang hiji nagri, anu baris dituduhkeun ku Kami.” 4 Ibrahim jengkar ngantunkeun tanah urang Kasdim, teras mukim di tanah Haran. Saparantos ramana pupus, ku Allah ditimbalan ka dieu, nya ka tempat pamatuhan aranjeun ayeuna. 5 Nanging anjeunna henteu dipasihan tanah sacangkewok-cangkewok acan, mung dijangjian wungkul, yen ieu tanah tanwande jadi milik anjeunna sareng turunanana. Padahal harita anjeunna teu acan kagungan putra. 6 Kieu dawuhan Allah teh, nya eta: Turunan anjeunna baris nyiruruk di tanah deungeun, dibudakkeun, sareng dikakaya ku eta bangsa salami opat ratus taun. 7 Tapi bangsa anu nganiayana, moal henteu dihukum ku Kami; saterusna, maranehna bakal budal ti pangumbaraan baris babakti ka Kami di ieu tempat. 8 Ibrahim, ku Allah, dipaparin sarat sunat. Kitu nu mawi saparantos anjeunna puputra Isak, putrana oge dina yuswa dalapan dinten disepitan. Isak puputra Yakub, Yakub puputra dua belas urang, anu jadi luluhur urang sadaya. 9 Luluhur-luluhur urang sirik dengki ka Yusup, raina. Yusup dijual ka Mesir, nanging Yusup diaping ku Allah. 10 Ahirna, Yusup dikersakeun leupas tina kabalangsakan tur mendak kurnia sareng dikersakeun pinter wijaksana di payuneun Piraon raja Mesir. Ku Piraon dijenengkeun raja anom, ngurus nagri Mesir sareng saeusi karaton. 11 Salajengna, timbul bahla kalaparan di sakuliah Mesir sareng tanah Kanaan, anu tigeratna, nepi luluhur karuhun urang teu mendak pisan bahan tedaeun. 12 Aya wartos ka Yakub yen di Mesir aya gandum; lajeng Yakub ngajurung karuhun urang ka ditu; eta teh, iangan anu ngawitan. 13 Dina iangan kadua kalina, aranjeunna ditepangan ku Yusup anu ngenalkeun anjeun, dugi ka Piraon uningaeun kana asal-usul Yusup. 14 Yusup ngangkir Yakub, ramana, ka Mesir katut wargi-wargina; sadayana aya tujuh puluh lima jalmi. 15 Yakub jengkar sareng matuh di Mesir. Anjeunna, kitu deui karuhun-karuhun urang, parupusna di Mesir. 16 Nanging dikurebkeunana mah di tanah Sekem, di hiji pajaratan kenging ngagaleuh Ibrahim ti anak ki Hemor urang Sekem. 17 Beuki caket kana laksanana jangji Allah ka Ibrahim tea, bangsa urang di Mesirna wuwuh jembar; 18 tug, dugi ka jumenengna raja Mesir anu anyar, anu sama sakali henteu uningaeun ka Yusup. 19 Eta raja, ngatur tipu daya pikeun ngagencet bangsa urang. Karuhun urang diteungteuinganan, orok-orok bangsa urang diparentah kedah dipiceun, supados bangsa urang ulah ngarekahan. 20 Nya dina jaman eta, Musa dibabarkeun; kasepna teh kabina-bina. Dirorokna di bumi ibu ramana teh mung kenging tilu sasih, teras bae dipiceun. 21 Saparantos dipiceun, Musa, dipulung ku putri Piraon, tuluy diasuh sareng diasih lir ka putra ku anjeun. 22 Ku putri, Musa, dipiwarang dididik sareng diwulang elmu panemu urang Mesir, nepi ka perceka, pinter nyarita, sarta ageung pangaruhna. 23 Musa, dina yuswa opat puluh taun, jorojoy kahoyongna maluruh kaayaan dulur-dulur sabangsana, bangsa Israil. 24 Hiji waktos, anjeunna ningali urang Israil anu dipahala ku urang Mesir, enggal dibelaan, ku jalan urang Mesirna dipaehan. 25 Dina panggalihna, tangtos dulur-dulur sabangsa teh baris ngartos yen anjeunna dikersakeun ku Allah pikeun nyalametkeun bangsana; nanging panggalihna mencog. 26 Enjingna deui, anjeunna ningali urang Israil duaan garelut, enggal disapih saurna, ‘Dulur-dulur, ku naon garelut silih pahala pada bangsa?’ 27 Nanging ku anu saurang, nya eta anu lepat tea, Musa disuntrungkeun bari sanggemna: 28 ‘Na saha anu ngangkat anjeun jadi kapala jeung hakim urang! Rek maehan deuih, ka kuring, cara kamari maehan urang Mesir?’ 29 Kenging walonan kitu Musa enggal kabur, nyiruruk di tanah Midian. Di dinyana puputra dua, lalaki sadayana. 30 Heuleut opat puluh taun, anjeunna ningali malaikat nembongan di Gunung Sinai, di tegal keusik, dina seuneu hurung anu ngagedur dina rungkun cucuk. 31 Atuh kalintang heraneunana. Lajeng nyaketan hoyong nyidikkeun, nanging aya gentra Pangeran, dawuhana-Na: 32 ‘Kami teh Allah nu disembah ku karuhun maneh, nya eta Allah nu disembah ku Ibrahim, Isak, jeung Yakub.’ Musa dugi ka ngadegdeg sareng teu wantuneun ningali. 33 Allah nimbalan deui, ‘Laan tarumpah maneh sabab tempat anu ditincak ku maneh teh, suci. 34 Kami nyaho pisan yen kaayaan umat Kami di Mesir teh balangsak; Kami ge, geus ngadenge rarumahuhna. Ayeuna Kami turun rek ngaleupaskeun. Ku sabab eta, hiap, maneh rek diutus ka Mesir.’ 35 Musa, anu ku jelema kantos ditolak ku omongan, ‘Na saha anu ngangkat anjeun jadi pamingpin jeung hakim teh?’ Nanging ku Allah, anjeunna anu diutus jadi pamingpin jeung anu ngaleupaskeun bani Israil; kalayan pitulung malaikat anu tembong tina rungkun cucuk tea. 36 Nya anjeunna anu mingpin budalna urang Israil, ku jalan ngayakeun tanda-tanda sareng kaahengan-kaahengan di Mesir, di Laut Kolsum, sareng di tegal keusik salami opat puluh taun. 37 Nya anjeunna oge, anu ngalahir yen, ‘Maraneh ku Gusti Allah bakal dibere hiji nabi anu saperti kami, asal ti maraneh keneh.’ 38 Nya anjeunna keneh, anu sasauran dina pajemuhan di tegal keusik, jadi perantara antawis karuhun urang sareng malaikat anu ngalahir di Gunung Sinai tea. Nya anjeunna anu ngemban dawuhan-dawuhan, pangandika anu hurip nu baris ditepikeun ka aranjeun. 39 Nanging ku karuhun urang henteu diturut, anjeunna ditolak; karuhun urang anggur malik tibelat ka Mesir. 40 Salajengna, maranehna meredih ka Harun, ‘Cik pangdamelkeun arca-arca aallahan pikeun lulugu urang; margi Musa, anu ngabudalkeun urang ti Mesir teu sumping-sumping, duka katarajang naon.’ 41 Nya lajeng maranehna ngadamel hiji arca anak sapi tea; teras si berhala bubuatanana sorangan teh, disasajenan sareng dipuja-puja. 42 Kitu nu mawi, lajeng ku Allah ditilar, diantep sina nyarembah ka dangiang-dangiang, cocog sareng anu kaserat dina kitab nabi-nabi: ‘Na osok maraneh, sajero opat puluh taun di gurun alas mere pangbakti atawa kurban peuncitan ka Kami, eh, bani Israil? 43 Tara! Maraneh anggur mamawa tempat si Molok jeung bebentangan dewa Repan! Sesembahan maraneh arca. Ku sabab eta maraneh ku Kami baris dibuang ka beh ditueun tanah Babul.’ 44 Di karuhun urang, di gurun alas, aya Kemah Suci anu dipidamelna numutkeun pituduh Allah ka Musa. 45 Nalika ngarebut ieu tanah, ti bangsa lian anu diusir ku Allah ti hareupeun karuhun, dina pingpinan Yosua; eta Kemah teh ngiring dibantun ka ieu tanah, tug dumugi ka jaman Daud. 46 Daud, anu ginuluran rahmat kurnia Allah, mundut diwidian ngadegkeun wangunan kanggo panglinggihan Allah nu disembah ku Yakub. 47 Nanging Sulaeman, anu kalaksanakeun ngadegkeunana mah. 48 Nanging Anu Maha Agung mah tangtos moal linggih di tempat kenging nyieun jalmi, sakumaha saur nabi: 49 ‘Singgasana Kami teh, langit; sedengkeun tatapakan suku Kami, nya eta bumi. Imah nu kumaha, nu ku maneh rek dijieun pikeun Kami?’ — timbalan Pangeran — ‘atawa tempat nu kumaha pikeun Kami reureuh teh? 50 Eta sakabeh, naha lain beunang leungeun Kami?’ ” 51 “Aranjeun teh bangsa bedegong, hate jeung ceuli teu disunat, teu diberesihan. Sapapanjangna ngalawan ka Ruh Allah, saruana jeung nu jadi karuhun. 52 Nabi mana anu henteu dikaniaya ku karuhun aranjeun? Sadayana dipaehan, oge iber-iber anu ngiberan pisumpingeunana Sampurnaning Manusa teh, ku aranjeun dihianat tug dumugi ka dipaehan pisan. 53 Kalayan jalan anu aheng aranjeun dipaparin kitab Toret, katampina ti panangan para malaikat, nanging ku aranjeun teu dipake!” 54 Barang anggota-anggota Mahkamah Agama ngadarenge omongan sarupa kitu, mani ngagalidir awakna bari tikekereket. 55 Ari Stepanus, anu pinuh ku Ruh Allah, tanggah ka langit; breh ningal kamulyaan Allah jeung Isa ngadeg di tengeneun Allah. 56 Pok sasauran, “Tuh, simkuring ningal langit muka. Putra Manusa katingal nuju ngadeg di tengeneun Allah!” 57 Dijawab ku nu tingsaroak bari nyarocokan ceuli, breg bae anjeunna diambreg; 58 tuluy anjeunna disered ka luareun kuta; geus kitu, maranehna pada maledogan, ka anjeunna, ku batu. Nu keur narapsu teh, maruka jubahna; suk-sok, jarubahna teh, diteundeunan deukeut hiji budak ngora ngaran Saulus. 59 Stepanus sasambat, “Nun Isa, Gusti Jungjunan simabdi, mugi tampi nyawa abdi.” 60 Bari sideku anjeunna ngagero, “Nun Gusti Pangeran, ieu jalmi-jalmi teh mugi dihampura!” Geus kitu les bae lastari.

Carios Padamelan 8

1 Ari Saulus, dina hatena, pohara panujuna Stepanus dipaehan teh. (8-1b) Ti semet harita, jamaah di Yerusalem teh nandangan panganiayaan anu pohara hebatna. Anggota-anggotana, iwal ti rasul-rasul mah, jadi pabalencar ka wilayah-wilayah Yudea jeung Samaria. 2 Layon Stepanus dipulasara ku anu saraleh kalawan hate anu pohara nalangsana. 3 Ari Saulus, terus bae nguwak-ngawik boga niat numpes jamaah; awewe lalaki, ku manehna, disaksrak ka saban imah terus diseredan diasup-asupkeun ka pangbuian. 4 Ari anggota-anggota anu geus mencar tea mah, ngasruk ka ditu ka dieu ngawawarkeun Injil. 5 Aya hiji kota di Samaria anu didatangan ku Pilipus; terus anjeunna oge, ngawanohkeun Al Masih ka urang dinya teh. 6 Urang dinya saregep pisan ngabandungan; pituturna anu diwuwuh ku ngayakeun tanda-tanda ajaib jeung mujijat-mujijat ditarima kalawan hate anu buleud. 7 Karana loba jelema-jelema anu diraksuk ku roh-roh jahat, dicageurkeun; roh-roh jahatna, nyalingkir bari tingjarerit; nu lalumpuh jeung nu dareog oge, dicalageurkeun; 8 pohara matak bungahna ka urang dinya. 9 Di dinya aya hiji jelema ngaranna Simon, anu ngakukeun jalma pinunjul pedah bisa nyieun sihir anu matak bengong; manehna jadi tukang sihir teh geus lila. 10 Urang dinya, ti nu pangluhurna nepi ka nu panghandapna, kacida mupunjungna; nyarebutna oge: “Jelema anu kasinungan ku kaagungan kakawasaan Allah.” 11 Geus lila pisan maranehna keuna ku pangaruh eta jelema teh, nya eta lantaran ku sihirna tea. 12 Tapi sanggeus ku Pilipus diwawaran Injil Al Masih nepi ka palercayana; maranehna, awewe lalaki kabeh dibaptis. 13 Simon oge percaya sarta sanggeus dibaptis manehna jadi embung pisah ti Pilipus. Nenjo kaahengan-kaahengan jeung mujijat-mujijat teh, manehna bati heran bae. 14 Beja yen tanah Samaria geus narima kana pangandika Allah geus nepi ka rasul-rasul di Yerusalem; tuluy Petrus jeung Yahya diutus ka ditu. 15 Sasumpingna, aranjeunna neneda, nyuhunkeun supaya urang dinya pada-pada ginanjar Ruh Allah. 16 Sabab harita mah, Ruh Allah acan turun ka saurang-urang acan di Samaria teh. Maranehna kakara dibaptis ku pajenengan Isa bae. 17 Sabada ku anu duaan ditarumpangan panangan, kakara maranehna ginanjar Ruh Allah. 18 Barang katenjo ku Simon yen Ruh Allah bisa katarima ku jalan numpangkeun leungeun; seug bae, manehna teh ngahaturan duit ka rasul-rasul, 19 bari pokna, “Abdi oge hoyong gaduh kabisa kitu, tiasa nurunkeun Ruh Allah ka saha bae anu ku abdi ditumpangan leungeun.” 20 Tapi saur Petrus, “La'nat eta duit teh, kitu deui anjeun! Naha panyangka anjeun kurnia Allah teh beunang dibeuli ku duit? 21 Pamohalan anjeun meunang bagian atawa hak dina ieu perkara, sabab bengkok sembah enggoning ibadah ka Allah. 22 Leuwih hade anjeun buru-buru tobat, ulah tonggoy dina kajahatan. Buru-buru anjeun sasambat ka Pangeran, malah mandar eta pikiran anu sakitu gorengna teh dihampura ku Anjeunna. 23 Sabab kaimplengna anjeun teh badis hamperu, pait ku dengki jeung kajiret ku dosa pasirikan!” 24 Simon terus tomada pokna, “Nyuhunkeun dipangnedakeun bae ka Pangeran, mugi-mugi diri abdi ulah cios katarajang nasib anu bieu disaurkeun ku bapa.” 25 Sanggeus maparin panyaksen jeung ngawurukkeun pangandika Allah, Petrus jeung Yahya marulih deui ka Yerusalem bari sajajalan ngawawarkeun Injil di kampung-kampung wilayah Samaria. 26 Kakocapkeun, Pilipus didawuhan ku malaikat Pangeran, saurna, “Geura leumpang ngajugjug ka kidul, make jalan anu mudun ti Yerusalem ka Gasa, anu tiiseun tea.” Pilipus tumut, bral miang. 27 Harita, aya hiji mantri jero urang Etiopi, nya eta ponggawa anu ngurus harta kakayaan ratu Sri Kandasi, ratu nagara Etiopi; anjeunna teh tas ti Yerusalem ngalakonan ibadah. 28 Ayeuna, anjeunna teh eukeur di jalan seja mulih, tunggang kareta bari ngaos kitab Nabi Yesaya. 29 Saur Ruh ka Pilipus, “Tuh sampeurkeun, deukeutan karetana!” 30 Sanggeus disampeurkeun, ku Pilipus kakuping, anjeunna keur ngaos kitab Nabi Yesaya tea; tuluy bae ku Pilipus teh ditaros, “Kumaha kahartos nu diaos teh?” 31 Waler mantri jero bari ngajak Pilipus unggah kana kareta, “Bade ngartos kumaha margi teu aya anu nerangkeun.” 32 Ayat anu diaosna teh kieu: ‘Lir domba anu ditungtun ka pameuncitan, jeg anak domba diguntingan buluna teu kecet-kecet: Anjeunna mindel, sakecap teu kedal saur. 33 Sajeroning nandangan panghina, Anjeunna ditibanan hukuman. Saha anu seja ngaguar asal-usul-Na? Nyawana lastari dicabut ti dunya.’ 34 Saur mantri jero, “Anu bade ditaroskeun teh eta anu dimaksad ku nabi tea: Saha? Salirana ku anjeun atanapi anu lian?” 35 Barabat ku Pilipus diterangkeun nepi ka Injil Isa, mimiti ti ayat anu bieu tea. 36 Sabot kitu, aranjeunna nepi ka hiji tempat di sisi cai. Saur mantri jero, “Kaleresan, eta aya cai. Kumaha moal aya kaabotan upami simkuring dibaptis?” 37 Pilipus, “Atuh mangga upami leres-leres percanten mah.” Walerna, “Kantenan, percanten pisan: Isa teh Putra Allah.” 38 Reg karetana dieureunkeun, crub duanana, nya eta Pilipus jeung anjeunna ancrub ka cai; tuluy anjeunna dibaptis ku Pilipus. 39 Pilipus mah, barang hanjat ti cai, teu katingal deui ku mantri jero lantaran digaibkeun ku Ruh Pangeran. Ti dinya, mantri jero, terus ngalajengkeun perjalanan bari pinuh ku kabingahan. 40 Ari Pilipus terang-terang geus aya di daerah Asdod, terus kebat lalampahanana bari ngawawarkeun Injil sapanjang jalan nepi ka nagara Kesarea.

Carios Padamelan 9

1 Sajeroning kitu, Saulus beuki ngentab bae hatena; manehna hayang ngabasmi murid-murid Gusti Jungjunan urang, nepi ka musna. 2 Manehna geus meunang surat kawasa ti Imam Agung pikeun tembongkeuneun ka Majelis-majelis Yahudi, eusina: Idin newakan jelema-jelema anu ngalakonan Jalan Lempeng Jungjunan urang, saha bae boh lalaki, boh awewe kudu digusur ka Yerusalem. 3 Waktu keur ngajugjug kota Damsik, barang manehna geus rek nepi, dumadakan manehna katojo ku cahaya anu moncorong ti langit. 4 Blug bae, manehna ngagebut kana taneuh; terus aya soara anu nyebut ngaranna, “Saulus, Saulus! Kaniaya temen maneh ka Kami!” 5 Saulus nyoara, “Saha eta anu sasauran teh?” Soara, “Kami Isa, anu dikaniaya ku maneh tea. 6 Geura hudang, tuluykeun asup ka jero kota teh, engke ku Kami dituduhan kudu kumaha nya pilampaheun maneh teh.” 7 Babaturanana mah bati tingpolongo bae, da ku maranehna oge kadarenge soara teh tapi jirimna mah teu aya. 8 Korejat, Saulus hudang, terus nangtung. Barang beunta bet manehna teu bisa nenjo naon-naon; atuh kapaksa, manehna kudu ditungtun ku babaturanana ka jero kota Damsik teh. 9 Meunang tilu poe manehna teu bisa nenjona teh, nya bari henteu kararaban cai-cai acan. 10 Di Damsik teh aya hiji murid Gusti Jungjunan urang, ngaranna Ananias. Ditimbalan ku Gusti Jungjunan urang, dina tetenjoan, dawuhana-Na, “Ananias!” Ananias ngawangsul, “Nun, ieu abdi!” 11 Dawuhana-Na deui, “Ka ditu leumpang ka imah Yudas di Jalan Lempeng, tanyakeun jelema anu ngaran Saulus urang Tarsus, ayeuna manehna keur neneda. 12 Ku Kami geus dibere tetenjoan yen bakal kadatangan jeung ditumpangan leungeun ku nu ngaran Ananias anu ngalantarankeun panonna baris awas deui bisa nenjo cara sasari.” 13 Wangsul Ananias, “Gusti Jungjunan simabdi, eta jalmi teh seueur pisan kawartoskeunana yen kalintang jahatna ka umat suci, kagungan Anjeun di Yerusalem. 14 Dongkapna ka dieu oge nganggo surat kawasa ti imam-imam kapala, bade newakan sugri anu sumambat ka pajenengan Gusti Jungjunan simabdi.” 15 Tapi saur Gusti Jungjunan urang, “Jung bae teang; sabab ku Kami geus dijadikeun pangbantu pikeun ngemban ngaran Kami ka bangsa-bangsa sejen katut raja-rajana jeung ka bani Israil. 16 Memang, Kami pribadi seja mere nyaho ka manehna yen manehna baris nandangan sangsara anu pohara lantaran ngemban ngaran Kami.” 17 Bral Ananias indit, sup ka imah Yudas; tuluy anjeunna numpangkeun leungeun ka Saulus bari nyarita kieu, “Saderek Saulus, simkuring teh dipiwarang nepangan ku Gusti Jungjunan simkuring, nya eta Isa, — anu nembongan ka saderek di tengah jalan tea — supaya saderek tiasa deui ningal sareng ginanjar Ruh Allah.” 18 Sapada harita keneh, lir aya lamad anu coplok tina panonna; jadi, manehna bisa deui nenjo; tuluy manehna nangtung geus kitu terus dibaptis. 19 Di Damsik, Saulus nganjrek sababaraha lila reureujeungan jeung murid-murid. 20 Malah geus mimiti medarkeun hal Isa di tempat-tempat ibadah; anjeunna nerangkeun yen Isa teh Putra Allah. 21 Atuh anu ngadarengena teh hareraneun pisan, aromongna, “Eta teh lain anu jahat kabina-bina tea ka urang Yerusalem anu marupunjung ngaran Isa? Ka dieuna teh lain ngahaja rek nyangkalak anu karitu serenkeuneun ka imam-imam kapala?” 22 Tapi pangaruh Saulus teh, beuki tambah-tambah bae. Anjeunna ngahariwangkeun urang Yahudi anu di Damsik lantaran teu asa-asa ngayakinkeun yen Isa teh Al Masih. 23 Teu lila ti harita, urang Yahudi sakait rek maehan Saulus. 24 Tapi maksud jahat maranehna, kanyahoan manten terus dibejakeun ka Saulus. Anu ngararahna, nya eta pikeun maehan anjeunna, beurang peuting megat Saulus ku jalan ngajaraga lawang kuta. 25 Tapi dina hiji peuting, Saulus bisa diloloskeun ku murid- murid, nya eta ku jalan diulur dina karanjang tina tembok kuta. 26 Sanggeus aya di Yerusalem, Saulus nyampeurkeun ka murid- murid. Tapi maranehna sarieuneun, teu ngandel yen manehna geus jadi murid Gusti Jungjunan urang. 27 Tapi Barnabas mah, daekeun narima anjeunna. Tuluy anjeunna dibawa ka rasul-rasul, bari diunjukkeun lalakonna ningal Gusti Jungjunan urang, keur waktu di tengah jalan tur ngadenge gentra-Na. Oge diunjukkeun wawanenna, basa di Damsik, teuneung ludeung biantara ngemban pajenengan Isa. 28 Saterusna, Saulus jeung aranjeunna ngider ka sakuliah Yerusalem. Anjeunna teu inggis-inggis, biantara ngemban pajenengan Gusti Jungjunan urang. 29 Jaba ti kitu, anjeunna oge tara inggis-inggis sual jawab jeung urang Yahudi anu ngagunakeun basa Yunani, nepi ka diarah- arah patina. 30 Barang kanyahoan yen anjeunna keur diarah-arah, ku anggota- anggota jamaah disilibkeun ka Kesarea; ti dinya, terus anjeunna teh, dicandak ka Tarsus. 31 Ti semet harita, pikeun sawatara lilana, jamaah-jamaah di sakuliah Yudea, Galilea, jeung Samaria bisa nyeunghap aya dina katengtreman. Jamaah teh, ngadeg jeung hirupna aya dina rasa wedi asih ka anu jadi Gustina. Bilanganana oge beuki jembar bae ku lantaran pangdeudeul jeung panglilipurna Ruh Allah. 32 Sajeroning kitu, Petrus angkat ngider ka daerah-daerah sarta nyimpang ka murid-murid Gusti Jungjunan urang, nu matuh di Lida. 33 Di dinya, anjeunna mendakan hiji jelema anu lumpuh geus dalapan taun ngagoler bae di enggon, ngaranna Eneas. 34 Saur Petrus ka Eneas, “Eneas, anjeun tangtu cageur ku pitulung Isa Al Masih. Geura hudang, enggonna benahan.” Sapada harita keneh, Eneas ngorejat hudang. 35 Urang Lida jeung urang Saron barang nyaho Eneas cageur, tuluy bae aranut ka Gusti Jungjunan urang. 36 Kacatur, di Yopa aya hiji murid wanita ngaranna Tabita, ari dina basa Yunani mah, ngaran Dorkas (hartina: Uncal); wanita ieu teh, resep kana tutulung resep mere sidekah. 37 Brek bae, Tabita teh gering malah nepi ka hanteuna. Meunang ngamandian, mayitna, dipernahkeun di loteng. 38 Ku sabab Yopa teu jauh ti Lida, murid-murid tarerangeun yen Petrus keur aya di Lida. Tuluy murid-murid teh nitahan duaan ngangkir anjeunna, supaya enggal-enggal sumping ka Yopa. 39 Sanggeus tarapti, bral Petrus angkat gagancangan bareng jeung nu ngangkir. Sanggeus sumping, Petrus terus ka kamar mayit; anjeunna dituturkeun ku randa-randa anu bari tingsalegruk ngunjukkeun rupa-rupa pakean beunang nyieun marhumah Dorkas. 40 Tapi ku anjeunna, dipiwarang kalaluar. Geus kitu, brek anjeunna sideku, ngadu'a. Saterusna, anjeunna mayun ka lebah mayit bari saurna, “Tabita, geura hudang!” Nyah mayit teh beunta; waktu panonna ngagiler ka Petrus, eta wanita, tuluy cengkat nyanghunjar. 41 Ku Petrus dituyun leungeunna dibantuan nangtung. Geus kitu umat-umat suci jeung randa-randa teh disalaur, sina narepungan ka Tabita anu geus hirup deui. 42 Eta kajadian terus sumebar ka sakuliah Yopa, ngalantarankeun loba pisan anu tuluy aranut percaya ka Gusti Jungjunan urang. 43 Meunang sababaraha poe Petrus nganjrek heula di Yopa, di imah ki Simon tukang ngawidang kulit.

Carios Padamelan 10

1 Di nagri Kesarea, aya hiji opsir pasukan Itali, ngaranna Kornelius. 2 Anjeunna teh hade lampah jeung getol tapakur; anjeunna, sakulawarga, ajrih ka Allah jeung mindeng mere derma ka bangsa Yahudi. 3 Dina hiji sore, kira-kira wanci pukul tilu, aya malaikat nembongan ka anjeunna, bari nyaur, “Kornelius!” 4 Sieun-sieun oge Kornelius ngawalon bari neuteup, “Aya pikersaeun naon, Gusti?” Waler malaikat, “Do'a paneda maneh geus tepi ka hadirat Allah jeung geus meunang sapaat-Na. 5 Geura nitahan jelema ka kota Yopa, angkir jalma anu ngaran Simon anu katelah Petrus. 6 Ayeuna, anjeunna keur aya di imah tukang ngawidang kulit ngaran Simon keneh, pernahna di sisi laut.” Geus kitu malaikat teh mulih. 7 Gancangna Kornelius nyalukan bujangna duaan jeung hiji serdadu anu geus kadeuheus. 8 Maranehna diparentah ka Yopa, harita keneh, sanggeus dibejaan naon kaperluanana. 9 Poe isukna, waktu jurungan geus deukeut ka kota, Petrus unggah ka loteng — anu aya di hateup imahna nu papak — seja tapakur. 10 Bet ngadadak anjeunna ngaraos lapar. Tapi sabot disadiakeun, leng bae pana ku pangawasa ilahi. 11 Anjeunna ningal langit muka sarta katenjo aya nu jiga lawon rubak, — anu ditalian dina kaopat juruna — diturunkeun nepi kana taneuh. 12 Eusina lawon teh, nya eta rupa-rupa sato boh bangsaning suku opat, boh nu ngarayap, jeung bangsa manuk oge. 13 Ngong aya soara kieu, “Geura hudang, Petrus! Heug peuncit, heug dahar eta sato teh!” 14 Waler Petrus, “Palias Gusti! Abdi mah tara neda barang haram atanapi anu najis.” 15 Ngong deui soara, “Anu geus dihalalkeun ku Allah, ku maneh teu meunang diharamkeun.” 16 Kitu jeung kitu bae, nepi ka tilu balikan. Geus kitu, eta barang teh, gancang bae dipulut deui ka langit. 17 Petrus mikiran, hal eta teh, naon pihartieunana. Sabot kitu, jurungan Kornelius geus narepi, nya eta araya di hareupeun panto, bari maluruh, 18 “Leres kitu, bapa Simon anu katelah Petrus teh di dieu calikna?” carek maranehna ka hiji jelema di dinya. 19 Ari Petrus masih keneh mikiran titingalanana tea. Tuluy Ruh nimbalan ka anjeunna, “Tuh, aya nu nareangan duaan. 20 Buru-buru tepungan ku maneh, ka handap; tuluy maneh kudu milu jeung maranehna. Lian ti eta, maneh ulah rumegag sabab ka darieuna teh dititah ku Kami.” 21 Jut, Petrus turun nepungan. “Ieu bapa,” saurna, “aya naon anu diseja?” 22 Jurungan ngawalon, “Nu mawi, ngadeuheus teh ngemban piwarangan Kornelius, opsir anu luhur budi. Anjeunna disumpingan malaikat anu ngemban pidawuh Allah, dipiwarang ngangkir bapa ka bumina; anjeunna seja ngalap piwulangna bapa.” 23 Semah ku Petrus diaku sina mareuting di anjeunna. Poe isukna, bral, anjeunna miang jeung nu ngangkir, dibarengan ku sawatara urang Yopa anu saiman. 24 Isukna, anjeunna sabatur-batur geus aranjog ka Kesarea, nya keur meujeuhna diarep-arep ku Kornelius nu geus ngangkiran sanak baraya jeung sobat-sobatna. 25 Gancang-gancang Petrus ku Kornelius diboro, terus disembah bari sideku. 26 Tapi ku Petrus, geuwat bae anjeunna diajak nangtung. Saurna, “Ngadeg bae, bapa mah jalma biasa.” 27 Sup, aranjeunna arasup bari cacarios pikeun nepungan anu di jarero imah. 28 Saur Petrus ka pribumi, “Dulur-dulur aruninga yen urang Yahudi henteu pisan kenging gaul atanapi natamu ka anu sanes Yahudi deui. Tapi bapa parantos diisaratan ku Allah, dawuhana-Na, ‘Poma ulah nganggap najis atawa haram ka pada jalma.’ 29 Atuh waktu diteang teh, bapa henteu rumegag deui; teras bae bapa ka dieu. Ayeuna bapa seja tumaros, naon pasejaanana neang bapa teh?” 30 Waler Kornelius, “Opat dinten kalangkung, kinten-kinten wayah kieu, — tabuh tilu sonten — abdi teh tapakur. 31 Jleg, aya malaikat ngadeg hareupeun. Panganggona murub mubyar. ‘Kornelius,’ saurna, ‘do'a paneda maneh geus tepi ka hadirat Allah; kitu deui amal sidekah maneh, geus meunang sapa'at di payuneuna-Na. 32 Geura nitahan jelema ka Yopa, angkir Simon anu katelah Petrus, anu keur aya di imah tukang ngawidang kulit ngaran Simon keneh, anu pernahna di sisi laut.’ 33 Enggal-enggal abdi ngajurungan rencang ka bapa. Hatur nuhun, bapa parantos luntur manah kersa sumping. Ieu anu karempel di payuneun Allah, sadayana ngajeng-ngajeng pisan sumeja ngarupingkeun dawuhan Allah anu diemban ku bapa.” 34 Pok, Petrus muka carita, saurna, “Ayeuna ku bapa kaharti, yen mungguh Allah mah teu ngabeda-beda umat. 35 Unggal jalma, bangsa naon bae, anu ajrih ka Anjeunna jeung ngamalkeun kahadean, tangtos baris diangkeun. 36 Hal ieu teh, — Dawuhan Anjeunna tea — kudu ditepikeun ka bani Israil, nya eta pangandika anu mawa katengtreman jiwa ku karana Isa Al Masih nu jadi Gustining sakumna jalma. 37 Saderek-saderek oge, tangtos aruninga kana kajadian-kajadian di tanah Yudea anu diawitanana di Galilea, sanggeus diayakeun baptisan nu diembarkeun ku Yahya. 38 Hal ieu teh, nya ngeunaan Isa Al Masih, — urang Nasaret tea — anu parantos diistrenan ku Allah, ku jalan maparin Ruh Allah sarta kakawasaan. Lajeng, Anjeunna teh ngider bari ngamalkeun kahadean jeung nyageur-nyageurkeun sakur anu digenggem ku kawasa Iblis. Sabab Anjeunna, disarengan ku Allah. 39 Nya bapa sapara kanca anu geus nyaraksian kana sakur padamelana-Na, tug, nepi ka pupus-Na pisan; Anjeunna diperlaya ku urang Yahudi, nya eta ku jalan digantung dina tihang gantungan. 40 Nanging dina poe anu katilu, Isa teh ku Allah digugahkeun deui tina pupus-Na sarta diwidian nembongan. 41 Sanajan kitu, nembongana-Na teh, henteu ka sadayana. Tapi ngan ukur ka saksi-saksi-Na bae, — anu ti samemehna keneh parantos ditangtoskeun ku Allah, nya eta ka bapa sapara kanca — anu kungsi dahar nginum jeung Anjeunna sanggeus Anjeunna digugahkeun deui ti antara anu geus maraot. 42 Bapa sapara kanca, ku Anjeunna, dipapancenan kedah mere embaran sareng panyaksen ka bangsa sakumna; yen Anjeunna teh, ku Allah parantos dijenengkeun Hakimna sakumna jalma, boh anu harirup keneh, boh anu geus maraot. 43 Kitu oge, Nabi-nabi, sadayana sami maparin panyaksenna tina perkawis salira Anjeunna, nya eta sing saha anu percaya ka Anjeunna bakal dihampura dosana ku karana pajenengana-Na.” 44 Sabot Petrus cacarios, Ruh Allah lungsur ka nu keur karumpul ngabarandungan. 45 Pangiring Petrus ti Yopa, nya eta rencang-rencangna anu saiman ti golongan anu disunat, bati arolohok; pamikirna, geuning bangsa sejen oge sarua ginuluran Ruh Allah. 46 Sabab sajeroning ngamulyakeun Allah teh, maranehna, cacaritana ku basa roh. 47 Petrus sasauran deui, “Saupama ieu dulur-dulur ayeuna marenta dibaptis ku cai, naha aya anu seja mapalangan? Margi geus bukti maranehna geus nararima Ruh Allah sarua jeung urang-urang!” 48 Geus kitu Petrus ngahaturanan maranehna, supaya dibaraptis kalawan pajenengan Isa Al Masih. Sanggeus kitu, Petrus, ku maranehna diandeg, nya pikeun sosonoan heula. Di dinya, anjeunna, meunang sababaraha poe.

Carios Padamelan 11

1 Yen ayana bangsa sejen anu narima kana pangandika Allah teh, geus kabejakeun ka rasul-rasul jeung dulur-dulur sakapercayaan nu araya di tanah Yudea. 2 Waktu Petrus ngalongok ka Yerusalem, anjeunna diweweleh ku dulur-dulur ti golongan anu disunat tea, 3 pokna, “Naha bapa teh kersa ngasupan imah bangsa nu teu disarunat, malah tuang babarengan jeung golongan anu karitu?” 4 Tuluy, hal ihwalna teh, ku Petrus dijentrekeun parele; saurna, 5 “Hiji mangsa, basa bapa keur di Yopa, sabot sembahyang dumadakan bapa kabawa ku pangawasa ilahi. Bapa ningal sarupaning barang anu mangrupa lawon rubak nu ditalian kaopat juruna. Eta barang teh, turun nepi ka srogna di hareupeun bapa. 6 Barang ku bapa ditingali, eusina, nya rupa-rupa sato, ti bangsa suku opat nepi ka bangsa nu ngarayap jeung bangsa manuk. 7 Ngong aya soara, pokna: ‘Geura hudang, Petrus! Heug peuncit, heug dahar Eta sato teh!’ 8 Cek bapa teh, palias Gusti, sungut abdi tara pirajeunan kana barang haram atanapi najis. 9 Tuluy, eta soara ti sawarga teh, ngong deui: ‘Anu geus dihalalkeun ku Allah, ku maneh teu meunang diharamkeun.’ 10 Kitu jeung kitu bae nepi ka tilu balikan; sanggeus eta, kakara barangna dipulut deui ka langit. 11 Waktu eta keneh, wet, aya anu carunduk tiluan geus di hareupeun panto imah tempat bapa nganjrek. Sihoreng, maranehna teh, utusan ti Kesarea. 12 Geus kitu, bapa didawuhan ku Ruh Allah, saur-Na: ‘Maneh kudu milu jeung maranehna kalawan ulah rumegag.’ Ka dituna bapa teh dianteur ku genepan. Sanggeusna tepi, sarerea asup ka imah nu ngangkir. 13 Ki pribumi nyaritakeun yen anjeunna geus kasumpingan malaikat, ngadeg di imahna. Eta malaikat nimbalan, yen anjeunna kudu nitahan jelema ka Yopa pikeun ngangkir Simon anu katelah Petrus, 14 nu bakal nungtun maraneh sakulawarga kana jalan pisalameteun. 15 Sabot bapa cacarita di dinya, Ruh Allah lungsur ka maranehna, kawas ka urang-urang tea, bareto. 16 Ras bae, bapa inget kana dawuhan Gusti Jungjunan urang, anu nyaurkeun yen Yahya mah ngabaptisna ku cai, ari urang mah bakal dibaraptis teh ku Ruh Allah. 17 Sabab Allah ku manten, geus maparinkeun sih kurnia ka maranehna sarua jeung ka urang bareto, nya eta basa mimiti percaya ka Isa Al Masih. Atuh pimanaeun bapa bisa ngahalang-halang kana pangersa-Na?” 18 Geus kitu mah, anu ngaweweleh teh laleler; malah antukna mah ngamulyakeun ka Allah, pokna, “Allah teu ngabeda-beda ka bangsa deungeun; lian ti eta, oge maparin kurnia pertobat nu jadi marganing hirup.” 19 Geus kacatur, ti barang Stepanus dipaehan para panganut teh dikaniaya, nepi ka papencar arincah ka mana mendi. Aya nu nepi ka Penisia, ka Siprus, jeung ka Antioki oge. Di ditu ge, maranehna teh tetep bae ngawawarkeun Injil; sanajan ngan ka papada urang Yahudi deui oge. 20 Ti antara anu marubus ka Antioki, aya sawatara urang nu asal ti Siprus jeung ti Kirena. Maranehna ngabarkeun Injil oge ka urang Yunani. Ku maranehna diterangkeun, yen Isa teh Gusti Jungjunan. 21 Lantaran kabiruyungan ku pangheuyeukna panangan Gusti Jungjunan urang, loba pisan jelema anu jadi percaya sarta aranut ka Anjeunna. 22 Ieu hal, kabejakeun oge ka jamaah nu di Yerusalem, anu terus ngirimkeun Barnabas ka Antioki. 23 Barnabas kacida bungaheunana, sanggeus anjeunna ningal bukti buah-buahna rahmat Pangeran di eta tempat. Anjeunna nganasehatan, supaya maranehna tetep tuhu ka Gusti. 24 Lantaran Barnabas teh jelema hade budi tur kadeudeul ku Ruh Allah jeung ku iman, loba jelema anu katarik nepi ka palercayana ka Gusti Jungjunan urang. 25 Ti Antioki Barnabas terus ka Tarsus nepungan Saulus. Tuluy Saulus diajak ka Antioki ku Barnabas. 26 Duanana marukim di jamaah Antioki, meunang sataun campleng bari ngawuruk ka jalma rea. Murid-murid panganut Al Masih teh, nya di Antioki pisan mimiti disarebut ‘Urang Masihi.’ 27 Sajeroning kitu, aya oge nabi-nabi anu ti Yerusalem ngadongdon ka Antioki. 28 Salah saurang di antarana, ngaran Agabus. Anjeunna kaserepan ku Ruh, nyebutkeun yen bakal aya paila hebat di sakuliah dunya. Naon nu geus disebutkeun kuanjeunna, bukti; eta kajadian teh keur jaman Prabu Klaudius. 29 Murid-murid baradami rek arudunan, — gedena kumaha mampuhna masing-masing bae — pikeun disumbangkeun ka dulur-dulur nu marukim di Yudea. 30 Prak bae, murid-murid teh arudunan; tuluy beubeunanganana dipasrahkeun ka pangurus jamaah di Yudea ku jalan dipihapekeun ka Barnabas jeung Saulus.

Carios Padamelan 12

1 Kira-kira dina jaman eta keneh, raja Herodes mimiti nyieun talajak keras ka sawatara anggota jamaah. 2 Yakobus, lanceukna Yahya tea, ku anjeunna dipaehan ku pedang. 3 Uninga yen talajakna kitu teh kapake ku urang Yahudi; kerewek deui bae, manehna teh nangkep Petrus, nya eta dina hari raya “Roti Teu Ragian.” 4 Terus, Petrus teh dipanjarakeun sarta dijaga ku opat regu serdadu, sareguna opat-opat. Maksudna, sabada Paska Petrus teh arek dipariksa perkarana kalawan disaksian ku balarea. 5 Jamaah ngan ukur bisa mangdo'akeun ka Allah, muga anjeunna ditangtayungan. 6 Piisukaneun Herodes rek nyerenkeun Petrus, peutingna, anjeunna kulem teh dihapit ku dua serdadu sarta dirante dua beulitan. Jaba ti eta, aya serdadu sejenna deui anu ngajaraga panto. 7 Ujug-ujug, Jleg, aya malaikat ngadeg deukeut Petrus; kamar jadi hibar ku cahayana. Petrus digeuingkeun, saurna, “Geuwat hudang!” Dadak sakala, rante lesot tina leungeun Petrus. 8 “Buru pake jubah maneh, tuturkeun kami,” saurna deui. 9 Petrus ngiclik nuturkeun malaikat ka luar bari asa samar; naha ieu teh malaikat enyaan atawa titingalan bae. 10 Tempat jaga kahiji jeung kadua geus kaliwat, jol ka panto beusi, nya eta gapura anu losna ka kota. Eta panto, bray, muka ku maneh; bras aranjeunna ka luar, maraju nepi ka tungtung jalan; barang nepi ka dinya tuluy, les, malaikat ngaleungit. 11 Barang emutanana geus jejeg, Petrus ngagerendeng, “Yakin atuh, mo salah deui, Gusti geus ngutus malaikat-Na ngaluputkeun aing tina genggeman raja Herodes jeung tina angkara murkana urang Yahudi.” 12 Sanggeus mikir-mikir sakeudeung, anjeunna terus bae ka imah Maryam, indungna Yahya Markus. Kabeneran, di dinya, loba jelema karumpul keur ngadaro'a. 13 Anjeunna keketrok, tuluy disampeurkeun ku hiji awewe ngaran Rode; anjenna teh, disaha-saha. 14 Rode ujug-ujug tenget bae kana sorana; tapi bawaning ku atoh-atohna, manehna lain buru-buru muka panto, anggur ngadon hariweusweus heula ka anu araya di jero: Petrus cenah anu keketrok teh. 15 Cek batur-baturna, “Boa ngalindur maneh mah!” Tapi manehna, keukeuh ngaenyakeun. Tuluy cek batur-baturna, “Malaikatna meureun eta mah!” 16 Petrus haben bae keketrok. Barang panto dibukakeun, gok, maranehna ngajarenghok karaget. 17 Petrus pepeta ngisarahan ulah recok, bari pok medarkeun lalakonna ditulung ku Gusti lolos ti pangbuian. “Pangbejakeun bae ka Yakobus, kitu deui ka dulur-dulur sejenna,” saurna bari terus ka luar deui muru tempat sejen. 18 Isukna, serdadu-serdadu jaga, raribut silih tanyakeun Petrus; 19 raja Herodes gancang marentahkeun supaya Petrus diteangan, tapi weleh teu kapanggih. Ari serdadu-serdadu jaga sanggeus dipariksa, tuluy bae maranehna, kabehanana, diparaehan. Beres eta, sang raja ngantunkeun Yudea, angkat ka Kesarea sarta linggih di dinya. 20 Hiji mangsa, raja Herodes bendu pisan ka urang Tirus jeung Sidon. Sanggeus samupakat, urang Tirus jeung Sidon teh ngadareuheusan ka anjeunna. Eta teh sanggeus maranehna hasil ngawujukan salah saurang pagawe karaton anu ngaran Blastus, nepi ka biluk daek ngadeudeul mangmentakeun pangampura raja. Ari sababna mah, bahan pangan Tirus jeung Sidon teh, kacida gumantungna ka wilayah cangkingan eta raja. 21 Dina hiji waktu anu geus ditetepkeun, Herodes dangdan, nya eta make anggoan karajaan; tuluy manehna linggih dina singgasana sarta ngagalantang ka rayatna. 22 Rayatna nempas ku surak, majar teh, “Ieu mah gentra ilahi, lain sora manusa!” 23 Sapada harita keneh, sang raja digebug ku malaikat Pangeran lantaran kacida teu hormatna ka Allah. Anjeunna keuna ku panyakit, salirana beak dihakanan ku bilatung nepi ka pupusna. 24 Ari pangandika Gusti beuki sumebar bae, kawentar ka jalma rea. 25 Barnabas jeung Saulus marulang deui, — ti Antioki ka Yerusalem — sanggeus tugas-tugasna beres, bari mawa Yahya anu sok katelah oge Markus.

Carios Padamelan 13

1 Harita, di jamaah Antioki, aya sawatara nabi jeung guru agama, nyaeta Barnabas, Simeon anu katelah Niger, Lukius urang Kirena, Saulus jeung Menahem anu tadina diurusna bareng jeung raja Herodes. 2 Dina hiji poe, waktu aranjeunna nekanan ibadah jeung puasa, Ruh Allah nimbalan, “Kami menta Barnabas jeung Saulus sabab maranehna rek dibere tugas husus anu ditangtukeun ku Kami pribadi.” 3 Sabada Puasa jeung sembahyang, anu duaan teh, ku aranjeunna ditarumpangan leungeun, tuluy dijarurung laku. 4 Kalawan parentah Ruh Allah, Barnabas jeung Saulus mariang ka Selukia; ti dinya, aranjeunna balayar ka pulo Siprus. 5 Sadatangna ka tempat nu ngaran Salamis, aranjeunna, prak bae ngamimitian ngawawarkeun pangandika Allah di tempat-tempat ibadah urang Yahudi; aranjeunna teh dibarengan ku Yahya Markus, nya eta pikeun babantu. 6 Aranjeunna ngideran eta pulo nepi ka Pafos. Di dinya, aranjeunna papanggih jeung hiji urang Yahudi, ngaran Baryesus; manehna teh, tukang sihir anu ngaku-ngaku jadi nabi. 7 Eta jelema nyobat jeung Sergius Paulus, jelema pinter, anu jadi gupernur di eta pulo. Sang gupernur manggil Barnabas jeung Saulus; sabab anjeunna, hayangeun nyaho pangandika Allah. 8 Tapi aranjeunna dihalang-halang ku Elimas, — ngaran sejenna Baryesus dina basa Yunani — tukang sihir tea. Sang gupernur oge dihalang-halang tina niat ibadahna. 9 Saulus anu harita geus dilandi Paulus tur kaancikan ku Ruh Allah, mencrong ka eta jelema. 10 “He, anak setan,” saurna, “gudangna tipu daya jeung kadurjanaan, satruning bebeneran, na moal eureun-eureun maneh teh mengkol-mengkolkeun Jalan Lempeng pituduh ti Pangeran? 11 Ayeuna rasakeun, maneh pinasti lolong katiban panangan Pangeran. Sababaraha poe, lilana, maneh moal bisa neuleu panonpoe!” Sapada harita keneh, reup wae, eta jelema ngarasa poek, asa kakurung ku pepedut; tuluy manehna uyup-ayap, neangan anu ha'at daek nunungtun. 12 Nenjo kajadian kitu teh, sang gupernur terus percaya sarta pohara ngarasa katajina deuih ku ajaran Gusti Jungjunan urang. 13 Ti Pafos, Paulus jeung nu duaan deui balayar ka Perga bawahan Pampilia; tapi Yahya Markus mah, ti dinya teh, mulang deui ka Yerusalem. 14 Ti Perga, aranjeunna terus lumaku, nepi ka jol di Antioki bawahan Pisidia. Dina poe Sabatna, aranjeuna, sup ka tempat ibadah terus dariuk. 15 Anggeus maca hukum Toret jeung kitab Nabi-nabi, pangurus di dinya nawaran ka aranjeunna, pokna, “Bilih bade masihan amanat geusan ngawangun atanapi ngabeberah ka umat di dieu, mangga dihaturanan.” 16 Jung, Paulus nangtung; tuluy anjeunna mere isarah ku panangan, barabat sasauran, “Dulur-dulur bani Israil, oge aranjeun anu sumujud ka Allah, simkuring amit sumeja nyarita. 17 Allah nu disembah ku umat Israil parantos milih karuhun urang sareng ngajembarkeun eta bangsa sapanjang ngumbara di Mesir. Panangana-Na anu digjaya parantos nuyun eta bangsa budal ti eta nagara. 18 Opat puluh taun, Anjeunna tetep sabar nangankeun pamolahna eta bangsa di alas kikisik. 19 Tujuh bangsa anu ngageugeuh tanah Kanaan, ku Anjeunna ditumpes; urut tanah wilayahna diserenkeun, dibagi-bagi, ka eta umat-Na ngajadi tanah warisan. 20 Kira-kira opat ratus lima puluh taun ti harita, maranehna, ku Anjeunna dibere hakim-hakim, — tug — nepi ka jaman Nabi Samuel. 21 Geus kitu, maranehna marenta raja, ku Allah diturut; maranehna dibere Saul bin Kis, ti kaom Binyamin, meunang opat puluh taun. 22 Saul henteu kaanggo ku Allah; tuluy eta raja diganti ku Nabi Daud. Ngeunaan Nabi Daud, Allah parantos ngadawuh: Kami geus manggih Daud tur matak panuju, jelema pantes keur nyubadanan sagala maksud-maksud Kami. 23 Nya ti turunan anjeunna, — cocog sakumaha anu parantos disubayakeun Allah — digelarkeun Juru Salametna bani Israil, nya eta Isa tea. 24 Selang mangsa pisumpingeun Anjeunna, aya uar pangajak ti Yahya ka sakumna bani Israil supaya tarobat jeung dibaraptis. 25 Nalika tugasna meh rengse, Yahya nyaurkeun kieu: ‘Ulah saralah sangka, kula mah lain Anjeunna. Anjeunna mah, sumping-Na teh engke, nya eta sapandeurieun kula. Kula mah hamo wani muka tali tarumpah-tarumpah-Na acan.’ 26 Dulur-dulur! Boh anu turunan Ibrahim, boh anu lianna, anu sami-sami sieun ku Allah! Eta uaran pisalameteun teh, nya ka urang ditujulkeunana. 27 Ku urang Yerusalem mah, nya kitu deui ku parapamingpinna, Anjeunna teh ditampik. Anjeunna dihukum pati ku maranehna. Ku kituna, sakumaha anu geus disaurkeun ku nabi-nabi anu sok diaraji saban poe Sabat teh, ku lantaran talajak maranehna, jadi ngabukti. 28 Sanajan henteu bisa maranggihkeun kasalahan anu manjing kana hukuman pati, maranehna geus maraksa ka Pilatus supaya Anjeunna ditelasan. 29 Sanggeus sagala paniatanana ka Anjeunna tinekanan, — sakumaha anu geus kaungel dina Kitab — layon Anjeunna diturunkeun tina tihang panggantungan tuluy dikurebkeun. 30 Tapi Anjeunna, ku Allah, digugahkeun deui tina pupus-Na. 31 Sanggeus gugah, Anjeunna nembongan sababaraha kali ka nu kungsi ngariring ka Anjeunna waktos angkat ti Galilea ka Yerusalem. Nya aranjeunna, nu ayeuna jaradi saksi ka balarea teh. 32 Ayeuna simkuring sumeja ngadongkapkeun uaran nu matak suka ati, nya eta: Jangji anu baheula ditimbalkeun ka karuhun urang teh, 33 ku Allah parantos dibuktikeun ka urang, nu jadi turunanana, nya eta ku jalan ngagugahkeun Isa; hal ieu teh, sami sareng anu parantos diseratkeun dina Kitab Zabur anu kadua: ‘Hidep, Anaking! Poe ieu pisan hidep ku Kami diyugakeun.’ 34 Isa parantos digugahkeun ku Allah tina pupusna sarta moal bisa keuna ku buruk deui. Eta teh pikeun ngalaksanakeun timbalana-Na anu ieu: ‘Jangji Kami ka Daud, jangji suci tur beunang diuji, baris dilaksanakeun.’ 35 Salajengna, dina zabur sejenna disebatkeun kieu: ‘Gusti Pangeran! Gusti moal tega ngantep jalmi-jalmi anu parantos disucikeun ku Gusti sina binasa.’ 36 Ari Daud, dina keur hirupna, ngalakonan sagala pangersa Allah sajeroning mingpin bangsana, dugi ka pupusna; salajengna, anjeunna teh dikurebkeun sagigireun karuhunna; kajabi ti eta, salirana ge buruk, sanes. 37 Nanging Isa mah henteu kungsi buruk, margi digugahkeun deui ku Allah. 38 Mugi aruninga dulur-dulur! Nya ku lantaran Anjeunna pangna dulur-dulur kenging uaran pangampura dosa teh. 39 Nya ku jasa Anjeunna sakur jelema anu percaya bisana leupas tina dosa teh, anu hamo tea bisa kaalaman ku aranjeun ku sakadar nurut kana hukum Musa wungkul mah. 40 Kitu nu mawi sing ati-ati, ulah dugi ka nyorang hal-hal anu kasebat dina kitab nabi-nabi, nu kieu ungelna: 41 ‘Ati-ati maraneh tukang-tukang ngahina! Tanwande maraneh ngararenjag sarta tumpur. Sabab jaman ieu, Kami keur ngalaksanakeun hiji pagawean; ku maraneh moal dipercaya, sanajan aya anu nerangkeun.’ ” 42 Sanggeus Paulus jeung Barnabas kalaluar, ku maranehna diparenta supaya piwulangna anu bieu teh dibalikan deui dina poe Sabat hareup. 43 Sabubarna ibadah, loba urang Yahudi jeung anu ngaragem agama Yahudi anu sarieun ku Allah naluturkeun ngiring ka aranjeunna. Ku aranjeunna terus diwurukan jeung dinasehatan, supaya hirupna masing-masing tetep dina aubna asihing kurnia Allah. 44 Poe Sabat hareupna, meh sapangeusi kota tumplek daratang seja ngaregepkeun pangandika Allah. 45 Nenjo anu daratang sakitu lobana teh, urang Yahudi jadi sirik; ucap-ucapan Paulus dibarantah. 46 Tapi kalawan henteu asa-asa ku Paulus jeung Barnabas diterangkeun kieu, “Sayaktosna, ieu pangandika Allah teh, ka aranjeun heula didongkapkeunana. Nanging ku lantaran aranjeun narolak sarta henteu ngarasa butuh ku hirup langgeng, didongkapkeunana teh ayeuna mah ka bangsa anu lian. 47 Sabab simkuring kudu ngestokeun kana parentah Allah anu kieu: ‘Maneh ku Kami enggeus dipastikeun kudu nyaangan bangsa- bangsa anu teu palercaya ka Allah, ngadatangkeun kasalametan, tug, nepi ka tungtung bumi.’ ” 48 Ngadarenge ieu ucapan, jalma-jalma ti golongan luar bangsa Yahudi teh kacida barungaheunana. Tuluy maranehna ngamulyakeun pangandika Allah; sakur anu geus ditakdirkeun hirup langgeng mah, jadi palercaya. 49 Geus kitu mah, pangandika Allah teh sumebar ka sakuliah wilayah. 50 Tapi jelema-jelema ti kaum Yahudi, henteu caricingeun. Wanita-wanita anu palercaya ka Allah tur kapandang di masarakat katut para gegeden di eta kota, ku maranehna dihasud; tuluy maranehna ngayakeun rupa-rupa tarekah, nepi ka Paulus jeung Barnabas teh diusir ti wilayah eta. 51 Sabab eta, Paulus jeung Barnabas teh ngebutkeun kekebul tina suku, keur nembongkeun ka teu sugemaanana ka maranehna; tuluy aranjeunna angkat ka kota Ikonium. 52 Ari murid-murid anu di Antioki, hatena, pinuh ku rasa bagja jeung ku Ruh Allah.

Carios Padamelan 14

1 Di Ikonium, ieu dua rasul teh, terus ngajugjug ka tempat ibadah urang Yahudi sarta ngawulang di dinya. Piwulangna pohara ngayakinkeunana, nepi ka loba urang Yahudi jeung urang Yunani anu palercaya. 2 Tapi urang Yahudi, — ti golongan anu narolak kana piwulangna — ngahucuhkeun jalma-jalma anu teu palercaya ka Allah tea, nepi ka maranehna maralik jadi arijideun ka rasul-rasul. 3 Rada lila oge Paulus jeung Barnabas caricing di dinya teh — nya aranjeunna teh bari neruskeun ngawulangna kalawan teuneung ludeung — lantaran aranjeunna percaya ka Allah. Uaran tina hal sih kurnia Gusti teh, ku Allah dideudeul, ku jalan maparin kakawasaan ka aranjeunna pikeun nyieun tanda-tanda ajaib sarta mujijat-mujijat. 4 Harita, urang dinya bengkah jadi dua golongan; aya anu biluk ka urang Yahudi, aya anu biluk ka rasul-rasul. 5 Golongan anu teu percaya ka Allah, bareng jeung urang Yahudi katut parapamingpinna terus gerak; karepna mah, rasul-rasul teh dikaniaya sarta dibaledogan ku batu. 6 Tapi ku aranjeunna kanyahoan, nya buru bae aranjeunna teh ngejat ka kota Listra, Derbe, jeung ka kota-kota anu aya di sakurilingeunana, bawahan Likonia. 7 Di dinya, aranjeunna ngawawarkeun Injil oge. 8 Di Listra, aya hiji jelema anu lumpuh ti barang burusut; manehna teh ngan ukur bisa diuk bae, teu bisa leumpang. 9 Waktu Paulus ngawuruk, kabeneran manehna milu ngadengekeun. Ku Paulus dipencrong sarta kapeleng gede imanna, aya bahan bisa dicageurkeun. 10 “Pek nangtung sing ajeg!” Saur Paulus ka manehna, tarik pisan. Dadak sakala, jung bae, manehna bisaeun nangtung, malah tuluy leuleumpangan. 11 Bawaning ku ngarasa aneh, jalma rea raong ngaromong dina basa Likonia, pokna, “Dewa lungsur, miraga jalma!” 12 Ku jelema-jelema di dinya, Barnabas disebut dewa Zeus, ari Paulus dewa Hermes, nya eta juru sabda dewa. 13 Geus kitu, imam dewa Zeus — anu kuil pamujaanana aya di saluareun eta kota — datang ka kota bari mawa sapi jalu pikurbaneun jeung rupa-rupa kekembangan. Maksudna mah, arek ngajak urang dinya ngahaturkeun kurban ka rasul-rasul tea. 14 Paulus jeung Barnabas nepikeun ka nyosoeh jubah nu dianggo bari terus muru jalma rea, pok ngagero, 15 “Dulur-dulur! Nanaonan aranjeun teh? Kaula duaan teh jalma biasa, teu beda ti aranjeun. Ka dieu soteh seja ngawawarkeun Injil, rek ngelingan ka aranjeun supaya ninggalkeun kalakuan anu gaplah; malar hirup nyanghareup ka Allah anu jumeneng, anu ngadamel langit, bumi jeung laut katut pangeusina. 16 Baheula-baheula mah, manusa teh, ku Allah diantep nyorang jalanna masing-masing. 17 Tapi papadaning kitu, Anjeunna tetep miasih sarta henteu kendat-kendat mintonkeun sipat murah asih-Na, maparin hujan ti langit, maparin musim bubuahan, maparin dahareun, jeung maparin lian-lianna anu matak pikabungaheun.” 18 Tapi rasul-rasul teh, meh-meh kawalahan; sabab keukeuh bae arek dihaturanan kurban ku maranehna. 19 Sabot kitu, jul-jol, — ka dinya — urang Yahudi ti Antioki jeung Ikonium. Maranehna ngarorojok urang dinya, nepi ka bariluk ka maranehna. Malahan mah, eta urang dinya teh, nepi ka maraledogan Paulus ku batu sarta nyered anjeunna ka palebah luareun kota sabab pada nyarangka geus maot. 20 Tapi waktu keur diriung-riung ku murid-muridna, anjeunna cengkat deui, tuluy indit deui ka jero kota. Poe isukna, anjeunna miang ka Derbe, bareng jeung Barnabas. 21 Di Derbe, Paulus jeung Barnabas ngawawarkeun Injil tur hasil, nya eta loba anu palercaya. Ti dinya, aranjeunna, wangsul deui ka Listra, Ikonium, jeung Antioki. 22 Di tempat-tempat eta, aranjeunna teh negerkeun murid-murid supaya murid-murid sing karuat iman; saur aranjeunna, “Asup ka Karajaan Allah mah kudu nyorang heula rupa-rupa kasangsaraan.” 23 Di tiap-tiap jamaah, aranjeunna ngangkat kokolot-kokolot jamaah, tuluy dipangnedakeun sarta dipuasaan; geus kitu, eta kokolot-kokolot teh dipasrahkeun ka Gusti Sumbering kapercayaanana. 24 Aranjeunna ngider di sakuliah wilayah Pisidia, nepi ka aranjog ka wilayah Pampilia. 25 Di wilayah Pampilia aranjeunna ngawawarkeun Injil oge, nya eta di tempat anu ngaranna Perga sarta di Atalia anu pernahna di basisir. 26 Ti dinya, aranjeunna balayar ka Antioki di tanah Siria; nya di tempat eta pisan aranjeunna ginanjar asihing Allah teh pikeun ngemban tugas nu ayeuna geus rengse dilampahkeun. 27 Di dinya, aranjeunna ngumpulkeun anggota jamaah, tuluy ngadadarkeun padamelan Allah anu diembankeun ka aranjeunna sarta nerangkeun, yen Allah parantos mukakeun lawang pikeun jalan kana iman ka bangsa-bangsa sejen oge. 28 Lila oge, aranjeunna nganjrek di murid-muridna di Antioki teh.

Carios Padamelan 15

1 Hiji mangsa, jamaah di Antioki kadatangan dulur-dulur ti jamaah Yudea, anu nerangkeun yen jamaah Antioki kudu disarunat nyumponan adat istiadat warisan ti Musa; sabab mun teu kitu, hamo bisa salamet. 2 Tapi pendirian maranehna anu kitu teh, pohara dibantahna ku Paulus jeung Barnabas mah. Ahirna, jamaah ngutus Paulus, Barnabas, jeung sawatara urang deui ka Yerusalem pikeun nyawalakeun sualna. 3 Ku jamaah, eta utusan-utusan teh, dianteur nepi ka wates kota; ti dinya, karebat lumaku, — jalanna — ka tanah Puniki jeung Samaria. Dulur-dulur anu caricing di dinya, barang dibarejaan yen loba bangsa-bangsa anu asalna teu ngenal Allah teh, tarobat sarta meunang nugraha, kabeh marilu atoh. 4 Di Yerusalem, — sanggeus dibageakeun ku jamaah jeung ku rasul-rasul katut parakokolotna — parautusan teh ngadadarkeun beubeunanganana enggoning ngalaksanakeun padamelan Allah. 5 Tapi cek anggota-anggota anu asal ti golongan Parisi mah, anggota-anggota anu lain Yahudi teh wajib disarunat heula pikeun nyumponan hukum Musa. 6 Hal eta, ku rasul-rasul jeung parakokolot tuluy digunemcaturkeun. 7 Sanggeus sual jawab rada lila, ahirna Petrus nyarita, “Dulur-dulur tangtu aremut keneh, yen baheula, simkuring geus dipilih ku Allah jadi biwir panyambung lemek pikeun ngajak bangsa- bangsa anu teu ngenal Allah, supaya percaya kana uaran Injil. 8 Allah anu uninga kana eusi hate tiap-tiap jelema, kersa nampi maranehna sarta maranehna geus dipaparinan Ruh Allah cara urang. 9 Eta teh nandakeun, yen Anjeunna teu ngabeda-beda; jiwa urang jeung maranehna sarua; ku lantaran iman kapercayaan, maranehna oge geus disucikeun ku Anjeunna. 10 Jadi, naha atuh urang make arek ngadoja ka Anjeunna, niat rek ngamomotan papada dulur ku pasangan anu hamo baris katanagaan, boh ku karuhun, boh ku urang-urang. 11 Ari sual pisalameteun mah, kaayaan urang jeung maranehna teh sarua bae. Sabab anu jadi lantaran urang bisa salamet mah, nya eta upama urang percaya kana sih kurnia-Na Isa, Gusti Jungjunan urang.” 12 Jep, jamaah jempe; terus maranehna ngabarandungan katerangan ti Paulus jeung Barnabas anu medarkeun tanda-tanda ajaib jeung mujijat-mujijat padamelan Allah di kalangan bangsa-bangsa sejen ku perantaraan aranjeunna. 13 Geus kitu, ngong Yakobus nyarita, “Dulur-dulur! 14 Ku saderek Simon geus diterangkeun yen ti awalna keneh kajurung ku welas asih-Na ka bangsa-bangsa sejen, Allah parantos milih hiji bangsa anu baris ngemban pajenengana-Na. 15 Ieu teh luyu pisan jeung pisaur nabi-nabi dina Kitab anu kieu ungelna: 16 ‘Engke Kami bakal datang deui, seja ngawangun deui pondok Daud nu geus runtuh, sina ngadeg sarta weweg, 17 supaya umat sejenna oge nareangan Pangeran, nya eta sakumna bangsa-bangsa anu acan wawuh ka Allah, anu kaasup milik Kami keneh. 18 Kitu dawuhan Gusti anu padamelana-Na geus kawentar ti awit awalna keneh.’ 19 Ku sabab eta, atuh dulur-dulur urang nu teu sabangsa anu geus tarobat ka Allah teh, cek simkuring mah, ulah diririweuh. 20 Cek timbangan simkuring, hadena mah urang suratan bae. Urang nasehatan yen maranehna kudu pantrang ngadahar kadaharan-kadaharan anu disajenkeun ka berhala-berhala, kana pajinahan, ngadahar daging sato anu paeh bangkar, sarta ngadahar getih. 21 Sabab hukum Musa teh, geus sumebar di tiap-tiap tempat ti baheula keneh; tug, nepi ka kiwari oge, eta hukum teh masih keneh terus dibaraca di tempat-tempat ibadah unggal-unggal poe Sabat.” 22 Geus kitu, rasul-rasul jeung kokolot katut sakumna jamaah mutuskeun ngirim utusan ka Antioki, anu kudu indit bareng jeung Paulus sarta Barnabas. Anu kapilih jadi utusan teh, nya eta Yudas anu katelah Barsabas jeung Silas, duanana, jelema anu kapandang di jamaah. 23 Maranehna mawa surat, unina, “Rasul-rasul, parakokolot, katut anggota-anggota jamaah di dieu, ngaturkeun salam ka dulur-dulur nu teu sabangsa di jamaah Antioki, Siria, sareng Kilikia. 24 Nampi wartos, yen saderek-saderek kenging kabingung lantaran kadongkapan jalmi-jalmi ti pihak simkuring, anu pangajaranana abot katampina ku para saderek. Darongkapna teh, sanes pisan ku pangjurung ti simkuring. 25 Tumali sareng eta, simkuring, ayeuna ngutus jalmi-jalmi ka saderek-saderek, anu disarengan ku saderek Paulus sareng saderek Barnabas anu kaasih, 26 anu parantos nandonkeun nyawa demi pajenengan Gusti Jungjunan urang, Isa Al Masih. 27 Anu diutus ku simkuring teh, nya eta saderek Yudas sareng Silas, anu baris nerangkeun eusi serat langkung paos. 28 Numutkeun putusan ti Ruh Allah, kitu deui ti jamaah; ka para saderek moal bade ditambih ku kawajiban-kawajiban anu abot sapertos kitu, iwal ti ieu pepeling: 29 Saderek-saderek kedah pantrang kana kadaharan-kadaharan anu disuguhkeun ka berhala-berhala, getih, daging sato anu paeh bangkar, sarta kana kalakuan anu kaasup jinah. Kalintang saena upami kersa ngestokeun kana ieu pepeling. Sakitu anu kahaturkeun. Mugia para saderek ginanjar kawilujengan.” 30 Sanggeus kitu, Yudas jeung Silas pamitan pikeun indit ka Antioki. Sadatangna, terus aranjeunna ngumpulkeun jamaah sarta suratna dipasrahkeun. 31 Sanggeus dibaca, jamaah ngarasa bungah sabab eusina pinuh ku ucap panglipur. 32 Saterusna, Yudas jeung Silas anu oge jaradi nabi, nganasehatan ku pituah-pituah anu matak nguatkeun iman. 33 Sanggeus mangkuk rada lila, kakara dijarurung mulang deui ka nu ngarutusna kalawan dibarengan ku pidu'ana sarerea. 34 Tapi ari Silas mah, tetep di dinya, henteu ngiring mulang. 35 Paulus jeung Barnabas masih keneh ngalanjrek di Antioki sarta ngawuruk; nya babarengan jeung urang dinya, ngawawarkeun pangandika Gusti. 36 Sanggeus rada lila, Paulus sasauran ka Barnabas, “Urang ngalongok dulur-dulur di tempat urang bareto nepikeun pangandika Gusti tea; nya hayang terang bae, kumaha kaayaanana teh.” 37 Barnabas ngarempugan asal dibaturan ku Yahya anu katelah Markus tea. 38 Tapi ku Paulus, henteu disaluyuan; sababna, Markus geus kungsi ninggalkeun aranjeunna waktu di Pampilia lantaran teu puruneun digawe babarengan. 39 Tungtungna, aranjeunna jadi cekcok nepi ka jadi paturay. Barnabas balayar ka pulo Siprus mawa Yahya. 40 Ari Paulus mah, milih Silas. Sanggeus ku jamaah dipercayakeun kana pangjaring Gusti, 41 bral, aranjeunna, mariang ka tanah Siria jeung Kilikia pikeun nguatkeun jamaah-jamaah di dinya.

Carios Padamelan 16

1 Paulus sindang oge ka Derbe jeung Listra. Di dinya, aya hiji murid ngaranna Timoteus. Indungna urang Yahudi, — kaasup ka anu percaya ka Allah — ari bapana mah urang Yunani. 2 Ku dulur-dulur saiman anu araya di Listra jeung Ikonium, Timoteus teh dikenal pisan. 3 Paulus hoyong supaya manehna maturan anjeunna dina perjalanan. Ku Paulus, Timoteus, disina disunat heula cara urang Yahudi di dinya, ma'lum bapana teh urang Yunani. 4 Paulus jeung Silas ngider, asup kota kaluar kota, bari nepikeun putusan-putusan anu geus diputuskeun di Yerusalem ku rasul-rasul jeung kokolot-kokolot, dibarengan ku pangajak muga ditarurut ku jamaah-jamaah. 5 Jamaah-jamaah teh beuki reugreug bae imanna, anggotana oge beuki loba. 6 Ari tanah Prigia jeung Galata mah ku aranjeunna diliwat bae lantaran ku Ruh Allah dicegah ngabarkeun Injil di Asia. 7 Jol, aranjeunna, di tanah Misia, terus nyoba-nyoba asup ka wilayah Bitinia, tapi ku Ruh Isa teu diwidian. 8 Sanggeus liwat Misia, jol bae di Troas. 9 Peutingna, Paulus ningal hiji titingalan; katingalna teh, aya urang Makedoni nangtung, ngageroan ka anjeunna, “Ka dieu meuntas, kuring tulungan!” 10 Lantaran aya titingalan Paulus anu kitu, simkuring sabatur-batur sabisa-bisa seja ariang ka Makedoni. Sabab eta titingalan Paulus teh, ku sarerea dianggap tanda panyaur Allah, yen simkuring kabeh kudu ka ditu nguarkeun Injil. 11 Bral bae, sarerea arindit, nya eta ti Troas balayar ka Samotrake; isukna, ti dinya, anjog ka kota Neapolis. 12 Ti dinya, ngaheulakeun ngadatangan hiji wilayah di Makedoni, nya eta kota Pilipi; kota pangumbaraan urang Rum. Di dinya, sarerea nganjrek heula meunang sawatara poe. 13 Dina poe Sabat, simkuring sabatur-batur kaluar ti lawang saketeng. Bari mapay-mapay walungan, beh, sararea teh ningal hiji tempat ibadah urang Yahudi. Memang, ku sararea ge, geus kataksir yen baris manggih nu kitu. Bari dariuk, simkuring sabatur-batur cacarita jeung sawatara wanita anu keur karumpul di dinya. 14 Salah saurangna mah, nya eta tukang dagang lawon wungu, — jalma ibadah ka Allah, asal ti kota Tiatira — ngaranna Lidia; Hatena ku Allah dibukakeun nepi ka saregep pisan ngabandunganana kana caritaan Paulus. 15 Tungtungna mah, anjeunna sakulawarga menta dibaptis. Sanggeus dibaptis, terus ngangkir ka imahna, pokna, “Upami kagalihna ku bapa-bapa abdi teh leres-leres parantos percaya ka Gusti Jungjunan aranjeun, mugi bapa-bapa kalalersa lalinggih ka rorompok.” Ku sabab dikeukeuhan, simkuring sabatur-batur narurut geusan nedunan pangondangna. 16 Dina hiji waktu, keur simkuring sabatur-batur arindit ka tempat ibadah tea, di jalan paamprok jeung hiji awewe palayan anu kaancikan roh anu bisa nujum. Eta pangabisa teh nguntungkeun pisan ka anu jadi dununganana sabab ngadatangkeun pangasilan anu lain lumayan. 17 Manehna, hantem bae, nutur-nutur Paulus sakancana bari celak-celuk pokna, “Ieu jelema-jelema teh kabeh oge abdina Allah Anu Maha Agung, keur nuduhkeun jalan pijamugaeun!” 18 Kitu bae, petana teh, nya teu eureun-eureun; hal eta, matak ngajengkelkeun Paulus lantaran ngaganggu pisan. Anjeunna malik nyoreang ka eta awewe; terus anjeunna marentah kieu ka eta roh, “Demi pajenengan Isa Al Masih, geura ingkah maneh ti eta awewe!” Sapada harita keneh, si roh teh, ingkah ti eta awewe. 19 Nempo galagat kitu, ku anu maliara eta awewe kaerong yen maranehna baris leungit pangasilanana. Kerewek, Paulus jeung Silas ku maranehna ditewak; tuluy aranjeunna digiring ka pasar pikeun diserenkeun ka pangagung-pangagung kota. 20 Cek maranehna ka nu wajib, “Ieu jelema ngagujrudkeun kota. 21 Urang-urang Yahudi ieu teh, nyebarkeun adat istiadat anu ku urang mah, urang Rum, hamo bisa ditarima atawa dipake!” 22 Jalma rea oge milu nyaralahkeun ka aranjeunna teh. Pakean aranjeunna, ku nu wajib teh sina dibuka paksa, nya eta ku jalan disaroehkeun; geus kitu, jebrod bae, aranjeunna dihukum rangket. 23 Tuluy aranjeunna dijebloskeun ka panjara sarta diparentahkeun kudu dijaga masing tohaga. 24 Blus, Paulus jeung Silas, digebluskeun ka kamar tahanan pangjerona bari sukuna dibelok tohaga pisan. 25 Kira-kira geus tengah peuting, Paulus jeung Silas anggur ngadaru'a jeung parupujian, kadarenge ku sakitan-sakitan lianna. 26 Sabot kitu, riyeg bae, aya lini gede pisan. Gedong panjara teh, nepi ka inggeung, panto-pantona bluk-blak maruka kabeh, sarta rante-rante sakitan alaludar. 27 Kapala panjara ngorejat nyaring, kasampak teh panto-panto kamar tahanan geus marolongo. Serepet bae, manehna mesat gobang rek maehan maneh. Sabab manehna nyangka sakitan-sakitan kabeh geus kalabur. 28 Tapi Paulus ngagorowok, saurna, “Ulah waka luluasan! Araya keneh kabeh oge!” 29 Kapala panjara teh terus menta obor ka bawahanana. Manehna moro ka Paulus jeung Silas; tuluy bluk, nyuuh ka aranjeunna bari ngagibrig sakujur awakna. 30 Sanggeus eta, Paulus jeung Silas diajak kaluar. “Juragan,” cek eta kapala panjara, “kumaha ieu abdi teh malar salamet?” 31 Walonna, “Kudu percaya ka Isa Al Masih, Gusti Jungjunan simkuring, saanak bojo tangtu salamet.” 32 Satuluyna, manehna saimah-imah, ku aranjeunna diwuruk hal dawuhan-dawuhan Allah. 33 Sanggeus manehna meresihan raheut-raheut Paulus jeung Silas; harita keneh, eta kapala panjara, sakulawarga, menta dibaptis. 34 Aranjeunna diangkir ka imahna, terus dituangkeun. Manehna pohara ngarasa bagjana ku sabab sakulawargana geus percaya ka Gusti Allah. 35 Barang bray, beurang, jol utusan-utusan ti pamarentah kota mawa putusan ka kapala panjara kieu, “Sakitan, anu duaan tea, kudu dileupaskeun.” 36 Cek kapala panjara ka Paulus, “Numutkeun kaputusan pamarentah kota, juragan-juragan ayeuna keneh kedah dibebaskeun. Mangga geura arangkat, didungakeun sing warilujeng.” 37 Tapi cek Paulus, “Simkuring duaan geus dihukum rangket kalawan kasaksian ku umum. Padahal simkuring duaan teh, warga nagara Rum; tur henteu dipariksa heula perkarana; malah mah nepi ka ngarandapan dibui pisan. Ayeuna bade dileupaskeun kitu-kitu bae, bari ririkipan. Teu tiasa nampi ari kitu mah. Sakedahna mah, aranjeunna anu kedah ka darieu ku anjeun, ngabebaskeun simkuring sacara resmi.” 38 Kasauran Paulus tea, ku utusan-utusan, dihaturkeun ka pangagung kota. Barang dibejaan yen Paulus jeung Silas teh warga nagara Rum, maranehna kacida sarieuneunana. 39 Tuluy daratang bari tomada marenta hampura. Paulus jeung Silas ku maranehna dianteur ka luar, terus dijurung laku ti eta kota. 40 Sakaluarna ti panjara, Paulus jeung Silas muru imah Lidia. Sanggeus tepung jeung dulur-dulur anu araya di dinya sarta geus mere paneger hate, aranjeunna arangkat deui.

Carios Padamelan 17

1 Paulus jeung Silas kebat lumaku deui, — liwat kota Amipolis jeung Apolonia — jol bae, di kota Tesalonika. Di dinya oge, aya tempat ibadah urang Yahudi. 2 Sakumaha kabiasaan, Paulus asup ka eta tempat. Meunang tilu Sabat, anjeunna, noron medarkeun mesek bagian-bagian Kitab Suci ka urang Yahudi. 3 Ditetek dieceskeun ka maranehna, yen Al Masih teh geus kuduna nyorang kasangsaraan sarta geus kuduna gugah deui tina pupusna. Satuluyna, cek anjeunna, “Tah eta Al Masih teh, Isa tea, anu ayeuna diuarkeun ku simkuring ka aranjeun.” 4 Aya sawatara urang anu terus percaya kalawan yakin, tuluy maranehna marilu, ngahiji, ka Paulus jeung Silas. Ti urang Yunani oge, loba pisan anu sarieun ku Allah; kitu deui, ti wanita-wanita anu terkemuka, jumblahna lain saeutik. 5 Orokaya, urang-urang Yahudi anu sejenna, jadi dararengki. Ger, maranehna nyieun huru-hara, nya eta ngaributkeun kaayaan kota; maranehna teh, dibantuan ku jelema-jelema anu teu araruni ti pasar. Tuluy maranehna ngambreg ka imah Yason, nya pikeun nyered Paulus jeung Silas ka pangadilan rayat. 6 Tapi anu dimaksudna teu kasampak; tungtungna mah, anu digusur teh, Yason jeung sababaraha deui dulur-dulur saiman anu kaparengan aya di darinya. Tuluy maranehna diserenkeun ka para pangagung kota. Anu ngarusuhkeun teh tingcorowok, pokna, “Jelema-jelema tukang ngacowkeun sakuliah jagat teh, ayeuna geus jol ka urang, 7 diampihan ku ki Yason! Kalakuanana ngalanggar aturan-aturan prabu kalawan nyebut-nyebut, aya deui raja anu ngaranna Isa.” 8 Barang aya ribut kitu, para gegeden katut rayatna jadi geunjleung. 9 Tapi Yason sabatur-batur teh, dibebaskeun deui bae. Sabab manehna, mere jaminan. 10 Peutingna, Paulus jeung Silas, ku dulur-dulur teh dijurungkeun ka Berea. Di Berea, anu dijugjug ku aranjeunna teh, nya tempat ibadah urang Yahudi oge. 11 Urang Yahudi di dinya mah, leuwih balageur ti batan anu di Tesalonika. Nya lian ti daraek tur ariklas narima pangandika Allah, maranehna oge, terus ngarulik Kitab Suci pikeun dicocogkeun jeung anu geus diterangkeun tea. 12 Teu wudu loba anu terus jeung percayana, malah ti kaom wanita terkemuka jeung kaom bapa ti urang Yunani oge aya. 13 Barang urang Yahudi di Tesalonika nyarahoeun, yen di Berea oge Paulus teh ngawawarkeun pangandika Allah; geuwat bae, jelema-jelema eta teh, maruru ka Berea ngadon ngahasud ka urang dinya, ngageumpeurkeun hatena. 14 Tuluy Paulus, ku dulur-dulur teh, geuwat diiangkeun ka daerah basisir; ari Silas jeung Timoteus mah, angger di Berea keneh. 15 Ku maranehna, Paulus teh dianteur nepi ka kota Atena; geus kitu, anu ngalanteurna, marulang deui bari mawa pesen ti Paulus yen Silas jeung Timoteus kudu buru-buru nyarusul. 16 Sabot di Atena, ngadago-dago Silas jeung Timoteus, Paulus teh pohara ngarasa ngerikna. Lantaran eta kota, pinuh ku arca brahala. 17 Ku sabab eta, urang Yahudi jeung jelema-jelema anu palercaya ka Allah ku anjeunna diajak tukeur pikiran di tempat ibadahna; kitu deui jeung saha bae anu pareng papanggih di pasar saban poe. 18 Malah anjeunna mah, sual jawabna teh, sok jeung ahli-ahli pikir ti golongan Epikorus jeung Stoa. Aya anu ngomong kieu, “Rek dagang carita naon eta tukang ngobrol teh?” Aya oge anu kieu ngomongna, “Kawasna bae manehna teh mawa agama dewa anyar.” Kituna teh, lantaran anjeunna nepikeun Injil anu medar hal Al Masih katut hal gugahna deui tina pupus-Na. 19 Geus kitu, anjeunna diajak ka sidang anu disebut “Sidang Areopagus.” Kieu cek maranehna, “Meunang simkuring terang, eta agama anyar anu ditepikeun ku anjeun teh agama naon? 20 Kakupingna teh asa araraneh-araraneh pisan, estu matak panasaran, naon pimaksudeunana?” 21 Adat urang Atena, — kitu deui adat bangsa-bangsa asing anu ngaradon ngamukim di dinya — maranehna tara pisan ngamonyah-monyah waktu pikeun urusan ieu atawa urusan itu, iwal keur medarkeun atawa ngabandungan hal anu anyar karasana. 22 Jung, Paulus nangtung di Areopagus, tuluy biantara; saurna, “Para saderek urang Atena, katembong ku simkuring para saderek teh dina sagala hal estu pohara aribadahna ka dewa-dewa. 23 Buktosna, waktu simkuring jalan-jalan di ieu kota, ningal barang-barang pupujan aranjeun; malah bet bae, ningal hiji mezbah tempat sasajen make tulisan anu unina: ‘Kahaturkeun ka Allah anu acan dikenal.’ Tah anu ku simkuring dicarioskeun ka aranjeun teh, eta; nya anu ku aranjeun dipunjung bari teu wawuh tea. 24 Allah teh, nya eta anu parantos ngajadikeun ieu bumi katut sagala eusina. Anjeunna teh Gustining langit jeung bumi, linggih-Na sanes di jero kuil-kuil bubuatan leungeun manusa. 25 Tur Anjeunna ge, henteu butuh ku nu diasong-asongkeun ku leungeun manusa kawas nu aya kakurang. Sabab Anjeunna pisan malah anu maparin hirup, maparin napas, katut naon bae pangabutuh jalma sakumna. 26 Tina asal jalma saurang, Anjeunna parantos ngajadikeun umat manusa saalam dunya. Jaradi bangsa itu sarta bangsa ieu. Anjeunna anu nangtoskeun pamusiman pikeun kaperluan umat manusa teh; kitu deui, Anjeunna oge anu maparin wates tempat padumukanana. 27 Pangersana supaya maranehna teh daraek nyukcruk maluruh salira-Na, malahmandar Anjeunna ku maranehna bisa karagap sarta bisa kapanggih; da saenyana mah, ieuh, Anjeunna teh henteu tebih ti urang masing-masing. 28 Sabab urang hirup, kumelip, sarta kumelendang teh nya di jero aub-aub kakawasaan Anjeunna; eta teh, cocog sareng anu dicarioskeun ku bujangga-bujangga aranjeun. Urang teh, sadayana oge, asal turunan Allah keneh. 29 Ku margi, urang teh asal ti turunan Allah; poma, ulah garaduh pikiran yen sipat kaayaan ilahi teh sami sareng sipat emas, perak, atanapi batu. Sabab eta mah, ukur hasil tina cipta seni sareng kaahlian manusa. 30 Jaman bihari nu tuna harti, ku Allah geus teu diemut-emut deui. Kiwari, Anjeunna ngembarkeun ka umat manusa, yen nu di mana nu di mendi sadaya kedah tarobat. 31 Lantaran Anjeunna teh parantos ngadegkeun hiji poe, anu baris dianggo nerapkeun pangadilan anu saadil-adilna ka ieu dunya tur dijalankeunana ku hiji Hakim anu parantos dipastikeun ti anggalna keneh. Anu baris jadi Hakimna oge, ku Anjeunna parantos dibuktikeun ka umat manusa; nya ku jalan ngagugahkeun deui eta Hakim ti alam anu maraot.” 32 Barang maranehna ngadarenge hal hudangna anu maraot; seug bae, aya anu ngeyehkeun, malah aya anu pok pisan kieu, “Euh, sual anu kitu, saena mah carioskeun engke deui bae.” 33 Geus kitu mah, Paulus, terus bae kaluar tina sidang. 34 Tapi aya oge anu narima jeung palercaya kana pangajaranana. Terus maranehna ngahiji jeung anjeunna, nya eta aya lalaki sababaraha urang. Malah salah saurangna mah, nya eta anggota majelis Areopagus pisan, ngaran Dionisius; lian ti eta, aya deui awewe, saurang, ngaran Damaris jeung sababaraha urang deui anu harita bareng araya di dinya.

Carios Padamelan 18

1 Ti Atena Paulus terus ka Korinta. 2 Di dinyana, anjeunna tepung jeung urang Yahudi asal ti Pontus, ngaranna Akuila sarta bojona, ngaran Priskila. Duanana anyar datang ti Itali lantaran aya parentah ti Prabu Klaudius: yen urang Yahudi, kabeh, kudu ingkah ti nagara Rum. Paulus nyimpang heula ka imahna. 3 Sihoreng, Akuila teh, sarua pacabakanana jeung anjeunna. Atuh, anjeunna teh, tuluy bae numpang di dinya bari mantuan Akuila; da saruana tukang nyieun tenda. 4 Tapi unggal poe Sabat, Paulus tetep ngawulang di tempat ibadah sarta usaha ngahudangkeun kayakinan urang Yahudi jeung urang Yunani. 5 Sanggeus Silas jeung Timoteus daratang deui ti Makedoni, Paulus jadi laluasa nguarkeunana Pangandika jeung mere panyaksen yen Isa teh, Al Masih tea. 6 Tapi lila-lila mah, anjeunna teh dimarusuhan jeung dicacampah ku maranehna; eta sababna, anjeunna ngirabkeun kekebul tina jubahna bari saurna, “Aranjeun tangtu binasa ku pamolah sorangan! Kuring teu tanggung jawab. Geus, ti seret ieu mah anggursi nepungan bangsa sejen!” 7 Leos, anjeunna kaluar; terus anjeunna ka imah Titus Yustus, jalma anu ibadah ka Allah, anu imahna pagigir-gigir jeung tempat ibadah. 8 Ari Krispus mah, kapala tempat ibadah di dinya, tuluy bae percaya ka Gusti Jungjunan urang teh, katut saeusi imahna. Urang Korinta oge anu harita marilu ngabandungan piwuruk Paulus loba anu tuluy palercaya jeung marenta dibaptis. 9 Dina hiji peuting, Pangeran nimbalan ka Paulus dina hiji titingalan, dawuhana-Na, “Tong sieun-sieun! Nguarkeun Pangandika teruskeun, ulah kandeg! 10 Ku Kami, maneh, baris dibarengan. Saurang oge, moal aya anu wani ngaragap atawa nganiaya ka maneh. Sabab di dieu teh, loba umat Kami.” 11 Ku sabab eta, anjeunna lami calik di dinyana, nya eta nepi ka sataun satengah ngawurukkeun pangandika Allah ka urang dinya. 12 Tapi barang kota Ahaya, digupernuran ku Galio; breng bae, urang Yahudi teh ngaralawan ka Paulus, saterusna anjeunna dijagragkeun ka pangadilan. 13 Cek maranehna, “Jalmi ieu teh, nyimpangkeun rayat tina tata ibadahna ka Allah ku cara-cara anu papalingpang sareng pangajaran anu kaserat dina Toret.” 14 Barang Paulus rek mimiti nyarita, Galio geus pok manten nyarios ka urang Yahudi, saurna, “He rayat, urang Yahudi! Upama dakwaan aranjeun teh sual palanggaran atawa kajahatan, wajar mun ku kaula dianggap. 15 Tapi ari sakadar sual paketrok ucap atawa sakadar pasentrok sual ngaran, atawa sual hukum anu diaranut ku aranjeun, eta mah beberes bae ku sorangan; kaula mah, teu sudi pipilueun nguruskeun anu kararitu.” 16 Tuluy sidang teh dibubarkeun, harita keneh. 17 Geus kitu, maranehna teh ngararamuk ka Sostenes, kapala tempat ibadah; nya terus bae Sostenes teh ditareunggeulan di hareupeun gedong pangadilan. Tapi ku Galio, teu dipalire. 18 Ti kajadian harita, Paulus aya keneh di Korinta, meunang sawatara poe. Geus kitu, anjeunna amitan ka dulur-dulur di dinya, — sanggeus motong heula rambutna di Kengkrea nedunan panadaranana — tuluy kebat deui balayar ka tanah Siria. Priskila jeung Akuila ge, marilu. 19 Barang geus nepi ka Epesus, Priskila jeung Akuila ditinggalkeun di dinya; ari Paulus mah, terus ka tempat ibadah pikeun nyarita ka urang Yahudi. 20 Ku anu di darinya, anjeunna diandeg heula, sangkan nganjangna rada lila. Tapi ku anjeunna, teu diturutkeun. 21 Terus bae anjeunna amitan bari saurna, “Engke oge ka dieu deui, manawi Allah marengkeun.” Tuluy bae anjeunna balayar ti Epesus. 22 Sanggeus nepi di Kesarea, anjeunna turun ka darat pikeun ngalongok heula jamaah; ti dinya, anjeunna kebat deui ka Antioki. 23 Sanggeus sawatara poe, kencling deui bae, ngadongdon sakuliah tanah Prigia jeung Galata pikeun negerkeun murid-murid. 24 Harita, ka Epesus aya anu datang, — hiji urang Yahudi asal Aleksandri — ngaranna Apolos. Ieu jelema teh perceka pinter nyarita tur paham kana ayat-ayat Kitab Suci. 25 Manehna memang geus meunang pangajaran tina hal Jalan Allah. Barabat, anjeunna nyarita, sumanget pisan sarta ngajarkeun sual Isa kalawan apik jeung taliti. Hanjakal, kanyahona teh ngan tepi ka semet mangsa baptisan Yahya wungkul. 26 Geus kitu, manehna nyobaan ngajar di tempat ibadah kalawan pohara ludeungna. Barang halna, kadenge ku Priskila jeung Akuila; ku maranehna disambat ka imahna, diaraku bari jeung diwuruk tina hal Jalan Allah nepi ka sataliti-talitina. 27 Ku sabab Apolos boga kahayang seja meuntas ka kota Ahaya, dulur-dulur di Epesus teh nyuratan ka murid-murid anu di daritu pikeun mihapekeun Apolos muga ditararima. Sanggeus aya di Ahaya, Apolos teh jadi gede pisan gunana keur sakur anu geus palercaya. 28 Manehna mah taya kabosen, teu kendat-kendat ngabantahan urang Yahudi, — kasaksian ku umum oge — bari mere bukti tina Kitab Suci yen Isa teh, Al Masih.

Carios Padamelan 19

1 Keur Apolos aya di Korinta keneh, Paulus geus aya di kota Epesus, sabada ngider pilemburan-pilemburan nu aya di wilayah Korinta. Di Epesus, nyampak, aya sababaraha murid. 2 Tuluy dipariksa, “Aranjeun basa mimiti percaya geus nararima Ruh Allah?” Jawabna, “Teu acan. Malah nguping yen aya Ruh Allah oge nembe ayeuna.” 3 Dipariksa deui, “Ku baptisan anu mana aranjeun dibaraptis teh?” Jarawabna, “Ku baptisan Yahya.” 4 Saur Paulus deui, “Baptisan Yahya mah pikeun tanda pertobat. Kapan Yahya ngembarkeun yen kudu palercaya ka Anu rek sumping pandeurieun anjeunna, nya eta Isa Al Masih.” 1:26-27* 5 Sanggeus kitu maranehna tuluy marenta dibaptis demi pajenengan Isa, Gusti Jungjunan urang. 6 Sabot keur ditarumpangan leungeun ku Paulus, lungsur bae Ruh Allah ka maranehna; tuluy maranehna barisa nyarita ku basa ajib jeung narubuwat. 7 Jumblah maranehna kurang leuwih dua welas urang. 8 Meunang tilu bulan Paulus ngawuruk di tempat-tempat ibadah di dinya, bari teu aya kasieun. Anjeunna ihtiar geusan ngayakinkeun urang dinya kana Karajaan Allah. 9 Sawatara urang anu teu bisa diongget-ongget, batan beunang diyakinkeun anggur ngagogoreng Jalan Lempeng hareupeun umum. Ku Paulus tuluy ditinggalkeun, tapi anu geus jaradi murid mah ku anjeunna dipisahkeun ti anu karitu. Ngawurukna teh, nya eta di gedong kuliah Tiranus. 10 Kitu bae saterusna, meunang dua taun, nepi ka sakumna urang Asia kaembaran Pangandika Pangeran, boh urang Yahudi, boh urang Yunani. 11 Paulus, ku Allah, dianggo pikeun nganyatakeun mujijat-mujijat-Na anu luar biasa. 12 Ukur saputangan atawa lawon sejenna urut Paulus, ana diusapkeun ka nu garering terus bae calalageur, roh-roh jahat oge araringkah. 13 Aya sawatara dukun urang Yahudi, ngalider di eta nagara, nyoba jampena ka anu kaancikan roh jahat ku ngucapkeun jenengan Isa, Gusti Jungjunan urang. Pokpokanana, “Maneh ku kami ditumbalan ku pajenengan Isa Al Masih anu diuarkeun ku Paulus!” 14 Eta dukun-dukun teh, aya tujuhan; kabehanana anak hiji imam kapala urang Yahudi nu ngaran Skewa. 15 Tapi roh jahat teh anggur nambalang kieu, “Aing ka Isa wawuh, ka Paulus wawuh. Tapi ari silaing saha tea?” 16 Tuluy jelema anu ditambaan teh narajang, kabeh digaley ku manehna nepi ka lalumpatan bari barulucun, jaba awakna raruksak. 17 Eta beja, — terus nerekab ka sa-Epesus — nimbulkeun kasieun ka sararea, boh ka urang Yahudi, boh ka urang Yunani sarta pajenengan Isa teh beuki mashur bae. 18 Nu geus palercaya oge rea anu daratang, ngararaku ka balarea yen maranehna oge sok karitu. 19 Jelema-jelema anu tadina tukang metangan, loba anu ngaduruk buku-buku paririmbonna hareupeun umum. Pipangajieunana eta buku-buku teh, kira-kira lima puluh rebu duit perak. 20 Jadi, pangandika Allah teh gancang pisan sumebarna jeung gede pangaruhna. 21 Sabada kajadian eta, Paulus niat muru ka Yerusalem make jalan ka Makedoni jeung Ahaya. Saurna, “Tas ti dinya, nagara Rum oge rek diteang.” 22 Geus kitu, anjeunna ngajurungkeun Timoteus jeung Erastus sina ti hareula ka Makedoni. Sabab anjeunna mah, rek rada lila di Asia teh. 23 Dina mangsa harita keneh, ger, aya huru-hara gede tina sual Jalan Lempeng. 24 Nu jadi luluguna, nya eta hiji tukang kamasan ngaran Demetrius purah nyieun kukuilan tina perak pikeun dewi Artemis; hiji pagawean anu kacida nguntungkeunana ka tukang-tukangna. 25 Tukang-tukang teh ku manehna dikumpulkeun jeung pagawe-pagawe sejenna. Tuluy manehna nyarita kieu, “Batur-batur, ku sarerea ge karasa, yen ieu pacarian teh nguntungkeunana ka urang lain lumayan. 26 Tapi jelema anu ngaran Paulus tea, — aranjeun oge geus moal barireuk deui — geus nyasabkeun jelema-jelema tur lain di urang bae, malah meh di sa-Asia. Anjeunna uar-uar, yen bubuatan leungeun jelema mah lain dewa. 27 Talajakna anu kitu teh, jaba ti maehan pausahaan urang, kuil Dewi Artemis nu Agung oge jadi matak cambal dangiangna. Sang dewi ku anjeun, pupujaan manusa sa-Asia malah pupujan sadunya, moal diagung-agung deui.” 28 Barang ngadarenge kitu, pohara arambekeunana; ger bae, tingcorowok, “Agung Artemis, dewi urang Epesus!” 29 Tuluyna mah, atuh timbul huru-hara di sakuliah kota teh. Sabab jelema-jelema eta, terus ngambreg nyerbu ka gedong kasenian bari ngagusur Gayus jeung Aristarkus, urang Makedoni batur nyaba Paulus. 30 Tadina mah, ku Paulus teh rek disampeurkeun; tapi ku murid-murid, anjeunna diharalangan. 31 Malah aya sababaraha gegeden asal Asia anu nyobat ka Paulus marepelingan ka anjeunna, supaya ulah nyampeurkeun ka ditu. 32 Sajeroning kitu, jelema-jelema di gedong kasenian tingcorowok rupa-rupa. Cek ieu kieu, cek itu kitu, nya raribut teu puguh; da lolobana mah, teu nyaraho pikeun naon maranehna kumpul teh. 33 Geus kitu, aya jelema anu disurung-surung ku urang Yahudi, ngaranna Aleksander. Manehna teh, disina nyanghareupan anu keur raribut. Sanggeus manehna meunang raratan pasualanana, tuluy ngisarahan ku leungeun menta nyarita. 34 Tapi barang nyarahoeun yen manehna urang Yahudi, ger bae jelema-jelema teh tinggorowok deui, “Agung Artemis, dewi urang Epesus!” Teu eureun-eureun nepi ka aya dua jamna. 35 Ahirna beunang direpehkeun oge, nya eta ku Sekretaris Pamarentah Kota. “He, rayat Epesus,” cek Sekretaris Kota, “saha anu teu nyaho yen kota Epesus teh purah ngurus hade-hade kuil dewi Artemis, dewi anu maha agung; kitu deui, ngamumule arca anjeunna anu lumungsur ti langit? 36 Hal eta teh, hamo aya anu bisa ngabantah. Ku sabab eta, coba masing salabar, ulah ngalajur napsu ngumbar amarah. 37 Eta dua jelema ku aranjeun digusur ka dieu. Padahal, maranehna teh teu aya kasalahanana; nya teu ngarampog kuil sang dewi, nya teu ngagogoreng jenenganana oge. 38 Upama Demetrius sabatur-batur aya urusan ka salah sahiji jelema, kapan salian aya pangadilan, oge aya gupernur. Ka dinya kuduna ngasongkeun urusan teh, boh pihak ieu, boh pihak itu. 39 Kitu deui, upama aya kahayang sejenna, eta oge dibereskeunana teh kudu dina sidang rayat anu resmi. 40 Ieu urang kikieuan dina poe ieu teh, bisa dicap nyieun huru-hara. Lantaran moal bisa mere alesan, pikeun urang bisa dibenerkeun kana ieu gempungan anu sakieu matak ngariweuhkeunana.” Geus kitu, eta jelema-jelema teh, dititah bubar.

Carios Padamelan 20

1 Sasirepna huru-hara, Paulus ngumpulkeun murid-murid, dililipur sina taleger. Sanggeus amitan, bral, anjeunna miang ka Makedoni. 2 Di Makedoni, anjeunna oge ngalilipur dulur-dudulur sarta neguhkeun imanna. Sanggeus daerah Makedoni katatab, bral, anjeunna miang deui ka nagri Yunani. 3 Sanggeus tilu bulan di dinya, aya maksud balayar ka tanah Sam. Tapi ku sabab diancam rek diarah pati ku urang Yahudi di dinya, anjeunna mutuskeun yen pimulangeun teh rek make jalan Makedoni bae. 4 Anjeunna dibaturan ku sababaraha urang, nya eta Sopater anak Pirus, urang Berea; Aristarkus jeung Sekundus, urang Tesalonika; Gayus urang Derbe, jeung Timoteus; Tihikus jeung Tropimus, urang Asia. 5 Maranehna, ku anjeunna disina ti hareula, megat di nagri Troas. 6 Simkuring jeung Paulus mah arindit teh ti Pilipi, nya kana kapal; inditna teh, sabada hari raya Roti Teu Make Ragi. Poe kaopatna geus tepung deui jeung maranehna di Troas. Sarerea nganjrek heula di dinya, meunang tujuh poe. 7 Dina poe Ahad, waktu sarerea ngariung rek dalahar, Paulus ngawuruk heula ka duduluran dumeh isukna baris paturay. Ngawurukna ngagelendut nepi ka tengah peuting. 8 Kumpulna teh di loteng nu raang ku lampu. 9 Aya budak ngora ngaranna Etikus, diukna dina jandela; lenggut bae, manehna teh nundutan ku sabab lilana Paulus ngawuruk. Antukna, kalepasan, hees tibra pisan; tuluy gebut bae, ragrag; mangkaning tina loteng katilu. Ari diboro teh, bet, geus teu nyawaan. 10 Paulus turun, terus ngagoleahkeun anjeun kana awak budak ngora tea bari dirangkul. Cek anjeunna, “Ulah galeumpeur, aya keneh nyawaan.” 11 Geus kitu mah, anjeunna unggah deui ka loteng, ngabagi-bagikeun roti, tuluy sarerea dalahar. Anggeus dahar diteruskeun deui ngawurukna teh, nepi ka wanci carangcang tihang, kakara anjeunna amitan. 12 Budak ngora tea hirup deui, tuluy dialanteurkeun dipirig ku kabungah. 13 Simkuring jeung batur-batur ku Paulus dititah balayar ti heula ka Asos. Saurna, anjeunna kudu dipegat di dinya; da anjeunna mah, rek mapay jalan darat. 14 Sanggeus tepung di Asos, sarerea unggah kana kapal pikeun balayar ka Mitilena. 15 Ti dinya, sarerea balayar deui: Isukna, geus paeunteung-eunteung jeung pulo Kios; pagetona, nyimpang ka pulo Samos; isukna deui, nepi ka nagri Mileta. 16 Ku Paulus geus diputus teu kudu nyimpang ka Epesus, bisi waktu beak di Asia. Sabab anjeunna, keur rurusuhan; Nya sabisa-bisa mah, anjeunna, hayang geus aya di Yerusalem teh dina hari raya Paska. 17 Ti Mileta nitahan jurungan ka Epesus, manggil kokolot jamaah. 18 Cek Paulus ka kokolot-kokolot, — sanggeusna daratang — “Pagawean simkuring, sapanjang jeung aranjeun, ti barang nincak Asia, ku aranjeun geus kasaksi. 19 Tangtu kataringali, simkuring bakti ka Gusti teh bari eling kana kalaipan diri, sering ragragan cipanon, sarta teu arang manggih cocoba diarah-arah ku urang Yahudi. 20 Tangtu karasa ku aranjeun, yen simkuring tara towong nyaturkeun sakur nu baris mangpa'at keur aranjeun. Tara towong mere nasehat, boh di tempat umum, boh di rumah-rumah tangga aranjeun. 21 Teu kendat-kendat ngelingan, nya ka urang Yahudi, nya ka urang Yunani, malar tarobat ka Allah jeung ariman ka Isa, Gusti Jungjunan urang. 22 Ayeuna, simkuring teh ku Ruh Allah dipundut kudu ka Yerusalem; bari jeung teu terang, nasib nu kumaha nu baris kasorang ku simkuring. 23 Iwal ti anu digambarkeun ku Anjeunna, ka simkuring, yen di unggal tempat anu didatangan, simkuring teh keur didago ku panjara sarta didodoho ku sangsara. 24 Najan kitu, simkuring moal rek lebar ku nyawa, dapon anu jadi tujuan kahontal, nya eta ngarengsekeun papancen ti Isa, Gusti Jungjunan urang, ngawawarkeun hal kurnia piwelas Allah. 25 Simkuring geus boga pirasat yen moal patembong beungeut deui jeung aranjeun, nu beunang simkuring neang jeung ngawurukan hal Karajaan Allah. 26 Tumali jeung eta, poe ieu seja nganyatakeun, yen simkuring henteu hutang nyawa ka sakur anu baris barinasa. 27 Sabab sakabeh pangersa Allah, ku simkuring geus diwawarkeun ka aranjeun taya towongna. 28 Kawajiban aranjeun ayeuna, nya eta kudu jaga diri sarta ngajaga pakumpulan. Sabab aranjeun, ku Ruh Allah geus diangkat kana ngaraksa-ngariksa eta jamaah kagungan Allah, kenging-Na nebus ku getih-Na ku anjeun. 29 Ku simkuring parantos kasawang, di mana aranjeun geus ditinggalkeun baris kadatangan kerud-kerud, nya garalak, nya ngagalaksak ka jamaah. 30 Turug-turug, ti kalangan aranjeun keneh oge, baris aya nu nyebarkeun piwuruk palsu pikeun narik murid-murid sina bariluk ka pihakna. 31 Ku sabab eta, aranjeun sing areling. Poma sing aringet, yen simkuring teh tepi ka tilu taun nya mamatahan ka aranjeun taya towongna beurang peuting, dibarung ku hujan cipanon. 32 Ayeuna aranjeun dipasrahkeun ka Pangeran jeung kana pangandika ciciren welas asih-Na, nu kawasa ngawangun aranjeun jeung maparin ganjaran, anu disadiakeun keur sakur anu geus disucikeun ku Anjeunna. 33 Simkuring, ka saha bae oge, tara menta pupulur, naha emas, naha perak, atawa papakean. 34 Ku aranjeun oge katembong, sagala kaperluan simkuring sabatur-batur enggoning ngalalana, kabeh oge beunang itikurih leungeun sorangan. 35 Dina sagala hal, simkuring teh mere conto, yen urang teh kudu banting tulang supaya bisa tutulung, nya nalang ka anu susah tea. Aranjeun sing aringet kana kasauran Isa, Gusti Jungjunan urang, anu kieu: ‘Bagja keneh mere batan dibere.’ ” 36 Tamat mere amanat; brek, Paulus tapak deku ngadu'a ka Gusti Allah jeung maranehna. 37 Awahing ku naralangsa maranehna, nepi ka tingsalegruk; terus pada ngararangkul ka anjeunna bari nyariuman. 38 Pangpangna mah, kagagas ku kekecapanana anu nyebutkeun moal patembong beungeut deui. Sanggeus cacap sarosonoan, Paulus dijajapkeun nepi kana kapal.

Carios Padamelan 21

1 Sanggeus silih pileuleuyankeun, bral, simkuring sabatur-batur balayar ngajugjug pulo Kos. Isukna, jol, di pulo Rodos; tuluy diteruskeun deui ka nagri Patara. 2 Di dinya, simkuring sabatur-batur pindah kana kapal anu rek ka Punikia. 3 Pulo Siprus anu tembong ngalamuk di beulah kenca teh, diliwat; kebat bae ka tanah Sam; tuluy barang geus tepi ka Palabuhan Tirus kapal balabuh sabab muatan kapal kudu dibongkar di dinya. 4 Simkuring sabatur-batur turun tina kapal, terus neang imah murid-murid anu aya di dinya; simkuring sabatur-batur teh nganjrek heula di dinya, meunang tujuh poe. Di dinya, murid-murid meunang harewos ti Ruh, seug malihatur ka Paulus, nyarek ulah terus ka Yerusalem. 5 Tapi dina waktuna indit mah, simkuring sabatur-batur oge arindit pikeun neruskeun perjalanan; simkuring sabatur-batur teh, dialanteur ku murid-murid, saanak bojona, nepi ka basisir. Tuluy, brek bae, simkuring sabatur-batur jeung murid-murid tapak deku bari ngadu'a ka Allah, terus uluk salam. 6 Sanggeus kabeh arunggah kana kapal, nu ngalanteurkeun marulang deui ka kota. 7 Ti Tirus, simkuring sabatur-batur balayar ka nagri Petolomais, tuluy nganjrek heula di murid-murid nu araya di dinya, sapoe. 8 Isukna, simkuring sabatur-batur teh, neruskeun lalampahan nepi ka nagri Kesarea; di dinya, simkuring sabatur-batur manggihan nu ngaran Pilipus, juru Injil; anjeunna teh, salah saurang ti antara tujuh juru laden anu di Yerusalem tea; tuluy simkuring sabatur- batur teh, nganjrek di dinya. 9 Ari Pilipus teh boga opat anak parawan; opatanana geus kersaning Allah barisa narubuwat. 10 Sanggeus meunang sawatara poe, aya nabi ti Yudea ngaranna Agabus. 11 Barang tepung jeung simkuring sabatur-batur, kek bae, anjeunna kana beubeur Paulus, terus dibuka dipake nalian panangan jeung sampeanana ku anjeun. Pok nyarios, “Kieu saur Ruh Allah: Anu boga ieu beubeur bakal dibarogod kieu, — kawas kaula ayeuna — ku urang Yahudi di Yerusalem sarta bakal diserenkeun ka bangsa sejen.” 12 Ku sabab hal eta, simkuring sabatur-batur sarta dulur-dulur di dinya pada muntangan Paulus, supaya ulah tulus ka Yerusalemna. 13 Tapi Paulus keukeuh bari saurna, “Naha make dicaleungceurikan, nyiar-nyiar pinalangsaeun simkuring? Ulah boro ngan semet dibarogod wungkul; simkuring mah, dalah nepi ka nemahan pati di Yerusalem ge, — ari tina lantaran anut ka Isa, Gusti Jungjunan urang — sumeja pasrah sumerah.” 14 Ku sabab anjeunna teu beunang dihulang; ahirna mah, anjeunna ku sarerea diridokeun, aromongna, “Atuh ayeuna mah ngan kantun sumerah kana pangersa Gusti urang bae.” 15 Di Kesareana, simkuring sabatur-batur, meunang sababaraha poe, terus maraju deui muru ka Yerusalem. 16 Aya oge murid-murid anu marilu, malah nyimpangkeun simkuring sabatur-batur ka imah hiji murid nu ngaran Menason, — urang Siprus anu geus heubeul jadi murid — maksudna rek dibawa nganjrek di dinya. 17 Sadatangna ka Yerusalem, kabeh duduluran pohara ngabageakeunana. 18 Isukna, Paulus sakanca-kanca ka imah Yakobus, nepungan kokolot-kokolot anu geus kumpul di dinya. 19 Sanggeus uluk salam, Paulus muka carita. Anjeunna ngadadarkeun sakabeh padamelan Allah anu diembankeun ka anjeunna di kalangan bangsa-bangsa sejen, ti awal nepi ka ahir. 20 Parakokolot maruji ngagungkeun ka Allah, bari terus nyarita kieu, “Saderek Paulus! Tangtos saderek tingali, parantos mangrebu-rebu urang Yahudi anu ngariring percaya tur sadayana saregep kana Toret. 21 Tapi maranehna ngaruping wartos, majar teh saderek ngajarkeun anu nyimpang tina hukum Toret ka urang Yahudi anu marukim di nagara deungeun, yen barudakna teu perlu disunat, teu perlu ngukuhan adat urang. 22 Ayeuna kumaha, margi tangtos maranehna ngaruping saderek sumping ka dieu. 23 Kumaha upami kieu: Kaleresan di dieu aya opatan anu garaduh panadaran. 24 Saderek ngiring susuci bareng sareng maranehna; paparin bae waragad keur ongkos cukur maranehna. Ku jalan kieu, engke kaciri ku sadaya yen anu kawartoskeun ka maranehna teh henteu leres, margina katingal saderek oge nedunan hukum Toret. 25 Bangsa-bangsa sanes anu parantos ngariring ariman mah parantos diseratan ti dieu, yen kedah mantrang kadaharan sasajen keur brahala, mantrang ngadahar getih kitu deui kana lakuning sahwat anu ingkar tina susila.” 26 Isukna, Paulus susuci bareng jeung anu opatan tea, nurutkeun sakumaha nasehat. Anggeus susuci, terus Paulus sabatur-batur ka Bait Allah, nya eta pikeun mopoyankeun waktu pitamateunana susuci sarta waktuna nyaranggakeun kurban nyumponan panadaran. 27 Barang geus rek tujuh poe, urang Yahudi anu ti Asia narenjoeun, yen Paulus aya di Bait Allah. Paulus ditewak ku maranehna bari tingharaok ngahucuhkeun jalma rea, 28 aromongna, “He, urang Israil, barantuan! Ieu yeuh jelema tukang ngosol-ngosol batur di mana-mana teh, supaya ngamusuhan bangsa urang, sina arijid kana Toret jeung ka nagara urang! Tenjo, ayeuna oge manehna ngasupkeun urang Yunani ka Bait Allah pikeun ngananajis tempat suci!” 29 Cararekna kitu teh, pedah keur aya di kota keneh, katarenjoeun ku maranehna, yen Paulus teh bareng jeung Tropimus urang Epesus tea; panyangkana, Paulus mawa asup Tropimus ka Bait Allah. 30 Gancangna terus geunjleung sadadayeuh, jalma-jalma terus napuk ngoroyok ka Paulus. Paulus digusur ti jero Bait Allah, panto-pantona, kabeh, geuwat bae ditutup-tutupkeun. 31 Paulus rek tuluy dipaehan. Tapi aweuhan geunjleung sa- Yerusalem teh geus aya nu ngalaporkeun ka komandan pasukan. 32 Teu tempo deui, anjeunna mepek balad saperwira-perwirana, terus diangsitkeun muru tempat kaributan. Barang komandan anu mawa pasukan teh, jebul, didinya; kakara anu nareunggeulan Paulus teh areureun. 33 Paulus ku komandan disampeurkeun terus ditangkep, sina dibarogod ku rante dua beulitan. Komandan papariksa saha anjeunna jeung naon dosana. 34 Jelema-jelema narembalanana tinggorowok, cek ieu kieu, cek itu kitu. Ku sabab teu meunang katerangan anu bener, — lantaran tinggorowok teu puguh dengekeunana — Paulus disina dibawa ka markas. 35 Nepi kana tangga markas, Paulus kapaksa kudu dipunggu ku serdadu-serdadu. 36 Sabab kagencet ku jalma rea anu terus naluturkeun bari tingharaok, “Paehan mangkeluk kitu mah!” 37 Barang rek diasupkeun ka jero markas, Paulus mihatur ka komandan, “Kenging simkuring mihatur?” Jawab komandan, “Kutan bisa basa Yunani? 38 Lain maneh teh urang Mesir tea, anu bareto nyieun huru-hara jeung mawa kabur pemberontak bersenjata ka leuweung kikisik?” 39 Waler Paulus, “Simkuring urang Yahudi, asal ti Tarsus kota anu kaceluk di tanah Kilikia. Simkuring neda idin nyarita ka eta jalmi-jalmi.” 40 Kieu kasauranana,

Carios Padamelan 22

1 “Dulur-dulur sareng bapa-bapa: Simkuring amit seja ngahaturkeun katerangan.” 2 Ngadarenge anjeunna ngagunakeun basa Ibrani, jelema- jelema beuki jempe. 3 Paulus neruskeun, “Simkuring teh bangsa Ibrani, lahir di Tarsus bawahan Kilikia, nanging digedekeun di dieu. Kenging didikan dina panalingaan ahli hukum jenengan Gamaliel, dididik enya-enya ngulik-ngulik palaturan Toret karuhun urang, nepi ka jadi jelema anu suhud ngalakonan parentah Allah, cara aranjeun ayeuna. 4 Simkuring, bareto mah tukang nganiaya panganut-panganut agama anu ayeuna dianut ku simkuring, nepi ka maranehna naremahan pati. Nu ditangkepan ku simkuring mangpirang-pirang, awewe lalaki, dijeblos-jebloskeun ka pangbuian. 5 Kalakuan simkuring anu kitu teh, kasaksian pisan ku Panghulu Agung; kitu deui, ku sarengrengan sesepuh. Sakali mangsa, simkuring dibahanan surat kawasa ku aranjeunna keur ka dulur-dulur sabangsa anu maratuh di Damsik. Iang teh ngandung niat seja newakan panganut-panganut eta agama, nya eta pikeun digiring ka Yerusalem sina diharukum. 6 Sabot di jalan keneh, teu pati jauh deui ti Damsik; kira-kira wanci tengah poe, dumadakan simkuring kasorot ku hiji cahaya ti langit. 7 Bluk bae, simkuring tibeubeut kana taneuh; teras aya soara anu ditujulkeun ka simkuring, pokna: ‘Saulus, Saulus! Ku naon maneh nganiaya ka Kami?’ 8 Simkuring ngawalon: Saha anjeun teh, Jungjunan? Ari waler-Na: ‘Kami teh Isa, urang Nasaret, nya anu keur dikaniaya ku maneh!’ 9 Babaturan anu marengan simkuring ge, sami naringal kana eta cahaya teh; ngan gentra tea mah, teu kadarengeeun. 10 Sanggem simkuring: Nun Junjungan, kedah kumaha abdi teh? Waler-Na: ‘Geura cengkat, teruskeun ka Damsik. Engke, di ditu, ku Kami dibejaan naon pilampaheun.’ 11 Asup ka Damsik teh, dugi ka ditungtun-tungtun. Sabab urut kasorot cahaya teh, jadi teu tiasa ningal naon-naon. 12 Di eta kota, aya hiji jalmi wastana Ananias. Anjeunna teh, jalmi ibadah anu tuhu kana hukum Toret sareng hade kasebutkeunana ku urang Yahudi anu maratuh di dinya. 13 Anjeunna ngalayad ka simkuring, saurna: ‘Paulus, saderek sing bisa ningali deui.’ Sapada harita keneh, simkuring bisa deui ningal, teras mencrong ka anjeunna. 14 Saurna deui: ‘Saderek teh, ku Allah nu disembah ku karuhun urang, parantos dipilih malar ngartos kana pangersa-Na, supados weruh ka Nu Langkung Bener tea, sareng nguping gentra-Na tina lambey-Na ku anjeun. 15 Margi, saderek teh, bakal dijieun saksi pikeun sagala perkara anu engke ku anjeun baris katingal sareng kakuping ti Mantenna. 16 Ayeuna bade ngantos naon deui? Mangga urang baptis bari nyambat pajenengana-Na, supados dosa-dosa anjeun disucikeun.’ 17 Saterasna, waktu simkuring aya di Yerusalem, nya eta di Bait Allah; leng bae, simkuring kaancikan ku kawasa ilahi. 18 Sajeroning kitu, breh bae, simkuring ningal Mantenna, ngadawuh kieu: ‘Buru-buru, ayeuna keneh, tinggalkeun Yerusalem. Sabab urang dieu, arembungeun ngadarenge katerangan maneh tina hal Kami.’ 19 Simkuring ngawangsul: Nun Gusti Jungjunan simabdi, maranehna tangtos tarerangeun, yen abdi teh, asalna tukang nganiaya sareng ngagusuran jalmi-jalmi anu aranut ka Anjeun ti tempat-tempat ibadah pikeun dijeblos-jebloskeun ka panjara. 20 Kitu deui nalika pun Stepanus, sahid Gusti tea mandi getih, abdi oge ngiring nyakseni sarta nyatujuan bari mangnungguankeun papakean jalmi-jalmi anu maraehanana. 21 Dawuhana-Na deui: ‘Indit bae, sabab maneh ku Kami rek diutus ka nu jauh, ka bangsa deungeun.’ ” 22 Barang Paulus nyaritana nepi ka lebah dinya, — jelema-jelema anu tadina jempling teh — ger bae, tinggorowok, “Singkirkeun eta jelema teh ti alam dunya, hirup ge cumah bae!” 23 Tinggorowokna teu eureun-eureun bari ngalung-ngalungkeun jubahna masing-masing jeung ngawur-ngawurkeun taneuh ngebul. 24 Ku sabab eta, Paulus ku komandan diparentahkeun dibawa ka markas, arek dirangket supaya daek nerangkeun naon dosana pangna nepi ka sakitu dikakalakeunana. 25 Barang geus dipentang, rek dirangket, Paulus sasauran ka hiji perwira di gigireunana, “Na wenang anjeun ngarangket warga nagara Rum tur perkarana acan dipariksa?” 26 Si perwira terus laporan ka komandanna, pokna, “Bapa, eta jelema teh geuning warga nagara Rum. Ayeuna bade dikumahakeun?” 27 Ti dinya komandan nyampeurkeun, mariksa ka Paulus, “Na enya maneh warga nagara Rum?” Walon Paulus, “Yaktos.” 28 Saur komandan, “Kami mah jadi warga nagara Rum teh beunang meuli mahal kacida.” Walon Paulus, “Simkuring mah memang turunan.” 29 Nu rek ngarangket terus undur, teu tulus ngarangketna. Barang nyaho, yen Paulus teh warga nagara Rum; eta komandan teh, malik risi. 30 Tapi anjeunna, ngarasa wajib nalungtik; naon saenyana dosa Paulus ka urang-urang Yahudi teh. Ku sabab eta, isukna Paulus dikaluarkeun tina tahanan, barogodna dilesotkeun. Geus kitu, komandan nyaur imam-imam kapala katut rengrengan Mahkamah Agama; tuluy Paulus dijagragkeun sina dipariksa.

Carios Padamelan 23

1 Bari neuteup ka rengrengan Majelis, Paulus mihatur, “Para saderek! Dugi ka wanci ieu, simkuring lumampah di payuneun Allah kalawan budi rasa anu saiklas-iklasna.” 2 Kakara sakitu sasauranana, ku Panghulu Agung Ananias, anjeunna dititah dicabok ku anu deukeut ka anjeunna. 3 Tapi ku Paulus dibales kieu, “Eh jalma pupulasan, anu lir tembok bodas balas dikapur, anjeun engke bakal keuna ku panyabok Allah. Anjeun, di dieu teh, keur ngahakiman anu saluyu jeung hukum Toret. Naha marentah nyabok, apan eta teh mengpar tina hukum” 4 Geus kitu, anjeunna aya anu nyentak, “Maneh wani kumalancang ka Panghulu Agung Pangeran?” 5 Walon Paulus, “Panginten simkuring teh, sanes Panghulu Agung. Leres, cek Kitab oge: ‘Maneh ulah ngagorengkeun anu jadi pamingpin bangsa.’ ” 6 Saterusna, dumeh Paulus terangeun yen eta majelis teh diwangun ku golongan Parisi jeung Saduki, anjeunna mihatur kieu, “Saderek-saderek, simkuring teh urang Parisi, turunan Parisi. Dugi ka ngalaman sarupi kieu teh lantaran percaya kana pihudangeunana anu maraot.” 7 Balukar tina ucapanana, ger bae, di dinya jadi cekcok antara golongan Parisi jeung golongan Saduki, nya pabentar paham. 8 Sababna, cek kayakinan urang Saduki mah kiamat, malaikat, atawa roh teh euweuh; sabalikna, urang Parisi mah percaya yen aya. 9 Tuluyna mah, eta dua pihak jadi patorong-torong. Neut, sawatara ahli Kitab ti golongan Parisi narangtung terus padu, pokna, “Eta jelema cek kaula euweuh kasalahanana! Kawasna bae, aya roh atawa malaikat anu sasauran ka manehna.” 10 Ku sabab pasentrokan beuki harengheng, komandan inggiseun, bisi Paulus dipagorenyangkeun; tuluy anjeunna marentah pasukan kudu turun ngabedol Paulus ti tengah sidang, sina diasupkeun ka markas. 11 Barang geus peuting, Gusti Jungjunan urang nembongan ka Paulus, ngadeg sagigireunana sarta ngadawuh, “Sing gede hate. Sabab sakumaha maneh geus sakitu wanina jadi saksi Kami di Yerusalem; engke, di nagara Rum oge, kudu kitu.” 12 Poe isukna, urang-urang Yahudi teh nyieun komplotan; seug maranehna sarumpah yen moal nyatu moal nginum samemeh bisa maehan Paulus. 13 Eta komplotan teh, lobana, opat puluh urang leuwih. 14 Maranehna daratang ka Panghulu Agung, ngaromong kieu, “Abdi sadaya parantos sarumpah moal neda moal nginum samemeh tiasa maehan Paulus. 15 Mugi bapa sareng Mahkamah Agama usul ka komandan, supados si Paulus dibantun deui ka dieu, pura-pura bade dipariksa deui langkung paos. Abdi-abdi sanggup maehan manehna samemeh dongkap ka dieu.” 16 Sukur eta akal jahat teh katohyan ku alona Paulus, anak dulurna awewe. Tuluy manehna indit ka markas, menta nepungan Paulus sarta popoyan. 17 Geus kitu, Paulus nyauran hiji opsir; saurna, “Pangdeuheuskeun ieu budak ngora ka komandan, bade aya pisanggemeun.” 18 Tuluy ku eta opsir, manehna dibawa ka komandan sarta pokna, “Sakitan Paulus ngageroan ka abdi, nyuhunkeun dipangdeuheuskeun ieu pamuda, aya anu bade diunjukkeun.” 19 Ceg, komandan nyekel kana leungeun si pamuda tea, terus dibawa nyingkur sarta dipariksa, “Aya beja naon?” 20 Jawabna, “Juragan, urang Yahudi teh parantos baradami. Enjing, Paulus teh bade disuhunkeun supados juragan nyandak deui anjeunna ka pangadilan, pura-purana mah bade diparios deui anu langkung paos. 21 Tapi eta teh, ulah dipercanten; margi sayaktosna mah, anjeunna teh bade dipegat ku opat puluh jalmi langkung. Maranehna parantos sarumpah moal neda moal nginum samemeh tiasa maehan Paulus. Ayeuna, maranehna parantos taki-taki kantun ngantos putusan ti juragan.” 22 Si pamuda teh ku komandan dijurung balik bari diomat-omatan, “Kahade, ulah kanyahoan yen maneh bebeja ka kami.” 23 Geus kitu, komandan manggil perwirana duaan sarta parentahna, “Siapkeun perjurit dua ratus urang, pasukan kuda tujuh puluh urang, pasukan tumbak dua ratus urang; inditkeun engke peuting pukul salapan ka Kesarea. 24 Anteurkeun Paulus ka gupernur Peliks, sadiakeun kalde tumpakaneunana. Jaga sing kuat, ulah nepi ka cilaka.” 25 Ti dinya komandan nyieun surat: 26 “Konjuk hing pangersa anu mulya, gupernur Peliks. Ieu serat ti simkuring, Klaudius Lisias; ngahaturkeun wilujeng. 27 Ieu jalmi ditangkep ku urang Yahudi bade dipaehan, nanging kabujeng dicegah ku simkuring sareng pasukan. Salajengna, manehna, ku simkuring dibebaskeun; margi manehna ngakukeun warga nagara Rum. 28 Nanging supados katalungtik perkawis dakwaanana, ku simkuring dijagragkeun ka Mahkamah Agama maranehna. 29 Anu kapendak ku simkuring, dakwaan ka manehna teh ngeunaan sual-sual hukum Toret maranehna. Dosana nu manjing hukum pati atanapi bui mah, teu aya. 30 Teras aya jalmi ngawartosan, yen aya komplotan anu masang baya bade maehan ka manehna. Ku margi kitu, ku simkuring diparentahkeun dibantun ka kersa gupernur. Ka pihak anu ngadakwa, parantos diwartosan yen ieu perkawis kedah diasongkeun ka kersa salira.” 31 Saluyu jeung parentah, peutingna, Paulus dicokot ku pasukan pangawal dibawa ka nagara Antipatris. 32 Isukna, sabagian pasukan baralik deui ka markas. Sedengkeun anu ngawal Paulus saterusna mah, ngan pasukan kuda. 33 Sadatangna ka kota Kesarea, surat disanggakeun ka gupernur sarta Paulus diserenkeun. 34 Sanggeus surat diaos, gupernur mariksa ka Paulus asal ti propinsi mana. Sanggeus kauninga yen asalna ti Kilikia, 35 saur gupernur, “Perkara maneh baris dipariksa ku kami, lamun nu ngadarakwana geus ka darieu.” Paulus, ku anjeunna, ditahan di karaton raja Herodes.

Carios Padamelan 24

1 Heuleut lima poe, Ananias Panghulu Agung tea, sumping ku anjeun ka gupernur; manehna dibarengan ku sawatara kokolot bangsa jeung pokrol saurang ngaran Tertulus, anu rek ngadakwa Paulus. 2 Sanggeus Paulus disaur, galantang Tertulus ngelakkeun, kieu pokpokanana, “Bapa gupernur anu mulya. Kalayan berkah tarekah bapa gupernur, abdi-abdi teu kendat-kendat ginanjar kani'matan tur karaos, yen bangsa abdi aya dina kamajengan ku kawijaksanaan bapa gupernur. 3 Eta sadayana, boh di mana bae sapapaosna estu katampi, kasuhun ku abdi-abdi sadaya. 4 Ayeuna, supados waktos bapa henteu patos kaganggu, bade dibujeng enggalna bae seja nyuhunkeun sih citeres bapa gupernur anu parantos kakoncara, mugi kersa ngadangukeun ieu pihatur sakedap. 5 Ieu jalmi teh parantos nyata jadi sasalad, tukang nagiwurkeun urang-urang Yahudi di sa-alam dunya, hiji ulon-ulon ti madhab agama Masihi. 6 Malah kantos nyobi-nyobi menalkeun kasucian Bait Allah. Kitu kawitna, nu mawi ku abdi sadaya ditangkep, bade dihukum anu satimpal numutkeun hukum Toret bangsa Yahudi. 7 Nanging kapegat ku komandan Lisias, eta jalmi teh dileupaskeun tina genggeman abdi-abdi. 8 Saurna, upami bade ngadakwa mah, kedah ka Gupernur bae. Upami jinisna ku bapa diparios, tangtos baris ka uninga saniskanten pakelakan abdi sadaya ka dirina.” 9 Kitu dakwaanana sarta dikuatkeun ku urang-urang Yahudi yen memang kitu duduk perkarana. 10 Gupernur maparin isarah ka Paulus miwarang nyarita. Pok Paulus sasauran, “Ku margi Bapa Gupernur parantos mangtaun-taun ngatur ieu bangsa, simabdi moal asa-asa deui ngunjukkeun ieu perkawis. 11 Bapa tangtos langkung tingali, simabdi aya di Yerusalem teh nembe dua welas dinten kalangkung, nya eta bade ngalakonan ibadah. 12 Iraha tea simabdi sok kapendak papaduan, sumawonten ngarusuhkeun, boh di Bait Allah, boh di tempat pangibadahan, atanapi di tempat sanesna di kota. 13 Aranjeunna sorangan moal tariasa ngabuktikeun pangdakwaanana. 14 Nanging sumeja diangken pisan ku simabdi, yen sajeroning babakti ka Allah nu disembah ku karuhun simabdi sarerea teh, abdi nganut Jalan Lempeng; nya hiji agama anu ku aranjeunna disebut Madhab. 15 Abdi ngagaduhan pangarep-ngarep ka Allah, sami sareng anu diarep-arep ku aranjeunna, nya eta pangarep-ngarep kana hudangna deui anu maraot, boh anu ibadah, boh nu doraka. 16 Dumasar kana eta pangarep-ngarep, sapapaosna abdi teh ihtiar satekah polah supados hirup teh taya kuciwana di payuneun Allah; pon kitu deui ka sasama. 17 Mangtaun-taun abdi lunta ti Yerusalem, wangsul deui teh sumeja amal ibadah ka sasama bangsa sareng bade ngalampahkeun kurban. 18 Sabot ngalaksanakeun niat, nya eta nuju abdi aya di Bait Allah, kasampak ku urang-urang Yahudi ti Asia. Harita abdi teh nembe ngalakonan susuci, 19 teu ngabantun jalmi seueur sareng henteu aya karusuhan. Ku emutan, pantesna mah anu ngadakwa teh, ya eta urang Yahudi anu ti Asia, upami aya tea mah kelakeunana. 20 Nanging anu ayeuna parantos araya di dieu oge mangga teh teuing bade ngadakwa mah, naon dosa abdi anu kapendak ku aranjeunna nalika diparios ku Mahkamah Agama. 21 Rupina anu dianggap dosa ku aranjeunna teh ku margi simabdi harita nyebatkeun kieu: Lantaran percaya kana pihudangeunana anu maraot, simkuring dijagragkeun ka ieu Mahkamah Agama.” 22 Tapi lantaran Gupernur Peliks parantos apal kana seluk-belukna Jalan Lempeng, papariksaan ku anjeunna ditunda. Saurna, “Ieu perkara ku kami rek diputus upama komandan Lisias geus datang.” 23 Geus kitu, anjeunna marentah ka perwira tea, supaya Paulus tetep ditahan, tapi tahanan enteng bae; bari saurna, bisi aya kanca mitrana anu niat ngalaladenan kaperluan anjeunna, ulah dihalang-halang. 24 Sawatara poe ti harita, Gupernur Peliks sumping deui jeung Drusila geureuhana, urang Yahudi. Paulus disaur, ditimbalan nyaritakeun sual iman kapercayaanana ka Isa Al Masih. 25 Barang ngabandunganana nepi kana sual bebeneran, sual mawas diri jeung sual hukuman aherat, anjeunna kacida sieuneunana; tuluy anjeunna sasauran ka Paulus, “Cukup, sakitu bae heula; jung, ka ditu deui. Mun kami aya waktu engke maneh disaur deui.” 26 Sajeroning kitu, Gupernur Peliks teh dina manahna mah, ngarep-ngarep kana hadiah duit ti Paulus. Ku sabab eta, Paulus mindeng pisan disaur diajak gunem catur. 27 Tapi heuleut dua tahun, gupernur teh diganti ku Perkius Pestus. Ari Paulus angger keneh diantep dina tahanan, dumeh Gupernur Peliks teh hayang kapake ku urang Yahudi.

Carios Padamelan 25

1 Sanggeus tilu poe, aya di eta propinsi, Pestus miang ti Kesarea ka Yerusalem. 2 Ti dinya, imam-imam kapala jeung urang Yahudi golongan terkemuka daratang ngadeuheus pikeun ngadakwa Paulus. 3 Malah ngasongkeun pamenta anu ngabahayakeun Paulus, nya eta supaya Paulus diparentahkeun dibawa ka Yerusalem. Ku maranehna geus diatur, nya eta rek dipegat di tengah jalan baris dipaehan. 4 Tapi saur Pestus, Paulus teh rek ditahan di Kesarea bae; da anjeunna baris buru-buru ka ditu deui. 5 Saurna deui, “Alusna mah, anu nyarangking wewenang di aranjeun bareng jeung kula ka daritu. Pek manehna dakwa di ditu, ari enya aya kasalahanana mah.” 6 Pestus, di Yerusalemna, kira-kira ngan dalapan atawa sapuluh poe; tuluy anjeunna mulang ka Kesarea. Poe isukna, anjeunna marentahkeun ngala Paulus, rek disidangkeun perkarana. 7 Sanggeus Paulus aya di pangadilan, ku urang Yahudi anu ti Yerusalem dilingkung, tuluy didakwa ku rupa-rupa tudingan anu bareurat anu teu aya buktina. 8 Sabalikna, Paulus ngabela diri, kieu, “Simkuring henteu ngalanggar naon-naon, boh ka Toret urang Yahudi, boh ka Bait Allah, boh ka Sang Prabu.” 9 Tapi Pestus, ku sabab seja ngalap hate urang Yahudi, mariksa, “Kumaha upama maneh diiangkeun ka Yerusalem, dipariksa di ditu di harepan ku kami?” 10 Walon Paulus, “Ku margi simkuring parantos aya dina lingkungan pangadilan Sang Prabu, dipariksa oge kedah di dieu. Ku bapa oge kauninga leres-leres, simkuring ka urang Yahudi teh teu pisan-pisan gaduh kalepatan. 11 Upami leres-leres simkuring lepat atanapi nyieun kajahatan anu manjing hukum pati, sukalilah simkuring seja nampi. Sawangsulna, upami dakwaan maranehna henteu leres, pihak mana oge teu aya hakna nyerenkeun simkuring ka manehna. Simkuring seja naek banding ka Sang Prabu.” 12 Sanggeus anggota-anggota pangadilan rundingan, Pestus ngawaler ka Paulus, “Maneh geus naek banding ka Sang Prabu, jadi kudu ka ditu, ngadep ka anjeunna.” 13 Sawatara poe ti harita, sumping raja Agripa jeung Bernika ka Pestus tawis panghormat ka anjeunna. 14 Natamuna meunang sababaraha poe. Ku Pestus dicariosan perkara Paulus, saurna, “Di dieu aya hiji sakitan titinggal Peliks anu nembe dialihkeun ti dieu tea. 15 Nalika simkuring ka Yerusalem, eta sakitan teh didakwa ku imam-imam kapala sareng ku sesepuh bangsa Yahudi; malah saur aranjeunna mah, eta sakitan teh, kedah ditibanan hukuman. 16 Sanggem simkuring, bangsa Rum henteu biasa masrahkeun atanapi ngahadiahkeun sakitan kitu bae, nya kedah lawung heula sareng anu ngadakwana tur kedah dipaparin kasempetan ngabela diri. 17 Bral bae, aranjeunna sarumping ka dieu bareng sareng simkuring. Enjingna, eta sakitan teh dijagragkeun, perkarana disidangkeun. 18 Manehna dilingkung ku anu ngadarakwana. Nanging maranehna, teu tiasa ngabuktikeun kajahatan eta sakitan. Ku simkuring oge parantos kataksir kitu ti samemehna. 19 Perkarana mung ngeunaan sual-sual agama sareng perkawis Isa, anu sayaktosna parantos tilar dunya, nanging numutkeun Paulus mah hirup deui. 20 Simkuring bingung, kumaha mariksana perkawis sarupi kitu. Ku margi eta, Paulus teh, ku simkuring ditaros daek henteuna upami perkarana dipariksa di Yerusalem. 21 Sanggemna bade naek banding. Malah, samemeh perkarana diputus ku sang Prabu bade ngantos dina tahanan bae. Nya ditahan dongkap ka ayeuna, ngantos kana waktosna dideuheuskeun ka sang Prabu.” 22 Saur Raja Agripa, “Simkuring hoyong nguping ti jalmina sorangan.” Waler Pestus, “Manawi, enjing oge tiasa.” 23 Poe isukna, raja Agripa sumping ka Pangadilan, — nganggo anggoan karajaan — dibarengan ku Bernika, perwira-perwira, jeung jalma-jalma anu parenting di kota eta. Pestus marentahkeun supaya Paulus dideuheuskeun. 24 Geus kitu, Pestus sasauran, “Kanjeng raja Agripa anu mulya, miwah hadirin sadaya. Ieu Jalmi, didakwa ku sakumna urang Yahudi, boh ku nu di Yerusalem, boh ku nu di darieu. Ceuk maranehna, ieu jalmi ulah dibere hirup lila-lila. 25 Ku simkuring parantos dipariksa. Nanging nya kitu, teu aya kalepatanana anu manjing hukum pati. Ku margi manehna nyuhunkeun naek banding, ku simkuring bade diiangkeun ka sang Prabu. 26 Nanging naon anu kedah disanggemkeun ka sang Prabu, margi teu aya sanggemkeuneunana. Kitu margina, nu mawi ayeuna dibantun ka payuneun sadaya, utamina nya ka pangersa raja Agripa. Nyuhunkeun dipangmarioskeun, manawi aya perkawisna anu pantes dihaturkeun ka sang Prabu. 27 Margi ku emutan simkuring mah, teu pantes ngintunkeun sakitan tanpa katerangan-katerangan perkawis dakwaanana.”

Carios Padamelan 26

1 Saur raja Agripa ka Paulus, “Maneh ayeuna aya kasempetan ngabela diri.” Paulus ngacung mere isarah; derekdek, ngucapkeun pembelaanana, kieu, 2 “Nun raja Agripa nu mulya, simabdi estu bagja wireh dinten ieu kawidian ngabantah dakwaan-dakwaan ti urang Yahudi. 3 Utamina mah, wireh kanjeng raja teh leres-leres uninga kana adat istiadat sareng hal ihwalna urang Yahudi. Ku margi eta, disuhunkeun luntur galihna mugia kersa ngadangukeun. 4 Simabdi, ti ngongora keneh dikenal ku sakumna urang Yahudi teh; margi ti aalit, simabdi teh matuh di Yerusalem, di bangsa sorangan. 5 Sakitu lamina maranehna kenal ka abdi. Jadi, upami perlu, maranehna tiasa nerangkeun di dieu, yen abdi teh kantos jadi urang Parisi, nya eta madhab agama anu pangkeras-kerasna di urang. 6 Ayeuna, nu mawi dugi ka unggah ka pangadilan teh, jalaran ngaharep kana laksananing jangji Allah anu dipaparinkeun ka karuhun urang baheula; 7 tur diantos-antos pisan ku dua belas kaom ti bangsa urang sareng dibarung ku leket ibadah siang kalawan wengi. Nya ku margi ngagaduhan pangharepan eta, nu mawi abdi didakwa ku urang Yahudi teh, nun kanjeng raja! 8 Naon margina hadirin sadaya dugi ka nganggap mustahil, yen Allah tiasa ngahudangkeun deui anu parantos maot? 9 Boh kitu boh kieu, pamendak abdi oge kapungkur mah sami sareng maranehna, yen ngaran Isa, anu ti Nasaret teh kedah dilawan sakuat-kuatna. 10 Eta oge kantos ku abdi dilampahkeun di Yerusalem. Seueur pisan jalmi anu palercaya ku abdi dijeblos-jebloskeun ka panjara, margi dipasihan kawasa ti imam-imam kapala. Sanes kitu bae, malah abdi kalintang satujuna upami heug maranehna teh dihukum pati. 11 Sering pisan abdi nyiksa maranehna, di tempat-tempat ibadah, maksa sina mungkiran imanna. Kajurung ku hate nu ceuceub, maranehna ku abdi dibeberik dugi ka kota-kota di saluareun nagara. 12 Dina kaayaan kitu, hiji mangsa simabdi mios ka Damsik, ngemban kawasa anu gembleng sareng tugas ti imam-imam kapala. 13 Dumadakan, nun kanjeng raja, tengah dinten ereng-erengan; satengahing jalan simabdi ningal aya cahaya ti langit, nyorot ka abdi sabatur-batur. Eta cahaya teh, ngagebyarna langkung ti batan cahaya panonpoe. 14 Abdi sabatur-batur sami tibeubeut kana taneuh. Lajeng abdi nguping soara, ngucapna dina basa Ibrani, ditujulkeun ka simabdi: ‘Saulus, Saulus, ku naon nganiaya ka Kami? Cilaka maneh teh nyepak panyocog mah!’ 15 Ku abdi diwangsul: ‘Jungjunan, saha Anjeun teh?’ Ari waler-Na, ‘Kami teh Isa, anu keur dikaniaya ku maneh! 16 Geura cengkat, pek nangtung. Kami nembongan teh rek ngangkat maneh, rek dijadikeun abdi sarta saksi ngeunaan sagala hal nu ku maneh geus katenjo sarta oge hal-hal anu ku Kami baris ditembongkeun ka maneh. 17 Maneh teh, ku Kami geus kapilih ti ieu bangsa sarta ti antara bangsa-bangsa lianna. Engkena, maneh baris diutus ka maranehna. 18 Nya, pikeun ngabeunta-beuntakeun panonna, malar bisa maralik ti nu poek ka nu caang sarta tina genggeman kawasa Setan ka kersa Allah. Supaya lamun geus palercaya ka Kami, dosana meunang panghampura sarta sina kabagian ganjaran anu geus disadiakeun pikeun jelema-jelema anu geus disucikeun.’ 19 Kitu nu mawi, nun kanjeng raja, eta titingalan ti sawarga teh ku abdi teu pisan-pisan bade dilalaworakeun. 20 Anu ku abdi ngawitan diwawaran teh, urang Yahudi anu di Damsik, di Yerusalem, sareng nu aya di sakuliah tanah Yudea. Bangsa-bangsa sanesna oge teu kalarung; da sami kedah tarobat, ngesto ka Allah; jabi ti eta, kalakuan-kalakuan dina hirupna oge kedah cocog sareng eta pertobat. 21 Ku jalaran hal anu kitu, simabdi teh ditangkep di Bait Allah ku urang Yahudi, bade dipaehan. 22 Nanging berekah, ku pitulungna Allah, abdi, salian tiasa keneh kumelendang di alam dunya dugi ka wangkid ieu, oge tiasa keneh maparin panyaksen, boh ka rayat, boh ka para pamingpinna. Hal anu diwawarkeun ku abdi teh teu aya sanes, lintang ti anu kapungkur-pungkur diwawarkeun ku nabi-nabi sareng ku Musa. 23 Nya eta: Al Masih teh, memang kedah nyandang sangsara sareng jadi Anu pangpayunna hudang ti antara anu maraot. Anjeunna oge baris ngembarkeun hal caang, boh ka ieu bangsa, boh ka bangsa sanesna.” 24 Tengah-tengah Paulus ngasongkeun pertanggungan jawabna, ku Pestus dipegat, saurna teugeug, “Gelo maneh, Paulus! Weureu ku elmu mana kitu oge maneh teh!” 25 Cek Paulus, “Abdi henteu gelo, nun Pestus anu mulya! Pikiran abdi masih keneh waras. Anu disanggemkeun ku abdi teh perkawis anu saleres-leresna. 26 Sagala perkawis sadayana oge kauninga ku kanjeng raja. Kitu nu mawi abdi wantun nyanggemkeun sabalakana ka mantenna. Abdi yakin ieu perkawis teh, sagala rupina oge, moal aya anu teu kadangu ku mantenna; margi kajadianana teh sanes di tempat anu mencil. 27 Nun, kanjeng raja Agripa, kumaha gamparan percanten ka paranabi? Sanggem abdi mah tangtos kana percantenna teh.” 28 Raja Agripa ngawaler, “Bis, bis bae kami ka bongroy, hayang asup Masihi!” 29 Saur Paulus, “Ku abdi sumeja pisan dipangnedakeun ka Allah. Supados sanes bae kanjeng raja enggal-enggal sing sami sapertos abdi, nanging lami-lami mah anu sanes oge anu ayeuna hadir ngabarandungan di dieu; nanging ulah sami-sami kieu, nya dina kaayaan dibangkol ku rante.” 30 Ti dinya sang raja ngadeg, dibarengan ku wali nagara, ku Bernika jeung ku sakabeh anu araya. 31 Tuluy Aranjeunna kalaluar bari guntreng, “Eta jalma teh teu aya dosana anu manjing kana hukum pati atawa panjara.” 32 Saur raja Agripa, “Sayaktosna, upami manehna henteu terus naek banding ka sang Prabu mah, da tiasa dibebaskeun.”

Carios Padamelan 27

1 Sanggeusna diputus yen kudu diiangkeun ka Itali, Paulus jeung sawatara sakitan deui dipasrahkeun ka hiji perwira ti resimen Prabu ku anjeun, ngaranna Yulius. 2 Simkuring sabatur-batur diunggahkeun kana kapal anu ti Adramiti, nu rek balayar ka palabuan-palabuan sapanjang basisir Asia. Aya deui batur saurang nya eta Aristarkus urang Makedoni ti Tesalonika. 3 Poe isukna, simkuring sabatur-batur anjog ka palabuan Sidon. Kabeneran Yulius teh bageur ka Paulus, ngidinan anjeunna nepungan heula sobat-sobat sina marekelan. 4 Ti Sidon, ku lantaran kapal mapag angin, jadina balayar teh malipid pulo Siprus. 5 Sanggeus ngaliwatan laut hareupeun basisir Kilikia jeung Pampilia, kapal anjog ka palabuan Mira di tanah Likia. 6 Di dinya simkuring sabatur-batur dipindahkeun kana kapal anu tas ti nagri Aleksandri seja terus ka Itali. 7 Meunang sababaraha poe, balayar teh, meh taya lajuna. Hayang ngahontal kota Kenidos oge, mehmehan teu sanggup. Ku sabab angin angger goreng bae, kapal teh jalanna mipir-mipir basisir pulo Kreta liwat Tanjung Salmone. 8 Sanggeus hese beleke ngaliwatan eta tanjung; jol bae, di hiji tempat anu ngaranna Palabuan Endah, deukeut kota Lasea. 9 Tapi waktu teh, geus loba pisan kapiceunna. Sabab geus liwat usum puasa jeung lamun diteruskeun balayar teh loba pikarempaneunana. Ku sabab eta, Paulus mepelingan kieu, 10 “Batur-batur! Cek pangrasa kuring perjalanan urang teh baris balangsak jeung karurugian, lapur barang lapur umur.” 11 Tapi opsir mah, leuwih percaya ka jurumudi jeung nangkoda batan ka Paulus. 12 Sabab eta palabuan teh, kurang hade dipake pangeureunan dina musim es mah. Panumpang-panumpang oge, karereaanana mah, rempugna supaya terus; sugan bisa nepi ka kota Penik, eureun didinya bae. Penik teh, kota palabuan pulo Kreta anu nyanghareupna ngidul ngulon jeung ngaler ngulon nyela bumi. 13 Pareng datang angin leuleuy kawas nu ngajurung maksud. Tuluy ngangkat jangkar terus balayar mapay sisi-sisi basisir pulo Kreta. 14 Ari teu lila, gelebug teh, angin ribut ti darat anu disebutna angin “Kaler Wetan”. 15 Kapal henteu tahan nadah angin ti hareup. Tuluy digubag-gabigkeun ku eta angin, nya antukna mah diantep; sarerea teh pasrah kana kadar. 16 Saterusna, kapal kapalidkeun ka hiji pulo leutik nu ngaranna pulo Kauda. Lebah dinya, sabisa-bisa diihtiarkeun nyalametkeun sampan. 17 Sanggeus sampan bisa kajait, kapalna dipalincang ku tambang. Ku sabab sieun neumbrag karang anu ngaran Karang Sirtus, layar digulung sarta kapal diantep luak-leok saparan-paran. 18 Ku sabab kapal pohara galuang-galeongna, isukna, barang-barang muatan dipiceunan ka laut. 19 Malah katilu poena deui mah, pakakas-pakakas kapal oge dihaja dialung-alungkeun ka laut. 20 Srangenge geus sababaraha poe teu tembong-tembong; bentang taya hiji-hiji acan; angin ribut ngamuk terus, nepi ka sarerea geus pada nyamarkeun maneh kana salamet. 21 Geus mangpoe-poe taya nu inget dahar-dahar acan. Geus kitu, Paulus ngingetan, saurna, “Dulur-dulur, mun kamari ieu nurut mah kana omongan kuring ulah waka ninggalkeun pulo Kreta, moal balangsak kieu jeung moal kungsi karurugian kawas ayeuna. 22 Tapi najan kaayaan siga kieu, pamenta kuring aranjeun ulah pegat pangharepan. Moal, moal aya anu tiwas, ngan ari kapal mah moal katulungan. 23 Terang baris kitu soteh, tadi peuting aya malaikat Pangeran ka kuring, nya eta ti Allah anu disembah jeung anu kagungan jiwa raga kuring. 24 Saur anjeunna: ‘Ulah salempang, Paulus! Maneh pasti baris jagrag ka Prabu. Malah babaturan sakapal oge geus dipiwelas ku Allah, bakal saralamet ku karana maneh.’ 25 Ku hal eta, sing tararabah dulur-dulur! Kuring beak-beak nya percaya ka Allah yen kabeh bakal ngabukti, moal mencog ti anu didawuhkeuna-Na. 26 Ngan ari kapal mah geus pasti kandas di salah sahiji pulo.” 27 Nepi ka maleman kaopat belas, ti barang ditempuh ku angin ribut, kapal masih angkleung-angkleungan di Laut Adriatik. Tapi dina tengah peutingna, ku kalasi-kalasi karasa yen kapal asa nyampeurkeun daratan. 28 Tuluy maranehna nyemplungkeun batu pangjugjug, kanyahoan jerona aya dua puluh deupa. Maju saeutik deui dijugjugan deui, ngadeetan jadi lima belas deupa. 29 Ku sabab sieun kandas kana karang, tuluy labuh jangkar — opat jangkar — beulah tukang, bari ngarep-ngarep hayang geura beurang. 30 Tapi kalasi-kalasi arek maringgat ti kapal, narurunkeun sampan pura-pura rek nurunkeun jangkar hareup. 31 Ku Paulus dipopoyankeun ka opsir saperjuritna, saurna, “Upami maranehna diantep naringgalkeun kapal, taya harepan aranjeun bisa salamet.” 32 Geuwat sampanna ku perjurit-perjurit ditilas; tuluy eta sampan, diantep ngangkleung sorangan. 33 Wanci rek bray beurang, Paulus ngingetan sarerea yen kudu dalahar. Saurna, “Geus opat belas poe aranjeun teu kararaban naon-naon, balas ngarep-ngarep salamet. 34 Geus meujeuhna, ayeuna mah dalahar heula bae. Paksakeun malar jagjag. Sing percaya, moal sakara-kara, moal aya nu leungit buuk-buuk acan najan salambar.” 35 Anjeunna nyontoan nyandak roti sawatara siki, tuluy ngadu'a ka Allah, kasaksian ku sarerea. Sanggeus rotina disemplek-semplek terus didahar. 36 Geus kacontoan mah, maranehna jadi tarareteg hatena, tuluy sarerea dalahar. 37 Kabehna, nu araya di kapal teh, dua ratus tujuh puluh genep urang. 38 Sanggeus dalaharna sarareubeuh, muatan gandumna dipiceun ka laut ngarah kapal ngahampangan. 39 Barang bray, beurang, tembong aya teluk anu basisirna ngampar, teu nyarahoeun ngaranna mah pulo naon. Kabeh rempug arek balabuh di dinya sabisa-bisa. 40 Tali jangkar ditilas, jangkarna diantep ngerelep ka dasar laut. Tali kamudi diudar, tuluy nebengkeun layar hareup, supaya kapal katebak angin ka basisir. 41 Tapi kapal, ujug-ujug ngagesruk teu bisa maju, kandas kana dasar laut anu munjul. Eta kapal, beulah hareupna nyeblok pageuh teu obah-obah; ari ti tukang mah, diteumbragan ku ombak nepi ka amburadul. 42 Kahayang serdadu-serdadu mah, sakitan-sakitan teh diparaehan bae sina peren kabeh, bisi ngarojay terus maringgat. 43 Tapi perwirana mah, ku sabab hayang nyalametkeun Paulus, marentah supaya anu barisa ngojay mah, ngarojay bae ti heula ka darat. 44 Nu teu barisa ngojay, kudu nyusul muntang kana papan-papan atawa naon bae bebejadan kapal. Gancangna, sarerea geus araya di darat kalawan salamet.

Carios Padamelan 28

1 Sanggeus sarerea salamet, bisa nepi ka basisir. Kakara kanyahoan, yen eta daratan teh, pulo Malta. 2 Pribumina darehdeh arakuan pisan. Maranehna teh, mangnyieunkeun durukan sagala, ajang saliduru; kawantu poe eta teh kacida tirisna, turug-turug hujan deuih. 3 Ari Paulus ngumpulkeun pangpung; tuluy brus, diasupkeun kana durukan. Ana borengkal teh, oray matih pisan, ngaleor tina tumpukan pangpung lantaran kapanasan. Cok bae, macok kana panangan anjeunna. 4 Mireungeuh oray meulit kana panangan Paulus, urang dinyana mani pukpok pada batur, “Eta jelema teh moal salah deui tukang maehan! Najan geus luput ti laut, ku Dewi Kaadilan mah hamo diantep hirup terus.” 5 Tapi si oray teh ku Paulus dikepretkeun kana seuneu, ari anjeunna mah teu sakara-kara. 6 Tapi tetep pada nyarangka moal teu bareuh, moal teu ngagolepak maot sapada harita. Ari seug sakitu geus lilana, wet, teu kua-kieu; ahirna, cek maranehna anjeunna teh dewa. 7 Teu jauh ti dinya aya tanah kagungan gupernur Publius, gupernur eta pulo. Eta gupernur nyuguhan ka kuring sapara kanca tur kacida darehdehna, nepi ka meunang tilu poe diaku di bumina. 8 Harita teh, ramana Publius keur teu damang, nya muriang nya disentri. Ku Paulus dilayad, dipangnedakeun sarta ditumpangan leungeun, terus cageur. 9 Geus kitu mah, jul-jol, nu garering teh daratang ka anjeunna; eta oge kabeh dicageur-cageurkeun. 10 Ku kituna kuring sapara kanca teh pohara dihormat-hormatna. Barang geus waktuna kana balayar deui, ku maranehna sarerea dibekelan ku sakur anu jadi pangabutuh simkuring sarerea. 11 Ngendek di eta pulo teh, meunang tilu bulan. Geus kitu, unggah ka hiji kapal asal ti Iskandaria anu kabeneran keur balabuh di dinya salila musim es. Eta kapal make perlambang bentang kembar Dioskuri. 12 Barang nepi ka kota Sirakusa, kapal balabuh heula tilu poe. 13 Ti dinya terus mipir-mipir basisir, jol, nepi ka Regium. Heuleut sapoe ti harita, — kabeneran aya angin ti kidul — isukna, deui geus nepi ka kota Putioli. 14 Simkuring sakanca mitra nepungan heula anggota-anggota jamaah di dinya, disambat diaraku, reureujeungan meunang tujuh poe. Kakara neruskeun deui, nya balayar ka nagara Rum. 15 Dulur-dulur nu di darinya teh, geus mareunang beja ngeunaan hal-ihwal simkuring sapara kanca. Tuluy maranehna dararatang ka Forum Apius jeung Tras Taberne, narepungan. Paulus mah, barang tepung jeung maranehna teh, tuluy bae muji sukur ka Allah lantaran ngarasa gede hate. 16 Ku pamarentah Rum, Paulus diwidian nyicingan imah dibaturan ku salah saurang perjurit pikeun ngajaga. 17 Tilu poe ti harita, Paulus ngumpulkeun pamingpin-pamingpin bangsa Yahudi. Sanggeus karumpul, anjeunna nyarios kieu, “Para saderek! Simkuring, boh ka bangsa, boh kana adat istiadat karuhun urang, teu gaduh salah naon-naon. Tapi di Yerusalem simkuring ditangkep ku bangsa sorangan, diserenkeun ka pamarentah Rum. 18 Lantaran bukti, yen simkuring beresih tina kasalahan nu manjing hukum pati, ku aranjeunna mah rek dibebaskeun bae. 19 Tapi orokaya urang Yahudi ngalalawan, nepi ka kapaksa simkuring kudu naek banding ka Prabu. Sanajan kitu, simkuring teu pisan-pisan niat ngadakwa bangsa sorangan. 20 Ku sabab eta, simkuring menta supaya bisa papanggih sarta cacarita jeung aranjeun. Sabab simkuring nyandang rante teh, sualna mah, lantaran tina hal anu jadi pangarep-ngarep bangsa Israil tea.” 21 Ku maranehna dijawab kieu, “Nanging da teu aya serat-seratna acan perkawis anjeun ti Yudea. Nu ti ditu oge teu aya anu ka dieu; jadi, teu kantos mendak wartos yen anjeun teh jelema jahat. 22 Sanajan kitu, simkuring sadaya hoyong terang perkawisna. Margi sakaterang mah, eta madhab anyar teh, di mana di mendi oge mung dilalawan bae.” 23 Tuluy maranehna nangtukeun poe pikeun narima katerangan- katerangan ti Paulus. Dina poeanana maranehna daratang deui ka dinya, ngabrul, loba pisan. Derekdek, Paulus nerangkeun sarta mere panyaksen tina hal Karajaan Allah. Sabisa-bisa anjeunna ngahudangkeun kayakinan maranehna ngeunaan Isa Al Masih, make dasar Toret Musa jeung kitab nabi-nabi. Nerangkeunana hal eta teh, ti isuk nepi ka sore. 24 Hasilna, aya anu bisa diyakinkeun, aya nu angger bae teu percaya. 25 Nepi ka bubaran gempungan, tetep maranehna henteu bisa sapaham. Memeh bubar Paulus ngucap kieu, “Tetela, pangandika anu ku Ruh Allah ditepikeun ka karuhun urang, ku perantaraan Nabi Yesaya teh, teu mencog saeutik-eutik acan. Kieu ungelna: 26 ‘Geura tepungan eta bangsa. Caritakeun: Ku ceuli bakal kadenge, ngan teu bisa ngahartikeunana. Ku panon bakal katenjo, tapi maraneh weleh teu terang. 27 Sabab ieu bangsa, hatena geus ngabatu, pangdengena geus mintul, matana geus rarapet merem; malar matana tong kungsi nenjo, ceulina ulah kungsi ngadenge, bisi matak kaharti ku hatena, heug tarobat ka Kami geusan bisa disalametkeun.’ 28 Ayeuna, mugi kaaruninga, ieu jalan pisalameteun ti Allah teh baris dibikeun ka bangsa-bangsa sejen sarta tangtu bakal ditararima.” 29 Sanggeus Paulus namatkeun cariosanana, urang Yahudi tuluy balubaran bari tetep pasalingsingan paham. 30 Meunang dua taun campleng, Paulus nyalikan imah sewaan teh. Nu daratang ka anjeunna, kabeh ge diaku ditarima. 31 Kabeh ku anjeunna diwawaran hal Karajaan Allah sarta diwurukan hal Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang. Teu aya anu didingding kelir tur lungsur-langsar teu aya halangan naon-naon.

Rum 1

1 Ieu surat ti simkuring, Paulus, — abdina Isa Al Masih, anu ku Anjeunna diangkat jadi rasul teh, nya eta pikeun nguarkeun Injil Allah. 2 Eta Injil ti baheula keneh geus dijangjikeun ku Allah, diserat dina Kitab Suci ku nabi-nabi-Na. 3 Eusina, nyaturkeun hal ihwal Putra-Na tea, anu mungguhing jasmanina mah lahir ti turunan Daud. 4 Tapi mungguhing rohani mah, Anjeunna teh Putra Allah nu kawasa, nya eta Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang. Hal ieu nyata, ku gugahna Anjeunna ti nu maraot. 5 Anjeunna anu ngersakeun simkuring jeung batur-batur jadi rasul, nya eta pikeun mawa sagala bangsa, supaya palercaya jeung tigin ka pajenengana-Na. 6 Aranjeun ge teu kaiwalkeun, milik Al Masih keneh nu pada-pada disaur, 7 dumateng sakumna dulur-dulur, — anu beunang nyaur, beunang nyucikeun, tur anu diasih ku Allah — anu marukim di nagara Rum. Hatur salam ka sadayana, mugi-mugi aranjeun ginanjar kurnia ti Allah, Rama urang tea, jeung ti Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang. 8 Ti payun simkuring matur puji sukur ka Gusti Allah demi Isa Al Masih, rehna nguping yen iman aranjeun geus kaceluk ka jauhna. 9 Demi Allah anu ku simkuring disembah dibakti enggoning ngemban Injil ngeunaan Putra-Na, yen sajeroning neneda, hate mah teu weleh cumantel ka aranjeun. 10 Dina paneda tara towong nya nyuhunkeun, mugi-mugi Anjeunna kersa marengkeun simkuring bisa patepung jeung aranjeun. 11 Pohara hayangna nepungan aranjeun teh, bari hayang mawakeun pangdeudeul eusining batin; 12 malakmandar, ku kitu teh, simkuring oge beuki pangger. Jadi, urang silih kuatkeun iman. 13 Geus lila simkuring hayang nepungan teh, dulur-dulur! Simkuring hayang nyaho buah-buah rohani anu aya di antara aranjeun, nya kawas anu kaalaman di kalangan sejen nu sarua lain bangsa Yahudi. Tapi saban-saban, sok aya bae halanganana. 14 Boh ka urang Yunani, boh ka nu lain, boh ka nu terpelajar, boh kanu henteu, simkuring teh kahutangan budi. 15 Ku kituna ka aranjeun oge, anu marukim di Rum, simkuring teh mani kumejot hayang nguarkeun Injil. 16 Simkuring moal rek era-era nguarkeun Injil teh, boh ka urang Yahudi, boh ka urang Yunani. Sabab Injil teh, pangawasa Allah pikeun nyalametkeun sing sakur anu percaya: Pikeun urang Yahudi mah pangheulana; geus kitu, kakara bangsa-bangsa sejenna. 17 Dina Injil, nyata, yen Allah teh estu mikersa supaya manusa satia iman ka Mantenna, malar bisa diangken. Sabab ceuk Kitab Suci oge: ‘Jalma anu diangken ku Allah lantaran iman ka Mantenna, tinangtu dipaparin hirup.’ 18 Ka jelema anu resep kana masiat jeung kadorakaan, anu ngidek-ngidek bebeneran ku kajahatan, bebendu Allah geus nompo ti sawarga. 19 Sabab maranehna teh lain can nyaho kana hal-hal ka-Pangeranan, da ku Allah teh geus dibejaan. 20 Kapan ti barang aya dunya oge, sipat-sipat Anjeunna, — sanajan teu bisa katenjo, upamana bae kakawasaana-Na anu langgeng — geus nyata tur tetela tina yasa dadamelana-Na, nepi ka maranehna teh taya pikeun ukal-ekol. 21 Tapi sakitu maranehna nyaho, yen Allah teh aya; maranehna, keukeuh mungkiran Anjeunna; boro-boro daek muji nganuhunkeun kana padamelana-Na. Tangtu bae, ari kitu mah, sagala kalakuanana teh manjing kana sia-sia; hatena ge, beuki mintul jeung beuki poekkeun bae. 22 Heug bae, maranehna dadaku pinter ge; padahal, maranehna teh, geus kabalinger. 23 Kamulyaan Allah anu sipatna langgeng, diganti ku titironana-Na anu sipatna teu lana, nya eta arca jalma, arca manuk, jeung arca sato nu suku opat atawa anu ngarayap. 24 Kulantaran maranehna geus teu malire ka Allah; jadi, ku Allah oge, maranehna teu dipalire; maranehna teh dilurkeun bae, kumaha karepna anu rarujit tea; malah mah, di antara maranehna teh nepi ka silih ngahinakeun dirina. 25 Maranehna, nyokot bohong miceun kayaktian Allah. Tuluy maranehna nyembah ka mahluk dadamelan, lain ngabakti ka Anu midamelna. Padahal, anging Mantenna nu wajib disembah salalanggengna. Amin. 26 Eta sababna, maranehna ku Allah diantep kaimpungan napsu teu jujur. Awewena ngalampahkeun sapatemon anu henteu munasabah; 27 lalakina saruana, ngaleok kana birahi nu jorok, nya eta tepung sahwat jeung papada lalaki. Tangtu bae, pikeun maranehna, aya balukarna; temahna malindes ka diri, upah tina getering birahi nu rujit. 28 Leuwih goreng deui, maranehna geus ngarasa teu perlu ngendahkeun ka Allah, dumeh ngarasa gagah jeung pinter. Ku sabab eta, ku Allah oge, maranehna dilurkeun. Pipikiranana, jadi mahiwal; laku lampahna, 29 pinuh ku napsu teu patut: Jejel ku kadorakaan, sarakah, licik, dengki, wani maehan, resep pasea, cidra, jail, 30 resep ngupat, mitenah, ijid ka Allah, kurang ajar, adigung adiguna, pinter kana kagorengan, basangkal ka kolot, 31 baid kana diajar, linca-linci, taya karunya, sarta taya hampura. 32 Nyucudna pisan, sakitu nyaraho kana hukum Pangeran yen kalakuan-kalakuan kitu teh manjing kana hukum pati, tapi tonggoy bae dilalampahkeun. ku sabab maranehna sorangan kitu, mun aya nu kawas kitu deui teh, kacida panujueunana.

Rum 2

1 Ari jadi jelema, boh pangkat naon oge ulah sok nyalahkeun ka batur. Sabab nyalahkeun batur teh, sasat ngahukum maneh; da dirina sorangan anu ngahukum ge, sarua doraka. 2 Tapi papadaning kitu, urang masing yakin, yen nu nyarieun dosa teh moal teu dihukum saadil-adilna ku Pangeran. 3 Na ku ngahukum dosa batur, urang bisa luput tina pangadilan Allah? 4 Naha piwelas jeung kasabaran Allah nu taya watesna teh ku urang rek dianggap kalemahan Anjeunna? Teu maphum kitu, yen kasabaran Allah teh, maksudna mere kasempetan pikeun urang tobat? 5 Jelema anu neugtreug nolak pertobat, eta teh numpukkeun bebendu Allah anu baris mahala ka dirina kalawan jujur tur adil, di mana enggeus mangsana. 6 Moal henteu, tangtu baris nandangan wawales ti Allah, satimpal jeung kalakuanana. 7 Nu ngamalkeun kahadean, ngipuk kamulyaan budi ngutamakeun jatnikaning lampah, baris ginanjar hirup langgeng. 8 Ari nu wangkelang ka Pangeran, nu resep keneh ngawula ka dosa batan ngabdi ka Pangeran, baris nandangan bebendu jeung wawales-Na. 9 Sangsara reujeung rurubed baris tumiba ka jelema anu resep kana kagorengan: Pangheulana ka urang Yahudi, terus ka urang Yunani. 10 Sabalikna, — sakali deui — kamulyaan, kahormatan, jeung katengtreman batin baris ganjaran saban jalma nu ngamalkeun kahadean: Pangheulana urang Yahudi, terus urang Yunani; 11 da Allah mah heunteu pilih kasih. 12 Nu migawe dosa bari teu terang kana hukum Toret, maotna moal didakwa ku Toret. Sabalikna, nu migawe dosa, padahal terang kana hukum Toret, baris dihukum nurutkeun Toret. 13 Sabab anu bener di payuneun Pangeran mah, lain anu dapon terang kana Toret, tapi anu ngamalkeun eusina. 14 Upama bangsa nu can terang kana hukum Toret, ku perbawa watekna migawe anu sapagodos jeung Toret, najan nyatana teu boga Toret, dina hakekatna mah geus ngabogaan. 15 Sabab lampahna tea, nyirikeun yen hukum Toret geus kaukir dina hatena. Jaba ti eta, lelembutanana ge, sajalan jeung eta hukum; lantaran budi rasana daek ngamudi pikir, nya eta nyalahkeun atawana ngabenerkeun. 16 Sing percaya, eta kabeh baris dibalitungkeun dina poean pamutusan nangtukeun hukuman. Sagala lampah anu buni baris nembrak, nya eta dina waktu Allah — ku Isa Al Masih — mimiti ngahakiman, sakumaha anu ditetelakeun dina Injil anu ku simkuring diwawarkeun. 17 Aranjeun teh rasa maneh urang Yahudi, reueus pedah boga Toret, agul pedah jadi umat Allah, 18 ngarasa diri terang kana pangersa-Na, terang ka nu bener jeung nu salah, dumeh geus ngaji Toret. 19 Heug bae arumangkeuh, ieu aing tukang tuduh jalan ka batur, ngarasa jadi obor keur nyaangan batur nu hirupna poekkeun, 20 purah nungtun nu balilu, ahli ngawarah ka barudak, dumeh ngarasa nyekel jejer bebeneran, nya eta Toret sumberna elmu nu luhung. 21 Cik, majar ahli papatah teh kersa kitu mamatahan maneh? Ka batur mah, anjeun ngalarang ulah maling; ari anjeun tara pulang-paling kitu? 22 Anjeun ngalarang ka batur ulah jinah; ari anjeun tara jinah kitu? Anjeun ceuceub ka brahala-brahala; ari anjeun teu ngarasa yen aranjeun teh sok mupusti barang-barang asal ti imah brahala? 23 Anjeun nu reueus ku Toret, naha teu ngarasa yen anjeun geus ngahina Allah lantaran ngarempak Toret? 24 Dina Kitab geus sidik ditulis: Ku pamolah tabeat urang Yahudi, temahna pajenengan Allah goreng dianggapna ku bangsa-bangsa sejen! 25 Mungguhing sunat, eta memang hiji tanda yen urang kagungan Allah. Kitu soteh lamun anjeun ta'at kana parentah Toret. Ari anjeun henteu ta'at mah, najan disunat oge, sarua jeung henteu. 26 Sabalikna, anu teu disunat, tapi ngalampahkeun hukum Toret, na eta teh lain kaasup disunat? 27 Ku sabab eta, jelema anu teu disunat, tapi tunduk kana hukum Toret; tangtu eta jelema bakal nyalahkeun ka aranjeun. Sabab aranjeun mah, geus teu make kana Toret teh. Padahal, eta Toret teh milik aranjeun tur aranjeun teh geus disunat. 28 Sabab nu disebut ‘Yahudi’ teh, lain pedah nurutkeun lahirna bae Yahudi. Sajatining sunat ge kitu, lain sunat nu jasmani. 29 Yahudi sajati mah, lain ku dumeh bangsa Yahudi; tapi saenyana mah, jelema anu jiwana madep ka Allah. Sajatining sunat ge kitu, lain hiji ciri lahir; tapi saenyana mah sual kajiwaan, anu timbulna ku karana iman: Lain ku karana parentah Toret; lain ngarah meunang pangakuan ti papada jalma, tapi ngan ti Allah.

Rum 3

1 Ana kitu naon leuwihna urang Yahudi? Jeung ari sunat aya gunana? 2 Aya, malah loba. Pangpangna mah, maranehna teh geus ginuluran jangji Allah. 3 Memang aya sababaraha urang anu teu daraek percaya kana hal eta, tapi naha eta matak ngaleungitkeun kasaestuan Allah? 4 Henteu, kasaestuan Allah moal sirna. Allah tetep saestu, sanajan manusa euweuh nu bener. Cek Kitab: ‘Margi sugri timbalan Gusti teh nyata saestu, tur moal mencog sanajan kedah diuji.’ 5 Tapi upama heug kadorakaan urang teh anggur matak nyata yen Allah saestu, na pantes urang nyalahkeun Pangeran teu adil upama Anjeunna ngahukum? Upama aya anu nanya kitu mah, kama'lum. 6 Jawab simkuring kieu: Allah teh sama sakali lain teu adil. Upama enya Allah teu adil, naha bisa jadi Hakimna umat manusa? 7 Tapi upama kateubeneran urang tea matak tambah nyata kasaestuan Allah, naha atuh eta dosa urang teh masih kudu dihukum keneh bae? 8 Kapan sidik yen urang teh mencog, majarkeun: Atuh urang teh kudu nyieun dosa, supaya kaciri aya nu bener. Jelema anu kieu palsapahna mah, munasabah pisan upama dihukum oge! 9 Ana kitu, naon atuh punjulna urang Yahudi teh? Sama sakali teu aya! Kapan ku simkuring geus disebutkeun, boh urang Yahudi, boh urang Yunani, kabeh ge, geus kabeulit ku dosa. 10 Cek Kitab: ‘Euweuh nu bener saurang oge! 11 Euweuh anu kaancikan budi, euweuh nu hayang nyukcruk ka Pangeran. 12 Geus malurtad, taya pigunaeunana, euweuh nu bener lampahna, teu hiji-hiji acan. 13 Genggerongna jeg makam nu geus gorowong, letahna keur palacidra, biwirna pikeun ngaracun. 14 Sungutna gampang sasapa. 15 Sukuna merod kana ngocorkeun getih, 16 tapak-tapak lengkahna ngan ukur ruruntuhan jeung kasangsaraan. 17 Kana jalan karapihan nyaho ge henteu. 18 Taya pisan semuna sieun ku Allah.’ 19 Urang pada terang, yen hukum Toret teh pikeun nu kabawah ku eta hukum, supaya maranehna euweuh anu bisa mungkir deui pikeun ngabela diri. Sabab sadunya oge, kabeh, kudu ngadep ka payuneun pangadilan Allah. 20 Sabab di payuneun Allah mah, jelema teh moal disebut bener dumeh nedunan sareat Toret. Karana ari hukum Toret tea, sipatna teh, ngan ukur jadi pituduh nu nerangkeun naon dosa urang teh. 21 Tetela tanpa Toret oge, kasaestuan Allah mah, geus nyata. Komo ieu sanggeus dinyatakeun ku Toret jeung kitab nabi-nabi, yen: 22 Kasaestuan Allah tumerap ka sakur nu baroga iman ka Isa Al Masih. Sabab Allah mah, moal ngabeda-beda. 23 Lantaran kabehanana oge, geus nyieun dosa, jauh mengpar tina kamulyaan Allah. 24 Diangken bener soteh, estuning ku piwelas kurnia Allah bae, nu geus ngersakeun supaya urang ditebus ku Isa Al Masih. 25 Anjeunna ku Allah diserenkeun sina pupus disalib, pikeun jadi marga lantaran panghampura dosa umat anu percaya. Ieu teh ngabuktikeun Allah saestu, dugi ka kersa mupus dosa anu geus sakitu lilana ku Anjeunna disabaran. 26 Oge keur bukti di jaman kiwari, yen Anjeunna estu Maha adil, nepi ka sakur anu percaya ka Isa Al Masih ku Anjeunna diangken bener. 27 Tumali jeung eta, upama jalma masih keneh ngagul-ngagul lampah, ayeuna mah geus teu jaman. Agul ku naonana? Ku amal perbuatanana? Ayeuna mah kudu robah: Piceun eta kaagulan teh, hirupkeun iman kapercayaan! 28 Sabab geus tetela, yen anu bener di payuneun Allah mah, nya eta anu nyata iman kapercayaanana teh ka Juru Salamet ti Allah, lain ku dumeh ngalakonan parentah Toret. 29 Allah teh lain milik urang Yahudi wungkul, tapi milik bangsa-bangsa nu lain Yahudi oge. Ieu kudu dicekel bener-bener! 30 Hartina, boh nu disunat demi imanna, boh nu teu disunat tapi boga iman, ku Allah anu Tunggal baris diangken bener. 31 Naha pedah urang geus boga iman, Toret jadi batal? Henteu! Sabalikna! Ku lantaran iman, urang teh malah ngukuhkeun Toret.

Rum 4

1 Ari ka Ibrahim, nu dina sareatna jadi pupuhu karuhun urang, kumaha larapna sual iman teh? 2 Kieu: Upama anjeunna diangken benerna teh ku sabab hade lampahna, arek agul oge pantes. Tapi pamohalan, anjeunna ngagulkeun anjeun ka Pangeran. 3 Cek Kitab oge kumaha? Cek Kitab: ‘Ibrahim percaya ka Pangeran sarta eta kapercayaanana ku Pangeran dietang jadi bebeneranana.’ 4 Buruhan anu katampa ku nu digawe, memang geus hakna, lain hadiah. 5 Tapi upama aya jalma anu geus nampa panghampura, lain tina hasil pagaweanana; jadi, muklis ku lantaran manehna percaya ka Anu baris ngahampurana. Eta anu katampana teh, estu sih kurnia. Sabab anu jadi dasar teh, kapercayaan manehna, lain dibalitungkeun jeung pagaweanana. 6 Tah ieu anu matak bagja mah, nya eta diangken bener tina iman, lain tina lampah. Sakumaha saur Daud: 7 ‘Bagja jamuga jalma anu dihampura kadorakaanana, anu dipupus dosana. 8 Estu bagja jelema anu kaluluputanana henteu dibalitungkeun ku Pangeran.’ 9 Naha ieu hal bagja teh ngan keur jelema anu disunat wungkul? Atawa oge keur nu teu disunat? Ieu pertanyaan dumeh aya katerangan, yen Ibrahim diangken bener ku karana imanna tea. 10 Harita kumaha, — basa hal eta dinyatakeun ka Ibrahim — anjeunna geus disunat? Acan, acan disunat. 11 Kengingna tanda sunat mah, pandeuri, nya eta pikeun tanda cap kasaestuanana, demi imanna ti memeh anjeunna disunat. Tumali jeung eta, anjeunna teh geus jadi bapa pikeun sakumna jalma iman najan teu disunat, nya eta anu diangken bener ku karana iman. 12 Oge jadi bapa sakumna umat sunat anu lain ngan ukur disunat wungkul, tapi lakuning hirupna ge kudu sakumaha Ibrahim, pupuhu karuhun urang, anu geus iman ka Pangeran ti samemehna disunat. 13 Jangji Allah, yen Ibrahim katut turunan-turunanana baris diwaris jagat teh, lain ku sabab anjeunna ngalakonan hukum Toret; tapi ku sabab boga iman, anu ngalantarankeun lampahna jadi bener. 14 Sabab upama hal anu dijangjikeun ku Allah teh bisa katampa ku ngalakonan hukum Toret, iman teh, atuh cumah bae; tur jangji tea oge, taya eusina. 15 Sabab Toret mah, ngandung ancaman. Memang, lamun Toret tea henteu aya, palanggaran oge moal aya. 16 Ku sabab eta, tetela, yen lampah bener anu dumasar kana iman teh geus nimbulkeun sih kurnia. Ku kituna, jangji Allah ka Ibrahim saturunanana teh, lain ngan pikeun anu boga Toret bae; tapi oge pikeun anu boga iman, kawas Ibrahim. Jadi, tetela, Ibrahim teh karuhun sarerea. 17 Sakumaha cek Kitab: ‘Maneh ku Kami diangkat jadi bapa pirang-pirang bangsa.’ Ku kituna, Ibrahim teh, jadi bapa sarerea. Mungguh kanggo Allah mah, Allah anu ku anjeunna dipercaya, anu iasa ngahirupkeun anu maot, anu ku lantaran pangandika-Na iasa ngajadikeun nu can aya jadi aya. 18 Sanajan harita mah, jangji tea, acan aya buktina; tapi pangharepan Ibrahim teu kalis ku kitu. Anjeunna yakin, yen moal mencog deui tangtu bakal jadi bapa pirang-pirang bangsa teh. Cek Kitab Suci: Kitu reuayna katurunan maneh engke. 19 Najan ngemutkeun kana yuswana anu geus saratus taun; tanagana ge, geus suda kabina-bina; turug-turug Sarah oge geus taya bahan kana bisa ngandung; 20 kapercayaanana kana eta jangji Allah, teu galideur. Malah beuki pageuh bae, dibarung ku mumuji ka Mantenna. 21 Tetep manteng tur yakin, yen Allah kawasa ngalaksanakeun jangji-Na. 22 Eta sababna, anjeunna diangken bener. 23 Kecap ‘anjeunna diangken bener,’ lain ngan ka Ibrahim wungkul, 24 tapi oge pikeun urang. Sabab urang oge ku Allah diangken kitu, tegesna urang anu percaya ka Anu geus ngagugahkeun Isa, Gusti Jungjunan urang, ti nu maraot; 25 Isa teh, geus dikurbankeun ku karana dosa urang; tapi Anjeunna ge geus digugahkeun deui, supaya urang bisa diangken jelema bener ku Allah.

Rum 5

1 Sanggeus urang diangken bener lantaran iman, urang teh dicandak rapih deui ku Allah ku karana Isa, Gusti Jungjunan urang. 2 Ku karana Anjeunna, urang anu iman meunang asup kana alam sih kurnia, alam hirup anu pinuh ku bagja sarta dipaparin harepan baris meunang kamulyaan ti Allah. 3 Untungna deui, sanajan dina lara balangsakna, bagjana mah mo weleh karasa; dumeh urang terang yen kasangsaraan teh ngan keur nguji kasabaran wungkul. 4 Lamun geus bisa sabar, tangtu baris tahan uji; ari anu tahan uji boga pangharepan. 5 Eta pangharepan teh, moal matak kaduhung ahirna; sabab urang geus meunang sih kurnia Allah, nya eta Ruh Allah anu ngancik di jero hate. 6 Sajeroning urang dina kaayaan teu daya teu upaya keneh, — dina mangsa nu ku Allah geus dipasti — Al Masih geus nemahan pati pikeun nalangan urang jalma doraka tea. 7 Manusa mah arang langka aya nu bela pati, sanajan ka jalma anu teu tuah teu dosa. Di ayana ge, tangtu anu dibelana teh jalma anu luar biasa hadena. 8 Ari Allah mah, ti alam urang hirup dina kadorakaan keneh oge geus ngabuktikeun asih-Na, nya eta nepi ka Al Masih kudu pupus pikeun urang. 9 Komo ayeuna, sanggeus urang diangken bener ku karana getih Al Masih, tinangtu luput tina bebendu-Na. 10 Ti alam urang nyatru keneh, Anjeunna kersa ngarapihkeun anjeun jeung urang ku jalan maparin panebus, nya eta nyawa Putra-Na. Komo ayeuna, sanggeus puguh aya karapihan; urang teh, ku Anjeunna tangtu kana leuwih dirahayukeun deui ku lantaran Putra-Na anu jumeneng di jero diri urang. 11 Lain ngan sakitu bae, ayeuna mah, urang teh malah bisa maruji sarta ngagungkeun ka Allah ku lantaran Gusti Jungjunan urang, Isa Al Masih, nu geus maparinkeun karapihan tea. 12 Ku sabab dosa nu mateni teh asupna ka alam dunya ku pamolahna jelema saurang, temahna kabeh manusa kudu paeh; lantaran kabeh ge, geus karingkus ku dosa. 13 Ari dosa teh, ayana di alam dunya, jauh ti samemeh aya Toret. Ngan samemeh aya Toret mah, dosa teh teu dibalitungkeun. 14 Najan kitu, ari paeh mah teu meunang henteu; sabab ajal mah geus murba, ti jaman Adam nepi ka jaman Musa. Kabeh keuna ku paeh, najan dosana henteu sarua jeung dosa anu dilampahkeun ku Adam, nya eta manusa anu jadi gambaran Anu baris pisumpingeun tea. 15 Sukur, ari sih kurnia Allah mah, beda deui sipatna ti pangrempak Adam. Ari pangrempak mah najan anu ngalampahkeunana ngan saurang, balukarna matak paeh ka sarerea. Sabalikna, kamurahan sarta sih kurnia Allah, matak jembar ka kabeh manusa. Sabab ku lantaran hiji Manusa, nya eta Isa Al Masih kabeh manusa geus ginuluran berkah tanpa wangenan. 16 Kaasihan jeung sih kurnia Allah mah sabalikna ti dosa anu saurang tea, anu nungtunna kana pangdakwa jeung hukuman. Ari sih kurnia Allah mah ngalantarankeun kabeh manusa najan geus migawe kadorakaan mangpirang-pirang oge dihampura, dietang bener. 17 Sabab nyata, pangrempak nu saurang ngalantarankeun kabeh manusa kapurba ku ajal; sabalikna, padamelan nu saurang deui mah, nya eta Isa Al Masih, matak jembar taya babandinganana, nepi ka kabeh manusa meunang sih kurnia anu taya wiwilanganana, nya eta diangken bener tur baris hirup murba jeung kawasa. 18 Jadi ku lantaran dosa jalma saurang, sakabeh manusa geus keuna ku hukuman; nya kitu deui, sakabeh manusa geus diangken bener ku lantaran benerna manusa anu saurang tea. 19 Cindekna, tina sabab teu ta'atna manusa anu saurang, sakumna manusa geus kabawah ku dosa; nya kitu oge, ku ta'atna manusa anu saurang deui teh, sakabeh manusa geus diangken bener. 20 Sanggeus aya hukum Toret, dosa teh anggur beuki tambah-tambah. Tapi puji sukur ka Pangeran, sih kurnia Anjeunna estuning tanpa wangenan! 21 Sabab sakumaha dosa, geus ngawasaan alam maot; kitu keneh sih kurnia-Na oge, murba di alam hirup anu langgeng ku karana Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang.

Rum 6

1 Kumaha sikep urang? Arek jongjon migawe dosa malar sih kurnia Allah beuki rosa? 2 Salah kitu mah! Urang anu geus paeh pikeun dosa, mustahil bisa keneh hirup dina dosa! 3 Sageuy geus paroho, yen urang sakabeh geus dibaptiskeun ka salira Al Masih; ku kituna, urang teh, dina hakekatna mah geus milu maot babarengan jeung Anjeunna. 4 Ku lantaran geus dibaptis, urang teh geus milu paeh sarta dimakamkeun bareng jeung Anjeunna; malar bisa asup ka alam hirup anu anyar, sakumaha Al Masih oge ku kawasa Rama geus dihirupkeun deui ti nu maraot. 5 Sabab lamun urang geus satunggal jeung Anjeunna dina pupus-Na, tangtu oge baris satunggal dina gugah-Na. 6 Tegesna, kamanusaan urang anu heubeul teh, geus disalib bareng jeung Anjeunna, supaya diuculkeun tina panyerek dosa; 7 sabab ari urang geus maot mah, moal teurak ku dosa. 8 Ku sabab eta, lamun urang geus tunggal maot jeung Al Masih, tangtu oge bakal tunggal hirup deui jeung Anjeunna. 9 Sabab sanggeus Al Masih gugah ti nu maraot, Anjeunna henteu nyorang deui pupus lantaran geus teu bisa kapurba deui ku kakawasaan maot. 10 Sakali Anjeunna pupus, geus cukup keur ngamusnakeun dosa salalawasna; ari hirup-Na nu anyar mah ngan kanggo Allah. 11 Jadi, kudu kieu mandangna: Urang geus maot pikeun dosa. Ku lantaran satunggal jeung Isa Al Masih, urang geus dipaparin hirup nu anyar sanggakeuneun ka Allah. 12 Ku sabab eta, badan urang anu sipatna teu langgeng teh, ulah nepi ka sina kapurba deui ku dosa katut panggodana. 13 Anggahota-anggahota badan urang oge, ulah dibikeun jadi pakakasna dosa. Malah sanggakeun diri urang, — anu tadina geus aya di alam maot — ka Allah; sabab ayeuna mah, geus aya deui di alam hirup. Sakujur awak urang oge pasrahkeun ka Anjeunna, jadikeun pakarang kayaktian Pangeran. 14 Sabab dosa teh, kiwari mah, geus lain dunungan urang deui. Lantaran urang geus henteu diparentah ku Toret, tapi aya dina panangtayungan sih kurnia Allah. 15 Naha pedah urang teh geus diereh ku sih kurnia, lain ku hukum Toret deui, arek terus migawe kadorakaan? Sing eling! 16 Sageuy teu terang, yen samangsa-mangsa urang masrahkeun diri kana hiji kawasa bari ulun kumawula ka dinya, saenyana urang teh geus ngabdikeun diri: Boh kana kawasa dosa anu ngabalukarkeun maot; boh kana kawasa Allah anu nungtun kana kasaestuan. 17 Puji jeung sukur ka lenggah Allah! Memang, bareto mah urang teh badegana dosa; tapi kiwari mah, buleud nurut kana piwuruk anu enggeus katarima, 18 geus dibebaskeun tina dosa, sarta jadi kawulaning kasaestuan. ( 19 Simkuring ngomong kieu teh make alam pikiran sapopoe bae, supaya gampang kaharti). Tadina, anggahota-anggahota badan aranjeun teh sina kumawula kana rereged jeung hirup rucah, nu matak jadi nambahan doraka. Ayeuna mah, sakujur badan teh kudu dipake ngabdi kana hal anu pibenereun, supaya jadi suci. 20 Sabab waktu aranjeun dijajah ku dosa, aranjeun teh lesot tina bebeneran. 21 Naon hasilna nu geus kapetik? Estu matak muringhak nginget-ngingetna oge; sabab nu kapetik teh, taya lian, iwal ti maot! 22 Tapi ayeuna, sanggeusna ngabakti ka Allah aranjeun bebas tina dosa sarta metik hal anu suci, hiji jalan anu brasna kana hirup anu langgeng. 23 Sabab upahna dosa teh, Maot; sabalikna, berkahna sih kurnia mah, hirup langgeng jeung Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang.

Rum 7

1 Dulur-dulur! Piraku teu terang, yen hukum teh, kakuatanana ngan keur satungtung urang hirup keneh. (Ieu omongan simkuring teh ditujulkeun ka anu geus arahli). 2 Contona: Hiji awewe, kakurungna ku hukum tikah teh ngan sapanjang salakina hirup keneh. Ari salakina geus maot mah, manehna leupas tina eta hukum. 3 Satungtung salakina hirup keneh, upama awewena kawin kanu sejen, ngaranna jinah. Lamun kawinna deui sanggeus salakina maot mah, lain jinah; sabab manehna, geus teu kakurung deui ku hukum. 4 Nya kitu pisan, pupusna Al Masih dina tihang salib teh geus ngalantarankeun aranjeun maot, leupas tina hukum Toret. Ku sabab eta, aranjeun bisa kapimilik ku nu lian, nya eta ku Anu geus dihirupkeun deui ti nu maraot, pikeun ngabijilkeun buah-buah pagawean anu hade kanggo Allah. 5 Waktu urang hirup dina sipat jasmani, ku sabab kapangaruhan ku Toret, tabeat teh pinuh ku napsu kana ngalampahkeun dosa; nya anu balukarna mah, maot tea. 6 Tapi ayeuna mah, urang teh geus dibebaskeun tina hukum Toret. Jadi, pikeun Toret anu sakitu ngabeungkeutna teh, urang geus paeh. Ku kituna, urang geus lugina enggoning ngabakti ka Allah. Lain ngabakti nurutkeun cara anu heubeul, sakumaha sacerewelena uni Toret, tapi ku cara hirup nu anyar kalawan panuyun Ruh. 7 Kumaha anggapan urang ayeuna? Naha ari Toret teh dosa? Lain! Malah simkuring terang kana dosa teh tina hukum Toret. Simkuring moal terang naon dosana jalma hawek, lamun teu aya hukum Toret anu unina: ‘Maneh ulah hawek.’ 8 Ku sabab aya eta larangan, dosa teh boga kasempetan ngahudangkeun rupa-rupa napsu teu uni di diri simkuring. Da mun teu aya hukum Toret mah, dosa teh paeh. 9 Waktu keur di luareun hukum Toret mah, simkuring teh hirup. Tapi sanggeus kabeungkeut ku undang-undangna, jadi tibalik, nya eta dosa anu hirup, 10 ari simkuring anu paeh. Jadi, eta undang-undang anu kuduna nungtun kana hirup teh, malah maehan ka simkuring. 11 Ku ayana eta undang-undang, dosa teh bisaeun ngagoda ka simkuring, nepi ka simkuring paeh ku eta undang-undang. 12 Najan kitu, ari Toretna mah estuning suci. Undang-undangna oge suci, adil tur hade. 13 Jadi, na enya eta anu sakitu hadena teh matak paeh keur simkuring? Mustahil! Kieu nu saenyana mah: Dosa teh dasar dosa, eta hal nu hade teh ku dosa tetep dipake alat maehan simkuring. Tetela, pohara jahatna, dosa teh! 14 Sarerea oge terang, hukum Toret teh sipatna rohani, ari simkuring sipat jasmani, geus kabeuli sarta kabeulit ku dosa. 15 Simkuring nepi ka helok ku lampah diri sorangan; dumeh anu dipilampah teh, salawasna, wet lain nu dipimaksud, tapi anu ku sorangan ge dipikaijid. 16 Papadaning kitu, unggal-unggal, simkuring teh ngalampahkeun anu dipikaijid tea; ari kitu mah, simkuring ngaku, yen hukum Toret teh hade. 17 Ana kitu atuh anu ngalampahkeun kagorengan teh lain simkuring, tapi anu nyayang di diri simkuring, nya dosa tea. 18 Simkuring rumasa pisan, yen sakumaha ilaharna manusa simkuring teh sama sakali henteu kaancikan ku bebeneran. Aya oge karep anu hade, tara sok nepi ka prakna. 19 Da anu dipilampah teh lain anu hade, sakumaha anu dicita-cita, anggur anu jahat jeung anu dipikaijid tea. 20 Atuh tetela, anu ngalampahkeun pagawean nu teu dipikahayang teh, saenyana mah lain simkuring, tapi dosa anu nyayang dina diri tea. 21 Jadi simkuring teh manggih pangalaman kieu: Unggal boga niat ngalampahkeun nu hade, anu jahat teh enggeus nyampak. 22 Ari batin kataji ku hukum Allah; 23 tapi dina awak karasa aya kakuatan sejen anu merangan budi rasa, anu temahna simkuring teh kaboyong ku eta kakuatan dosa anu ngawasaan sakujur awak simkuring. 24 Beu, tetela, jalma cilaka simkuring teh! Saha atuh anu bisa nulungan simkuring tina ieu hirup nu katungkul kupati teh? 25 Aya, nya eta Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang. Sembah nuhun ka Allah. 26 Tah kitu simkuring teh, mun diantep karep mah: Ari cek budi rasa kudu ngawula teh ka hukum Allah, tapi perwatekna diri ngajak biluk kana kakawasaan dosa.

Rum 8

1 Ku sabab eta, pikeun anu geus manunggal jeung Isa Al Masih mah, hukuman teh geus teu aya. 2 Sabab geus dileupaskeun tina hukum dosa, anu mateni tea; geus dibebaskeun ku Ruh anu nungtun kana alam hirup dina kamanunggalan jeung Al Masih. 3 Sabab hal anu teu bisa dilaksanakeun ku hukum Toret, — dumeh perwatek manusa mah teu daya teu upaya — enggeus dicumponan ku Allah, nya eta ku jalan ngutus Putra-Na ku manten, Isa Al Masih. Eta Putra-Na teh, sumping-Na, nganggo kaayaan anu sarua jeung perwatek manusa anu kabawah ku dosa sarta ngajadi kurban pikeun dosa; geus kitu, dosa anu tumerap dina perwatek manusa teh dihukum. 4 Ku jalan kitu, hukum Toret teh bisa jalan dina hirup urang; lantaran urang geus henteu kapurba deui ku napsu badani, tapi nurut kana pangersa Ruh Allah. 5 Hirup nurutkeun napsu badani, mikirna oge nurutkeun karepna; tapi hirup nurutkeun Ruh, mikirna oge kana hal-hal anu rohani. 6 Pangajak badani balukarna ajal maot, pangajak Ruh nungtun kana alam hirup anu jamuga. 7 Pangajak badani ngamusuh ka Allah lantaran embung tunduk kana hukum-Na, ongkoh pamohalan daekeun tunduk. 8 Hirup ngawula kana pangajak badani mah, mustahil sapagodos jeung manah Allah. 9 Sabalikna, lamun aranjeun kaancikan ku Ruh Allah, mustahil beunang kaperuhkeun ku pangajak badani; anu diturut teh tangtu pangajak Ruh. Anu henteu kaancikan ku Ruh Al Masih, tangtu lain kagungana-Na. 10 Upama Al Masih ngancik dina hirup aranjeun, jasad anu pinuh ku dosa teh memang pipaeheun; tapi rohna mah, hirup-hurip lantaran geus diangken ku Allah. 11 Upama Ruh anu geus ngahirupkeun Isa Al Masih ti nu maraot tea ngancik dina hirup aranjeun, tangtu baris ngahirupkeun deui jasad aranjeun anu sipatna teu lana tea. 12 Ku sabab eta, dulur-dulur, urang teh geus kahutangan; nya tapi lain ku nu sipat badani, anu kahayangna kudu bae diturut tea. 13 Kapan hirup nurutkeun badani mah, temahna teh paeh. Jadi, kahutangan teh ku Ruh, anu maehkeun jasad nu pinuh ku dosa sarta anu nungtun kana sajatining hirup. 14 Kabeh jalma anu nurut kana panuyun Ruh Allah, jadi putra-putra Allah. 15 Hartina: Bebas tina perbudakan anu pinuh ku kasieun, dumeh geus nampa Ruh anu ngalantarankeun urang jadi putra-putra Allah tur laluasa nyebut ‘Abba, Ama,’ ka Allah. 16 Ruh teh ngayakinkeun hate urang, yen urang teh memang putra-putra Allah. 17 Ku sabab urang teh putra-putra-Na, tangtu oge jadi ahli-ahli waris-Na. Urang boga hak narima sakur anu ku Mantenna dijangjikeun, sakumaha ka Al Masih. Upama urang geus milu sangsara jeung Al Masih, supaya urang oge dimulyakeun jeung Anjeunna. 18 Simkuring boga kayakinan, yen kasangsaraan ayeuna teh dibanding jeung agungna kamulyaan anu ku Allah baris dipaparinkeun mah, meh taya hartina. 19 Ayeuna sakumna mahluk pohara nyongsrongna, kumejot ngarep-ngarep kana wanci diembarkeunana saha anu kaasup putra-putra Allah. 20 Sababna mahluk taluk ka nu sarwa mubadir teh, lain ku karepna sorangan, tapi ku kersaning Mantenna Anu geus nalukkeunana. Tapi sajeroning kitu, ku Mantenna dipaparin hiji pangharepan, 21 yen mahluk teh baris dibebaskeun tina genggeman kabinasaan sarta ginanjar kamerdikaan kamulyaanana putra-putra Allah. 22 Geus teu matak bireuk deui, yen nepi ka kiwari kabeh mahluk nu kumelip nandangan kanyeri, lir kanyeri nu ngajuru. 23 Lain batur bae anu kitu teh, urang oge anu geus ti heula ginanjar Ruh, sarua rumahuh jeroning kalbu; eta teh bawaning kumejot ngarep-ngarep hak kaputraan tea, nya eta leupasna badan urang tina kabinasaan tea. 24 Pangna urang salamet teh lantaran boga pangharepan eta. Tapi inget, ari pangharepan teh, nya eta hiji hal anu can bukti. Ari geus breh buktina mah, atuh naon deui anu rek diarep-arep? 25 Ku sabab anu diarep-arep can ngabukti, urang teh kudu sabar tawekal. 26 Dina keur lemah, urang teh dideudeul ku Ruh tea. Sabab urang mah teu terang, kudu kumaha neneda teh; nya Ruh tea anu mangnedakeun urang ka Allah teh: Nepikeun kereteg-kereteg hate anu henteu kakedalkeun ku urang. 27 Allah anu tingali kana usiking ati sanubari urang uninga, yen anu dipangnedakeun ku Ruh teh, nya eta jalma-jalma anu disebut suci, anu sapagodos jeung pangersa-Na. 28 Jadi, sing sakur anu ngesto ka Allah, nya eta anu geus disalaur saluyu jeung pangersa-Na, ku Mantenna oge dibantu dina sagala perkarana supaya hade temahna. 29 Sabab sakabeh jalma anu memang geus kapilih mah, ti barang mimiti keneh, ku Mantenna geus ditangtukeun baris jadi saharkat jeung Putra-Na sarta Putra-Na tea diangkat jadi dulur cikal maranehna. 30 Sakur anu geus ditangtukeun kitu, baris disalaur dina waktuna. Sakur anu disalaur, tangtu ku Mantenna diangken bener. Sakur nu diangken bener, tangtu dipaparin kamulyaan. 31 Ku kituna, urang teh rek ngucap naon deui? Lamun Allah di pihak urang, saha nu bisa ngalawan ka urang? 32 Mantenna geus sakitu iklasna nyerenkeun Putra ku manten guna urang; ku sabab eta, sagala-galana oge, ku Mantenna moal teu dipaparinkeun ka urang. 33 Saha anu bisa ngagugat-gugat jalma-jalma anu geus dipilih ku Allah, anu ku Mantenna geus diangken bener? 34 Saha nu wenang ngahukum ka maranehna? Anging Al Masih nyalira! Tapi papadaning kitu, Anjeunna malah nepi kapupus enggoning ngabelaan urang. Gugah-Na deui oge, pikeun urang. Anjeunna linggih di tengeneun Allah ge, pikeun ngabelaan urang. 35 Saha nu bisa megatkeun urang tina asihna Al Masih? Kasangsaraan atawa panganiayaan, naha bisaeun megatkeun? Hal tuna sandang tuna pangan, naha bisaeun megatkeun? Bahaya atawa kakuatan pakarang bisaeun misahkeun? 36 Memang geus aya tulisanana dina Kitab: ‘Ku margi anut ka Gusti, saban-saban dinten abdi-abdi diriung ku bahya pati, disamikeun sareng domba peunciteun.’ 37 Najan kitu, hamo! Sabab sajeroning kitu, urang teh geus leuwih ti unggul ku karana Anjeunna anu sakitu asih-Na ka urang. 38 Simkuring estu yakin, boh kawasa pati, boh hirup, boh malaikat-malaikat, boh pamarentahan-pamarentahan, boh nu kiwari boh nu bakal datang, 39 boh kakawasaan nu ti luhur atawa anu ti handap, boh mahluk-mahluk lianna, pamohalan aya anu bisa megatkeun urang tina asihing Allah anu ngancik di Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang.

Rum 9

1 Demi Al Masih, nu rek diterangkeun ku simkuring teh nu saenyana. Lain bohong, estu medal tina getering ati sanubari, Ruh Allah oge tingalieun. 2 Simkuring teh teuing ku nalangsa, hate teu weleh asa digerihan. 3 Ari ras ka dulur-dulur, anu sare'atna mah tunggal sabangsa; simkuring teh iklas najan upamana nepi ka kudu paturay ti Al Masih oge, asal matak jamuga ka maranehna. 4 Ngingetkeun maranehna teh bangsa Israil bangsa anu dibere hak jadi putra Allah, dibere kamulyaan, dibere perjangjian, kitu deui Toret jeung tuduh jalan ibadah, katut jangji-jangji Allah. 5 Maranehna teh rundayan para luluhur anu ngayugakeun Al Masih gumelar ngajadi manusa, nya Manusa Ilahi nu nyakrawati, agungkeuneun salalanggengna. Amin. 6 Tapi pangandika Allah mah, pamohalan kana meleset. Sabab henteu kabeh turunan Israil, kaasup bangsa Israil teh. 7 Oge henteu kabeh terah Ibrahim, enya-enya kaasup turunan Ibrahim. Sabab (dawuhan Allah ka Ibrahim): ‘Nu baris jadi turunan maneh teh anu gumelar ti Isak.’ 8 Tegesna, putra-putra Allah mah, lain anu gumelar tina jasmani, tapi anu medal ku karana perjangjian Mantenna. 9 Ari perjangjian Mantenna teh kedal dina dawuhan ieu: ‘Tepung waktu mangsa ieu, Kami rek ka dieu deui; dina mangsa eta, Sarah bakal pibogaeun anak lalaki.’ 10 Nu leuwih eces mah dawuhan ka Rabeka, basa Rabeka keur kakandungan kembar ti carogena, Isak tea, karuhun urang. 11 Ti memeh kakandunganana tea medal, jadi acan lakon hade atawa goreng, nu hiji enggeus dipilih sarta Allah geus netelakeun yen pamilih Mantenna henteu dumasar kana hade gorengna kalakuanana, estu wungkul ku karana pangersa-Na bae. 12 Kieu dawuhana-Na: ‘Lanceukna bakal kumawula ka adina.’ 13 Oge kauni dina Kitab: ‘Ka Yakub Kami teh asih, ari ka Esau mah giruk.’ 14 Kumaha ari kitu! Naha urang rek nyalahkeun, majarkeun Allah teu adil? Piraku Allah teu adil! 15 Baheula Mantenna ngadawuh ka Musa: ‘Kami rek mikarunya ka sakur anu geus ditangtukeun ku Kami. Kami niat ngurniaan ka sakur nu geus kapilih ku Kami.’ 16 Eta teh, netelakeun yen Allah henteu gumantung kana kahayang atawa tingkah laku jelema. Kabeh gumantung kana pangersa-Na. 17 Oge dina Kitab aya dawuhan Mantenna ka Piraon: ‘Nu matak maneh ku Kami dijungjung teh lantaran ku Kami arek dipake pikeun nembongkeun kakawasaan, supaya ngaran Kami kakoncara ka sakuliah dunya.’ 18 Jadi, Allah mah, mikawelas teh ka saha bae anu kamanah ku Mantenna; kitu oge, upama Mantenna ngersakeun jelema jadi bedegong, nu mana bae. 19 Meureun cek aranjeun: ‘Ana kitu, naha atuh Mantenna sok ngaweweleh kalakuan manusa, da saha atuh jelemana anu bisa mapalangan kana pangersa-Na?’ 20 Kieu saenyana: ‘Ambeu, naha saha manusa teh make wani-wani ngalawan ka Allah?’ Upama urang barang jieun, eta barang anu dijieun teh moal bisa nyalahkeun kieu: ‘Ku naon kuring dijieun kieu?’ 21 Upamana bae Ki panjunan, tangtu bisa kumaha karep kana taneuh lempung, naha rek dijieun wadah anu endah atawa anu basajan bae. 22 Jadi, upama Allah rek nibankeun bebendu jeung pangawasa-Na ka anu ku Mantenna rek dibenduan jeung diruksak, tapi kersa nyabaran keneh; 23 eta teh taya lian, ti seja mintonkeun kamulyaana-Na anu tanpa wangenan, ka nu baris dipiwelas jeung baris diangkat kana kamulyaan. 24 Nya eta urang tea, anu ku Mantenna geus disaur. Ari anu disalaur teh lain ngan ti urang Yahudi wungkul, tapi ti bangsa-bangsa sejenna oge. 25 Sakumaha dawuhana-Na dina kitab Hosea: ‘Anu tadina lain umat Kami, seja diaku jadi umat Kami. Kami seja nerapkeun kaasih ka anu tadina henteu dipikaasih. 26 Kitu deui di tanah anu tadina disebut: Maraneh mah lain umat Kami, — baris diaku jadi putra-putra Allah Anu jumeneng.’ 27 Nabi Yesaya oge, kieu saurna ngeunaan urang Israil teh: ‘Sanajan bani Israil lobana, lir keusik lautan, nu baris dirahayukeun mah ngan sabagian leutik.’ 28 Sabab sakur anu ku Pangeran geus ditimbalkeun, tinangtu ku Mantenna dibuktikeun di ieu bumi kalawan sahinasna tur sampurna. 29 Memeh eta, Nabi Yesaya nyaurkeun kieu: ‘Cacakan upama Pangeran henteu ngarikeun binih, nasib urang teh moal beda ti nagara Sadumu jeung Gomora.’ 30 Kumaha ayeuna cek urang? Kieu: Bangsa-bangsa lian, anu teu nareangan jalan kana kayaktian geus diangken ku Allah, ku lantaran imanna. 31 Sabalikna, urang Israil, sanajan naluturkeun tuduh jalan kanu sayakti, ku Allah teu diangken. 32 Naon sababna? Sabab naluturkeunana, lain ku iman kapercayaan, tapi ku amal-amalan sorangan. 33 Cek Kitab: ‘Kahade, Kami di Sion neundeun hiji batu sesentugan, hiji cadas tatajongan. Tapi sing saha anu percaya ka Anjeunna, pinasti moal hanjakal.’ Urang Israil mah, titajong kana eta batu (Al Masih) teh.

Rum 10

1 Dulur-dulur! Nurutkeun rasa katineung mah, malah ditedakeun pisan ka Pangeran, mugi-mugi maranehna teh pinarinan salamet. 2 Da anu kasaksian ku simkuring oge, maranehna teh saregep ka Allah, ngan bae teu bener dina ngahartikeunana. 3 Ku sabab teu nyarahoeun kana kasaestuan Allah, heug bae maranehna nyarieun bebeneran sorangan, tungtungna embung tunduk kana kasaestuan Allah. 4 Padahal bukti palaksanaan Toret teh, nya Al Masih pisan. Sing saha anu percaya ka Anjeunna, tinangtu meunangkeun nu saestuna. 5 Sabab ku Musa oge diserat kieu: ‘Jalma anu ngalakonan bebeneran anu aya dina Toret, tangtu ti dinya meunangkeun hirup.’ 6 Ari bener ku karana iman teh nyoko dina kalimah ieu: ‘Ulah ngomong dina hate: Saha anu bisa ka Sawarga pikeun mawa Al Masih turun ka urang? 7 Atawa: Saha nu bisa nurunan jurang pati pikeun ngahanjatkeun Al Masih ti nu maraot?’ 8 Kumaha atuh? Kieu: ‘Rasiahna Pangandika deet bae, ngukir dina biwir, nete dina hate.’ Eta rasiah iman teh, anu diwawarkeun ku simkuring sakanca mitra. 9 Sabab upama biwir ngaku, yen Isa teh Gusti Jungjunan tur percaya dina hate, yen Anjeunna ku Allah geus digugahkeun ti nu maraot, tanwande urang ginanjar salamet. 10 Kapan percaya teh ku hate, ngalantarankeun urang diangken bener. Ari ngaku teh ku biwir, anu ngalantarankeun urang disalametkeun. 11 Cek Kitab: ‘Sakur nu percaya ka Anjeunna, ku Anjeunna moal diangles.’ 12 Sakur teh, hartina, sing saha bae kalawan teu dibeda-beda, taya urang Yahudi taya urang Yunani. Sabab Allah anu tunggal teh Allah nu disembah ku kabehan, lautan kurnia keur sakur anu sumambat ka Mantenna. 13 Sabab sing saha anu sumambat ka pajenengan Pangeran, tinangtu disalametkeun. 14 Tapi kumaha arek sumambat ka Mantenna, ari maranehna embung percaya ka Anjeunna? Kumaha arek percaya ka Anjeunna, ari henteu ngadenge? Kumaha arek ngadenge hal Anjeunna, ari teu aya anu ngabaran? 15 Saha anu rek ngabaran, ari teu aya anu diutus? Cek Kitab: ‘Ku endah lengkahna jalma-jalma anu ngemban warta pikabungaheun!’ 16 Tapi anu narima eta kabar pikabungaheun teh, henteu kabeh. Nepi ka Yesaya ngarahuh: ‘Nun Pangeran, saha anu daek nguping kana ieu pangwawaran?’ 17 Padahal iman kapercayaan teh asalna tina ngadenge, ari anu kudu didengena, nya eta dawuhan Al Masih. 18 Simkuring sok nanya dina hate, naha kitu maranehna teh can ngadarenge kana hal eta? Padahal simkuring terang maranehna teh enggeus ngadarenge, sabab: ‘Sorana parat ka saampar jagat, lisan-lisanna tepi ka satungtung bumi.’ 19 Simkuring tumanya deui: Didarenge atawa henteu ku maranehna? Tapi piraku teu didarenge mah, sabab saur Musa: ‘Kami baris nimbulkeun sirik maneh ka jalma-jalma anu henteu kaasup umat, jeung nimbulkeun amarah maneh ka bangsa nu gejul keneh.’ 20 Komo Yesaya mah, leuwih wani deui ngeceskeunana: ‘Kami geus ngahaja sina kapanggih ku jalma anu teu nariat neangan, sarta geus nembongan ka jalma-jalma anu tara maluruh hal Kami.’ 21 Ari ngeunaan urang Israil mah, kieu saur anjeunna: ‘Sapoe jeput Kami teh nyodorkeun leungeun ka ieu bangsa anu wangkelang jeung tukang ngabantah.’

Rum 11

1 Ieu teh nimbulkeun pertanyaan: Na geus dipiceun kabeh eta umat teh ku Pangeran? Piraku! Kapan simkuring oge urang Israil, turunan Ibrahim ti Kaom Binyamin. 2 Moal enya Allah miceun ka umat-Na, kenging-Na ku manten milih! Cek Kitab, basa Elias rumahuh ka Allah ngadukeun urang Israil: 3 ‘Nun Pangeran, maranehna teh parantos maraehan nabi-nabi Gusti. Mezbah-mezbah Gusti ge, ku maranehna diruntuh-runtuhkeun. Mung kantun abdi nu masih hirup, nanging abdi ge diarah-arah pati.’ 4 Kumaha waleran Allah? ‘Aya keneh pikeun Kami. Ku Kami dikarikeun tujuh rebu urang deui anu henteu marilu sembah sujud ka arca Baal.’ 5 Nya kitu kiwari oge, aya keneh saeutik anu nyesa, lantaran aya piwelas Allah. 6 Disesakeun soteh, ku lantaran aya sih kurnia, lain pedah bener kalakuanana. Ari ngukur kana kalakuanana mah, atuh lain oge sih kurnia. 7 Jadi, kumaha cindekna? Kieu: Urang Israil teh henteu kabeh bisa ngahontal udaganana, ngan anu kapilih bae. Nu sejen-sejenna mah geus naleugtreug. 8 Cek Kitab: ‘Maranehna ku Allah disina talibra. Matana sina teu arawas, ceulina sina norek, tug nepi ka kiwari.’ 9 Oge saur Daud: ‘Sukan-sukanna sing jadi jiret jeung burang, jadi mamala katut wawales ka maranehna keneh. 10 Panonna sina kalampud ulah sina awas, tonggongna sing barengkung balas nanggung.’ 11 Simkuring sok mikir kieu: Naha pedah maranehna geus lalabuh teh ngandung harti moal bisa marenyat deui? Henteu, lain kitu! Eta mah, lalabuh soteh, pedah ngalalawan. Eta sababna, kasalametan teh diragragkeun ka bangsa-bangsa lian; maksudna, pikeun mapanas maranehna, bangsa Israil tea. 12 Kagagalan maranehna, geus matak jadi bagja ka saalam dunya sarta kakuranganana, matak jembar ka bangsa-bangsa sejen; geus komo deui lamun maranehna satia mah. 13 Hal ieu diwakcakeun ka aranjeun nu lain bangsa Yahudi. Malah ku sabab simkuring teh rasul pikeun nu luareun bangsa Yahudi, ku ngawakcakeun eta hal teh, tugas karasulan simkuring jadi karasa mulyana. 14 Mudah-mudahan ku jalan kitu bangsa simkuring hatena bisa kageuing sarta tarobat; malakmandar ku kitu teh, aya anu bisa kasalametkeun. 15 Sabab upama dipiceunna eta bangsa geus ngalantarankeun bangsa-bangsa luareunana salamet, komo lamun maranehna ditarima deui; naon pibasaeunana, lian ti lir nu geus paeh hirup deui? 16 Ibarat roti, lamun bibitna beresih, rotina oge beresih. Atawa lamun akarna mulus, dahan-dahanna oge tangtu mulus. 17 Ku sabab eta, lamun dahan-dahan tina tangkal jetun piaraan, aya anu ditilas; tuluy aranjeun, anu lir sirung tina tangkal jetun leuweung, dicangkokkeun kana urut dahan nu ditilas tea jeung milu nyeuseup kahakanan tina akarna, 18 aranjeun ulah rasa maneh leuwih utama ti batan dahan anu ditilas tea. Upama nepi ka boga rasa kitu, mangka areling; lain aranjeun anu ngahuripan akar, tapi akar anu ngahuripan aranjeun. 19 Bisa jadi cek aranjeun: ‘Nu matak eta dahan ditilas ge pikeun tempat aing sirungan.’ 20 Lain, lain kitu! Nu matak maranehna ditilas teh, tina bonganna embung percaya. Sabalikna, aranjeun dicangkokkeun soteh lantaran daek percaya. Jadi, poma ulah rek nyombong, anggur kudu sieun! 21 Sabab upama Allah teu lebar-lebar nilas dahan anu pituin, ka aranjeun oge moal ngaraos lebar nilas. 22 Ku sabab eta, mangka tigin kana welas asih-Na; kitu deui, kana sipat Mantenna anu keras. Keras soteh, ka nu baredegong. Upama aranjeun tigin mah, welas asih-Na tangtu karasa. Lamun teu tigin, aranjeun oge moal teu ditilas. 23 Tapi maranehna oge, ari geus tarobat mah tina kateupercayaanana, tinangtu dipulihkeun; da Allah mah, kawasa nyangkokeunana deui. 24 Sabab upama aranjeun, anu tadina saibarat sirung tina tangkal jetun leuweung, geus dicangkokkeun kana jetun piaraan sanajan beda sipat beda bakat; komo deui maranehna, nu asalna oge sasipat, tangtu baris dipulihkeun deui kana tangkal asalna. 25 Dulur-dulur! Simkuring ngaharep, supaya aranjeun ulah ngarasa guminter. Ku sabab eta, simkuring rek mere ieu rasiah: Sabagian urang Israil geus naleugtreug. Kituna teh, ngan nepi ka mangsa jejegna bilangan anu disalaur ti bangsa-bangsa luareunana geus asup ka karajaan Allah. 26 Upama eta geus kahontal, pinasti Israil baris disalametkeun, sakumaha cek Kitab Suci: ‘Ti Sion baris sumping Pambebas, sagala kadorakaan ti Yakub baris dieuweuhkeun. 27 Ieu jadi jangji ti Kami ka maranehna, di mana dosa-dosana ku Kami geus dilubarkeun.’ 28 Maranehna teh, ari ditilik ti pihak Injil mah, satru Allah. Ku lantaran hal eta, nu untung teh aranjeun, nu lain urang Yahudi. Tapi ku sabab tadina oge umat kapilih tur ngaraskeun ka karuhunna, tetep maranehna ku Allah dipikaasih. 29 Sabab Allah mah, sakali miasih jeung mikurnia moal barobah deui. 30 Aranjeun nu asal teu ngesto ka Mantenna, ayeuna malah ginanjar murah asih-Na; eta teh, balukar ti maranehna teu ngesto ka Allah. 31 Kitu oge maranehna, tinangtu ngalaman sakumaha anu kaalaman ku aranjeun, — sanajan ayeuna maranehna teu ngesto ka Allah — nya eta baris pinarinan deui murah asih-Na. 32 Sabab sakabeh manusa ku Allah geus dikerem di jero lingkungan kabasangkalan, supaya Mantenna iasa mintonkeun murah asih-Na ka sakabeh. 33 Beu, pohara matak helokna ari kawijaksanaan jeung timbangan Allah! Putusana-Na henteu bisa kajugjugan, pangreka manah-Na henteu bisa kateuleuman! 34 Ku kitu tea mah: ‘Saha nu awas kana mamanahan Pangeran? Saha nu geus kungsi nganasehatan ka Mantenna? 35 Atawa saha anu geus kungsi ngahaturanan naon-naon, nepi ka Mantenna kedah mulangkeun? 36 Sabab saniskara oge, asal ti Mantenna, kenging Mantenna, jeung kanggo Mantenna, salalanggengna. Amin.’

Rum 12

1 Ku sabab kitu, dulur-dulur, demi Allah nu murah asih, simkuring rek mere pepeling. Sanggakeun ka Mantenna diri sakujur, nya eta pikeun jadi korban anu hirup, suci tina rereged, sarta kamanah ku Mantenna. Eta teh, lakuning ibadah ka Allah anu sajati. 2 Ulah rek kabawakeun ku tabeat dunya anu ilahar; enyana mah, anyarkeun batin pikeun ngarobah hirup, supaya terang ka anu jadi pangersa Allah, nya eta nyaho mana nu hade tur sampurna anu sapuk jeung pangersa-Na. 3 Simkuring anu geus nampa sih kurnia-Na, arek papatah ka aranjeun masing-masing. Ulah rek mikiran nu lain-lain nu pamohalan; hadena mah, anu baris kabedag bae, anu saimbang kana kamampuhan jeung iman kurnia ti Allah. 4 Tilik bae awak; anggahotana rupa-rupa; gunana oge beda-beda. 5 Urang oge nya kitu: Lobaan tapi tunggal sabadan lantaran iman ka Al Masih sarta anggota pada anggota silih pikabutuh. 6 Demi murah asih-Na Allah, urang masing-masing pada-pada meunang kurnia, tapi henteu sarua; da bakat urang ge, beda-beda. Ku sabab eta, anu dipaparin bakat mere piwejang, gunakeun eta bakat teh, asal saluyu jeung iman urang. 7 Anu dipaparin bakat ngalalayanan, gunakeun kana ngalalayanan. Anu dipaparin bakat ngajar, gunakeun kana ngajar. 8 Anu dipaparin bakat bisa mere nasehat, pake nganasehatan. Dina barang bere, merena kudu jeung iklas. Anu kudu mingpin, kudu mingpin bari jeung tanggung jawabna. Anu seja mere pitulung, nulungna kudu bari bear budi. 9 Ulah nyaah pupulasan! Dosa kudu dilawan, nu hade lampahkeun. 10 Aranjeun kudu silih raketan, lir jeung dulur sorangan, jeung kudu paheula-heula ngajenan. 11 Enggoning lakon gawe nu karana Allah, aranjeun ulah melencing, tapi sing saregep jeung sumanget. 12 Enggoning mantengkeun harepan ka Al Masih teh kudu jeung ngarasa bagja, sing sabar tawekal dina nandangan cocoba, jeung ulah petot-petot neneda. 13 Dulur saiman anu keur kakurangan kudu dideudeul, mun kasemahan kudu daek kapondokan. 14 Ka nu nganyerikeun ulah males nganyenyeri, anggur doakeun sing hade-hade. 15 Ka nu meunang kabungahan kudu milu bungah; ka nu kasusahan kudu milu susah. 16 Jeung pada batur kudu akur sauyunan. Dina mikir ulah mikiran nu pamohalan, sing salayakna bae. Poma, ulah asa pinter sorangan. 17 Nu jahat ulah dibales jahat; ulah teu payaan ku sikep batur. 18 Sabisa-bisa urang mah, ka itu ka ieu oge, kudu repeh kudu rapih. 19 Weu, dulur-dulur kadeudeuh! Poma, urang mah ulah hayang ngabales. Sual wawales mah kagungan Allah. Cek Kitab Suci oge: ‘Hak wawales aya di Kami. Kami nu wajib ngabales.’ Kitu dawuhan Pangeran. 20 Maneh mah, mun musuh lapar, bere dahar; mun musuh halabhab, bere nginum! Ku dikitukeun teh, si musuh moal teu asa nyunyuhun ruhak. 21 Poma, ulah kaelehkeun ku sipat jahat; tapi elehkeun eta sipat jahat teh, ku sipat nu hade.

Rum 13

1 Unggal jelema kudu nurut ka pamarentahna, nu nyekel kakawasaan. Sabab kakawasaan teh kabeh ge asal ti Allah. Pamarentah nu keur ngadeg, eta geus kersaning Allah. 2 Ku sabab eta, bahula ka pamarentah teh, sarua jeung ngalawan pangersa Allah; anu ngalawanna, tinangtu dihukum. 3 Pamarentah teh, pikeun rayat nu hade mah, teu matak sieun; kajaba pikeun nu jahat. Malar ulah sieun ku kakawasaanana, urang kudu bener, supaya jadi pujieun pamarentah. 4 Aranjeunna teh kawula Allah anu baris nangtayungan ka urang. Matak sieun soteh pikeun nu jahat; sabab kakawasaan pamarentah teh, moal tambuh-tambuh; tur sapagodos jeung pangersa Allah, nya eta pikeun nibankeun hukuman ti Mantenna ka jelema anu jahat. 5 Ku sabab eta,urang wajib nurut ka pamarentah. Lain samata-mata malar salamet bae, pangpangna mah,lantaran geus wajibna kudu bener lalampahan. 6 Jaba ti eta, urang teh wajib mayar pajeg, ngingetkeun aranjeunna teh kawula Allah tea, anu ngatur rayat. 7 Sakur anu diwajibkeun kudu dicumponan: Iuran bayar ka nu narik iuran; pajeg bayar ka nu wajib narik pajeg; ka nu pantes dipiajrih kudu ajrih; ka nu pantes dihormat kudu hormat. 8 Ka itu ka ieu oge, ulah aya hutang, kajaba ti hutang budi. Hartina, kudu nyaahan. Sabab jelema anu nyaahan teh, hartina, nyumponan hukum Toret. 9 Cek Toret: ‘Maneh ulah jinah. Maneh ulah maehan. Maneh ulah maling. Maneh ulah kabongroy ku barang batur.’ Ieu kabeh, kitu deui saeusining Toret, ari inti sarina mah nyoko dina timbalan nu kieu ungelna: ‘Kudu nyaah ka batur, lir ka awak sorangan.’ 10 Nu nyaahan mah, pamohalan nyieun kagorengan ka batur. Tah eta sababna, pangna nu gede kanyaahna kasebut geus nekanan hukum Toret teh. 11 Eta teh wajib pikeun urang. Sabab ku aranjeun oge tangtu karasa, yen jaman kiwari teh geus nitih kana wanci nyaring. Sabab kasalametan nu ti Allah geus beuki leuwih deukeut bae, tibatan bareto-bareto. 12 Peuting geus meh beak, geus tereh beurang. Kalakuan-kalakuan jahat anu biasa dilampahkeun popoekan geus kudu ditinggalkeun, geus kudu sadia saged keur baranggawe dina waktu caang. 13 Kudu pantes nya lampah sakumaha pantesna ti beurang. Beurang teh ulah dipake balakecrakan, ulah dipake mamabokan, ulah dipake rucah ngumbar sahwat, ulah dipake pasea, jeung ulah dipake sirik pidik. 14 Diri urang sakujur, ti luhur sausap rambut ti handap sahibas dampal, jadikeun abdi Al Masih. Ulah migusti karep badani, nu kahayangna ngalajur napsu.

Rum 14

1 Sing ngama'lum ka batur nu kurang yakin. Sual kurang kayakinan ulah direcok-recok. 2 Jelema mah, kayakinanana teh teu sarua. Aya nu yakin yen ngadahar naon oge meunang; aya nu ukur ngadahar bangsa sayuran lantaran kurang yakin meunang henteuna ngadahar sagala rupa. 3 Dina sual ieu, anu sok ngadahar sagala rupa, ulah nyawad ka nu tara. Masing-masing bae, da Allah mah ka duanana oge nampi. 4 Barina oge naon hak aranjeun nyawad ka bujang batur? Masih kumaha bae oge, ari anu wenang nangtukeun mah, dununganana; naha bujangna teh, suhud atawa henteu. Urang ulah manghamhamkeun, da Allah mah iasa bae ngarobah jelema jadi suhud sumujud. 5 Aya jalma anu nganggap, yen ‘poe anu’ leuwih penting batan poe-poe sejen; aya oge anu nganggap poe mah kabeh ge sarua. Keun, eta mah, nurutkeun kayakinan masing-masingna bae. 6 Anu yakin, yen aya poe anu istimewa, yakinna teh ka Gusti Allah. Anu dahar, daharna teh bari teu poho ka Gusti, ku ngucap sukur ka Allah anu maparin dahareunana. Anu puasa, puasana bari eling ka Gusti, ku ngucap sukur pedah bisa ngajalankeun puasa. 7 Sabab jelema mah, — boh hirupna, boh paehna — lain ngan keur sadirieunana bae. 8 Eukeur hirup, hirupna teh kanggo Gusti; ana paeh, nyawana teh kanggo Gusti. Boh hirupna, boh paehna, nyawana teh kagungan Gusti. 9 Nya kitu oge pangna Al Masih pupus sarta hirup deui teh, supaya jumeneng Gusti Jungjunan: Boh keur nu geus paraeh; boh keur nu harirup keneh. 10 Ku sabab eta, nanaonan cuwud-cawad kana kayakinan batur? Naha kayakinanana dianggap hina? Urang teh, kabeh oge, kudu jagrag kana pangadilan Allah ku manten. 11 Sabab cek Kitab: ‘Demi Kami jumeneng, timbalan Pangeran, unggal jalma baris tapak deku ka Kami. Kabeh jalma baris ngamulyakeun ka Allah.’ 12 Jadi, urang teh moal bisa sumingkir deui; kudu tanggung jawab kana laku lampah masing-masing. 13 Ku sabab eta, poma ulah silih cawad deui. Rek nyawad mah kana kalakuan sorangan bae. Jaga, supaya batur ulah nepi ka kasigeung perasaanana. 14 Simkuring yakin, — dina kamanunggalan jeung Isa, Gusti Jungjunan urang — yen dina hakekatna mah, taya barang anu najis. Najis soteh, cek nu nganggap najis. 15 Jadi, upama aranjeun nyigeung perasaan batur ku alatan anu didaharna; hartina, aranjeun geus ingkar tina kanyaah. Poma, ulah nyieun nu matak tideuha ka batur ku sual kadaharan; sabab Al Masih teh, pupusna, keur guna manehna ongkoh. 16 Anu hade pikeun aranjeun ulah dipake ngadorakakeun batur. 17 Sabab Karajaan Allah mah, moal ngarecokkeun sual naon nu wenang didahar atawa diinum. Karajaan Allah mah, ukur mentingkeun sual kasaestuan, karapihan, jeung kabagjaan hirup dina aub-aubna Ruh Allah. 18 Sing saha anu ngawula ka Al Masih ku cara kitu, tangtu ku Allah kamanah, ku pada jalma oge diajenan. 19 Ku sabab eta, hayu rampak ngudag hal-hal anu nuju kana karapihan sarta silih kuatkeun iman kapercayaan. 20 Poma, ulah ngaruksak padamelan Allah ku sual kadaharan! Enya kadaharan teh taya nu najis, tapi ari ngadaharna matak nyigeung hate batur mah, kacida gorengna. 21 Utamana, ari matak jaheut hate batur mah, hade ge, ulah ngadahar daging atawa inuman keras jeung sabangsana. 22 Nu dipake kayakinan ku sorangan, tungkus sajeroning ati; da eta mah, urusan iman sorangan ka Gusti Allah. Bagja, jalma anu teu kaganggu ku budi rasana enggoning milampah naon-naon anu cek kayakinanana hade. 23 Sabalikna, jalma anu hamham, — tapi teu burung ngalampahkeun anu cek kayakinanana teu meunang — eta teh geus kahukum; lantaran ngalampahkeunana, henteu dibarengan ku imanna. Sabab naon-naon anu henteu dibarengan ku iman, eta teh dosa.

Rum 15

1 Anu kuat imanna, wajib ngadeudeul ka anu kurang kuat, ulah genah-genah sorangan bae. 2 Kamampuhan urang masing-masing kudu dimangpa'atkeun pikeun batur, supaya imanna dikuatkeun. 3 Kapan Al Masih oge tara mentingkeun salira ku anjeun, sakumaha cek Kitab: ‘Pamoyokna jalma-jalma ka maraneh, keunana ka Kami.’ 4 Sabab anu ditulis baheula teh, maksudna, keur pepeling ka urang kiwari. Upama dibaca, eta Kitab Suci teh, bisa nguatkeun pangharepan urang ku lantaran pangajaranana tea, nya eta ngeunaan katawekalan jeung panglipur. 5 Mugia Allah anu jadi sumber kapengkuhan jeung lautan panglipur, marengkeun aranjeun runtut-raut sauyunan, — luyu jeung pangersa Isa Al Masih — 6 supaya aranjeun bisa ragem, sasora sabiwir, ngamulyakeun ka Allah nu jadi Rama Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang. 7 Ku sabab eta kudu silih tembrakeun hate, sakumaha Al Masih oge geus nembrakkeun manah-Na ka aranjeun, supaya jadi kamulyaan ka Allah. 8 Nu dimaksud ku simkuring tegesna kieu: Pikeun ngabuktikeun kasaestuan Allah, Isa Al Masih teh geus kumawula ka bangsa anu disunat, pikeun ngayakinkeun eta bangsa tina hal perjangjian Allah ka karuhun-karuhunna. 9 Jaba ti eta, supaya bangsa-bangsa lianna oge ngamulyakeun Allah, anu sakitu welas asih-Na ka maranehna. Cek Kitab: ‘Abdi sumeja ngagung-ngagung Anjeun di kalangan bangsa-bangsa lian. Pajenengan Gusti sumeja dipuji-puji.’ 10 Saterusna: ‘He bangsa-bangsa, masing suka bungah, babarengan jeung umat Mantenna!’ 11 Saterusna deui: ‘He bangsa-bangsa kabeh, paruji Pangeran! Sakabeh umat mangka ngamulyakeun ka Mantenna.’ 12 Terus saur Nabi Yesaya: ‘Tina bongkot Isai, engke bijil hiji seuweu, baris ngereh bangsa-bangsa, sarta jadi pangharepan pikeun bangsa-bangsa lian.’ 13 Mugia iman aranjeun ginanjar kabagjaan jeung katengtreman ti Allah, supaya ku kawasaning Ruh Allah pangharepan aranjeun tambah manteng jeung tambah manteng bae. 14 Dulur-dulur! Saenyana simkuring percaya, yen aranjeun teh geus kaancikan ku watek-watek anu hade, asak pangalaman, tur sanggup silih geuing. 15 Hanas kitu, simkuring teh, ngawani-wanikeun maneh nyuratan ka aranjeun. Lantaran kajurung ku karumasaan yen, simkuring geus dikersakeun ku Gusti jadi rasul jeung awahing ku keyeng hayang ngingetan. 16 Bubuhanana simkuring teh dikersakeun jadi rasul anu kudu ngawawarkeun Injil ti Allah ka bangsa-bangsa luareun bangsa Yahudi. Maksud simkuring mah, ngan seja nyanggakeun bangsa-bangsa luareun bangsa Yahudi tea ka pangkon Allah, sanggeus maranehna disucikeun ku Ruh Allah. 17 Enggoning ngawula ka Allah ku kersaning Al Masih, simkuring teh asa agul. 18 Ari nyaritakeun nu sejen-sejen mah, simkuring teh, teu wani. Nyaritakeun soteh nu kaalaman ku sorangan, perkara padamelan Anjeunna anu dipercayakeun ka simkuring, nya eta nungtun anut bangsa-bangsa luareun bangsa Yahudi tea. Eta ku simkuring parantos dilakonan boh ku ucap, boh ku lampah, 19 sarta ku tanda-tanda ajaib, mujijat-mujijat, jeung pangawasaning Ruh Allah. Simkuring ngawawarkeun Injil Kasalametan teh, estu nepi ka tutugna: Mimiti ti Yerusalem jeung sakurilingeunana, tug nepi ka Ilirikum. 20 Ngawawarkeunana ge ka tempat-tempat anu sama sakali can ngadenge jenengan Al Masih. Atuh simkuring teh, pohara ngarasa agulna lantaran tetela, ngawangun teh di tempat anu sama sakali can aya tapak batur. 21 Eta teh saluyu jeung tulisan dina Kitab Suci: ‘Jelema-jelema anu tadina can kasumpingan, malah eta nu baris diparengkeun narenjo ka Anjeunna. Anu tadina can kawawaran, malah eta nu baris diparengkeun ngadarenge jeung ngalarti kana hal eta.’ 22 Tah kitu sababna, nu matak unggal rek ngalongok ka aranjeun, aya bae halanganana. 23 Tapi ayeuna mah, pagawean di dieu teh geus teu perlu ditungkulan deui. Jaba ti kitu, ongkoh geus mangtaun-taun simkuring hayang nepungan aranjeun. Atuh pohara kumejotna. 24 Mudah-mudahan engke, ari rek ka tanah Sepanyol, simkuring bisa nyimpang heula ka aranjeun. Kahayang mah, sanggeus urang sosonoan, hayang dianteurkeun ku aranjeun ka ditu, ka Sepanyol tea. 25 Ayeuna simkuring teh keur di jalan rek ka Yerusalem, mawa kiriman keur ka jamaah di dinya. 26 Nya eta kikiriman ti urang Makedoni jeung Ahaya, sidekahna beunang maranehna iuran, sumbangkeuneun ka anggota-anggota jamaah anu mariskin di Yerusalem. 27 Maranehna teh ngarasa wajib; nya kitu itung-itung mulang tarima, dumeh ngarasa kahutangan budi ku urang Yerusalem. Maranehna nu lain urang Yahudi, rumasa geus ngabogaan harta anu sipat rohani ti urang Yahudi. Jadi, ngarasa wajib ngabantu ku harta anu sipat jasmani. 28 Di mana ieu urusan masrahkeun eta sumbangan ti bangsa-bangsa sejen geus beres dilakonanana ku simkuring, simkuring rek terus ka Sepanyol sarta tangtu nyimpang ka aranjeun. 29 Simkuring yakin datang ka aranjeun teh baris rebo ku berkah-berkah ti Al Masih. 30 Sajeroning kitu, dulur-dulur, — demi Isa Al Masih sarta demi kanyaah anu asal ti Ruh Allah — simkuring teh menta dibantu dipangnedakeun ka Allah. 31 Mugi-mugi simkuring ulah kungsi meunang gangguan naon-naon ti jelema-jelema anu marantangul di Yudea; kitu deui jeung tugas simkuring nepikeun kikiriman, bisa lungsur-langsar katarima sakumaha mistina ku umat-umat suci di Yerusalem. 32 Supaya di mana geus diparengkeun ku Allah bisa tepung jeung aranjeun teh, urang masing-masing bisa sosonoan kalawan senang jeung gumbira. 33 Mugi-mugi Allah, anu jadi sumber kabagjaan, nyarengan ka aranjeun.

Rum 16

1 Simkuring nitipkeun Pebe, dulur urang nu awewe, anu ngabantu jamaah di Kengkrea. 2 Demi Gusti, pangnarimakeun sakumaha pantesna ka umat nu suci. Bantu-bantu tugasna, dina perluna. Manehna sorangan geus pohara ngabantuna ka jalma rea; kitu deui ka simkuring. 3 Pangnepikeun salam katineung ka Priskila jeung Akwila, anu kungsi babarengan lakon gawe jeung simkuring demi Isa Al Masih. 4 Maranehna geus naruhkeun pati, ngabelaan nyawa simkuring. Ka maranehna, lain simkuring bae anu nganuhunkeun teh, malah sakumna jamaah nu lain Yahudi oge. 5 Kitu deui ka anggota-anggota jamaah anu caricing di imahna, salam ti simkuring. Salam ka Epenetus, katineung simkuring, cikalna panganut Al Masih ti Asia. 6 Salam ka Maryam, anu geus digawe keur aranjeun sakitu temen wekelna. 7 Salam ka Andronikus jeung Yunias, batur sabangsa simkuring anu kungsi bareng dipanjara jeung simkuring. Di antara rasul-rasul, duanana oge jelema-jelema terpandang, tur jadina Masihi oge heulaeun simkuring. 8 Salam ka Ampliatus katineung simkuring, papada anut ka Al Masih. 9 Salam ka Urbanus, batur gawe demi Al Masih, oge ka Setakis. 10 Salam ka Apeles anu geus kauji percayana ka Al Masih. Salam ka saeusi imah Aristobulus. 11 Salam ka Herodion, baraya simkuring. Salam ka sakur nu anut ka Gusti Jungjunan urang di imahna Narkisus. 12 Salam ka Tripena jeung Triposa, anu geus banting tulang digawe pikeun Gusti. Oge ka Persis anu geus enya-enya digawe pikeun Gusti. 13 Salam ka Rupus; kitu deui ka ibuna, anu karasana ku simkuring mah, lir ka indung teges. 14 Salam ka Asinkritus, ka Plegon, ka Hermes, ka Patrobas, ka Hermas, katut kum duduluran Masihi sakumbuhan eta. 15 Oge ka Pilologus jeung Yulia, Nerkus jeung dulurna nu awewe, jeung ka Olimpas, katut umat-umat suci lianna nu araya di maranehna. 16 Muga aranjeun pada patarema leungeun masing-masing, sasalaman saiklasing ati minangka wawakil simkuring. Aya oge salam ti sakumna jamaah Al Masih, ka aranjeun. 17 Aya keneh nasehat ti simkuring, nya eta muga aranjeun sing telik jeung ati-ati ka jelema-jelema anu boga niat ngalindih pangajaran anu ku aranjeun geus kacekel, niat ngagoda, jeung ngabengkahkeun. Poma, nu karitu mah, ku aranjeun teh kudu dijauhan. 18 Jelema-jelema anu karitu teh, saenyana mah, lain rek lakon kumawula ka Al Masih, Gusti Jungjunan urang; tapi maranehna mah, ngan rek ngaradon ngabelaan beuteung wungkul. Lamun kurang-kurang awasna, lamun urangna bolostrong, weu, matak katipu enya-enya; ma'lum maranehna teh palalinter ngolo, maranis omonganana. 19 Simkuring pohara bungahna ngadenge aranjeun tigin jeung satia tur kagurnita ka mana mendi. Ku simkuring didoakeun pisan sing parigel ngalakonan anu hade, ulah mirucaan kagorengan. 20 Mugi-mugi Allah nu jadi sumberna kabagjaan, sing enggal-enggal ngancurkeun Iblis dina dampal suku aranjeun. Mugi-mugi aranjeun pinarinan berkahna Isa, Gusti Junjungan urang. 21 Salam ti Timoteus, anu ngabantu simkuring. Kitu deui ti Lusius, Yason, jeung Sosipater, batur sabangsa simkuring. 22 (Panyelang ti simkuring Tertius, anu mangnyeratkeun ieu serat. Simkuring oge, sami-sami saiman sareng aranjeun, nyanggakeun salam baktos). 23 Salam ti Gayus, anu mere tempat tumpangan ka simkuring jeung mere tempat ka sajamaah. Salam ti Erastus panitera kota; kitu deui ti Kwartus nu saiman keneh jeung urang. 24 Mugi-mugi aranjeun ditangtayungan ku sih kurniana Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang. Amin. 25 Simkuring ngahaturkeun pirang-pirang nuhun ka Mantenna, anu kawasa nguatkeun ka aranjeun sabada meunang wawaran ti simkuring, jeung ku hibaring piwulang Isa Al Masih ku anjeun. Eta teh cocog jeung eusi rasiah, anu kiwari mah geus ditembrakkeun. 26 Eta rasiah anu geus mangabad-abad diarep-arep teh, kiwari mah malah geus kamashur. Eusina cocog jeung anu diwartakeun dina kitab-kitab paranabi kalawan parentah Allah Nu Maha Langgeng, diwawarkeun ka sagala bangsa, supaya maranehna ngabakti ka Mantenna lantaran geus palercaya tea. 27 Demi Isa Al Masih, anging ka Mantenna anu jumeneng Allah, pulangna sagala kamulyaan salalanggengna. Amin. Wassalam, Paulus.

1 Korinta 1

1 Ti simkuring, Paulus, anu jadi rasul Isa Al Masih ku kersaning Allah, jeung ti Sostenes dulur urang. 2 Kahatur jamaah Allah di Korinta, — nu kapilih jadi umat percaya, disucikeun ku karana Isa Al Masih — katut sakabeh umat di mana-mana anu sami muntang ka jenengan Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang; nya Gusti Jungjunan maranehna ongkoh. 3 Mugi-mugi aranjeun dipaparin rahmat jeung katengtreman ti Allah, Rama urang, jeung ti Isa, Gusti Jungjunan urang tea. 4 Simkuring teu kendat muji sukur ka Allah, dumeh dina kamanunggalan jeung Isa Al Masih teh, aranjeun geus nampa sih kurnia-Na. 5 Nya ku lantaran ngesto ka Mantenna, aranjeun dikersakeun sakitu jembarna: Perceka ucap jeung rebo ku kanyaho 6 anu luyu jeung kanyataan piwuruk Al Masih anu geus diyakinkeun ka aranjeun, 7 nepi ka aranjeun pinuh ku sih kurnia sajeroning nunggu-nunggu sumpingna Gusti Jungjunan urang, Isa Al Masih. 8 Iman aranjeun dipengkuhkeun, supaya engke ana Gusti Jungjunan urang sumping, dulur-dulur teu aya cawadeunana. 9 Eta teh nandakeun, yen Allah, — anu geus ngersakeun aranjeun satunggal jeung Putra-Na, nya eta Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang — maha satia. 10 Saterusna, dulur-dulur, simkuring aya pamenta! Demi pajenengan Gusti Jungjunan urang, Isa Al Masih, muga aranjeun tetep sauyunan, ulah pakia-kia. Sing tetep satunggal dina pikir jeung pangrasa. 11 Ieu pamenta lantaran simkuring meunang beja ti kulawarga Kloe, magar aranjeun keur pagetreng. 12 Ceuk nu saurang, kuring mah golongan Paulus. Ceuk saurang deui, kuring mah golongan Apolos; kuring mah golongan Kepas; kuring mah golongan Al Masih. 13 Na Al Masih teh bisa dibagi-bagi? Na Paulus kitu anu nalangan aranjeun nepi ka digantung teh? Na demi ngaran Paulus kitu aranjeun dibaptis teh? 14 Nganuhunkeun ka Pangeran, simkuring teu kungsi ngabaptis aranjeun, iwal ti Krispus jeung Gayus. 15 Asa pimanaeun aya nu rek ngaku-ngaku dibaptis demi ngaran simkuring! 16 Aya deui anu dibaptis ku simkuring teh, nya eta Stepanus sakulawarga. Salian ti eta mah, sainget simkuring, teu aya deui. 17 Simkuring diutus ku Al Masih teh, lain pikeun ngabaptis, tapi pikeun ngawawarkeun Injil. Sanajan kitu, lain ku pipinteranan sorangan ngarang carita, bisi matak cambal kana kakawasaan Salib Al Masih. 18 Sabab piwuruk hal Salib teh, ari pikeun jelema-jelema anu losna kana picilakaeun mah, siga mahiwal. Sabalikna, pikeun urang mah, — anu geus disalametkeun — eta teh taya lian ti kakawasaan Allah. 19 Sabab ceuk Kitab: ‘Anu luhung, pangartina ku Kami baris dimusnakeun, anu pinter, kapinteranana baris dileungitkeun.’ 20 Cik mana ahli pikirna, ahli Kitabna, jeung ahli sawalana ieu dunya teh? Lain geus dinyatakeun ku Allah, yen elmu kapinteran ieu dunya teh bodo? 21 Ku sabab dunya, katut elmu kapinteranana, tetep teu bisa nyaho ka Allah Nu maha Luhung; lajeng Allah ku manten ngersakeun maparin kasalametan ka umat-Na anu percaya, ku jalan pangwawaran Injil anu dianggap mahiwal tea. 22 Urang Yahudi marenta tanda; urang Yunani nyalukcruk elmu; 23 ari ku simkuring disodoran wawaran hal Al Masih disalib. Tangtu pikeun urang Yahudi mah, eta teh jadi bahan tatajongan; ari pikeun urang Yunani, eta teh kabodoan. 24 Tapi pikeun anu geus percaya mah, — boh urang Yahudi boh urang Yunani — Al Masih teh, tegesing kakawasaan Allah jeung kaluhungan Allah. 25 Sabodo-bodoning Pangeran, leuwih luhung batan manusa; sahengker-hengkerna Pangeran, leuwih bedas batan manusa. 26 Inget dulur-dulur! Kumaha kaayaan aranjeun waktu mimiti disaur. Geuning nu meunang panyaur teh, lain anu pinter ceuk jelema, lain anu gede pangaruhna, jeung lain menakna. 27 Sabalikna, anu ceuk dunya bodo, ku Allah dianggo ngera-ngera nu palinter; anu hengker dianggo ngera-ngera anu baredas. 28 Anu ceuk dunya hina jeung laip, eta anu ku Allah dipilih teh. Malah anu sama sakali teu aya pangajina oge, ku Allah mah dipilih pikeun ngalindih anu luhur harkat. 29 Eta maksudna, sangkan ulah aya anu adigung dipayuneun Allah. 30 Dulur-dulur oge, bisana manunggal jeung Al Masih teh, lantaran kurnia Mantenna. Al Masih, ku Allah didamel hikmah pikeun urang. Nya ku Anjeunna, urang diangken bener, disucikeun, sarta ditebus. 31 Ieu sapagodos jeung nu diserat dina Kitab: ‘Upama rek agul, kudu agul dina kamanunggalan jeung Gusti.’

1 Korinta 2

1 Simkuring, basa datang nerangkeun maksad Allah ka dulur-dulur, henteu nganggit-nganggit basa jeung teu make nu luhur-luhur. 2 Da maksudna oge, lain rek ngayakeun panalungtikan, estu ngan seja ngenalkeun Isa Al Masih anu pupus digantung dina salib. 3 Sajeroning kitu, ayana di aranjeun ge, simkuring teh nya hengker, nya asa geumpeur, nya ngarasa sieun. 4 Basa jeung carana simkuring ngawawarkeun ge, jauh ti matak kapincut; tapi nya kitu, da simkuring mah, ngan sumerah kana pituduh jeung kakawasaan Ruh Allah bae. 5 Nu ku simkuring dipalar mah, nya eta supaya dulur-dulur percaya teh ulah ku karana kapinteran manusa, tapi ku karana kakawasaan Allah. 6 Tapi ka kalangan luhur mah, nu ku simkuring diwawarkeun teh, memang elmu kapinteran. Ngan lain kapinteran asal ti ieu dunya atawa ti para pamingpin dunya, anu bakal dimusnakeun tea. 7 Tapi anu diwawarkeun ku simkuring mah, elmu hikmah Allah anu gaib jeung rasiah, anu ku Mantenna disayagikeun ti samemeh alam dunya dijadikeun, nya eta pikeun kamulyaan urang. 8 Para pamingpin mah, teu nyarahoeun kana ieu hal teh. Mun enya nyarahoeun ge, tangtu moal nepi ka nyalibkeun Rajaning kamulyaan! 9 Tapi ku Kitab oge geus diserat: ‘Anu can kungsi katenjo ku panon, can kungsi kadenge ku ceuli, can kagerentes ku ati, kabeh ku Allah geus disayagikeun pikeun jalma anu ajrih asih ka Mantenna.’ 10 Eta rasiah Allah, ka urang mah, geus ditembrakkeun ku Ruh Allah. Sabab pikeun Ruh mah, teu aya hal anu buni; sanajan ayana dina manah Allah. 11 Saha pijalmaeunana anu terang kana eusi hate, iwal ti roh jelemana anu ngancik dina dirina? Kana eusi manah Allah oge, moal aya anu terang, iwal ti Ruh Allah ku manten. 12 Ari Ruh anu katampa ku urang teh, lain asal ti dunya ieu; tapi asal ti Allah nyalira, nepi ka urang ngarasa enya-enya kana sih kurnia-Na anu sakitu murah asihna. 13 Perkara ieu, ku simkuring dicaturkeunana lain ku akal pikiran sorangan, tapi nurutkeun pituduh Ruh Allah. Sabab anu dicaritakeun ku simkuring teh, hal-hal rohani pikeun anu geus mareunang Ruh. 14 Jalma-jalma duniawi mah, teu milu nampa hal-hal anu asalna ti Ruh Allah; sabab najan narima ge, teu guna, sarta moal kapaham lantaran teu asup kana akalna. Sabab ari anu asal ti Ruh mah, ditimbang-timbangna oge, kudu kalawan pituduh Ruh. 15 Jalma anu hirup dina karohanian mah, neuleuman saniskara; sabalikna, dirina sorangan mah moal kateuleuman ku batur. 16 Sabab: ‘Saha anu bisa neuleuman manah Pangeran, nepi ka bisa mere nasehat ka Mantenna?’ Tapi ari urang mah, geus kaserepan panggalih Al Masih.

1 Korinta 3

1 Basa keur mimiti ka aranjeun, simkuring teh can bisa cumarita kawas ka jalma-jalma anu geus hirup dina karohanian, tapi kawas ka jalma-jalma umumna bae; da aranjeun, harita mah, di Al Masih teh sasat orok keneh. 2 Ibarat kudu dibere cisusu keneh lantaran can kuat. Najan kitu, ayeuna ge, aranjeun teh tetela can kuatna. 3 Aranjeun teh masih keneh bae jadi ahli duniawi. Sabab aranjeun teh, masih katerap keneh ku pasirikan jeung pacekcokan. Lain masih keneh jadi ahli duniawi ari nu kitu? 4 Make cekcok, aya nu ngaku golongan Paulus, aya nu ngaku golongan Apolos. Lain ahli duniawi ari kitu? 5 Naon pangkatna Paulus teh? Naon pangkatna Apolos teh? Teu kurang teu leuwih ti kawula-kawula Pangeran, anu dipake lantaran sangkan aranjeun percaya sarta masing-masing nurutkeun kumaha dikersakeuna-Na: 6 Simkuring anu ngipuk, Apolos anu nyeboran; ari anu maparin hirup huripna mah, Gusti Allah. 7 Teu penting anu ngipuk jeung nyeboran mah, anu penting teh Allah anu ngajadikeunana. 8 Anu ngipuk jeung nu nyebor taya bedana, masing-masing meunang buruhan anu saimbang jeung pagaweanana. 9 Simkuring jeung anjeunna teh, ku Allah dicandak, nya eta pikeun barang damel babarengan; ari aranjeun, ibarat huma-Na atawa wawangunan kagungana-Na. 10 Kalayan rahmat kurnia Allah, simkuring, — ibarat tukang wawangunan anu ahli — geus masang hiji pademen pikeun diadegan ku nu sejen. Anu ngadegkeun di dinya, kudu nyaluyukeun adeganana jeung eta. 11 Sababna, moal aya nu bisa masang pademen sejen di dinya. Ari anu jadi pademenna teh, nya eta Isa Al Masih ku anjeun. 12 Anu ngadegkeun di dinya, naha rek tina bahan emas, perak, batu-batu permata, kai, eurih, atawa jarami, 13 kudu geus ngawangwang ti memehna, yen pagaweanana sakali mangsa baris diuji. Sabab baris aya seuneu dina Poean Pangeran, anu nguji pagawean saban jalma. 14 Lamun wawangunan beunangna tea tahan uji, baris karasa ganjaranana. 15 Sabalikna, upama pagaweanana teu tahan ku seuneu, tangtu mubadir tur nandang rugi. Najan dirina salamet, tapi tangtu ngaligincing, sasat geus milu kahuru. 16 Na can aruninga, yen aranjeun teh bait panglinggihan Allah; nya tempatna Ruh Allah. 17 Sing saha anu ngaruksak panglinggihan Allah, tangtu ku Allah diruksak; sabab panglinggihana-Na teh, suci; aranjeun Bait Suci panglinggihana-Na teh. 18 Poma ulah katipu ku diri. Ulah asa aing pinter di dunya teh. Mending ngarumasakeun bodo, supaya enya jadi anu pinter. 19 Sabab kapinteran manusa, di payuneun Allah mah, bodo balilu. Ceuk Kitab: ‘Mantenna ngelehkeun anu palinter ku kapinteran maranehna keneh.’ 20 Dina bagian sejen kaserat: ‘Pangeran langkung uninga kana pangrekaning nu baroga elmu, kabeh ge percumah.’ 21 Ku sabab eta, ulah sok paunggul-unggul pamingpin, da kabeh ge geus jadi milik aranjeun: 22 Paulus, Apolos, Kepas, dunya ieu, hirup jeung paeh, alam kiwari jeung jaga, kabeh geus jadi milik aranjeun. 23 Tapi aranjeun ge milik-Na Al Masih, ari Al Masih kagungan Allah.

1 Korinta 4

1 Simkuring sabatur-batur mah, anggap bae, kawula-kawula Al Masih anu keur dipercaya ngemban rasiah Allah. 2 Ari nu dipercaya teh, tangtu kudu beunang dipercaya. 3 Simkuring onaman diputus ku sasaha ge, boh ku aranjeun boh ku pihak sejen, meh teu aya hartina. Simkuring sorangan teu wenang nangtukeun, 4 da teu terang naon-naon, tur can tangtu simkuring teh dibenerkeun. Anging Pangeran nu wenang mutuskeunana. 5 Ku sabab eta, urang ulah rusuh-rusuh ngahukuman memeh Gusti Jungjunan urang sumping. Engke, Anjeunna anu bakal ngabuka hal-hal anu ayeuna masih keneh samar, ku sabab poek tea; sarta ngaboker sagala pangreka hate manusa. Nya harita, satiap jalma bakal nampa panghargaan anu satimpal ti Allah. 6 Anu ditataan tadi ngeunaan simkuring jeung Apolos, pikeun conto ka aranjeun sangkan: ‘Ulah liwat ti nu geus kaserat dina Kitab.’ Sangkan ulah ngutamakeun nu saurang, ngapeskeun anu sejenna. 7 Saha karah anu nganggap aranjeun sakitu pentingna teh? Jeung naon pangaboga aranjeun anu henteu katarima teh? Sabalikna, upama katarima, naha make adigung kawas ka beunang ihtiar sorangan bae? 8 Sihoreng, aranjeun teh geus sugih mukti! Henteu jeung simkuring ge teu burung jadi raja, nya? Leuh, untung atuh mun enya mah jadi raja! Meureun simkuring sabatur-batur oge bisa milu jadi raja! 9 Ma'lum simkuring mah, ceuk pamikir: Enya oge jadi rasul, ari tempat mah ti Allah teh pangbocetna; kawas anu geus dikeunaan hukum pati, tongtoneun dunya, sarta lalajoaneun pada jelema jeung malaikat. 10 Kumawula ka Al Masih teh, rasul-rasul mah, anggur barodo; teu kawas aranjeun, aya di Al Masih teh jadi laluhung; rasul-rasul mah, jadi nu apes; aranjeun mah, jaya; rasul-rasul mah, laip; aranjeun mah, mulya harkat. 11 Nepi ka kiwari pisan, rasul-rasul mah, nya lapar nya kalantar, rudin, pada ngutiplak, jeung hirupna ge utrak-atrok. 12 Keur sahuap sakopeunana kudu banting tulang heula. Ana aya nu nyarekan, nu nyarekanana kudu didoakeun; mun diteungteuinganan teu meunang ngalawan. 13 Ka anu ngagogoreng kudu angger sareh bae. Ma'lum nepi ka kiwari ge, rasul-rasul mah dijieun runtah anu ngabalaan jagat. 14 Ieu dituliskeun ka aranjeun soteh, simkuring mah lain rek nyindiran; tapi rek mepelingan, tina geus asa ka anak sorangan. 15 Sabab najan aranjeun boga guru sarebu anu nungtun ngadidik iman ka Al Masih, ari anu jadi bapa mah teu loba. Simkuring teh, — dina kamanunggalan jeung Al Masih — lir bapa aranjeun lantaran Injil anu diwawarkeun ka aranjeun. 16 Ku sabab eta, cik ieu bapa aranjeun teh jadikeun tuladan. 17 Nya patali jeung ieu, nu matak simkuring ngajurungkeun Timoteus; Timoteus teh, — jalma anu sumujud ka Gusti, kanyaah simkuring jeg ka anak — ku simkuring dititah ngingetan aranjeun ngeunaan jalan-jalaning iman ka Al Masih; nya sakumaha anu ku simkuring biasa diwurukkeun di mana-mana, di saban jamaah. 18 Simkuring terang, yen di aranjeun, aya sawatara jalma anu jadi garumede; panyangkana, simkuring moal wani ka dinya-dinya deui. 19 Puguh simkuring arek buru-buru ka dinya, manawi diparengkeun mah ku Allah. Engke, moal teu kanyahoan, eta kasombongan maranehna teh; naha aya kakuatanana? 20 Sabab ngadegna Karajaan Allah mah, lain ku gede omong, tapi ku pangawasa-Na. 21 Kumaha ayeuna kahayang aranjeun? Hayang dibawakeun pecut atawa dibawakeun hate anu pinuh ku kanyaah?

1 Korinta 5

1 Rame beja, yen di aranjeun, aya lampah anu pohara aebna. Cacakan di bangsa anu teu nyekel agama ge, kalakuan nu sakitu aebna mah, can kapanggih: Ngawin pamajikan bapa! 2 Ari heug aranjeun, ti batan ngaheruk kalah ka dangah. Lain diceumpal jelemana ti jamaah! 3 Sanajan raga badag simkuring teu jonghok, ari lelembutan mah nyaksian eta kajadian. Tur moal beda ti upama jonghok, jelema anu nyieun kalakuan nu sakitu aebna teh, ayeuna ku simkuring ditibanan hukuman. 4 Kalayan Asmana Gusti Jungjunan urang, Isa Al Masih, aranjeun kudu karumpul sarta dibarengan ku roh simkuring. Kalayan ngemban kawasa Isa, Gusti Jungjunan urang, 5 urang serenkeun eta jelema teh, ka Iblis; keun sina ruksak jasmaniahna, supaya rohna bisa salamet dina waktu sumping-Na Gusti Jungjunan urang. 6 Goreng pisan aranjeun kalah ka garumede kitu teh! Kapan aya paribasa: ‘Ragi sasiki saadonan haseum kabeh.’ 7 Piceun ragi anu heubeul teh, supaya aranjeun jadi adonan anyar. Ongkoh aranjeun teh, lir adonan tanpa ragi. Tur ‘Domba Paska’ ge, nya eta Al Masih, geus dikurbankeun pikeun aranjeun. 8 Jadi, hayu urang ngarayakeun Paska tanpa ragi heubeul, nya eta sumber kadorakaan jeung kagorengan tea. Tapi ngarayakeunana teh, kudu ku roti anu tanpa ragi; tegesna, jiwa anu beresih, anu dieusi ku kayaktian. 9 Dina surat anu ti heula simkuring geus ngingetan, sangkan aranjeun ulah sagulung-sagalang jeung nu rarucah. 10 Eta lain hartina aranjeun ulah wawuh jeung umumna jalma-jalma nu karitu, atawa jeung tukang-tukang tipu, atawa jeung nu hararawek jeung sarakah, atawa jeung anu nyarembah ka brahala. Ari nepi ka kudu kitu mah, atuh urangna ulah cicing di ieu dunya. 11 Nu dimaksud ku simkuring mah, ulah dibawa sagulung-sagalang teh, nya eta jelema-jelema anu ngaku saiman ari hirupna rucah, nipu, nyembah brahala, mitenah, mabok, jeung curang. Jeung jelema nu karitu mah, sakalieun dahar bareng ge ulah! 12 Keur naon simkuring make kudu ngahukuman jelema-jelema anu di luareun jamaah? Da aranjeun oge ngan nguruskeun anggota jamaah bae, lain? 13 Ari ngahukuman anu di laluar mah, ngan Allah anu wenang. Singkirkeun anggota jamaah anu garoreng kalakuanana teh!

1 Korinta 6

1 Upama aya hiji dulur anu bentrok jeung baturna, na wanieun menta tulung ka anu teu baroga bebeneran, supaya perkarana dibereskeun? Na lain kudu menta tulung ka papada umat Allah? 2 Naha aranjeun teu terang, yen umat Allah teh baris ngahakiman dunya? Lamun aranjeun boga hak mutus perkara sadunya, lain boga oge kakawasaan mutus perkara leuleutikan? 3 Naha henteu terang, yen urang baris ngahukuman para malaikat? Atuh sumawonna kana perkara-perkara anu sapopoe! 4 Ku sabab eta, naha urusan-urusan kitu-kitu bae make dipasrahkeun ka nu teu aya patalina jeung jamaah? 5 Ieu hal kapaksa diomongkeun, supaya aranjeun era. Naha di antara aranjeun teu aya anu sanggup mutus perkara dulur pada dulur? 6 Na pantes dulur jeung dulur nyiar kaadilan ka pihak anu teu boga iman? 7 Ku ayana peperkaraan papada dulur bae ge, sidik yen aranjeun teh gagal. Naon sababna, aranjeun euweuh nu daek wayahna meunang kateuadilan? 8 Kalah ka teu adil jeung ngarugikeun dulur sorangan! 9 Naha henteu terang, yen anu teu adil teh, teu aya bagianana di Karajaan Allah? Poma, ulah sasar! Nu ngaranyed, nu nyembah brahala, nu jinah, nu sapatemon jeung pada lalaki, 10 nu maling, nu kumed, pamabokan, nu mitenah, jeung tukang tipu, moal meunang asup ka Karajaan Allah. 11 Kalakuan-kalakuan anu teu balener saperti kitu teh, bareto, aya di aranjeun. Sukur, ayeuna mah, aranjeun geus beresih dikumbah, disucikeun, sarta geus diangken bener ku karana jenengan Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang, jeung ku Ruh Allah Pangeran urang. 12 Naon oge, pikeun simkuring mah, wenang; tapi tangtu, teu kabeh mangpa'at. Papadaning sagala wenang ge, simkuring mah embung nepi ka nyandu. 13 Kadaharan teh pikeun beuteung; beuteung pikeun kadaharan; tapi duanana, ku Allah bakal dileungitkeun. Ari badan teh lain pikeun dipake lacur, tapi sanggakeuneun ka Gusti, sarta Gusti pikeun badan. 14 Allah anu geus ngagugahkeun Gusti Jungjunan urang tina pupus-Na, oge baris ngahudangkeun badan urang ku pangawasa-Na. 15 Na teu terang, yen badan aranjeun teh anggahota salira Al Masih? Na simkuring kudu nyokot eta anggahota salira Al Masih, sina jadi jelema palacuran? Teu wararantun teuing! 16 Na teu terang, yen sapatemon jeung awewe palacuran teh hartina nunggalkeun badan jeung manehna? Kapan ceuk Kitab oge: ‘Duanana bakal jadi sadaging.’ 17 Sabalikna, sing saha anu nunggalkeun diri ka Al Masih, tangtu sa-roh jeung Anjeunna. 18 Baidkeun lacur teh! Dosa-dosa sejenna anu dipilampah ku manusa, kabeh dosa ka nu sejen. Tapi ari lacur mah dosa ka badan sorangan. 19 Naha teu terang, yen badan aranjeun teh jadi panglinggihan Ruh Allah; Ruh paparin ti Allah, anu ngancik di diri aranjeun? Na teu rarumasa, yen aranjeun teh lain milik aranjeun sorangan? 20 Aranjeun teh geus meunang nebus, geus dilunasan. Ku sabab eta badan teh kudu dipake pikeun kamulyaan Allah.

1 Korinta 7

1 Ayeuna ngeunaan sual anu dina surat aranjeun. Memang alus lalaki anu teu kawin teh. 2 Tapi ku sabab gede mamalana, gampang ngaleok kana rucah ka awewe, leuwih hade kawin. Lalaki boga pamajikan masing-masing; awewe boga salaki masing-masing. 3 Salaki kudu nyumponan kawajiban ka nu jadi pamajikan, pamajikan kitu keneh ka nu jadi salaki. 4 Awewe taya hak kana dirina sabab geus jadi hak salakina. Lalaki oge taya hak kana dirina sabab geus jadi hak pamajikanana. 5 Dina urusan mondok, ulah papencil-pencil; kajaba sawaktu-waktu, lamun arek tapakur; kitu ge, upama geus satuju ti duanana. Geus anggeus tapakurna mah, reujeung deui bae, supaya ulah beunang kagoda ku Setan. 6 Simkuring lain ngudukeun, ngan kitu pihadeeunana. 7 Memang alusna mah, kabeh sing kawas simkuring, teu kawin. Tapi dalah di kumaha, da jelema mah, pribadina beda-beda ti Allah: Aya nu tahan; aya nu henteu. 8 Anu teu kawin, — kitu deui randa-randa — alusna mah, tetep lelengohan cara simkuring. 9 Tapi bisi teu kuat mah, leuwih hade kawin. Sabab tinimbang marudah pikir mah, mending keneh kawin. 10 Ka nu geus narikah, parentah ti Gusti, — lain ti simkuring — kieu: Pamajikan teu meunang ninggalkeun salaki; 11 dina geus ninggalkeunana; papacuan, ulah rek boga deui; atawa alusna mah, balik deui. Kitu deui salaki, henteu meunang nyerahkeun pamajikan. 12 Ka nu lian-lianna, papatah simkuring, — lain ti Gusti — kieu: Upama, aya anggota jamaah, lalaki, anu geus boga pamajikan; tapi pamajikanana teh, can saiman; ari awewena daekeun dibawa hirup babarengan mah, ulah diserahkeun. 13 Kitu keneh jeung anggota jamaah anu dikawin ku lalaki anu henteu saiman; ari lalakina daekeun hirup babarengan mah, ulah menta diserahkeun. 14 Sabab najan salakina teu saiman oge, kabawa ku pamajikanana jadi umat Allah. Kitu keneh sabalikna. Upama teu kitu, anak-anakna baris jadi barudak tuna agama; padahal, anak teh paparin ti Allah. 15 Tapi lamun pihak anu teu saiman tea ngajak pepegatan, turutkeun bae. Dina hal anu kitu, lalakina atawa awewena anu ti pihak jamaah teu katalian naon-naon. Ngan ari pangersa Allah mah, hirup teh kudu rukun. 16 Naha enya geus katoong, yen pamajikan anu geus iman teh moal bisa nyalametkeun salakina? Kitu deui salaki anu geus iman, naha enya nangtukeun moal bisa nyalametkeun ka pamajikanana? 17 Ku sabab eta, aranjeun kudu tumarima kana kaayaan diri masing-masing, — sakumaha dikersakeun ku Pangeran tadina — nya eta waktu mimiti disaur ku Mantenna. Hal ieu ku simkuring dimistikeun ka sakabeh jamaah. 18 Jadi, upama waktu disaur, aranjeun teh geus dina kaayaan disunat; aranjeun henteu kudu kaduhung. Sabalikna, anu keur disaurna dina kaayaan teu disunat, entong hayang disunat. 19 Disunat jeung teu disunat teu jadi sual. Sabab anu penting mah, ngestokeun pangersa Allah. 20 Jadi, sing anteng dina kaayaan waktu aranjeun disaur ku Allah. 21 Naha keur waktu disaur teh, urang keur jadi nu kumawula? Teu nanaon! Kajaba lamun aya kasempetan pikeun merdika, pek bae pake kasempetan teh. 22 Sabab anu disaur waktu eukeur jadi nu kumawula, saenyana eta teh dimerdikakeun ku Gusti Jungjungan urang. Sabalikna, anu merdika keur waktu disaur, eta saenyana sangkan ngawula ka Al Masih. 23 Aranjeun teh, ku Gusti enggeus dibeuli lunas. Jadi, ulah kakungkung deui ku pada manusa. 24 Sing anteng di payuneun Allah, dina kaayaan saperti keur waktu disaur. 25 Pikeun anu can narikah, simkuring acan meunang katangtuanana ti Gusti. Jadi, kalayan rahmat Allah, simkuring seja nepikeun pamanggih pribadi. 26 Dina kaayaan darurat kawas kiwari, lalagasan teh alus. 27 Kumaha ari geus boga pamajikan? Ulah pepegatan! Kumaha ari anu lelengohan keneh? Ulah neangan pipamajikaneun! 28 Tapi najan rek kawin ge, teu salah. Kitu deui parawan henteu salah upama kawin. Ngan tangtu, ari anu rumah tangga mah repot, nya eta loba uruseun. Ari simkuring mah, ngan mangkarunyakeun bae 29 Kieu maksud simkuring: Jaman teh geus cueut ka hareup. Ku sabab waktuna geus samporet, anu baroga pamajikan, ulah siga boga; 30 anu ceurik, ulah kaciri ceurik; anu gumbira, ulah kaciri gumbira; anu barang beuli, tong jiga tas barang beuli. 31 Cindekna, sakur anu aya urusanana jeung kapentingan dunyawiah, sing kawas anu teu aya patalina naon-naon; lantaran dunya urang anu kiwari teh, engke mah euweuh. 32 Tegesna, aranjeun teh ulah boga kariridu. Kapan ari nu lagas mah, bisa lugina ngesto ngabakti, malar kamanah ku Gusti. 33 Ari nu geus rumah tangga mah, tangtu teu ari; balas ngurus kapentingan rumah tangga tea, malar kapake ku pamajikan; 34 perhatianana kabagi-bagi. Awewe anu teu kawin, kitu deui parawan, bisa laluasa ngalampahkeun pagawean pikeun Gusti; nya ngabaktikeun jiwa ragana ka Anjeunna. Ari boga salaki mah, tangtu teu kaur; lantaran repot ku urusan rumah tangga, malar kapake ku salakina. 35 Hal eta ditetek soteh, keur paedah aranjeun keneh; simkuring mah lain rek ngahalang-halang. Malah simkuring mah rek nuduhkeun kumaha kuduna jeung hadena, malar aranjeun bisa anteng museurkeun pikiran ka Gusti. 36 Tapi bisi aya jajaka anu ngarasa, — yen ku jalan kitu — neungteuinganan ka mojang kakasihna tur manehna ge hayang buru-buru kawin deuih; nya laksanakeun bae, ari kudu mah. Pruk bae rek kawin mah, da lain dosa. 37 Sabalikna, lamun tekadna gilig tur taya nu maksa, estu geus karepna pribadi megatkeun mojang kakasihna lantaran rek lalagasan, eta hade pisan. 38 Tegesna pisan mah, kieu: Mun tulus kawinna ka eta mojang kakasihna, eta hade. Tapi leuwih hade deui, lamun kawinna teu tulus. 39 Sapanjang salaki hirup keneh, pamajikan teh katalian ku salaki. Upama salakina maot, manehna bisa bebas kawin deui ka saha bae sukaeunana: Asal ka anu saiman deui. 40 Ngan manehna baris leuwih bagja, upama tetep teu kawin deui. Kitu ceuk pangrasa simkuring, anu ceuk rarasaan mah, simkuring teh disarengan ku Ruh Allah.

1 Korinta 8

1 Ayeuna sual sasajen pikeun brahala. Kana hal eta, urang geus taya nu bireuk deui. Ceuk aranjeun tea mah: ‘Urang mah, sarerea ge, geus nyaho.’ Tapi eta kanyaho aranjeun teh nungtun kana takabur. Teu cara kanyaahan tea, anu matak mangpa'at. 2 Jalma anu boga rasa nyaho kana sagala teh, saenyana mah, nyahona teh can sampurna. 3 Sabalikna, jalma anu nyaah ka Allah mah, tangtu ku Mantenna diangken. 4 Sual ngadahar sasajen pikeun brahala, urang terang, yen: ‘Brahala teh, di dunya, sama sakali lain naon-naon.’ Jeung: ‘Teu aya deui Allah sejen, salian ti Anu Mahatunggal tea.’ 5 Sanajan aya deui oge, anu ngaranna ‘allah,’ boh di langit, boh di bumi; — da loba pisan allah anu disembah jeung dipigusti teh — 6 ari pikeun urang mah, Allah teh ngan Anu Mahatunggal tea, nya eta anu jumeneng Rama; — anu jadi asal saniskara, tempat sumerahna hirup urang — nu jadi Gusti Jungjunan oge, ngan hiji, nya eta Isa Al Masih, nu jadi marganing jadina saniskara jeung marganing urang hirup. 7 Tapi teu kabeh jalma nu boga eta kanyaho teh. Da nepi ka ayeuna atuh, aya keneh anu yakin, yen bangsa dewa teh aya. Ana milu dahar sasajen, budi rasana nyebutkeun yen eta sasajen teh, memang enya pikeun dewa. Ku lantaran budi rasana lemah kitu, atuh jadi keuna ku kokotor. 8 Padahal, kadaharan mah, teu matak jadi leuwih ngaraketkeun ka Allah: Teu didahar moal matak rugi; didahar moal matak untung. 9 Ngan omat, najan aranjeun nyaho, — yen ngadahar ge taya matakna — tapi kahade, ulah matak jaheut hate batur anu lemah imanna. 10 Sabab lamun aranjeun anu geus ‘nyaho’ kana hal eta, katenjo milu dahar dina upacara di tempat pamujaan; tangtu pikeun anu imanna lemah mah, asa dihatean kana milu ngadahar sasajen pikeun dewa tea. 11 Dina kituna, eta ‘kanyaho’ aranjeun teh, sasat nyilakakeun dulur sorangan anu hengker imanna: Nya dulur maneh tea, anu keur manehna oge Al Masih geus pupus teh. 12 Ku kituna, kalakuan aranjeun ngaraheutan hate batur nepi ka batur jadi dosa teh, sarua jeung nyieun dosa ka Al Masih. 13 Nu matak simkuring mah, mun nyaho aya kadaharan atawa daging anu matak ngaraheutan hate, — atawa matak nyieun dosa ka batur — saumur hirup moal ngadahar nu kitu.

1 Korinta 9

1 Na teu bebas kitu ari simkuring? Na lain rasul? Na can kungsi jonghok jeung Isa, Gusti Jungjunan urang? Na aranjeun anut ka Gusti Jungjunan urang teh lain ku simkuring? 2 Kajeun ceuk nu lian simkuring teh, lain rasul; ari pikeun aranjeun mah, enya rasul. Cirina, kapan bukti aranjeun geus aranut ka Gusti Jungjunan urang. 3 Ka jelema-jelema anu sok maido, ieu jawaban simkuring: 4 Na simkuring teh kudu ulah dahar ulah nginum? 5 Na teu meunang simkuring luluntaan dibaturan ku wanita saiman nu geus rimbitan, kawas rasul-rasul sejen jeung dulur-dulur saiman sejenna, kitu deui Kepas? 6 Na ngan simkuring jeung Barnabas bae anu kudu hese cape heula nyiar kipayah? 7 Ari nu jadi tentara, na kudu neangan sorangan keur gajihna? Ari anu melak anggur, na teu meunang ngasaan buahna? Atawa nu ngingu sapi, na teu ngicip-ngicip cisusuna? 8 Ieu catur lain samata-mata pikiran simkuring, cek Toret oge kitu. 9 Ceuk hukum Musa: ‘Sapi keur dipake ngirik ulah diborongsongan.’ Cik eta, — nu disebut sapi di dinya — nu dimaksud teh, memang sapi; 10 atawa jelema? Tangtu, nu dimaksud teh jelema anu digawe. Anu ngawuluku atawa anu ngirik, tangtu boga maksud sangkan bisa ngasaan hasil pagaweanana. 11 Simkuring jeung Barnabas geus melakkeun bibit rohani di aranjeun. Upama simkuring meunang buruhan sakumaha ilaharna, na eta teh luar biasa? 12 Mun nu sejen aya hak menta ka aranjeun, hak simkuring mah komo leuwih ti batur. Papadaning kitu, eta hak teh, ku simkuring teu dipake. Ti batan kitu mah, kajeun teuing sangsara bae; da bisi, matak ngahalang-halang kana pangwawaran Injil. 13 Na aranjeun teu terang yen anu digarawe di Bait Suci, hirupna teh dicukupan ti dinya? Kitu deui purah ngatur kurban dina mezbah, keur dahareunana lain sok meunang ti dinya? 14 Pikeun anu ngawawarkeun Injil oge kitu, geus ditetepkeun ku Pangeran, hirupna kudu dibayuan tina pagaweanana ngawawarkeun Injil. 15 Najan kitu, eta hak-hak simkuring teh, hiji ge acan aya nu digunakeun. Ieu lain maksud nagih. Ti batan kitu, simkuring mah mending paeh bae. Sakieu ge, simkuring mah sugema tur ieu kasugemaan teh moal kapupus ku saha bae ge. 16 Ngawawarkeun Injil teh pikeun simkuring mah, lain keur agulkeuneun, tapi geus kawajiban. Tada teuing asa cilakana, lamun Injil nepi ka teu diwawarkeun ku simkuring! 17 Upama ngawawarkeun teh karana niat sorangan, eta hiji pahla keur simkuring. Sabalikna, upama lain ku karana niat sorangan, tandaning eta kawajiban teh ku Allah dipercayakeun ka simkuring. 18 Naon ganjaranana? Ieu: Kasugemaan lantaran bisa ngawawarkeun bari teu mandang buruhan; jadi juru Injil bari teu kudu nagih hak anu geus sapantesna. 19 Simkuring teh lain badega saha-saha, tapi geus gilig seja kumawula ka saban jalma, hayang bisa narik jalma masing loba ka Al Masih. 20 Ka urang Yahudi, simkuring rek jadi urang Yahudi, malar bisa nganutkeun urang Yahudi. Ka jalma-jalma anu ka bawah ku Toret, simkuring rek jadi anu kabawah ku Toret, malar bisa nganutkeun jalma anu kabawah ku eta; sanajan simkuring mah henteu kabawah ku Toret. 21 Ka bangsa anu teu kabawah ku Toret, simkuring rek jadi bangsa eta; sanajan simkuring teh aya di bawah hukum Al Masih, di bawah hukum Allah; sangkan simkuring bisa nganutkeun bangsa anu teu kabawah ku hukum Toret. 22 Ka kaom lemah, simkuring rek jadi kaom lemah, malar bisa nganutkeun kaom lemah. Cindekna, simkuring arek kabala-kabale, malar bisa nganutkeun maranehna sawareh-wareheun. 23 Eta kabeh, ku simkuring dilampahkeun demi Injil, supaya simkuring oge bisa milu ngala buah-buahna. 24 Na aranjeun teu terang, yen sakumaha lobana ge anu milu balap; ari anu meunang hadiah unggul mah, ngan saurang? Ku sabab eta, simkuring arek lumpat masing tarik, ngetrukkeun tanaga, malar bisa ngahontal hadiah kaunggulan. 25 Tiap-tiap anu milu balap, kudu rikat tur caringcing, malar bisa ngarebut tanda kaunggulan: Najan eta teh ukur barang nu keuna ku ruksak. Tapi anu keur diberik ku simkuring mah, makuta anu abadi. 26 Simkuring ibarat keur tandingan: Mun balap lumpat, moal dapon lumpat; mun ngadu peureup, moal nepi ka nonjok angin. 27 Simkuring geus ngalatih diri enya-enya, nepi ka paham, malar ulah gagal. Bisi, hanas ka batur nguarkeun Injil, ari sorangan teu ditarima.

1 Korinta 10

1 Dulur-dulur! Pek ngeunteung kana lalakon karuhun. Karuhun diauban mega, meuntas nyorang dasar Laut Beureum. 2 Ku Musa sasat dibaptis ku mega jeung cilaut, terus diasuh. 3 Dalaharna kadaharan nu ajaib. 4 Ngarinumna cai ajaib, anu bijil tina batu karang ajaib anu nuturkeun perjalanan maranehna. Batu Karang nu ajaib eta teh, Al Masih. 5 Tapi sakitu diraksa diriksa teh, karuhun mah anggur nyieun pijaheuteun manah Allah, nepi ka loba anu nemahan pati di alas kikisik. 6 Ieu kudu jadi conto pikeun urang, malar ulah doraka kawas karuhun. 7 Urang mah, ulah nyembah ka brahala kawas karuhun; ngeunaan karuhun teh, ceuk Kitab Suci mah: ‘Gek, eta bangsa dariuk, ngariung balakecrakan; seug carengkat, marotah igel-igelan.’ 8 Urang mah, ulah jinah kawas maranehna; temahna, nepi ka dua puluh tilu rebu urang tariwas dina sapoe. 9 Urang mah, ulah ngadoja ka Pangeran kawas maranehna; balukarna, nepi ka maranehna paraeh dipacok oray. 10 Urang ulah kukulutus ka Pangeran, kawas sabagian maranehna; temahna, nepi ka maranehna dibasmi ku Malakalmaot. 11 Eta kabeh keur pieunteungeun, dituliskeunana pikeun mepelingan urang anu ayeuna geus nincak jaman ahir. 12 Ku sabab eta, ati-ati, ulah rasa maneh kuat bisi tigubrag. 13 Cocoba ka aranjeun sakitu mah, jamak; da teu leuwih ti batur. Tur ku sabab Allah teh adil palamarta, moal ngantep aranjeun meunang cocoba liwat ti misti. Jeung ana urang meunang cocoba, salawasna Mantenna maparin pikeun jalan kaluarna, supaya urang kuat nandanganana. 14 Omat dulur-dulur, ulah rek nyarembah ka brahala! 15 Pek, lalenyepan ieu omongan simkuring, da aranjeun teh jalma anu ngalarti. 16 Kapan lumur berkah anu ku urang ditarima ku muji sukur teh, na lain geus ngalantarankeun urang tunggal sagetih jeung getih Al Masih? Na urang teh lain geus jadi sadaging jeung salira Al Masih, waktu urang ngabagi-bagi roti? 17 Ku sabab roti anu dibagi-bagi teh, ngan hiji; urang oge anu sakieu lobana teh, kabeh geus jadi tunggal sabadan. 18 Pek, tengetan peta ibadahna urang Yahudi. Anu ngadahar kurban anu disanggakeun ka Allah teh, naha lain nunggalkeun diri ka Mantenna? 19 Tapi naon maksudna, ieu omongan simkuring teh? Naha simkuring teh rek nerangkeun, yen dewa-dewa katut sasajenna aya hartina? 20 Lain! Maksud simkuring mah rek nuduhkeun, yen kurban urang kapir mah maksudna pikeun roh-roh jahat, lain kanggo Allah. Jadi, poma, aranjeun mah ulah nunggalkeun diri ka roh-roh jahat. 21 Da aranjeun teh moal bisa nginum tina lumur Gusti Jungjunan urang ongkoh, tina lumur roh-roh jahat ongkoh. Moal bisa aranjeun ngariung pangjamu ti Gusti Jungjunan urang ongkoh, ti roh-roh jahat ongkoh. 22 Kajaba ari aranjeun rek mapanas ka Gusti mah! Naha kitu urang teh leuwih kuat ti batan Anjeunna? 23 Ceuk aranjeun: ‘Kabeh ge wenang.’ Bener! Tapi henteu kabeh aya gunana. Najan kabeh wenang, tapi henteu kabeh aya tulungna. 24 Ku sabab eta, poma, ulah hayang untung keur sorangan bae; tapi aranjeun teh, kudu inget oge ka batur. 25 Sagala rupa daging anu dijual di pasar halal didahar, teu kudu risi sieun teu akur jeung anu jadi kayakinan. 26 Sabab: ‘Bumi katut saeusina teh, kagungan Allah.’ 27 Mun aranjeun datang nyumponan ondangan ti jelema anu muja ka brahala, naon bae susuguhna, dahar: Ulah kahalangan ku panyaram sanubari. 28 Tapi lamun ceuk pribumi: ‘Nu ieu mah kanggo ka pamujaan,’ kahade ulah wani-wani ngadahar. Urang kudu ngahargaan jeung demi kayakinan. 29 Lain kayakinan aranjeun, tapi kayakinan batur. Bisa jadi pamikir aranjeun teh: ‘Naha kayakinan sorangan make kudu kahalangan ku kayakinan batur? 30 Naon salahna lamun didahar, da geus ditarimakeun ku muji sukur ka Allah?’ 31 Kieu pijawabeun simkuring: Dina sagala hal, dahar, nginum, atawa naon bae, ulah tinggal ti tujuan pikeun kamulyaan Allah. 32 Omat, ulah nyieun picurigaeun jeung pinyerieun hate batur, boh ka urang Yahudi, boh ka urang Yunani; kitu deui, ka anggota jamaah Allah. 33 Da simkuring mah, dina sagala hal oge, hayang nyenangkeun hate batur jeung teu hayang ngeunah sorangan. Ka sarerea ge hayang mentingkeun. Malakmandar, ku jalan kitu teh, maranehna bisa kasalametkeun.

1 Korinta 11

1 Pek tulad simkuring teh, saperti simkuring nulad ka Al Masih. 2 Nuhun pisan, aranjeun aringet ka simkuring tur tigin kana aturan-aturan ti simkuring. 3 Ngan pamenta simkuring mah, aranjeun mangka terang: Al Masih teh jadi sirah pikeun lalaki, ari lalaki jadi sirah pikeun awewe, sarta Allah jadi mastaka Al Masih. 4 Ari ngadoa atawa medar dawuhan Allah, lalaki mah ulah make tiung; sabab eta teh, ngahina ka nu jadi sirah. 5 Sabalikna, awewe, ari ngadoa atawa medar dawuhan Allah kudu make tiung. Lamun henteu, eta awewe teh, sarua jeung ngahina ka nu jadi sirah sabab sarua jeung awewe gundul. 6 Ti batan awewe teu ditiung mah, mending gunting bae buukna. Jadi, awewe mah, kudu ditiung; da buuk tukung atawa gundul teh, di awewe mah, hina. 7 Lalaki teh gambaran Allah, nyumiratkeun kamulyaan Allah; jadi, lalaki mah, ulah ditiung. Ari awewe gambaran anu nyumiratkeun kamulyaan lalaki. 8 Sabab lain lalaki, anu asal ti awewe; tapi awewe, anu asal ti lalaki. 9 Lalaki ge, diciptakeun teh lain pikeun awewe; sabalikna, awewe diciptakeun pikeun lalaki. 10 Ku sabab eta, — ku karana malaikat-malaikat — awewe teh, sirahna kudu ditiung pikeun ciri kawanitaanana. 11 Tapi papadaning kitu, — dina kamanunggalan jeung Gusti mah — awewe gumantung ka lalaki sarta lalaki gumantung ka awewe; 12 da puguh, awewe teh asal ti lalaki; lalaki ge kitu, dijurukeun ku awewe; tapi sagala rupa oge, ari asalna mah ti Allah. 13 Rarasakeun bae ku aranjeun, naha pantes awewe ngadoa ka Allah teu make tiung? 14 Kudrat alam oge nembongkeun, yen buuk panjang teh, di lalaki mah hina. 15 Sabalikna, pikeun awewe mah, buuk panjang teh tanda kamulyaan. Eta sababna, awewe mah, ku alam dibere anugrah buuk panjang; nya pikeun tiung sirahna tea. 16 Kanu rek ngabantah kana ieu adat, simkuring netelakeun: Bangsa urang mah, kitu deui jamaah Allah, teu boga adat sejen salian ti eta. 17 Dina sual sejenna, nya eta caraning aranjeun sidekah jamaah, kacida cawadeunana. Lantaran dina prakna, rea keneh gorengna batan hadena. 18 Simkuring meunang beja: Majar aranjeun, ari sidekah jamaah teh, sok aing-aingan sagolongan-sagolongan. Simkuring rada percaya kana eta beja teh; 19 da aranjeun mah, memang sok pasalingsingan paham tur simkuring ge nyaho, mana-manana anu bener. 20 Anu kuduna rempug ngariung hajat ti Gusti Jungjunan urang teh, dina prakna mah, lain-lainna deui. 21 Aranjeun pada paheula-heula murak sisihan bawana sorangan. Tungtungna, anu lapar angger lapar; nu seubeuh, nepi ka weureu kaseubeuhan. 22 Na aranjeun teu bisa dahar di imah heula? Atawa arek ngahina ka jamaah Allah? Atawa ngahaja arek ngabibita batur anu taya kaboga? Cik, lebah mana pujieunana? Sama sakali lain pujieun! 23 Da hajat anu asalna ti Gusti Jungjunan urang mah, kapan diajarkeunana ge ku simkuring teh, kieu: Dina peutingan Anjeunna ditangkep, Isa, Gusti Jungjunan urang, nyandak roti. 24 Tuluy muji sukur sarta rotina disemplekan. Ti dinya Anjeunna sasauran: ‘Ieu tampanan, dalahar. Ieu teh badan Kami anu dikurbankeun pikeun kasalametan maraneh. Lampahkeun ieu hal, pikeun panginget-nginget ka Kami.’ 25 Rengse eta, Anjeunna nyandak lumur, bari saur-Na: ‘Ieu lumur tanda perjangjian anyar anu disahkeun ku getih Kami. Lampahkeun saterusna. Satiap-tiap maraneh nginum kieu, kudu inget ka Kami.’ 26 Jadi, satiap-tiap aranjeun ngadahar roti, saperti kitu; jeung nginum tina eta lumur, saperti kitu; aranjeun teh, nganyatakeun pupusna Gusti Jungjunan urang, nepi ka mangsa sumping-Na deui. 27 Ku lantaran eta, saha-saha anu ngadahar roti, saperti kitu; jeung nginum tina eta lumur, saperti kitu; tapi anu ngalampahkeunana tanpa tata kasopanan, eta teh doraka, ngotoran salira jeung getih Gusti Jungjunan urang. 28 Ku sabab eta, samemeh prak ngariung dahar jeung nginum tina lumur-Na, kudu nguji heula diri. 29 Sabab milu kana riungan tanpa pangakuan yen anu disuguhkeun teh salira Gusti Jungjunan urang, sasat geus ngaragragkeun hukuman ka dirina sorangan. 30 Eta sababna, di aranjeun, loba anu kurang sehat, garering, jeung loba anu maraot oge. 31 Da upama masing-masing nguji heula diri mah, piraku nepi ka meunang hukuman. 32 Tapi Pangeran mah, papadaning ngahukum oge, ngadidik; sangkan engke, urang ulah kabaud kana hukuman anu baris tumiba ka ieu dunya. 33 Ku sabab eta, dulur-dulur! Memeh prak ngariung hajat anu ti Gusti teh, kudu silih tungguan. 34 Bisi sieun lapar mah, dahar bae heula ti imah; sangkan aranjeun milu kana riungan teh, ulah matak kahukum temahna. Sual-sual sejen mah, urang omongkeun engke bae, ari simkuring datang.

1 Korinta 12

1 Ngeunaan anugrah-anugrah anu rohani, dulur-dulur, aranjeun kudu uninga kanyataanana. 2 Tangtu aranjeun aringet keneh, basa acan terang ka Allah; aranjeun teu ngarasa, yen aranjeun teh sumembah ka brahala anu ngabigeu. 3 Ku sabab eta, aranjeun ku simkuring rek diyakinkeun; ari jalma anu dituyun ku Ruh Allah mah, pamohalan nyebutkeun: ‘Al Masih jelema dila'nat.’ Sabalikna, jelema anu henteu dituyun ku Ruh Allah, pamohalan nyebut ‘Gusti Jungjunan’ ka Isa. 4 Anugrah-anugrah rohani teh rupa-rupa, tapi Ruh anu maparinkeunana mah hiji. 5 Rupa-rupa caraning ngabakti, tapi Panutan anu dibaktian mah hiji. 6 Aya rupa-rupa dadamelan nu araheng, tapi kabeh, nu kumaha bae oge, anu ngadamelna mah Allah anu tunggal. 7 Tiap jalma anu meunang anugrah rohani, kudu ngagunakeun eta anugrah keur kapentingan umat. 8 Sabab aya anu ku Ruh dipaparin anugrah catur wijaksana; aya anu ku Ruh dipaparin anugrah catur elmu. 9 Ku Ruh eta keneh, aya anu dipaparin anugrah iman; aya anu dipaparin anugrah bisa nyageurkeun; 10 aya anu dipaparin anugrah bisa nyieun hal-hal anu luar biasa; aya anu dipaparin anugrah bisa nepikeun nubuwat; aya anu dipaparin anugrah bisa ngabedakeun rupa-rupa roh; aya anu dipaparin anugrah bisa rupa-rupa basa ajaib; aya anu dipaparin anugrah bisa napsirkeun basa-basa ajaib. 11 Eta anugrah-anugrah, kabeh oge, paparin jeung padamelan Ruh eta keneh, nya eta anu maparinna ka tiap-tiap jalma masing-masing beda-beda, nurutkeun kumaha kersa-Na. 12 Sakumaha halna badan, anu diwangun ku rupa-rupa babagian sarta babagian-babagian anu sakitu lobana teh, kabeh, ngawujud hiji badan sakujur; kaayaan urang jeung Al Masih oge, kawas kitu. 13 Ku kituna, urang teh, — boh urang Yahudi, boh urang Yunani, boh jalma kumawula, boh jalma merdika — kabeh geus jadi sabadan. Lantaran geus dibaptis jeung diinuman ku Ruh nu hiji tea. 14 Sabab badan teh, diwangunna, lain ngan ku sahiji anggahota wungkul, tapi ku rupa-rupa anggahota. 15 Upama ceuk suku: ‘Kuring mah, lain babagian badan; da lain leungeun,’ na enya kitu, suku teu kaasup badan? 16 Atawa upama ceuk ceuli: ‘Kuring mah, lain babagian badan; da lain mata,’ na enya kitu, ceuli teu kaasup badan? 17 Cik, upama awak sakujur teh, ngan panon bae hiji; naon ari parabot ngadenge? Atawa upama nu jadi awak sakujur teh, ceuli bae hiji; na naon ari parabot ngambeu? 18 Kapan anggahota anu rupa-rupa teh, masing-masing ku Allah geus dipernahkeun dina badan, dina tempat anu samistina, sarta luyu jeung pangersa-Na. 19 Upama kabeh, ngan jadi anggahota sahiji; na mana ari awakna? 20 Memang anggahotana mah, loba; tapi badan mah, ngan hiji. 21 Ku sabab eta, panon moal bisa ngomong ka ceuli: ‘Urang mah teu butuh maneh!’ Sirah moal bisa ngomong ka suku: ‘Urang mah teu butuh maneh!’ 22 Malah babagian awak, anu sigana teu sapira teh, sok leuwih-leuwih dipikabutuhna. 23 Kitu deui babagian badan anu sigana teu pati kudu dipalire, tampolana, kudu leuwih dipalire. Sarta babagian anu goreng bangunna, kudu enya-enya diriksana. 24 Ari babagian anu geus alus bangunna mah, teu mikabutuh perhatian urang. Badan urang teh, geus kitu dipidamelna ku Allah; babagian anu sigana teu penting, ku Mantenna dipaparin tugas anu penting; 25 nya supaya di jero badan ulah aing-aingan, tapi silih pentingkeun. 26 Upama anggahota anu hiji nyeri, nu sejen-sejenna oge ngarasa nyeri; upama nu hiji didama-dama, anu sejen-sejenna oge, milu kadama-dama. 27 Aranjeun teh, kabeh, Salira Al Masih; masing-masingna jadi anggahota-Na. 28 Di jero Jamaah, Allah teh netepkeun sawatara jalma: Kahiji, rasul-rasul; kadua, nabi-nabi; katilu, guru-guru. Saterusna, aya oge anu dipaparin anugrah-anugrah: aya nu bisa ngayakeun mujijat-mujijat; aya anu bisa nyageurkeun; aya anu bisa kana babantu; aya anu bisa ngatur kahirupan Jamaah; aya anu bisa basa ajaib. 29 Na kudu sarerea kitu jadi rasul, jadi nabi, atawa jadi guru? Na kudu sarerea kitu dikersakeun bisa ngayakeun mujijat? 30 Na kudu sarerea kitu dipaparin bisa nyageurkeun? Na sarerea kitu kudu bisa basa ajaib atawa bisa napsirkeun basa ajaib? 31 Anu kudu diihtiaran teh, sangkan aranjeun meunangkeun anugrah rohani anu pangutamana. Simkuring arek nuduhkeun jalanna, anu leuwih hade.

1 Korinta 13

1 Upamana, najan simkuring bisa sagala basa manusa atawa basa malaikat, ari teu boga kanyaah mah, simkuring teu beda ti sora goong. 2 Najan bisa awas ka nu tacan katingal, telik ka nu gaib-gaib, pinuh ku elmu panemu, boga iman nu sampurna nepi ka bisa mindahkeun gunung, ari teu boga kanyaah mah, taya hartina. 3 Najan simkuring nyidekahkeun saayana pangaboga, — malah najan nepi ka diduruk ngorbankeun maneh — ari henteu boga kanyaah mah, cumah. 4 Perbawana kanyaah teh: Sabar, teu tegaan, teu sirikan, teu takabur, teu gumede; 5 tara nyieun teu sopan, tara hayang ngeunah sorangan, tara panasan, tara nginget-nginget kagorengan batur; 6 Cua kana kateuadilan, resep kana perkara nu bener, 7 sadrah narimakeun sagala perkara, sarta dibarung ku iman, pangharepan, jeung kasabaran. 8 Nubuwat-nubuwat aya beakna; basa ajaib aya waktuna teu dipikabutuh deui; elmu pangaweruh aya buntuna. Tapi kanyaah mah, hamo aya panganggeusanana. 9 Ari sababna, elmu panemu urang teh, henteu sampurna; kitu keneh nubuwat-nubuwat. 10 Ana anu sampurna geus datang, anu teu sampurna tangtu leungit. — 11 Keur simkuring budak keneh, ngomong jeung mikir ge, kumaha budak tea bae. Tapi sanggeus simkuring kolot, sipat-sipat budak teh leungit. — 12 Anu katenjo ku urang ayeuna, nya eta ukur kalangkangna anu samar, di jero eunteung. Engke mah, baris breh wujudna pisan. Hal-hal anu simkuring nyaho, ayeuna mah kakara saeutik, kakara taram-taram. Engke mah, baris nyaho enya-enya, sakumaha Allah maha uninga ka diri simkuring. 13 Ku kituna, dina hirup urang, sipat-sipat hade teh ngan kari tilu rupa, nya eta Iman, Pangharepan, jeung Kanyaah. Ari anu pangutamana mah, Kanyaah.

1 Korinta 14

1 Ku sabab eta, Kanyaah teh kudu jadi udagan utama. Tapi anugrah-anugrah rohani ge, udag; pangpangna mah, sih kurnia pikeun nepikeun nubuwat. 2 Sing saha anu ngomong ku basa ajaib, ngomongna teh ka Allah, lain ka jelema; da jelema mah, moal aya nu ngartieun. Anu diomongkeunana ge, hal-hal anu masih keneh rasiah, meunang kereteg ti Ruh. 3 Beda jeung anu nepikeun nubuwatan, ieu mah ditujukeun ka jelema, guna ngawangun iman, negerkeun hate, jeung mere panglipur. 4 Anu ngomong ku basa ajaib, mangpa'atna ngan karasa ku sorangan. Ari nu nepikeun nubuwatan mah, guna ngawangun hirupna Jamaah. 5 Simkuring atoh, upama aranjeun bisa basa ajaib; tapi leuwih atoh deui, upama aranjeun bisa nepikeun nubuwatan. Ieu leuwih penting ti batan ngomong ku basa ajaib; kajaba, upama aya anu napsirkeunana, sangkan karasa gunana ku Jamaah. 6 Cik, lamun simkuring ngomong ku basa ajaib, — tegesna lain nerangkeun wahyu ti Allah, lain medar anu perlu dipikanyaho, sarta lain ngawuruk — na aya paedahna ka aranjeun? 7 Tangtu moal beda ti barang nu teu nyawaan, suling atawa kacapi upamana; najan ditabeuh oge, ari sorana ngan sarupa mah na bisa dibedakeun, yen eta teh suling atawa kacapi? 8 Atawa: Upama tarompet panyeluk jurit teu puguh sorana, saha nu rek ngarti, yen eta ngajak indit jurit? 9 Kitu keneh halna anu nyarita ku basa ajaib; lantaran basana teu puguh unina, saha nu rek ngarti? Teu beda ti ngomong ka angin! 10 Basa-basa di dunya teh, kacida lobana; duka sabaraha lobana, tapi kabeh unina aya hartina. 11 Tapi upama simkuring teu ngarti, ku nu boga eta basa, tangtu disebut urang asing; kitu keneh sabalikna. 12 Ku kituna, — aranjeun anu sakitu nyongsrongna kana anugrah-anugrah ti Ruh — leuwih utama, upama eta anugrah-anugrah teh, ku aranjeun dipake keur pangwangunan Jamaah. 13 Ku sabab eta, sing saha anu sok ngomong ku basa ajaib, kudu neneda ka Allah sing nepi ka bisa jeung nerangkeun hartina. 14 Sabab lamun simkuring ngadoa ku basa roh, anu ngadoana teh ngan roh simkuring sorangan; pikiran simkuring mah, teu milu. 15 Kudu kumaha atuh? Kuduna, simkuring ngadoa atawa mumuji ka Nu Maha Suci teh, jeung roh ongkoh, jeung pikiran ongkoh. 16 Sabab lamun urang muji sukurna teh ku roh, saha nu rek milu nyebut ‘Amin;’ da puguh anu ngadarengekeunana teh, teu ngalartieun? 17 Najan ucap-ucapna kacida aralusna ge, sama sakali euweuh gunana keur nu sejen mah. 18 Hatur sembah nuhun ka Pangeran, simkuring leuwih bisa kana basa ajaib ti batan aranjeun. 19 Da ari pikeun Jamaah mah, mending ukur lima kecap, tapi matak kaharti; ti batan rebuan kecap dina basa anu teu pikahartieun. 20 Dulur-dulur, pikiran teh, ulah kawas budak; kudu kawas budak soteh, kana sual kajahatan; ari pikiran mah, kudu sawawa. 21 Dina Kitab Suci Toret kaungel: ‘Kami rek ngandika ka ieu bangsa, lain ku jalma-jalma anu asing basana wungkul, tapi make biwir urang asing oge. Sanajan kitu, ieu bangsa teh moal nurut!’ 22 Kitu pangandika Pangeran. Tina hal ieu tetela, yen basa ajaib teh tanda lain pikeun anu palercaya, tapi pikeun anu teu palercaya. Sabalikna, anugrah nepikeun nubuwatan mah tanda pikeun anu palercaya, lain pikeun anu teu percaya. 23 Pek wangwang, upama Jamaah keur kumpulan, masing-masing ngaromong ku basa anu teu puguh unina tea; heug, datang jalma-jalma awam atawa nu can palercaya, atuh aranjeun teh disebut ngacambling? 24 Sabalikna, lamun aranjeun, masing-masing, nepikeun nubuwatan mah, jalma awam atawa nu can percaya teh bisa katarik sarta picatur aranjeun baris dilenyepan. 25 Bisa jadi, ahirna manehna ngabudalkeun eusi hate sarta sembah sujud ka Allah bari bijil ucapna: ‘Leres aranjeun teh disarengan ku Allah!’ 26 Kudu kumaha atuh alusna kumpulan teh, dulur-dulur? Kudu kieu: Ari kumpulan, teu nanaon mun aya nu sadia zabur, piwuruk, wahyu, basa ajaib, atawa tapsirna. Tapi kabeh kudu ditujukeun pikeun pangwangunan Jamaah. 27 Anu ngomong ku basa ajaib kudu diwates, ulah leuwih ti duaan atawa tiluan piligenti; jeung kudu aya juru tapsirna. 28 Lamun teu aya juru tapsirna, leuwih hade sina repeh, sina ngomong jeung dirina atawa jeung Gusti Allah. 29 Anu nepikeun nubuwatan, cukup ku dua atawa tilu urang bae; anu sejen mah, hade ngararegepkeun. 30 Sajeroning kitu, upama ti nu hadir ngadadak aya anu cengkat lantaran katurunan wahyu, anu keur nyarita kudu eureun. 31 Sabab masing-masing kudu aya giliranana, piligenti medar ilhamna, supaya bisa silih asah silih asuh. 32 Anu nepikeun nubuwatan kudu daek ngawatesan maneh. 33 Sabab Allah teh, lain Pangeran pikeun kateuberesan, tapi pikeun katartiban. 34 Kaom wanita dina kumpulan kudu repeh, teu wenang milu nyarita. Kitu katangtuanana dina kumpulan mah, di Jamaah mana bae oge, kaom wanita mah kudu tarungkul bae, kitu ceuk Kitab Suci Toret oge. 35 Mun aya tanyakeuneun mah, — engke bae di imah — tanyakeun ka salaki. Teu pantes kaom wanita mah nyarita dina kumpulan teh. 36 Papadaning kitu, aranjeun ulah boga sangka, yen pangandika Allah teh ti aranjeun mencarna atawa ngan ka aranjeun bae datangna! 37 Nu nyangka dirina kailhaman pangandika Allah atawa ngarasa meunang anugrah rohani kudu sadar, yen ieu anu dituliskeun ku simkuring di dieu teh, estu parentah ti Gusti. 38 Anu teu daek malire kana ieu hal, ku aranjeun oge ulah dipalire! 39 Jadi, dulur-dulur! Anu kudu enya-enya dijieun kahayang teh, nya eta hayang bisa nepikeun nubuwatan. Tapi anu ngomong ku basa ajaib oge, ulah digeureuh-geureuh. 40 Ngan kudu diingetkeun, yen sagala rupa oge kudu pantes sarta kudu tartib.

1 Korinta 15

1 Dulur-dulur! Simkuring ka aranjeun rek ngingetan deui hal Injil, anu bareto diwawarkeun ku simkuring jeung anu ku aranjeun geus ditarima, tur anu dipercayana enya-enya. 2 Upama ku aranjeun dicekel kalawan satuhu, sakumaha anu diwurukkeun ku simkuring, tangtu aranjeun salamet. Kajaba ari teu palercaya mah. 3 Pohara pentingna eta anu diwawarkeun ka aranjeun teh; tur simkuring mah, geus kacida percayana teh, nya eta hal Al Masih tea: Al Masih teh geus pupus ku karana dosa urang, sakumaha ceuk ungeling Kitab Suci. 4 Anjeunna dikurebkeun sarta geus digugahkeun deui, — sanggeus tilu poe dikurebkeun tea — cocog jeung nu kaungel dina Kitab Suci. 5 Anjeunna ge geus nembongan ka Kepas sarta ka murid-murid anu dua welas urang; 20:19* 6 terus sakaligus nembongan ka dulur-dulur anu lobana lima ratus urang leuwih; anu nepi ka kiwari, sawarehna mah geus maraot; tapi lolobana mah, harirup keneh. 7 Geus kitu, nembongan ka Yakobus; terus nembongan deui ka rasul-rasul anu dua welas urang tea. 8 Simkuring oge ditembongan, pangpandeurina; najan simkuring teh, jeg jelema beunang kaluron. 9 Rumasa pisan simkuring mah, jadi rasul oge panglaipna; simkuring mah, teu pantes-pantes acan jadi rasul lantaran tadina tukang nganiaya Jamaah Allah. 10 Jadi rasul soteh, ngan ku bawaning sih piwelas Allah bae. Eta sih piwelas-Na, ku simkuring henteu dilalaworakeun, nya eta ku jalan dipake digawe jeung babakti leuwih soson-soson ti batan rasul-rasul sejen. Saenyana anu soson-soson teh lain simkuringna, tapi nya sih piwelas-Na keneh bae, anu teu kendat-kendat nuyun ka simkuring. 11 Jadi, boh rasul-rasul sejen, boh simkuring: Ngawawarkeun teh hal Al Masih geus digugahkeun, anu jadi dasar kapercayaan aranjeun. 12 Tapi ku naon, sakitu geus ditetelakeun yen Al Masih teh geus digugahkeun tina pupus-Na, tapi di aranjeun, bet aya anu uar-uar magar anu maraot mah maot bae, moal dihudangkeun deui? 13 Ari anu maraot moal dihudangkeun deui mah, Al Masih oge, tangtu moal digugahkeun. 14 Upama Al Masih henteu digugahkeun deui; atuh pangwawaran rasul-rasul teh percumah, iman aranjeun oge percumah. — 15 Upama kitu, atuh pohara kaliruna rasul-rasul nerangkeunana tina hal Gusti Allah teh; ku rasul-rasul diwawarkeun yen Mantenna ngagugahkeun Al Masih, padahal henteu. — Kitu, lamun enya anu maraot moal dihudangkeun deui mah. 16 Sabab lamun anu maraot moal dihudangkeun deui, Al Masih oge tangtu moal digugahkeun. 17 Lamun Al Masih teu digugahkeun, iman kapercayaan aranjeun taya gunana sarta aranjeun ge, tetep aya dina genggeman dosa. 18 Lamun enya kitu, atuh anu aranut ka Al Masih teh, ana maraot, maraot salalanggengna. 19 Upama urang gumantung ka Al Masih, tapi ngan sawates lilana hirup urang; atuh urang teh, mahluk anu pangcilaka-cilakana. 20 Tapi saestuna, Al Masih teh geus digugahkeun! Tur nya ieu pisan anu mastikeun, yen sakabeh anu maraot teh baris dihudangkeun deui. 21 Sakumaha halna manusa anu saurang, Nabi Adam tea, geus ngalantarankeun saalam dunya kagenggem ku Pati, Manusa anu saurang deui oge, Al Masih tea, geus ngalantarankeun sakabeh anu maraot baris dihudangkeun deui. 22 Sakumaha halna kabeh manusa kudu maot ku karana Nabi Adam; sakabeh manusa oge, baris dihirupkeun deui ku karana Al Masih. 23 Tapi kudu nurutkeun giliranana: Al Masih pangheulana, nu jadi marganing lantaranana; geus kitu, giliran anu aranut ka Anjeunna; waktuna, nya eta dina wanci Anjeunna sumping deui. 24 Geus kitu, kakara datang poe panungtungan sarta Anjeunna harita baris masrahkeun Karajaan ka Allah anu jumeneng Rama. Pamasrahana-Na teh, nya eta sanggeus Anjeunna ngelehkeun sagala pamarentahan, sagala kawasa, jeung sagala kakuatan. 25 Sabab Al Masih kudu nyepeng pamarentahan, jumeneng Raja, nepi ka kabeh musuh-Na, ku Allah diteundeun di handapeun dampal sampean Al Masih. 26 Musuh panganggeusan anu baris dibinasa, nya eta Ajal Pati. 27 Sabab sakumaha ceuk Kitab Suci: ‘Saniskara ku Allah ditalukkeun kana dampal sampean Al Masih.’ Tina ieu tetela Allah mah henteu kalebet kana ‘saniskara’ tea; da malah Mantenna anu nalukkeun saniskara teh, nya eta sina taraluk ka Putra-Na. 28 Malah sanggeus nampi saniskara nu taraluk, Putra-Na oge nalukkeun anjeun ka Allah, anu nalukkeun saniskara ka Anjeunna. Ku kituna, ngan Allah nyalira anu murba wisesa. 29 Lamun anu maraot moal diharudangkeun deui, naon untungna keur jelema-jelema anu dibaraptis pikeun anu geus maraot teh? Keur naon dibaraptis, ari enya mah anu maraot moal diharudangkeun deui? 30 Kitu deui simkuring rasul-rasul, pikeun naon unggal waktu nyanghareupan bahaya? 31 Mangkaning simkuring mah, dulur-dulur, sasat paeh bae unggal-unggal poe oge. Nyarita kieu soteh, dumeh ka aranjeun mah geus teu asa jeung jiga, jeung papada saiman. 32 Ari kudu paeh salalanggengna mah, naon untungna. Simkuring di Epesus, cek cohagna, nepi ka tarung jeung sato-sato galak? Mun enya anu maraot moal dihudangkeun deui, atuh mending oge ‘Hayu urang curak-curak balakecrakan; da biheung teuing, isukan ge urang paraeh,’ sakumaha ceuk ayat Kitab. 33 Kahade dulur-dulur! Pergaulan anu goreng matak ngaruksak nu hade. 34 Gunakeun akal sehat, jeung enggeus ulah daroraka bae. Da enya, di aranjeun teh, aya anu teu nyaho ka Allah. Cik sing arera atuh! 35 Meureun aya nu hayang nanyakeun: ‘Kumaha petana dihirupkeun deui teh? Engkena rek make badan anu kumaha?’ 36 Bodo eta pertanyaan teh! Binih ge, dipelak teh paeh heula, supaya hirup deui. 37 Aranjeun ari pepelakan teh, lain melak nu geus jadi tangkal; nu dipelak teh, siki tanpa cangkang, boh gandum atawa naon bae. 38 Eta siki, pitangkaleun, ku Allah disina jadi hiji tangkal anu nurutkeun sipatna. 39 Anu tina sipat daging oge, boga sipat masing-masing: Manusa beda deui, sato beda deui, manuk beda deui, lauk beda deui. 40 Aya wujud-wujud di langit, aya wujud-wujud di bumi. Wujud-wujud di langit, kaendahanana, beda jeung wujud-wujud nu di bumi. 41 Kaalusan panonpoe, beda ti bulan; kaalusan bentang-bentang beda deui; kaalusan cahayana ge, masing-masing bentang teh, beda-beda. 42 Hudangna anu maraot oge, kitu pijadieunana, nya eta lir binih: Dikubur di jero taneuh dina kaayaan paeh; dihudangkeun deui dina kaayaan hirup langgeng; 43 keur dikubur, laip taya pangajina; ana dihudangkeun, jadi mulya jeung kawasa; 44 keur dikubur, jasad jasmani; ana geus dihudangkeun, ngajadi mahluk roh. Mun anu jasmani, aya jasadna; anu rohani oge, aya jasadna. 45 Eta sababna, ceuk Kitab Suci: ‘Manusa kahiji, nya eta Adam, ngajadi mahluk anu hirup;’ sabalikna, Adam wekasan mah, Ruh anu ngahirupkeun. 46 Tengetkeun: Tetela anu gumelar ti heula teh, lain anu sipat rohani, tapi anu sipat jasmani. Sabab anu sipat rohani mah, datangna pandeuri. 47 Manusa kahiji asal tina taneuh, dijieun tina lebu. Ari Manusa kadua mah, terah ti sawarga. 48 Kabeh manusa anu jasmani, sarua sipatna jeung manusa anu asal tina lebu taneuh. Ari manusa-manusa sipat sawarga, sarua jeung sipat Anjeunna anu ti sawarga. 49 Urang dijurukeun teh sakumaha mahluk anu asal tina lebu taneuh; ari engke mah, urang teh baris sakumaha anu asal ti sawarga. 50 Dulur-dulur! Anu dimaksud ku simkuring teh, nya eta: Sipat daging jeung getih mah moal kabawa ka jero Karajaan Allah. Anu teu langgeng mah, moal kabawa ka alam nu langgeng. 51 Simkuring rek muka rasiah: Urang teh, moal kabeh maot. Dina wanci sangkakala ditiup panganggeusan, 52 di jero sakedet netra, — eta sangkakala teh, memang bakal ditiup sarta harita keneh, nu paraeh bakal dihirupkeun deui pikeun dibebaskeun salalanggengna tina Ajal Pati — urang baris dirobah. 53 Anu tadina kagenggem ku Ajal Pati, diuculkeun tina Ajal Pati; anu tadina keuna ku paeh, dirobah jadi teu keuna ku paeh. 54 Di mana anu kagenggem ku Ajal Pati geus ucul ti Ajal Pati, di mana anu keuna ku paeh geus teu keuna ku paeh, harita laksana ungeling Kitab Suci anu kieu: ‘Ajal Pati geus dilegleg ku kaunggulan. 55 He Ajal Pati, mana kakawasaan maneh? Mana panyeureud maneh?’ 56 Panyeureud Ajal Pati teh, nya eta dosa; dosa tambah kuat ku ayana hukum Toret. 57 Tapi hatur sembah nuhun ka Gusti Allah, — ku jalan Gusti Jungjunan urang, Isa Al Masih — Mantenna geus maparin kaunggulan ka urang. 58 Ku sabab eta, sing pengkuh, ulah galideur. Sing temen-tinemenan ngalampahkeun tugas ti Gusti teh. Sing yakin, kalayan panangtayungan Anjeunna sagala pagawean aranjeun moal mubadir.

1 Korinta 16

1 Hal ngumpulkeun duit tea, pake cara anu ku simkuring diusulkeun ka Jamaah di Galata. 2 Unggal minggu, dina poe nu kahiji, saban anggota sina nyengcelengan di imahna. Sakadugana bae, saimbang jeung pangalana. Maksudna, supaya ari simkuring datang, duit geus sadia. Jadi, ulah nepi ka ngadadak neangan heula. 3 Pilih sawatara urang, — upama simkuring geus datang — urang utus ka Yerusalem bahanan surat pikeun nyerenkeun duit sumbangan. Jelemana, kudu anu kira-kira bisa diandelkeun. 4 Dina perluna, simkuring sorangan baris milu. 5 Pidatangeun simkuring ka aranjeun teh, engke, tas ti Makedoni. Sabab ka dinyana teh, — nya ka tempat aranjeun — simkuring rek make jalan ti Makedoni. 6 Ngendek di aranjeun hayang rada lila, — kawasna, salila usum tiris — kakara simkuring neruskeun deui perjalanan. Muga-muga bae aranjeun bisa ngabantu. 7 Ayeuna-ayeuna mah, simkuring moal waka ka dinya; sabab asa taya gunana, ari ngan sakeudeung mah. Da hayang seubeuh sosonoan teh, manawi Allah marengkeun. 8 Nepi ka hari raya Pentakosta mah, simkuring rek ngendek di Epesus bae heula. 9 Loba kasempetan di ieu tempat teh, nya eta pikeun ngalaksanakeun anu parenting; najan teu kurang-kurang nu ngahalang-halang mah. 10 Pangakukeun Timoteus sing hade, supaya hatena bisa jongjon. Sarua jeung simkuring manehna oge, keur ngalakonan padamelan Gusti. 11 Mihape ulah dilalaworakeun. Balikna deui ka dieu sing senang hatena. Ayeuna ku simkuring, kitu deui ku dulur-dulur sejenna, keur diarep-arep pisan. 12 Apolos mah can daekeun manggihan aranjeun, najan satengah dipaksa ge ku simkuring. Kawasna can diparengkeun ku Allah. Tapi engke ge, ari geus salse mah, tangtu datang. 13 Omat, aranjeun sing waspada, sing pengkuh nya iman. Ulah geumpeuran kawas lain lalaki. 14 Ngalampahkeun naon bae, aranjeun teh ulah tinggal ti rasa kanyaah. 15 Aranjeun tangtu aringet keneh ka Stepanus sakulawarga, nya eta urang Ahaya anu pangheulana nampi Isa Al Masih jeung terus ngabaktikeun diri ka Jamaah tea. 16 Aku ku aranjeun, sakumaha layakna ka sasama abdi Al Masih bae; kitu deui ka anu lian-lianna, anu geus marilu soson-soson digarawe. 17 Simkuring kacida atohna lantaran Stepanus, Portunatus, jeung Akaikus daratang ka aranjeun: Asa kawakilan sabot simkuring can datang. 18 Aranjeunna sasat jadi banyu panghurip, boh keur simkuring, boh keur aranjeun. Jelema-jelema saperti aranjeunna, pantes lamun dihargaan. 19 Aya salam ti Jamaah-jamaah di Asia Leutik, ti Akuila, ti Priska, jeung ti anggota-anggota Jamaah anu sok karumpulan di imahna. 20 Oge dulur-dulur saiman lianna, kabeh ngaririm salam. Pangnepikeun salam simkuring ka sarerea, tawis kaeling tilam kanyaah. 21 Tulisan anu unina ‘Salam ti simkuring, Paulus,’ beunang ngotretkeun simkuring sorangan. 22 Sing tetep iman ka Gusti Jungjunan urang, malar aranjeun ulah meunang bebendu-Na. Nun Gusti, sumangga geura sumping. 23 Mugia sih kurnia katut asihing Isa, Gusti Jungjunan urang, nyarengan ka aranjeun. 24 Sakieu surat simkuring, anu nyaah ka aranjeun ku karana Isa Al Masih.

2 Korinta 1

1 Ti Paulus, rasul-Na Al Masih ku kersaning Allah, jeung ti Timoteus. Dumateng jamaah Allah di Korinta katut dulur-dulur saiman di wilayah Ahaya. 2 Mugia dulur-dulur ginanjar rahmat rahayu ti Rama, nya eta Allah jeung ti Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang. 3 Rebu-rebu nuhun ka lenggah Allah, Rama Gusti Jungjunan urang, Isa Al Masih; Rama anu henteu kendat-kendat miwelas, nya eta Allah sumbering panglipur. 4 Allah anu geus ngalilipur simkuring ti sagala rupa kasukeran teh, ngamaksud supaya eta panglipur-Na teh bisa keur ngabeberah sakur anu keur nandangan kasusah. 5 Sabab sakumaha simkuring, nu geus milu ngarandapan kabalangsakanana Al Masih, — nya ku karana Al Masih pisan — simkuring teu kurang narima panglipur ti Allah teh. 6 Mun simkuring balangsak, eta teh itung-itung pangbeberah jeung kasalametan pikeun aranjeun. Kitu oge, upama simkuring meunang panglipur, eta teh keur aranjeun oge; sangkan mun aranjeun nyorang sangsara kawas simkuring, aranjeun ge bisa tagen nandanganana. 7 Dina hal ieu, simkuring teu hamham deui. Ku sabab, aranjeun geus milu nandangan dina kasangsaraan simkuring; tangtu dina sual panglipur ti Allah ge. 8 Sing percaya dulur-dulur, pohara sangsarana simkuring di Asia Leutik teh, — jiga geus liwat ti mistina — nepi ka geus nyamarkeun hirup. 9 Malah simkuring teh, geus asa pasti kana pipaeheun. Tapi eta teh jadi pangajaran, yen urang ulah sok percaya teuing ka diri sorangan. Percaya teh kudu ka Allah, anu kawasa ngahirupkeun anu paeh. 10 Nya ngan ka Mantenna, urang kudu muntang teh. Mantenna geus nulungan simkuring, nya eta ngaleupaskeun simkuring tina baya pati. Saterusna ge, nya pitulung Mantenna keneh bae anu diarep-arep teh. 11 Doa ti aranjeun ge, pohara diarep-arepna. Meureun ari dikabul, lain simkuring bae anu baris narimana teh; anu mangnedakeunana oge, tangtu marilu kasinugrahaan. 12 Dina diri simkuring, aya anu karasana matak agul teh, nya eta dumeh simkuring ku Allah dikersakeun bisa campur gaul jeung masarakat kalawan jujur tur iklas; pangpangna dina campur gaul jeung aranjeun. Lain pedah simkuringna anu bisa, ieu mah estu berkah-Na Pangeran. 13 Ieu, anu dibaca ku aranjeun teh, henteu geseh ti nu saenyana. Kahayang mah muga sing kaharti kabeh, ulah ngan sawareh-sawareh kawas nu enggeus-enggeus. 14 Supaya dina poean sumpingna Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang, aranjeun agul ku simkuring, saperti simkuring ka aranjeun. 15 Ari simkuring mah yakin yen baris kitu. Eta sababna, pangna hayang tepung deui jeung aranjeun teh. Da bareto ge, niatna simkuring mah rek ka aranjeun heula; 16 ti dinya, simkuring rek terus ka Makedoni. Ti Makedoni, simkuring rek balik deui ka aranjeun, arek menta dianteur ka Yudea. 17 Jadi, kumaha? Simkuring teh lanca-linci kitu? Pedah simkuring geus jangji rek datang, tapi lebeng bae. 18 Demi Allah, simkuring taya niat lanca-linci. 19 Isa Al Masih, Putra Allah, anu dikenalkeun ku simkuring, Silpanus, jeung Timoteus ge, henteu lanca-linci. Di Anjeunna mah, mun ‘enya’ teh, ‘enya.’ 20 Sababna, nya Al Masih anu ngaenyakeun sakabeh jangji Allah teh. Eta pisan sababna, mun urang muji ka Allah, ana ngucapkeun ‘Amin’ teh kalawan nyambat jenengan Isa Al Masih. 21 Simkuring jeung aranjeun teh, ku Allah geus dikukuhkeun nepi ka babarengan jadi panganut Al Masih anu satia. Ari simkuring ku Mantenna diangkat, 22 jeung diterapan cap Mantenna tur dipaparin hiji pamanjer sajeroning hate, nya eta Ruh Mantenna. 23 Nu matak simkuring teu tulus ka Korinta teh lantaran karunya bae ka aranjeun. Allah nu langkung uninga jadi saksina. 24 Upama simkuring datang ge, taya maksud mapatahan tina sual kapercayaan sabab iman aranjeun geus sakitu kandelna. Maksud teh, taya lian ti seja ngabantu ngupayakeun pibagjaeun jeung pijamugaeun aranjeun.

2 Korinta 2

1 Geus gilig seja ka dieu deui, malar ulah nguciwakeun deui. 2 Sabab upama aranjeun dikuciwakeun, saha deui atuh anu baris ngabeberah simkuring lian ti aranjeun keneh, anu geus dikuciwakeun ku simkuring. 3 Maksud nu matak nyuratan oge, supaya engke, mun simkuring datang, ulah disampakkeun ku budi haseum. Sabalikna, simkuring hayang dipapag ku kabungahan. Sabab yakin mun simkuring bungah, aranjeun oge moal teu bungah. 4 Waktu nulis surat nu ti heula tea, hate simkuring mah pohara nalangsana, nepi ka ragragan cipanon. Harita, simkuring teh, teu pisan-pisan rek nganyerikeun ka dulur-dulur; malah seja nembongkeun kanyaah anu taya papadana. 5 Sabalikna, mun aya nu nyieun pikanyerieun, balukarna lain ka simkuring bae, tapi ka aranjeun oge. Papadaning kitu, simkuring moal nyalah-nyalahkeun teuing ka nu kitu teh. 6 Jadi, mun aya anu kitu, weweleh bae ku sarerea. Ku dikitukeun ge, tangtu geus beurat karasana ku jelemana. 7 Jadi, sapantesna jelemana mah dihampura bae, dibeberah, ulah nepi ka kagegeringan bawaning ku nalangsa. 8 Kudu enya-enya dipikanyaahna teh! Kitu nasehat ti simkuring. 9 Nu matak nyuratan ge, maksud simkuring teh kitu, nya eta seja nguji aranjeun: Taat henteuna kana papatah. 10 Upama jelemana ku aranjeun dihampura, ku simkuring oge tangtu dihampura. Sabab upama aya anu kudu dihampura, geus tangtu simkuring ngahampura oge, eta teh lantaran ngingetkeun ka aranjeun jeung ku karana Al Masih. 11 Maksudna, supaya Setan ulah kungsi beubeunangan ti urang. Kapan urang, kabeh ge, geus apal kana tabeatna Setan teh. 12 Basa simkuring datang ka Troas rek nguarkeun Injil Al Masih, Gusti ge maparin jalan. 13 Tapi hate simkuring teh asa honcewang, lantaran henteu papanggih jeung Titus, dulur urang tea. Ku sabab kitu, sanggeus pamitan mah, kebat deui bae ngajugjug ka Makedoni. 14 Tapi sukur ka Allah anu teu petot-petot ngajaring, ngalantarankeun simkuring bisa hasil sarta unggul. Simkuring, ku Mantenna dianggo lir seuseungitan pikeun ngawanohkeun jenengan Al Masih ka mana-mana. 15 Memang ku Allah, simkuring teh, didamel seungiting Al Masih ku anjeun anu ngawangikeun jenengana-Na, boh ka jalma-jalma anu baris disalametkeun, boh ka nu baris dibinasakeun. 16 Pikeun anu baris dibinasakeun mah, kaambeuna matak paeh; sabalikna, pikeun anu baris disalametkeun mah, kaambeuna matak hurip. Saha anu sanggup ngajalankeun anu sarupa kitu? 17 Sabab simkuring mah sabatur-batur, henteu cara anu sejen-sejen nyiar kauntungan tina pangandika Allah. Ucap carita oge, sacerewelena ti nu ditimbalkeun ku Allah tea bae; kalawan hate anu beresih di hadirat-Na sarta ku karana iman ka Al Masih.

2 Korinta 3

1 Naha simkuring teh rek mimiti deui muji maneh? Atawa naha rek nurutan batur nembong-nembong surat tanda jasa ka aranjeun atawa ti aranjeun? 2 Surat tanda jasa simkuring mah, kapan aranjeun buktina, diukirna ge dina ati, tapi nyata sarta kaaji ku sarerea. 3 Tegesna mah, aranjeun teh surat-Na Al Masih anu dikirimkeun ku simkuring. Ditulisna lain ku mangsi, tapi ku Ruh Allah anu jumeneng. Lian ti eta, dituliskeunnana oge lain dina papan batu, tapi dina hate manusa. 4 Hatur nuhun, agungna, ka Al Masih; simkuring bisa iman ka Allah teh lantaran ku pitulung Anjeunna. 5 Simkuring rumasa teu boga pangabisa, boga soteh paparin ti Allah. 6 Nya ngan ku Allah, nu matak simkuring sanggup jadi abdi tina Perjangjian anu anyar oge. Eta Perjangjian teh, lain mangrupa tulisan, tapi Ruh. Anu mangrupa tulisan tea mah maehkeun, tapi ari Ruh mah ngahirupkeun. 7 Hukum (Toret), anu diukirna dina papan batu tea, ngancam ku hukuman pati. Tapi waktu diumumkeunana teh diiring ku cahaya kamulyaan, nepi ka urang Israil teu kadarugaeun neuteup kana raray Nabi Musa anu moncorong, padahal moncorongna ngan sakeudeung. Upama eta geus sakitu mulyana, 8 atuh anu tina Ruh mah komo leuwih mulya. 9 Lamun undang-undang anu ngandung hukuman geus sakitu mulyana, atuh komo deui undang-undang anu mawa manusa kana hal nu sabenerna, tangtu leuwih-leuwih mulyana. 10 Dibandingkeun jeung agungna kamulyaan anu ieu mah, anu bareto dianggap mulya teh, kasilep. 11 Upama eta anu sipatna teu lana tea ngandung kamulyaan, komo anu sipatna langgeng, tangtu leuwih mulyana. 12 Simkuring mah yakin pisan kana hal ieu. Ku sabab eta, nyaritakeunana oge henteu asa-asa. 13 Moal kawas Nabi Musa anu mindingan raray, sangkan sinar anu ngiles tina rarayna ulah kaciri ku urang Israil. 14 Ku sabab eta, urang Israil mah ana dipangmacakeun Kitab Perjangjian Lawas teh, tetep bae henteu ngarti-ngarti, sabab pipindingna nepi ka kiwari acan dibuka-buka. Eta pipinding kakara bisa muka, upama urang percaya ka Al Masih. 15 Sabab dipangmacakeun Kitab Nabi Musa ge, urang Israil mah, — nepi ka kiwari oge — tetep bae batinna teh kapindingan. 16 Sabalikna, pikeun jelema anu mantep ka Gusti mah, hal-hal anu matak mindingan teh tangtu leungit. 17 Ari Gusti teh nya eta Ruh tea. Di mana aya Ruh Gusti tangtu aya kamerdikaan, nya eta taya anu ngahalangan. 18 Ku sabab beungeut urang mah, geus teu kapindingan, kaayaan urang teh, ibarat eunteung anu ngagambarkeun kamulyaan Gusti. Tegesna urang teh dieunteupan ku kamulyaan Al Masih, beuki lila beuki mulya ku padamelan Gusti, nya Ruh tea.

2 Korinta 4

1 Ku lantaran jabatan simkuring teh mutlak sih kurnia ti Allah, simkuring teu salempang kana naon-naon. 2 Kalakuan anu matak era, anu tadina dikilungan, geus dipiceun. Pangandika Allah, ku simkuring mah, moal diputer balik; rek diwawarkeun sakumaha mistina, kari gumantung kumaha jelemana anu rek narimana di payuneun Allah. 3 Upama tea mah, ieu Injil teh, masih keneh kapindingan, eta ngan pikeun jelema-jelema anu baris cilaka, 4 nya eta anu teu palercaya, anu pikirna geus lolong ku Iblis. Eta sababna, maranehna nepi ka teu awas kana cahaya Injil anu nyumiratkeun kamulyaan Al Masih, nu jadi kanyataan Allah. 5 Anu dimashurkeun ku simkuring teh lain diri sorangan, tapi Isa Al Masih anu jumeneng Gusti Jungjunan urang. Simkuring sabatur-batur mah, ngan saukur bujang aranjeun ku karana Isa. 6 Allah anu nimbalan: ‘Ti nu poek sing bijil caang’ tea, nyaangkeun hate simkuring, nepi ka awas kana kamulyaan Mantenna anu sumorot tina pameunteu Al Masih. 7 Simkuring mah, anu nyimpen eta rajabrana teh, ngan saukur ibarat wadah tina taneuh; sangkan kanyahoan yen kakawasaan anu mencar tina eta wadah teh istuning kakawasaan ti Allah, lain ti simkuring asalna. 8 Simkuring digencet ti saban pihak, tapi tara kasedekkeun. Sok pareng buntu akal, tapi tara nepi ka buntu kalakuan. 9 Sanajan dikaniaya, ku Mantenna tara dikantun. Sering kapeupeuh, tapi tara eleh. 10 Indit ka mana-mana ge, diri teh kudu nandang sangsara tina pupusna Isa, supaya Isa oge bisa nyata tina diri simkuring. 11 Sabab nya ku karana Isa, hirup simkuring sabatur-batur diserenkeun kana paeh, supaya jumenengna Isa teh nyata katara aya di sajeroning ieu diri anu sipatna teu langgeng tea. 12 Jadi, simkuring diancam ku ajal teh, sangkan aranjeun hirup. 13 Iman kapercayaan simkuring sabatur-batur saluyu jeung uni Kitab: ‘Kaula percaya, ku sabab eta wani nyaturkeun.’ Sabab simkuring oge wani cacarita teh lantaran percaya; 14 tur percaya yen Allah anu ngagugahkeun Isa, Gusti Jungjunan urang, — tina pupus-Na — tangtu ngahudangkeun urang bareng jeung Al Masih. Urang sarerea baris bareng ngadeuheus ka Mantenna. 15 Simkuring sabatur-batur nyorang kieu teh, malar beuki loba jelema anu narima sih piwelas Allah. Ku kituna, beuki loba jelema anu baris narimana, beuki loba oge anu ngucap sukur ngamulyakeun Pajenengana-Na. 16 Eta sababna, nu matak simkuring tara leutik hate teh. Keuna ku sangsara jeung nalangsa soteh raga badag, da ari batin mah, unggal ganti poe ge, dianyarkeun. 17 Kasangsaraan anu ayeuna, anu teu pira, eta teh pikeun ngahontal kaunggulan anu langgeng tur tanpa tanding. 18 Hal-hal anu geus puguh ngawujud mah moal rek dipikiran. Nu rek diimpleng teh, nya eta anu tacan ngawujud. Sabab anu geus aya wujudna mah moal lana ayana. Sabalikna, anu can katembong wujudna mah sipatna langgeng.

2 Korinta 5

1 Urang hirup di dunya teh, lir ngancik dina hiji kurungan anu engkena diburak. Tapi simkuring terang yen di sawarga ku Allah teh, geus disayagian kurungan sejen anu sipatna langgeng, lain buatan manusa. 2 Dina kurungan anu ayeuna, hirup teh kumejot hayang geura ngancik kana kurungan anu ti sawarga tea. 3 Geus make anu eta mah urang teh moal bulucun. 4 Sapanjang make kurungan anu ayeuna mah, hirup urang teh eungap ku lobana kabeubeurat. Ku sabab urang hayang make nu anyar, ngan anu heubeul oge hayang ulah ucul. Malah anu sipatna keuna ku ajal teh hayang sina kakurung ku anu sipatna langgeng. 5 Tapi memang kitu, disayagikeunana ku Allah oge sarta tangtu dilaksanakeun. Tawisna apan urang ku Mantenna dipaparinan Ruh-Na. 6 Ku sabab eta, najan dina jasad nu ayeuna can bisa ngahiji jeung Gusti, ari hate mah reugreug; 7 ku lantaran simkuring mah percaya, sanajan eta hal teh, acan tembong. 8 Simkuring tetep yakin ka Anjeunna, rido ucul tina jasad anu ieu, asal bisa ngahiji jeung Gusti. 9 Ku sabab eta, boh di dieu boh di ditu anging sumeja tumut kana pangersa-Na bae. 10 Sabab urang kabeh, pasti kudu jonghok di pangadilan Al Masih — sakumaha kaayaan masing-masing — pikeun narima ganjaran satimpal jeung kalakuan hirupna, boh hade boh jahat. 11 Ku lantaran nyaho yen Allah wajib dipikagimir, simkuring ngajak ka sarerea, sangkan gimir oge ka Mantenna. Allah mah uningaeun kana kaayaan simkuring, atuh aranjeun ge sing enya-enya wanoh ka simkuring teh. 12 Tapi lain rek ngasongkeun maneh, ieu mah supaya aranjeun agul ku simkuring teh puguh dasarna. Ieu perlu, supaya aranjeun bisa nyanghareupan jalma-jalma anu leuwih agul ku nu sipat lahir, ti batan ku nu sipat batin. 13 Upama simkuring sok nepi ka siga nu leungit akal waras, eta taya lian ngan pikeun kamulyaan Allah. Sabalikna, keur kapentingan aranjeun mah akal simkuring teh walagri. 14 Kageuing ku asih-Na Al Masih, simkuring yakin yen geus aya hiji Manusa anu pupus keur kapentingan sarerea, anu kuduna paraeh. 15 Al Masih pupus ngagentosan manusa. Ku sabab eta, anu saralamet teh, hirupna ulah ngan keur kapentingan dirina sorangan bae, tapi kudu dipake pikeun ngabakti ka Al Masih. Anjeunna pupus, tapi geus digugahkeun deui pikeun kasalametan kabeh manusa. 16 Ku sabab eta, ti semet ayeuna simkuring moal nilik jelema tina kaayaan lahiriahna. Simkuring oge tadina mah nilik ka Al Masih teh tina kaayaan lahiriah-Na, tapi ayeuna mah geus henteu. 17 Saha-saha anu geus aya dina katunggalan jeung Al Masih, eta teh mahluk anyar; sipat heubeulna geus leungit kasilih ku anu anyar. 18 Eta teh kabeh oge padamelan Allah. Al Masih, ku Mantenna dijadikeun jalan ngahontal karapihan antara urang jeung salira-Na. Ari simkuring sapara kanca dipercanten ngawawarkeun eta karapihan. 19 Ku jalan Al Masih, pangeusi dunya teh, ku Allah diraketan deui tur dosa-dosana henteu dibalitungkeun. Nya simkuring, rasul-rasul, anu ku Mantenna dipercanten ngawawarkeun eta piwelas-Na teh. 20 Jadi, simkuring teh, — kitu deui rasul-rasul sejenna — nya geus kapilih jadi utusan-utusan Al Masih. Ku jalan ngutus simkuring sapara kanca, Allah teh sasat sumping ku anjeun ngelingan ka dulur-dulur. Lantaran jadi wawakil Al Masih, simkuring neda-neda, muga aranjeun daraek dirapihkeun deui jeung Allah. 21 Al Masih anu suci tina dosa, ku Allah geus dipinuhan ku dosa keur pisalameteun urang, supaya urang anu geus jadi satunggal jeung Al Masih bisa diangken bener ku Allah.

2 Korinta 6

1 Simkuring, anu ku Allah dipercanten ngabantu padamelana-Na, cumeluk; muga eta sih kurnia Allah teh, ku dulur-dulur ulah dibaekeun. 2 Kieu timbalana-Na: ‘Upama geus tepi ka wanci, maraneh tangtu dikabul ku Kami. Samangsa cunduk waktu rahayu, maraneh tangtu dirahayukeun.’ 3 Simkuring, lain rek ngabobodo, oge moal nyimpang tina papancen. 4 Sabalikna, dina sagala perkara, nembongkeun yen simkuring sapara kanca teh enya-enya abdi Allah. Ku jalan tetep tawekal, dina kasusah, dina bahaya, dina panjara, dina panyiksaan, 5 dina huru-hara, dina gawe beurat, dina kurang dahar, boh dina kurang mondok. 6 Eta kabeh, ku simkuring, disanghareupan kalawan tekad anu buleud dibarengan ku sipat waspada, sabar, sareh, bari nyuhunkeun pangdeudeul Ruh Allah dina kanyaah anu sajati. 7 Bari muntang kana kakawasaan Allah seja nyaturkeun kayaktian nurutkeun anu saenyana. Pikeun nyanghareupan lawan atawa pikeun ngabela diri, nu dipake pakarang nya eta kajujuran; 8 jujur narima pamuji, panghina, panghargaan, kitu deui upama disapirakeun. Memang sok dicap tukang tipu najan ngomongkeun perkara nu bener. 9 Sering disaha-saha sanajan geus pada wawuh. Geus dianggap paeh, sanajan hirup keneh. Sering keuna ku panyiksa, tapi tara nepi ka pegat nyawa. 10 Sareatna sangsara, tapi karasana sugema. Hirup malarat, tapi bisa ngabeungharkeun ka batur. Sareatna taya kaboga; tapi boga sagala rupa. 11 Dulur-dulur di Korinta! Simkuring geus nembrakkeun eusi hate sabalakana ka aranjeun. 12 Hate simkuring, estu laluasa narima ka aranjeun; sabalikna, hate aranjeun anu sesek, enggoning narima simkuring. 13 Cik atuh, hate aranjeun oge sing laluasa ka simkuring; sabab ka aranjeun teh, simkuring mah, geus asa ka anak. 14 Ulah deudeukeutan jeung jelema-jelema anu teu palercaya ka Allah. Sabab naon saruana kaadilan jeung kajahatan? Naon patalina caang jeung poek? 15 Na iraha, Al Masih satujuan jeung Iblis? Dina naon samilikna antara nu palercaya ka Allah jeung anu henteu? 16 Bisa kitu Bait Allah disajajarkeun jeung imah berhala? Kapan urang teh jadi bait suci-Na Allah anu jumeneng, sakumaha dawuhana-Na: ‘Kami rek ngancik di maranehna, marengan hirup kumbuhna. Kami anu baris jumeneng Allah nu disembah ku maranehna, ari maranehna jadi umat Kami.’ 17 Ku sabab kitu, dawuhan Pangeran: ‘Geura kaluar maraneh ti nu daroraka, ulah campur jeung jelema-jelema anu narajis. Tangtu maraneh ku Kami ditarima. 18 Sarta Kami baris jadi Rama maraneh. Maraneh baris diaku anak ku Kami, boh nu awewe, boh nu lalaki.’ Kitu timbalan Pangeran Nu Langkung Kawasa.

2 Korinta 7

1 Ku lantaran geus meunang jangji anu kitu, urang kudu miceun sagala rereged lahir batin, supaya urang nyampurnakeun hirup suci sarta iasa kumureb ka Allah. 2 Muga aranjeun langsar hate ka simkuring. Sabab simkuring, can kungsi nyieun codeka ka saurang oge; kitu deuih, ngabobodo atawa ngarugikeun aranjeun. 3 Nyebut kieu teh lain keur maido; da tadi oge geus disebutkeun, yen simkuring sarerea ge kataji ku aranjeun sarta paeh hirup teh seja babarengan jeung aranjeun. 4 Najan babasaan poksang, hate simkuring mah agul ku aranjeun teh, nepi ka keur sangsara ge, simkuring teu weleh asa kaubaran jeung asa bungah. 5 Memang, basa kakara datang ka Makedoni tea mah, simkuring teh teu bisa reureuh da loba pikahariwangeun. Nu di luar parasea, nu di jero matak risi. 6 Tapi ku kersaning Allah anu mikawelas ka nu keur nandang karupekan, jol teh Titus datang; atuh simkuring teh mani pohara asa bungahna. 7 Nya bungah ku datangna, nya bungah lantaran anjeunna ku dulur-dulur geus disugemakeun. Turug-turug saurna, aranjeun mikatineung, mikamelang, jeung pohara ngadoakeunana ka simkuring; atuh kabungah simkuring teh tambah. 8 Jadi, simkuring nyuratan sakitu peurihna oge teu panasaran. Memang mimitina mah, simkuring teh saeutik ngahanjakalkeun, lantaran aranjeun teu wudu nalangsa ku surat simkuring teh. 9 Nu jadi kabungah simkuring ayeuna, lain ku dumeh aranjeun nalangsa, tapi ku sabab tina nalangsa tea aranjeun jadi eling. Eta kanalangsaan ku aranjeun dipake geusan babalik pikir, sapuk jeung pangersa Allah. Jadi, dina sual ieu aranjeun henteu dirugikeun ku simkuring teh. 10 Nalangsa anu sapuk jeung pangersa Allah mah, nungtun kana pertobat, matak jamuga sarta moal matak kaduhung. Sabalikna, nalangsa ku lantaran barang dunya mah, nungtun kana pipaeheun. 11 Pek geura tengetkeun, kanalangsaan anu sapuk jeung pangersa Allah mah, nungtun kana perih, matak eling kana diri, sadar kana kasalahan, nimbulkeun rasa ajrih, ngahudang pangharepan, sarta ngajak soson-soson kana kahadean! Tur bukti, yen dina sual-sual eta, aranjeun teh teu aya celana. 12 Ku sabab eta, simkuring nyuratan teh lain pedah di aranjeun aya nu nyieun teu adil atawa aya anu jadi korban kateuadilan. Maksud teh, pikeun nembongkeun ka payuneun Allah, kumaha satiana aranjeun ka simkuring. 13 Sabab nya ieu pisan anu matak teger kana hate simkuring teh. Simkuring teh, beuki tambah teger bae sabab kabungahanana Titus tea, anu ngarasa bagja dumeh ku aranjeun geus disugemakeun. 14 Jadi, teu hanjakal, mun simkuring geus ngagulkeun aranjeun ka Titus teh; sabab anu dicaritakeun ku simkuring teh, — kitu deui pamuji simkuring ka aranjeun di hareupeun Titus — memang akur jeung buktina. 15 Atuh katineung Titus ka aranjeun oge beuki tambah lantaran kagagas ku kahadean aranjeun, anu sakitu enya-enyana ngahormat ka anjeunna. 16 Simkuring bungah taya papadana, dumeh aranjeun enya-enya bisa diandelkeun dina sagala perkara.

2 Korinta 8

1 Dulur-dulur, simkuring rek medar sih kurnia Allah ka umat-Na di Makedoni. 2 Maranehna teh nandang cocoba anu pohara beuratna, tapi bubudenna teh barerag bae; tur sakitu mariskinna oge, tapi maranehna garetol kana mere derma. 3 Tangtu, maranehna ngalakukeun kitu teh bari mereketkeun maneh. 4 Malah kalah ka mararenta, — keukeuh pisan — hayang milu ngabantu nyumbang-nyumbang ka sasama umat Gusti. 5 Teu nyana, nepi ka kitu! Lian ti sumerah ka Gusti, maranehna teh, — bari jeung kerna Allah — nawarkeun tanaga ka simkuring sapara kanca. 6 Atuh simkuring sapara kanca teh, ngadesek ka Titus sina neruskeun amal saleh anu bareto ku anjeunna dimimitian di aranjeun tea, supaya nepi ka hasil. 7 Ayeuna aranjeun teh geus jembar. Jembar iman, jembar basa, jembar pangarti, jembar pitulung, turug-turug jembar kanyaah ka simkuring sapara kanca. Muga-muga deuih sing jembar ku pangrojong kana eta usaha amal saleh. 8 Tapi ieu mah lain marentah. Ieu mah ngan nyaritakeun sumanget batur kana tutulung, malakmandar bisa ngahudangkeun sumanget aranjeun kana tutulung cara kitu. 9 Aranjeun geus ngarasa welas asih-Na Gusti Jungjunan urang, Isa Al Masih. Anjeunna anu sugih taya kakurang, dugi ka iklas nandang walurat ngabelaan aranjeun, supaya aranjeun jaradi sugih. 10 Tumali jeung eta, kieu timbangan simkuring, sugan katarima: Ngingetkeun eta usaha teh, — nya aranjeun anu pangheulana mikiran — geus dimimitian diusahakeun ti taun tukang keneh; 11 kumaha upama eta usaha teh, dijalankeun deui ayeuna nepi ka hasil tur sing suhud cara barang mimiti. Dipenta ridona, sakumaha bae ti nu geus aya. 12 Da anu bisa ditarima teh, tangtu ti anu rido jeung ti nu geus aya, lain ti nu tacan aya. 13 Dipentaan soteh, lain hartina kudu ngentengkeun batur bari sorangan seuseut-seuat. Ieu mah, malar aya kasaimbangan. 14 Kaleuwihan aranjeun teh, kudu dipake nalang ka maranehna nu keur teu baroga; supaya kaleuwihan maranehna oge, nalangan aranjeun. Mun kitu tangtu kasaimbangan teh aya. 15 Ieu luyu jeung Kitab: ‘Anu loba beubeunanganana ulah kaleuwihan, anu saeutik ulah kakurangan.’ 16 Sukur, Allah geus ngersakeun Titus geten ngabantu ka aranjeun cara simkuring. 17 Bawaning ku getenna, miangna ka aranjeun teh lain sakadar nyumponan pamenta simkuring, tapi bari jeung niatna sorangan. 18 Anjeunna dibaturan ku hiji dulur anu kapake ku jamaah dina ngawawarkeun Injil; 19 malah dipercaya pikeun ngabantu simkuring dina ieu usaha amal kahadean nu diurus ku simkuring, geusan kamulyaan salira Gusti jeung pikeun nandakeun karidoan simkuring. 20 Enggoning ngajalankeun ieu usaha tur ngurus duit sumbangan anu sakitu gedena, simkuring seja nyegah ulah nepi ka aya sangkaan teu hade ti batur. 21 Sabab hayang hade teh lain ngan di payuneun Allah bae, tapi oge di hareupeun sasama jalma. 22 Aya saurang deui anu bareng diutus teh, nya eta dulur simkuring anu geus sering dicoba sarta bukti kagetenanana; malah ka dieunakeun mah, beuki geten bae lantaran kataji ku aranjeun. 23 Ari Titus mah geus puguh deui kanca simkuring anu babarengan ngabantu ka aranjeun. Ari anu duaan deui, kabeh ge, wawakil jamaah sarta kamanah ku Al Masih. 24 Ku sabab eta, muga ditararima. Tembongkeun kanyaah aranjeun. Tembongkeun ka jamaat yen aranjeun beunang diandelkeun.

2 Korinta 9

1 Perkara ngabantu ka sasama umat Allah, saenyana, aranjeun geus teu kudu dititah-titah. 2 Simkuring percaya yen hate aranjeun jembar. Ka urang Makedoni mah ku simkuring malah dibejakeun kieu: ‘Urang Ahaya mah, ti taun tukang keneh ge geus ngamimitian.’ Temahna maranehna kahudang sumangetna. 3 Nu matak simkuring ngirimkeun utusan teh, malar pangalem simkuring perkara aranjeun henteu gagal. Hayang supaya aranjeun enya-enya geus sadia-sadia sakumaha anu diomongkeun ku simkuring. 4 Sabab mun simkuring, jol ka dieu jeung sawatara urang Makedoni nyampak aranjeun can naon-naon, kapan tada teuing simkuring erana, nya kitu keneh aranjeun anu geus sakitu diugungna. 5 Eta sababna, memeh datang, sorangan teh ngajurungkeun heula batur sina muguhkeun sumbangan anu geus disanggupan ku aranjeun tea. Ngarah enya, eta sumbangan teh, beubeunangan ti anu nyarumbang, lain beunang duduk-dadak simkuring kokobet tina saku aranjeun. 6 Masing inget: Anu tandurna saeutik, dibuatna ge saeutik. Anu tandurna lega, dibuatna ge loba. 7 Kira-kira ku sorangan, rek nyumbang sabaraha-sabarahana mah; eta ge kudu iklas, ulah ngarasa dumeh dipaksa. Nu mere jeung suka lilah, tangtu diasih ku Allah. 8 Allah teh kawasa ngarijkian aranjeun medah-meduh, nepi ka sagala kaperluan aranjeun cukup tur laluasa sarta bisa ngabantu ku kahadean. 9 Sakumaha ceuk Kitab: ‘Mantenna maparin berkah, nyekapan ka nu mariskin; welas asih-Na, mayeng salalanggengna.’ 10 Mantenna Nu maparin binih keur nu tebar jeung maparin keur tedaeunana; tangtu ka aranjeun oge, Mantenna maparin binih. Tur binihna tangtu dikersakeun jadi, sangkan amal usaha aranjeun hasilna manglipet-lipet. 11 Mantenna baris ngersakeun aranjeun lubak-libuk, nepi ka bisa nulung mere ka nu lian. Sarta eta pitulung aranjeun teh, baris ngalantarankeun maranehna ngucap sukur ka Allah. 12 Sabab eta sumbangan teh, lain bae baris nulung ka umat Allah, tapi oge baris ngalantarankeun rea jalma ngarasa sukur taya papadana ka kersa Allah. 13 Ieu usaha amal kahadean teh geusan nembongkeun iman aranjeun, sangkan dulur-dulur urang ngamulyakeun ka Allah. Lian ti eta, oge pikeun nembongkeun, yen aranjeun tuhu kana pangajaran Al Masih; aranjeun boga hate anu mulya, dibuktikeun ku mitulung maranehna; kitu deui, ka nu sejen-sejenna. 14 Ku maranehna baris katembong, kumaha luar biasana pitulung Allah ka aranjeun sarta maranehna bakal kacida ngadoakeunana. 15 Puji jeung sukur ka lenggah Allah, anu kurnia-Na taya babandinganana.

2 Korinta 10

1 Simkuring, Paulus, dipajarkeun teh, rajeun wani ari jauh; ari adu hareupan mah, teu wani kitu kieu. Demi Al Masih anu lemes panggalih-Na, simkuring seja ngelingan ka aranjeun: 2 Kahade, ulah ngajak simkuring keras ana adu hareupan. Ulah maksa simkuring kudu ngaweweleh jelema-jelema anu nuding yen ieu usaha simkuring teh, keur nyocokan pangabutuh jasmani. 3 Memang simkuring oge jalma lumrah, nya eta tina daging jeung getih; tapi bajuangna simkuring teh, lain katarik ku pangabutuh jasmani. 4 Pakarang anu dipake ku simkuring, lain buatan manusa; tapi kakawasaan Allah, anu sanggup ngancurkeun benteng-benteng, numpes akal-ekol palsu, 5 sanggup ngabedah tiap-tiap hahalang anu mendetan usaha jalma pikeun nyaho saha Allah teh. Sanggup ngaboyong sagala pikiran jeung angen-angen manusa sina aranut ka Al Masih. 6 Upama aranjeun enggeus kabeh tunduk ka Al Masih, simkuring sapara kanca geus sadia baris ngahukum ka sakur anu mungpang. 7 Ari aranjeun nilik jelema teh tina lahirna bae? Sing saha anu boga angkeuh jadi milik-Na Al Masih, kudu nalek maneh bari mikir, yen simkuring sapara kanca ge, kagungan Al Masih cara manehna. 8 Malah simkuring mah, najan rek agul-agul oge pantes; sabab simkuring, ku Gusti geus dipercaya pikeun ngolah aranjeun: Dipiwarang ngolah, lain dipiwarang ngancurkeun! 9 Surat-surat simkuring oge, ulah disangka nyingsieunan wungkul. 10 Bisa jadi, aya anu ngomongkeun kieu: ‘Surat-suratna mah, Paulus teh, memang ngareusi jeung aranteb. Tapi ari geus adu hareupan mah, teu pira jeung nyaritana ge, teu pati bisa.’ 11 Ka anu karitu, — ku aranjeun ge, engke kanyahoan — yen simkuring teh heunteu beda, boh dina surat, boh pahareup- hareup. 12 Tapi simkuring mah, moal nurutan atawa nandingan jalma-jalma anu sok ngagul-ngagul maneh, anu ngukur dirina ku ukuran sorangan, jeung anu nandingkeun maneh kana dirina sorangan. Sabab jalma kitu teh, tetela bodo balilu! 13 Simkuring mah, agul ge moal liwat wates: Moal kaluar ti jero lingkungan anu diwates ku Allah kaasup daerah aranjeun. 14 Simkuring ngawawarkeun Injil Al Masih ka aranjeun teh, henteu ngaronjat-ronjatkeun maneh; — kawas nu sieun teu nepi bae — sabab aranjeun, teu burung kahontal. 15 Di tempat-tempat anu geus dipigawe ku batur, paliyas simkuring rek agul-agul. Tapi di tempat cekelan sorangan, nya eta di aranjeun, — mun gawe simkuring mekarkeun iman aranjeun tea, geus hasil — simkuring pantes mun miharep leuwih dihargaan deui ku aranjeun teh. 16 Upama iman aranjeun geus hirup hurip, tangtu simkuring bisa neruskeun gawe ngawawarkeun Injil ka tempat-tempat anu leuwih jauh, nya eta anu can digarap ku batur; da simkuring mah, embung agul ku pagawean batur. 17 Ceuk Kitab oge: ‘Mun aya nu niat seja ngagungkeun, ngagungkeunana teh kudu ka Pangeran.’ 18 Jalma anu pujieun mah, lain anu sok muji maneh, tapi anu kapuji ku Pangeran.

2 Korinta 11

1 Muga aranjeun teh, ulah kurang-kurang, ngama'lum ka simkuring anu bodo. 2 Simkuring osok timburuan ka aranjeun teh, bawaning ku nyaah, nya eta kanyaah anu asalna ti Allah. Sabab aranjeun disanggakeun ka Al Masih teh, ibarat lanjang anu geus dipapacangankeun. 3 Kainggis teh, sieun bisi aranjeun kagoda ku nu sejen; heug udar kasatiaan aranjeun ka Al Masih teh, kawas Hawa anu kaosol ku Si Oray pelit tea. 4 Da geuning aranjeun mah jongjon bae, sakitu aya anu uar-uar magar aya Al Masih sejen, aya Ruh sejen, sarta aya Injil sejen anu beda ti nu dikabarkeun ku simkuring. 5 Sanajan kitu, simkuring mah henteu asa leuwih handap ti eta rasul-rasul anu magar laluhung teh. 6 Bener, yen simkuring mah lain ahli nyarita, tapi ari pangarti mah boga. Hal ieu, unggal aya kasempetan, ku simkuring sok teu kendat ditetelakeun ka aranjeun. 7 Enggoning ngabarkeun Injil Allah ka aranjeun, tara teh teuing simkuring menta buruhan. Kaperluan sorangan mah dipandeurikeun bae, mentingkeun heula aranjeun. Cik, naha salah ari kitu? 8 Pikeun nyumponan ongkos-ongkos supaya bisa terus baranggawe di aranjeun, simkuring dibelaan ngurihit ka jamaah-jamaah sejen menta disumbang. 9 Salila di aranjeun, najan sakumaha butuhna ku duit, can sakali simkuring ngurihit ka aranjeun. Kabeh pangabutuh geus dicukup ku dulur-dulur anu daratang ti Makedoni. Kalah ka kumaha ge, aranjeun mah moal dibeungbeuratan. Ieu pamadegan simkuring teh keur saterusna. 10 Lebah dieu simkuring agul. Demi kayaktian Al Masih anu aya di diri simkuring, ieu rasa agul teh, di sakuliah Ahaya hamo aya anu bisa mupus. 11 Naha simkuring ngomong kitu? Na pedah teu nyaah ka aranjeun? Puguh bae nyaah mah, Allah ge langkung tingali. 12 Simkuring rek angger kitu, geusan nyegah hal-hal anu bisa dijieun gara-gara ku tukang nyieun gara-gara: Anu akon-akon magar maranehna oge sarua boga jabatan kawas jabatan simkuring. 13 Eta, nu karitu teh, rasul-rasul titiron rek macikeuh, nyamur-nyamur rasul-Na Al Masih. 14 Teu aneh, ma'lum Iblis oge osok niron-niron malaikat sajati. 15 Atuh teu aneh deuih, lamun bawahanana oge nyalalamur jadi abdi-abdi kayaktian teh. Tapi moal teu aya balukarna ka maranehna, satimpal jeung kalakuanana. 16 Sakali deui, muga simkuring ulah dianggap Si Bodo. Tapi ari kapaksa-kapaksa teuing mah, dianggap kitu ge, teu naon-naon. Asal bae tetep kaaku ku aranjeun, sangkan bisa keneh ngagulkeun aranjeun saeutik-eutikeun. 17 Puguh bae, ieu mah lain ucapan panganut Al Masih. Ieu mah ucapan simkuring, Si Bodo anu agul ku kabodoanana. 18 Sabab loba jalma anu aragul ku sual-sual sipat lahir; jadi, naon salahna, upama simkuring nurutan? 19 Bongan aranjeun anu palinter daek dikutiplak ku nu barodo! 20 Buktina sakitu diutuh-etah, diperes, dipacikeuh, diangkuhan, jeung ditalipak ku nu karitu, aranjeun mah jongjon bae. 21 Era-era ge rek waleh, simkuring sapara kanca mah pimanaeun kuat dikitu-kitu! Rumasa teu kaopan. Sabalikna, mun aya anu wani agul-agul, — ceuk pikiran simkuring anu bodo — simkuring oge wani agul-agul mah? 22 Ari maranehna teh urang Ibrani? Simkuring oge urang Ibrani. Ari maranehna teh urang Israil? Simkuring oge urang Israil. Ari maranehna teh turunan Ibrahim? Simkuring ge turunan Ibrahim. 23 Ari maranehna teh abdi-abdi Al Masih? Komo simkuring mah! Rek nyombong ge, simkuring mah pantes. Sabab ngabdi ka Anjeunna teh, estu tohtohan, nya eta nepi ka dipanjara, disiksa, sarta mindeng mehmehan ajal. 24 Dirangketan ku urang Yahudi ge, mani lima rintakan: Masing-masing opat puluh kali ngarangket kurang hiji. 25 Diteunggeulan ku gegendir, tilu rintakan. Dibaledogan ku batu sakali. Cilaka di laut lantaran kapal kalebuh, tilu kali. Kungsi sakali, awak ngangkleung di laut sapoe sapeuting. 26 Sajeroning luluntaan, simkuring mindeng dipegat bahaya: Bahaya di walungan, bahaya dibegal, bahaya ti bangsa sorangan kitu deui ti bangsa deungeun, bahaya di kota, di alas kikisik, di laut, kitu deui bahaya ti jelema-jelema anu pura-pura midulur. 27 Simkuring ge, mindeng kudu banting tulang, carang mondok, mindeng lapar, halabhab, sering teu manggih dahar, mindeng kabulusan, tur teu boga papakean anu bener. 28 Mana ripuh ku urusan-urusan sapopoe, — anu ku simkuring teu kudu dicaturkeun deui — mana melang ka jamaah-jamaah! 29 Upama aya nu nandang apes; naha kitu simkuring teu milu apes? Naha kitu hate simkuring tara remuk ku kasedih, upama aya dulur anu tigubrag kana dosa? 30 Lamun simkuring rek agul, agul teh ku perkara-perkara anu tumali jeung kahengkeran sorangan. 31 Enyaan, simkuring teu bohong. Allah, — Ramana Isa, Gusti Jungjunan urang, sembaheun salalawasna — uninga yen ieu lain akon-akon. 32 Basa keur di Damsik, simkuring teh rek ditangkep ku gupernur di dinya, bawahan raja Aretas. Kota dikepung jeung dijaga sakurilingna. 33 Tapi berekah, simkuring teh aya anu nulungan. Simkuring diulur dina karanjang ti luhur kuta; ku jalan eta, simkuring teh bisa salamet, henteu kacerek.

2 Korinta 12

1 Da saenyana mah, simkuring agul teh taya untungna. Sanajan kitu, simkuring baris nyaritakeun tetenjoan sarta wahyu ti Gusti. 2 Opat belas taun ka tukang, simkuring diparengkeun ningal salahsaurang ti umat Al Masih anu diangkat ka langit katilu. Ningal teh duka jeung raga badag, duka henteu; anging Allah anu uninga. 3 Simkuring ningal (duka jeung raga badag duka henteu anging Allah anu uninga): 4 Eta jalma ngadadak diangkat ka Pirdus, terus ngadenge hiji pangandika luar biasa, anu moal katurutan ku basa manusa. 5 Simkuring agul teh ku lantaran eta jelema. Ari diri sorangan mah, naon atuh agulkeuneunana, lian ti kahengkeran mah. 6 Tapi upama rek agul ge, naon salahna; da ieu anu dicaritakeun teh, saenyana. Tapi moal, — moal agul — bisi aya anu nyangka yen simkuring teh jelema luhung, nepi ka mencog tina panenjona, beda tina dedengeanana. 7 Ngan supaya ulah kungsi kamagungan, pedah simkuring geus meunang eta wahyu anu sakitu luar biasana, simkuring teh dibere hiji cucuk di jero awak anu nimbulkeun kalara. Saenyana, eta teh utusan Iblis supaya simkuring ulah agul! 8 Simkuring geus sasambat ka Gusti, nepi ka tilu kali, neda ucul tina eta kalaraan. 9 Tapi ku Gusti diwaler kieu: ‘Kurang kumaha Kami nyaah ka maneh? Sing tahan, sabab kakuatan teh sampurnana ku ayana kahengkeran.’ Eta sababna, simkuring agul ku kahengkeran sorangan teh, sangkan kakawasaan Al Masih manjing sajeroning diri. 10 Jadi, simkuring rido narima kahengkeran, dihina-hina, disangsara, dikaniaya, dipeupeurih, demi keur kamulyaan Al Masih. Ku lantaran rumasa hengker, iman simkuring jadi kuat. 11 Simkuring jadi bodo kieu teh, ku lantaran aranjeun nu maksana. Benerna mah, hargaan simkuring teh ku aranjeun. Sabab dina sagala rupa oge, simkuring teh teu eleh geleng ku eta rasul-rasul anu magar laluhung teh. 12 Ciri yen simkuring rasul kapan kanyahoan ku aranjeun oge, dibuktikeun ku tanda-tanda, mujijat-mujijat, jeung rupa-rupa kawasa. 13 Dibanding jeung jamaah-jamaah sejen, cik iraha aranjeun teh rajeun ku simkuring disingsalkeun, iwal ti tara dipentaan pangabutuh? Bisi ieu karasana teu adil mah, hampura bae! 14 Geus rek katilu kalina ieu, simkuring niat nganjang ka aranjeun teh. Lain arek barangpenta. Nu diboro-boro teh aranjeun, lain pangabogana. Anak mah, memang teu wajib ngipayahan kolot, tapi kolot anu wajib ngipayahan anak. 15 Ku kituna, pikeun aranjeun mah ulah bon harta banda, nyawa oge moal diowelkeun. Tah nepi ka kitu, kanyaah simkuring ka aranjeun teh. Sageuy nu asih rek dipulang sengit mah! 16 Tapi sakitu simkuring tara ngabeungbeuratan, ku aranjeun kalah ka dipajarkeun rek macikeuh, arek meres lelemesan. 17 Cik iraha simkuring, — ku salahsaurang ti utusan-utusan nu dikirim ka aranjeun — kungsi narik kauntungan ti aranjeun? 18 Nyebut kitu teh, pedah bae simkuring geus ngutus Titus jeung baturna, saurang, sina ka aranjeun. Kungsi kitu Titus narik kauntungan ti aranjeun? Lain sarua tekad jeung caraning hirup anjeunna jeung simkuring? 19 Geus lila pisan aranjeun nyangka simkuring jeung Titus hayang meunang sorangan teh, nya? Salah eta teh, dulur-dulur! Demi Allah, demi Al Masih: Nu diseja ku simkuring teh, taya lian ti hayang ngahudangkeun iman aranjeun! 20 Simkuring rempan bisi engke ana urang tepung masing-masing beda anggapan: Aranjeun sulaya tina kahayang simkuring, simkuring sulaya tina kahayang aranjeun. Sieun matak jadi cekcok, hiri dengki, amarah, masing-masing hayang bener sorangan, tingkecewis silih upat, silih omongkeun, silih angkuhan, sarta kusut ribut. 21 Inggis bisi jol teh simkuring diparengkeun apes ku Gusti Pangeran. Tada teuing ngerikna hate, mangkarunyakeun ka jalma-jalma anu ti bareto nepi ka ayeuna daroraka keneh bae, can tarobat tina kalakuanana anu kalotor, rarucah, jeung ngalajur napsu.

2 Korinta 13

1 Geus rek katilu kalina ieu, simkuring niat nganjang deui teh. Ceuk Kitab: Hiji perkara kakara sah lamun kasaksian ku duaan atawa tiluan. 2 Basa simkuring nganjang kadua kalina, jelema-jelema anu ngalalampahkeun dosa teh, — kitu deui nu sejen-sejenna salian ti eta — ku simkuring geus diwawadian. Ayeuna oge, sajeroning pajauh keneh rek diwawadian deui. Sabab engke mah mun nganjang deui, saha bae ge nu salah mah moal aya anu dihampura deui. 3 Ku aranjeun baris kanyahoan yen simkuring enya-enya ngemban timbalan Al Masih. Baris karasa yen mayunan aranjeun teh, Al Masih moal nembongkeun kalemahan, tangtu nembongkeun kakawasaan. 4 Bareto, beunang disalib soteh bawaning ku diapeskeun. Tapi ku kawasaning Allah, ayeuna, Al Masih teh jumeneng. Simkuring sapara kanca oge, milu apes ka Anjeunna; tapi ku kawasaning Allah bakal hirup bareng jeung Anjeunna, supaya aranjeun oge mareunang mangpa'atna. 5 Pek pariksa diri, na aranjeun teh boga iman kapercayaan atawa henteu? Yakin atawa henteu yen aranjeun teh disarengan ku Isa Al Masih? Lamun teu yakin, tetela aranjeun moal tahan uji. 6 Mungguh simkuring mah, sabatur-batur, taya nu mungkir ti Gusti. 7 Mugi-mugi Allah ngersakeun aranjeun ulah nepi ka nyieun kasalahan. Lain dumeh simkuring hayang katangar tahan uji, ieu mah hayang supaya aranjeun hararade kalakuan, najan simkuring katembongna siga henteu tahan uji. 8 Teu kaduga simkuring mah ngalawan kana kayaktian teh, kaduga soteh ngalampahkeunana. 9 Sanajan hengker, ari aranjeun kuat mah simkuring bungah. Dipangnedakeun pisan malar aranjeun bisa ngahontal kasampurnaan. 10 Pangna simkuring nyuratan ti anggalna, malar ari geus jol datang ka aranjeun ulah kungsi ngagunakeun kakerasan. Sabab dipaparin wewenang ku Gusti oge, lain pikeun ngaruntagkeun, tapi pikeun ngomean hirup aranjeun. 11 Dulur-dulur! Sakieu bae heula. Sabisa-bisa usahakeun ngahontal kasampurnaan tea. Masing akur pada batur sarta hirup masing repeh-rapih. Mugi-mugi Allah nu jadi sumbering asih jeung asaling karapihan, nyarengan hirup aranjeun. 12 Sing silih ajenan jeung silih doakeun. Aya salam ti sakumna dulur-dulur anu saiman. 13 Mugi-mugi aranjeun ginanjar sih kurnia Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang, mendak welas asihing Allah, di jero katunggalan Ruh Allah.

Galata 1

1 Ti Paulus, — anu jadina rasul lain ku lantaran diangkat ku pada jalma, oge lain nurutkeun karep manusa, tapi lantaran ditimbalan ku Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang jeung ku Allah, Rama, anu parantos ngagugahkeun Isa ti alam kubur — 2 sarta ti sakabeh dulur saiman anu di darieu, ngahaturkeun salam ka sakabeh dulur saiman di Galata. 3 Mugi aranjeun sing marendak sih kurnia katut berkahna ti Allah, Rama; kitu deui, ti Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang, 4 anu geus ngorbankeun salira-Na tina sabab dosa urang, malar urang bisa bebas tina ieu pajamanan anu jahat, saluyu jeung pangersa Allah anu jumeneng Rama. 5 Ku kituna, urang teh wajib ngagungkeun Allah sapapaosna! Amin. 6 Teu sangka! Geuning babari pisan aranjeun teh mungkir ti Allah, — anu geus ngangken ka aranjeun ku sih piwelas-Na Al Masih — tuluy maruhit kana injil anu sejen. 7 Padahal sidik, yen teu aya deui Injil sejenna. Aya soteh sawatara jelema anu rek nyasabkeun aranjeun ku jalan ngarobah Injil Al Masih. 8 Sing saha anu ngawawarkeun injil nu mencog tina Injil anu geus diwawarkeun ku simkuring, sok sanajan simkuring sorangan, atawa malaikat ti sawarga pisan, sing ulah jamuga. 9 Bareto aranjeun geus diomat-omatan, ayeuna perlu diingetan deui: Sing saha anu ngaliarkeun injil anu mencog tina Injil wawaran simkuring, sing keuna ku la'nat jelemana. 10 Naha simkuring teh rek leuwih ngutamakeun karep manusa ti batan pangersa Allah? Naha rek nyiar pangajen ti manusa? Kitu peta mah, atuh, lain ge abdining Al Masih! 11 Tengetkeun, dulur-dulur! Injil anu diwawarkeun ku simkuring teh lain beunang ngarang jelema. 12 Simkuring narimana lain ti jelema, terangna oge lain beunang guguru ti jelema. Estu, Isa Al Masih ku anjeun anu nerangkeunana ka simkuring. 13 Aranjeun ge tangtu geus teu bireuk deui, simkuring teh, tadina mah kapan nyekel agama Yahudi. Tangtu tarerang, kumaha katelengesan simkuring enggoning nganiaya pikeun ngabasmi jamaah Allah. 14 Basa nyekel keneh agama Yahudi, — di antara babaturan sabangsa anu sapantar — dina elmu agama, simkuring teh pang nyongcolangna tur pang kukuhna kana adat tali paranti karuhun. 15 Tapi sihoreng, ti keur dikakandung keneh ku indung, simkuring teh ku Allah nu sipat murah geus dipilih geusan dijadikeun abdi-Na. 16 Mantenna kersa ngawanohkeun Putra-Na ka simkuring, supaya ku simkuring saterusna diwanohkeun deui ka bangsa-bangsa luareun bangsa Yahudi. Harita, simkuring sama sakali teu menta nasehat ti pada jalma; 17 rasul-rasul anu saheulaeun oge, nu araya di Yerusalem, teu kungsi ditepungan-tepungan acan. Ti dinya simkuring kencling bae indit ka tanah Arab, tuluy ka Damsik. 18 Sanggeus meunang tilu taun, kencling deui ka Yerusalem pikeun manggihan anu jenengan Petrus, hayang meunang laratan. Lima belas poe simkuring nganjrek di anjeunna. 19 Jeung rasul-rasul sejenna mah, iwal ti Yakobus, — saderek-Na Isa, Gusti Jungjunan urang — teu kungsi papanggih. 20 Ieu nu dicaritakeun teh, lain jijieunan. Allah ku Manten Saksina! 21 Ti Yerusalem, simkuring, laju deui ka daerah basisir di tanah Siria jeung Kilikia. 22 Sedengkeun jeung anggota-anggota jamaah di Yudea mah, simkuring teh teu kungsi wawawuhan heula. 23 Aranjeunna ukur ngadenge bejana bae, yen si tukang-nganiaya-jamaah teh, ayeuna mah geus malik ngawawarkeun kapercayaan anu tadina ku manehna rek dibasmi tea. 24 Aranjeunna maruji sukur ka Allah tina sabab simkuring geus dikersakeun babalik pikir.

Galata 2

1 Heuleut opat belas taun ti harita, simkuring, Barnabas, jeung Titus, tiluan, ka Yerusalem deui. 2 Ka ditu teh lantaran meunang pituduh ti Allah. Dina hiji riungan jeung rasul-rasul anu parenting tea, simkuring medar pangalaman nginjilan bangsa-bangsa sejen. Hal ieu pikeun mastikeun, yen sakur anu eukeur jeung anu enggeus dipigawe ku simkuring teh, teu mubadir atawa nyalahan. 3 Dalah batur sorangan oge anu ngaranna Titus, urang Yunani tea, ku simkuring henteu diwajibkeun disunat, 4 sanajan sawatara dulur-dulur ngadongsok supaya manehna disunat. Sihoreng, anu ngariribut teh jelema-jelema Masihi keneh, tapi anu ngan ngaranna wungkul; maranehna teh nyulusup rek nalungtik rasiah kamerdikaan umat Al Masih. Karepna mah, urang teh rek dijieun kawula deui. 5 Tapi simkuring teu mundur, supaya kayaktian Injil tetep weuteuh pikeun aranjeun. 6 Tapi ari jelema-jelema anu kaasup penting tea (saenyana pikeun simkuring, jelema mah najan tadina sakumaha pentingna oge taya bedana; da Allah mah, tara nilik kana harkat), ahir-ahirna mah, aranjeunna teu ngaraos kaabotan naon-naon ka simkuring teh. 7 Malah sabalikna, kahartoseun, nya yen kawajiban simkuring teh nginjilan nu lain bangsa Yahudi; sakumaha Petrus sakanca-kancana anu kapapancenan nginjilan urang Yahudi. 8 Sabab sakumaha Petrus, ku Allah, dikawasakeun nginjilan bangsa Yahudi; simkuring ge, geus dikawasakeun ku Mantenna teh jadi rasul anu baris nginjilan bangsa-bangsa sejen. 9 Ahirna mah, ku Yakobus, Petrus, jeung Yahya, — anu kasarebat jaradi pamingpin jamaah — diangken yen Allah parantos maparin tugas husus ka simkuring. Aranjeunna sasalaman ka simkuring jeung Barnabas tandaning geus aya kasaluyuan: Simkuring nginjilan bangsa-bangsa sejen, aranjeunna nginjilan urang Yahudi. 10 Pamundut ti aranjeunna ngan sarupa, nya eta supaya simkuring oge inget ka anggota-anggota cepengan aranjeunna anu mariskin; nya memang, da hal eta mah, ku simkuring teh geus diusahakeun satekah polah. 11 Tapi waktu Petrus di Antioki, ku simkuring kapaksa diweweleh, bongan lepat. 12 Harita anjeunna teh keur ngiring riungan tuang; berjamaah bareng jeung dulur-dulur ti golongan anu teu disunat. Teu lila, aya sababaraha urang utusanana Yakobus daratang. Ngadak-ngadak Petrus pindah calikna mencilkeun maneh, sieun dinaha-naha ku eta anu arumangkeuh jadi pahlawan-pahlawan sunat tea. 13 Nepi ka dulur-dulur urang Yahudi anu sejenna, jadi sarua munapekna jeung anjeunna. Malah Barnabas pisan oge kabawakeun. 14 Ku sabab peta kitu teh, tetela papalimpang jeung eusining Injil; tuluy bae ku simkuring, harita keneh sarta di hareupeun umum, Petrus diweweleh. Ceuk simkuring: “Anjeun teh urang Yahudi, nanging hirup anjeun niron-niron adat bangsa sejen, henteu nurutkeun tali paranti bangsa Yahudi. Atuh pimanaeun rek tiasa maksa nerapkeun tatakrama hirup Yahudi ka anu sanes bangsa Yahudi! ” 15 Memang, da simkuring mah tulen bangsa Yahudi, lain bangsa nu aya di luareun Toret; anu ku bangsa Yahudi umumna mah, nya disebut bangsa doraka tea. 16 Tapi papadaning kitu, simkuring ge terang, yen pangna manusa diangken bener ku Allah teh lantaran anut ka Isa Al Masih, lain dumeh nurut kana Toret. Jadi, simkuring oge pangna diangken bener ku Allah teh nya ku lantaran anut ka Isa Al Masih, lain ku dumeh nurut kana Toret. Ceuk Kitab oge: Euweuh jelema anu diangken bener ku Allah ku lantaran nurut kana Toret. 17 Ceuk urang Yahudi mah, nu hayang diangken bener ku Allah ku jalan anut ka Al Masih teh dosa; da ceuk maranehna mah, eta teh ngalanggar Toret. Tah upama enya kitu, naha eta teh Al Masih anu jadi sabab? Teu pisan-pisan! 18 Anu jadi dosa tea mah, nya eta: Lamun sajeroning hayang diangken bener ku Allah teh ku jalan ngalakonan deui Toret anu ku simkuring geus dipiceun tea. 19 Ku sabab simkuring ayeuna mah geus kawengku ku hukum anyar, atuh tina hukum Toret mah simkuring teh geus sirna; da simkuring mah geus masrahkeun hirup ka Allah ku lantaran geus milu digantung jeung Al Masih. 20 Ku kituna, anu hirup di simkuring teh geus lain simkuring sorangan deui, tapi saenyana mah Al Masih anu ngancik di jero diri simkuring. Hirup simkuring anu kiwari teh, estu ku karana iman ka Nu jumeneng Putra Allah, anu geus mikaasih sarta ngorbankeun salira-Na nalangan simkuring. 21 Eta sih piwelas-Na ku simkuring, tangtu moal ditolak. Sabab upama urang bisa salamet kulantaran hukum Toret, atuh pangorbanan Al Masih dugi ka pupusna teh, mubadir bae!

Galata 3

1 Ku barodona aranjeun, urang Galata! Aranjeun teh kasasarkeun ku saha, atuh? Kapan sakitu ecesna simkuring nerangkeun ngeunaan hal Isa Al Masih anu geus disalibkeun teh. 2 Cik ieu jawab: Aranjeun nepi ka bisa diancikan ku Ruh Allah teh, naha pedah nurut kana parentah Toret atawa ku sabab percaya kana wawaran Injil? 3 Aya ku kituna teuing bararodo teh! Aranjeun teh geus ngamimitian hirup nu alus, nya nurutkeun panuyun Ruh tea; naha ari ahirna, bet, aranjeun teh, rek balik deui nurutkeun sakumaha adat tabeat manusa! 4 Naha rek disina percumah bae eta pangalaman aranjeun anu sakitu matak balangsakna teh? Asa piraku teuing! 5 Allah, ka aranjeun, geus maparinkeun Ruh-Na kalawan taya wates wangenna tur loba pisan mujijat-Na anu geus dipidamel di lingkungan aranjeun. Naha eta teh pedah aranjeun tuhu kana Toret atawa lantaran aranjeun percaya kana eusina Injil? 6 Sing inget ka Nabi Ibrahim, kumaha Ungeling Kitab Suci ngeunaan Ajeunna: “Ibrahim, disebat jelema bener teh, lantaran anjeunna percaya ka Mantenna.” 7 Jadi, sing saha anu percaya ka Allah, eta kaasup turunan Ibrahim. 8 Dina Kitab Suci geus ti anggalna keneh ditetelakeun, yen sakur anu percaya, najan bangsa sejen oge baris diangken bener. Eta sababna, ti anggalna keneh oge uaran Injil teh ku Kitab Suci geus ditepikeun ka Ibrahim. Ungelna kieu: “Ku lantaran maneh, sakabeh bangsa baris kaberkahan.” 9 Tegesna, sakur anu keur hirupna percaya kawas Ibrahim, tinangtu meunang berkah. 10 Sabalikna, anu ngarepkeun salamet ku nedunan hukum Toret mah, hirupna teh kaancam ku hukuman. Sabab cek Kitab Suci ge kieu: “Pasti kahukum, jelema anu henteu enya-enya ngimankeun sakabeh parentah hukum Toret.” 11 Tetela, yen ku lantaran Toret mah teu aya pisan jelema anu diangken bener ku Allah. Sabab ceuk Kitab Suci: “Jelema anu diangken bener ku Allah ku lantaran iman kapercayaan, tangtu hirup.” 12 Antara Toret jeung iman kapercayaan teh taya pisan patalina, sabab ceuk Toret mah: Hirup teh, gumantung kana amal pagawean anu luyu jeung ungel Toret. 13 Urang, ku Al Masih, geus dibebaskeun tina panyapa hukum Toret; nya ku jalan Al Masih ku anjeun nandangan eta panyapa pikeun nalangan urang. Sabab geus kaungel kieu: “Sing saha anu digantung dina salib, eta teh jalma kasapa!” 14 Pangna Isa Al Masih disalib teh, nya eta pikeun bangsa-bangsa anu lain Yahudi oge milu kaauban berkah anu dipaparinkeun ka Ibrahim tea. Upama urang percaya kana hal ieu, Ruh anu dijangjikeun Allah teh tangtu katarima. 15 Dulur-dulur, ngeunaan wasiat Allah tea, urang nyokot conto tina hirup sapopoe. Hiji wasiat anu geus disahkeun, ku sing saha bae ge moal bisa dibatalkeun atawa ditambahan eusina. 16 Jangji Allah anu ditujukeun ka Ibrahim, nujul oge ka salah saurang turunan anjeunna. Sing tenget, lain ka sakabeh turunan anjeunna, tapi ka salah saurang turunan anjeunna. Jadi, ngan saurang, henteu kabeh. Eta anu saurang teh, nya eta Al Masih. 17 Anu dimaksud ku simkuring teh kieu: Allah maparin wasiat anu pamohalan bisa dibatalkeun atawa leungit kakuatanana ku hukum Toret. Sabab Toret mah, medalna teh pandeuri, kaheuleutan opat ratus tilu puluh taun. 18 Ari sih kurnia Allah gumantung kana Toret mah, atuh di luareun perjangjian Allah. Padahal geus tetela, Allah maparinkeun sih kurnia-Na ka Ibrahim teh, estu pikeun ngalaksanakeun Wasiat Mantenna. 19 Lamun kitu, naon atuh gunana Hukum Toret? Toret mah pikeun ngalengkepan undang-undang lantaran lobana palanggaran; sipatna ngan keur saheulaanan, memeh turunan anu dijangjikeun tea gumelar. Toret diturunkeunana ku malaikat-malaikat; ditepikeunana ka hiji wawakil. 20 Anu diwakilanana, tangtu lain jelema saurang. Sedeng Allah teh hiji. 21 Lamun kitu, meureun Toret teh jadi patonggong-tonggong jeung jangji Allah tea? Sama sakali henteu! Upama Toret kawasa mere hirup ka manusa; atuh, anu hayang diangken bener ku Allah teh geus cukup ku nedunan parentah Toret. 22 Tapi Kitab Suci nerangkeun, yen sakumna umat manusa teh hirupna dikungkung ku kawasa dosa, supaya sakur anu percaya sarta iman ka Al Masih bisa dipaparin wasiat nu geus dijangjikeun tea. 23 Sajeroning iman acan digelarkeun mah, hirup urang teh kawengku ku Toret sarta aya dina kungkunganana, nepi ka eta iman tea medal. 24 Ku sabab eta, Toret teh ngan mangrupa hiji pituduh wungkul; nya anu nungtun urang ka Al Masih tea; tapi ku lantaran percaya tea, saenyana mah, urang bisa diangken bener ku Allah teh. 25 Kiwari, iman teh geus aya di urang; ku kituna, urang teh geus teu kawengku ku anu nungtun tea. 26 Ku sabab percaya ka Isa Al Masih, urang teh ayeuna dijadikeun putra-putra Allah. 27 Sabab aranjeun, sakur anu dibaptis, — anu geus manunggal jeung Al Masih tea — geus kaancikan sipat-sipat Al Masih. 28 Dina sual ieu mah, teu aya bedana deui, boh urang Yahudi, boh urang Yunani, boh nu kumawula, boh jalma merdika, boh lalaki, atawa awewe; kabeh ge geus sabeungkeutan ku lantaran iman ka Isa Al Masih. 29 Upama urang geus jadi kagungan Al Masih, urang oge kaasup turunan Ibrahim, ahli waris anu boga hak narima warisan sakumaha jangji Allah tea.

Galata 4

1 Simkuring perlu nerangkeun: Sanajan geus jadi ahli waris, tapi ari can cukup umur mah, teu beda kaayaanana ti badega. 2 Memeh cunduk kana waktu anu geus ditangtukeun ku bapana, urusanana dikawasakeun ka walina. 3 Urang oge nya kitu keneh. Samemeh jiwa sawawa mah, kageugeuh ku rupa-rupa kapercayaan kana kakawasaan anu ngatur dunya. 4 Tapi sanggeus cunduk kana waktuna, Allah ngutus Putra-Na, nu dilahirkeun ku salah saurang wanoja sarta kaereh ku hukum Toret. 5 Anjeunna diutus teh, nya pikeun nebus sakur anu kabawah ku hukum Toret tea, supaya bisa diangkat jaradi putra-Na. 6 Buktina yen urang jadi putra-Na teh, nya eta hate urang geus kawidian diancikan ku Ruh Putra-Na, Nu nyambat kieu ka Allah: “Ama, nun Ama!” 7 Ayeuna dulur-dulur teh geus lain kawula deui, tapi geus jaradi putra Allah, ahli-ahli waris Allah. Wajib urang muji sukur. 8 Basa can terang ka Allah mah, dulur-dulur nyembah teh sama sakali lain ka Allah. 9 Tapi sanggeus tarerang ka Allah mah, atawa leuwih hade, mun disebut sanggeus diangken ku Allah; naha aranjeun teh, bet, baralik deui kana kakuatan alam anu taya kawasana? Naha rek kumawula deui ka anu karitu? 10 Make aya poe-poe, bulan-bulan, waktu-waktu, jeung taun anu kacida dimumule sarta dipusti-pustina ku aranjeun! 11 Estu, eta teh, matak salempang; boa-boa sakabeh usaha simkuring pikeun aranjeun teh, mubadir bae. 12 Kahayang mah, dulur-dulur sing kawas simkuring; da simkuring oge geus jadi sarua jeung aranjeun. Aranjeun teh can kungsi neungteuinganan. 13 Tangtu aranjeun ge aringet keneh, kumaha asalna simkuring nginjilan ka aranjeun teh, nya eta lantaran simkuring katarajang panyakit. 14 Awak simkuring ruksak ku panyakit, tapi ditarima sarta diaku ku aranjeun kalawan taya semu-semu jejereged atawa geuleuh; sabalikna tea, nya aranjeun teh dagdag-degdeg pikeun ngabageakeun simkuring kawas ka utusan Allah, malah kawas ka Isa Al Masih ku anjeun. 15 Tur kituna teh bari jeung ngarasa bagja. Kumaha ari ayeuna masih keneh kitu? Harita mah, cek wiwilanganana, mun heug nepi ka kudu nyokel panon keur kaperluan simkuring, aranjeun mo burung iklas. 16 Ayeuna pedah simkuring ngomong satarabasna, naha rek diaranggap musuh? 17 Jelema-jelema anu dicaritakeun ku simkuring teh, memang pohara geten tulatenna ka aranjeun. Tapi tekadna taya nu jujur. Saenyana mah, maranehna teh rek misahkeun aranjeun ti simkuring; nya rek narik aranjeun, supaya biluk ka maranehna. 18 Geten tulaten teh alus, asal jujur. Malah kudu salawasna kitu, ulah ngan ari keur katungkulan ku simkuring bae. 19 Anaking! Sapanjang Al Masih acan breh ngajanggelek dina hirup aranjeun, simkuring teu weleh paur, lir paurna nu rek ngajuru. 20 Simkuring hayang geura-geura pajonghok, hayang cacarita beda ti ayeuna. Pohara salempangna simkuring, ku aranjeun teh. 21 Pedah dulur kawas nu resep kabawah ku Toret, simkuring hayang nyaho: Sok digugu atawa henteu parentahna? 22 Cek Kitab, Ibrahim kagungan putra dua, nu saurang ti abdina nu awewe, nu saurang deui ti geureuhana, turunan jalma merdika. 23 Putra ti abdina, nu awewe, dilahirkeunana ku jalan anu lumrah bae; sabalikna, putra ti geureuha, turunan merdika mah, dilahirkeunana teh asal tina kawasaning jangji Allah. 24 Ieu teh, ngandung harti anu jero. Istri anu dua eta teh, ngupamakeun dua perjangjian Allah. Nu saurang, nu ngaran Hajar, asal ti Gunung Sinai; anu anak-anakna baris jadi jalma-jalma kumawula. 25 Hajar teh ngupamakeun Gunung Sinai, anu pernahna di tanah Arab; jadi, hal eta teh perlambang Yerusalem kiwari, anu hirupna saanak-anak kumawula. 26 Geureuhana, nya nu saurang deui tea; anjeunna teh, wanita golongan jalma merdika, hal eta teh perlambang Yerusalem ti kalanggengan, anu mawa kamerdikaan. Urang ngindung teh ka dinya. 27 Sabab kieu cek Kitab: “Eh, nu gabug, nu teu boga anak, sing suka bungah. Eh, nu can ngarasa nyerina ngajuru, masing gerah. Sabab awewe anu nunggelis teh, anak-baranahanana bakal leuwih ti batan awewe anu baroga salaki.” 28 Aranjeun oge kawas Isak bae, dulur-dulur, nya eta anak tina perjangjian Allah. 29 Tapi teu beda ti baheula, kiwari ge kitu: Anu diyugakeunana ku jalan lumrah teh, bet, nganiaya ka nu diyugakeunana ku karana kawasa Ruh Allah. 30 Padahal, kumaha cek Kitab Suci? Kieu: “Eta badega awewe katut anakna sina ingkah. Sabab anak ti manehna mah, moal dijieun ahli waris kawas anak ti wanita anu merdika.” 31 Ku kituna dulur-dulur, urang teh lain turunan nu asal ti wanita anu kumawula. Urang mah, turunan nu asal ti wanita golongan jalma merdika.

Galata 5

1 Urang teh geus ditebus ku Al Masih, supaya jadi jelema merdika. Pageuhan eta kamerdikaan ti Al Masih teh, ulah beunang dijieun deui budak beulian! 2 Simkuring, Paulus, ngingetan: Lamun aranjeun kudu disunatan keneh mah, atuh euweuh hartina Al Masih pikeun aranjeun teh! 3 Sakali deui, sing inget: Sing saha anu disunatan, wajib tunduk kana sakabeh hukum Toret. 4 Hayang jadi jelema bener ku jalan tunduk kana Toret mah atuh leupas ti Al Masih, pegat tina sih kurnia Allah. 5 Kapan bisa ngaharep diangken bener teh, ngan ku pitulungna Ruh sarta ku karana iman. 6 Sabab manunggal jeung Al Masih mah, disunatan atawa teu disunatan oge taya bedana. Nu penting mah darmaning iman anu kajurung ku rasaning kanyaah. 7 Sakitu suhudna aranjeun bareto mah nyorang jalan anu bener teh. Ku naon henteu diteruskeun? Saha anu ngarobahna? 8 Robahna kalakuan aranjeun kitu teh, lain ku kersaning Allah anu geus nyaur aranjeun tea. 9 Cek babasan: “Ragi saeutik matak beukah saadonan.” 10 Simkuring yakin, dumeh aranjeun papada sa-Gusti baris sapikiran jeung simkuring. Saha bae anu ngarobah aranjeun jadi kitu, tangtu kabendon ku Allah! 11 Jeung deui, dulur-dulur, upama simkuring ngajarkeun yen disunat teh wajib hukumna, piraku simkuring teh tetep diarah-arah rek dikaniaya ku maranehna? Lamun enya kitu, atuh pangajaran simkuring ngeunaan salib teh moal diaranggap tatajongan deui ku maranehna! 12 Hadena mah, maranehna, nu sok ngahasud ka aranjeun teh, sina ngabiri dirina sorangan bae! 13 Kapan aranjeun mah, dulur-dulur, geus disaur ka alam merdika. Cik, eta kamerdikaan teh ulah dipake nyimbutan lampah doraka. Anggur pake silih tulungan bari silih pikaheman. 14 Kapan parentah Toret oge, kabehanana, geus kawengku ku hiji timbalan anu unina: “Kudu nyaah ka batur lir ka awak sorangan.” 15 Ari silih cakar atawa silih reweg kawas sato mah, ahirna mah matak silih legleg. Kahade, sing waspada! 16 Ku sabab eta, hirup teh kudu nurutkeun Ruh, supaya ulah kaereh ku pangajak napsu. 17 Ari pangajak napsu teh, salawasna ge, ngalawan bae kana pangersana Ruh. Kitu deui Ruh, nya ngalawan oge kana pangajak napsu teh. Duanana silih lawan, temahna aranjeun hamo bisa ngalampahkeun naon-naon, sakumaha cita-cita. 18 Tapi upama aranjeun pasrah kana panuyun Ruh, moal keuna ku hukum Toret. 19 Buah-buahna pangajak napsu teh nya eta: Rucah, jinah, ngalajur napsu, 20 muja brahala, ngelmu sihir, mumusuhan, pasea, sirik-pidik, panasan, mentingkeun maneh, resep ribut, ngabengkahkeun, 21 hiri dengki, resep mabok, sukan-sukan balakecrakan, jeung salian ti eta. Sakumaha anu enggeus-enggeus, simkuring ayeuna ngelingan sakali deui: Sing saha anu lampahna kitu, hamo meunang tempat di Karajaan Allah. 22 Ari buah-buah padamelan Ruh, nya eta: Nyaahan, gumbira, tengtrem hate, sabar, karunyaan, hade lampah, satia, 23 darehdeh, kuat mengkek napsu. Kabeh oge taya anu patonggong-tonggong jeung hukum. 24 Saha bae anu geus anut ka Al Masih, sagala napsu jahatna katut angen-angenna nu goreng teh, geus paeh digantung dina salib. 25 Upama urang hirup teh ku pangawasa Ruh, atuh kudu nurut kana panuyun Ruh. 26 Kahade, ulah malar kahormatan tanpa guna, ulah silih kakalakeun, sarta ulah silih dengkian.

Galata 6

1 Dulur-dulur, upama aya jelema anu kaperegok migawe anu teu bener; ku aranjeun teh, anu ariman keneh, kudu dipapatahan sing sareh; bari aranjeun sorangan ngajaga diri, bisi keuna ku gogoda. 2 Aranjeun teh, enggoning nedunan patokan ti Al Masih, kudu silih tulungan sarta silih sundang babawaan jeung pada batur. 3 Jalma anu ieu aing, padahal taya naon-naonna, sasat ngabobodo maneh. 4 Masing-masing kudu naliti laku lampahna pribadi. Dina karasa yen hade, rarasakeun ku sorangan bae, teu kudu dibanding-banding jeung kalakuan batur. 5 Sabab unggal jalma, boga pasualan masing-masing. 6 Anu rumasa yen geus meunang pangajaran tina hal dawuhan Allah, kudu boga pamulang tarima nu hade ka nu ngajarna. 7 Kahade, ulah boga pikir yen Allah beunang dibobodo. Naon anu dipelak ku urang, eta nu baris kapetik. 8 Lamun urang pepelakan dina hawa napsu, anu baris kapetik teh, tangtu anu temahna matak paeh jeung binasa. Sabalikna, lamun pepelakan dina Ruh, anu baris kapetikna teh, nya eta hirup anu langgeng. 9 Ulah bosen-bosen melak kahadean mah; sabab eta pepelakan urang teh, dina waktuna, pasti kapetik hasilna upama urangna teu lanca-linci. 10 Ku sabab eta, ka saha-saha ge sing sabisa-bisa nyieun kahadean, komo ka batur nu saiman mah. 11 Tengetkeun nu aksarana baradag! Eta teh beunang nulis simkuring sorangan! 12 Jalma-jalma anu ngudukeun aranjeun disunatan teh, — kabeh oge — ngan ukur jalma-jalma nu hayang kapuji, malar ulah milu dikaniaya ku tina lantaran salib Al Masih. 13 Maranehna teh, sanajan disarunatan oge, hirupna mah teu tuhu kana hukum Toret. Maranehna mamaksa ka aranjeun ngudukeun disunatan teh, nya hayang kapuji tea, yen maranehna geus bisa ngeunakeun eta ciri lahir ka aranjeun. 14 Moal aya anu rek dipake agul ku simkuring mah, iwal ti salib Isa Al Masih anu jadi lantaran dunya teh pikeun simkuring mah geus paeh digantung; kitu deui, simkuring pikeun dunya. 15 Jadi, boh disunatan boh henteu, sarua taya hartina. Tapi anu penting mah, nya eta sual geus ngajadi mahluk anu dianyarkeun deui. 16 Mugia sakabeh, sakur anu hirupna nurutkeun ieu patokan, kitu deui urang Israil, umat kagungan Allah dipaparinan rahmat jeung karahayuan. 17 Ti semet ayeuna, hayang teh, aranjeun ulah ngarurudet deui simkuring ku rupa-rupa kasusah. Lantaran enggoning kumawula teh, diri simkuring mah geus pinuh ku ceda-ceda tatuna salira Al Masih. 18 Dulur-dulur, mugi-mugi Gusti Jungjunan urang, Isa Al Masih, maparinkeun sih kurnia-Na ka aranjeun, lahir batin. Amin.

Epesus 1

1 Ti Paulus, rasul Al Masih kalawan kersaning Allah. Kahatur dulur-dulur saiman di Epesus anu saratia ka Isa Al Masih. 2 Mugi dulur-dulur ginuluran rahmat katut karahayuan ti Allah, nya eta Rama urang, jeung ti Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang. 3 Puji sukur ka Allah, - Rama Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang - Anu geus maparinan berkah rohani ti sawarga lantaran urang raket ka Al Masih. 4 Ti samemeh alam dunya diciptakeun, Allah - dina katunggalana-Na jeung Al Masih - parantos mutuskeun ngangkat urang, supaya jadi umat-Na anu suci tur taya kuciwana di payuneuna-Na. 5 Ku karana sih piwelas-Na, urang teh geus ditakdirkeun baris diangken jadi putra-putra-Na ku karana Isa Al Masih, saluyu jeung pangersa-Na anu agung. 6 Sadaya puji kagungan Allah sabab kamulyaan sih kurnia-Na, nu geus dinugrahakeun ka urang. Eta teh, ku lantaran kamanunggalan urang jeung Anjeunna, Isa Al Masih, nya anu dipikaasih ku Allah tea. 7 Nya dina kamanunggalan eta oge, - Ku jalan pupusna Al Masih - urang geus dibebaskeun, nya dosa urang teh dihampura; eta teh luyu sareng kajembaranana sih kurnia Allah, 8 anu dipaparinkeun ka urang dina sagala rupa kawijaksanaan jeung pangarti. 9 Mantenna nganyatakeun rasiah pangersa-Na ka urang teh, saluyu jeung maksad anu memang geus dikandung sajeroning panggalih, 10 anu tanwande dilaksanakeun dina waktuna, nya eta ngabeungkeut sakuliah jagat ka salira Al Masih; saniskara anu aya di sawarga jeung di bumi baris disatunggalkeun ka Al Masih sabab Anjeunna teh, nya kapala tea. 11 Nya dina kamanunggalan jeung Al Masih oge, simkuring sapara kanca — anu asal ti bani Israil — geus kapilih, ti mimitina, baris jadi ahli waris-Na. Kitu ditetepkeunana ku Allah, Anu kawasa ngalaksanakeun sagala pangersana-Na. 12 Maksad-Na, supaya bani Israil anu pangheulana ngarep-ngarep ka Al Masih — ngajadi lantaran sangkan jalma-jalma ngamulyakeun ka Allah Nu Maha Agung. 13 Dina kamanunggalan jeung Al Masih oge, Aranjeun teh percaya sanggeus meunang uaran anu sajatina hal pisalameteun aranjeun; dina kamanunggalan jeung Al Masih oge, Aranjeun teh, geus diterapan cap Ruh Allah sakumaha anu geus dijangjikeun. 14 Ruh Allah teh, jadi pamanjer tina warisan urang, pamanjer tina kamerdikaan umat Allah anu sagemblengna. Hayu urang ngamulyakeun kaagungan Allah. 15 Simkuring oge nguping, tina hal kapercayaan aranjeun ka Al Masih tur sakumaha mikanyaahna aranjeun ka sakabeh umat kagungan Allah. 16 Ku hal eta, taya wiwilanganana, simkuring nya nganuhunkeun ka Mantenna; unggal-unggal neneda oge simkuring sok mangnedakeun aranjeun, 17 supaya Allah, - Panutan Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang - Rama Nu kagungan sagala puji, maparin pangarti jeung pituduh ka aranjeun sangkan leuwih ngarti kana pangersa-Na. 18 Kitu deuih, aranjeun oge, sina dicaangkeun pikir malar bisa ngaharti kana wujudna anu jadi pangarep-arep sanggeus disaur ku Allah. Lian ti eta, supaya aranjeun oge ngarasa kumaha rosana sarta agungna sih kurnia-Na anu baris dipaparinkeun ka umat-Na; 19 Satuluyna, kumaha rongkahna eta kakawasaan Mantenna anu barangdamel di kalangan urang anu percaya. 20 Kakawasaana-Na teh, nya eta anu ku Mantenna dianggo ngagugahkeun Al Masih ti nu maraot sarta anu ngalinggihkeun Anjeunna di tengeneuna-Na di sawarga; 21 Anjeunna teh dipunjulkeun ti sakabeh raja, parapangawasa, gegeden-gegeden, jeung pamarentah-pamarentah; Anjeunna oge ngungkulan sakabeh jeneng, boh nu aya di jaman kiwari, boh engke ka hareup. 22 Al Masih ku Allah diserenan sagala-galana, dijungjung pangluhurna, sarta dipaparinkeun ka jamaah sangkan jadi Gustining saniskara. 23 Ku sabab eta, jamaah teh jadi wujudna salira Al Masih, jadi sampurnaning kamulyaan Anjeunna anu minuhan satungkebing alam.

Epesus 2

1 Bareto, dulur-dulur teh sasat geus paraeh ku kasalahan jeung ku dosa sorangan. 2 Aranjeun teh, hirup dina eta kadorakaan sabab nurutkeun hawa dunya, muhit ka roh-roh gaib anu jarahat. Eta roh-roh jahat teh geus ngageugeuh jelema-jelema anu kiwari ngalawan ka Allah. 3 Hirup urang oge, bareto mah, nya cara kitu: Ngalajur napsu, ngumbar kahayang, sagala angen-angen hate, jeung pikiran jahatna diabur; sarua jeung nu sejen, anu pantes meunang hukuman ti Allah. 4 Tapi Allah teh pohara mikawelasna, pohara miasihna. 5 Urang anu sasatna geus paeh ku kadorakaan teh, dihirupkeun deui bareng jeung digugahkeunana Al Masih. Nya ku lantaran sih kurnia Allah pisan nu matak aranjeun salamet teh. 6 Ku manunggalna jeung Isa Al Masih, ku Allah, urang teh dihirupkeun deui sarta dipasihan tempat di sawarga bareng jeung Al Masih. 7 Eta teh pikeun nembongkeun ka urang, yen welas asih Allah anu geus dinyatakeun ku Al Masih teh, salilana jembar taya papadana. 8 Aranjeun bisa salamet soteh, nya ku sabab iman. Eta teh, ngan ku lantaran sih kurnia-Na bae; lain beunang sorangan, tapi estu anugrah ti Allah! 9 Lain beunang ihtiar aranjeun sorangan! Ulah pisan aya anu boga angkeuhan kitu! 10 Sabab urang mah darma dadamelan Allah, anu geus diciptakeun deui dina kamanunggalan jeung Al Masih pikeun ngalampahkeun kahadean, nu parantos disayagikeun ku Allah, sangkan urang ngalakonan pangersa-Na. 11 Tadina aranjeun teh henteu kaasup bangsa Yahudi. Ku urang Yahudi mah, aranjeun teh disebutna teh bangsa “kulup;” nya lantaran teu disunat cara maranehna tea. 12 Sing inget, harita mah, hirup aranjeun teh jauh ti Al Masih; aranjeun teh, luareun warga Israil keneh, nya eta acan kawengku ku katangtuan-katangtuan anu ku Allah dijangjikeun ka bangsa Israil tea. Hirup aranjeun teh, aya dina hiji alam anu sama sakali teu ngandung harepan tur tanpa Allah. 13 Sukur, ayeuna mah aranjeun teh geus manunggal jeung Isa Al Masih: Tadina mah jauh, tapi ayeuna jadi padeukeut, ku lantaran getih Al Masih. 14 Al Masih anu ngaruntutkeun urang, anu nyatunggalkeun bangsa Yahudi jeung nu lain bangsa Yahudi supaya jadi sabangsa, ku jalan nyirnakeun rasa mumusuhan nu jadi pamisahna. 15 Anjeunna ngorbankeun salira-Na, dianggo gaganti hukum Toret katut sagala aturan jeung sarat-saratna. Bangsa Yahudi jeung nu lain Yahudi ku Anjeunna dirapihkeun. Ku salira-Na dua golongan bangsa teh disina ngahiji, dijadikeun hiji wangunan manusa anyar. 16 Ku ngorbankeun salira-Na, nya pupus disalib tea, maranehna jadi tunggal sabadan, diangken deui ku Allah, sarta rasa mumusuhanana disirnakeun. 17 Sumpingna Al Masih teh ngadatangkeun beja pibungaheun hal karapihan, boh ka nu jauh, boh ka nu deukeut. 18 Nya ku karana Al Masih, nu Yahudi jeung nu lain Yahudi dibeungkeut dina hiji Ruh sarta widi dumeuheus ka Allah nu jumeneng Rama. 19 Ku kituna, aranjeun teh geus lain bangsa deungeun anu teu ngabogaan hak naon-naon. Ayeuna mah, aranjeun teh geus jadi warga umat Allah, anggahota kulawargi Mantenna, 20 anu diadegkeun dina hiji pademen beunang rasul-rasul jeung nabi-nabi; sedengkeun nu jadi batu pamageuhna, nya Al Masih ku anjeun. 21 Nya salira Al Masih anu jadi pamageuh adegan sagemblengna, nepi ka ngajengleng ngajadi hiji bait Allah anu suci. 22 Ku jalan manunggal jeung Al Masih, aranjeun oge diadegkeun jadi hiji wangunan panglinggihan Ruh Allah.

Epesus 3

1 Simkuring, Paulus, pangna dipanjara teh geus kersaning Isa Al Masih keur kapentingan aranjeun, anu lain bangsa Yahudi. 2 Sakumaha dulur-dulur oge terang, yen Allah nu sipat welas asih teh, maparin tugas ka simkuring kudu digawe pikeun kapentingan aranjeun. 3 Pamaksadan Allah anu gaib teh, geus diwahyukeun ka simkuring; sakumaha nu geus dipedar saperluna dina surat simkuring. 4 Mun eta geus dibaca, tanwande ku dulur-dulur kagambarkeun nepi ka mana simkuring terang kana eta rasiah hal Al Masih teh. 5 Baheula-baheula mah, can aya anu dibere nyaho rasiahna teh. Tapi kiwari, eta rasiah teh, ku Ruh Allah geus diwahyukeun ka rasul-rasul sarta nabi-nabi-Na anu sajati. 6 Rasiahna kieu: Bangsa-bangsa anu lain Yahudi, ku jalan manunggal jeung Isa Al Masih — ku sabab diwawaran Injil — baris disaruakeun jeung urang Yahudi: Nya jadi sawaris, sabadan, jeung meunang bagian tina perjangjian Allah ge babarengan. 7 Kalayan kurnia Allah, nya simkuring anu dikersakeun ngawawarkeunana, numutkeun kakawasaan Mantenna. 8 Nya simkuring, anu panglaipna ti sasama abdi Allah, geus dipaparin kurnia pikeun ngawawarkeun eta Injil; hususna mah, ka dulur-dulur, — nya nu lain bangsa Yahudi tea — pikeun ngembarkeun yen Al Masih teh sugih taya babandinganana. 9 Oge pikeun mere terang, kumaha ngalaksanakeunana eta rasiah Allah — Anu nyipta sajagat raya — anu geus dirasiahkeun mangabad-abad lilana. 10 Tapi ari kiwari mah, ku jamaah, eta saniskara hikmat kawijaksanaan Allah teh kudu diwawarkeun ka parapimpinan sarta pangawasa sawarga; 11 sapagodos jeung pamaksadan Allah anu dikandung geus mangabad-abad tea, anu kiwari geus laksana ku Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang. 12 Ku jalan manunggal sarta iman ka Al Masih, urang teh widi ngadeuheus ka Allah kalawan hate yakin. 13 Ku sabab eta, pamenta simkuring, aranjeun ulah rek leutik hate pedah simkuring kabalangsak. Malah kudu dipake gede hate lantaran hal eta teh, nya keur kapentingan aranjeun. 14 Ku sabab eta, simkuring tapak deku ka Allah, Rama, 15 anu maparin ngaran ka sakabeh golongan anu aya di sawarga jeung di bumi. 16 Simkuring muntang ka Mantenna anu mulya tanpa tanding, supaya kawasa Ruh-Na nguatkeun batin aranjeun, 17 malar Al Masih linggih dina hate aranjeun anu ariman, sarta aranjeun bisa kuat akaran dina dasar kanyaahan. 18 Disuhunkeun ka Mantenna, malar dulur-dulur katut sakabeh jelema anu percaya ka Allah, ngarasa yen kanyaah Al Masih teh teu aya wates wangenna. 19 Eta welas asih Anjeunna anu tanpa wangenan teh, sing sumerep sumurup, sanajan henteu kahontal ku akal. Mugi-mugi jiwa dulur-dulur pinuh ku sing sarwa kasampurnaan Allah. 20 Sabab Allah teh iasa ngabulkeun panuhun urang leuwih ti anu dikedalkeun, malah leuwih ti anu aya dina angen-angen; sakumaha nyata tina kakawasaana-Na anu barangdamel di jero diri urang. 21 Mantenna wajib dimulyakeun di jamaah sarta dina kamanunggalanana jeung Isa Al Masih, turun-tumurun, salalanggengna. Amin.

Epesus 4

1 Simkuring, hiji sakitan tina sabab jadi abdina Gusti, kacida ngaharepna, muga hirup dulur-dulur sing saluyu jeung maksad panyaur Allah: 2 Handap asor salawasna sarta sareh budi; kalawan tetep sabar ka papada sabab dilimpudan ku kanyaah. 3 Masing ruket layeut dina katunggalan Ruh: 4 Sabadan, sa-Ruh, — kapan anu diarep-arep oge sarupa, nya eta pangarep-ngarep anu dumasar kana maksud panyaur Allah tea — 5 sa-Gusti Jungjunan, saiman, sarta sabaptisan; 6 lian ti eta, Allah anu disembah ku urang ge kudu tunggal, nya eta Rama sakumna manusa, — Gustining sakabeh — Nu barangdamel dina sagala rupa hal, Nu jumeneng dina sagala perkara. 7 Urang geus dipaparin kurnia. Masing-masing nurutkeun kumaha perluna numutkeun timbangan Al Masih. 8 Sakumaha ceuk Kitab: “Mangsa Anjeunna munggah ka manggung, munggahna nyandak boyongan-boyongan, sarta maparin rupa-rupa kurnia ka manusa.” 9 Kecap-kecap “Anjeunna munggah ka manggung,” eta teh netelakeun yen Anjeunna kungsi lungsur ka ieu bumi. 10 Eta Anu lungsur teh lajeng munggah ka manggung nu aya di jabaning langit, pikeun jumeneng tur ngereh sajagat raya. 11 Sih kurnia-Na nu dipaparinkeun teh, nya eta aya jalma anu dijadikeun rasul-rasul, aya nu dijadikeun nabi-nabi, juru-juru Injil, pamingpin-pamingpin jamaah, sarta guru-guru jamaah. 12 Eta sakabeh dianggo jalan, sangkan umat anu percaya ka Allah bisa ngalampahkeun tugas anu geus dipaparinkeun ku Mantenna, nya pikeun kajembaranana salira Al Masih. 13 Lian ti eta, supaya urang oge bisa ngahontal katunggalan dina hal iman sarta dina hal kanyaho ka Putra Allah, malar bisa jadi Manusa nu sampurna saperti kasampurnaan Al Masih. 14 Upama geus bisa kitu, urang teh geus moal kawas budak anu masih keneh bisa dibibitaan; moal kawas ombak anu beunang diulinkeun ku angin; moal kaolo ku rupa-rupa pangajaran teu uni, nya nu diasong-asong ku jelema-jelema julig, nu rek nipu merdaya sarta nyilakakeun tea; 15 sabalikna, kalawan dibarung ku kanyaah, urang teh kudu medar nu bener; tangtu urang baris leuwih mekar nuju kana kasampurnaan saperti Al Masih anu jadi kapala urang. 16 Nya Anjeunna puseur nu ngatur sakujur badan katut sagala babagianana. Upama tiap-tiap babagian badan sauyunan ngalakonan kawajibanana nurutkeun tugasna masing-masing tur didadasaran ku silih pikanyaah, tinangtu sakujur badan bakal hirup kalawan huripna. 17 Kalawan asma Gusti, simkuring rek ngelingan: Omat, dulur-dulur, ulah angger bae hirup nurutan jelema-jelema anu teu percaya ka Allah, anu angen-angenna marinculak. 18 Nu kararitu teh hirupna poekkeun, geus teu make kana jalan ti Allah, baredegong, tur bodo katotoloyoh. 19 Geus euweuh kaerana, resep ngalajur napsu, sarta paboro-boro nyiar kauntungan ku jalan kotor. 20 Kapan piwulang Al Masih ka aranjeun mah lain kitu! 21 Dulur-dulur geus terang ka Anjeunna, geus jaradi murid-Na sarta arapal kana piwulang-Na tina sual bebeneran. 22 Ku sabab eta, geura piceun eta adat hirup aranjeun nu heubeul teh! Geura ruang watek nu heubeul teh! Upama teu kitu, cilaka; tangtu aranjeun palid ku hawa napsu sorangan. 23 Hate jeung pikiran kudu robah, kudu anyar. 24 Kudu jadi manusa anyar anu luyu jeung keur waktu diciptakeunana ku Allah, nya eta sayakti jeung suci kaayaanana. 25 Jadi, aranjeun teh ulah silih bohongan deui. Kudu jujur pada batur sabab geus jaradi anggahota tina hiji badan. 26 Mun aranjeun pareng ambek, omat, ulah katalanjuran nepi ka jadi dosa. Memeh panonpoe surup, ambek oge kudu geus sirna. 27 Masing ati-ati, Iblis mah ulah dibere omber! 28 Jelema anu pagaweanana maling, ulah pulang-paling deui. Kudu daek singkil, usaha nyiar pagawean anu halal; ngarah bisa tutulung ka nu butuh ongkoh. 29 Mun aranjeun ngucap ge, ulah matak nyugak. Sing hade pokpokanana sakumaha perluna, malar katarima ku nu ngadengena. 30 Ulah nyiar-nyiar pinalangsaeun Ruh Allah nu suci; da aranjeun teh enggeus disegel ku Mantenna pikeun tanda dina poean aranjeun narima kasalametan. 31 Aranjeun ulah sok ngunek-ngunek, ngayunkeun kakeuheul ngumbar amarah, ulah sentak-sengor, sarta supu-sapa; anu kitu mah kudu dijauhan; kitu deuih, sagala lampah nu goreng. 32 Jeung pada batur kudu sareh, langsar hate, sarta silih hampura. Sabab aranjeun oge geus dihampura ku Allah, ku karana Al Masih.

Epesus 5

1 Dulur-dulur geus diangken putra sarta dipikaasih ku Allah. Ku sabab eta, aranjeun teh kudu nulad ka Mantenna. 2 hirup aranjeun teh kudu dilimpudan ku kanyaah, saperti conto ti Al Masih. Geuning Anjeunna mah ku bawaning asihna ka dulur-dulur, nepi ka pupus ngorbankeun anjeun jadi hiji kurban anu seungit kaambungna ku Allah. 3 Ku sabab aranjeun geus jadi kagungan Allah, kudu mahing kalakuan rucah katut anu ingkar tina susila; kitu deui, tabeat hawek. 4 Ulah ngomong sugal, gagabah atawa cawakah, leuwih hade muji ka Allah. 5 Sabab tangtu aranjeun ge terang, yen jelema-jelema rucah, nu ingkar tina susila, sarta nu hawek, - da hawek teh kaasup nyembah ka brahala keneh - pamohalan meunang tempat di Karajaan Al Masih; hartina, pamohalan ku Allah dipaparin warisan. 6 Aranjeun ulah ngadenge kana omong pangoloan sabab anu ngalawan ka Mantenna teh pasti dibenduan. 7 Kahade, aranjeun teh ulah kabaud ku anu kararitu. 8 Bener, tadina mah, dulur-dulur teh jelema poek; tapi ayeuna mah, geus ngajadi jelema caang; Jadi, kudu hirup sakumaha pantesna nu jadi caang. 9 Sabab sipat hade, sipat adil, sarta sipat sajati teh ngajadi ngan ku caang. 10 Kalakuan aranjeun teh kudu sing sapuk jeung Gusti. 11 Ulah milu-milu kana lampah teu mangpa'at, anu asal ti nu poek. Malah anu kararitu teh kudu dicaangkeun. 12 Pagawean anu sok dilalampahkeun bari susulumputan teh, nyebutna oge geus matak era parada. 13 Sagala rupa oge, ari geus kasorot ku caang mah, ngabuliklak: Tembong kumaha kaayaanana anu sabenerna. 14 Sabab naon bae anu geus kasorot mah, jadi caang. Geuning aya kacaturkeun kieu: “Eh, nu hees! Geura nyaring, geura hudang tina paeh. Tuh cahaya Al Masih gumebyar, baris nyaangan maneh!” 15 Jadi, aranjeun teh, hirup sing ati-ati: Kudu lantip wijaksana, ulah milih anu nirca. 16 Urang teh hirup dina jaman anu goreng; jadi, tiap waktu anu katimbang mustari kudu digunakeun enya-enya. 17 Aranjeun teh ulah balangah, sing awas kana pangersa Allah; 18 Aranjeun ge, ulah sok mabok, temahna matak ngaberung napsu; sabalikna, turutkeun panuyun Ruh. 19 Kudu silih lilipur ku lagu-lagu Zabur, lagu-lagu pupujian, jeung kidung-kidung rohani sejenna. 20 Salawasna, aranjeun ulah kendat muji nganuhunkeun kana sagala pasihan Allah, kalawan asma Gusti Jungjunan urang, Isa Al Masih. 21 Lian ti eta, jeung pada batur, aranjeun teh kudu silih kawulaan tandaning ngabakti ka Anjeunna. 22 Pamajikan kudu ngesto ka salaki, cara ngesto ka Al Masih. 23 Sabab salaki teh anu ngapalaan pamajikan, saperti Al Masih oge jadi Kapala jamaah. Anjeunna anu ngabela jamaah teh, nya salira-Na tea. 24 Dina sagala hal pamajikan teh kudu ngesto ka salaki, cara jamaah ngesto ka Al Masih. 25 Sabalikna, salaki kudu nyaah ka pamajikan, cara Al Masih nu bumela ka jamaah, nepi ka iklas naruhkeun pati; 26 nya eta teh pikeun nyucikeun jamaah, salira-Na tea; mersihkeunana teh ku cai kalawan pangandika-Na; 27 ku jalan eta, Anjeunna iasa nempatkeun jamaah dipayuneuna-Na: Ngagenclang, taya cacad kuciwana, sarta taya kusut karijutna. 28 Kitu sababna, nu matak salaki kudu nyaah ka pamajikan teh, lir ka awak sorangan tea. Nu nyaah ka pamajikan teh, sarua jeung nu nyaah ka diri pribadi. 29 Da moal aya jelema anu ngewa ka awak sorangan; sabalikna, awakna teh dimemenan dipulasara. Kitu oge, Al Masih ka jamaah teh. 30 Lantaran jamaah teh salira-Na ku anjeun, ari urang jadi anggahota-anggahotana. 31 Ceuk Kitab: “Ku sabab kitu, lalaki teh bakal ingkah ti indung bapana; terus manehna ngahiji jeung pamajikanana sarta duanana bakal ngajadi tunggal sabadan.” 32 Ieu teh, rasiah anu jero hartina. Ari ceuk simkuring mah, eta teh ngeunaan kasatunggalan Al Masih jeung jamaah-Na. 33 Tapi kumaha bae oge hartina, tetep bae, salaki mah kudu nyaah ka pamajikan lir ka awak sorangan sarta pamajikan kudu ngesto ka salaki.

Epesus 6

1 Barudak, sing nurut ka kolot, sakumaha wajibna anu percaya ka Al Masih. 2 “Sing hormat ka indung bapa.” Eta teh tina Sapuluh Timbalan, anu pangheulana ngandung jangji. Jangjina kieu: 3 “Supaya hirup maraneh jamuga tur dipanjangkeun nya umur.” 4 Aranjeun, - nu jadi kolot - poma, ulah nyieun piambekeun anak. Didik anak teh kana kasatiaan nurutkeun piwulang Al Masih. 5 Aranjeun, parakawula! Satungtung kumawula, aranjeun wajib tunduk, sieun, jeung ajrih ka dunungan. Kumawula teh kudu saiklas-iklasna, cara kumawula ka Al Masih bae. 6 Rajin teh ulah ngan rajin di hareupeun wungkul, ngarah pangalem papada jelema, tapi sing cara ngalakonan parentah Allah. Anu kumawula ka Al Masih mah wajib kitu teh. 7 Baranggawe ge kudu jeung gumbira, lir nu kumawula ka Gusti, lain ka jelema. 8 Kapan aranjeun teh terang, yen tiap jalma, — boh nu kumawula, boh nu merdika — nu hade gawe mah tangtu ku Gusti diganjar. 9 Aranjeun, paradunungan, kudu adil, ulah pilih kasih ka anu jadi kawula sarta ulah sok maen ancam. Inget: Gusti maranehna teh, tunggal keneh Gusti aranjeun nu di sawarga, anu teu ngabeda-beda harkat jelema. 10 Pamungkas, dulur-dulur, aranjeun teh kudu kuat, tapi kuatna teh kudu lantaran muntang ka Al Masih anu kawasa. 11 Gunakeun sakabeh pakarang jurit ti Allah, supaya sanggup ngayonan akal tipu muslihat Iblis. 12 Sabab anu diayonan ku urang teh, lain papada mahluk tina daging jeung getih, tapi bangsa gegedug-gegedug, nu karawasa, nu ngagareugeuh karajaan-karajaan poek kiwari, sarta roh-roh jahat ti alam gaib. 13 Ku sabab kitu, gunakeun sakabeh pakarang ti Allah, supaya dina mangsa datang panarajang, aranjeun bisa tagen sarta bisa unggul. 14 Sing tarapti. Dangdanan jeung pakarang anu kudu dipake teh nya eta: Kayaktian lir sabukna sarta kaadilan, lir tameng dadana; 15 kaiklasan nyebarkeun Injil-karukunan lir tarumpahna; 16 Iman urang, lir tamengna nu sanggup mareuman jamparing-jamparing seuneu si Jahat; 17 Kasalametan, lir balakutak panutup sirah; ari pedangna, nya eta Ruh, tegesna Pangandika Allah tea. 18 Salawasna kudu neneda, muntang kana panuyunna Ruh. Jadi, sing waspada salalawasna jeung ulah kendat-kendat neneda ka Allah pikeun kasalametan sakumna umat Mantenna. 19 Pangnedakeun oge, simkuring, mugi-mugi ku Allah dipaparin perceka pinter nyarita, malar ludeung taya kakeueung enggoning ngamashurkeun rasiah Injil, 20 anu ngalantarankeun simkuring, utusan Mantenna, dipanjara. Pangnedakeun, supaya simkuring dipaparin wawanen pikeun medarkeun dawuhana-Na, nu geus jadi kawajiban simkuring. 21 Hal kaayaan simkuring ayeuna, engke bakal didadarkeun ku Tihikus, dulur urang nu kameumeut, anu rajin ngabantu baranggawe kanggo Gusti. 22 Anjeunna diutus teh, nya sina nyaritakeun kaayaan simkuring tea; sakalian, pikeun nengtremkeun hate dulur-dulur oge. 23 Mugi-mugi Allah, - Rama - kitu deui Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang, maparin katengtreman, sih piwelas, jeung iman ka dulur-dulur. 24 Mugi-mugi Allah maparinkeun rahmat-Na ka sakur anu satia, nya eta anu mikanyaah ka Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang tea.

Pilipi 1

1 Ti Paulus jeung Timoteus, abdi-abdi Isa Al Masih. Kahatur umat Allah di Pilipi, parapamingpin jamaah, katut parapangbantuna. 2 Pidu'a simkuring, mugi aranjeun sing sami marendak rahmat karahayuan ti Allah, — Rama urang — jeung ti Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang. 3 Saban inget ka dulur-dulur, simkuring teu weleh muji sukur ka Allah. 4 Jeung deui, saban-saban mangnedakeun dulur-dulur, simkuring teu petot gumbira; 5 dumeh dulur-dulur teh, geus ngabantu simkuring dina pangwawaran Injil, ti barang prak nepi ka ayeuna pisan. 6 Kalawan berkah Allah, ieu kawajiban teh ku dulur-dulur dilakonan kalawan lungsur-langsar. Simkuring yakin, yen ka hareupna oge, Mantenna baris nyarengan ka aranjeun nyacapkeun padamelana-Na nepi ka mangsa sumpingna Isa Al Masih. 7 Geus munasabah, mun simkuring tibelat ka dulur-dulur teh; sabab ieu hate simkuring teh, cumantel bae. Ngarasa papada dipaparin sih kurnia ku Allah, sanajan simkuring ayeuna keur dipanjara. Nya kitu keneh dina waktu ngabela jeung ngukuhkeun Injil di hareupeun pangadilan oge. 8 Allah anu langkung tingali, kumaha tibelatna simkuring ka dulur-dulur, kajurung ku asihna Isa Al Masih ku anjeun. 9 Pamenta simkuring, mugi dulur-dulur sing beuki gede kanyaah, sing beuki ngarti, jeung tambah lantip; 10 malar bisa milih-milih mana anu hade, 11 tur leubeut ku sipat-sipat anu sajati, ku berkahna padamelan Isa Al Masih, anu matak jadi puji jeung hormat ka Allah. 12 Supaya dulur-dulur terang: Sagala anu karandapan ku simkuring teh geus pohara ngabantuna kana sumebarna Injil. 13 Saeusi karaton prabu Rum, kitu deui anu lian-lianna, ayeuna mah geus tarerangeun yen pangna simkuring dipanjara teh lantaran percaya ka Al Masih. 14 Jaba ti kitu, ku lantaran simkuring dipanjara teh loba dulur-dulur saiman anu beuki teleb percayana ka Gusti Jungjunan urang, tur laludeung nepikeun dawuhan Allah. 15 Enya, di antara maranehna, aya anu ngawawarkeunana hal Al Masih teh kajurung ku sirik jeung niat ngalindih ka simkuring; tapi anu enya-enya iklas oge, loba. 16 Ari anu ariklas tea, kajurung ku ha'atna ka simkuring; dumeh karasaeun, yen pangna simkuring dipanjara teh lantaran ngabela Injil. 17 Ari nu sejenna mah, ngawawarkeun Al Masih teh, keur tujuan kapentingan sorangan; jaba ti eta, tekadna ge teu beresih. Maksudna mah, supaya simkuring anu keur dipanjara teh, beuki sangsara. 18 Tapi da henteu matak aya pangaruhna; sabab ku kitu ku kieu oge, boh ku nu jujur boh ku anu pura-pura, buktina mah tetep Al Masih teh diwawarkeun. Jadi, simkuring mah bungah bae anu aya. 19 Bungahna teh, lantaran ngarasa yen ieu teh jadi pijalaneun simkuring kana kasalametan, berkah pidu'a ti dulur-dulur katut pangjaring-Na kawasa Ruh Isa Al Masih. 20 Tekad simkuring geus buleud, moal rek boga lampah anu matak ngawirangkeun. Nyarita rek tatag jeung satarabasna, seja ngamulyakeun Al Masih kalawan diri sakujur sakumaha sasari; malah ayeuna mah rek leuwih ti kitu, sanajan nepi ka kudu ngarandapan maot. 21 Da naon atuh ari hirup teh? Pikeun simkuring mah, hirup teh, nya eta Al Masih. Jadi, paeh teh mangrupa hiji kauntungan. 22 Tapi upama simkuring diparengkeun panjang umur sarta bisa migawe hal-hal anu penting, kumaha atuh pihadeeunana? Lebah dieu, simkuring teu bisa nangtukeun mana anu kudu dipilih! 23 Asa dibedol ka ditu ka dieu: Aya hayang geura los mulang ngahiji jeung Al Masih; sabab eta anu panghadena mah; 24 tapi aya oge hayang tetep keneh hirup, tina ngaraskeun ka dulur-dulur. 25 Panghadena, pikeun aranjeun mah, upama simkuring tetep hirup. Ku kituna, simkuring yakin, yen urang baris bisa keneh reureujeungan, nya eta pikeun nguatkeun iman jeung nambahan kabungah dulur-dulur. 26 Jadi, engke, di mana simkuring datang deui, dulur-dulur baris leuwih ngarasa reueusna ku simkuring teh sajeroning iman ka Isa Al Masih. 27 Utamana, ayeuna mah, hirup dulur-dulur teh sing saluyu jeung piwuruk Al Masih. Bisa bae simkuring datang, tangtu bakal kasaksian ku panon sorangan; atuh dina ayana halangan nepi ka teu bisa datang, hayang meunang bejana, yen dulur-dulur teh pengkuh sarta satekad enggoning ngimankeun Injil. 28 Ulah rentag ku nu jadi lawan. Sabab pikeun maranehna mah, eta teh, jadi tanda yen maranehna aya di pihak anu rugi. Tapi pikeun dulur-dulur mah, eta teh, tandaning diraksa ku Allah. 29 Sabab sih kurnia anu geus dipaparinkeun ka dulur-dulur teh, lain bae pikeun percaya ka Al Masih; tapi pikeun nandangan sangsara oge, tina lantaran iman ka Anjeunna. 30 Anu diperjuangkeun ku dulur-dulur jeung simkuring teh sarua. Kumaha simkuring memperjuangkeunana, bareto; kapan ku dulur-dulur ge, geus kasaksian. Tah ayeuna, dulur-dulur ge, meunang beja yen hal eta teh ku simkuring masih keneh diperjuangkeun.

Pilipi 2

1 Ku sabab dina kamanunggalan jeung Al Masih teh aya pepeling, aya panglipur ti asih-Na, aya apingan Ruh, aya silih asih, sarta silih pikanyaah; 2 sabab eta, dulur-dulur, sampurnakeun kabungah simkuring teh, ku jalan sing sahate, sapikir, sakanyaah, sajiwa, sarta sing sauyunan. 3 Ulah pakia-kia atawa pagirang-girang tampian; anggur kudu handap asor, mandang batur leuwih luhur harkatna. 4 Ulah ngan inget kana kaperluan sorangan bae, kaperluan batur oge kudu diperhatikeun. 5 Aranjeun kudu miboga sipat eta, sakumaha Al Masih tea. 6 Kapan Al Masih teh, ari wujud-Na mah, salira Allah; tapi sanajan kitu, Anjeunna henteu kamagungan. 7 Eta kaagungana-Na teh, anggur dianggo kumawula; Anjeunna ngajadi saharkat jeung manusa, nyorang hirup sakumaha manusa ilahar. 8 Estuning ngalaipkeun Anjeun, ta'at-Na, tug nepi ka pupus: Paragat nyawa disalib. 9 Nu matak ku Allah, Anjeunna teh, dijungjung pangluhurna sarta dipaparin gelaran pangpunjulna, 10 nepi ka sakabeh nu di sawarga, nu di bumi, jeung nu di alam kubur sarujud ka Anjeunna anu ngagem jenengan Isa. 11 Kabeh baris ngaku: “Isa Al Masih teh Gusti Panutan,” pikeun kamulyaan Allah anu jumeneng Rama. 12 Nu enggeus-enggeus mah, dulur-dulur teh, teu weleh satia. Kitu teh, ulah ngan keur di hareupeun simkuring wungkul; tapi komo ayeuna, keur urang pajauh kieu, sing leuwih-leuwih. Jaba ti eta, sampurnakeun naon nu geus jadi milik aranjeun teh, - kasalametan tea - kalawan sing hormat ka Pangeran. 13 Lantaran nya Mantenna anu barangdamel nyarengan ka dulur-dulur, nepi ka karep jeung kalakuan aranjeun bisa sapuk jeung pangersa-Na. 14 Enggoning ngalampahkeun kawajiban ulah bari kukulutus jeung pahiri-hiri. 15 Sing kuat ku dodoja, ulah galideur, tandaning enya jaradi putra Allah, anu taya kuciwana. Hirup di masarakat nu jahat sarta doraka, aranjeun teh kudu jadi saibarat bentang-bentang anu tingkaretip di langit. 16 Jadi, aranjeun kudu pageuh muntang kana Pangandika tea, anu maparin hirup kalawan huripna. Mun heug kitu, mana teuing sugemana simkuring engke dina mangsana Al Masih sumping, dumeh beunang usaha hese cape teh henteu mubadir. 17 Sanajan simkuring kudu nepi ka ngocorkeun getih jadi kurban marganing iman kayakinan dulur-dulur, simkuring estuning rido. Mugia, eta karidoan simkuring teh, sing jadi matak bungah ka aranjeun. 18 Ku kituna, aranjeun oge sing rido, supaya simkuring oge bisa milu bungah. 19 Lantaran yakin yen Isa, Gusti Jungjunan urang, baris marengkeun; niat simkuring teh, buru-buru bisa ngutus Timoteus ka aranjeun; pangpangna hayang buru-buru terang kumaha kaayaan dulur-dulur. 20 Kakara simkuring mah manggih jelema anu totomplokan nyaahna ka simkuring, tur sakitu gede kamelangna ka dulur-dulur. 21 Da lumrahna mah, jelema-jelema teh, ngan ukur mentingkeun dirina bae; boro-boro ngesto ka Al Masih. 22 Kapan ari Timoteus mah, ku dulur-dulur oge, geus kanyahoan kabelaanana. Simkuring jeung anjeunna teh, dina ngawawarkeun Injil, lir bapa jeung anak. 23 Saberesna urusan simkuring, anjeunna baris gancang-gancang diutus. 24 Simkuring sorangan hayang bisa tereh-tereh ngalongok aranjeun. Mugia Gusti kersa marengkeun. 25 Ku timbangan simkuring, Epaproditus rek buru-buru dijurung mulang deui. Anjeunna teh, nya jadi sobat, nya jadi pangdeudeul, nya kanca saperjuangan, anu ku dulur-dulur diutus sina maturan jeung ngentengkeun karepotan simkuring. 26 Anjeunna oge, hayangeun geura-geura bral mah; cenah, karunya ka dulur-dulur anu mikamelang, dumeh meunang beja yen anjeunna gering. 27 Enya, payah geringna teh. Sukur Allah mikawelas, lain ka anjeunna bae, tapi ka simkuring oge, nepi ka simkuring teu kungsi meunang kasusah leuwih beurat. 28 Eta sababna, anjeunna sina buru-buru mulang teh. Ari geus tepung mah, aranjeun bungah, simkuring bungah. 29 Heug, bageakeun eta dulur saiman teh. Jelema kawas anjeunna mah, kabeh oge, pantes dihormat samistina. 30 Bawaning ku satia ngalampahkeun tugas ti Al Masih, meh bae anjeunna tiwas; kituna teh, enggoning ngabantu simkuring pikeun nyuluran aranjeun tea.

Pilipi 3

1 Cindekna mah, dulur-dulur, heug sing barungah dina kamanunggalan jeung Gusti. (3-1b) Simkuring teu hoream malikan papatah anu bareto, anu baris pisalameteun mah. 2 Kahade sing ati-ati, loba anjing jahat, nya eta jelema-jelema tukang sunat palsu. 3 Da urang mah geus narima sunat anu sajati. Urang mah ibadah ka Allah teh kalawan panuyun Ruh Allah. Urang mah muntang ka Al Masih, lain kana ciri lahir. 4 Simkuring sorangan, upama tea mah rek ngandel ka anu kararitu, kacida munasabahna; malah leuwih munasabah, ti batan batur. 5 Lantaran keur simkuring umur dalapan poe ge, geus disunatan; tur turunan Israil ti kaom Binyamin; urang Ibrani asli; ta'atna kana hukum Toret, simkuring teh ti madhab Parisi; 6 malah simkuring mah, kacida sumangetna dina nganiaya jamaah Al Masih; kitu deui dina nyumponan hukum Toret, simkuring mah taya cawadeunana. 7 Tapi sanggeus simkuring raket ngahiji jeung Al Masih, eta kabeh teh, anu tadina disangka nguntungkeun, sihoreng ngan ngarugikeun. 8 Malah lain eta bae. Sanggeus terang yen Isa Al Masih, — Gusti Jungjunan simkuring — estu mulya tanpa tanding; hal-hal sejenna mah, asa taya pangajina pisan; anu karitu mah geus dipiceun, — da ngan ukur runtah — malar diri bisa kapimilik ku Al Masih; 9 bisana manunggal jeung Anjeunna teh, lain ku tarekah sorangan, — nya eta ku jalan ta'at kana hukum Toret — tapi ku lantaran percaya ka Al Masih. Nya ku lantaran percaya tea, simkuring ku Allah diangken jelema bener teh. 10 Taya deui cita-cita simkuring, jaba ti hayang enya-enya wanoh ka Anjeunna, bisa ngarasakeun hikmat mujijat gugah-Na ti nu maraot, ancrub kana kasangsaraana-Na, sarta dina nyorang ajal oge, hayang kawas Anjeunna; 11 kalawan pangarep-ngarep, yen simkuring bisa hudang deui ti nu maraot. 12 Simkuring henteu boga angkeuhan geus hasil atawa geus sampurna. Tapi simkuring rek enya-enya ngudag eta tujuan, nepi ka beunangna. Sabab eta pisan anu ditugaskeun ku Isa Al Masih, nalika simkuring disaur ku Anjeunna teh. 13 Dulur-dulur, simkuring henteu boga angkeuh geus bisa ngahontal eta cita-cita. Kieu nu enya mah: Nu geus kaliwat teh dipopohokeun, sateka-teka rek ngudag pikahareupeun. 14 Ngudag teh junun ka anu jadi tujuan, ngalap pahla ti sawarga, numutkeun panyaur Allah ku karana Isa Al Masih. 15 Sarerea ge, anu jiwana sawawa mah, kudu kitu tekad teh. Dina ayana salah saurang di aranjeun anu beda pamanggihna, tangtu ku Allah dipaparinan terang. 16 Ku kitu ku kieu, tetep kudu junun ka anu jadi tujuan. 17 Tuturkeun hirup simkuring, bari awaskeun batur nu hirupna nurutkeun conto ti simkuring sabatur-batur. 18 Simkuring geus sering mepelingan aranjeun; ayeuna ge kitu, seja mepelingan deui bari jeung ceurik balilihan, yen loba pisan jelema anu milih jalan hirup anu sejen, jadi musuh-musuh Al Masih anu disalib. 19 Nu karitu lampahna teh, pasti cilaka; da nu dilulugukeun teh ngan eusi beuteung bae; nu dipuhit ngan kagorengan wungkul; nu dipikiran ngan hal-hal kadunyaan. 20 Tapi ari urang mah, warga-warga sawarga; ti dinya oge urang nganti-nganti sumpingna Juru Salamet teh, tegesna Isa Al Masih. 21 Anjeunna baris ngarobah kaayaan diri urang anu kacida hinana, ngajadi sarua jeung salira-Na anu mulya, anu pangawasa-Na geus bisa ngungkulan saniskara.

Pilipi 4

1 Ku sabab eta, dulur-dulur, — nu jadi kanyaah reujeung katineung; nu jadi makuta jeung puseur kabungahan simkuring — sing pengkuh ka Gusti. 2 Ka Nyi Eodia jeung Nyi Sintika, simkuring mere pepeling: Sing sahate jeung sapikiran, nya ngesto ka Gusti! 3 Ka saderek Sunsugos, ki sobat anu bumela, simkuring meredih: Muga ieu dua wanita teh dibantu. Maranehna geus enya- enya ngabantu ka simkuring ngamashurkeun Injil, — bareng jeung saderek Klemen katut batur-batur simkuring lianna — anu ngaran-ngaranna geus kacatetkeun dina Kitab Kahirupan. 4 Dulur-dulur, sing ngarasa bagja salilana dina kamanunggalan jeung Gusti! Sakali deui, cek simkuring: Sing ngarasa bagja! 5 Kasarehan aranjeun ge, keun sina katembong ku unggal jelema. Gusti Jungjunan urang teh tereh sumping. 6 Ulah aya kasalempang di aranjeun mah. Sagala anu jadi pangabutuh aranjeun, unjukkeun bae ka Allah ku paneda dibarung ku muji sukur. 7 Dina kamanunggalan aranjeun jeung Isa Al Masih, tangtu sih kurnia-Na, — anu moal kahontal ku akal — baris nengtremkeun jiwa aranjeun. 8 Cindekna, dulur-dulur, kudu bisa milih-milih: Mana nu bener, nu mulya, nu adil, nu suci, nu picontoeun sarta kaajen, anu hade tur pujieun. 9 Jalankeun sagala piwuruk katut conto-conto ti simkuring, boh anu mangrupa nasehat, boh nu mangrupa kalakuan. Upama kitu, Allah nu jadi tangkaling karahayuan, tangtu nyarengan ka aranjeun. 10 Simkuring pohara asa bagjana, da ayeuna mah geus karasa gedena katineung aranjeun ka simkuring teh. Memang, ti beh ditu keneh oge, geus gede kamelang dulur-dulur ka simkuring teh; ngan nya kitu, bareto mah, aranjeun acan aya kasempetan pikeun ngabuktikeunana. 11 Tapi simkuring nyarita kieu teh, lain pedah bareto ngarasa kakurangan; da simkuring mah, hirup teh, geus biasa cukup ku saaya-aya. 12 Simkuring mah, geus teu bireuk deui kana ngalaman kekerehet atawa lubak-libuk teh. 13 Hirup nu kumaha bae oge, simkuring mah kuat nandanganana. Tangtu eta teh lantaran dikuatkeun ku Anjeunna. 14 Papadaning kitu, hade oge eta pangdeudeul ti dulur-dulur teh; eta hartina, yen aranjeun teh geus milu nyorang lara balangsakna simkuring. 15 Aranjeun, saderek-saderek di Pilipi, tangtu aringet keneh basa simkuring miang ti Makedoni rek mimiti ngawawarkeun Injil tea; kapan anu pohara bumelana ka simkuring teh ngan aranjeun. Hiji-hijina jamaah anu daek sapapait samamanis enggoning ngabayuan keur kahirupan simkuring. 16 Sabab ti keur di Tesalonika keneh oge, dulur-dulur teh nepi ka dua kali ngiriman, mantu-mantu pangabutuh simkuring. 17 Saenyana, teu pisan-pisan simkuring malar pamere ti dulur-dulur. Ari nu dipalar teh, mugi eta kahadean aranjeun sing ngadatangkeun pahla pikeun kajembaran hirup aranjeun. 18 Sakabeh pangabutuh simkuring, ayeuna mah, ku dulur-dulur geus dicumponan, malah leuwih ti kitu. Turug-turug ku kiriman aranjeun anu ditepikeun ku Epaproditus, simkuring nepi ka lubak-libuk. Eta pitulung aranjeun teh, di payuneun Allah, tangtu mangrupa hiji kurban anu seungit, kamanah, tur matak kayungyun. 19 Allah anu ku simkuring disembah baris nyumponan sakabeh pangabutuh dulur-dulur, numutkeun kasugihana-Na karana kamulyaan dina kamanunggalan aranjeun jeung Isa Al Masih. 20 Sagala puji ka sanggakeun ka Allah anu jadi Rama urang, sapapaosna. Amin. 21 Pangnepikeun salam simkuring ka sakur anu percaya ka Isa Al Masih. Dulur-dulur anu babarengan jeung simkuring ge, ngahaturkeun salam ka aranjeun. 22 Kitu deui umat Al Masih sejenna, pangpangna anu darines di karaton sang prabu. 23 Sih kurnia Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang, nyarengan ka dulur-dulur sadaya.

Kolosa 1

1 Ti Paulus, rasul-Na Isa Al Masih kalayan pangersa Allah, jeung ti Timoteus dulur urang. 2 Kahatur anggota-anggota jamaah Allah di Kolosa, nya eta dulur-dulur anu saratia ka Al Masih. Mugi marendak sih kurnia katut karahayuan ti Allah Nu jadi Rama urang. 3 Saban-saban mangnedakeun dulur-dulur, simkuring teu weleh muji sukur ka Allah, Rama Gusti Jungjunan urang, Isa Al Masih. 4 Lantaran simkuring nguping, yen dulur-dulur teh ariman ka Al Masih tur mikaheman ka umat kagungan Allah, 5 anu dumasar dina pangharepan kana hal anu geus disayagikeun pikeun aranjeun di sawarga. Ayana eta pangharepan teh, ku dulur- dulur geus kakuping ti beh ditu keneh, tina hal pangandika anu sajati, nya eta Injil anu geus ditepikeun ka dulur-dulur tea. 6 Eta Injil geus sumebar ka sakuliah dunya sarta geus mimiti katingal buah-buahna sarta kamekaranana. Ti barang dulur-dulur nguping sarta sanggeus enya-enya tarerang kana sih kurnia Allah anu sajati tea, buah-buahna sarta kamekaranana teh oge katingal. 7 Nu geus ngawulang ka dulur-dulur teh saderek Epapras, papada kaula anu dipikameumeut, abdi Al Masih anu satia pikeun dulur-dulur. 8 Nya ti anjeunna, simkuring terang kana kanyaah dulur-dulur teh, nya eta kanyaah anu asal ti Ruh tea. 9 Eta sababna, ti barang nguping kitu, teu petot-petot simkuring nya mangnedakeun sarta nyuhunkeun malar dulur-dulur dipaparin lantip pikir caang batin; maksudna, supaya dulur-dulur terang kana pangersa Allah, hirup sapuk jeung pangersa-Na, sarta tumut kana parentah-Na. 10 Sabab upama kitu, sagala usaha dulur-dulur teh, — boh dina widang naon bae — baris hade tur loba hasilna sarta baris wuwuh terang ka Allah. 11 Dipangnedakeun deuih, mugi ku kawasa Allah anu agung, dulur-dulur bisa tagen dina rupa-rupa cocoba kalawan sabar tawekal. 12 Lian ti eta, dulur-dulur oge, iasa maruji sukur ka Rama bari jeung bungah; rehna, Mantenna kersa maparin jalan supaya aranjeun layak meunang warisan anu geus dihancengkeun pikeun umat Allah di alam caang. 13 Urang teh, ku Mantenna, geus direbut tina pangaruh kawasa alam poek; dicandak ka jero karajaan Putra-Na nu kaasih. 14 Nya Anjeunna anu jadi panebus sarta anu nanggel dosa-dosa urang. 15 Al Masih teh, sanyataning gambaran Allah anu sipat gaib, anu dijungjung ngungkulan sakabeh ciciptan. 16 Sabab sakabeh nu aya teh, nya ku Anjeunna dijadikeunana: Boh nu di langit atawa nu di bumi; boh nu nyata atawa nu sipat gaib; boh pangaruh-pangaruh atawa pangawasa anu sipat roh jeung raja-raja, atawa parapangawasa di satungkebing alam. Kabeh dijadikeunana teh ku Anjeunna sarta pikeun Anjeunna oge. 17 Anjeunna anu pangpunjulna sarta sakabeh anu aya teh nya ku lantaran Anjeunna. 18 Nya Anjeunna anu jadi kapala jamaah, lir sirahna awak. Anjeunna anu jadi huluwotan jamaah, nu pangheulana gugah ti alam maot. Eta sababna, Anjeunna dina sagala perkara jadi pangpunjulna. 19 Sabab Allah ku Manten anu kersa ngancik di salira-Na; 20 tuluy Salira-Na, ku Allah, didamel jalan pikeun ngadatangkeun karapihan antara Mantenna jeung sakur anu kumelip, boh nu di sawarga, boh nu di bumi. Ku jalan ngucurkeun getih-Na, dugi ka pupus, dina kayu salib. 21 Dulur-dulur oge, tadina mah, hirup teh jauh ti Allah; malah mah ngamusuh pisan, sakumaha bukti tina kalakuan aranjeun anu doraka. 22 Tapi ayeuna, aranjeun, ku Mantenna geus dicandak rapih deui; sabab geus ditebus ku Al Masih anu geus toh pati jiwa raga, malar dulur-dulur jadi suci, taya cacad kuciwana di payuneun Allah. 23 Ku sabab eta, masing pangger muntang kana kapercayaan jeung ulah leupas tina pangharepan anu diajarkeun ku Injil tea. Eta Injil teh geus sumebar ka sagala mahluk di kolong langit sarta simkuring, Paulus, geus dijadikeun abdi-Na. 24 Ayeuna simkuring teh bungah, dumeh geus diparengkeun nandangan sangsara enggoning ngabelaan aranjeun. Sabab hal eta teh, pikeun nyumponan naon anu jadi kakurangan dina kasangsaraan Al Masih, nya eta jamaah, salira-Na tea. 25 Kawajiban simkuring, nya kudu ngabdi ka jamaah. Ieu teh luyu jeung tugas anu geus dipaparinkeun Allah ka simkuring, nya eta pikeun ngawawarkeun pangandika-Na kalawan sagemblengna ka aranjeun. 26 Eta pangandika-Na anu geus mangabad-abad dirasiahkeun ka umat manusa teh, ayeuna, ku Mantenna geus ditembrakkeun ka umat-Na. 27 Mantenna seja mintonkeun, kumaha jembarna tur agungna eusi eta anu dirasiahkeun teh; nya anu kiwari geus kagurnitakeun ka sagala bangsa. Eusina eta rasiah teh, nya eta: Al Masih teh geus ngancik di diri aranjeun; Anjeunna anu jadi harepan aranjeun pikeun ngawaris kamulyaan anu langgeng. 28 Nya Al Masih eta pisan anu ku simkuring dimashurkeun teh, ku jalan mepelingan jeung ngawurukan saban jalma kalawan taya anu kaliwat. Maksudna, supaya hirup maranehanana jadi sampurna lantaran iman ka Al Masih. 29 Eta anu ku simkuring keur diusahakeun jeung ditarekahan teh, kalayan pitulung Anjeunna keneh anu kawasa maparin kakuatan ka simkuring.

Kolosa 2

1 Perlu ku simkuring diterangkeun, yen kacida hese-belekena usaha pikeun dulur-dulur teh; kitu deui, usaha pikeun urang Laodikea jeung anu sejen-sejenna anu tacan kungsi patepung jonghok jeung simkuring. 2 Nu dipalar ku simkuring teh, supaya maranehna taleger jeung tetep satunggal silih pikanyaah tur sugih ku pangarti, rebo ku kanyaho tina hal rasiahna kasalametan ti Allah, tegesna Al Masih tea. 3 Sabab nya Anjeunna, anu jadi sumber kawijaksanaan jeung pangaweruh anu sajati teh. 4 Simkuring nerangkeun teh, supaya dulur-dulur ulah katipu ku omong pangoloan. 5 Simkuring gede hate ningal dulur-dulur pengkuh nya iman ka Al Masih. Sabab paanggang soteh, sacara lahir; mungguhing batin mah, simkuring teh, teu weleh deukeut jeung aranjeun teh. 6 Ku dulur-dulur geus diaku yen Al Masih teh Panutan. Heug hirup teh sing sapuk sareng pangersa Anjeunna. 7 Masing ngakar sarta pageuh nya muntang ka Anjeunna, dibarung ku hate anu leber ku panarima. 8 Kahade, ulah kabengbat ku elmu anu kosong-molongpong tur matak sasab, nya anu ngakarna lain ka Al Masih tea; tapi kana elmu titinggal karuhun jeung pangaruh kakuatan alam anu gaib. 9 Padahal sajatining kamulyaan Allah teh, nya di salira Al Masih ngajirimna; 10 ku lantaran iman ka Anjeunna dulur-dulur bisa kawaris hirup anu sajati teh. Anjeunna ngungkulan sakabeh kakuatan jeung sakabeh pangawasa lianna anu aya di satangkaraking jagat. 11 Nu manunggal jeung Anjeunna teh, geus narima sunat. Lain sunat nu ilahar nu ngeunaan badan jasmani, tapi sunat ti Al Masih, nya eta sunat anu ngalantarankeun aranjeun leupas tina pangaruh napsu diri anu jahat. 12 Ku jalan narima baptisan, dulur-dulur teh geus milu dimakamkeun bareng jeung Anjeunna. Nya kitu deui, aranjeun oge baris diharudangkeun sarta hirup bareng jeung Anjeunna; lantaran aranjeun, percaya kana kakawasaan Allah anu parantos ngagugahkeun Anjeunna tea. 13 Bareto, lantaran hirup sasar, nuturkeun adat jelema-jelema anu teu palercaya ka Allah. Dulur-dulur teh, sasatna mah, geus paeh. Tapi ayeuna, aranjeun, ku Allah geus dihirupkeun deui bareng jeung Al Masih. Dosa-dosa urang kabeh geus dihampura. 14 Hutang urang teh, — anu sarat-saratna pohara matak rugi tur kacida ngabeuratkeunana — surat perjangjianana, geus dicoret. Malah geus dimusnakeun, dipaku dina salib. 15 Al Masih teh geus unggul, ngelehkeun sakumna pamarentahan katut pangawasa si jahat. Nya harita dina salib, maranehna, ku Anjeunna dijadikeun tongtonan balarea tandaning kaunggulan Anjeunna. 16 Ku sabab eta, tong sieun dicawad tina perkara kadaharan jeung inuman, tina pasal pesta-pesta taunan, atawa mestakeun mimiti tembongna bulan atawa poe Sabat. 17 Eta kabeh, ukur kalangkangna nu baris datang engke; da ari anu sajatina mah, nya Al Masih. 18 Oge ulah beunang kagebrag ku jelema-jelema anu sok pura-pura ngalaip-laip dirina, anu nyarembahna ka malaikat-malaikat, umangkeuh kaseundeuhan tetenjoan nu garaib, sarta ngagul-ngagul hasil pamikirna sorangan bari jeung teu puguh sabab-musababna. 19 Ari ka Al Masih, anu jadi Kapala, geus tara nolih. Al Masih teh, kapan saibarat sirah, nya anu ngatur sakujur awak tea; nu matak awak teh jadi weweg, ngahiji, lantaran katunjang ku tulang-tulang sandi jeung kasimpay ku urat, supaya dina kamekaranana tumuwuh tumut kana pangersa Allah. 20 Dulur-dulur teh, kapan sasatna mah geus paeh babarengan jeung Al Masih sarta geus leupas tina pangaruh roh-roh anu ngawasaan alam. Naha atuh masih keneh taluk kana rupa-rupa cegahan hukum Toret, kayaning: 21 Teu meunang nyabak anu, teu meunang ngadahar anu, atawa ulah paantel jeung anu! 22 Eta mah, kabeh oge, ngan ukur ngeunaan barang anu keuna ku beak wungkul. Ukur nurut kana parentah jeung pangajaran manusa. 23 Sanajan dibarung ku nyembah ka malaikat, nganista-nista diri jeung ngisat awak oge, supaya katembongna enya-enya ngajalankeun ibadah; da taya gunana pisan atuh. Malah anggur matak ngangsonan napsu anu matak doraka bae.

Kolosa 3

1 Dulur-dulur, kapan aranjeun teh geus dihirupkeun deui bareng jeung Al Masih. Atuh geus kuduna aranjeun mikiran hal-hal kasawargaan, nya tempat panglinggihan Al Masih tea, anu calikna teh tengeneun Allah. 2 Implengkeun angen-angen teh kana hal kasawargaan, ulah kana hal-hal anu asal ti dunya keneh. 3 Dulur-dulur teh, sasatna mah, geus paeh; ari hirup aranjeun geus ngancik buni jeung Al Masih di Allah. 4 Di mana Al Masih, — anu jadi hirup urang tea — nganyatakeun salira-Na ka umum; dina waktu eta oge, dulur-dulur baris nganyatakeun diri sarta baris kaauban ku kamulyaana-Na. 5 Ku sabab eta, geura eureunan eta kalakuan aranjeun anu nurutkeun perbawa hawa dunya teh. Ulah rucah, jinah ma'siat, goreng hate, jeung sarakah. Sarakah teh, kaasup nyembah ka brahala keneh. 6 Kalakuan anu kitu, tangtu baris dihukum ku Allah. 7 Tah hirup dulur-dulur oge, ka tukang-tukang mah kitu, teu uni. 8 Ayeuna, geura piceun eta kalakuan teh, ulah sok ngumbar amarah, ngunek-ngunek, supu-sapa jeung ngumbar sungut. 9 Jeung ulah sok silih bohongan deuih! 10 Pribadi aranjeun anu heubeul teh, anu teu uni, kapan geus dipiceun, geus diganti ku kapribadian anu anyar. Tegesna mah, geus jadi manusa anyar, supaya bisa nyusul pangaweruh anu sajati; tur salawasna dina kaayaan anyar sakumaha gambaran Anu Nyiptana. 11 Di alam hirup anyar mah, sual-sual urang Yunani, urang Yahudi, nu disunat, nu teu disunat, urang Barbar, urang Tartar, nu kumawula, nu merdika teh geus moal aya deui; sabab kabeh, geus jadi kagungan Al Masih. 12 Dulur-dulur teh, umat anu geus kapilih jeung diasih ku Allah. Kudu karunyaan, sing boga rasrasan, rendah hate, someah darehdeh, tur sabar. 13 Kudu silih eledan jeung silih hampura pada batur. Ngahampura teh wajib, kapan Gusti oge ngahampura ka dulur-dulur. 14 Pangpangna mah, urang teh kudu silih pikanyaah. Sabab eta teh, jadi simpayna kasatunggalan. 15 Mugi, dulur-dulur, ku Gusti dipaparinan reugreug hate. Kapan pangna dulur-dulur disaur teh, supaya ngajadi satunggal, ngawangun hiji badan. Lebah dieu, urang teh wajib muji sukur. 16 Piwulang Al Masih, anu sakitu matak jembarna teh, sing nepi ka ngancik dina ati sanubari. Kudu silih papatahan, silih elingan kalawan hate anu lantip. Sanggakeun ka Allah puji tina Zabur, pupujian, jeung kidung-kidung rohani sejenna dibarengan ku pinuh rasa panarima jeung sukur. 17 Ucap lampah, salawasna, kudu kalawan asmana Isa, Gusti Jungjunan urang, sarta ulah tinggal ti muji sukur ka Allah nu kersa jumeneng Rama, kulantaran Anjeunna. 18 Aranjeun, parawanita anu rumah tangga, masing ngesto ka salaki. Sabab eta teh, kawajiban umat Al Masih. 19 Aranjeun, nu jaradi salaki, kudu nyaah ka pamajikan jeung ulah nganyenyeri. 20 Maraneh barudak, dina sagala rupa masing nurut ka kolot. Budak anu nurut ka kolot teh, ku Gusti dipikanyaah. 21 Aranjeun anu jadi kolot, ulah sok cempadan teuing ka anak, bisi matak tinggar kalongeun. 22 Aranjeun anu keur kumawula, satungtung hirup mah, dina sagala hal kudu ngesto ka dunungan. Nurut teh, ulah ngan keur hareupeun wungkul, nya ngarah kapake tea. Nurut teh, kudu saiklas-iklasna kalawan sieun ku Pangeran. 23 Lampahkeun sagala pagawean sing enya-enya, kawas digawe pikeun Al Masih ku anjeun, lain keur manusa. 24 Sing yakin, yen Gusti anu baris ngaganjarna teh; sakumaha anu geus ditangtukeun ku Anjeunna. Sabab dunungan anu sajati pikeun aranjeun mah, nya Al Masih. 25 Sing saha bae anu lampahna jahat, tangtu meunang hukuman. Pangeran mah, moal rek pilih bulu.

Kolosa 4

1 Aranjeun anu jadi dunungan, masing adil, masing jujur ka anu jadi bujang; lantaran aranjeun oge, sarua keur kumawula ka Dunungan anu linggih di sawarga. 2 Sing manteng dina paneda, sing caringcing, sarta kudu muji sukur ka Pangeran. 3 Pangnedakeun deuih simkuring, mugi ku Allah diparengkeun bisa ngawawarkeun Injil-Na, medarkeun rasiah hal Al Masih, anu jadi sabab pangna simkuring ayeuna dipanjara. 4 Pangnedakeun, supaya simkuring wani nyaritakeunana kalawan satarabasna, sakumaha mistina. 5 Dina nyanghareupan golongan anu teu palercaya, aranjeun kudu lantip. Satungtung aya keneh waktu mah, aranjeun kudu enya-enya digawe teh. 6 Nyarita kudu hade tur lantip, supaya bisa mere jawaban anu merenah ka saha bae oge. 7 Hal kaayaan simkuring baris ditepikeun ka aranjeun ku saderek Tihikus, pangbantu anu satia tur rajin ngabantuan enggoning ngalampahkeun tugas ti Gusti; nya jelema pikanyaaheun tea. 8 Anjeunna dijurung nepungan teh, supaya dulur-dulur terang kana kaayaan simkuring. Jaba ti eta, geusan ngareugreugkeun hate aranjeun ongkoh. 9 Datangna teh, anjeunna baris dibarengan ku Onesimus, anu sarua rajinna jeung matak pikanyaaheunana; nya asal teh, kapan ti dulur-dulur keneh. Aranjeunna baris nyaritakeun sagala rupa anu kajadian di dieu. 10 Aya salam ti Aristarkus anu bareng dipanjara jeung simkuring. Oge ti saderek Markus, alona saderek Barnabas tea. Ari hal-ihwal anjeunna mah, dulur-dulur oge geus dipopoyanan. Muga ku dulur-dulur diaku sing hade. 24* 11 Aya deuih salam ti Isa tea, anu katelah Yustus. Ti antara urang Masihi Yahudi mah, ngan ieu bae anu tiluan anu marilu baranggawe jeung simkuring pikeun karajaan Allah teh. 12 Oge salam ti Epapras, abdina Isa Al Masih, nya anu asal ti dulur-dulur keneh. Anjeunna kacida neda-nedana ka Allah, nyuhunkeun supaya iman dulur-dulur dipengkuhkeun, dipaparin kasadaran pikeun tumut ka pangersa Allah. 13 Simkuring terang pisan, kumaha soson-sosonna anjeunna digawe pikeun aranjeun; kitu deui, pikeun dulur-dulur saiman di Laodikea jeung di Herapolis. 14 Sobat simkuring, tabib Lukas sarta saderek Demas ngahaturkeun salam. 15 Pangnepikeun salam ti simkuring, ka dulur-dulur di Laodikea jeung ka saderek Nimpa katut dulur-dulur anu sok karumpulan di imahna. 16 Upama ieu surat geus dibaca di aranjeun, ihtiarkeun supaya dibaca deuih di hareupeun jamaah Laodikea. Kitu deui, surat anu ditujulkeun pikeun jamaah Laodikea oge hade ku dulur-dulur dibaraca. 17 Pangnepikeun ka Arsipus: Omat, sing junun ngalampahkeun tugas ti Gusti teh. 18 Salam sono simkuring, Paulus. Kalimah ieu mah ditulis ku simkuring sorangan. Masing inget, simkuring teh keur dipanjara. Mugi sadayana marendak sih kurnia ti Allah.

1 Tesalonika 1

1 Ti Paulus, Silpanus, jeung Timoteus. Kahatur dulur-dulur di jamaah Tesalonika, umat kagungan Rama, — nya eta Allah — jeung kagungan Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang. Mugia aranjeun sing marendak rahmat rahayu. 2 Upama nilik kaayaan dulur-dulur, simkuring sapara kanca teh teu weleh-weleh muji sukur ka kersa Allah jeung teu petot-petot mangnedakeun. 3 Sababna inget bae teh, lantaran iman dulur-dulur wuwuh nyata kalawan prakna; teu eureun-eureun ngajalankeun amal kanyaahan, bari teu pegat ngandel ka Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang, di payuneun Allah, Rama urang. 4 Eta teh tandaning dulur-dulur geus dipilih jeung diasih ku Mantenna. 5 Sabab simkuring sapara kanca ngawawaran jalan pisalameteun ka aranjeun teh, lain ku caritaan wungkul, estu dibarengan ku kayakinan anu kuat sarta dituyun ku Ruh Allah. Ku dulur-dulur oge geus kanyahoan, kumaha soson-sosonna simkuring sapara kanca harita upaya pikeun dulur-dulur. 6 Ayeuna dulur-dulur geus daek narurut kana pangajak simkuring sapara kanca, nya eta anut ka Gusti. Sanajan loba halangan-harungan oge, aranjeun daek narima; tur kalawan sukana ku sabab hibarna Ruh Allah. 7 Aranjeun teh, nepi ka dipiconto ku dulur-dulur saiman di Makedoni jeung Ahaya. 8 Pangandika Gusti teh, ti dulur-dulur, terus nerekab; — lain ngan semet Makedoni jeung Ahaya bae — kaimanan dulur-dulur ka Allah teh, geus kauar-aerkeun ka mana-mana; jadi, ku simkuring sapara kanca geus teu perlu diutik-utik deui. 9 Aranjeun teh, diparuji ku sarerea tina hal panarimaan ka simkuring sapara kanca, bareto; kitu deui hal aranjeun geus ninggalkeun brahala-brahala sarta malik ngabakti ka sayaktining Allah Anu jumeneng; 10 bari nganti-nganti sumping Putra-Na ti sawarga, nya eta Isa — anu geus digugahkeun ti antara nu paraeh — anu ngabebaskeun urang tina bebendu Allah.

1 Tesalonika 2

1 Ku dulur-dulur oge tangtu karasa, yen pagawean simkuring sapara kanca keur aranjeun teh henteu gaplah. 2 Di Pilipi mah, simkuring sapara kanca teh dianiaya jeung dihina; kapan dulur-dulur oge terang. Tapi sanajan kitu, kalawan pitulung Allah nu disembah ku urang, simkuring sapara kanca dipaparin wawanen ngawawarkeun ka aranjeun, sanajan loba nu ngahalang-halang. 3 Sabab maksud teh lain arek nyasabkeun, macikeuh atawa ngabobodo. 4 Sabalikna, lantaran ngarasa dipercanten ku Allah ngemban Injil. Lain malar dipikaresep ku pada jalma, estu seja nyiar nu dipikamanah ku Allah, anu uninga kana eusi hate urang. 5 Dulur-dulur tangtu aringet keneh, iraha teuing simkuring sapara kanca sok lumah-lameh. Iraha teuing sandar-sindir anu asal tina hate hawek. Allah nu langkung tingali. 6 Tara deuih malar pamuji ti pada jalma, boh ti aranjeun, boh ti nu lianna. 7 Padahal lamun simkuring sapara kanca rek boga niat kitu mah, bisa bae; da simkuring sapara kanca teh, rasul-rasul-Na Al Masih. Nu karasa mah simkuring sapara kanca teh kacida nyaahna ka aranjeun, ngasuh ngamumule lir indung ka anak. 8 Ku nyaah-nyaahna ka aranjeun, ulah-bon Injil Allah, nyawa oge moal dikoretkeun, tina awahing kabeuli nya hate. 9 Tangtu aringet keneh, kumaha tohtohanana simkuring sapara kanca harita: Bari ngawurukkeun Injil Allah teh, simkuring sapara kanca digawe beurang peuting nyiar kipayah sorangan, malar ulah ngaripuhkeun ka aranjeun. 10 Tangtu kasaksian ku aranjeun teh; tur Allah oge ningali, kumaha jujurna, terus terangna, jeung taya cawadeunana simkuring sapara kanca, sapanjang keur aya di aranjeun teh. 11 Enggoning ngawurukan jeung negerkeun hate aranjeun teh, simkuring sapara kanca, teu beda ti bapa ka anak; 12 bari ngaping, sangkan hirup aranjeun teh sapuk jeung pangersa Allah, anu geus nyaur aranjeun sangkan arasup ka Karajaana-Na anu mulya. 13 Teu weleh ngarasa sukur ka kersa Allah, reh dulur-dulur teh geus sakitu leahna narima pangwawaran simkuring sapara kanca; kalawan kayakinan yen anu diwawarkeun ku simkuring sapara kanca teh, lain asal ti manusa, tapi hal pangandika Allah anu geus ngagerakkeun hate aranjeun datang ka percaya. 14 Anu kaalaman ku aranjeun, sarua jeung anu kaalaman ku jamaah Allah di Yudea, nya eta sakur anu percaya ka Isa Al Masih. Dulur-dulur dikakaya ku dulur sabangsa; maranehna oge kitu, dikakaya ku bangsana, nya eta bangsa Yahudi. 15 Urang Yahudi teh nepi ka nelasan Isa, Gusti Jungjunan urang, jeung nabi-nabi; saterusna, sakur umat Gusti nu aya di ditu ge dibeberik ku aranjeunna. Ku kituna, urang Yahudi teh ku Allah henteu ditolih, ku sasama manusa ge dipikaijid. 18:12* 16 Anu ngawawarkeun pangandika Allah ka sejen bangsa supaya pada salamet, dihalang-halang ku maranehna. Maranehna sorangan tonggoy henteu euih-euih, nu matak dosana teh beuki gede bae. Ayeuna wawalesna geus datang, maranehna nandangan bebendu Allah. 17 Geus lila naker urang kapaksa papisah kieu teh, dulur-dulur! Tapi papisah soteh raga, ari batin mah tetep padeukeut. Rasa kasono geus teu kaampeuh, tur geus satekah polah simkuring sapara kanca teh narekahan hayang papanggih. 18 Pangpangna nya pihak simkuring, Paulus, anu pohara nyongsrongna teh. Geus aya dua kalina ihtiar, tapi ku Iblis dihalang-halang bae. 19 Saha deui atuh anu baris jadi harepan, pibungaheun, atawa anu jadi poko agulkeuneun simkuring sapara kanca — ari Gusti Jungjunan urang, Isa Al Masih geus sumping — salian ti aranjeun? 20 Lain bebenjon, ngan aranjeun pibungaheun sarta reueus simkuring sapara kanca teh!

1 Tesalonika 3

1 Ku sono-sonona, ahirna ceuk pikir, keun bae sorangan di Atena oge! 2 Nya tuluy ngajurung Timoteus heula, sina negerkeun hate aranjeun jeung mepeling iman aranjeun; sanajan anjeunna teh penting keur maturan simkuring sapara kanca ngawawarkeun Injil Al Masih. 3 Nu dimaksud, sangkan dulur-dulur, saurang ge, ulah kungsi aya nu mundur ku disusuker. Dulur-dulur tangtu geus ngama'lum, urang teh baris loba nu nyusahkeun pedah boga kapercayaan kieu. 4 Basa babarengan keneh ge, kapan ku simkuring sapara kanca teh geus dibejaan yen urang baris katarajang kasukeran. Bukti geuning karandapan. 5 Eta sababna, nu matak ngutus Timoteus teh, lantaran hate pohara kumejotna hayang buru-buru terang kana kaayaan iman dulur-dulur; awahing ku risi bisi aranjeun beunang kagoda ku setan. 6 Tapi saenggeusna Timoteus datang deui jeung mawa carita anu ngagedekeun hate, nya eta tetela yen dulur-dulur teh tetep pengkuh boh dina sual iman, boh dina sual kanyaah. Saurna deui, dulur-dulur teh kacida mikatineungna ka simkuring sapara kanca; eta teh, teu beda ti simkuring sapara kanca; da simkuring sapara kanca oge, mikatineung jeung mikasono ka aranjeun teh. 7 Iman kapercayaan aranjeun anu sakitu pengkuhna, mawa tengtrem kana hate simkuring sapara kanca, nepi ka poho kana kasusah jeung kasukeran. 8 Sanggeus sidik mah yen dulur-dulur tetep mantep ka Pangeran, simkuring sapara kanca ngarasa teger deui. 9 Simkuring sapara kanca teu manggih pikecapeunana, nya eta kudu kumaha simkuring sapara kanca teh ngahaturkeun nuhun ka kersa Allah. Ku sabab Anjeunna geus maparin kabungahan patali jeung kaayaan aranjeun di payuneun Mantenna, Allah nu disembah ku urang. 10 Beurang peuting simkuring sapara kanca neneda, hayang diparengkeun tepung deui, malar matak ngagedean iman kapercayaan aranjeun. 11 Mugi-mugi Allah, — Rama urang jeung ka Isa, Gusti Jungjunan urang — maparin jalan geusan urang patepung deui; 12 jeung disuhunkeun sih Mantenna, sangkan dulur-dulur beuki leuwih silih pikanyaah, boh pada batur, boh ka sasama sejenna; sakumaha gedena kanyaah simkuring sapara kanca ka aranjeun. 13 Mugi aranjeun tetep dikersakeun pengkuh ka Mantenna; sangkan ari Isa, Gusti Jungjunan urang, sumping bari diiring ku sakur anu jadi kagungana-Na anu saruci, dulur-dulur kapendak mulus beresih di payuneun Allah, Rama urang.

1 Tesalonika 4

1 Urang teruskeun deui. Dulur-dulur geus diwuruk, kumaha kuduna sangkan hirup sapuk jeung pangersa Allah. Hal eta ku aranjeun geus dilakonan. Parandene kitu, kalawan pajenengan Gusti Jungjunan urang, simkuring sapara kanca meupeujeuhkeun, sangkan leuwih enya-enya. 2 Kalawan timbalan Isa, Gusti Jungjunan urang, tea kapan ku simkuring sapara kanca oge geus dibere pituduh-pituduhna. 3 Allah mundut, sangkan lampah aranjeun teh kudu sapuk jeung pangersa-Na, nya eta suci beresih: Sipat cawokah kudu dijauhan ku aranjeun. 4 Pek bogaan ku aranjeun pamajikan sewang-sewangan; sanajan kitu, tetep kudu jeung tatakrama anu pantes. 5 Ulah kajurung ku pangajak napsu, saperti jelema anu teu wawuh ka Allah. 6 Jeung omat, ulah pisan aya anu ngalakukeun dosa jeung ngabobodo ka dulur-dulur saiman. Bareto ku simkuring sapara kanca geus diomat-omatan, yen kalakuan sarupa kitu teh pasti keuna ku bebendu Gusti. 7 Nu matak disaur ku Allah teh, nya eta sangkan ulah sakarep-karep, tapi hirup dina jalan Mantenna. 8 Ku sabab eta, sing saha anu teu malire kana eta katangtuan, lain teu malire kana aturan jelema; tapi teu malire kana aturan ti Allah, anu geus maparinkeun Ruh Allah anu suci ka aranjeun. 9 Ari sual kudu silih pikanyaah mah ku simkuring sapara kanca moal ditetek deui; kapan dulur-dulur ge, geus tarerang sorangan tina piwulang Allah; 10 tur ku aranjeun geus dibuktikeun ka dulur-dulur saiman di Makedoni. Anu dipenta ku simkuring sapara kanca, sing leuwih ti kitu. 11 Lian ti eta oge, kudu boga tekad seja itikurih sorangan, ngudag hirup anu cukup. Ieu teh, sakumaha anu diwurukkeun ku simkuring sapara kanca bareto, 12 malar jaradi jalma nu kaajen jeung henteu gumantung ka batur. 13 Dulur-dulur! Simkuring sapara kanca hayang nerangkeun hal nu geus paraeh. Dina sual ieu, dulur-dulur teu kudu rempan hariwang; ulah kawas nu teu baroga pangharepan jaga. 14 Urang, anu percaya ka Isa, — anu geus gugah tina pupus-Na — yakin yen anu maot dina iman ka Anjeunna baris kumpul jeung Anjeunna di payuneun Allah. 15 Sumender kana piwulang-Na Gusti, simkuring sapara kanca ngabejaan: Jelema-jelema anu harirup keneh dina wanci Gusti Jungjunan urang sumping, moal rek dianak-emaskeun ti batan nu geus maraot. 16 Di mana geus aya tangara, malaikat kapala baris cumeluk handaruan sarta tarompet Allah ditiup, ti dinya Gusti Jungjunan urang, ku anjeun lumungsur ti sawarga. Anu maraot di jero iman ka Al Masih baris harudang ti heula. 17 Ari nu harita harirup keneh, kabeh baris dikumpulkeun jeung anu kakara harudang tea; saterusna, urang baris diangkat babarengan jeung maranehna kana mega di awang-awang, mapagkeun Gusti Jungjunan urang. Ti dinya urang kabeh baris ngancik di Gusti salalanggengna. 18 Tumali jeung eta, urang teh kudu silih tegerkeun hate.

1 Tesalonika 5

1 Simkuring sapara kanca sama sakali teu terang, iraha Gusti Jungjunan urang teh baris sumping. 2 Teu perlu diterangkeun mangsa pisumpingeuna-Na teh, da hamo kajudi; sabab sumping-Na teh, kawas ti peuting urang teu nyangka-nyangka baris kaasupan bangsat. 3 Waktu anu ku jalma-jalma disangka aman sarta taya naon-naon, ana geletuk teh harita pisan kadatangan bahla, nepi ka maranehna teu bisa sumingkir deui: Kantun nyerina, lir kanyerina awewe nu keur ngajuru. 4 Tapi hirup aranjeun mah, kapan henteu kabawah ku poek. Jadi, aranjeun moal kabongohan ku eta Wanci, kawas kabongohan ku bangsat. 5 Sabab Dulur-dulur mah kabawah ku caang, nya eta beurang tea. Ari peuting mah urang moal bisa naon-naon lantaran poek. 6 Kahade urang mah ulah keuna ku teu eling, nya eta ngeunah-ngeunah jeg nu hees, nurutan batur. Sabalikna, kudu tetep nyaring pikir, eling salalawasna. 7 Mun aranjeun hees atawa mabok mah, atuh teu beda tina jeung ti peuting! 8 Urang mah anu di lingkungan caang, nya eta beurang tea, kudu waspada jeung sayaga. Lir ibarat prajurit anu make bae baju kere iman jeung kanyaah; ari balakutakna pangharepan kana mangsaning rahayu. 9 Urang ku Allah teh henteu ditakdirkeun geusan nadah hukuman, tapi geusan dirahayukeun ku Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang. 10 Isa Al Masih geus pupus pikeun nalangan urang, sangkan boh keur hirup keneh, boh geus paeh bisa tetep sasarengan jeung Anjeunna. 11 Tumali jeung eta, sing tetep kawas ayeuna, nya eta silih aping silih geuing. 12 Simkuring sapara kanca meredih: Muga aranjeunna, anu nungtun ka dulur-dulur jeung ngelingan enggoning anut ka Gusti, anu geus didaramel sakitu paeh-posona pikeun aranjeun; ku aranjeun teh kudu dihargaan jeung diajenan. 13 Jungjung ku hate anu pinuh ku tresna asih. Hargaan padamelanana. Masing layeut runtut-raut. 14 Jeung omat, lamun aya anu ngedul, papatahan; nu geus pegat pangharepan lilipur, tegerkeun hatena; nu lemah, belaan; ka itu ka ieu sing sabar. 15 Poma, ulah aya anu ngabales goreng ku goreng. Sabalikna, keprik sangkan raresep kana melak kahadean, boh ka pada batur, boh ka masarakat umum. 16 Salawasna kudu janglar kudu hegar. 17 Ulah tinggal ti neneda. 18 Tarimakeun sagala nu dikersakeun. Kitu anu dipundut ku Allah ti sakur anu anut ka Isa Al Masih. 19 Poma ulah mareuman Ruh. 20 Ulah ngabaekeun kana ucapan-ucapan kanabian. 21 Sagala rupa kudu diuji jeung dipaluruh. Nu hade pageuhan, 22 sakur nu goreng kudu disinglar. 23 Mugi-mugi Allah ku Manten, — anu jadi sumbering Karahayuan — nyucikeun aranjeun tina sagala kaluluputan sarta jiwa raga katut roh aranjeun ge, tetep jeung mulus banglus nepi ka wanci sumping-Na Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang. 24 Anu geus nyaur dulur-dulur teh, nya eta Anu Maha Saestu, tangtu ngalaksanakeun jangji-Na. 25 Doakeun simkuring sapara kanca. 26 Salam sono ka sakabeh dulur-dulur. 27 Demi Gusti, bacakeun ieu surat simkuring ka sakumna jamaah. 28 Mugi-mugi Gusti Jungjunan urang, Isa Al Masih, maparinan rahmat ka aranjeun.

2 Tesalonika 1

1 Ti Paulus, Silpanus, jeung Timoteus. Kahatur dulur-dulur di jamaah Tesalonika, umat Allah Nu jumeneng Rama jeung Gusti Jungjunan urang, Isa Al Masih. 2 Mugia aranjeun dipaparin sih kurnia katut rahayu ti Allah jeung ti Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang. 3 Simkuring sapara kanca sapara kanca, kudu teu petot-petot muji sukur ka Allah; ku sabab, iman aranjeun ka Isa Al Masih jeung kanyaah aranjeun ka pada batur, anu beuki tambah jembar. 4 Munasabah, mun aranjeun, ku simkuring sapara kanca dipake reueus ka jamaah-jamaah umat Allah teh. Sabab memang saenyana. Sakitu aranjeun teh digencet jeung dikaniaya, tapi tetep junun ngalakonan iman kapercayaan. 5 Eta teh jadi bukti, tina adilna katangtuan hukum Allah; nu geus nganyatakeun, yen aranjeun layak jadi warga Karajaana-Na lantaran aranjeun geus nandang sangsara ku karana eta. 6 Nya ku sabab adil tea, Allah baris ngahukum ka jelema-jelema anu ayeuna ngagencet ka aranjeun. 7 Ari aranjeun, — anu ayeuna eukeur digencet — tanwande ku Mantenna baris diganjar bareng jeung simkuring sapara kanca. Eta moal teu bukti, dina waktu Isa, Gusti Jungjunan urang, rawuh ti sawarga dina gedurna seuneu jeung diiring ku malaikat-malaikat-Na anu garagah. 8 Sakur anu dina hirupna henteu malire ka Allah, kitu deui anu henteu malire kana amanat Injil tina hal Isa, Gusti Jungjunan urang, baris dihukum. 9 Tur dihukumna teh salalanggengna; disingkirkeun ti payuneun Gusti, nya eta dijauhkeun tina kamulyaan nu maha agung nu jadi kagungana-Na. 10 Eta pasti kajadian; di mana geus datang poe nu agung, nya eta rawuhna Al Masih pikeun dimulyakeun di antara umat-Na anu suci; dita'juban ku sakabeh nu percaya, kaasup oge aranjeun, anu percaya kana amanat pangandika-Na anu diwawarkeun ku simkuring sapara kanca. 11 Ku sabab hal eta, simkuring sapara kanca teu petot-petot mangnedakeun ka kersa Allah. Mugi-mugi aranjeun teh, ku Mantenna, dipandang layak pikeun panyaur-Na. Mugi-mugi ku kawasa Mantenna, dulur-dulur bisa disampurnakeun boh dina kahoyong migawe sagala anu hade, boh dina nohonan darmaning iman. 12 Upama kitu, tangtu hirup dulur-dulur matak mulya ka pajenengan Isa, Gusti Jungjunan urang; tur dulur-dulur oge baris dipaparin kamulyaan ku Anjeunna: Ku berkahna sih kurnia Allah jeung kurnia-Na Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang.

2 Tesalonika 2

1 Tumali jeung pisumpingeuna-Na — Gusti Jungjunan urang, Isa Al Masih — sarta hal urang baris kumpul jeung Anjeunna teh, simkuring seja pepeling: 2 Pacuan, aranjeun teh ulah beunang kapangaruhan, — nepi ka tuluy bae bingung teu puguh — lamun aya beja anu nyebutkeun yen wancina Gusti Jungjunan urang sumping teh geus datang: Boh beja ti roh, boh tina hutbah, atawa tina surat-surat simkuring sapara kanca. 3 Kajeun kumaha oge, aranjeun teh ulah gampang kabobodo. Sabab eta Wanci moal waka nepi, samemeh jelema-jelema malurtad sarta anu jadi ulon-ulon kadorakaanana katangen. 4 Eta nu jadi ulon-ulon kadorakaan teh, baris ngalawan ka anu disebut Allah, ka Anu disembah dibakti ku manusa. Malah baris anegleng di Bait Allah jeung susumbar nyebut ieu kami Allah. 5 Hal ieu, bareto ku simkuring geus dibablaskeun basa keur aya di aranjeun. Aranjeun aringet keneh? 6 Jadi, tangtu geus moal bireuk deui, naon sababna ayeuna manehna acan wanieun ngamimitian. Tapi upama wancina geus tepi mah, tangtu nembongkeun maneh. 7 Tapi saenyana, cicing-cicing soteh, eta tukang ngadorakakeun teh keur tatan-tatan. Acan prak soteh lantaran aya keneh anu nahan. 8 Geus nepi kana waktuna mah, — eta ulon-ulon kadorakaan teh — tangtu nembongkeun maneh. Tapi pinasti manehna baris tiwas, mun Isa, Gusti Jungjunan urang, sumping; manehna baris dihebos ku napas tina baham-Na jeung baris musna ku cahaya Anjeunna. 9 Munculna eta ulon-ulon teh, bari nyangking pangawasa setan; jadi, manehna teh, baris dibarengan ku rupa-rupa kakawasaanana, nya eta bisa nyieun rupa-rupa kaahengan jeung kaajaiban-kaajaiban nu mawa sasar. 10 Cilaka sakur anu nolak kana kayaktian nu mawa kana jamuga; sabab pasti, maranehna, kagoda ku rupa-rupa tipu dayana. 11 Batin maranehna ku Allah disina lolong, nepi ka percaya ka anu nipu merdaya. 12 Ku sabab milihna teh, lain kana pijamugaeun atawa kana nu sayakti, tanwande maranehna baris dihukum. 13 Dulur-dulur, kakasih Gusti! Nilik kana kaayaan aranjeun, simkuring wajib muji sukur ka Allah. Sabab aranjeun teh, asup kana golongan jalma-jalma nu dipilih Allah pikeun disalametkeun pangheulana: Ku jalan disucikeun ku kawasaning Ruh jeung ku sabab aranjeun percaya ka nu sayakti. 14 Ku Mantenna, aranjeun teh geus disaur, nya eta ku jalan Injil anu geus diwawarkeun ku simkuring sapara kanca; sangkan aranjeun layak nampa kamulyaan Gusti Jungjunan urang, Isa Al Masih. 15 Ku sabab eta, sing pangger sarta sing pageuh nyekel pangajaran anu ditepikeun ku simkuring sapara kanca, boh ku lisan boh ku surat. 16 Mugi-mugi Gusti Jungjunan urang, Isa Al Masih, kitu deui Rama, — nya eta Allah anu ka urang teh kersa miwelas miasih, maparin panglipur abadi jeung pangharepan anu agung — 17 kersa maparinan kakuatan jeung wawanen pikeun ngamalkeun kahadean, boh ku ucap, boh ku lampah.

2 Tesalonika 3

1 Doakeun simkuring. Pangnedakeun, mugi-mugi sing bisa neruskeun nyebar pangandika Gusti, sina tumuwuh turta gancang kaala kalawan hasil anu gumilang saperti di aranjeun. 2 Pangnedakeun simkuring sapara kanca, muga ucul ti nu hasud sarta bisa leupas ti nu niat jahat; ma'lum, da henteu kabeh jelema daraek percaya. 3 Tapi Pangeran mah, satia. Dulur-dulur tangtu ku Mantenna baris dipaparinan kuat hate sarta diraksa ti Setan. 4 Simkuring menta, demi Gusti, muga sagala papatah sarta pituduh simkuring, ku aranjeun teh dilakonan: Ayeuna jeung saterusna. 5 Ka Gusti, simkuring nunuhun; mugia ati sanubari aranjeun dipingpin kana welas asihing Pangeran sarta tahan uji saperti Al Masih. 6 Kalayan pajenengan Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang, simkuring seja meredih, sangkan dulur-dulur ngajauhkeun maneh ti jalma kedul, anu teu daek ngalampahkeun papatah anu ti simkuring sapara kanca. 7 Simkuring geus mere conto: Salila di aranjeun, tara teuing ngalulungkut nangkeup tuur embung digawe. 8 Sagala anu kadahar ku simkuring, teu aya anu teu dibayar; eta teh beunang dekal-dekul barang gawe beurang peuting, sangkan ulah matak ngaripuhkeun ka aranjeun. 9 Lain ku dumeh simkuring teu layak meunang sokongan, tapi ku bawaning hayang mere conto pikeun turutaneun aranjeun. 10 Basa keur di aranjeun tea, simkuring geus mere ieu pamadegan: “Mun teu ngoprek moal nyapek.” 11 Sabab harita, simkuring ngadenge aya jelema-jelema anu taya gadag sarta gawena teh ngan ngarerecok urusan batur bae. 12 Ka jalma-jalma nu kitu, demi Gusti Jungjunan urang, Isa Al Masih, simkuring sapara kanca ngawawadian: Kudu daek ngoprek jeung kudu daek susah payah, sangkan anu didahar teh beunang ladang kesang sorangan. 13 Ari aranjeun, dulur-dulur! Ulah kapok-kapok tatalang reujeung tutulung. 14 Teu mustahil, ieu pituah-pituah ti simkuring sapara kanca teh aya anu embung ngadenge. Upama aya cirian, ulah dirapetan, sina eraeun sorangan. 15 Tapi ulah ari dimusuhan mah, leuwih hade pepelingan sakumaha pantesna ka dulur. 16 Mugi-mugi Pangeran Nu jadi sumbering bagja, maparinkeun nugraha-Na ka aranjeun, dina sagala perkara. Mugi Mantenna kersa nangtayungan aranjeun. 17 Ahirna, ayeuna, ieu simkuring ngotretkeun tulisan salam ku leungeun sorangan: “Salam sono ti Paulus.” Ieu teh cirina surat-surat simkuring. Tah kitu rupana tulisan simkuring teh! 18 Mugia aya sih piwelas Isa Al Masih ka aranjeun.

1 Timoteus 1

1 Ti Paulus, rasulna Isa Al Masih, — numutkeun pangersa Allah, Juru Salamet urang jeung Isa Al Masih, sumber pangharepan urang — 2 Dumateng Timoteus, anak teges bapa dina iman. Muga-muga hidep ginuluran rahmat, welas asih, sarta karahayuan ti Allah — Rama — jeung ti Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang. 3 Kahayang bapa mah hidep teh kudu aya di Epesus, sakumaha pamenta bapa basa keur arek ka Makedoni tea. Ari sababna, di ditu teh aya anu nyebar-nyebar pangajaran mahiwal. Perlu ku hidep dieureunkeun. 4 Teges-tegeskeun ka maranehna, geura leungitkeun kituh eta dongeng-dongeng nataan berendelan ngaran karuhun-karuhun anu sakitu panjangna teh; lantaran ngan ngondang pacekcokan wungkul, lain nungtun kana katartiban hirup anu ti Allah, anu kudu dibeunangkeun ku iman. 5 Bapa menta kieu teh seja ngahudang deui kanyaah anu bijil ti ati nu wening, kaluar tina pikiran nu mencrang, jeung tina iman anu iklas. 6 Geus loba anu naringgalkeun sipat kieu teh, kalah ka ngaradu omong anu teu uni. 7 Boro bae hararayang jadi guru Toret, ari heug kana omongan sorangan ge teu ngarti sarta kana sual nu dipadukeun teu nyaho. 8 Memang urang nyaho, Toret teh hade, asal dipake jeung samistina. 9 Papadaning kitu, kudu diingetkeun: Hukum Toret teh dijieunna lain keur jelema anu harade, tapi keur anu rerempak, keur penjahat, keur nu kupur jeung doraka, keur nu teu raresep kana nu suci atawa sual kabatinan, keur anu ngabinasa indung bapa, keur nu maehan, 10 keur tukang rucah jeung jinah, keur anu bangkawarah, keur culik, keur tukang ngajualan jelema, keur tukang bohong, keur saksi palsu, jeung saterusna deui, nya eta anu papalingpang jeung ajaran anu bener. 11 Ari ajaran anu bener teh dasarna mah, nya eta Injil nu nyaritakeun ka-Agungan jeung ka-Mulyaan Allah, nu dipercayakeun ka bapa sarta ku bapa keur diwawarkeun. 12 Bapa muji sukur ka Isa Al Masih, Juru Salamet urang, anu geus maparin kakuatan ka bapa. Muji sukur, reh ku Anjeunna dipercanten ngemban ieu papancen. 13 Padahal bapa teh, bareto mah, sakitu moyokna, ngahina, jeung nganiaya ka Anjeunna. Tapi Allah, anggur mikawelas ka bapa; ma'lum ku sabab bapa, bareto mah, teu percaya; jadi, teu nyaho yen kalakuan kitu teh salah. 14 Ku Allah, nu maha welas, bapa teh digunturan sih kurnia, iman, jeung kanyaah tina sumberna pisan, nya eta Isa Al Masih. 15 Picatur anu nyebutkeun yen: “Isa Al Masih sumping ka dunya pikeun nyalametkeun nu daroraka” teh, tetela benerna; bukti beunang dipercaya. Ti antara anu daroraka, nya bapa anu pangdoraka-dorakana. 16 Tapi malah nya ku sabab eta pisan, Allah miwelas-Na ka bapa teh. Isa Al Masih, ka bapa, geus mintonkeun kasabaran anu luar biasa; nepi ka ieu pangalaman bapa teh, dijadikeun conto ka sakabeh anu palercaya ka Anjeunna sapandeurieun bapa, nya eta anu pada ngarep-ngarep geusan meunangkeun hirup anu langgeng. 17 Kahormatan jeung kaagungan, kasanggakeun sapapaosna ka payuneun Raja nu langgeng, nu teu keuna ku binasa, jeung maha gaib, nya eta Allah Anu Tunggal! Amin. 18 Timoteus, anaking! Tugas anu ku bapa dipercayakeun ka hidep teh, sajalan jeung hiji nubuwat anu bareto diucapkeun ka hidep ngeunaan tugas hidep kiwari. 19 Puhit eta ucapan ti nubuwat teh ku sanubari hidep anu murni, supaya kuat iman kapercayaan hidep ngalakonan utamaning jurit. Aya sawatara jalma anu ngabarandel, nepi ka leungit iman kapercayaanana; 20 upamana bae Himenius jeung Aleksander. Maranehna ku bapa mah geus diserenkeun ka setan, sina maranehna teh karapok ngahinakeun Allah.

1 Timoteus 2

1 Nomer hiji bapa menta malar hidep mangnedakeun, mangdoakeun, mangnyuhunkeun, jeung mangnuhunkeun sakabeh jelema, 2 kapala-kapala nagara jeung anu nyarangking pamarentahan. Sambat, suhunkeun ka Allah, mugi-mugi urang bisa hirup ayem tengtrem tur bisa nekanan hirup saleh kalawan mulya. 3 Paneda kitu tangtu didangu ku Allah, Juru Salamet urang, 4 anu mikersa sangkan sakabeh jelema salamet jeung aranut kana kayaktian Mantenna. 5 Sabab pikeun datang ka Allah anu tunggal teh, jalanna oge tunggal, nya ngan ka manusa anu jenengan Isa Al Masih tea. 6 Anjeunna geus ngorbankeun salira jadi panebus, pikeun nebus sakabeh manusa. 7 Ieu amanat iman jeung kayaktian teh, kudu ditepikeun ka bangsa-bangsa luareun Yahudi. Guna kaperluan eta, bapa teh dijieun rasul sarta diutus pikeun ngaguruan maranehna. 8 Saterusna, kahayang bapa mah, jelema teh di mana bae oge kudu neneda. Kaom lalaki anu ngabdi ka Allah ari neneda kudu nadahkeun leungeun kalawan hate anu beresih, ulah aya geuneuk-maleukmeuk; ulah mawa unek-unek atawa ambek. 9 Ka kaom wanita, pamenta bapa mah barang pake teh kudu sarwa merenah. Dangdan sapantesna bae, anu sopan; ulah kaleuleuwihi: Buuk ulah dimodel-model; pakean teu kudu nu mararahal; ulah reuceum ku perhiasan, emas, inten, jeung sajabana. 10 Diri mah mending ge didangdanan ku tingkah laku anu hade, sakumaha layakna wanita anu ibadah. 11 Wanita mah, kudu diajar lungguh ampuh andalemi; 12 kudu pantrang mamatahan atawa marentah ka lalaki, jeung kudu sareh sumerah. 13 Sabab manusa anu pangheulana dipidamel ku Allah teh, nya eta Adam; geus kitu, kakara Hawa. 14 Anu beunang ku pangwujuk Iblis nepi ka ragragna kana dosa oge, nya eta wanita, lain lalaki. 15 Papadaning kitu, wanita oge, baris disalametkeun; ku sabab maranehna geus nyorang kanyeri dina ngajuru; jaba ti eta, maranehna ge kudu pengkuh iman, boga kanyaah, jeung laku-lampahna ge kudu basajan.

1 Timoteus 3

1 Aya kacapangan anu kacida keunana: “Hayang jadi pamingpin teh cita-cita nu kacida mulyana.” 2 Sabab pamingpin jamaah teh, teu meunang aya cacad celana: Kudu satia ka bojo, titih jeung rintih, daek nyaliksik diri, tartib, adab, akuan ka tatamu, ahli kana ngatik, 3 ulah nyandu kana inuman, teu meunang ketus haseum budi, kudu someah, daek akur daek ngakurkeun, tur ulah piduit. 4 Kudu bisa ngamudi rumah tanggana, bisa ngawarah tur dipikaajrih ku anak. 5 Upama ka rumah tangga sorangan ge, geus teu bisa ngamudi; atuh komo nungtun jamaah Allah, rek bisa ti mana? 6 Lebah dieu tetela, jalma anu kakara bus, jadi murid Gusti Jungjunan urang mah, teu meunang diangkat jadi pamingpin jamaah; bisi unggah adat, anu antukna kabendon sanasib jeung Iblis. 7 Di luareun jamaah oge, pamingpin mah, ngaranna teh kudu seungit, ulah aya anu bireuk; sangkan ulah meunang panangtang anu antukna bisa ngaleok kabawa setan. 8 Kitu deui, anu jaradi pangatik jamaah oge, kudu jelema anu diajenan, jujur, ulah pamabokan, ulah hawek; 9 batinna ge, kudu beresih jeung pageuh muhitna kana rasiah iman kapercayaan. 10 Memeh diangkat teh, aranjeunna, kudu dipaluruh heula. Mun geus tetela taya cacad kuciwana, kakara aranjeunna meunang mangku jabatan. 11 Bojona ge kudu hade tabeatna, ulah resep ngupat, jeung kudu jujur sagala laku-lampahna. 12 Pangatik jamaah teh, kudu caroge ti hiji bojo, kudu bisa nungtun anak bojo, kudu bisa nerapkeun pangwarah ka kulawarga. 13 Pangatik nu hade, pangaruhna ge baris hade tur bisa laluasa, waktu anjeunna nyarita perkara iman ka Isa Al Masih. 14 Ieu perkara ku bapa perlu ditulis ayeuna, najan bapa teh aya niat buru-buru manggihan hidep. 15 Maksudna, bisi bae, bapa elat datang; jadi, hidep geus terang kumaha kuduna hirupna parawarga Allah Anu jumeneng, Anu jadi pamageuh jeung dasaring kayaktian tea. 16 Teu hamham deui, rasiah kaimanan urang teh mutuh agungna: “Anjeunna, anu geus kersa ngalap rupa manusa, ku Ruh Allah geus dibuktikeun bener-Na, kasaksi ku paramalaikat, dimashurkeun ka saban bangsa, dipercaya ku nu araya di dunya, dijungjung kana kamulyaan.”

1 Timoteus 4

1 Ruh Allah geus teges nerangkeun, yen dina jaman-jaman ka dieunakeun bakal loba anu murtad; maranehna teh, kagusur ka jalan sasar, kasarad ku roh-roh anu matak nyasabkeun jeung pangajaran setan-setan. 2 nya eta tukang-tukang tipu anu munapek, anu geus teu boga bebeneran sama sakali. 3 Ku maranehna, jelema-jelema dilarang kawin jeung sawatara kadaharan diharamkeun; padahal, eta kadaharan teh tunggal, ciciptan Pangeran; taya halanganana didahar ku anu palercaya ka Allah mah, asal dinuhunkeun heula dina paneda. 4 Da taya atuh, hiji oge, dadamelan Allah anu teu hade teh. Kadaharan mah, teu aya anu teu meunang didahar; asal ditarimakeun ku puji jeung sukur. 5 Lantaran kabeh oge enggeus jadi suci, disucikeun ku pangandika Allah jeung ku paneda tea. 6 Upama hidep sanggup negeskeun sual ieu, ka dulur-dulur urang nu saiman; nyata hidep teh berbudi, ciri abdining Isa Al Masih. Hidep pribadi kudu ngabayuan diri ku papakon-papakon kaimanan jeung ajaran anu waras, anu ku hidep kiwari eukeur dianut. 7 Kahade hidep teh, ulah kapincut ku dongeng-dongeng anu sipat tahayul. Anggur latih diri hidep kana ibadah. 8 Latihan badaniah gunana teh kawates. Sabalikna, ari latihan kana ibadah mah, gunana teh keur sagala-gala; sabab dieusi ku jangji pijamugaeun hirup, boh keur ayeuna, boh keur jagana. 9 Ieu teh saestu pisan wajib dipercaya jeung ditarima mutlak. 10 Naon sababna urang daek nyorang susah payah hese cape? Taya lian lantaran urang ngandel ka Allah, Juru Salametna sakabeh manusa, pangpangna sakur anu percaya ka Mantenna. 11 Pek sual ieu teh ku hidep parentahkeun jeung papatahkeun. 12 Sanajan hidep ngora keneh, tembongkeun yen hidep teu bisa disapelekeun. Ucapan, tingkah laku, kanyaah, iman, katut kamulusan hidep mugia sing matak jadi conto ka sakur anu saiman. 13 Sabot bapa acan datang, hidep kudu leukeun, boh dina maca Kitab Suci, boh dina mepelingan ka dulur-dulur sakapercayaan, boh dina pangajaran. 14 Kurnia ti Allah anu geus nyampak di diri hidep, ulah diteler-teler. Eta kurnia teh, asalna tina nubuwat; ku hidep geus katarima, waktu hidep ditumpangan panangan ku parakokolot, basa diistrenan tea. 15 Pake eta teh, lampahkeun, imankeun, malar hidep maju sarta kamajuanana katembong ku balarea. 16 Jaga diri hade-hade, sing ati-ati nya ngajar. Sing suhud sing junun ngalakonanana; sabab eta teh matak jamuga, boh keur hidep pribadi, boh keur batur anu balalener ngabandunganana ka hidep.

1 Timoteus 5

1 Saterusna, hidep oge, ari negor ka nu enggeus karolot mah, ulah keras-keras; jadi, sing cara ka bapa. 2 Ari ka sasama budak ngora, sing cara ka dulur. Kitu deuih, ari ka wanita-wanita anu geus kolot, sing kawas ka indung. Tuluy ari ka paramojang, sing kawas ka lanceuk atawa adi kalawan hate anu jujur. 3 Ka randa-randa, anu enya randa, masing hormat. 4 Sabalikna, upama randa-randa eta teh, boga anak atawa incu; eta anak incuna teh, sing sina rumawat, minangka pamales budi ka indung bapa atawa nini akina. Eta teh, sapuk pisan jeung pangersa Allah. 5 Upama randa, anu enya randana tea geus tinggal nyorangan pisan, kudu sina muntang ka Allah neda piwelas-Na; da Mantenna nu baris mitulung teh jeung ngajaring beurang peuting. 6 Sabalikna, randa anu resep kana senang-senang jeung sakama-kama, najan hirup keneh oge, beunang disebutkeun geus paeh. 7 Bejaan kudu ngajaga tingkah laku, ulah nyieun picelaeun. 8 Sing saha bae oge anu tambelar ka kaom kulawargana, komo ka anggota rumah tanggana sorangan; eta teh ngaranna murtad, leuwih goreng ti batan anu henteu boga iman. 9 Randa anu umurna acan genep puluh taun, ulah waka diasupkeun kana daptar. Dina geus meujeuhna diasupkeun kana daptar ge, kudu nyumponan heula sarat: Bogana salaki ngan sakali; 10 kalakuanana kaceluk hade; alus rumawatna ka anak; akuan ka tatamu; daek mangumbahkeun suku sasama umat Allah; lian ti eta, manehna oge daek nalang ka nu susah. Cindekna, kumureb kana sagala gawe anu harade. 11 Randa-randa anu ngarora keneh mah, ulah diasupkeun kana daptar. Bisi, maranehna, katarik hayang kawin deui; — heug bae embung ngalakonan deui kawajiban ti Al Masih — 12 eta hartina ingkar tina jangji seja satia ka Anjeunna. 13 Atawa sok unjung-anjang ngadon ngobrol miceunan waktu, pipilueun kana urusan batur, sarta ngobrolkeun nu teu parantes. 14 Alusna, randa-randa nu ngarora keneh mah, heug karawin deui bae: Sina baroga anak jeung ngurus rumah tangga; malar anu jaradi lawan teh, ulah boga upatkeuneun ti urang. 15 Da aya randa-randa anu ingkar tina jalan anu bener, terus ngapruk kana jalan setan. 16 Kitu deuih, upama dina hiji kulawarga aya randana. Eta kulawarga teh, boga kawajiban ngabayuan anggotana anu geus randa tea. Jadi, ulah nepi ngarerepot jamaah; sangkan jamaah bisa laluasa ngabayuan randa-randa, anu enya-enya perlu dibantu hirupna. 17 Kokolot anu hade ngokolotanana, kudu diajenan dua kali lipet. Komo lamun anjeunna getol hutbah jeung ngawuruk mah. 18 Sabab ceuk Kitab oge: “Munding anu keur dipake, ulah diborongsongan; ” jeung: “Nu digawe wajib meunang upah. ” 19 Hidep ulah guguan ka anu ngadukeun kokolot, kajaba lamun pangaduanana kuat saksi, nya eta aya dua atawa tilu jalma. 20 Anu tetela salah, bolekerkeun bae dosana sina kanyahoan ku sarerea, sangkan anu sejen oge sarieuneun. 21 Bapa meredih ka hidep: Demi Allah, demi Isa Al Masih, jeung malaikat-malaikat anu kapilih; jalankeun ieu katangtuan teh ka nu karitu, tong asa-asa jeung ulah beurat sabeulah. 22 Jaba ti kitu, hidep ulah gampang-gampang numpangkeun leungeun, ngangkat jalma geusan nyekel papancen jamaah. Ulah kabaud ku jelema anu doraka. Jaga diri hidep sangkan tetep mulus. 23 Nginget hidep teh, sakitu ririwitna; bapa nganasehatan, sangkan hidep nginum anggur oge, barang saregot mah; jadi, ulah ngan nginum cai wungkul. Eta teh perlu, keur ngalembutkeun kadaharan dina padaharan. 24 Mungguh kasalahan jalma teh, aya anu ujug-ujug breh katohyan, — siga anu miheulaan lumpat arek ngadakwa ka pangadilan — aya oge anu kabukana sanggeus kalilanakeun. 25 Lampah hade ge, kitu; aya anu breh harita keneh, aya nu henteu; tapi kabeh oge, mo burung nembrak.

1 Timoteus 6

1 Anu hirup di bawah pasangan, tegesna nu kumawula, kudu boga anggapan yen dununganana teh jalma nu wajib dihormat. Eta teh wajib hukumna, malar nu lian ulah meunang jalan geusan moyok kana pajenengan Allah jeung rukun ibadah urang. 2 Wurukkeun eta teh ku hidep. 3 Sing saha anu ngajar tojaiah, boh jeung timbalan nu saestu — nya eta anu ti Gusti Jungjunan urang, Isa Al Masih — boh jeung nu rukun ibadah urang; 4 tetela nu kitu teh jalma guminter, padahal taya kanyaho. Kikituanana wungkul keur pipaseaeun, nyieun padengkian, pacekcokan, upat-sinuat, timburu, 5 jeung papaduan anu manjang antara jelema-jelema anu geus leungiteun akal sehat jeung anu geus leungit bebeneran, anu nyangka yen ibadah teh bisa dipake jalan cari untung. 6 Memang, lamun dibarengan ku katumarimaan mah, ibadah teh, bisa mere kauntungan anu luar biasa. 7 Sabab urang gumelar ka dunya teh teu mawa naon-naon, oge ana mulang moal bisa mawa naon-naon. 8 Ku bisa dahar jeung make ge, urang teh geus kudu ngarasa untung. 9 Sabab kapincut ku kabeungharan teh, matak mawa kana sasar; lian ti eta, oge matak karanggeum ku angen-angen anu nya minculak, nya nyilakakeun; anu antukna mah, tigebrus kana kabinasaan. 10 Sabab watek pidunya atawa piduit teh, mangrupakeun akar sagala kajahatan. Sababaraha jalma oge, aya anu geus cul iman ku sabab katungkulkeun ku nyiar duit tea; da antukna mah, maranehna teh nganyenyeri hate sorangan. 11 Hidep mah da jalma anu percaya ka Allah, kudu baid ka nu karitu teh. Anggur masing adil, jujur, ibadah, kuat iman, nyaahan, tahan uji, sarta someah. 12 Prung geura tarung; pek balap ngamalkeun kayaktian di medan iman. Hontal hirup langgeng nu jadi pahlana. Hidep disaur ku Allah teh, — ku jalan ngikrarkeun pangaku kapercayaan di hareupeun saksi-saksi tea — nya geusan eta tujuanana! 13 Di payuneun Allah — nu maparin hirup kana saniskara — sarta di payuneun Al Masih, — anu geus mintonkeun panyaksen sakitu sampurnana ka Pontius Pilatus — hidep, ku bapa ayeuna dipentes: 14 Jalankeun ieu parentah sajujur-jujurna, sing ulah aya kuciwana, nepi ka datang Poening sumpingna Gusti Jungjunan urang, Isa Al Masih. 15 Sumpingna geus pasti dina wanci-Na, kalayan timbalan pangjurung Allah, Maha Kawasa Nu tunggal, Rajaning sagala raja, Gustining sakabeh gusti; 16 tur anging Mantenna nyalira anu tan kenang pati, anu ngancik sajeroning cahaya anu teu bisa katembus. Taya hiji jalma anu kungsi nenjo Mantenna, taya hiji jalma nu baris nenjo Mantenna. Kahormatan, kakawasaan anu langgeng, kasanggakeun ka Mantenna. Amin. 17 Anu baleunghar ku hidep kudu diwawantian, supaya ulah adigung; ulah neundeun harepan kana barang anu taya katangtuanana, nya eta kabeungharan upamana. Ngaharep mah kudu ka Allah, anu kawasa maparin sagala kani'matan. 18 Titah ku hidep, sina maranehna hade laku, sing sugih ku amal asih, amal saleh, sarta mere maweh; 19 itung-itung nyengcelengan kahadean; teangeun keur jaman engke, nya eta pikeun dasar hirup anu kiwari eukeur disungsi. 20 Timoteus, anaking! Rawatan pangajaran anu geus kacangking ku hidep teh masing apik. Jauhan omongan-omongan anu teu aruni sarta pangajaran gapong taya pulunganeunana, anu dipajarkeun teh “elmu” tea. 21 Teu wudu aya, sabab sababaraha anggota teh geus nganut ka eta elmu, nepi ka ingkar tina iman kapercayaan. Mugia hidep katut dulur-dulur mendak berkah Allah.

2 Timoteus 1

1 Ti Paulus, anu ku marga timbalan Allah, jadi rasul-Na Isa Al Masih; diutus pikeun ngembarkeun amanat ngeunaan hirup anu asalna ti Isa Al Masih. 2 Dumateng jeng putra Timoteus. Mugia hidep ginuluran berkah rahayuning Allah — Rama — jeung Gusti Jungjunan urang, Isa Al Masih. 3 Puji jeung sukur — anu medal ti saliring ati sanubari — kasanggakeun ka pangkon Allah, anu dibaktian ku bapa jeung ku karuhun-karuhun bapa. Bapa ngarasa sukur ku kaayaan hidep, anu ku bapa teu eureun-eureun didoakeun beurang peuting. 4 Bapa teh inget bae ka hidep lantaran cipanon hidep tea. Jadi bapa teh pohara tibelatna, hayang gok bae papanggih, tada teuing pibungaheunana. 5 Bapa yakin, iman hidep ka Allah estu saiklasna; moal beda ti iman Lois, eyang hidep anu istri, kitu deui ti iman Enika, indung hidep. 6 Pamenta bapa, lakonan eta iman teh masing sumanget. Eta teh sih kurnia ti Allah ka hidep, waktu hidep ku bapa diberkahan tea. Gedurkeun dina hate hidep. 7 Nu dipaparinkeun Allah ka hidep teh, lain roh anu kecing; tapi Ruh anu ngahudang wawanen, kanyaah, jeung matak bisa ngadalian diri. 8 Ku sabab eta, hidep ulah ngarasa era ku perkara Gusti Jungjunan urang. Jeung ulah era ku hal bapa dijieun sakitan pedah satuhu ka Anjeunna. Muga hidep dijurung ku kakawasaan Allah, sangkan wani nyorang bahla bahayana ngawawarkeun Injil-Na. 9 Urang geus disalametkeun ku Mantenna, dipilih jeung dijadikeun umat-Na. Lain pedah urang boga jasa, tapi ku karana geus kitu maksad-Na. Jadi, dasarna teh sih kurnia, anu geus ti samemeh gelar pajamanan oge geus ditangtoskeun baris dipaparinkeun ka urang, demi Isa Al Masih. 10 Kiwari, eta sih kurnia-Na teh, geus bukti ku sumpingna Isa Al Masih, Juru Salamet urang. Anjeunna geus namatkeun kakawasaan Maot sarta ku karana Injil, jalan anu brasna kana hirup nu langgeng, geus kabuka. 11 Geusan ngawawarkeun Injil eta, bapa diangkat jadi juru wawar, rasul, sarta guru. 12 Nya ku sabab eta, nu matak bapa nandang sangsara oge. Tapi bapa henteu kaduhung. Sabab bapa nyaho pisan, ka saha percaya teh. Bapa yakin yen Allah kawasa ngaraksa kana amanat-Na anu diembarkeun ku bapa tea, tug, nepi ka Poe nu agung. 13 Eta pangajaran ti bapa anu sakitu mulusna, ku hidep cekel sing bener. Jadikeun pituduh enggoning ngalakonan iman jeung ngamalkeun kanyaah anu asalna ti Isa Al Masih. 14 Sagala anu geus dipercayakeun ka hidep teh mulya kabina-bina. Heug, hal eta teh, dijaga sing hade-hade kalawan pitulungna Ruh Allah anu ngancik di diri urang. 15 Hidep nyaho, bapa teh geus ditaringgalkeun, boh ku urang Asia Leutik, boh ku Figelus, boh ku Hermogenes. 16 Bapa ngadoakeun pisan ka Onesiporus sakulawarga. Anjeunna sering pisan niiskeun pikir bapa. Muga-muga anjeunna mendak rahmat Allah. Sabab anjeunna, teu era-era ngalongok bapa ka jero panjara. 17 Basa di Rum, anjeunna kungsi ngubek neangan bapa, nepi ka kapanggihna. 18 — Di mana enggeus datang kana Poe-Na, mugi-mugi anjeunna mendak nugraha ti Gusti — Kitu deui, basa bapa keur di Epesus. Anjeunna ge pohara dagdag-degdegna nguruskeun; kapan hidep oge nyaho.

2 Timoteus 2

1 Anaking! Mugia hidep kuat ngemban amanat pangandika anu dikurniakeun ku Allah dina katunggalan jeung Isa Al Masih. 2 Pangandika anu ku hidep kadenge ti bapa, waktu dikotbahkeun ka jalma rea tea, ku hidep kudu diajarkeun ka jelema-jelema anu kira-kira baris bisaeun deuih ngajarkeun ka nu sejen. 3 Hidep pribadi ulah jejerih sieun ku kasukeran, kumaha layakna perjurit Isa Al Masih anu utama. 4 Perjurit anu eukeur manggul tugas, henteu musingkeun dirina ku urusan anu aya di saluareun kadinesan, malar kapake ku kapalana. 5 Kapan dina olahraga ge, ari hayang meunang mah, kudu nurut kana aturan-aturanana. 6 Dina tani, anu pangheulana bisa metik hasil teh, patani anu digawena enya-enya. 7 Eta sababna, ieu weweling bapa teh ingetkeun, malar hidep meunang pitulung ti Gusti. 8 Hidep sing inget, Isa Al Masih, — anu geus sumping ngajadi manusa, gelar ka dunya ti turunan Daud — geus digugahkeun tina pupus-Na. Ieu pisan anu ku bapa dijieun acining pangwawaran teh. 9 Ku lantaran bapa ngawawarkeun hal eta, bapa teh, nepi ka dibui, dijieun kawas ka penjahat. Tapi mungguh pangandika Allah mah pamohalan bisa kabarogod. 10 Tur bapa oge daek ngawayahnakeun maneh, dina nandanganana; sangkan jelema-jelema anu ku Allah geus dipilih teh, marareunang kasalametan sarta kamulyaan anu langgeng, ku manunggalna jeung Isa Al Masih. Ieu picatur di handap teh, bener: 11 “Ku sabab urang geus ngiring paeh ka Anjeunna, tangtu oge baris ngiring hirup jeung Anjeunna. 12 Lamun kuat tur sabar dina nandangan, urang baris ngiring ngarajaan. Sabalikna lamun mungkir, ku Anjeunna ge tangtu dipungkir. 13 Najan urang teu satia, Anjeunna mah tetep satia-Na. Sabab Anjeunna mah, hamo mungkiran salira-Na.” 14 Pepelingkeun ku hidep, ngeunaan hal eta, ka anggota-anggota. Demi Allah, wanti-wantikeun ka maranehna ulah sok parebut omong, euweuh hasilna, ngan matak bingung ngadengena bae. 15 Hidep sorangan kudu ihtiar, sangkan hidep kaanggo ku Allah; sakumaha layakna pagawe anu hade, anu teu era ngemban timbalan ti Mantenna, tur ati-ati enggoning ngawurukkeun amanat kayaktian. 16 Hidep kudu ngajaga diri, ulah nepi ka gorgar parebut paisan kosong jeung jelema-jelema tukang loba omong. Sabab hal eta teh, ngan matak tambah ngajauhkeun jelema ti Allah. 17 Pangajaran maranehna teh, lir ibarat panyakit kangker anu nyaliara dina awak. Di antara maranehna teh, aya jelema anu ngarana Himenius jeung Piletus, 18 anu geus alingkar tina kayaktian. Ceuk maranehna: Kiamat teh geus kajadian. Temahna, aya sawatara jalma anu nepi ka ruksak imanna. 19 Tapi pademen kenging Allah mah, reugreug pageuh sarta dicap ku tulisan anu kieu unina: “Pangeran uninga, nu mana kagungana-Na.” Jeung: “Nu rumasa jadi umat Pangeran, kudu miceun kadorakaan.” 20 Paparabotan imah anu gede mah pepek, aya nu tina emas perak, aya anu tina kayu, jeung anu tina taneuh oge aya. Anu tina emas jeung perak paranti pesta, anu tina kayu jeung taneuh mah pikeun sapopoe. 21 Anu geus meresihkeun diri tina kadorakaan, baris dipakena kana tujuan anu luhung; lir parabot imah anu ku nu bogana dipupusti, dipakena ngan pikeun maksud-maksud anu utama wungkul. 22 Hidep ulah nurutkeun perbawa napsu kangoraan. Udag kaadilan jeung kanyaahan, hontal kaakuran, bareng jeung kanca-kanca anu pada-pada temen-tinemenan ngandel jeung ngaharepna ka Pangeran. 23 Hidep ulah daek diajak papaduan ngeunaan sual-sual anu mahiwal tur euweuh mangpa'atna. Ku hidep tangtu kama'lum, yen nu kitu mah ngan nungtun kana papaseaan wungkul. 24 Padahal nu jadi abdining Gusti mah, teu meunang papaseaan sarta salawasna kudu someah ka sarerea. Kudu jadi guru anu luhung, lantip, sabar, 25 sarta lemah-lembut dina nyanghareupan lawan. Malakmandar lawan teh ku Allah dipaparinan jalan kana pertobat, nya eta daek narima kayaktian, 26 lilir pikirna lantaran diuculkeun tina cangkereman Iblis anu ngawasaan maranehna.

2 Timoteus 3

1 Anaking! Dina jaman ahir bakal aya rupa-rupa kasukeran. 2 Jalma-jalma jaradi sararakah, piduit kabina-bina, takabur, galede hulu, upatan, ngalawan ka kolot, taya panarima, ngapilainkeun ka Allah, 3 ilang kanyaah, ahli ngagogoreng, ngumbar napsu, telenges, dedegler, 4 hianat, nekad, mokahaan, ieu aing, batan ibadah anggur biur ngecak-ngebur. 5 Ibadahna teh, ti luarna wungkul; ari jero-jerona mah, teu dipake. Anu kararitu teh kudu singkiran sing jauh! 6 Aya deui anu sok unjung-anjang ka imah batur jeung mangaruhan awewe-awewe anu gampang kaolo, anu geus kabugbrugan dosa, sarta karimbunan napsu-napsu. 7 Awewe-awewe eta teh, teu weleh-weleh ngulik kana bebeneran mah, tapi tetep teu nyaho kana kayaktian. 8 Eta teh, ku lantaran ngalawan kana kayaktian, nepi ka ruksak budina pecat imanna. Awewe-awewe nu kitu teh, teu beda ti Yanes jeung Yambres, anu baheula ngalawan ka Musa tea. 9 Lian ti eta, kalakuan anu kararitu mah, moal bisa lana; geuning kawas Yanes jeung Yambres tea ge, kabodoanana teh, baris gancang-gancang katangar ku sarerea. 10 Sukur, hidep mah satia kana pangajaran bapa, kalakuan bapa, pamadegan bapa, iman bapa, kasabaran bapa, kanyaahan bapa, sarta kapengkuhan bapa. Hidep ge, geus nyorang dikaniaya jeung sangsara, 11 sakumaha nu geus kaalaman ku bapa di Antioki, Ikonium jeung di Listra tea. Bapa geus nandangan kaniaya-kaniaya eta jeung Gusti ge, geus ngaleupaskeun bapa tina sakabeh kaniaya. 12 Memang, anu ibadah ka Allah jeung percaya ka Isa Al Masih mah geus pasti nandangan panganiayaan. 13 Tapi mungguhing anu jahat mah, baris tambah jahat; tukang tipu ge, baris beuki maceuh bae tupa-tipuna teh; maranehna ngalakukeun hal eta, lain ka batur bae, tapi ka dirina sorangan oge. 14 Kayaktian anu ku hidep enggeus kacangking tur geus jadi kayakinan. Hal eta, ku hidep kudu terus dicangking bari kudu eling ka anu merena. 15 Inget, ti leuleutik hidep geus diajar Kitab Suci, anu ngalantarankeun hidep boga pangarti jeung nungtun kana kasalametan, ku jalan iman ka Isa Al Masih. 16 Saeusining Kitab Suci teh, kabeh ge, wahyu ti Allah, keuna pisan pikeun ngadegkeun kayaktian, pikeun ngawuruk, pikeun nuduhkeun kasalahan, pikeun ngomean tingkah laku, nungtun kana hirup anu lempeng tur bener. 17 Jadi, jelema-jelema nu jaradi abdi Allah teh, geus dilengkepan ku pangarti, supaya maranehna bisa ngalampahkeun sagala pagawean anu hade.

2 Timoteus 4

1 Bapa menta ka hidep di hadirat Allah jeung Isa Al Masih, anu baris nerapkeun hukum adil ka anu harirup jeung nu paraeh. Demi pisumpingeuna-Na jeung demi Karajaana-Na: 2 Embarkeun amanat pangandika Allah! Sing sabisa-bisa, boh keur salse, boh keur riweuh; sing bisa ngayakinkeun ka batur, papatahan, benerkeun, bari ulah tinggal ti kasabaran. 3 Sabab baris datang mangsana, jelema-jelema teh arembung ngadenge kana omongan sehat, kalah ka sakama-kama jeung maluruh guru-guru anu ucap-ucapanana dapon ngareunah kana ceuli wungkul. 4 Kana perkara anu sayaktina mah, maranehna wani nyarocokan ceuli; teu cara kana perkara anu bid'ah jeung tahayul, ceulina wani raracung. 5 Dina suasana anu kumaha bae oge, hidep kudu tetep bisa ngawasaan diri jeung kudu daek wayahna. Hidep ulah kapok ngalakonan papancen. Pangwawaran kudu jalan terus! 6 Bapa onaman, geus tereh kana ngocor getih — lir kurban — sarta tereh kana nekanan ajal. 7 Ayeuna bapa geus rengse tina jurit tur jeung unggulna; iman bapa ge, teu cecel teu bobocel. 8 Ayeuna bapa eukeur ngadago pahlana, nya eta makuta kayaktian, anu ku Gusti Hakim Nu adil baris diserenkeun dina Wanci poeana-Na. Lain ka bapa bae, tapi ka sarerea oge, nya eta sakur anu nyaah jeung nganti-nganti pisumpingeuna-Na. 9 Coba ihtiar, sangkan hidep bisa buru-buru datang ka bapa. 10 Sabab bapa geus kaleungitan ku sababaraha urang. Kahiji ku Demas, anu ninggalkeun bapa lantaran kagembang ku barang dunya. Manehna geus indit ka Tesalonika. Kadua ku Kreskes, anu ku bapa dititah ka Galata. Katilu ku Titus, anu ku bapa dititah ka Dalmatia. 11 Ayeuna bapa teh ngan ukur jeung Lukas bae. Ajakan Markus ka dieu, perlu pikeun ngurusanan bapa. 24* 12 Sabab Tihikus, ku bapa geus dititah ka Epesus. 13 Sakalian, ku hidep, bawa jubah bapa anu ditunda di Troas tea, di imah Karpus; kitu deui, kitab-kitab bapa, sumawonna kitab anu tina kulit tea mah. 14 Aleksander, Ki paledang tea, pohara gorengna ka bapa. Anging Gusti anu wenang ngabalesna mah: Satimpal jeung kalakuanana. 15 Hidep oge, kudu ati-ati nyanghareupan manehna. Sabab kacida ijideunana, kana pangajaran ti urang teh. 16 Basa perkara bapa mimiti dipariksa, mani taya hiji-hiji acan anu bela, kabeh nyalingkir ti bapa. Tapi mugi-mugi bae, ku Allah teu dietangkeun kana naon-naon! 17 Sukur, harita, Gusti mah henteu ngantunkeun. Tapi maparin kategeran nepi ka bapa bisa jucung mere pangwawaran tur didarenge ku jelema-jelema anu aya di saluareun bangsa Yahudi. Harita, bapa teh sasat leupas ti maung anu rek nekuk. 18 Taya deui — anging Gusti — nu baris ngaleupaskeun bapa tina sagala pakewuh sarta baris nyandak bapa ka Karajaana-Na di sawarga. Kamulyaan kasanggakeun ka Anjeunna sapapaosna! Amin. 19 Tepikeun salam bapa ka Priska, Akuila, jeung ka Onesiporus sakulawarga. 20 Ari Erastus, tuluy bae matuh di Korinta. Sedengkeun Tropimus mah ditinggalkeun di Mileta; da keur gering. Hidep ka dieu teh, kudu samemeh usum tiris. 21 Aya salam ti Ebulus, Pudes, Linus, jeung Klaudia; kitu deui, ti sakabeh dulur-dulur. 22 Muga hidep disarengan ku Gusti sarta diaping ku berkah sih kurnia-Na!

Titus 1

1 Ti Paulus, abdining Allah sarta rasul Isa Al Masih, anu dipiwarang nguatkeun iman umat Allah sarta nungtun maranehna kana kayaktian nurutkeun agama anu diagem ku urang, 2 anu didadasaran ku pangarep-ngarep kana hirup langgeng tea. Allah anu ngajangjikeun hal ieu ka urang, ti alam bihari keneh, mustahil jalir. 3 Sanggeus nitih kana wanci, eta jangji teh ku Mantenna dibuktikeun dina pangwawarana-Na. Eta pangwawaran teh dipercayakeun ka simkuring, ku Allah, Juru Salamet urang. 4 Surat dumateng Titus, anu ku karana saiman sasat anak pituin, nepi ka urang jadi sabeungkeutan. Muga anjeun pinanggih rahmat, piwelas katut rahayu ti Allah Rama, jeung ti Isa Al Masih, Juru Salamet urang. 5 Nu matak anjeun ditinggalkeun di pulo Kreta teh, nya eta pikeun memeres jeung neruskeun hanca. Anjeun kudu ngangkat kokolot-kokolot pikeun jamaah, di unggal-unggal tempat. Dasarna kudu nurutkeun pituduh ti simkuring tea, nya eta: 6 Nu kudu diangkat teh, anu mulus kalakuan, anu teu nyandung, anu anak-anakna balageur, anu taya cawadeunana, jeung anu tara ngabarandel. 7 Sabab jeneng pamingpin jamaah teh manggul papancen ti Allah, teu meunang nyieun codeka, teu meunang gumede, panas-baran, mabok, teu kaopan, jeung hawek. 8 Sabalikna, pamingpin jamaah mah kudu darehdeh, biluk ka nu hade, sabar, adil, iklas, lantip, 9 kukuh kana ajaran sajati sarta luyu jeung pangajaran anu geus katarima. Tah nu karitu anu baris bisa nerapkeun ajaran sajati teh, anu baris bisa ngahatean jamaahna, tur wani menerkeun kasalahan-kasalahan jelema-jelema anu boga tekad ngalawan. 10 Da loba keneh atuh anu ngaralawan teh, anu rek ngasupkeun pangajaran nu nyeleweng; pangpangna mah, ti golongan umat turunan Yahudi. 11 Nu kararitu, kudu dibekem sungutna. Sabab pangajaranana, matak runtag sajamaah. Pangna ngarulik elmu teu uni oge, taya lian ti rek nyiar untung nu teu halal. 12 Nepi ka aya urang Kreta, nabina pisan, kungsi ngomong kieu: "Urang Kreta mah, saumur-umur, jaba ti wadul teh teu beda ti kerud, nya gembul nya kedul." 13 Bener naker eta ucapan teh. Weweleh nu karitu teh ku anjeun, malakmandar iman kapercayaanana pulih deui; 14 ulah sina ngeukeuweuk bae talari karuhun Yahudi, ngagul-ngagul aturan-aturan beunang manusa, teu malire kayaktian. 15 Pikeun anu hatena suci mah, sagala ge suci. Sabalikna, pikeun nu pecat iman mah, euweuh nu suci lantaran nya pipikiran nya kalakuan, kotor bae. 16 Majar maneh nyaho ka Allah, ari kalakuan sabalikna. Jelema-jelema karitu mah, gawena ngan ngaralawan bae, pinuh ku kaijid, jeung taya pupurieunana.

Titus 2

1 Tepikeun ku anjeun pangajaran anu sehat. 2 Nu karolot, papatahan: Kudu rintih, asak jeujeuhan, make wibawa, mulus iman, nyaahan, jeung sabar. 3 Kaum ibuna, papatahan: Kudu hirup sakumaha pantesna nu dipikolot, ulah upatan, ulah jadi budak inuman, kudu bisa mere pituah pupurieun, 4 ngajar anu ngora sina nyaah ka salaki jeung ka anak, 5 lantip, surti, jadi ibu rumah tangga anu utama, anu ngesto ka salaki, pikeun ngajaga supaya ulah aya anu ngagorengkeun kana pangandika Allah. 6 Barudak ngorana kudu dididik sina harideng barisa mawa diri. 7 Anjeun sorangan, kudu jadi picontoeun dina sagala hal. Mun ngawuruk, anjeun kudu jujur, enya-enya, 8 basana sing ngaguluyur, ulah ngondang pibantaheun, sangkan nu niat ngalawan era sorangan tina teu manggih cawadeun ti anjeun. 9 Anu karumawula, papatahan: Kudu nurut dina sagala rupa ka dunungan, ulah bantahan, 10 ulah salingkuh, kudu beunang dipercaya salawasna, sagala pagaweanana kudu matak tambah jinungjungna ajaran Allah, Juru Salamet urang. 11 Sabab Allah teh, geus maparin rahmat kasalametan ka sakumna manusa. 12 Sih kurnia Mantenna teh ngandung pepeling, sangkan urang miceun lampah doraka jeung hawa napsu dunya; jaba ti eta, urang ge supaya nyaliksik diri, jujur, sopan, sarta ibadah dijaman kiwari; 13 bari manteng kana pidatangeunana mangsaning rahayu, nya eta wanci ebrehna kamulyaan Allah jeung Juru Salamet urang Nu agung, Isa Al Masih. 14 Anjeunna geus ngorbankeun salira ngabela urang, sangkan urang luput tina sagala nu jahat, ngajadi hiji umat anu geus disucikeun tina dosa, sarta rajin ngalampahkeun kahadean. 15 Tah wurukkeun kitu. Dina mere sumanget jeung ngayakinkeun jelema, anjeun, sabisa-bisa kudu ngandung pangaruh; sangkan saha bae ge, ulah bisa ngajojore.

Titus 3

1 Anjeun kudu ngawawadian Jamaah, supaya tunduk ka anu nyekel pingpinan, nurut kana pituduhna, sarta siap nohonan gawe nu hade. 2 Ulah sok upat-sinuat ulah nyiar picekcokeun, hade tata hade basa ka itu ka ieu. 3 Da urang ge tadina mah cupet, bantahan ka Allah, sasar, jeung jadi bujang kahayang, tukang ngumbar kasukaan, pikacuaeun batur bari silih pikangewa. 4 Sukur, Allah, nu jadi Juru Salamet geus mintonkeun welas asih-Na, 5 kersa nyalametkeun ka urang. Lain pedah urang hade laku; tapi eta mah, saestu ku karana sih piwelas-Na bae; Ari Mantenna nyalametkeun urang teh, nya eta ku jalan urang geus enya-enya narima baptisan anu ngalambangkeun yen urang teh geus ngajadi hiji jelema anu anyar dijurukeun sarta narima hirup anu salawasna dianyarkeun ku Ruh Allah. 6 Eta Ruh Allah, dipaparinkeun ku Allah ka urang teh tanpa wates wangen, ku perantaraan Isa Al Masih, Juru Salamet urang. 7 Ku berkahna sih kurnia Isa Al Masih, urang teh bisa nyorang hirup anu bener, tur aya hak meunang warisan tina hirup anu langgeng, anu keur diarep-arep tea. 8 Ieu teh pasti, hamo gagal. Omat, hal ieu muga ditetelakeun enya-enya ku anjeun, sangkan anu keur aribadah teh suhud junun dina kahadean. Tanwande gede tur alus mangpa'atna. 9 Ulah sina beunang kapancing ku anu niat ngajak padu sual berendelan ngaran-ngaran karuhun bari nyawalakeun ajaran Toret nepi ka matak parasea. Kalakuan kitu teh, siwah tur sama sakali taya gunana. 10 Anu sok ngabengkahkeun mah, lamun geus teu beunang diingetan ku sakali dua kali, geus ulah dipirosea deui. 11 Kama'lum ku anjeun ge, jelema kitu mah sasar, engke ge kahukum ku polahna sorangan. 12 Upama utusan simkuring geus datang ka anjeun, duka Artemas duka Tihikus, sabisa-bisa anjeun kudu geuwat neang simkuring ka kota Nikopolis; sabab salila usum tiris mah, simkuring rek mukim heula di dinya. 13 Pangnulungankeun Senas, ahli hukum tea, kitu deui Apolos. Sabisa-bisa, pangihtiarkeun sagala kaperluanana, sina maranehna buru-buru bisa mariang ngalakonan gawe. 14 Dulur-dulur ge, ku anjeun nasehatan: Kudu dialajar digawe kituh, nyiar rejeki anu halal keur nyumponan pangabutuh sorangan, malar hirupna aya gunana. 15 Dulur-dulur anu keur bareng jeung simkuring ayeuna, ngaririm salam. Pangnepikeun salam sono simkuring ka dulur-dulur saiman. Mugi-mugi rahmat Allah nyarengan ka saderek.

Pilemon 1

1 Ti Paulus, anu keur dipanjara ku karana Isa Al Masih, jeung ti saderek Timoteus. Serat kahatur saderek Pilemon, sobat jeung mitra sagawe. 2 Oge kahatur Nyi Apia jeung saderek Arsipus kanca saperjuangan urang tea; katut dulur-dulur jamaah anu karumpulanana sok di saderek. 3 Mugi-mugi sadayana ginanjar rahmat rahayu berkah ti Allah, Anu jumeneng Rama, jeung ti Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang. 4 Saban-saban neneda, simkuring tara tinggal ti ngunjukkeun saderek ka Allah dibarung ku muji sukur; 5 lantaran ngadenge saderek pohara nyaah satiana ka Isa, Gusti Jungjunan urang, jeung ka sakumna umat Allah. 6 Simkuring neneda deui, mugi-mugi tali mimitran jeung saderek teh matak nambahan jembarna paningal saderek kana satiap mangpa'at buah-buahna pagawean urang kanggo Al Masih tea. 7 Kanyaah anu ku saderek diipuk dina hate sakur anu palercaya teh, estu matak bungah jeung matak lipur ka simkuring. 8 Ngingetkeun urang teh saiman ka Al Masih, simkuring wani tadah-tuduh anu ku saderek perlu dilakonan. 9 Tapi ngingetkeun kana kanyaah saderek, simkuring moal rek ngudukeun. Simkuring, Paulus, — tina rumasa geus kolot tur keur aya di jero panjara ku karana Isa Al Masih — 10 seja menta tulung keur Onesimus tea; anu sasatna, dina harti rohani mah, manehna teh anak simkuring. 11 Tadina mah, pikeun anjeun, Onesimus teh tanpa guna. Tapi ayeuna mah, geus jadi tanaga anu penting, boh keur saderek, boh keur simkuring. 12 Ayeuna, eta beubeulahan hate simkuring teh, rek dipulangkeun deui ka saderek. 13 Saenyana, nurutkeun kahayang mah, mending sina tetep heula ngabantu simkuring sabot eukeur dipanjara, — ku karana Injil tea — itung-itung wawakil anjeun. 14 Tapi papadaning kitu, teu pisan-pisan seja nangtukeun kudu kitu. Ieu mah manawi saderek rido, supaya saderek ulah ngarasa kapaksa enggoning ngalampahkeun ka hadean teh. 15 Kawasna, pangna saderek kudu pisah ti Onesimus sawatara lilana teh, sangkan ayeuna manehna saumur-umur aya deui di saderek. 16 Bedana, ayeuna mah, manehna teh geus lain harkat kawula deui. Tapi leuwih ti kitu, da manehna teh geus jadi dulur nu dipikanyaah. Kitu, ari simkuring ka manehna mah. Nya komo ku saderek mah, boh sacara lahir, kitu keneh sacara iman ka Al Masih. 17 Ku kituna, upama enya anjeun ngaku mitra ka simkuring; ngaku ka Onesimus teh, sing cara ka simkuring bae. 18 Bisi bae manehna kungsi ngarugikeun atawa boga hutang ka anjeun, tempuhkeun ka simkuring bae. 19 Nya Paulus, anu nandatangan dina ieu surat nu baris mayaranana. Simkuring moal rek nyabit-nyabit, yen saderek teh geus kahutangan pati ka simkuring. 20 Tapi demi pajenengan Gusti, mugi anjeun kersa nulungan simkuring sakali ieu mah. Demi Al Masih, simkuring teh ku hayang dibubungah ku anjeun. 21 Simkuring nyuratan teh kajurung ku kayakinan, yen saderek baris mere teh leuwih ti nu dipenta. 22 Salian ti eta, simkuring teh hayang dipangnyadiakeun kamar; sabab gede harepan yen simkuring teh, — berkah doa anjeun keneh — baris kawidian ku Allah mulang deui ka anjeun. 23 Aya salam pikeun anjeun ti saderek Epapras, batur sapanjara simkuring; dipanjarakeun teh, nya kitu, pedah anjeunna percaya ka Al Masih oge. 24 Kitu deui anu eukeur ngabarantu pagawean simkuring: Markus, Aristarkus, Demas jeung Lukas ngaririm salam oge. 4:10, 14, 2Tim. 4:10-11* 25 Mugi-mugi aranjeun mendak sih piwelas-Na Al Masih.

Ibrani 1

1 Baheula, Allah sering ngandika nganggo rupa-rupa cara ka karuhun urang, ditepikeunana ku nabi-nabi. 2 Kiwari, — dina jaman ahir — ngandika-Na ka urang teh, ku perantaraan Putra-Na anu geus diserenan sakabeh perkara. Langit jeung bumi oge, dijadikeunana teh, nya ku Putra-Na. 3 Nya Anjeunna nu jadi cahaya kamulyaan Allah, nu ngalap kana salira Allah ku manten. Nya Anjeunna anu murba ka saniskara ku Pangawasa Pangandikana. Sanggeus nyucikeun manusa tina dosa, Anjeunna munggah deui ka sawarga, linggih di tengeneun Allah Nu Maha Kawasa. 4 Allah ngajungjung Putra-Na leuwih luhur batan paramalaikat; hal eta, tetela tina gelaran-gelarana-Na anu aragung. 5 Taya hiji malaikat oge, an u geus didawuhan kieu ku Allah cara Anjeunna: “Hidep estu Anak Kami, anu diyugakeun ku Kami kiwari.” Taya hiji malaikat anu kenging dawuhan cara Anjeunna: “Nya Kami pi-Ramaeunana, ari Anjeunna nya Putra Kami.” 6 Nalika eta Putra Cikal teh diutus ka dunya, Allah ngandika kieu: “Malaikat-malaikat Allah, kabeh wajib ngabakti ka Anjeunna.” 7 Ari hal malaikat-malaikat mah didawuhkeuna-Na teh kieu: “Malaikat-malaikat ku Mantenna dijadikeun gelebugna angin ribut, abdi-abdi-Na dijadikeun gedurna seuneu.” 8 Ngeunaan Putra-Na: “Singgasana Gusti, nun Pangeran, sapapaosna moal oyag moal gedag. Gusti ngereh Karajaan kalawan adilna. 9 Gusti miasih ka nu satuhu, cua kana kajahatan. Eta margina, nu mawi ku Allah, Panutan Gusti diserenan kawasa nyangking kamulyaan, punjul ti anu sanes-sanesna.” 10 Aya deui, kieu: “Kawitna, nun Gusti, Gusti ngajadikeun langit jeung bumi, dipidamel ku panangan ku anjeun. 11 Eta sadayana bakal sirna, nanging Gusti mah tetep jumeneng. Sadayana baris bobo sapertos anggoan, 12 ku Gusti baris ditilepan sapertos nilepan lawon, baris digentos jeg ngagentos anggoan. Dupi Gusti mah hamo barobah, hamo aya heubeul-Na.” 13 Ka paramalaikat mah, Allah teu kantos ngadawuh kieu: “Hiap, hidep diuk katuhueun Kami, Kami baris ngagusuran musuh-musuh hidep, sina ngajaloprak dina suku hidep.” 14 Ana kitu, naon atuh ari paramalaikat? Taya lian, eta mah kabeh oge bangsa roh purah ngalalayanan; nu diutus ku Allah purah ngadeudeul manusa anu rek dipaparin kasalametan.

Ibrani 2

1 Ku kituna, urang kudu beuki saregep kana perkara-perkara anu geus tepi kana ceuli urang. Sabab lamun teu kitu, urang baris leungiteun padoman. 2 Amanat anu ditepikeun ngan ukur ku malaikat-malaikat ge sakitu penting kabina-bina. Tepi sing saha nu teu malire, nya teu nurut kana eta amanat teh, pinasti meunang hukuman anu satimpal. 3 Rek bisa lolos kumaha urang tina hukuman, upama urang teu daek malire kana eta amanat kasalametan. Nya anu ngawitan ngembarkeunana teh, Gusti Jungjunan urang ku anjeun. Ti dinya, ku sakur anu ngarupingna dinyatakeun ka urang yen hal eta, estu saenyana. 4 Tur, hal eta teh, dikuatan ku Allah ku manten anu mintonkeun rupa-rupa tanda ajaib, mujijat-mujijat, jeung dadamelan-dadamelan anu araheng. Lian ti eta, Allah teh ngurniakeun Ruh Allah, numutkeun pisapuk manah-Na. 5 Dunya, dina jaman anu bakal datang, ku Allah henteu dikawasakeun ka paramalaikat. 6 Anggur sakumaha ceuk Kitab: “Nun Pangeran, naon tea manusa teh, pangna ku Gusti dugi ka dipikamelang? Sareng saha manusa teh, nu mawi ku Gusti dilayad? 7 Mung pikeun sakedap bae, Anjeunna, ku Gusti dikersakeun aya di sahandapeun malaikat-malaikat teh; salajengna mah, Anjeunna dimakutaan ku kamulyaan sareng kaagungan. 8 Dikawasakeun murba kana saniskara, nalukkeun sagala rupi kana dampal sampeana-Na.” Ari anu ku Allah ditalukkeun ka Anjeunna teh, estuning saniskara perkara. Tegesna, taya pisan anu diiwalkeun. Kiwari, yen saniskara geus ditalukkeun ka Anjeunna teh, ku urang acan katembong. 9 Anu ku urang geus kasaksian mah, nya eta: Isa teh kantos sakeudeung ku Allah disina leuwih rendah batan malaikat, sina pupus pikeun kabeh manusa anu kalintang dipiwelas-Na ku Allah. Tapi sanggeus Anjeunna nemahan pati, lajeng ku Allah dimakutaan ku kamulyaan jeung kaagungan. 10 Sabab ku Allah, — anu jadi Maha Cipta jeung anu jadi panyacapan sakabeh perkara — Isa teh dijadikeun jejer jalan kasalametan; Anjeunna ge, geus disina nyorang sangsara heula, nya pikeun ngahontal kasampurnaan tea, sangkan Anjeunna iasa nyandak loba manusa manjing kana kamulyaan sawarga. 11 Anjeunna, — anu nyanggakeun manusa ka pangkon Allah — jeung manusa anu disanggakeuna-Na teh, asalna sami tunggal sa-Rama. Ku kituna, Anjeunna teh henteu lingsemeun ngangken dulur ka manusa. 12 Saur-Na oge: “Pajenengan Ama, nun Allah, ku Abdi sumeja dimashurkeun ka sadaya dulur-dulur, sumeja dipuji di jamaah. ” 13 Saur-Na keneh: “Kami nanggeuhkeun pangharepan ka Allah.” Jeung: “Ieu Kami, babarengan jeung anak-anak Kami paparin ti Allah.” 14 Ku sabab anu diangken jadi putra-putra-Na teh manusa biasa, Anjeunna iklas nyamikeun salira ka maranehna; nya hurip-Na teh sakumaha hirup maranehna, supaya ku jalan pupus-Na, setan anu ngereh alam maot teh, ditumpes. 15 Lian ti eta, supaya sakur anu saumur hirupna teu leupas-leupas tina kasieun ku kawasaning ajal, bisa leupas tina geugeuhanana. 16 Tetela, anu dibela dipiwelas ku Anjeunna teh lain paramalaikat, tapi umat turunan Ibrahim. 17 Kitu, pangna Anjeunna dina sagala perkara disamikeun jeung dulur-dulur-Na teh; nya supaya enggoning maranehna ngabdi ka Allah, Anjeunna iasa jadi Imam Agung anu satia tur welas asih enggoning nebus dosa umat-Na. 18 Ku lantaran Anjeunna kantos nandangan rupi-rupi cocoba, Anjeunna iasa maparin kakuatan ka sakur anu keuna ku cocoba.

Ibrani 3

1 Dulur-dulur! Aranjeun anu ku Allah enggeus disaur jadi umat kagungana-Na. Puseurkeun perhatian aranjeun ka Isa, anu ku Allah geus diutus pikeun jadi Imam Agungna urang. 2 Anjeunna kacida kumurebna ka Allah, anu ngajenengkeuna-Na; sakumaha Musa kumureb kana nohonan papancen di sakuliah wangunan Allah. 3 Parandene, Isa mah leuwih-leuwih hormateuna-Na ti batan Musa. Da sawajarna, ari nu ngawangun mah, leuwih mulya ti batan nu diwangunna. 4 Tiap wangunan, tangtu aya anu ngawangunna. Ari wangunan jagat alam raya, diwangunna teh ku Allah. 5 Di jero eta wangunan kagungan Allah, nya Musa anu jadi abdi Allah anu tuhu kana papancen. Papancenna teh, nya eta jadi saksining timbalan Allah anu bakal diandikakeun. 6 Tapi Al Masih mah, kumureb-Na teh, sakumaha kumurebna nu jadi Putra, anu dikawasakeun ngurus panglinggihan kagungan Rama. Urang bisa ngarasa betah matuh di dinya, tapi saratna urang kudu berjuang kalawan temen-tinemenan tur tahan uji tepi ka panganggeusan, jeung manteng cengeng ka anu diarep-arep. 7 Regepkeun dawuhan Ruh Allah ka aranjeun, anu ungelna: “Upama maraneh poe ieu ngadenge timbalana-Na, 8 poma, ulah neuaskeun hate kawas nu enggeus-enggeus, waktu maraneh ngalawan ka Allah, jaman diuji di tegal kikisik tea. 9 Harita, karuhun-karuhun maraneh geus wani wangkelang sarta curiga ka Kami; padahal, nepi ka opat puluh taun pisan maranehna teu petot-petot nyaksian padamelan Kami. 10 Ahirna, Kami nepi ka kudu amarah ka maranehna. Nepi ka ceuk Kami: ‘Dasar tukang sasar pikir, arembung nyaho kana jalan nu ti Kami.’ 11 Bawaning amarah, Kami nepi ka sumpah: ‘Maranehna hamo bisa milu ka tempat pangreureuhan Kami.’ ” 12 Ku sabab eta, masing ati-ati; ulah nonggongan jeung nyieun pamolah anu matak jaheut manah Allah Anu jumeneng. 13 Anggur kudu silih elingan unggal-unggal poe, satungtung anu disebut “poe ieu” aya keneh, supaya ulah nepi ka aya anu sasar kasered ku dosa, tuluy bae mengpetan hate! 14 Mun rumasa jadi anggota kaluwarga Al Masih, kudu teguh kudu pengkuh nangtung dina kayakinan anu enggeus diyakinkeun ti awal-awalna, kudu tagen nepi ka jucungna. 15 Sing inget, kumaha ceuk Kitab: “Upama maraneh poe ieu ngadenge timbalana-Na, poma ulah mengpet bae kawas ka tukang-tukang, waktu maraneh ngalawan ka Allah.” 16 Saha jelema-jelemana, anu ngadarenge timbalana-Na, tapi anggur ngaralawan? Nya eta jelema-jelema anu ku Musa dituyun budal ti Mesir tea. 17 Saha jelema-jelemana, anu ku Allah dibenduan salila opat puluh tahun? Nya eta jelema-jelema anu daroraka, anu disina paraeh di alas kikisik. 18 Saha jelema-jelemana, anu diragragan supata sina ulah bisa manjing ka tempat pangreureuhan Allah? Na saha atuh lamun lain anu warangkelang ka Mantenna? 19 Munasabah teu barisa manjing ka dinya oge, bongan henteu palercaya!

Ibrani 4

1 Widi Allah pikeun manjing ka tempat pangreureuhan Mantenna, saenyana laku keneh tepi ka kiwari. Tinggal urangna anu kudu ati-ati, sangkan ulah aya anu nepi ka tinggaleun cara maranehna. 2 Padahal maranehna oge kawas urang ngadarenge uaranana. Tapi tetela, eta uaran anu sakitu pentingna teh, pikeun maranehna mah teu aya berkahna lantaran ngadarenge ge embung percaya. 3 Tapi urang, anu percaya saestu-estuna, tangtu widi ka tempat pangreureuhan Mantenna, tempat anu ku Mantenna ditimbalkeun: “Bawaning amarah, Kami nepi ka sumpah: Maranehna hamo asup ka tempat pangreureuhan Kami.” Kitu ditimbalkeunana, sanajan saniskara padamelana-Na geus rengse ti barang dunya dijadikeun. 4 Tumali jeung poe anu katujuh, aya timbalan anu kieu: “Dina poe nu katujuh, Allah reureuh tina sagala damel-Na.” 5 Parandene, bet aya timbalana-Na, anu ungelna: “Maranehna hamo manjing ka tempat pangreureuhan Kami.” Naha? 6 Jadi, tetela aya hiji tempat reureuh, anu bisa kajugjug ku sabagian manusa. Tapi jelema-jelema anu pangheulana ngadarenge uaran anu sakitu pentingna, malah teu barisa nepi ka dinya lantaran arembung nurut. 7 Ku sabab eta, sakumaha urang terang, Allah teh nyayagian keneh hiji poe anu disebut “Poe ieu,” anu enggeus mangpirang-pirang alam ku Mantenna ditimbalkeun ku parantaraan Daud, ungelna: “Upama maraneh, poe ieu, ngadenge timbalana-Na, poma ulah mengpet hate.” 8 Upama jaman harita Yosua bisa mingpin rayatna ka tempat pangreureuhan Allah tea, Allah teh moal kantos nyayagian poe sejen. 9 Jadi, umat Allah teh masih keneh kudu nunggu datangna hiji Sabat (poe kareureuhan) nu sajatina. 10 Sabab sing saha anu manjing ka tempat pangreureuhan Allah, baris reureuh tina sagala kawajibanana; sakumaha Allah oge anu geus reureuh tina sagala damel-Na. 11 Ku sabab eta, urang kudu ihtiar sing junun malar bisa asup ka eta tempat; ulah nepi ka tikosewad lantaran wangkelang cara anu daroraka tea. 12 Pangandika Allah teh, saestu hirup tur kawasa; leuwih seukeut alah batan ti pedang anu dua pangadekna, bisa parat kana puseurna nyawa jeung roh, sanggup tembus kana sungsum reujeung tulang, sanggup maca kalayang taliti sagala angen-angen jeung pipikiran manusa. 13 Taya hiji mahluk anu bisa nyingkuran Mantenna, kabeh ge nembrak nonggerak di hadirat-Na. Nya ka Mantenna urang kudu tanggung jawab teh. 14 Sing pageuh ngagem iman kapercayaan teh. Sabab urang boga Imam Agung anu geus nyungsi sawarga, nya eta Isa, Putra Allah. 15 Imam Agung urang teh kalintang mihawatirna kana kahengkeran urang, da puguh Anjeunna oge geus sami-sami ngarandapan cocoba kawas urang. Bedana teh, Anjeunna mah teu kagungan dosa. 16 Ku hal eta, urang teh bisa ngarasa reugreug nya hate nyolondo ka payuneun singgasana Allah anu maha welas asih. Tanwande, urang, ku Mantenna diangken, ditampi kalayan asih sarta dipaparin rahmat dina danget urang butuh.

Ibrani 5

1 Tiap imam agung, dipilihna teh, pikeun ngawakilan bangsana ngajalankeun ibadahna ka Allah; nya pikeun nyanggakeun pangbakti-pangbakti jeung kurban panebus dosa tea. 2 Anjeunna kudu tahan jeung sabar mayunan rayat anu kurang pangarti tur sok sarasab. 3 Ku sabab papada lemahna, pangbakti-pangbakti jeung kurban teh, lain keur nebus dosa bangsana wungkul, tapi oge keur nebus dosana ku anjeun. 4 Pikeun nyangking pangkat anu sakitu agungna teh, henteu bisa ku ngajenengkeun anjeun, tapi kudu aya panyaur heula ti Allah, saperti Imam Harun. 5 Al Masih oge, kenging-Na kahormatan jadi Imam Agung teh lain ngajenengkeun anjeun, estu ku timbalan Allah anu kieu: “Hidep estu Anak Kami, anu diyugakeun ku Kami poe ieu.” 6 Sakumaha dawuhana-Na dina salah sahiji enas lianna: “Hidep teh Imam langgeng, numutkeun papagon Melkisidik.” 7 Sapanjang jumeneng di dunya, Anjeunna teu lesot-lesot tina neneda ka Allah, anu sanggup nyalametkeun Anjeunna ti alam kubur. Neneda-Na teh sok nepi ka lumengis sarta ku lantaran kasalehan-Na, matak paneda-Na ku Allah dikabul bae. 8 Najan jadi Putra Allah, Anjeunna suka lilah diajar sadrah nandangan sangsara, 9 nepi ka ngahontal kasampurnaan jeung jadi marganing kasalametan langgeng keur anu palercaya ka Anjeunna. 10 Lajeng ku Allah dijenengkeun Imam Agung, saperti Melkisidik. 11 Tina sual Isa jadi Imam Agung teh, saenyana mah, loba pisan anu kudu diterangkeun teh. Tapi rek nerangkeun nepi ka eces mah, hese; da aranjeun mah kana ngarti teh laliat pisan. 12 Pantesna mah, aranjeun teh geus bisa; malah kuduna mah, geus ngajarkeunana; lantaran nya geus sakitu lilana, dialajar nyaho kana eta pernyataan Allah teh. Ari heug, aranjeun masih keneh bae nguyek dina alip-alipanana. Hayoh bae masih nyarusu, acan kuat kana sangu! 13 Orok tea atuh ngaranna, ari nyusu keneh bae mah; da masih keneh bae balata-boloto, teu nyaho di anu bener. 14 Sabab ari geus sawawa mah, tangtu sangu anu didahar teh sarta kudu geus bisa ngabedakeun hade jeung goreng kalawan ngagunakeun budi akalna.

Ibrani 6

1 Ku sabab eta, pangajaran alip-alipan tina hal Al Masih teh, urang teruskeun kana tahap anu leuwih luhur jeung pepek; ulah haben bae ngucel poko-poko pertobat tina lampah siwah jeung poko-poko iman ka Allah, kayaning: 2 Pituduh rupa-rupa baptisan, hal numpangkeun leungeun, hal hudangna nu paraeh, sarta hal hukuman langgeng. 3 Hayu maju! Sual-sual eta mah urang sampeur deui engke, manawi Allah marengkeun. 4 Sanajan hate urang geus meunang caang, geus meunang nikmat ti sawarga, geus meunang bagian Ruh Allah, 5 geus ngasaan kumaha matak bagjana ari pangandika Allah, geus bisa ngileng-ngileng pikumahaeunana jaman nu bakal datang, 6 ari murtad deui mah cumah, pamohalan bisa dihadean deui, pamohalan bisa tobat deui. Sabab sategesna, eta teh nyalibkeun deui Putra Allah sarta nganista-nistakeun deui Anjeunna ka balarea. 7 Ibarat tanah anu rea nyeuseup cihujan tur subur ku pepelakan anu mangpa'at, tangtu nguntungkeun ka nu bogana, kaseundeuhan ku berkah Allah. 8 Sabalikna, mun eta tanah teh pinuh ku areuy-areuyan jeung rungkun-rungkun cucuk, taya pisan gunana. Tanah kitu mah, moal lila deui ge diduruk; da katinggang ku la'nat Allah tea. 9 Dulur-dulur! Sakieu resagna simkuring nya ngomong. Tapi ari hate mah, yakin yen dulur-dulur teh masih boga keneh berkah anu leuwih utama, nu matak jamuga. 10 Sabab Allah hamo jalir; moal teu emut kana pagawean jeung kanyaah aranjeun ka Mantenna, nya eta nulung dulur-dulur anu saiman tea. 11 Anu pohara dipenta-pentana ku simkuring mah, muga aranjeun masing temen-tinemenan kawas bareto, sangkan anu ayeuna keur diarep-arep teh nepi kana laksanana. 12 Poma, ulah laliat! Kudu nyonto ka anu ariman jeung anu salalabar, sangkan jangji Allah tinekanan katarima. 13 Harita, mangsa Allah nimbalkeun jangji ka Ibrahim, Mantenna lajeng sumpah demi salira-Na; lantaran taya deui anu jadi saluhureun Mantenna, nya eta anu pantes pikeun jadi saksi-Na. 14 Sumpah-Na: “Kami sumpah, seja ngaberkahan ka maneh jeung mere turunan anu lobana tanpa wilangan.” 15 Ibrahim pohara sabarna ngantos-ngantos eta jangji, nepi ka laksana tinekanan. 16 Manusa upama sumpah kudu make saksi anu saluhureun, sangkan sumpahna boga kakuatan hukum anu hamo bisa diganggu gugat. 17 Allah oge ngaraos peryogi mintonkeun kaestuan jangji-Na ka anu dipaparinan subaya, yen hamo cidra. Nya lajeng dikukuhkeun ku sumpah tea. 18 Boh jangji-Na boh sumpah-Na, hamo batal. Jadi, pamohalan Allah cidra tina subaya. Pikeun anu sumalindung ka Mantenna, sumpah-Na teh jadi hiji pamageuh pangharepan kana laksananing jangji Mantenna tea. 19 Ieu pangharepan teh, jadi jangkar anu pageuh tur aman; nanceb dina hirup urang tur sanggup nembus reregan Bait Suci sawarga, tepi ka Kamar Pangsucina pisan. 20 Ka dinya teh, Isa mah geus ti heula lebet-Na guna kapentingan urang, dumeh Anjeunna mah geus jeneng Imam Agung salanggengna, saperti Melkisidik tea.

Ibrani 7

1 Melkisidik teh raja nagara Salem, oge Imam Allah Nu Maha Agung. Nalika Ibrahim mulih jurit, tas nalukkeun raja-raja; anjeunna teh, dipapag jeung diberkahan ku Melkisidik. 2 Tuluy ku Ibrahim dihaturanan barang jarahan saperpuluhna. Harti Melkisidik teh, tina jenenganana, saenyana “rajaning kaadilan.” Ari harti raja Salem nya eta “rajaning karahayuan.” 3 Saha ibu ramana, saha karuhun-karuhunna, kumaha awal ahir jumenengna, teu aya nu terang. Ngan anjeunna teh sababad jeung Putra Allah, nya eta Imam salalanggengna. 4 Kaagungan pangkatna, Melkisidik teh, tetela tina panghaturanan Ibrahim, barang-barang jarahan nepi ka dihaturkeun saperpuluhna! 5 Turunan-turunan Lewi anu jaradi imam, saluyu jeung hukum kudu narik pajeg pangasilan rayatna, najan papada turunan Ibrahim keneh. 6 Tapi Melkisidik, najan lain turunan Lewi, bet narik pajeg ti Ibrahim pisan; tur Ibrahim anu geus kenging jangji ti Allah ge, ku anjeunna teh, diberkahan deuih. 7 Ku sarerea oge mo bisa dipungkir, yen harkat anu ngaberkahan mah tangtu leuwih luhur ti batan anu diberkahanana. 8 Imam-imam anu wenang narik perpuluhan tea, kabeh ge mahluk anu kakurung ku pati. Ari Melkisidik mah ceuk Kitab Suci tetep jumeneng. 9 Saenyana, Lewi ku anjeun anu wenang narik perpuluhan teh; tapi malah tibalik, sasat mayar perpuluhan ka Melkisidik, ku jalan Ibrahim tea. 10 Memang keur jaman Ibrahim, Lewi acan gelar ka dunya. Tapi anjeunna teh kapan terah Ibrahim, karuhunna, anu dipapagkeun ku Melkisidik tea. 11 Bani Israil narima aturan kitu teh lantaran patali jeung kaimaman kaom Lewi. Upama enya, kaimaman kaom Lewi teh sampurna; naha bet kudu aya deui imam sejen, kawas Melkisidik anu lain turunan Harun? 12 Sejen kaimaman tangtu sejen deui aturanana. 13 Gusti Jungjunan urang anu ayeuna dicaritakeun ge, beda kaom-Na; da ti kaom Anjeunna mah, teu aya anu kapapancenan mingpin upacara kurban dina mezbah. 14 Tangtu sarerea ge terang, yen Anjeunna mah asal ti kaom Yuda, nya eta hiji kaom anu dina sual kaimaman teu disebut-sebut ku Musa. 15 Sual anu keur dicaturkeun teh, baris leuwih tetela; nya lantaran aya deui Imam anu saperti Melkisidik tea, 16 anu dijenengkeunana luareun katangtuan-katangtuan beunang manusa, tapi ku karana hiji kawasaning hirup anu teu keuna ku musna. 17 Hal ieu Imam, kieu diumumkeunana: “Maneh dijenengkeun Imam pikeun salalanggengna, saperti Melkisidik.” 18 Aturan-aturan heubeul, — lantaran tetela taya dayana jeung taya gunana — kudu dipiceun. 19 Toret Musa teh, geus tetela, teu nungtun manusa kana kasampurnaan sarta geus aya gantina, nya eta anu mere harepan leuwih utama sarta anu baris ngaraketkeun urang ka Allah. 20 Turug-turug, dikuatkeun pisan ku ikrar sumpah Allah. Sabab imam-imam lianna mah, taya saurang oge anu dikuatkeun ku sumpah Allah. 21 Tapi nalika Anjeunna dijenengkeun Imam, Allah teh ngikrarkeun sumpah-Na: “Pangeran geus ragrag sumpah, hamo ku Mantenna diudar. Sumpah-Na: Maneh dijenengkeun Imam keur salalanggengna.” 22 Lebah dieu kaciri bedana teh: Ku jalan kitu, Isa teh ngajadi hiji tanggelan tina hiji perjangjian anu leuwih kuat. 23 Bedana deui: Imam-imam kaom Lewi mah, gunta-ganti; taya nu bisa terus jadi imam lantaran kapegat ku ajal. 24 Tapi kaimaman Isa mah, hamo aya anu megat sabab jumeneng salanggengna. 25 Ku kituna, Anjeunna kawasa maparin kasalametan kalawan sampurna ka sing saha anu sumeja dumeuheus ka Allah ku perantaraan Anjeunna; nya ku lantaran Anjeunna teh jumeneng salalanggengna tea. 26 Nya ieu Imam Agung anu dipikabutuh ku urang teh: Suci, tanpa salah, tanpa noda, teu keuna ku dosa, sarta raket ka Allah. 27 Imam Agung nu sejen mah, unggal poe kudu kurban keur miceun dosana jeung dosa bangsana. Sedengkeun Isa mah, henteu. Sakali korban salira, maunatna keur salalawasna. 28 Imam Agung anu diangkatna nurutkeun Toret Musa mah, mahluk anu sipat hengker tea. Tapi Imam Agung sanggeus jaman Toret, dijenengkeunana teh kalawan ikrar sumpah ti Allah, nya Putra Allah tea sampurnaning Imam Agung salalanggengna.

Ibrani 8

1 Eusi ieu pedaran, nya eta: Urang boga Imam Agung, anu lenggah tengeneun singgasana Nu Maha Agung di sawarga. 2 Nyepengna pancen di Kamar Pangsucina, sajatining Kemah Suci kenging Pangeran ku anjeun ngawangun, lain beunang manusa. 3 Sakumaha mistina, Imam Agung teh nyepeng papancen nyanggakeun pangbakti-pangbakti jeung korban; Imam Agung urang oge kudu ngajalankeun sarupaning korban. 4 Keur jumeneng-Na di dunya mah, Anjeunna teu jeneng Imam; sabab geus aya imam-imam anu kapapancenan nyanggakeun kurban anu ditangtukeun ku Toret. 5 Tapi eta mah ukur cangkang jeung kalangkang ti nu di sawarga, sakumaha anu ku Allah ditimbalkeun ka Musa nalika dipiwarang ngadamel Kemah Suci tea. Timbalana-Na: “Kemah teh dijieunna kudu make conto ti Kami, sakumaha anu geus ditembongkeun ka maneh basa di luhur gunung tea.” 6 Pancen kaimaman Isa mah leuwih mulya ti pancen imam-imam sejen. Sabab Anjeunna mah, Wawakiling tina Perjangjian anu leuwih mulya deui, anu eusina oge hiji jangji anu pangagungna. 7 Upama perjangjian anu ti heula taya kakuranganana mah, perjangjian kadua teh moal aya. 8 Pangeran memang geus ngiberan kieu ka umat-Na: “Bakal datang mangsana, Kami rek nyieun hiji perjangjian anyar, pikeun bani Israil jeung bani Yuda. 9 Eusina beda ti nu diikrarkeun ka karuhun-karuhunna, basa maranehna ku Kami ditungtun budal ti Mesir. Ku sabab maranehna ngalaleupaskeun maneh tina jangji Kami, ku Kami teu dipalire deui.” Kitu, timbalan Allah teh. 10 “Kieu perjangjian anyar ti Kami ka bani Israil sanggeus eta: Papakon Kami dibeulitkeun dina hatena, diukir dina batinna. Jeung Kami baris jadi Allah nu disembah ku maranehanana, ari maranehna nya umat Kami. 11 Ka hareupna maranehna geus teu kudu dialajar ku parawarga, atawa ku pada dulur dititah: ‘Geura wawuh ka Allah!’ Sabab kabeh gede leutik, moal teu wawuh ka Kami 12 Sagala salahna ku Kami dihampura. Sagala dosana ku Kami dipupus tina ingetan.” 13 Ku sabab Mantenna geus ngikrarkeun jangji nu anyar, jangji anu ti heula teh resmi ku Mantenna dianggap batal. Sagala anu heubeul jeung batal, sakeudeung deui ge baris euweuh.

Ibrani 9

1 Perjangjian nu ti heula ge, boga tata cara ibadah jeung tempat suci beunang nyieun manusa. 2 Di bagian panghareupna, aya tempat karamat, disebutna “Kamar Suci.” Di jerona aya kendil, aya meja, jeung roti pangbakti. 3 Satukangeun reregan anu kadua, aya deui hiji kamar, disebutna “Kamar Pangsucina.” 4 Di jerona aya tungku parukuyan emas paranti meuleum seuseungitan; aya peti anu ngaranna “Peti Perjangjian” anu disaput ku emas, eusina: Buli-buli emas nu dieusi sabangsa kadaharan anu ngaranna “manna;” aya iteuk Imam Harun anu kungsi sirungan tea, jeung papan batu anu diukiran ayat-ayat perjangjian. 10:3-5* 5 Di luhureun eta peti perjangjian aya dua mamalaikatan, cahayana tingkeredep, make jangjang anu mayungan rohang paranti menta hampura ka Allah. Tapi geus bae, sual-sual bubuk leutikna mah teu kudu diwincik deui. 6 Kitu, diaturna eta tempat suci teh. Imam-imam netepan ibadahna teh saban-saban waktu, di Kemah anu panghareupna bae. 7 Anu wenang asup ka kamar anu kadua mah ngan Imam Agungna, sataun sakali. Lebetna bari nyandak getih kurbankeuneun kanggo ka Allah, nya eta keur panebus dosana ku anjeun jeung dosa bangsana anu kurang pangarti. 8 Dina sual ieu, Ruh Allah netelakeun, yen salila aya keneh anu netepan ibadah di Kemah anu kahiji, Kamar Pangsucina dilarang diasupan. 9 Eta kabeh teh, ngan ukur kalangkang atawa kias jaman kiwari. Luyu jeung kaayaan harita, korban-korban jeung pangbakti-pangbakti teh, teu bisa ngaberesihkeun kana diri sakumaha anu dicita-cita ku anu ngalakonan. 10 Ma'lum, kabeh oge, — nya kitu deui pangbakti-pangbakti anu mangrupa kadaharan jeung inuman katut rupa-rupa deui — ngan ukur sare'at lahiriyah; kakuatanana ge, ngan nepi ka semet gumelarna jaman saniskara dianyarkeun ku Allah. 11 Tapi Al Masih rawuh ngajadi Imam Agung anu nguruskeun sagala hal anu harade, anu marengan sumping-Na. Kemah tempat Anjeunna netepan kawajiban teh, ambahanana leuwih lega, leuwih sampurna, jeung lain beunang nyieun manusa; jadi, teu kaasup bagian ti ieu dunya ciciptan. 12 Anjeunna geus lebet ka Kamar Pangsucina tur keur saterusna. Nu dikurbankeunana lain getih domba jalu jeung getih anak sapi, tapi getih-Na ku anjeun. Eta sababna, ku Anjeunna mah, urang bisa salamet salalanggengna. 13 Upama kurban getih domba jalu, getih sapi jalu, katut lebuna anak sapi tea bisa ngaberesihkeun maranehna tina rereged nepi ka lahirna jadi suci; 14 atuh komo getih Al Masih! Ku kersaning Ruh anu langgeng, Anjeunna ngorbankeun salira-Na anu mulus taya kuciwa ka Allah. Memang, getih Anjeunna mah, sanggup nyucikeun ati sanubari urang tina rupa-rupa lampah jahat anu maehkeun. Ku jalan kitu, kapan matak urang leuwih leket ibadah ka Allah Anu jumeneng teh. 15 Ku marga Anjeunna jadi aya Perjangjian Anyar, sangkan anu disalaur ku Allah meunang hibahan anu langgeng, anu dijangjikeun tea. Sabab kadorakaan-kadorakaan salila jaman perjangjian anu ti heula tea, kabeh geus ditebus ku pati Anjeunna. 16 Jelema nu nyieun wasiat, lamun maot kudu sidik bukti-bukti tina maotna. 17 Sabab wasiat mah, kakara bisa dilaksanakeun lamun anu nyieunna geus sah ti dunya. Satungtung anu ngawasiatan hirup keneh, wasiatna moal bisa dijalankeun. 18 Eta sababna, perjangjian anu ti heula kudu make sarat getih, supaya sah. 19 Ari prak-prakanana kieu: Mimitina Musa mangaoskeun heula hukum-hukum Toret ka sakabeh bangsa. Ti dinya nyandak getih anak sapi, getih domba jalu, jeung cai; tuluy dikepret-kepretkeun kana Kitab Suci Toret jeung ka sakumna bangsa, make bulu-bulu warna beureum jeung hisop, 20 bari sasauran: “Ieu getih panguat Perjangjian Allah ka maraneh.” 21 Kemah Suci katut parabot-parabot ibadah oge, dikepretan. 22 Nurutkeun hukum Toret mah, meh kabeh bae sagala rupa kudu disucikeun ku getih, supaya jadi suci. Lamun taya sarat getih, moal aya panghampura. 23 Jadi, kurban-kurban teh, maksudna sarat pikeun nyucikeun kias-kias anu ngagambarkeun kaayaan anu sajatina di sawarga. Pikeun anu sajatina mah, — di sawarga — anu dikurbankeun teh leuwih luhur ajenna. 24 Sabab anu dilebetan ku Al Masih teh, lain Kamar Suci tiruan beunang manusa. Anu dilebetan teh sawarga pisan, ngadep ka hadirat Allah guna kapentingan urang. 25 Lian ti eta, urang ge teu perlu nyangga-nyanggakeun deui kurban. Sabab Anjeunna mah, sakali ngurbankeun salira geus cumpon. Henteu cara imam-imam agung sejen, anu saban taun kudu asup ka Kamar Pangsucina tea, seba getih nu lain getihna pribadi. 26 Upama kurban Al Masih ge, cara kitu mah; atuh, ti sajleg aya dunya teh, Anjeunna tinangtu kudu sering nandang sangsara. Tapi dina jaman ahir ieu, cukup ku sakali bae Al Masih nebus dosa manusa, nya eta ku ngurbankeun salira-Na. 27 Sakumaha manusa bae, kapan paehna teh ngan sakali, tuluy diadilan. 28 Al Masih oge kitu. Anjeunna ngan sakali pupus, ngurbankeun salira pikeun nebus dosa-dosa manusa. Dina kasumpingana-Na deui, — nu kadua kali — Anjeunna teh, geus henteu kamomotan deui ku dosa, tapi pikeun maparin nugraha ka sakur anu ngaharep ka Anjeunna.

Ibrani 10

1 Kurban-kurban anu dikudukeun di urang Yahudi, eta ukur kalangkang tina kurban nu sajatina. Dilampahkeunana teu petot-petot unggal-unggal taun; kurbanna ge, nu kitu kitu keneh bae, tur teu bisa mere kasampurnaan ka anu ngalakonanana. 2 Mun enya bisa, tangtu teu kudu terus-terusan dilampahkeun. Sakali ge geus kudu bisa mupus dosa keur salawasna. 3 Kurban-kurban anu dikurbankeun ku maranehna teh, anu saban-saban taun tea, malah nembongkeun yen dosa tetep aya. 4 Memang pamohalan, yen dosa bisa leungit ku getih sapi jeung getih domba. 5 Eta sababna, barang Al Masih sumping ka ieu dunya unjukan kieu ka Allah: “Pamundut Ama sanes kurban hewan sareng rupi-rupi pangbakti, nanging Anjeun parantos nyayagikeun salira kanggo Abdi. 6 Kurban durukan, kurban panebus dosa, ku Ama teu dipirosea. 7 Kitu nu mawi Abdi sumeja miunjuk: ‘Nun Allah, Abdi pasrah bakti diri, seja tumut kana pangersa, sakumaha anu dikedahkeun dina Kitab Suci.’ ” 8 Kawitna piunjuk-Na teh: “Kurban hewan, rupi-rupi pangbakti, kurban durukan sareng kurban panebus dosa, ku Ama teu dipirosea,” tur eta kurban-kurban teh dikudukeun ku Toret. 9 Piunjuk-Na deui: “Abdi pasrah bakti diri, sumeja tumut kana pangersa.” Tetela, yen kurban nurutkeun talari kuno teh, ku Allah geus teu kaanggo sarta digentos ku anu sajatina, nya eta ku salira Al Masih. 10 Pikeun nyaosan eta pamundut Allah, Al Masih teh geus ngurbankeun salira-Na: Ngan ukur sakali, tapi pikeun salalanggengna. Ku lantaran pangorbanan-Na, urang geus diberesihkeun tina dosa. 11 Imam-imam urang Yahudi, unggal poena teh, repot; nya netepan upacara-upacara kurban anu kitu kitu keneh bae, anu pamohalan bisa mupus dosa. 12 Tapi ku kurban Al Masih mah, sakali ge dosa teh sirna. Sanggeus ngorbankeun salira-Na, Al Masih teh jumeneng salalanggengna tengeneun Allah. 13 Ayeuna Anjeunna keur ngantos lawan-lawan anu ku Allah baris diserenkeun pikeun idekkeun Anjeunna. 14 Ku kurban tunggalna, Al Masih geus nyampurnakeun sakur anu ku Anjeunna geus disucikeun, tur pikeun salalanggengna. 15 Hal eta ku Ruh Allah diterangkeun kieu ka urang: 16 “Kieu perjangjian Kami ka maranehna: Hukum Kami baris dibeulitkeun dina hatena, diukir dina batinna.” Kitu timbalan Pangeran. 17 Jeung: “Dosa-dosa maranehna ku Kami geus dipupus tina ingetan.” 18 Ku sabab eta, sing saha anu geus meunang pangampura, teu perlu deui kurban pikeun panebus dosa. 19 Tah dulur-dulur, berkahna getih Al Masih tea, urang meunang widi asup ka Kamar Pangsucina di jero Bait Allah. 20 Sabab Al Masih geus ngayakeun jalan anyar anu brasna kana hirup, nembus rereganana, tegesna nembus salira-Na ku anjeun. 21 Anjeunna, Imam Agung urang, anu ngapalaan padaleman Allah. 22 Ku sabab eta, hayu dumeuheus ka Allah kalawan hate nu iklas, iman nu yakin, batin anu suci tina kagorengan, jeung raga anu geus beresih ku cai pangbaptis. 23 Masing teguh, nangtung dina pangharepan jeung pangaku kapercayaan urang teh; sabab Allah mah, tigin kana jangji. 24 Hayu urang silih titipkeun nya diri, silih sangsangkeun kanyaah. 25 Jeung ulah ngabaekeun kana kumpulan ibadah bareng, ulah kabawakeun ku nu tara milu. Anggur silih ajak, sing tambah junun sabot nganti-nganti pisumpingeuna-Na Gusti Jungjunan urang anu sakeudeung deui tea. 26 Sabab mun urang dibere jalan pisalameteun, tapi kalah ka ngahaja nyieun pidorakaeun, geus hamo aya deui kurban anu bisa mupus dosa. 27 Nu aya teh, nya ngan ukur nunggu hukuman anu dipikasieun tea, nya eta seuneu anu baris ngabasmi sakur anu doraka. 28 Kapan anu miceun hukum Musa oge, sarta bukti tina panyaksi dua atawa tilu urang, geuning geus taya hampura; terus bae dihukum dipaehan. 29 Komo mun nincak ka Putra Allah, nyapirakeun getih perjangjian anu nyucikeun diri, ngahina Ruh anu geus maparin pangampura; weu, kumaha teuing pibeurateunana hukumanana! 30 Urang apal ka Anu ngandika: “Kami moal teu ngabales, moal teu mere timpalan!” Piraku teu apal ka Nu ngandika: “Pangeran moal teu nibankeun hukum adil ka umat-Na!” 31 Mun urang nepi ka dicerek ku panangan Allah Anu jumeneng, duh pikumahaeun teuing! 32 Aranjeun sing inget ka bareto, basa mimiti pisan meunang papadang. Geuning aranjeun teh tahan, dina nandangan paneungteuinganan anu sakitu beuratna; 33 aranjeun ge, teu burung tabah najan sok dijieun tongtoneun, dihina-hina, sarta dikakaya di hareupeun balarea, bari milu tunggara ka sasama saiman anu sarua dikaniaya. 34 Memang, aranjeun teh geus milu prihatin, ka anu digeblus-gebluskeun ka panjara. Kitu deui, waktu harta banda milik aranjeun dirayah; aranjeun sadrah, narimakeun kana bagja awak dumeh yakin, yen aranjeun teh boga harta banda anu leuwih berharga. 35 Omat, ayeuna ulah nepi ka pecat iman. Sing percaya, gede piganjareunana. 36 Ngalakonan pangersa Allah pikeun meunangkeun ganjarana-Na teh, memang meredih kasabaran luar biasa. 37 Ceuk Kitab Suci oge: “Ngan kari sakeudeung deui pisan, Anjeunna Anu geus mutuskeun baris sumping tangtu gancang-gancang sumping, moal diengke-engke. 38 Umat Kami anu aribadah, asal terus tigin ka Kami, tinangtu meunang hirup. Tapi sing saha anu undur, ku Kami mo dipisuka.” 39 Sageuy, urang daek kaasupkeun ka anu disebut undur ti Mantenna nepi ka binasa tea mah; da urang mah, jelema nu geus miboga hirup, lantaran iman ka Mantenna.

Ibrani 11

1 Hartina percaya nya eta: Panteng ka nu diarep-arep. Yakin kana ayana hiji perkara, sanajan ku panon henteu katenjo. 2 Loba jalma-jalma baheula anu kamashurkeun wawangina, lantaran kapercayaanana. 3 Ti mana urang terang, yen bumi alam dijadikeun ku marganing pangandika Allah? Nya tina percaya tea! Ku kituna, urang percaya yen sakur anu katenjo bungkeuleukanana teh, asalna mah ti anu henteu katenjo. 4 Tina sabab PERCAYA, Habil ngahaturkeun kurban anu leuwih hade ka Allah, ti batan Kain. Tina sabab PERCAYA, Habil ku Allah diangken bener sarta kurbanna ditampi. Tina sabab PERCAYA, sakitu enggeus perlaya, Habil masih nyoara. 5 Tina sabab PERCAYA, Hanok digaibkeun ti alam dunya henteu nyorang ajal heula. Anjeunna teh, teu aya nu manggihan deui lantaran dicandak ku Allah. Nurutkeun panyaksen Kitab suci, samemeh anjeunna digaibkeun, hirupna teh sapuk jeung pangersa Allah. 6 Cacak, mun henteu percaya mah, mustahil eta teh. Sabab mun hayang datang ka Allah, kudu percaya yen Mantenna aya jumeneng; jeung kudu percaya yen Mantenna baris maparin pahla ka nu temen-tinemenan milari Mantenna. 7 Tina sabab PERCAYA, Enoh kersa ngahartoskeun ma'lumat Allah ngeunaan bahla nu harita acan aya remeng-remengna. Tumut bae dipiwarang ngadamel kapal, pikeun ngaluputkeun anjeun sakulawargi tina eta pibahlaeun. Ku sabab eta, anjeunna wenang ngahukuman dunya jeung dipaparin kayaktian. Lantaran PERCAYA. 8 Tina lantaran PERCAYA, Ibrahim tumut kana panyaur Allah, anu nimbalan iang ka hiji tanah anu ku Mantenna dijangjikeun pikeun anjeunna turun-tumurun; sanajan eta tanah teh, duka dimana ayana. 9 Tina percayana tea, anjeunna sadrah ngumbara di tanah anu dijangjikeun teh, kawas urang asing; eta sababna, anjeunna teh ngan ukur nyaung-nyaung bae dina kemah. Kitu deui, Isak jeung Yakub anu pada-pada kaasup kana eta jangji. 10 Eta teh, lantaran manahna manteng kana pingadegeunana hiji nagara anu tohaga, anu baris dicipta jeung diadegkeun ku Allah ku manten. 11 Tina sabab PERCAYA, sanajan geus sepuh pisan, Ibrahim iasa kagungan putra ti Sarah, geureuhana, anu geus liwat ti mangsa. Anjeunna percaya, yen jangji Allah pasti bukti. 12 Tina sabab PERCAYA, anjeunna nu geus rerempo bisa ngajadi bapa; nya jadi karuhun hiji bangsa gede, anu bilanganana lir bentang-bentang di langit, tanding keusik di basisir. 13 Nepi ka parupusna aranjeunna tetep percaya, sanajan acan ningali bukti tina jangji Allah tea. Tapi ti anggalna, ku aranjeunna teh geus kasawang pasti laksana; malah mah, geus dibageakeun ti memehna. Aranjeunna rumasa di dunya ukur ngumbara, ukur nganjrek sakedapan. 14 Sakur nu rumasa kawas anjeunna, tandaning geus sadia nyungsi lemah cai nu sajati, tanah maneuh asal teureuh. 15 Ku sabab manahna tetep cumantel ka tanah asal-muasal, dina rek mulangna deui teh leahna kabina-bina. 16 Anu dipitineungna teh, nya eta lemah cai anu sagala-galana leuwih utama, nya sawarga tea. Ku sabab eta, Allah henteu lingsemeun dipuhit ku aranjeunna, jeung geus mangdamelkeun hiji pamatuhan keur aranjeunna. 17 Tina sabab PERCAYA, Ibrahim rido nampi ujian ti Allah anu mundut Isak kudu dikurbankeun. Putra anu ngan hiji-hijina tur yugana ku jangji Allah, dipundut deui teh teu diowelkeun, 18 bari ngandel kana jangji Allah: “Nu baris jadi turunan maneh teh ngan anu runday ti Isak.” 19 Ibrahim yakin, yen Allah kawasa ngahirupkeun deui Isak; najan Isak geus maot. Tur memang kitu kanyataanana, Isak teh sasat hanjat tina pati, teu tulus dikurbankeun. 20 Tina sabab PERCAYA, Isak nibankeun berkah ka putrana, Yakub jeung Esau. 21 Tina sabab PERCAYA, Yakub nalika rek puput yuswa ngaberkahan dua putra Yusup. Anjeunna neneda ka Allah, bari nguat-nguatkeun anjeun ngadeg ditunjang ku iteuk. 22 Tina sabab PERCAYA, Yusup samemeh — dug — pupus, nyarioskeun sawanganana yen bangsa Israil baris budal ti Mesir sarta amanat sangkan tulang-taleng anjeunna kudu kacandak budal. 23 Tina sabab PERCAYA, ibu rama Musa teu inggis-inggis ngalawan parentah raja, nyumputkeun Musa, — orok anu sakitu kasepna — nepi ka yuswa tilu bulan. 24 Tina sabab PERCAYA, Musa sanggeus dewasa narah diangken deui putra ku putri Piraon; 25 anggur milih ngiring sangsara jeung bangsana, ti batan milih kasenangan anu lamokot ku dosa tur umurna moal lana. 26 Keur anjeunna mah, Al Masih anu dihina-hina teh, leuwih diutamakeun ti batan harta banda sanagara Mesir lantaran enggeus kasawang pitemaheunana. 27 Tina sabab PERCAYA, Musa teh ngantunkeun Mesir, teu sieun ku angkara murkana sang raja; nya ku lantaran mandang ka Allah Nu sipat gaib tea. 28 Tina sabab PERCAYA, anjeunna ngawajibkeun lampah “Paska,” jeung miwarang sangkan tarang panto imah bangsana diulasan ku getih domba, supaya cikal-cikal lalaki kulawarga Israil ulah jadi mangsa malakalmaot. 29 Tina sabab PERCAYA, bangsa Israil, bisa meuntasan Laut Beureum; jeg, kawas nyorang daratan bae. Urang Mesir mah, nu ngaberikna, teu barisaeun; anggur paraeh, titeuleum. 30 Tina sabab PERCAYA, urang Israil, bisa ngarubuhkeun kuta tembok nagri Yeriko, ukur ku dikurilingan tujuh kali di jero tujuh poe. 31 Tina sabab PERCAYA, Rahab — sundel tea — daek nulungan mata-mata ti Israil, nepi ka Rahab teu milu cilaka jeung urang Yeriko nu daroraka tea. 32 Rek terus nataan conto-conto kawas kitu? Wah, matak beak waktu, sabab loba keneh, kayaning: Gidion, Barak, Simson, Yepta, Daud, Samuel, jeung paranabi. 33 Ku iman kapercayaanana, aranjeunna mampuh nempuh karajaan-karajaan jeung ngahontal kaunggulan, mampuh ngamalkeun amal saleh, mampuh ngahontal anu diparentahkeun ku Allah, mampuh ngonci sungut singa, 34 mampuh nyirep amukan seuneu, sarta bisa lolos tina seuseukeut pedang teu kungsi kasambut. Sanajan aranjeunna golongan lemah, tapi aranjeunna sanggup ngahontal kaunggulan, tandang dina peperangan, sarta sanggup ngagempur pasukan musuh. 35 Tina sabab PERCAYA, kaom wanita teu tulus kaleungitan kaom lalaki; sabab bisa marulang deui ti medan jurit, sasat kalaluar ti enggon paeh. Lian ti eta, teu kurang-kurang anu milih kajeun pejah ku panyiksa ngabela kapercayaan; lantaran percaya baris hudang deui pikeun ngahontal hirup anu leuwih sampurna. 36 Oge teu kurang-kurang anu milih kajeun dinista-nista, dikaniaya, nandangan barogod, disered ka pangberokan, 37 dirajam, digencet dina papan panyiksaan, dibeulah ku ragaji, sarta ditugel sirah. Aya anu balangsak, dikaniaya, sarta diteungteuinganan: Utrak-atrokna teh, nya ngan ukur marake kulit domba jeung kulit embe. 38 Aranjeunna mah, teu layak pikeun dunya teh. Ku kituna, aranjeunna teh kudu kadungsang-dungsang di alas kikisik, di pagunungan, caricing di guha-guha, jeung gorowong-gorowong. 39 Aranjeunna pada kamashurkeun wawangina, ku marga iman kapercayaanana. Kabeh, taya iwalna! Parandene, aranjeunna mah taya saurang-urang acan anu kungsi ngasaan laksananing Perjangjian Allah teh, teu cara urang. 40 Sabab kaayaan anu leuwih utama tea mah, disayagikeunana ku Allah teh pikeun urang. Aranjeunna mah mareunangkeun eta teh kudu bareng jeung urang. Di saluareun urang, aranjeunna moal bisa ngahontal kasampurnaan.

Ibrani 12

1 Sakitu lobana, conto-conto ngeunaan jelema-jelema anu karandel iman kapercayaanana teh. Ku sabab eta, cag, geura aranjeun ecagkeun momotan dosa anu sakitu beuratna jeung ngagokan kana hirup teh! Malar urang, hampang-himping bisa ancrub ka pakalangan, nya pikeun balap ngudag anu diwajibkeun tea. 2 Ti barang prak nepi ka anggeus, aranjeun kudu museurkeun perhatian ka Isa; malar teteg nempuh halangan-harungan. Anjeunna oge, geuning, henteu jejerih ku salib. Guna ngahontal kamulyaan, Anjeunna henteu ngahiding najan kedah pupus ku jalan disalib, nya bari dipoyok, sarta dihina-hina tea. Ayeuna, Anjeunna teh enggeus jumeneng, linggih, di tengeneun singgasana Allah. 3 Anjeunna nandang panganiayaan anu sakitu beuratna ti anu daroraka. Pek eling-eling, malar aranjeun ulah melempem jeung jejerih. 4 Aranjeun mah, dina tarung jeung dosa teh, acan nepi ka ngeclakkeun getih. 5 Piraku, aranjeun teh, geus paroho kana timbalan Allah; nya anu dikedalkeunana teh, jeg, bapa mapatahan anak: “Anaking! Ulah ngabaekeun pameperih Pangeran. Ulah sungkan mun ku Mantenna diseukseukan. 6 Sing saha nu dipeperih, eta tandaning diasih. Sing saha anu diwarah, tandaning diangken putra.” 7 Maksudna teh pikeun ngadidik, wayahna tarimakeun. Allah, ka aranjeun teh, lir bapa ka putra. Bapa mana anu tara nyepret-nyepret acan ka anak? 8 Lamun aranjeun tara diwarah ku Mantenna, sakumaha ka putra, eta nyirikeun aranjeun lain putra-Na, tapi nya anakna si manyang-munyung tea. 9 Ka bapa sorangan oge, kapan urang teh teu weleh ngahormat; sanajan anjeunna osok ngahukum urang. Komo ka Allah, — anu leuwih-leuwih agung-Na ti bapa sorangan — urang kudu leuwih-leuwih hormat tilawat; malar urang bisa ngahontal sampurnaning hirup. 10 Bapa ti papada mahluk mah, ngahukumna ka anak teh, kumaha ceuk pamikirna bae jeung henteu awet. Tapi Allah ngawarah urang mah, nya eta pikeun pijamugaeun urang; malar urang bisa ngiring kana kasucian Mantenna. 11 Ku kitu tea mah, saha nu rek bungah ku diwarah! Barang prak ge geus nalangsa. Tapi lamun heug sadrah nandanganana jeung terus dipake eling, tangtu kaala rahmatna, hirupna tangtu jamuga. 12 Nu matak, heug, geura babatek! Batek eta leungeun anu lembek teh sarta jagjagkeun tuur nu leuleus! 13 Terus pake leumpang mapay-mapay anu lempeng supaya nu pincang teu tijalikeuh, sangkan cangker jeung jadi waluya. 14 Sing akur jeung sasama kaula jeung kudu diajar hirup suci. Mun teu kitu, mustahil wawuh jeung Gusti. 15 Poma, ulah aya anu nepi ka ngalalaworakeun kana kurnia Allah. Ulah nyieun tugenah atawa ngabaruntakkeun jamaah, kawas eurih anu nyaliara matak nyusahkeun. 16 Ulah aya nu kawas Esau tea, nya munapek nya gagabah; nepi ka nukeurkeun kacikalan kana hakaneun keur sakalieun. 17 Kumaha caritana, kapan aranjeun ge terang. Antek-antekna mah, manehna teh ngarenghik ka nu jadi bapa, — ngurihit — menta berkahna. Tapi najan nepi ka ceurik balilihan ge, pamentana henteu bisa disubadanan; hal eta teh, ku lantaran manehna geus kaleungitan hakna jeung geus teu bisa deui ngarobah kakaliruanana. 18 Aranjeun mah, lain ngajugjug ka Gunung Sinai, anu aya jentulna sarta bisa diragap tea. Anu ka darinya mah bangsa Israil, anu ti eta gunung teh narenjo rupa-rupa pikasieuneun: Seuneu hebat anu ngagugudag, narenjo angkeub jeung poek mongkleng ditimpalan angin ribut. 19 Malah aya sora, sengekna, sangkakala jeung timbalan anu ungelna: 20 “Najan sato pisan, anu nete ka ieu Gunung kudu dirajam ku batu!” 21 Anu katingal mutuh matak ketir, nepi ka Musa ku anjeun nyebatkeun: “Kami ngadegdeg, bakat ku sieun!” 22 Lain, lain ka dinya. Aranjeun mah keur nyungsi Gunung Sion; ngajugjug kota panglinggihan Allah Anu jumeneng, nya Yerusalem ti sawarga katut malaikat-malaikat-Na nu mangrebu-rebu. 23 Aranjeun keur ngajugjug kana pestana putra-putra cikal Allah, anu ngaran-ngaranna ditulis di sawarga. Keur ngajugjug ka Allah, — Hakim sakumna manusa — jeung ka tempat kumpulna jiwa-jiwa nu geus sampurna, nya eta jiwa jalma-jalma anu aribadah. 24 Keur ngajugjug ka Isa, anu jadi pangukuh Perjangjian Allah anu anyar; keur ngajugjug ka getih-Na, anu geus dikucurkeun jadi kurban tea: Nya anu leuwih hade batan getihna Habil. 25 Ku sabab eta, poma, ulah baha kana timbalana-Na. Aya conto: Jelema-jelema anu ngabaha kana amanat Allah, anu diembarkeunana di ieu dunya bae teu bisa luput tina hukuman. Komo urang, pimanaeun bisa luput, upama urang nyocokan ceuli embung ngadenge timbalana-Na anu diandikakeun ti sawarga? 26 Baheula, timbalana-Na teh nepi ka genjlong jagat. Timbalan anu ayeuna mah, komo, matak genjlong ka langit-langit! Sabab timbalana-Na teh: “Ku Kami baris digenjlongkeun deui. Lain bumi bae, langit ge rek digenjlongkeun.” 27 Eta kecap “deui,” nandakeun yen saniskara dadamelana-Na baris genjlong terus musna. Tapi anu teu keuna ku owah gingsir mah, baris tetep ayana. 28 Ku sabab eta, urang kudu ngarasa sukur; sabab anu katarima ku urang mah, hiji karajaan anu teu keuna ku owah gingsir. Hayu urang ngabakti ka Allah, kumureb kana sakersa-Na, hormat jeung ajrih. 29 Sabab Allah, nu disembah ku urang teh, kagungan kakawasaan anu ngandung daya pangbasmi kawas seuneu.

Ibrani 13

1 Kanyaah ka pada batur saiman teruskeun. Ka semah kudu daek ngaku, keun bae teu wawuh oge. 2 Ku perbawa akuanana, aya anu kungsi ngampihan semah teu kanyahoan yen semahna teh, sihoreng, malaikat. 3 Sing mangkarunyakeun ka sakitan-sakitan, upamakeun ka diri sorangan. Sing manghawatirkeun ka anu diteungteuinganan, larapkeun ka awak sorangan. 4 Pupusti tatali laki rabi. Salaki pamajikan kudu pada-pada satia. Ulah serong sarta ulah nyelewer, matak dihukum ku Allah. 5 Ulah mata duiteun; tarimakeun milik nu aya. Ulah hamham, da Allah parantos ngadawuh: “Maneh ku Kami moal diantep nepi ka teu dipalire.” 6 Ku sabab eta, kalawan teger hate urang bisa ngucap: “Tong salempang, Pangeran Anu ngaraksa! Naha wet sieun ku pada jalma?” 7 Ulah mopohokeun ka sakur anu geus nungtun aranjeun, nya eta anu geus nyaangan aranjeun ku amanat pangandika Allah. Eling-eling deui lakuning hirupna nepi ka dugna parupus. Piconto iman kapercayaanana. 8 Sing inget, Isa mah teu owah gingsir: Bareto, ayeuna, malih dugi ka salalawasna. 9 Jadi, poma, aranjeun ulah kapangaruhan ku rupa-rupa ajaran bid'ah. Kuatkeun jiwa aranjeun ku sih kurnia ti Allah, ulah ku jalan nedunan rupa-rupa sarat tina sual kadaharan. Nu karitu mah, sama sakali taya mangpa'atna dilakonan ge. 10 Di Kemah Suci aya altar pangurbanan. Imam-imam teu boga hak ngadahar kurban tina mezbah anu eta. 11 Anu ku Imam Agung dikurbankeun di dinya teh, nya pikeun nyirnakeun dosa. Anu dikurbankeunana mah, ngan ukur getihna wungkul; da ari awak satona mah, diduruk di luar. 12 Isa oge kitu; Anjeunna digiring ka luar kota, getih-Na anu dianggo nyucikeun umat-Na. 13 Ku sabab eta, tinggalkeun eta kemah teh; anggur urang muru ka Isa, nya milu kana kahinaan Anjeunna. 14 Sabab dunya ieu mah, lain padumukan urang anu matuh. Urang kudu nyungsi pangancikan pikeun jaga. 15 Ku sabab eta, ku parantaraan Isa, urang salawasna kudu ngunjukeun pamuji sukur ka Allah minangka kurban ti urang, nya eta ngaku, — ku cara lisan — yen Mantenna teh Pangeran. 16 Silih talang silih tulung pada batur, eta saenyana hiji kurban anu pohara sapukna jeung pangersa Allah. 17 Sing nurut, ka nu ngatur dulur-dulur. Imankeun wewelingna. Aranjeunna ngatur ngasuh dulur-dulur teh, estu jeung tanggung jawabna. Ihtiaran, supaya aranjeunna janglar ngajalankeun kawajibanana, — henteu bari jeung nguluwut — sangkan paedahna ulah nepi ka teu kaala ku aranjeun. 18 Doakeun deuih simkuring. Sing percaya, tekad simkuring estu beresih. Unggal waktu, taya deui nu dipamrih lian ti seja melak kahadean. 19 Pangpangna mah pangnedakeun, mugi-mugi simkuring ku Pangeran dikersakeun bisa buru-buru balik deui ka aranjeun. 20 Mugi-mugi Allah, sumbering karahayuan tea, — Nya Anjeunna pisan anu geus ngagugahkeun Isa, Gusti Jungjunan urang, tina pupus- Na (Isa teh, lir Pangangon Agung sakur nu percaya); anu getih-Na teh, geus jadi pangukuh perjangjian anu langgeng — 21 maparin berekah sangkan aranjeun bisa ngalakonan sagala timbalana-Na. Mugi-mugi Mantenna kersa nuyun sangkan urang bisa ngalampahkeun anu sapuk jeung manah-Na, ku karana Isa Al Masih. Sadaya Kaagungan kanggo Mantenna bae, salalanggengna. Amin. 22 Muga ieu pepeling-pepeling simkuring, dina ieu surat, anu pondok ditarimakeun jeung iklasna. 23 Sakalian simkuring wawarti, dulur urang Timoteus geus kaluar ti panjarana. Upama anjeunna geus datang, simkuring seja buru-buru nepungan ka aranjeun bareng jeung Timoteus. 24 Salam ti simkuring ka pamingpin-pamingpin aranjeun; kitu deui, ka dulur-dulur sakapercayaan umumna. Ti Itali aya salam keur aranjeun. 25 Mugi-mugi aranjeun marendak rahmat sih kurnia Allah.

Yakobus 1

1 Surat ti simkuring, Yakobus, abdining Allah jeung abdining Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang tea. Kahatur dulur-dulur saiman ti dua belas kaom anu araya di pangumbaraan. 2 Dulur-dulur! Cocoba teh kudu dianggap hiji rahmat. 3 Sabab upama geus lulus tina cocoba, iman urang beuki mencrang, 4 jaga, malar iman tetep pengkuh, supaya dulur-dulur jaradi jalma pasagi, pepek jeung lengkep taya kakurang. 5 Upama aya nu kurang panemu, sina neneda nyuhunkeun ka Allah, tanwande dipaparin; sabab Allah mah, jembar pangasih ka sarerea. 6 Saratna neneda teh, kudu jeung yakinna ulah cangcaya. Jalma cangcaya mah saibarat ombak laut, beunang digebah diluak-leok ku angin. 7 Jalma kitu, ulah boga rasa baris meunang kurnia Pangeran. 8 Anu lanca-linci mah, hirupna, hamo bisa anteng. 9 Anu miskin sapantesna ngarasa bagja, upama dijungjung harkatna ku Allah, 10 sabalikna, nu beunghar kudu tawekal dina mangsa tijungkel. Sabab kabeungharan teh, lir kembang jukut anu babari sirna. 11 Ana katinggang ku panas panonpoe anu ngentak-ngentak, jukut teh perang: Kembangna murudul, musna kaendahanana. Nya kitu oge nu beunghar bakal tijungkel dina keur jongjon-jongjonna usaha. 12 Jalma anu imanna henteu eleh ku cocoba, estu bagja. Sanggeus lulus tina cocoba, eta jelema baris nampa hiji pahla, nya eta hiji hirup anu geus dijangjikeun ku Allah keur sakur anu iman ka Mantenna. 13 Anu keuna ku cocoba, ulah pisan nyebutkeun: “Ieu cocoba ti Allah!” Allah mah moal beunang dicoba ku nu jahat, tur tara teh teuing maparin cocoba ka manusa. 14 Saenyana, cocoba teh asalna tina kahayang manusa sorangan keneh, nepi ka manehna beunang kagelo jeung kajiret ku tariking napsuna sorangan. 15 Ana napsu jahatna diabur, temahna ngajadi dosa. Ana dosa teh geus jucung; temahna mah, paeh tea. 16 Sing ati-ati dulur-dulur, ulah beunang kasasabkeun. 17 Mana nu hade reujeung sampurna, asalna tangtu ti sawarga, ti Allah sumbering sagala sipat terang. Mantenna ku anjeun mustahil barobah atawa owah gingsir. 18 Geus jadi pangersa Mantenna, urang dipaparin hirup ku jalan pangandika-Na anu sayakti; malar urang bisa jadi umat-Na anu pangpunjulna ti sakabeh mahluk-Na. 19 Regepkeun, dulur-dulur! Ulah sok gancang-gancang nyarita. Dengekeun heula sing bener. Jeung ulah gancang-gancang ambek. 20 Sabab nu gampang amarah teh, teu sapuk jeung kersa Allah. 21 Ku sabab eta, piceun kabiasaan-kabiasaan anu matak aeb jeung goreng teh. Sing pasrah ka Allah. Tarimakeun pangandika-Na anu dicecebkeun dina ati sanubari aranjeun, anu kawasa ngaraksa jiwa. 22 Kahade ulah bodo: Pangandika Allah teh teu cukup ku didengekeun wungkul, tapi kudu jeung prakna dilampahkeun. 23 Ari ngan ukur didenge bari henteu jeung prakna ngalampahkeun mah; eta teh, lir nenjo beungeut sorangan dina eunteung. 24 Sanajan geus telek oge, ana indit mah, poho deui bae kana rupa beungeut sorangan teh. 25 Sabalikna, anu terus ngeunteung kana pituduh Injil nu sampurna, anu ngabebaskeun manusa tina hukuman; jadi, lain nu ngan ukur ngadengekeun terus poho, tapi nu jeung prakna ngalampahkeun; sagala usahana, tangtu baris nyugemakeun hatena. 26 Jelema anu umangkeuh ibadah, tapi sungutna teu dikadalian biwirna henteu diwengku, ngaranna ngabobodo maneh sarta ibadahna teh cumah bae. 27 Sajatining ibadah anu sapuk jeung pangersa Allah mah, nya eta anu rumawat ka nu yatim, ha'at ka randa-randa, bari ngajaga diri malar henteu katepaan ku reregedna dunya.

Yakobus 2

1 Dulur-dulur! Anu anut ka Isa Al Masih mah, — Gusti Jungjunan urang anu mulya tea — teu meunang ngabeda-beda jelema. 2 Upamana bae: Aya dua jelema datang kana kumpulan. Nu saurang ginding diali emas, nu saurang deui rudin. 3 Ka nu ginding mah kieu ngakuna oge: “Mangga di dieu linggihna di nu utami.” Ari ka nu rudin: “Maneh mah nangtung bae di dinya.” Atawa: “Tah sila deukeut suku kami!” 4 Peta kitu teh, tandaning ngabeda-bedakeun jelema, goreng hate jahat pikiran. 5 Sing emut dulur-dulur! Anu mariskin cek pandangan dunya ku Allah dikersakeun beunghar ku iman, sina jaradi ahli waris karajaana-Na, anu dijangjikeun